Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 03 Méi 2014 (24 Naskah)


PILEULEUYAN PANUTAN

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 23:36:16

Poé ieu. Kuring miang. Nyesakeun duriat, neundeun asih 'na lawang carita. Lain téga. Bongan Kuring. Teu rumasa mibanda.
Masih karasa. Kanyaah manéhna, teu laas mungguh haté.
Kiwari, manéhna otél-kelet jeung sobat dalit Kuring. Ngaguar tresna, nu baheula kungsi gancik 'na diri sewang-sewangan. Méméh dipihukum Kuring.
Kadéngé ku ceuli Kuring. Tingcikikik. Sora nu silihciwit. Katempo ku deudeuleuan. Silirangkul nyacapkeun kasono. Hayang ngagorowok satakerna. Nyarékan lak-lak dasar.
Hanjakal. Kawates ku alam nu béda...**

LINI PAKUWON BARAT

Kénging Gani Kandhiawan
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 23:28:20

Kapeutingnakeun, sora Harley Davidson gagauran. Nu tumpakna duaan. Reg, parkir di payuneun toko buku. Ngaranggo jakét kulit, disarapatu Jénggo. Rurat-rérét. Turas-taros. Saurna badé ngabujeng ka gedung FBS, di Jalan Pakuwon Barat. Kumargi sakaperyogian, teras dijajapkeun. Ku barudak gaul mah Jalan Pakuwon Barat téh sok disebat jalan Fikmin. Margi hampir sadayana fikminer kangungan toko. Malih karya petingan mah dipajangna sapertos majangkeun kaén batik. Mébér. Mapaés étalaseu. Minangka tempat nu pangagréngna, gedung sastrawan. Gedung FBS.
Srog ka panto gedung. Bray marakbak. Geleser ka tingkat opat puluh. Panto ruang kuncén muka otomatis, bréh sadayana sarurak. “Tah geuning… Mang Wasina sumping. Hallo Rin! Kumaha damang?” Pada ngabagéakeun. Nembé gé calik, korsina inggeung. “Lini Euy! Lini” Kang Suhu nu pangsepuhna ngawartosan. Rieg…rieg. Ngaguruh. Buku-bukuna pasoléngkrah. Iwal gedung FBS, sadayana gedung nyarangéyéng. Panasaran. Tarurun, muru tempat parkir. kasampak aya rombongan Warga Baduy sadayana tipepereket nyarepengan pilar beton. Panginten saparantos acara séba, diteraskeun ngajugjug gedung FBS.

NU HAYANG DIANTEURKEUN

Kénging IdjJem Urang Sunda AsLie
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 23:21:34

Geus ampir tengah peuting.. reg, mobil eureun di pom béngsin.
Jrut, pamajikan turun, da sakalian hayang ka cai cenah.
Asup deui kana mobil téh pamajikan geus ngabaheuhay deui na jokna. “Aéh, atos deui geuning..? Naha sakedap..?”Nu ditanya ukur ngarérét bari imut.
Sajeroning perjalanan, taya sora sakemék-kemék acan. Palebah wewengkon nu rada canéom, ukur kacaangan ti hiji warung leutik, pamajikan ménta eureun,”Pah, lirén heula di payun. Mamah teu kiat hoyong ka jamban deui, badé ngiring ka warung itu..”Mobil nyisi. Pamajikan gurung gusuh ka luar, teu nungguan heula kuring cacarita, katara pisan teu kuatna.
Sabot kitu, trok.. trok..!!
Gebeg, kana kaca aya nu ngetrokan,”Pah, buka..!”
“Haaar.. atos..? Naha sanés langsung lebet atuh..?”
“Atos, atos naon ari Papah..?”Bari asup kana mobil.”Mamah nyusul Papah kana taksi. Naha bet ngantunkeun Mamah di pom béngsin..?”Cenah bari nahan piceurikeun sigana téh.
“Hah..?!”Kuring ukur calangap, teu bisa ngomong nanaon.

TIMBURU NGAHURU HULU

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 21:47:42

Réngsé adus wiladah tuluy nangtung. Laju dipuput beuleum sapu pare. Haseup mulek. Manéhna nyéréngéh. "Teu kudu tunggon opat puluh poé. Ku aing dilayanan!" gerentesna. Buukna ngarambueuk kana beungeut. Samping nengah harigu nutupan awakna anu sampulur.

