Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 28 Fébruari 2014 (33 Naskah)


PANONNA KATETEMPOKEUN

Kénging Lies Tjandra Kancana I
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 23:48:55

Kanyaah kuring, kasép, pinter, awakna séhat pinter dahar. Kabeukina lauk Guramé nu digoréng garing.
Ari ulin malem mingguan téh pasti.pesenana, goréng Guramé nu garing, Teu carékna béak ku sorangan. Karesepn palebah sirahna beuki pisan kana panon lauk Guramé.Panon lauk téh di koréhan palebah kongkolakna
Hiji poé diajakan deui dahar, pesenna tetep Guramé Goréng.
Bari ngalamotan curuk siga nikmat pisan manéhna ngomong kieu:
“ Mamah, upami lauk ieu panon wunkul sadayana Asép wareg meureun
Mah ?” Kuring teu ngajawab ngan saukur unggeuk Bapana nu seuri, kacipta meureun.
Hiji peuting, kuring ngoréjat hudang Asep kadéngé keukeuleuweuhan
Ku kuring dirangkul
“ Asép kunaon ngimpén nya?
“ Nu matak ari rék bobo téh ngado’a heula..” ceuk Bapana.
Isukna Asép dongéng disuguhan guramé goréng tapi barang rék didahar
Gurame téh saluar awakna panon wungkul tingkariceup cenah
Ti harita Asép tara pesen Guramé. ginggiapeun cenah

KAMPANYEU

Kénging Noorfatah Muhammad Dimyati
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 21:28:42

Odik jeung Ohim geus ngabalad ti bubudak. Geus siga dulur pét ku hinis. Nuluykeun kuliah, béda jurusan jeung universitas. Odik jurusan tehnik, Ohim jurusan sosial. Maranéhanana aktip di organisasi mahasiswa. Bérés kuliah dina taun reujeung. Ohim neruskeun aktip di él-és-ém. Odik muka pausahaan sorangan. Duduluran terus mayeng.
Usum nyaleg, maranéhanana nyaraleg. Nyarieun tim suksés, pikeun kampanyeu. Odik ngayakeun kampanyeu. Ramé. Nu daratang, lolobana nu geus déwasa. Ohim ngayakeun kampanyeu ogé. Aya organ tunggal. Ngondang 'biduanita'. Alus sorana, alus gitekna. Ngan pikarunyaeun. Teu kabedag baju-baju acan. Ramé. Nu daratang, lolobana barudak és-dé jeung és-ém-pé. Antartim suksés silih toong, silih intip taktik. Antukna, silih teunggeul. Garelut.
Cunduk ka waktu pemilu. Masyarakat marilih Odik. Ohim héran. Ngadatangan imah Odik. "Dik, naha euy manéh mah bisa kapilih, cing naon rasiahna?" Tanyana. "Salah taktik kampanyeu meureun euy. Ilaing mah kampanyeuna siga iklan kécap, ari uing mah siga iklan roko." Ohim ngahuleng, tacan ngarti.

ANAK ÉNTOG

Kénging Ade Satia
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 21:11:44

“Cunéng… Cunéng….Cunéng!” Bi Ati celak-celuk, geus beurang can kénéh manggihan. Unggal jelema anu panggih ditanya sugan manggihan si Cunéng jeung anak-anakna. Ditéangan tepi ka soré, teu sirikna salembur dikulibek, weléh teu panggih. “Aduh kamana atuh si cunéng téh?” Bi Ati humandeuar. Poé sareupna si Cunéng ngadigleu nyampeurkeun Bi Ati, rikat diboro bari ditalék hariweusweus “Timana waé ari manéh Cunéng? dimana ari anak-anak manéh?” nu ditanya rungah-ringeuh bangun nu bingung. Heuleut sapoé, Bi Ati beberes dapur, asa kalotor jeung pabalatak. Gap kana kaléng urut biskuit dijungjungkeun maksudna rek dipiceun, rada ampeg, panasaran laju dibuka, gebeg Bi Ati harendegeun, singhoréng anak-anak si Cunéng éntog kameumeutna, salima-lima kabeh aya dina kaléng, jalengker. ditanyakeun ka alona nu rada liwar, jawabna enya cenah diasupkeun ku manéhna “Bisi aya nu maok, Bi.” jawabna teu kireum-kireum. Hadeuh.

GORÉNG LÉLE

Kénging Asép Komara
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 21:07:46

Keur mah beuteung geus kukurubukan, kawénéhan manggihan warung ténda nu muka saacan wayah. Lakadalah. Barang sup, dibagéakeun ku daréhdéhna sora awéwé ngora. Jeung cureuleuk panon budak nu keur diaisna. Kahayang mah neges-neges beungeutna, tapi teu kebat. Manéhna jongjon kaprak-keprek bari nonggongan. Ukur kiceup budakna, nu karasa ngendag-ngendag bulu panon.
Brus, lélé téh. Kadéngé sahéngna. Karérét duanana bangun nu husu. Gigireun kékéncéng nu keur dihuru. Minyak nu ngagolak kolu tinggalejrot hararanjat. Laju neumbragan hariguna. Ngalétakan leungeunna. Sawaréh laluncatan ninggang tarang budak. Ngan teu kadéngé aya sora nu ngocéak.
Eureun ngahuleng sotéh sabada manéhna ngasongkeun idangan. Sajeroning ngalimed, ceuli teu kaur reureuh, da sora kékéncéng asa beuki séah waé. Teuing iraha rék jempé. Lélé kari sacewol deui, basa kadéngé aya nu ngagéréwék hareupeun pisan. Bréh. Nyampak awéwé tengah tuwuh. Keur cilingcingcat. Bari garo singsat. Nu tadi keur gogoréng, teuing ngaléos ka mana.
“Itoooh! Na ari manéh, lélé hirup bet digoréng kabéh?”

