Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 17 Oktober 2013 23:40:18
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Koméntar Kanca • Ganjar Kurnia


Nu kasair ku FBS, Ganjar Kurnia geus nyerat 898 koméntar. Runtuyanana aya di handap, dumasar kana waktu panganyarna. Dipidangkeun per kaca 50 koméntar.
03 Fébruari 2013 23:21:08
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Nuhun ka sadayana. Pribados nembe terang hasil Rancage dinten ieu. Maklum nuju tapa teu muka lapak. Saestuna pribados mah digawe "Susundaan" estuning ihlas, teu boga kahayang nanaon, tetebiheun ka hoyong dileler hadiah sagala. Saur MA Salmun oge :"sing harade gawe tong hayang kapake". Atuh hanas kapake, eta mah nuhun. Ka Urang rancage, hatur nuhun kana apresiasi naon-naon anu geus dipigawe ku pribados salami ieu. Sual hadiah, tangtos urang kokolakeun, keur saha deui? iwal ti keur fikmin.

17 Januari 2013 12:26:49
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Ka para pinunjul oge para juri, artos hadiah parantos ditransfer. Malihan kang Rudi Riadi mah asa dua kali (wios ah). Ayeuna pribados kantun ngantos ditraktir.....hehe

16 Januari 2013 02:37:13
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

alhamdulillah teu barutuheun cicis. boh juara boh juri teu aya anu nguntunkeun nomer rekening.

15 Januari 2013 01:33:53
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging anjeunna.

Uing ninggali heula bagalna ang Dadan Sutisna

15 Januari 2013 01:32:18
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging anjeunna.

Ayi Dadan, geura breng..........

15 Januari 2013 01:18:08
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

aya keneh waktos sasasih. hasil saembara urang bukukeun dina raraga mapag poe basa ema. waragad? ah ti uing deui we .

14 Januari 2013 23:28:46
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

reugreug ayeuna mah, kari babayar. nomerna alungkeun, baris dibayar kontan.

13 Januari 2013 03:54:19
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging anjeunna.

anu hadiah ti pribados mah langsung wae, no rekening juri sAreng juarana.

07 Januari 2013 07:03:35
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging anjeunna.

Ngalipet-ngalipet kitu teh asa dagang daun cau

06 Januari 2013 02:12:01
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Judul Fikmin Nu DikomÉn" kénging Kuncen Fbs

Neng Reni NurhayatiBulan sapar teu aya Patalina sareng didamelna Dina sasih sapar. Malah teu emut-emut acan. Mung sapar teh dipatatalikeun sareng Usum kawin Dina Gogog mah.

28 Désémber 2012 05:43:36
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Iraha pengumuman, Artos kangge hadiah bilih kacoceng taun baruan........

27 Désémber 2012 07:27:55
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

upami dibenten-benten naon kriteriana? Tina jihat umur mah, uing kaasup kolot. Tapi tina karya tangtos masih keneh pemula.

27 Désémber 2012 07:01:15
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Fikmin#Pross# Karatagan Bulan Sapar. Maca sababaraha kecap anu dijadikeun sarat dina #Asah#, ceuk hat naon hsna. Kantl-kantlkeun wa dina hiji wangunan carita. Anu penting dina ta carita kabh kecap kudu aya. Tapi sabada diimpleng deui, asa teu anh. Timbul pikiran, naha teu bisa kitu lamun diantara sababaraha kecap th jadi subyk? Dicobaan. Dipilih "sendal jeung "sapatu". Logikana ta dua barang th, sok sanajan bda tapi sa "suku". Maksudna sarua tincakeun. Sanajan kitu, sapatu biasana ngarasa boga kasta luhur. Padahal, lamun ditinggali tina jihat harga mah, loba sendal anu hargana leuwih ti sapatu. Nu matak, awalna mah sapatu th ngarasa lain babad lamun kudu bobogohan ka sendal. Tapi cinta mah sok sanajan loba pngkolan kapan kudu usaha?
(Saenyana lamun hayang leuwih weureu, bisa wa aya ucing hideung bobogohan jeung bulan di jero gudang bari tumpak kembang, ngagayem sepr, ngolomoh pedang.)
Kagok glo ngulinkeun imajinasi, sendal jeung sapatu sina jalan-jalan nak taraj ngajebol lalangit, tuluy maling sepr dipopoan. Keur naon deui lamun lain keur pangantnan. Kusabab aya kecap "kembang" diajakan asup kana carita. Kapan sok sanajan di gudang og, ari kamar pangantn mah payus lamun dibr kembang. Pantesna sepr th dipak ampar. Maklum anu kawin teu ka KUA, ku sendal jeung sapatu dipak ngarungkup dirina, ngarah teu katinggalieun batur. Pedang mah lambang lalaki. Panto lambang aww. Sanajan kawas teu nyambung, kapan kecapna og :"panto geus dibuka, sumangga pedang geura besatkeun". Mudah-mudahan mawa imaji ku dunya sjn. Kaasup "jas hujan" anu anu sok diidentikkeun alat kontrasepsi. Ucing hideung g jadi subyk tukang noong. Lamun manhna milu adug lajer bari uang-ong, dipapantes keur ngahaleuangkeun karatagan. Karatagan naon? anu pantes jeung carita mah nya karatagan anu kasmaran, nyata gogog anu sok kawin dina bulan sapar. Kecap bulan, diajakan dina ieu fikmin, teu diasupkeun kana harti bulan anu umum. Sabab ari harti bulan anu sabenerna mah asa teu anh deui wa.
Lamun ditanya, timana ngamimitianana? Kecap th asa racleng kana otak, hayang disambung-sambungkeun. Kaasup kalimah anu tungtung keur ngagoongkeun, asana mah datang pangheulana. Tidinya dijujut ka hareup, bari jeung ngarka-ngarka kecap anu disaratkeun sina nyambung jadi carita. Anu rada ngaruksak, datangna gagasan th sok dimana wa. Teu nyaho tempat jeung waktu. Dina mobil, keur rapat. Nu matak uing sok pada nyarebut autis atawa loba malaweung.
Lamun ditanya, timana ngamimitianana? Kecap th asa racleng kana otak, hayang disambung-sambungkeun. Kaasup kalimah anu tungtung keur ngagoongkeun, asana mah datang pangheulana. Tidinya dijujut ka hareup, bari jeung ngarka-ngarka kecap anu disaratkeun sina nyambung jadi carita. Ieu pangalaman anyar keur uing dina dunya kikieuan, kumargi sapertos kauninga, kapan asli-aslina mah uing th lain paman persib.