Di tungtung lembur. Ringkang kalangkang keketeyepan tukangeun imah. Ngadeukeutan jandéla. Jangkrik dumadak simpé. Ukur bueuk disarada dina rungkun awi. "Isah. Isah..." cenah bari ngetrokan jandéla. Matana ngulincer. Rurat-rérét. Jleng, luncat nalika jandéla geus muka. Héab jeung hégak ukur di jero pangkéng. Peuting mingkin nirisan.

"Kaperego ku Mang Adun waktu balik ngaronda, " nini paraji mani capétang. Amarahna nguntab. Ngageremet. Pipilis dina tarangna diusap. Murudul.

Peuting nu bayeungyang. Di tungtung lembur. Hiji ringkang ngajorélat. Ngadeukeutan imah panggung. Ti luareun jandéla. Kapireng. Hégak nu teu bireuk. Amarah. Teu katadah. Wur. Wur. Sakuriling imah. Cekés. Gur. Seuneu ngabebela. Sora nu jumerit atra meulah simpéna peuting. Awor jeung seuri nyikikik. Sugema.

SASAB

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 20:28:16

Ngabelesat kaluar ti wewengkon Cirebon meulah peuting muru ka Kuningan. Bari nincak gas, haté mah norowéco, “Asa simpé pisan jajalaneun téh?” Culang cileung niténan jalan. Haté ngagerentes, “Naha jajalaneun téh jempling ogé teu aya imah disisi jalan?” Rada muringkak. Pédah tos wengi jigana mah. Sabisa-bisa babacaan dzikir jeung solawat, ramo pageuh nyekelan setir. Soca mencrong ka hareup bari sakapeung rada niténan gigir jeung tukang tina spion. Sanggeus babacaan mah, haté karasa leuwih tingtrim. Lalalunan katingal ti katebihan gapura, marakpak caang sisi jalan. “Alhamdulilah, rupina tos badé lebet kota Kuningan” Bingah ngahurup manah, atoh ngaragamang raga. Sanaos tadi dijalan asa teu puguh rasa, geuningan lancar dugika tempat anu diseja. Nyaketan gapura, katawis kénca katuhu suhunan nu sami. Baranang ku ratusan oncor nu gagah ngabedega. Dihandapeun gapura samagréng nu jagi. Nyepeng pakarang tumbak, pedang ogé tameng. Sorot socana pinuh curiga. Lalaunan gapura téh diaos, “Wilujeng Sumping di Karajaan Sumedang Larang.”

BULANTOK

Kénging Muhammad Zaky Anwar
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 19:58:05

Hiji peuting. Kabeneran tanggal opat welas. Bulan ogé keur meumeujeuhna némbongan.
"Bulantok..., bulantok..., aya bulan sagedé batok..." sora barudak taretembangan di buruan. Dituluykeun kana oray-orayan. Laleumpang nguntuy ka tukang badis oray keur ngaléor.
Aya ogé anu ngadon ucing sumput. Sanajan peuting, teu ieuh keueung. Nyarempod, nyumput dina nu poék. Malahan ari anu kolotna aya mah, sok ngahajakeun juprat-jeprét motrétan maké kodak boga bapana.
Idung-indungna nalingakeun bari galécok ngawangkong di hiji golodog anu geus biasa jadi tempat ngarumpul.
Bapa-bapana uplek ngawangkong ogé, dibaturan ku cai kopi katut bako jeung daun kawung. Taronggoy, ngadu bako.
"Emh, ka mana nya, mangsa harita anu éndah éta...? Naha bet kiwari leungit...? Saha nu mawa, jeung dibawa ka mana...?" ceuk Ucén, bari mukaan album poto sababaraha taun ka tukang.

BASO 2

Kénging Yoen Yoeliztya
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 19:20:09

Bungangang. Teu kaduhung ngabahékeun baso sarantang kana sirah, Arman nga-SMS, ngajak malmingan. Ngabaso. Ba'da ashar ngajemputna.

Ti balik sakola geus tatahar. Mandi dilulur, kuku dikitékan hérang, buuk dicatok. Baju salomari ampir budal. Itu salah ieu lain, asa butut kabéh. Ter SMS. Arman. "Nuju otéwé." Seseblakan teu puguh. Malming munggaran.