SAMBEL LADA

Kénging Zenal Printing
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 19:38:27

Poe ieuteh jadwalna gawe kaluar, orderan lumayan rada loba da eta we teu anggeus kusapoe. Ngarana di luar sagala oge di luar beurang lapar ka warung hayang nginum meuli ti warung da kumaha attu, wanci geus reup poek tereh ka peuting di paksakeun rek dahar di imah og da ari geus waktuna daharmah nya teu bisa da teu kuat lapar geus solat magrib nya neang we tempat dahar nyampak aya nu deukeut pecel lele nyimpang we tuluy pesen, teu lila asak song lele, sangu jeung nu lain lainna di asongkeun teu antaparah deui langsung we di dahar barang nyoel kana sambel kuring ngahuleng da sambelna lada sedengkeun kuring teu beuki lada, nya ngomong we kanu dagang mang sambelna aya teu nu lada, tukang dagang ngajawab muhun da kang ari sambelmah lada, hoyong amismah gula, bade ku gula bari ngasongkeun gula. Ah tungkul we kuringmah bari motongkeun lele terus di huapkeun bari na jero hate maenya aing kudu ngadahar lele jeung gula.

PILEULEUYAN

Kénging Nena Hunaenah
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 19:07:07

Buuk nu hideung meles semu harérang, dedegan jangkung gedé, Pingping bahénol bangun cakial, huntu bérés bodas, beresih.
“Tegep.”
Euweuh cawadeun. Kalakuan hadé, gawé hadé, satia, tara mungkir kana paréntah.
Sakur nu nempo geus pasti resep, kabita. Hayang ngapimilik. Brend.
Unggal poe Ahad diajak pelesir, jalan-jalan.
“Kang ! acara Ahad isuk cuang ka leuweung Kutamanyarakan, béjana aya sudung dua palebah léngkob.”
“Biasa si Sabirin mah ari geus aya boroeun téh, teu bisa dipersabenan.”
“Siapkeun gobangna, asah sing seukeut, tumbak sarua asah.”
Cunduk ka waktu nu dijangjikeun, bring sabalad-balad aya genepan, pada-pada mawa pasangan. Ngajugjug ka lembur nu direncana ti anggalna.
Nu genepan dibagi dua, tiluan ngasruk ka sudung, tiluan deui megat di lalawatan.
Boroan kaluar ti sudung, Bagong gedé naker. Nu megat dilalawatan ngaheumbatkeun gobangna. Bagong diberik ku si Brénd. Bagong mujur. Keplak. Goléncéng si Brénd sapat jadi dua palebah tonggongna
“Pileuleuyan tegep.”

PANANYA INDUNG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 18:55:15

Déwi Kunti ngarénghap, hémeng ku kayakinan nu janten putra, sapertos nu katalimbeng ku ungkara Resi Dorna.
“Deudeuh…anaking, naha hidep bet ngudag kembang impian nu hamo kapetik….,” gerentes Déwi Kunti bari neuteup Bima, lajeng naros: “Anaking, naha leres tos yakin pami kayakinan hidep mangrupi hiji kayakinan, atanapi mung saukur wangwangan?”
“Maksudna?” témbal Bima malik nanya.
“Anaking kayakinan nu dimaksad ku ibu nyaéta percaya diri pikeun ngahontal naon nu dicita-cita, hidep kedah uninga kamana jalan nu rék disorang, naon hartosna ngahontal cita-cita pami saukur wangwangan? Teu bénten ti budak leutik miboga cita-cita palay jadi raja, tapi teu uninga kana élmuna pikeun ngahontal éta cita-cita. Tah éta pisan nu dimaksad wangwangan nu napak dina hiji kayakinan nu kosong molongpong…”
Sajongjonan Bima ngahuleng, kahamham ka nu janten guruna ngulibek kana jiwana. Nyah tanggah, neuteup juru lalangit nu ranteng ku ramat lancah, deui-deui Bima ngarénghap, asa eungap ku jangjina.

TANGKAL

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 18:36:02

Poé minggu isuk-isuk. "Ama bade ka mana?" ceuk si cikal nu karek lima taun. "Bade ngala cicis" cekéng. Ngahuleng. "Hoyong ngiring Ma,!" Ngolo bari ngagolehe kana lahunan. Éléh déet. Naék angkot ti cibiru ka cihapit. Sajajalan baceo sagala ditanyakeun. "Naha tangkal teh bet maju? Naha kembang teh seungit? Naha panon poé nunutur? Ama ari cicis teh tangkal na jangkung, terus Ama teh naek parebut jeung batur nya? mun anu teu tiasa naek mah mulungan wé nya di handap jadi kenging na sakedik nya?" ukur di jawab ku muhun jeung unggut-unggutan. Nepi ka nu dituju. Si Cikal luak-lieuk, nunjuk kana tangkal mahoni. "Ama itu tangkal cicis teh? naha daun hungkul?" Kuring seuri ngehkey. Ditungtun ka jongko.

BULAN

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 18:14:05

Ayeuna mah, uing ukur bisa melong manéh ti kajauhan, In. Saprak pangacian ngumpul deui, saprak anggang mangpirang poé kasorang.
Harita mah uing jero teuing neuleuman éta panon. Panon manéh nu ngan sakadar diteuteup gé geus muridingkeun sakabéh rasa nu aya di dieu, dina haté nu ieu.
"In...moal bendu pami hiji waktos abdi ngantelkeun ieu dampal kana éta damis?"
Manéh gideug. Tuluy seuri. "Sigana mah moal, A...."
Enya, harita mah leuwih teuing. Sanajan haté mah hayang leuwih ti kitu.