27 Désémber 2012 03:05:27
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Teu kiaaaaaat, hoyong geura babagi hadiah......

26 Désémber 2012 08:38:58
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Ang Godi Suwarna mundur we, bilih janten juara kumargi maparinan honor juri.

26 Désémber 2012 08:32:09
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Ang Iwan Hanjuang, kapan kangge anu juara mah 500 rebu.juria tiluan masing-masing 125 rebu. Total hadiah 900 rebu. nya anu salawe deuina mah keur uing we ah..........

26 Désémber 2012 08:27:40
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Pimeunangeun mah tebih, anu pun uing mah teu kedah diteraskeun dipeunteun. Da awalna ge mung ngaramekeun. Ayeuna pun uing bade nyiapkeun hadiah ka calon juara. Khusus ka Dewan Juri anu parantos tisusut tidungdung, disadiakeun uang "menrong" layar monitor masing-masing saratus salawe. Janten totalna 900 rebu. Anu salawena deui mah keur uing, anu mere hadiah.

26 Désémber 2012 02:19:58
Ganjar Kurnia ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

teu kalebetkeun nominasi sigana nu uing mah alias nyamos.....

24 Désémber 2012 08:25:16
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

teu ngahaja geuningan ayeuna teh sapar.

22 Désémber 2012 00:26:04
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

hahaha......Kelas Dadan ludeung janten ludeng

22 Désémber 2012 00:01:06
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

urang obrolkeun ka Teddi Muhtadin, ngarah janten program di sastra sunda.

21 Désémber 2012 23:56:15
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

Siaaaaaap grak! saha anu tiasa mungpang sabda prabu....

21 Désémber 2012 23:43:56
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Soréang, Nopémber 2012" kénging Dhipa Galuh Purba

@ Dadan Sutisna, kumaha laptop teh........jalan? piraku we ketang kapan weuteuh.

21 Désémber 2012 23:42:21
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Soréang, Nopémber 2012" kénging Dhipa Galuh Purba

Paingan ......... daragang beusi ari turunan pedang mah

21 Désémber 2012 23:38:32
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

Dhipa Galuh Purba, taeun naon tea?

21 Désémber 2012 23:18:23
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

Ang Godi Suwarna, upami maneh diahertoskeun kamu mah jantenna teh, mengepal menyuapi kamu......

21 Désémber 2012 23:12:33
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

dina basa enonesa aya istilah mengepal menyuapi sendiri. larap henteu nya?

21 Désémber 2012 10:39:50
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

upami kitu mah dihadiahan ku sorangan we ah.

21 Désémber 2012 04:01:47
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

Moal cios atuh uing jadi juarana.

21 Désémber 2012 03:57:25
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

sendal kawin ka sapatu, anakna di ngaranan sensa

21 Désémber 2012 00:59:28
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

ucing hideung nyebarkeun gosip. Majar sendal jeung sapatu kawin siri, henteu daptar ka kua.......

20 Désémber 2012 00:24:50
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

Kang Popo almarhum, resep ngagambar ucing. Naon pilsapahna nya?

