Nyaan dugi ka nyeuleukeuteuk yeuh abdi.Mantap pisan eta tukang cikopi. Rupina bakal janten anu katilu..heuheu.
Calon pinunjul fikmin pulsaan ieu mah.., si Sayang meni matak kataji, Fikmin jero tur teleb ngama'naan kanyaah indung. Neng Tari, Uwa reueus pisan, geulis. Petetan petingan nu kedah diipuk, digemuk ku sarerea supados mingkin ngagenclang karyana. Wilujeng, Neng!
Hadeuh..bodor! Meni jujur pisan, "teu aya sasaha" teh nyaan suwung, Hiburan landong cape..
Weiss.., kenging ku urang tatar Sukapura yeuh! Wilujeng Kang erwin. Sing mingkin ngaburicak deui..
Nu sieun insyaf..heuheu
Ngiring bingah..sarebu hiji nu kitu teh.
Sami-sami A Iwan. Nyanggakeun.
Kapungkur nuju diajar ngaos di madrosah, aya pamanna rerencangan nu gaduh ajian saefi angin. Saurna Cirebon Bandung mung memenitan. Kapungkur mah teu percanten. Asa rahul. Horeng ku fiokmin Kang Nas mah kawaler tah, leres geningan aya dikieuna elmu aheng sapertos kitu teh.
Istri sajati..
Ngiring tunggara, karaos pisan nyeuitna. Incest teh tos aya ti kapungkur ning.
Parantos diinbokkeun, kantun dideres. Pondok da namung pepel eusina numawi ku Tik disave oge. Panasaran pisan ku Sancang teh.
Mangga Aa..hehe, dengan senang hati..
Kang Iwan, abdi tos ngainbokkeun seratan kang haji ka Kang Nas. Akang peryogi?
Kang Nasrul Jatnika, Kang Iwan Hanjuang sareng Kang Haji Usep Romli Abdul Hamid,. Alhamdulillah, kapendak geningan seratan teh. Ku abdi bade diinbokkeun we ka kang Nasrul.
Kang Iwan, Kang Nasrul Jatnika, abdi mah maos seratan Kang Haji Usep teh dina PR.
Kang Iwan, akun Kang Haji Usep teh tos 3 kali aya nu ngahack. ayeuna nu asli mah nya Usep Romli Abdul Hamid. Nu sanesna mah dianggo ku batur, Numawi sing atos-atos, da aya nu dianggo ku nu masarkeun gadget sagala.
Nyimas, sidik meni hoyong ngariung deui siga kapungkur teh. Asa karaos dudulurana. Iraha urang tiasa tepang deui nya?
Kang Iwan Hanjuang, janten we emut kana lagu " Girimis Kasorenakeun"
Duh, Neng Mamay sareng gelik sora suling, janten fikmin nu nurihan ati kieu. Ka Rumentang deui ah..
Nuju usum " Menggunting dalam lipatan" teh ayeuna mah. Sobat ge dibadug kanggo ngutamakeun ambisi pribadi.
Edna nu ngahiang dina ombak laut.Neng May, dina fikmin-fikmin salira teh teu weleh aya nu sarimbag..amarah sareng cai.
Ahir tina sagalana, Nyimas. Diurugan taneuh beureum..kantun mayunan hirup nu saenyana di alam abadi.
Fikmin nan up to date. Dicoceng ku nu bodas ngeplak deuih..duh, nyaan dunya mah matak poekkeun.
Hadeuh...mingkin aheng. Imajinasina tambih liar. Jabi jelas pisan ieu mah bogalalakonna indung budak..Biasana fikmin aheng mah kagungan bapa-bapa nu gaduh lalakonna ge bapa -bapa..Hebat Aceuk..!
Teh Lies Tjandra Kantjana, muhun Teteh mah tangtos moal tingtrim, sadaya jirim gaib bakal narembongan. Sami sareng pun anak, bet ameng ka perkemahan Cikole Lembang wae ge ngadat alim lungsur tina mobil.
Teh Eros Rosnida, muhun tangtos bakal janten pangalaman nu aheng. Lebet ka leuweung tempat ngahiangna Prabu Siliwangi. Mistis, eksotis..
Kang Iwan, kutan kitu? Duka ketang tingtrim teh pedah aya nu nyandak tingtrim we kana manah..asa reugreug.
Tangtos we, Kang .Da di Astanagede mah tik oge teu asa aya di makan, asa tingtrim teh..komo nuju maos fikmin mah. Asa kacandak hurung ku nami Dyah Pitaloka. Di Sancang mah seueur nguping wartos ti wargi nu Garut, sanget pisan saurna. Ulah sompral.