"Ineu...! Aya Arman." Mamah ngabéjaan. Tereleng. Bray. Seblak. Gebeg. Kasima ku babawaanana. Najan teu ngurangan burinyayna. "Yu! Meungpeung sonten kénéh." Si béntang baskét ngenyang.

Leuleumpangan duaan mapay trotoar. Teu kaur balas ngarandeg. Bitis rada sesenudan teu dirasa, kaupahan ku raray nu gagah kesangan. Magrib di Masjid Agung, solat gantian, tunggon babawaan. Leumpang deui muru tujuan. Lapak Madura. Créng! Dalapan kilo, geneplas rebueun.

Ba'da isa nampuyak di trotoar. Awak pasiksak, késang ngagarajag. "Énjing deui nya!" Ceuk Arman bari nyodorkeun samangkok baso émpéran bati apay-apayan. Ukur sakétap. Asa goréng patut nempo Arman keur mérésan karung jeung kakait.

HAYANG TOBAT

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 18:51:06

"Umah...!" Ngingsreuk. Cipanon ngamalir kana pipina nu kemong, bari ngalempréh teu walakaya di Ruang Isolasi.
"Sabar, bageur. Nyungkeun kakiatan ka Allah. Ikhlas, sadar, tarimakeun pan nuju diikhtiaran."
Kaimpleng keur ambek-ambekanna. Harita. Mangsa ditinggalkeun kawin ku Emangna.
"Mun kongang mah, Umah. Hayang maéhan tah! Ka mangkeluk durjana nu geus ngancurkeun rasa jeung jiwa Aing!"
"Bageur. Sabar. Pan hurip mah pilihan. Hidep geus milih teu ngalapor. Sok anggur ayeuna mah milih cageur. Lawan dengdemna kucara lewih ngadeukeutkeun diri ka MantenNa. Ikhlaskeun nu geus jadi bagéan hirup hidep. Geura insap! Sing sieun ku adzabNa anu pasti! Panyakit nu tepika kiwari can aya obatna." Harita manéhna tungkul. Dua leungeunna pataréma pageuh, siga nu keur ngumpulkeun kakuatan.
"Umah...! Mun tobatannasuha ayeuna, bakal ditarima ku Allah?" Neuteup ceuleuyeu.
"Alhamdulillah... Kantenan atuh, Kasép. Allah mah Ghafururrahim. Ngan Dosa Syirik nu taya hampurana mah." Katingali aya cahya harepan nu ngajorélat tina panonna.

PANGANTÉNAN

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 15:38:55

Diteuteup tikaanggangan. Manéhna asa kamari ieu diajar alif-alifan di imah kuring. Ngan sok inget ngajinatéh belang- betong. Mun ditanya kalah ngélémés tara némbalan. Komo geus nincak SMP mah les wé tara ngaji, pajar téh éra geus gedé. Ayeuna kakara kelas hiji SLA. Kasép tur lungguh jang Suta téh. Kolotna datang sababaraha kali."Bu, punten wé mugi tiasa nyesepuhan ngiring ngajajap pun anak!", pokna. "Insya Alloh," jawab kuring rada seunggah. Isukna ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut baraya, tatangga milu nganteur nu rék panganténan. Ngahelas budak nu keur meujeuhna rumaja dibendoan, asa siga budak sunatan. Pagétona aya ondangan deui."Dihaturanan linggih, badé ngunduh mantu ayeuna bada asar!" ceuk nu ngondang. "Anéh, naha mana panganténa, nu munjungan teu hol waé?" gerentes haté. Bubuka dimimitian." Hapunten para hadirin, tatamu anu badé munjungan teu cios sumping margi pangantén ka rumah sakit", rada ngarandeg heula anu biantara téh. Pok deui,"Neda pidu'a ti sadayana mugia istrina jang Suta disalametkeun ngalahirkeunana".

NGUJI KAWANI

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 15:23:31

Wanci Laér kanjut. Soléh. Sobat dalit kuring. Ngurunyung ka kontrakan. Sup ka kamer. Laju diuk di gédéngeun kuring. "Cuang ulin yuuu!" pokna. "Ulin ka mana euy?" cék kuring bari gigisik panon. "Geuwat hudang! Ngéwa, lalaki molor waé!" témbalna. Kuniang hudang. jrut turun tina risbang. "Mandi ulah!" cekéng téh bari nyengir. "Montong lah, bisi loba nu bogoheun!" témbalna sarwa nyengir.

