Tos sepuh pisan Anoman téh. Buluna gé sanés bodas deui. Émutanana majeng ka peteng. Pikun. Da èta wé, anjeunna mah sok pabeulit mun nangtoskeun, nu mana panangan kiwa, nu mana sampéanna nu katuhu. Bingungeun. “Bubaaar! Bubaaar!” saurna, upami aya nu ruang-riung di palih kénca. Da nya kitu, mantenna ngéwaeun naker. Dina hiji waktos, anjeunna ujug-ujug gogorowokan. “Bahayaaa! Bahaya latén Dasamukaaa! Latééén! Bahayaaa!” saurna bari tutunjuk kana kaos méngbal budak satepak, nomer 10. Kantenan, urang lembur guyur. Dayeuh riweuh. Réh Dasamuka hirup deui. Cenah pasukan Aléngka harudang deui ti jero kuburanana. Angka 10 dumadak leungit. Tara disarabit-sabit dalah ku sakur bebenjit.Nagara janten harénghéng. Sahèng. Aya musuh mamalihan. Silih tuding. Barang badé saprung-prungeun tararung, ujug-ujug aya warta. “Anoman perlaya! Mékprék apén jeung kanjut sorangan! Da éta téh angka 10! Bahaya latén !” ceuk nu nyanyandak béja. Tingrarénjag. Tingharuleng. Wadiabalad Anoman. Cug-ceg kana batu. “Bahaya lateéén! Latééén!” Tinggorowok. Malékprékan eusi kolor séwang-séwang. *