Tengah peuting. Dayeuh jempling. Ngan ukur di alun-alun kapireng aya nu guntreng. Manéhna ngadeukeutan. Brèh. Témbong nu keur ruang-riung handapeun caringin kurung. Aruplek. "Da enya atuh. Sing puguh wé. Rèk jadi lalaki. Atawa jadi awéwé," kadéngé nu cacarita. "Sapuuuk! Lian ti éta mah nyiliwuri ngaranna," ceuk baturna. Ngawangkong patémpas-témpas. Parogot.
Ngarandeg. Teu tulus nyampeurkeun ieuh. Manèhna. Kalah nyalingker. Cinutrung na bangku taman. Nu ngalobrol beuki hog-hag. Manéhna ngahurunbalung. Kerang-kerung. Ngarasa kasindir sampir. "Da lain kahayang aing. Aing ogé hayang normal kawas batur," manéhna gumerentes. Jararauh panineungan. Rus-ras. Disingsalkeun di mamana. Sasat dibaluburak. Nasib. Manéhna rumahuh. Tatanggahan. Peuting jadi karasa geueuman.
Keur kitu, kareungeu nu tingcariak ti puncer caringin kurung. Tinggeleber ka harandap. Aleuntreup. Manéhna rék ngejat. Kaperego mantén. "Manéh di dieu geuning? Nyingkaaah!" ceuk Kunti nu pangjudesna. Manéhna ngaléos. Semu ngagéboy. "Uyuhan! Jalu-jalu jadi kunti! Mana tahaaan...!" kapireng nu ngarékéak ti riungan Adén-adén. Tingcakakak. Tingcikikik. Manéhna ngagarapak. Hiber bari ngabangingik.
*