Indit ti kontrakan. Soléh nyoléndangkeun hitar kameumeutna. Haté leutik, hayang sapok-pokeun nanyakeun? Di hareupeun kontrakan. Manéhna meugat angkot. Reg, angkot eureun. Clak tarumpak. Dius angkot maju. Teuing rék mawa kuring ka mana?

Sajajalan teu loba catur. "Kiri... Pir!" gorowok Soléh. Reg, angkot eureun deui. Jrut tarurun. Manéhna méré ongkos ka Supir. Dius angkot ninggalkeun kuring, nu beuki panasaran? Leumpang babarengan, asup ka hiji gang. Anjog di hareupeun imah sigrong pulas bodas. "Siap-siap euy! Cuang uji nyali!" omongna bari ngiceupan. "Uji nyali kumaha?" cekéng téh. "Ngamén!" pokna bari mimiti maénkeun hitarna.

MUDIR

Kénging Atang Soeryana
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 15:21:51

Sadikantun Mama Ajengan. Kana tilu bulanna madrosah taya mudiran. Salapan puluh salapanan santri nyuprih élmu sakapanggihna. Aya ari guru mah. Genep lalaki, lima awéwé. Nyakitu kabéhanana gé ukur “puraga tanpa kadengda.” Darman guru pangseniorna teu kaur ku ngojég. Saodah, alona Mama murengked. “Kajeun eureun... batan kudu jadi mudir mah.” Kitu basana. Aya nu teterejel hayang. Jéjén anak téréna Darman. Orokaya teu lulus MTs-MTs acan. Kajeun kukitu, ngomongna gé balélol, arapap-eureupeup, sok tara jelas kamana léorna.
“Dipamilukeun wé ngarah démokratis!” Ceuk Darman. “Sapuuuk!” Ceuk balaréa. “Kumaha carana, saha calonna?” Jéjén ngacung. “Teu maké calon-calonan. Der wé saurang sasora. Rék milih sorangan gé kumakarep!” Ceuk Darman deui.
Kudrat, santri kelas dalapan. Baong, tukang bolos, tukang nyeurikan santri jeung guru awéwé. Kabeurangan. Gura-giru rék miluan. Anjog. Olohok mata simeuteun. Pamilu geus lekasan. Hasilna geus dibéwarakeun: Sabelas urang abstén, saurang milih Jéjén, salapan puluh dalapanan milih Kudrat. Hag!

Kamus alait:
Mudir = Kapala madrosah/Kapala sakola.
MTs = Madrosah Tsanawiyyah – satingkat SMP

SUÉ

Kénging Dana Sudiawiguna
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 15:19:57

Balik ka lembur méh liwat isa. Hujan ngaririncik, keur meujeuhna poék bulan. Jajalaneun taringgul batu, matak wegah rék lumampah. Dibaturan batré sagedé indung suku bari batuna geus téréh béak, kakalicesan. Tonggoy leumpang lalaunan. Lebah astana, leumpang rada ngarandeg. Dina rungkun awi haur. Nyai Kunti anyeclé, sukuna ucang-ucangan. Rikat dongko, leungeun uyup ayap néangan batu jang maléngpéng. Les, Kunti ngaleungit."Wani némbongan deui, dipaléngpéng siah..!". Bari leungeun ngeupeul batu. Neruskeun leumpang. Cikikik kunti seuri tukangeun. Rikat malik, belewer batu ditemblogkeun. Simpé. "puas siah. Heh, aing dilawan". Rék nepi imah, aya nu ngolébat bayangan hideung. Baranyay batré ditojokeun. Gebeg. Anjing Haji Uhé, tatangga kuring keur manting hareupeun imahna. Jegug. Jegug. Sorana meupeuskeun simpé. Bulu punduk nangtung. Jajantung asa didudut. Birat lumpat méh notogkeun manéh. Korosak. Geblug ! Nonggéng sisi sawah meunang nandur..