20 Désémber 2012 00:23:04
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging Kuncen Fbs

Noorfatah Muhammad Dimyati, leres kecap acuh teh seueur anu nyebat salah kaprah. Cenah anu leres mah "perhatosan"; tapi kumargi ilahar lepat tea, dina kalimah ieu hartosna anu samulihna tea.

19 Désémber 2012 23:11:33
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

Karatagan teh dina basa enonosa na mah mars. Rumpaka karatagan Sapar diantawisna: urang guikkeun rampag gogog sasarengan, mapag bulan pinuh kaberkahan. bulan kakawinan, rek dijalan di pengkolan suka senang guguikan.a

19 Désémber 2012 09:57:24
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

naha leres sasih sapar teh usum kawin ucing?

19 Désémber 2012 05:34:44
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging anjeunna.

pidu'ana ti sadayana sangkan pabalik letah.

19 Désémber 2012 01:51:53
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging Kuncen Fbs

Fikmin#ASAH#KARATAGAN BULAN SAPAR#

Sendal lawas nyorangan di jero gudang. Hiji po dununganna, ngalungkeun sapatu. Atoh kacida asa boga batur. Lila-lila aya rasa ser. Birahina anu ampir jadi batu, ngagulidag deui. Mimitina sapatu acuh, majar th lain lvel. Tapi ari haben dioconan mah, sapatu ahirna ngarasa kataji og. Cinta mah loba pngkolan na gerentes sendal.

Hiji sor, duanana patungtun-tungtun, nak kana taraj, ngajebol lalangit. Sepr dipamoan dirarad, terus dibawa ka gudang. Mngkol heula ka buruan, maling kembang.
Hat sendal jeung sapatu galcok ku kabungah. Rk pangantnan. Kembang diteundeun di juru.
Bangun nu sieun katohyan, sendal jeung sapatu pating sulusup kana jero sepr. Otl. Kang panto abdi parantos muka, pedangna geura besatkeun ceuk sandal semu ogo. Ngarah aman mah, ngangg jas hujan og teu sawios ceuk sandal deui. Ninggali lampah anu keur kasmaran, ucing hideung nu ti awal noong di jero para, milu panas tiris. Ijigimbrang ong-ongan, hahaleuangan laguna karatagan bulan sapar.

18 Désémber 2012 06:40:37
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging Kuncen Fbs

hoyong gancang2 bubaran kantor, ngarah enggal ngiringan pasinggiri fikmin. sugan we kenging hadiah.

18 Désémber 2012 00:06:11
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Asah" kénging Kuncen Fbs

500 rebu. 250 anu kahiji, 150 anu kadua, 100 anu katilu. Juri dihadiahan fikmin ku kuring.

15 Désémber 2012 00:32:40
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Duruwiksa Catur" kénging Nasrul Jatnika

aya oge dina monolog. uing kungsi lalajo di Paris. judulna :"skak - Mat". Jempol ang.

15 Désémber 2012 00:30:42
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Hate Nu Dipontelan Sono,geuning Abot Lalanjung" kénging Uzanx Boam

gogodg atanapi gogode

14 Désémber 2012 09:15:53
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Dalang Pamungkas 2" kénging anjeunna.

waas bodor jaman baheula syah teh "uing ngawinkeun Nyi Rukami ka ki Ihan.....

14 Désémber 2012 08:07:47
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Dalang Pamungkas 2" kénging anjeunna.

asa ijab kabul.....syah.

14 Désémber 2012 06:04:19
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Dalang Pamungkas 2" kénging anjeunna.

Kang Asep Nurjamin, namina ge fiksi......syah wae sugan, kalebet aya kebon tempat Semar ngundeur

13 Désémber 2012 21:30:02
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Dalang Pamungkas 2" kénging anjeunna.

Ang Ridwan Iskandar salah sawios masalahna, kasenian sundana oge seueur anu teu diropea heula. Ku kondisi ayeuna janten kirang raos ditongton.

13 Désémber 2012 05:30:42
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Dalang Pamungkas 2" kénging anjeunna.

Ang Nazarudin Azhar, kanyataan paiit dina kahirupan seni sunda ayeuna................

13 Désémber 2012 00:51:04
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Dalang Pamungkas 2" kénging anjeunna.

mojang cindung biru?

13 Désémber 2012 00:38:10
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Dalang Pamungkas 2" kénging anjeunna.

nurutan Ang Godi Suwarna .......dina tukang parahu

13 Désémber 2012 00:28:20
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Dalang Pamungkas" kénging anjeunna.

Ang Nazarudin, kumaha kamandangna anu awal atanapi anu diserat panungtung?

12 Désémber 2012 23:12:45
Ganjar Kurnia ngoméntaran Fikmin "Nu Indit Teu Ngusap Birit" kénging Nana Sukmana

sae...sae, payus di ka Galamedia keun