Ayeuna uing ukur bisa melong ti kajauhan, In. Merhatikeun manéh nu anteng nyanghareup kana panonpoé. Ngadeukeutan. Ngahiji. Jadi samagaha nu minuhan haté uing.

"Sono ieu, sono nu simpé. Nyalukan anjeun nepika peuyeuhna. Weléh euweuh jawaban." Gerentes nu tuluy maturan. Ti wanci ka wanci.

DÉPRÉSI

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 16:40:49

Diuk sila tutug di juru kamar kos. Haseup roko nyerebung teu eureun. Siga haseup karéta. Calacahna patulayah dina karpét. “Nyaan manéh téh kaédanan ku Néng Anna? Kawas lain lalaki waé atuh!” Teup deui kana beungeutna nu paburantak. Panon ceuleuyeu. Buuk galingna, pajeujeut. Ditanya kitu téh teu ngarérét-rérét acan. “Ngahaja uing ka dieu téh nganteurkeun buku pesenan manéh. Tah ieu Gabriel Garcia Marquéz. Jose Samarago, Allan Poe jeung Lalakon Awonna Godi Suwarna.” Song ngasongkeun keretas. “Tapi hampura, karék bisa mere judulna wungkul…” Sarkang nguniang. Hudang. Gék deui. Diuk dina amparan kasur busa. “Tah kitu atuh. Ulah nguluwut. Dunya mah teu salega calana jero. “ Ududna dikenyot. Diserebungkeun ka luhur. Dibuleud-buleud. “Why, Sarkang? Nyaan manéh téh diputuskeun ku Néng Anna?” Lila teu ngajawab. “Enya! Pédah kalepasan hitut, basa acara ulang taun adina.” Nyarita semu dareuda. “Hitut-hitut waé. Teu matak ruksak lapisan ozon. Moal di kana tipikeun. Moal matak doraka.” Pokna.

KACIDA PIRAKU

Kénging Yulianti Iskandar
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 15:58:20

Puasa karek saminggu, sasadiaan keur mulang ka banjar karang pamidangan geus saged. Barudak paciweuh milih keur lebaran ti rewah keneh, ngahaja sangkan puasa rineh teu kaganggu ku itu ieu.

Manusa kur bisa ngarencana, panyakit matuh kambuh teu cukup berobat berobat jalan kapaksa bedrest di rumah sakit.

Babaturan daratang ngadungakeun sing sabihara bihari deui, jol Pa Kurnia " aih pa kumaha ieu teh ngan gering jeung gering bae, jigana pangheulana ditepungan Izroil." aya nu nenggar kana mamaras, abong biwir teu diwengku letah teu tulangan. "ih pa kahayangmah jagjag waringkas salilana, ngan nu medical check up alus oge can tangtu salawasna jagjag, bisa bae ke atawa pageto lacilakaan.

Awak sehat deui, nu tadina moal jadi mudik alhamdulilah bisa riung mungpulung jeung kulawarga. Di lembur tara pati ngaropea hp, mangsa istirahat di rest area muka sms nu murudul, sihoreng Pa Kurnia
kacilakaan tunggal di nagreg, sukuna potong, tilu bulan ngagoler teu walakaya.

POLAH SANG WAKIL

Kénging Endah Hendayanti Hartono
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 15:36:16

"Hoyong itu. Sakantenan sareng nu ieu." Tutunjuk sagala ditataan. Beu, Enéng, meni teu ngagéhan batur gaduh kahoyong téh. Kapan hirup mah teu kénging sarakah. Kuring tibang nunutur curukna. Nyokot sakur nu ditunjuk.

Salaku supir méh unggal poe nganganteur jeung nunutur. Ti emol ka emol, unggal outlét dipapay. Kaluar asup hotél jeung léstoran mahal. Crung créng hareupeun irung nepi ka giung. Jadi saksi gaya hirup hédonisna.

Matak hémeng. Aya wakil rébuan jalma sakitu hamburna. Padahal nu diwakilannana unggal waktu diwartakeun kalaparan, katiban musibah bencana alam, ditolak Rumah Sakit alatan miskin. Pagawéannana balanja. Ngantor mah tara. Dadaku kunjungan ka daérah.

Poé ieu nganteur ka bandara. Manéhna teteleponan teuing jeung saha. "Sayah réfréshing heula ka luar nagri dua bulan. Pangabsénkeun ngarah gajih, tunjangan jeung bonus tetep ngalir. Uruskeun éspéjé ajang jajan jeung meuli oléh-oléh keur kamu. Okeh?" Cikikik seuri. "Koplok!" Ngagorowok bari ngabanting setir, nabrakkeun mobil kana tangkal nu ngajegir.

KURING KUNGSI NYABOK

Kénging Jaladara Nitis
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 15:18:24

Karérét, panasaran. Gigisik. Ditilik-tilik. "Enya geuning manéhna," sidik teu kasamaran. Asa reueus jeung teu nyangka.

Niko ngarana hamo kudu poho. Kungsi jadi anak didik nu dicirian, juhlas taun katukang nalika kuring dines kénéh.
Kasohor murid pangbadungna di SMP Tunas Hurip mah. Loyorna béak karep. Dilandihna gé Si Bontongor. Kabéh guru ngarasa taak kaasup kuring sorangan. Bubuhan rada nyongcolang wé utekna jadi tinimbangan rék di kaluarkeun téh.

"Ari manéh rék jadi naon, hah...? Asa kabina-bina teuing satéh!" Kelepok dicabok, bakat ku keuheul. Ukur tungkul. Sabot keur diwawadianan wé cageurna téh, geus lila mah der deui wé gejul, taya kakapok.