PAPAYUNG WARGA

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 14:12:07

Teu hayang jadi Ér-Té téh saenyana mah. Geus kacipta nambahan kariweuh. Puguhan gawé ngahonor ngajar gé, ripuh kacida.
"Wayahna Jang Guru."
"Ngan Akang pangpantesna."
"Keun uing moal cicingeun."
"Sadaya warga sapuk milih panjenengan."
"Ikhlas kaamanatan rahayat. Sawarga bagéanana, Jang Guru." Pungkas Mama Ajengan, imut. Rada meureudeuy, panan Néng Fatimah nuju kamanah. Teu bisa kukumaha, antukna léah.
"Sumangga ngiringan. Namung disuhunkeun bantosan sadayana. Supados érté urang ieu gemah ripah loh jinawi."
"Dirojong."
"Sapuk."
"Alhamdulillah."
....
Jul-jol kariweuhan. Ngabérésan Pa Juma jeung Mang Dasim paraséa parebut wates. Diriungkeun, bérés. Nyerek baseuh Jang Ohim jinah jeung Bi Cioh. Nyieun masigit agréng, jul-jol donatur teu diasongan proposal gé. Kabéhdieunakeun, tiis tingtrim, rahayat kertaraharja. Plong wéh.
Pasororé, datang Mang Dasim.
"Di ulem Mama Ajengan, diantos."
Dangdan sataker kebek. Panan bakal amprok jeung puputén kalbu.
Dibagéakeun imut nyumput Nyi Putri. Ngarengkog. Kasampak réngréngan Ketua-Ketua Partéy.
"Sadayana tos sapuk. Salira seja diajengkeun janten Persidén! Tah maharna Néng Fatimah."

RÉQUIEM ASIH

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 13:56:19

Bulan anteng ngawelah rasa, lalayaran luhureun méga. Nyelenep di antara régang-régang ngarangrangan, ngangkleungkeun kalangkangna dina ririakanana beungeut cai talaga.
Manéhna anteng naleukeum ngumbar katineung nu geus nyadas dina jerona Leuwi Sipatahunan. Neutep gamulengna bulan nu kawas ngaléléwaan, ngajak guneman ngeunaan lalakon lawas nu geus hatam katalar sanajan pungkasanana sakadar raheut nu ngedat panjang bari gudawang.
"Mang, kuring téh hayang meuntas...!" sora budak semu dumareuda meuyarkeun lamunan manéhna, anu langsung dialokan ku nu séjénna.
"Rék kamarana maranéh téh ulin lain wayah? Anggursi geura baralik..."
"Dunya kuring geus leungit, geuwat Mamang geura jajapkeun saacan kuring jeung nu lian salin jinis jadi duruwiksa pikasieuneun...!" ceuk budak nu pangleutikna bari reumbay ku cimata.
"Na kunaon atuh maranéh téh Sujang?" manéhna masih can leungit rasa hélokna basa sabubuhan barudak nu tadi tacan sawawa geus salin rupa wujud hakikina jadi mahluk titisan umat Nabi Lut nu keuna ku supata, dibarung ngocéakna dunya nu geus kaleungitan asih indungna.

ECSTASY

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 13:52:22

Babaturan nyalampeur, rék gacong di sawah Pa Haji Harun. Étém diasupkeun ka jero tolombong nu dikélék. Sawah ngaplak, jiga karpét pulas konéng. Dibaruat. Nyaranyi. Sempal guyon.
Cép Amir, putrana Pa Haji, nu kuliah di Bandung, jigana nuju libur. Calik di saung. Maling-maling rérét. Anjeunna ogé jiga ngarérét. Malieus bari imut basa bieu dilieuk.
“Aihihi, Cép Amir jiga ngawaskeun nyanéh, Uti,” ceuk Isoh. Geur, saleuseurian. Atoh, digarogonjak téh.
“Hoy, ngopi heula!” Patinggorowok. Ka garaleng. Marurak bekel masing-masing. Teu kanyahoan, Cép Amir geus aya di gigireun. Babaturan ngaroléséd.
“Teu sakola?”
“Henteu. Ema teu gaduheun waragadna.”
“Mun sakola, geus di mana?”
“Kelas dua és-ém-a.”
“Daék mun neruskeun? Engké Akang nu nyarita ka Ambu jeung ka Ema anjeun. Akang nyaah.” Bungah. Asa hayang ngaréngkénék bari nyanyi Pesta Panen-na Elvi Sukaésih, “betapa senang rasa di hati. Di hari yang bahagia ini. Semua kita bergembira, menyambut pesta panen ini. Hahaha.... Huhuhu....”

