Update: 12 Fébruari 2012 21:00:14

Kolam Renang

Ku Dadan Sutisna

Geus 10 taun manéhna jadi gegedén, tapi kakara nitah nganjang ayeuna. Nepungan téh bari ngadorong motor nu béakeun béngsin, rancucut da bari huhujanan. Manéhna asa lain nu baheula, awak lintuh beuteung burayut. Sanggeus nénjoan pangeusi imah sigrong, imeut nepi ka suklak-siklukna, manéhna ngajak ngawangkong sisi kolam renang. Sajeroning diuk, bet ngadadak asa jadi anak ucing nu karék hanjat ti solokan, ari manéhna teu bina ti singa jalu nu gulang-guling kamerekaan. Der ngawangkong ngalér-ngidul, ti mimiti jaman sakola, masarakat nu masakat, duit ém-ém-an, nepi ka polah babaturanana nu ngagerejud duit nagara. Biwirna bet siga televisi nu ngawur-ngawur dongéng ahéng.
Méméh balik, manéhna maksa nitah ngojay di kolam renang. Bisi magar teu ngahargaan pribumi, gebrus wéh ngojay. Tapi gancang hanjat deui bari létah kutap-kétap.
“Geuning cai téh bet semu asin?”
Manéhna ngalenggak. “Ulah geruh, meunang hésé éta téh. Cita-cita déwék kakara kalaksanakeun ayeuna, hayang nyieun kolam renang tina cimata jelema.”

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Godi Suwarna: Edun, 'Jang Dan...! Babandingan anak ucing jeung singa edun pisan dekh. Pungkasanana ngajeleguuuuur...!"
  2. Asep Ruhimat: sapagodos, resep babandinganana.
  3. Dadang Soekanda: Yakin pisan. Tiasa janten ngojay dina cimata, ningali pamolah anu ngolah nagara model kitu mah. Yakin pisan ieu di nagara tatangga. sabab dinagara kuring mah cimata teh geus jadi sagara....
  4. Nazarudin Azhar: Mantaff
  5. Jejen Jaelani W: cimata dua ratus juta jelema...
  6. Dadan Sutisna: Godi Suwarna: Ieu teh bagian tina kaahengan Fikmin, Mang. Naskah carpon nu geus mangtaun-taun teu anggeus-anggeus, difikminkeun mah teu burung tutug.
  7. Dadan Sutisna: Asep Ruhimat: Tadina mah bade dibandingkeun sareng bilatung.
  8. Godi Suwarna: :"Dina carpon mah rea teuing reka perdayana, 'Jang..! Di dieu mah tinggal peureum bari matek ajian Si Leugeut Fikmin. Jleg weh jadi..."
  9. Dadan Sutisna: Godi Suwarna: Sapuk pisan. Neng Fikmin cocog naker kanggo nu cacarakan ngarang mah. Engke mun ngaleok kana genre sanesna, siga carpon atawa novel, moal rea teuing natambuh kecap, da tos kaasah ku kalimah-kalimah nu ringkes.
  10. Kang Warsa: Sugan téh cai laut diangkut, kang..
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Dadan Sutisna
  1. Opat Abad Ti Harita
  2. Hiji Rasiah
  3. Kasimpé Kafé
  4. Néang Kalangkang I
  5. Bewara
  6. Bewara
  7. Bewara
  8. Poé Katilu
  9. Lain Kaliki
  10. Sabot Usik
  11. Cai Mulang
  12. Lain Uing
  13. Congo Péstol
  14. Kolam Renang
  15. Jep
  16. Palagan Spérma
  17. Fikmin
  18. Nu Keur Nganti