Tidiiid..! tidiiid...! Sora kelakson ti tukangeun. Lampu geus héjo. Dius kuring ninggalkeun manéhna nu keur seuri. Ngajeblag lebah parapatan, naplok na tangkal mahoni.

BINGUNG

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 14:03:40

Kang Komod sibuk teuing, nepika teu bisa nganteur ka salon. Buuk geus teu puguh bentukna. Rewag-rewig. Cenah sok teu resep mun ningali nu caludih téh. Sok buad-baeud. Jeungna, asa naringnang deuih. Jararéngkél. Nékad, rék neukteuk buuk sorangan. Kajeun teuing Kang Komod ambek ogé. Bonganna. Awak nonggéng, jiga keur ruku. Buuk ngarumbay ka handap. Disisiran. Bret, diteukteuk. Dilelempeng. Dirarapih. Sanggeus bérés, ngeunteung. Ih, geuning asa leuwih alus ti batan meunang neukteuk Si Susanto, éh Si Susanti. Dungdak-déngdék. Rarasaan asa tambah charming. Keun waé muji sorangan ogé, sab tara aya anu muji. Boga ideu. Rék muka salon waé lah. Geuning, teu hésé-hésé teuing neukteuk buuk téh. Modal sisir jeung gunting seukeut. Atoh, bakal boga kasab anyar. Ké, ké, ngan jadi bingung. Kumaha carana nitah langganan supaya daék nonggéng waktu buukna rék diteukteuk.

KARIAAN

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 13:39:52

Mang Ikin hajat gedé ramé pisan, nyunatan budakna. Budak sunatan ditaékeun kana kuda rénggong. Diarak diigelan ngurilingan lembur. Atuh peutingna nanggap bangréng. Samalah sindénna nu kasohor, Mamay ti Parugpug nu katelahna si géboy.
Abong di lembur jauh ka hiburan, puguh jelema tumplek lalajo. Ngadadak nu dagang rabul, tukang cocooan budak. Tukang baso. Tukang kurupuk bungkus.Tukang surabi dalah tukang pindang gé aya. Ngabibita nu lalajo.
Maju ka peuting jelema mingkin noyék. Sindén ngelak nyebutan tamu kahormatan bari dihaleuangkeun, “Mana nu kudu dipilih...Pa Kuwu Bageur...Pa Kapolsék gandang...duh..aduh...aduh...” Pasti sindén keur ngolo sawéran gerentes haté. Da jeung enyana pada sung-song mikeun duit kana baskom deukeut sindén.
Ka subuhnakeun kara reup. Ma Unéh tatangga tukangeun imah, brong brang bari garo singsat nyarékan salakina. Kadéngéna téh, “Satéh duit jang meuli gemuk deuleu, dipaké nyawér ronggéng siah, teu gableg cedo pisan. Pasti kokod manéh asup ka jero kutangna!” Hing ma Unéh ceurik.

NU NGADADAK CAGEUR

Kénging Daniel Rans
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 13:08:21

Geus tikamari karasana mah. Haneut. Teu asa jagjag awak téh.
"Nyuhunkeun Cuti Doktér wéh atuh, kang! Dua dinten mah. Kanggo istirahat" Pamajikan hariwangeun. Bari neuteup. Mangsa nganteurkeun kuring ka luar imah. Nu deuk miang ka tempat pakasaban.
"Kin wéh, sakalian ahir bulan deuk nyuhunkeun cutina. Kagok! Dont worry!" Cekéng. Bari ngok, ngesun taarna pamajikan. Laju manéhna ngajajapkeun ku panggupay kanyaahna. Di lawang pager imah.
"You kecapean. Harusnya Istirahat, sob! Eike bikin resepnya. You ambil obatnya di apotek, yeh!" Ceuk doktér poliklinik nu mémang gayana gaul.
"Ang, iraha badé tepang téh? héy! Abdi nuju di Mall, yeuh!" Bréh ésémés ti si éta. Nu kungsi kapopohokeun.
"Antos sakedap! Akang ka dinya!" Gewat ditelepon supaya teu lénglé ngaibaranana.
Awak ngadadak bedas. Muriang daksakala leungit. Kaganti geter kahéman. Kasoro ku kasono. nu nyoso hoyong paamprok.
"Ieu, nu di antos-antos téh! Darling, im coming, béibeh!" Ngagarendeng. Lung, kertas resép obat dialungkeun. Ngalayan katebak ku angina mobil kuring. Nu laju rusuh! Muru nyusul ka sang jungjunan.

BALA-BALA DAN SEBUAH KANYENYERIAN

Kénging Pun Ihung
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 11:54:05

Barang rék nuang, ting-pucunghul engkol jeung wortel. Teras cul-col ngarémutan, réang pada-pada ngabéjaan: “Bismilah heula atuh Kang, bilih tiselek,” saurna. Kuring ngagebeg. Reuwas olohok. Bala-bala dibalangkeun.
Uleng. Bala-bala ngalayang.
Ras ka-émutan. Diri sok rewog. Baranghakan tambarakan. Tara émut ka Pangéran.
Émut:
• Gunung, dicapluk—dipasihkeun ka minantu.
• Sagara keur Mamah Muda.
• Jembatan layang keur si Lenjang.
• Nu Kolot mah geus puguh méh unggal Proyék.
Duh, sagala diteda. Dilalab jeung bukur-bukurna. Gusti, mangkaning enya, mangkaning teu inget-inget acan...
(Teras anjeuna ngagukguk sapajodogan. Sedeng bala-bala mah tos titatadi ngabiur ka jomantara.)