DINA HIJI PEUTING

Kénging Titin Suryani
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 12:23:31

Wanci ngagayuh ka tengah peuting. Hégak ambekanana, sawirahma jeung gedukna pedal nu diboséh. Dialokan rekétna ranté, nu taunan teu ngambeu oli. Kuring, ngajéngjéhé dina juru pangdiukan. Ngararasakeun awak nu nahnay. Lungsé taya papadana.
Béca méngkol ka jalan nu peteng. Lampu néon nu patingbaranyay , ngajauhan. Simpé. Sora bangkong begér patémbalan di sawah, kénca katuhueun jalan. Hawa beuki nyelecep. Ti jauhna tutunggul patingrarentul. Disimbutan halimun nu ngandelan. Sora cihcir mawa ketir
Kuring, beuki jero teuleum dina lamunan. Ngawangwang mangsa ka tukang. Mangsa disangsara. Ti poé ka poé awak rangsak ku panyiksa. Haté rajét dijejewét.
Teu kanyahoan. Puluhan motor patinggarerung. Laju ngarandeg sabudeureun béca nu milu kandeg.
“Cokot tasna!” Salah saurang ngajorowok bari ngamang-ngamang samurai. Nu ngepung ngadeukeutan.
Kagugu ku polah barudak, kuring turun. Laju seuri ngeunah pisan.
“hi .... hi hi hi hi hi...., hi....hi hi hi....., hi ... hi hi hi hi hi....!

ATOH TAPI DI BAEUDAN

Kénging Ade Priyatna
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 12:12:07

"....buuu ieu janggot sareng kumis di kurud atau di rapihkeun...."ceuk sim kuring sabari nyepeng pangurud janggot
" ....kurud we bah.. supaya katingali teu siga kolot ..".ceuk indung budak....
singkat waktu....
" .. . tah kitu atuh katingali siga budak ngora.... "sabari seuri indung budak teh
"... alhamdulilah tapi ibuna lamun loba nu naksir jeung nu ngajak ulin ku ABG tong ngambeknya....."
"......yeeeee meni pede...." indung budak ngaleos sabari jeung baeud...

GAJAH MADA DI BASISIR KALER

Kénging Emha Ubaidillah
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 11:56:36

Ngungkleuk sapanjang tetelar, sulusup ka reuma simagonggong.
"Keur saheula anan Panjenengan Rakrian kedah nyelongkeun diri. Pados katingtriman nagari yasa kaais deui!" Kitu Sang Rajasa lungsur sabda. Ki Syahzeena melong wates langit, gilek nyawang ka tatar wetan. Naha ieu teh karma, atawa kawalat Ka Raja Sunda.
Gajleng tina kuda, samangsa anjog ka basisir. Si Gempal kuda gagah milikna jadi batur liwung. Mana siger emas, mana geulang karakrianan, mana cinde keling ciren gulang-gulang utama yuwaraja.
Ujug-ujug sada ngalanglaung teuing sada tembang asing nu aheng. Sang Mada kerung, sada naon eta? langit sigah keuyeudeup linduk matek kaagungan alam.
"LAgu naon, ta teh Ki Silah?" pokna ka nu keur memener jaring nu colohok ngimeutan adeg pangadeg Ki Mada nu ngalunggirik. Boa patih gagah ti Majapait? keretegna teuing ku ad ad.
"Sanes tembang Juragan, nu kitu teh soanten panggero sambeang!"
"Na rek babakti babakti wae meni kudu digeroan?" Ki Mada ngagerendeng sorangan. "Nembangkeunana, ngupingkeunana sinareng nambalangna teh pangbakti Juragan."
Gajah Mada ngahuleng marek aji sapta rungu laju unggut-unggutan bari kumecrek taajim,
"SAkeudeung deui nagri agung Majapait bakal diwarnaan ku papagon ieu tembang malah nu jeneng rajasa agung nya seuweuna pisan."
Kuda dikenyed, lenghoyna ngondang hareugeu tukang ngajaring lauk.