Teh Eros Rosnida, hayu kemon. Cuang usulkeun ka admin..saba sastra ka pakidulan sakantenan urang amengan ka sancang..Kacipta pisan. Maca fikmin di sancang, boa nu nongtonna teh nu eta nya?
Hadeuh...carinakdak Kang Dan. Eta pungkasanana, nya ngarenjag pisan nya meni " So Sweet" kitu. Top deui wae fikmin teh. Dicopas ah, kanggo peperenian. Fikmin realis nu ngageterkeun mamaras rasa.Nu ngintun kembang hadiah ulang taun, tabuh 12 wengi...surprise!
Kang Iwan, eta pantrangan teh aya nu lucuna, dugi ka nyebat munding oge teu kenging.
Kang Iwan, hayu..urang rombongan sareng FBS. Pasti asik geura.
Kang Haji Usep Romli Abdul Hamid, bentukna kliping koran, Kang.Biasana abdi nyimpen seratan Akang teh tina note. Nu ieu mah ngagunting tina koranna.
Kang Iwan, Kang Nasrul Jatnika, Abdi ge kantos maos seratan Kang Haji Usep Romli Abdul Hamid eta. Dimuat dina PR, Malih dikliping, kataji pisan. Dugi ka hiji waktos mah hoyong ameng ka Sancang.
Kang Iwan Hanjuang, muhun kacipta tingpuringkakna we, tepang sareng nu kararitu.
Siip..sapuk pisan. Saktina tos kabuktosan. Eta Neng Mey Lan lebet nu diajen ku Hadiah Sastra Rancage, wilujeng. Reueus pisan, Kang Yan.
Sakitu ge tos katawis kelir nalaktakna. Keren..Teraskeun Aceuk.
Nuju resep mikmin ules nalaktak rupina. Siiip..Aceuk.Bingah aya nu ngawakilan, Eteh mah teu acan tiasa.
Tos ngadamel carpon tea, Kang. Kantun diapungkeun kana email. Fikmin nu ieu mah liket pisan. Namung intina mah kahartos. Pokona sae pisan, Nyanggakeun jempolna kanggo nambih sumanget.
Wilujeng, Bah. Sakalina teuleum deui dina lapak urang, salira langsung total. Siip..
Janten emut kana dongeng radio taun 70-an katompernakeun, nu kasumpingan " Si Tegep " teh ngalahirkeun putra, namina Sirod. Sakti pisan, sok nyebat Sirod 3x pami nuju padungdung teh.
Wilujeng Kang Ganjar Kurnia, ngiring reueus..
Ngabelesat pisan..!Fikmin Neng Endah mah sami wae, bade seuseut bade cikruh, always extraordinary..Survey membuktikan! Sip pisaaann..! Taluk..
Abdi kantos maos komikna nuju SD. Kapungkur mah seueur pisan komik anu sarae teh. Karya-karya H.C Andersen sareng Jacob Grimm. Ayeuna mah pun anak kalahka ngoleksi komik jepang, nu araneh, teu aya picontoeunana.
Fikmin panggeuing nu ngajak ngaji diri. Ageung karumasa hirup ngan ngungudag dunya, Padahal sagala ge aya ahirna, kapan saur Akang ge aya turnbeat pami dina lagu mah. Hatur nuhun, Kang.Nyanggakeun jempol nu aramis ti Sayati.
Alewoh pisan da juragan pesbuk teh. Teu liren tataros, meni "care" pisan.
jalan cagak nu netek nanjak..mending disorang ku duaan, wios rundag-randeg oge, asal tong leupas silicepengan. Diajar melow pedah nuju galow, sae..tos aya geterna.Asah teras , ke ge tiasa ngudag Kang Budi Mugia Raspati geura.
Fikmin nu sampurna, asa maos fikminna Kang Dadan Sutisna kamari. Aya lenyepaneun dina unggal ungkarana. Nu tamat ngajina horeng teu janten ukuran bener hirupna. Tato ros beureum tangara tina hirup nu kadalon-dalon kapaksa ku kaayaan boa. Tapi tiasa mulih deui kana hirup nu cageur deui, komo nu janten pasangan hirupna ngajak kana jalan nu lempeng bener.
Kedah enggal "Move On". hirup moal ngantosan nu tunggara. Satungtung aya keneh cahaya matapoe, harepan mo weleh ngagupayan.
Kabita ku kembang ros na, ke pami tos seueur, kintun ka Sayati, Nyimas.