JAMPÉ NGASAKEUN

Kénging Gani Kandhiawan
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 11:26:38

Kapeutingnakeun réngsé cumarita, Kang Sepuh masihan kamandang. "Jleg.... Jleg téh hasil gawé jampé ngasakeun. Dina nyangu, teu kaci gigih. Nya wayahna barijil koruptor minangka jalma nu ponyo nuang gigih. Kiwari bangun tos tarebih tina kalimah Kun Fayakun? Nya moal aya Jleg. Moal aya sangu pulen, komo kana ngalimedna. Mangga émutan, nu sanésna tos nyampak di salira." Semu ngaharéwos.

Kasubuhnakeun Kuring ngaput pamikir. "Gebrolna Jampé ngasakeun, réngsé Jampé mucekil. Kaigelan ku jampé seukeut jeung hérangna." Haté ngalegaan. Asa nimukeun.

Wanci Rumangsang, sabada Duha, ceg kana Yasin. Meunang 40 balikan. Asa dipoconghok ku nu kagungan Kun Fayakun.
" Gusti ...mundut rido Gusti, supados ieu do'a dikabul" Bari inggis bisi dituding maréntah ka Pangéran. "Pamugi kahoyong pun bojo perkawis Toyota Kijang, janten kasaean."

Kurang ti dua bulan, adi beuteung nganjang. Bangun jigrah.
"Kang, itu Kijang téa, mangga dianggo, garasi abdi pinuh."
Mobil anyar ditatap diusap. Kurunyung pamajikan. "Pah tong hilapnya ké Jumaahan." Bari ngusapan taktak.

DIKEUPEULAN

Kénging Aming T Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 11:02:40

Balik gawé ngaliwat jalan Kapatihan Alun-alun Bandung beuteung ngerebek nagih eusi léok motor dipéngkolkeun aya tukang kupat tahu sisi jalan.
Sanggeus mernahkeun motor nyampeurkeun tukang kupat tahu.
"Pang damelkeun hiji?" Ceuk kuring.
"Mangga!" Témbal tukang kupat tahu.
"Masih tiasa icalan kupat tahu didieu geningan?" Ceu kuring.
"Kasontenakeun mah tara aya oprasi sakalieun aya ogé kana motor tos dikeupeulan mah indit deui" témbal tukang kupat tahu.
"Padahal kang gempungan jeung nu lain perdih ka Walikota sangkan netepkeun nu daragang di ieu tempat sangkan tertib tur tenang tong aya deui nu ngadon malah nu geus tetep didieu dibéré kartu tumetep" ceuk kuring mére saran.
"Satuju..."

NUTUHAN EMAS

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 10:42:56

Di dieu deui. Hiur angin mawa nyongkab. Hareupeun dayeuh kolot Iskandariyah. Kota nu leubeut ku kajugalaan Iskandar Dzulqarnaén. Hareupeun anjeun, Nil. Walungan nu ngawuwuh kahéman ka bangsa Firaon. Langit sariak layung mawa kaputusasaan. Teu jiga sasari. Nu mindeng ngaligarkeun romansa asmara. Ayeuna asa nyasaak. Turun di terminal Hajah Zainab. Laju muru ka Rabiah. Bedil otomatis ting borobot. Ngutahkeun angkara. Paréntah ti leungeun Firaon milénia ka dua. Dunya ngadadak pégo. Euweuh nyoara najan saengang.

Handapeun tihang Masjid Rabia. Netelkeun obat pangleungit kasakit. Kana tatu hiji wanoja. Bari teu weléh hémeng. Keureutan beungeutna. Nyiliwuri saban wanci. Nyaliksik mangsa bihari. Keur diajar sasapédahan. Mencrong tina nako jandéla. Mun pareng labuh, kadéngé nyikikik bangun dipengkek. Tepikeun ka harita. Tuur donglak. Manéhna kaluar, mawa obat beureum jeung kapas. Ayeuna. Ningali pameunteu jeung rénghap. Geus dihin pinasti. Neuteup binarung gelenyu. Les.

Jajantung kacida peurihna. Dirabak. Euweuh gudawang. Diteuteup deui. Beungeut anjeun, Nil. Imut bengras, purnama narawangan.

MARANTUAN

Kénging Erik Rahman
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 10:41:33

Dunya karasa nyedek, meulit haté nyangred rarasaan anu sumarimpang. Inget ku ingetna, naha atuh teu deuk éndah kalakuan téh.
Uing hayoh teu eureun hurarang-hariring ngawih kakeuseul kana diri, héwa kana awak sorangan. Rarasaan mah geus cukduk kana waktu ninggang kana mangsa, euweuh deui basa pokona kudu tobat. Kamari goloworna geutih tina beuheung Jaro, geus kudu anu panungtung. Golok pamaké teu ecreug sabisa-bisa kudu dijieun bubur, sina leuleuy, sina mintul daripada loba korban kamadaratan lampah uing.
Jauh tina kawasa, ieu ramo kalah napel jeung golok, ngahijii jadi satali. Gugudubugan sorangan. Uing kagét teu walakaya, leungeun seseleberan, subat-sabet gati eureun. Ngakeubeulan beuki deukeut kana rarai, séak ka kénca belesat ka katuhu. Jol gok hareupeun sungut jasa. Awak ngagidir, mata mencerong kana sesekeut golok, késang cing kurumuy. Goréhel letah uing sapat.
Mata peureum salawasna. Barang beunta uing teu bisa ngomong nanaeun, ngan sésa golok marantuan ngawaler takonan uing. Nuhun Jaro.