""

SÉMAH TENGAH PEUTING

Kénging Achiel Syam
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 11:33:32

Réngsé, cikopi diangkat hareupeun tipi.Tok...tok! “Assalamualaikum.” Curinghak. Sora CHELSEA vs LIPERPOOL dileutikan. Béker dirérét, 11.12. “Assalamualaikum.” “Waalaikumsalam! Saha?” Diintip tina jandéla. “Abdi Kang, ti lembur.” Ngadéngé kecap Lembur, giak ngalaan tulak. “Hapunten, sanés teu terang di waktu, katitipan ieu ti Haji Zarkasih.” Nyodorkeun bungkusan leutik. “Mangga lebet Mang! Urang ngopi heula.” Ngobrol panjang lébar.

Sanggeus nganuhunkeun, ngeupeulan duit ditolak, sémah pamit. Bungkusan dibuka. Peperén eusi Trisula leutik jeung sacewir keretas. “Anjeun nu boga weweton, wewesén, wijaksana, tong adigung! Rawatan.” Tulisan dibaca dua tilu balikan. Kekeuh teu ngarti. Ngarongkong hapé. Tuuut! Tuuut! Gagal. Nyoba nomer lain. “Abdi Wildan, tiasa nyarios sareng Pa Haji?..Innalillahi Wa Innailaihirajiun! Wengi Ieu Matangpuluhna?...Ieu ngawartosan, kintunanana tos katampi ti Mang Qodar...Kulan?...Sami sareng Pa Haji?”

Kabingung ngagunung. Trisula ditimang-timang. Dikeupeul. Aya geter tiis ngarambat. Nyaliara ka sakujur awak. Téténjoan ngabayang. Beuki motah. Sagala dibadug. Lenggerek!

Lilir. Dampal leungeun peurih. Ditempo. Gebeg! Gambar Trisula nyétak. Dekok, Beureum hideung.

NU DIKANTUN

Kénging Lia Rosliana
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 09:15:16

Teu karasa geus sataun, salira ngantunkeun.
Tapi batin teu weléh sumambat jumerit. Pikir baluweng. Komo mun nempo barudak geus sararé, haté asa rajét. Batin ngarakacak asa disasaak.
Deudeuh anaking...keur meumeujeuhna bet ditinggal kelas kunu jadi Bapa, rék mangkak rumaja bet aya dina lara tunggara.
Mun wasa rekés ka MantenNa, hayang balik deui ka bihari, mulang ka alam ka tukang, namplokeun deui ciasih, ngahurungkeun deui jajantung, sina ngempur ku tresna.
Tapi,pamohalan. Lelembutan ngadadak kumalayang. Rus ras ka mangsa baheula, mangsa maheutkeun pasini. Kedal lisan dina basa nu geus diréka ku para pujangga, pasini jangji dina kecap-kecap nu disanggi ku para pohaci.
Jungjunan...dunya éndah asa nu urang duaan, nya harita kedal lisan dina wujud jangji asih, nu clik putih clak hérang laju ngimpel dina ati nu wening.
Jungjunan...kiwari kantun waasna, dunya asa réhé combrék.. Haleuang tembang kadanguna asa sumbang. Jentréngna kacapi lir ngagerihan ati, marengan asih nu wening nu manteng dina kingkin prihatin.

PEPEDUT HIDEUNG

Kénging Dadali Pangrango
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 08:01:24

Sono ka kongkorongok hayam wanci janari, sono ku récétna sora manuk ngicis jangjang na ciibun, sono ku pepedut gunung nu turun lalaunan, ngusapan kulit, nurih sumsum balung.
"Meni rurusuhan kitu, Kang?" Cekéng, ka Kang Udi, panyawahna Haji Karta.
"Nya puguh Jang! Néang munding heula di kulon." Pokna bari teu ngalieuk. Les, Kang Udi ngiles leungit. Ngajanggélék jadi maké saragam, nu na dadana aya tulisan "PT". Gogodeg.
"Iyeuh Ijah! Apal teu ka Haji Karta nu lega sawahna téa? Kuring daék lah, jadi nu ngora." Ngobrol pating cikikik Ceu Iroh jeung Ceu Romlah, sarua duanana randa.
"Geus teu lega sawahna ogé Ceu, pan béak diléléd jadi wangunan pabrik!". Ceuk kuring, nyenghél. Les, duanana ngiles deui. Ngajagélék jadi dua kunti nu ngageugeuh tempat suni, pangjugjugan lalaki tolohéor, keur ngumbar birahi.
Lalaunan, pepedut ngajadi kebul haseup hideung, cireumis muringis, ngocéak murag ti tungtung daun, nu ngagaringan. Jukut marilu alum, kagusur, katutup, sagara runtah. Madiagantang mawa sawangan, bingung geusan ngajawab, mun heug dina hiji mangsa, runday incu tumanya,"Aki, ari Bandung kapungkur téh, kumaha?".

