"Umur téh Immarotul Jasad Birruhi, ngamakmurkeun jasad ku ruh,ruh eta bisa ibadah, bisa naon waé anu matak ngajadikeun nilai ibadah, nu penting mah dieusian ku mangpirang pirang amal", Ceuk Bapa uing dina hiji poe, sateu acan anjeunna tilar dunya.Yuswana 69 tahun harita teh, Pebruari 1990. "Bapa mah karék umur 9 tahun atawa jigana karék 2 tahun" Cenah. Palebah dinya kuring ngahuleng, sanggeus diterangkeun yen yuswa 69 tahun téh itungan jumlah, da umur nu dipake ibadah mah ukur itungan jari. Karék kuring unggeuk.Bieu,salat jum'at di hiji masjid leutik di daerah Ujungberung. Khotib nyaritakeun "Umur téh Immarotul Jasad Birruhi". Ngahuleng. alam pikiran kumalayang nyaba ka tukang, 26 taun geus liwat. Bréh pameunteu Pun Bapa, imut ngagelenyu.Beu, Kuring dikepung waktu. Alfatihah Pa, Ma..