HAPUR

Kénging Asikin Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 10:39:24

Teu engeuh yén bumi nu ditapakan geus raca ku hapur nahun. Ti jaman mana boa da geuning basa nini jeung aki jeneng kénéh bupati, hapur geus anteng ngarenggenek dina unggal dungus. Napel dina rurupaning ringkang, boh di jelema atawa tangkal. Sumawona dina pakulitan batu jeung beungeut cai. Tatalepa lain baé dina bagian luar sakur kahirupan. Nerekab nembus ambles kana jeroeun haté manusa. Leleb jadi pasipatan. Jadi bekel ka mana baé manusa lunta. Sakapeung mangrupa linyok jeung bohong. Mangrupa sulaya jeung rupa-rupa palakiah dosa. Beuki kandel. Ngedeplik. Ngajanggélék jadi waruga anyar, sakulit sadaging dina wujud métamorfosa. Tisaprak jabang nu pakulitanana beresih, nincak mangsa humapur, nepi ka jadi jenggléngan manusa anu bayahna wungkul ku hapur! Basa sarupaning wujud meredih ubar kapeurih, uing ukur bisa ngarumat fatwa : “Wayahna, geulis, dalah uing mah ukur wujudiah sugan. Teu bisa majar kumaha. Dalah nu boga ubar ogé geuning liput kalimpud hapur!”

KAYAS NU MAWA MAMALA

Kénging Hendi Ahmad Sarip
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 10:29:24

"Bade ngagaleuh comro, Bu?" Kuring nanawarkeun dagangan, disusuhun.
Meh saban jalma ditawaran, sangkan meuli comro nu tiisuk mula kakara orot saparapatna. Harepan bisa ngabantu Ema nedunan pangabutuh dapur. Saprak bapa ingkah teu puguh laratannana. Ninggalkeun kuring jeung adi-adi nu keur meujeuhna loba kahayang. Hayang mak-mak mek-mek ngecap kanyaah.
"Sing sabar, Nyai. Tong aral subaha, teu bisa siga batur sakola atawa jajan sakahayangna. Ema rumasa kabongroy rasa tanpa mikir ka sahereupna. Da bapa teh geus boga anak pamajikan, basa Ema pasrah dipihukum bapa. Kabita caritana. Seja mikanyaah ka Ema."

KAPANGGIH MODAL

Kénging Aprillia Indriani
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 10:28:28

Sajajalan, kapikiran. Rék ulangan basa sunda tapi can ngapalkeun! Sup ka kelas. Gandéng. Keur ngarapalkeun. Kuring pipilueun. Can gé muka buku. Téééét! Bél asup disada. Barudak langsung ngaraji Qur’an. Sanggeus ngaji. Guru basa sunda lebet, gék calik bari nyepengan soal ulangan. "Nomor urut 21 nepi ka 40 kaluar!" saurna. Aduh! Kuring nomor urut 6, atuh bagéan ulangan kahiji! Soal ulangan dibagikeun. “Waktuna sajam!” Gusti ieu soal meni hésé pisan. Euweuh pilihan, kudu nanyakeun ka babaturan. "Dina..., nomor dalapan naon?" "A,” cenah. "Ari nomor duapuluh?" "Ké heula atuh!” Lieur. Gura-giru muka buku, nu tadi diselapkeun na kolong bangku. "Tong tungkul waé! Aya naon atuh!" Pa guru tos aya hareupeun. Kuring kacida reuwasna."Hen...henteu Pa!" "Alah, tong sok ngawadul! Cik bapa ningali kolong bangkuna!" Pananganana kokodok kana kolong bangku. "Ieu naon? Noron nya?" Semu nyentak. Kuring tungkul "Mana kertas ulanganana? Urang dienolkeun!” Duh éra pisan! Kuring jangji dina haté, moal sakali-kali deui.

KAPANGGIH MODAL

Kénging Aprillia Indriani
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 10:28:26

Sajajalan, kapikiran. Rék ulangan basa sunda tapi can ngapalkeun! Sup ka kelas. Gandéng. Keur ngarapalkeun. Kuring pipilueun. Can gé muka buku. Téééét! Bél asup disada. Barudak langsung ngaraji Qur’an. Sanggeus ngaji. Guru basa sunda lebet, gék calik bari nyepengan soal ulangan. "Nomor urut 21 nepi ka 40 kaluar!" saurna. Aduh! Kuring nomor urut 6, atuh bagéan ulangan kahiji! Soal ulangan dibagikeun. “Waktuna sajam!” Gusti ieu soal meni hésé pisan. Euweuh pilihan, kudu nanyakeun ka babaturan. "Dina..., nomor dalapan naon?" "A,” cenah. "Ari nomor duapuluh?" "Ké heula atuh!” Lieur. Gura-giru muka buku, nu tadi diselapkeun na kolong bangku. "Tong tungkul waé! Aya naon atuh!" Pa guru tos aya hareupeun. Kuring kacida reuwasna."Hen...henteu Pa!" "Alah, tong sok ngawadul! Cik bapa ningali kolong bangkuna!" Pananganana kokodok kana kolong bangku. "Ieu naon? Noron nya?" Semu nyentak. Kuring tungkul "Mana kertas ulanganana? Urang dienolkeun!” Duh éra pisan! Kuring jangji dina haté, moal sakali-kali deui.

KAPANGGIH MODAL

Kénging Aprillia Indriani
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 10:28:01

Sajajalan, kapikiran. Rék ulangan basa sunda tapi can ngapalkeun! Sup ka kelas. Gandéng. Keur ngarapalkeun. Kuring pipilueun. Can gé muka buku. Téééét! Bél asup disada. Barudak langsung ngaraji Qur’an. Sanggeus ngaji. Guru basa sunda lebet, gék calik bari nyepengan soal ulangan. "Nomor urut 21 nepi ka 40 kaluar!" saurna. Aduh! Kuring nomor urut 6, atuh bagéan ulangan kahiji! Soal ulangan dibagikeun. “Waktuna sajam!” Gusti ieu soal meni hésé pisan. Euweuh pilihan, kudu nanyakeun ka babaturan. "Dina..., nomor dalapan naon?" "A,” cenah. "Ari nomor duapuluh?" "Ké heula atuh!” Lieur. Gura-giru muka buku, nu tadi diselapkeun na kolong bangku. "Tong tungkul waé! Aya naon atuh!" Pa guru tos aya hareupeun. Kuring kacida reuwasna."Hen...henteu Pa!" "Alah, tong sok ngawadul! Cik bapa ningali kolong bangkuna!" Pananganana kokodok kana kolong bangku. "Ieu naon? Noron nya?" Semu nyentak. Kuring tungkul "Mana kertas ulanganana? Urang dienolkeun!” Duh éra pisan! Kuring jangji dina haté, moal sakali-kali deui.