DUIT JURIG

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 06:31:30

Bapa Ageung balindeng. Ngémutan hutang nagara nu kacida gedéna. Geus ngaliwatan tepis wiring psikologis. Awahing ku gedé, nepika teu ngarasa boga hutang. Kebas kaéra. Balukarna, katerap alergi ‘nambut tan wilangan, poho naur’. Mantri Leuit ngitung. Jumlah-jebléhna 3.000.000.000.000.000 rupia. (Tilu-rébu-triliun-rupia, atanapi tilu-ziliun-rupia). Tacan diétang rénténa. Da lain nginjeum ti Ajengan. Leng bureleng, koclak mastaka. Mulan-malén padamelan gurang-gerung humarurung. Ibu Ageung ngilu murang-maring. Dipiwarang rikrik, malik ngabintih.
Hiji poé, Bapa Ageung ngabéwarakeun, ngaliwatan layang radiogram. Sakabéh Kuncén pamunjungan diangkir ka Istana. Anu baha, témbak saharita. Unggal poé merul ti siklukna. Kuncén ngipri, nyegik, buta héjo, tuyul jsté, taya nu kalarung. Disaliksik, katai-taina.
“Kula ngayakeun “Gerakan Munjung Barjamaah” jang nyalametkeun nagara. Mantri-mantri jeung stap, wajib marunjung. Ngénta duitna ku dolar. Urang tauran hutang. Sing aya gadag. Jaradi Kuncén geus ti jaman bihari. Nincak wanci mulang tarima ka ieu nagri.” Jempling.
“Dupi wadalna naon, Nun?”
“Sébakeun pausahaan nagara kabéh.” Jurig-belis sareuri éak-éakkan.

BARUANG

Kénging Aan Abdulloh
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 00:51:32

Beungeut haropak pias. Kulit kanyos. Tulang iga tingtorelak siga gambang. Kuru. Siga rorongkong hirup.

Jegoh batuk. Reuhak diciduhkeun. Reuhak pacampur getih. Geus sa taun Mycobacterium ngakanan paru-paru kuring. Ngakanan hirup kuring.

Tirilt... HP disada. Karérét nomer HP pamajikan. Gancang diangkat.
"Hallo, Mah."
"Pah, mamah moal tiasa uih ayeuna. Rupina nyubuh, dugi ka imah rada siang. Ieu nuju seueur tatamu." Sora pamajikan méh teu kadéngé. Kasilep ku sing garejusna musik.
Ma'lum diskotik.

DONGENG BANDREK BAJIGUR

Kénging Ayus El-gibran
Dipidangkeun dina lapak 03 Méi 2014 00:43:27

Kulit na bodas sampulur najan teu dipupur.
Lamun leumpang matak olohok batur.
Uing bogoh tapi omongan batur meni matak paur.
Neng Nur, ngaran nu disebut mangsa uing ngagoledag kana kasur.
Rasa cinta tarik ngabelesur lir ibarat di medan tempur.
Uing ukur bisa ceurik ngagaur, bari hate panas ngagedur.
Neng Nur dikawin batur, peuting na Uing neunggeulan kasur. Ngabayangkeun Neng Nur nu nuju tempur.
Ah bandrek bajigur, kieu nasib na budak pendek gede bujur.
Ceuk batur, Uing teu ngukur ka kujur.
Gubrag Uing ragrag tina luhur kasur.
Batur nu tempur uing nu buncunur.
Cimata teu eureun ngucur.
Ceuk beja ti batur, ayeuna Neng Nur nuju udur.
Neng Nur udur, bati tempur luhur kasur.
Sakitu weh lur, Uing kaburu nyorodcod tuur.