KAPANGGIH MODAL

Kénging Aprillia Indriani
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 10:27:51

Sajajalan, kapikiran. Rék ulangan basa sunda tapi can ngapalkeun! Sup ka kelas. Gandéng. Keur ngarapalkeun. Kuring pipilueun. Can gé muka buku. Téééét! Bél asup disada. Barudak langsung ngaraji Qur’an. Sanggeus ngaji. Guru basa sunda lebet, gék calik bari nyepengan soal ulangan. "Nomor urut 21 nepi ka 40 kaluar!" saurna. Aduh! Kuring nomor urut 6, atuh bagéan ulangan kahiji! Soal ulangan dibagikeun. “Waktuna sajam!” Gusti ieu soal meni hésé pisan. Euweuh pilihan, kudu nanyakeun ka babaturan. "Dina..., nomor dalapan naon?" "A,” cenah. "Ari nomor duapuluh?" "Ké heula atuh!” Lieur. Gura-giru muka buku, nu tadi diselapkeun na kolong bangku. "Tong tungkul waé! Aya naon atuh!" Pa guru tos aya hareupeun. Kuring kacida reuwasna."Hen...henteu Pa!" "Alah, tong sok ngawadul! Cik bapa ningali kolong bangkuna!" Pananganana kokodok kana kolong bangku. "Ieu naon? Noron nya?" Semu nyentak. Kuring tungkul "Mana kertas ulanganana? Urang dienolkeun!” Duh éra pisan! Kuring jangji dina haté, moal sakali-kali deui.

KALELEBAN

Kénging Nena Hunaenah
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 10:21:34

Awak rangkebong tinggal tulang dibungkus kulit. Buuk carambang gimbal, tara ngambeu cai. Teu inget dahar, sumawona mandi.
Sungut norowéco diselang ceurik ngabangingik. Ngajerit. Gorowok. Kocéak bari kokosodan. Ceuleukeuteuk seuri.
“ Papiiiih…, Andriés, Héndrik, Marcél, Vincént, Carién, Anne, Robbe..., kamarana atuh ?” “Téga.” “Mamih sieun, mamih keueung.”
Duapuluh taun jadi nyonya Walanda. Parawan désa nu rancunit, ngadadak jegud. Kebon karét héktaran upluk aplak. Sawah satungtung deuleu. Nyanyabaan, anjang sono jeung dulur, tinggal ngajius, boga wagon sorangan.
Ganti dijajah Jepang, Walanda imeut marulang ka nagrina. Pon kitu Sin yoh Ties jeung anak-anak nu tujuhan mangprét. Pribumi teu meunang milu.
Mamih Cioh ngahurun balung. Peunggas harepan. Teu kuat. Teu kungsi tilu bulan. Mulih ka jati mulang ka asal.
Isukna warga kampung gujrug. Gundukan taneuh beureum gorowong dibéntar gelap.

FALSAFAH BAIDABA

Kénging Emha Ubaidillah
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 09:37:38

Budak ngora kumeuheur unggut-unggutan, sanggerus bapana ngajentrekeun....Samemehna manehna keukeuh kukurihit ka nu jadi bapa cenah hayang diwaris elmu panemu jampe pamake,"Yu Jang, urang jalan-jalan. Sok ontana bijilkeun ti kandang." Dirigdig duaan nunungtun onta, lebah ngaliwatan jalma rea, jug pada ngomongkeun,"Lalieur sugan bapa jeung anak teh, keur nanahaon nunungtun onta ari lain tumpakaneun mah!" Si bapa nitah budakna tumpak, los ka hiji lembur, jug raong pada ngomongkeun,"Budak bangkarwarah, ari kolot nungtun, manehna ucang-ucangan dina tonggong onta!" Gantian ayeuna mah, Si Bapa tumpak, budakna ngadon nungtun, ceuk nu kaliwatan,"Aya ku telenges, ari anak nungtun onta, bapana mah raos we na punduk onta!" Ahirna onta ditumpakan ku duaan, kumaha nu ngomong,"Teu uyahan anak jeung bapa, nyiksa ontana!" Ahirna onta digotong ku duaan, kumaha anu ngaromong? "Sugan mah tigareledug, bapa jeung anak teh, tutunggangan ngadon diparanggul.....!" "Tah kitu Jang elmu hirup teh, tp saupama disikepan ku alus sangka mah ingsyaalloh aman-aman wae....

PANGÉRAN BIRU

Kénging SZ Äbidiñ
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 09:27:47

Manéhna ceuceuleuweungan bari ngacung-ngacung peureup. “Réformasi... Révolusi! Kita butuh perubahan! Anda sudah siap?”
Nangtung unggal isuk handapeun lampu setopan. Bajuna bulao, geus kuleuheu. Sirahna dibakutet ku kaén nu sarua bulaona. Buukna rewag-rewig. Kumis jeung janggotna carang. Panonna gular-giler ningali patali marga nu keur meujeuhna ramé.

Ku padagang asongan mah sok pada ngaheureuyan.
“Merdeka...!” ceuk Si Udo, tukang roko.
“Merdeka ogé, lah!” Manéhna mairan bari nyéréngéh. Leungeun kéncana nyekelan gémbolan nu sarua bulao.
“Naon eusina, éta téh?” Si Mamat, tukang kurupuk gurilem panasaran.
“Is, rusiah ieu mah. Barang berharga pokona mah!” ceuk manéhna bari ngeukeuweuk gémbolan, siga nu sieun dipaling.

Reg. Mobil sédan eureun. Dua urang turun, tuluy meuntas. Nu awéwé rawah-riwih nyampeurkeun. “Bapa... Urang uih, yu!”
“Ka mana? Keur genting ieu téh! Révolusi!” Panonna mureleng.
Leungeun nu rék nungtun ngadon diképéskeun. Manéhna ngamuk. Gémbolan dibubat-babét. Eusina murudul. Stiker, spanduk, selebaran, jeung kaos bacacar di trotoar. Warnana kabéh bulao.

ASURANSI

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 08:30:45

Sakapeung mah sok minder ngariung jeung ibu-ibu pangajian téh. Komo mun geus ngobrolkeun asuransi.
“Abdi mah mung ngiring dua: kaséhatan sareng pendidikan. Prémina mung sajuta sasih. Atuh da peryogi pisan. Kanggé bekel jaga,” ceuk Bu Ine.
“Abdi mah tilu, Bu. Tangtos kaséhatan sareng pendidikan mah. Abdi mah ditambihan ku jaminan hari tua. Da pun lanceuk mah sanés PNS. Teu gaduh pangsiun. Hariwang.” Bu Tatang teu éléh geleng.
“Ari Ibu ngiring asuransi naon?” Bu Ine jeung Bu Tatang nanya ka kuring.
Kuring kuram-kireum. Éra. Rumasa teu milu asuransi nanaon. Tong boro jang mayar prémi nu sakitu badagna, jang dahar sapopoé gé pas-pasan.
“Ah, abdi mah teu ngiring,” tembal kuring.
“Ih, Bu, kedah. Peryogi pisan. Mun aya nanaon ka payun, saha nu badé ngajamin?”
“Aya, Bu, Allah. Ngiring asuransi ka Allah. Nu Ngaélmuan. Nu Nyageurkeun. Nu Ngarizkian. Prémina cekap ku ngadua, ibadah, jeung ikhtiar,” témbal kuring.
Bu Ine jeung Bu Tatang jempé.[]

NGALINDEUKAN TATANGGA ANYAR

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 08:06:43

Boga tatangga anyar. Goléjra. Isuk-soré récét dina tangkal nangka. Kawasna mah anyar migrasi. Sasarina mah tara katangén. "Liatin apa Pak?" tanya Si Bungsu, "Burung ya?" pokna deui, "Buatin rumahan dong! Kasian kalo ujan kedinginan!" pungkasna. Boa enya katirisan kitu. Sasat tibang meuting dina sesela daun nangka.

Poé Ahad. Nitahan tukang. Nyieun "rumah burung". Ditihangan. Iimahan anjleuceu dina hieumna daun nangka. Dihadé-hadé. Aya jandélaan. Maké lawang. Ditérasan. Paragi ulinna jeung maraban. Tibatan sésa dahar kapiceun, mending keur parabna. Ngan anéhna, minggu-minggu, taya nu daék ngeusian. Goléjra. Silipelong jeung pada baturna. Bangun cangcaya, "ada udang dibalik gratifikasi rumah burung".

Panasaran. Ngumaha ka psikolog. Sina nalungtik. Kunaon Goléjra api lain. Duka maké basa naon. Uplek. Aléwoh. Majarkeun téh, "Trauma akut," cenah. Pangpangna mun panggih jeung nu kumisan. Duméh kungsi dibuburak di lemburna di Pulo Jawa. Diketepélan. Dibedilan. Mulan-malén abur-aburan. Kadungsang-dungsang. Anjog ka basisir. Manggih kapal laut ka Bornéokeun. Milu ngangkleung meuntas samudra.

NYORANG TAMPIAN SORANGAN

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 28 Fébruari 2014 02:31:28

Sorangan kakalayangan, ti lapak ka lapak Planét. Sepi Jagat, nyorangan. Nunggal. Kalong can ngarampih, kalakay nirisan, disimbutan indung peuting, diharudum sarung karahayuan Madu Katresna. Wisesa. Daun-daun Impian ngeteyep leumpang na samarna Cahya Bulan. Ibun geus mimiti tuturubun, ngarénda Janari nu tingtrim. Tepis wiring. Sawah: teu kadéngé Bangkong ngawarangkong, rampak. Lauk Nila, lauk Patin, jeung Kananga, mahluk kaya mahluk miskin, tibra.

Biur, ngancik na Méga ka Méga. Ngetrokan Béntang-béntang. Météor-météor ngagaléntor. Nyingraykeun haleungheum hawa beueus, peureus karasa nanceb na Dada gudawang tatu Parna. Eumeur. Eundeur. Ulin jeung Widadari, silih udag kadua Guludug, silih gupayan jeung Gelap Ngampar. Deuh, heneng hening Pikir jeung Kaasih bari ngahariring tan sora, galécok na jero simpé. Nu mawa tingtrim haté. Nyarandé. Antaré.

Nyangsaya na awak Himalaya, ngusapan Sahara, noélan Kutub Utara, nyiuman damis luis, pameunteu marahmay Aurora, ngaheureuyan singa-singa Afrika, ngoconan Gangga. Simpay panineungan, katresna meungkeut Dunya jeung Akhérat. Kaasih, pinuh Asih. Maha Pangasih.

JLEG!