Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 04 Maret 2014 15:00:15
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Senén, 03 Maret 2014 09:47
Sastra Jingga: " Sampurasun. Haturan ka ais pangampih, oge kadang warga fbs. Nyanggakeun salam pangwanoh. Hatur..."
Rebo, 26 Fébruari 2014 17:59
Dudu Abdul Wadud: " Sampurasun. Ieu mah seja nyanggakeun salam pangwanoh ka sadayana. Ngiring bingah, ku ayana ieu..."
Jumaah, 07 Fébruari 2014 14:05
Asmoel: " Assalaama'alaikum...sampurasun... mugia para Admin, teu janten gejed ku aubna pun uing di ieu rohangan. seja mikawanoh kana Fikmin, oge ngeureuyeuh dina ngamumule basa sunda. hatur punten boh bilih tata titi tindak tandukna pun uing di ieu rohangan teu kamanah ku rengrengan Admin sadaya. rumaos atah warah. pun uing nampi pangdeudeulna oge sarungsumna. hatur nuhun...."
Senén, 03 Fébruari 2014 15:36
Bagja Waluya: " Asslmkm...sampurasun...salam pangwanoh ti simkuring..."
Saptu, 01 Fébruari 2014 17:08
Dedi Haryadi: " Ngintun naskah kumaha fikmin ka saha ? Ieu naska abdi. FIKMIN: “Ijab Kabul di Mekkah” Ku Dedi Haryadi “Kang Asep nu dipikacinta, Marni teu bisa sare sapeupeuting, cimata nyuruluk teu eureun-eureun. Akang tega megatkeun duriat alatan kapincut ku randa ngora. Marni jarambah kuli ka Dubai, Jeddah jeung kiwari di Hongkong teh apan keur ngabelaan akang, anak, jeung kolot urang. Kang, Marni..."
Salasa, 28 Januari 2014 18:09
Evi Effrisanti: " Hapunten ka girang pangajen Fiksimini Basa Sunda. Abdi kanca Fbs wasta Evi Effrisanti. Seja tumaros. Abdi ngintun fikmin di lapak facebook, panjangnya teu langkung ti 150 kecap. Ku margi kenging pangaweruh enggal perkawis kosa kecap, teras sababaraha fikmin diedit di halaman profil pangarang. Nanging dina facebookna mah teu diedit da inggis bilih apung-apungan deui. Tapi, naha etangan kecapna bet..."
Jumaah, 24 Januari 2014 14:14
Asep Nurjamin: " assalamualaikum, sampurasun, mugi abdi dipaparin bongbolongan, kumaha carana hoyong janten warga fbs nganggo akun..."
Kemis, 23 Januari 2014 11:00
Firman We Lah: " asalamualaikum hatur nuhun kana pangangkena di iyeu..."

Kalénder Fikmin • 27 Fébruari 2014 (53 Naskah)


MITOHA

Kénging ERNA YULIANA
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 23:49:19

Aya nu ngembeng na juru socana. Neuteup raga nu ngajoprak teu walakaya, selang paturanjeng na irung jeung leungeun. Gap kana dada, ketug teu sawirahma jeung kahayang. "Apa yang harus dilakukan Dok agar dia terselamatkan?" Dareuda nahan rasa nu pagaliwota. "Berdo'a saja semoga ada keajaiban Tuhan." Laju ngusapan."Tong keueung sing teger, aya Ema." Pokna nyumangetan. Neuteup seukeut nembus pikir nu sungkawa. Dua taun geus kalarung hirup nyorangan, teu ieuh asa nunggeulis da aya Ema nu marengan."Hidep lain minantu, tapi amanat ti si Jenat."

GULUBUR

Kénging Yuyun Yulistiani
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 23:19:45

"Masih mau digoyang?" Nyodorkeun sapikerna ka lebah nu lalajo. Sorana diharoshoskeun. Awak nu teu pati leutik dibaguded ku léjing belang rawis-rawis lebah pingping jeung kaos lékbong pulas milénium, na dada ngajeblag hurup 'MY' dimutéan. Sapatu jangkung mérek Sijoléta. Leungeun dipasieup ku geulang warna warni, ceuli digawingan anting rambay. Buuk panjangna dikelir jagongkeun, ngarumbay. Beungeutna mah ngaharib-harib artis Dépé, ngan kudu kandel waé wedakna.

"Apa? Oplosan? Baiklah...!" Rarampayakan, lincah alah batan Soimah. Géolna lelet leuwih ti Inul. Sakapeung muntir nurutan Trio Macan. Panggung eundeur kaider. Tihang diléndotan, son sistem ditaékan. Nu lalajo beuki séah. Lung lung pada nyawér duit rébuan.

Mérsi Yolanda 'Si Goyang Sapu Jagat' biduan nu geus teu bireuk deui sakacamatan Padakayana. Tadi isuk-isuk panggih di pasar. Pangling. Baju seregna mah angger, ngan beungeutna geunteul ari teu dangdan mah, "mun keur euweuh nu nanggap, sapopoé dagang cimol, jang dahar barudak." Cenah.

LALAKON LAUT KIDUL

Kénging Ruhiman
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 21:48:18

Jelegur ombak meupeuskeun lamunan. Malidkeun budah ka basisir. Kuring ngajanteng. Tasma ribén dipaké. Ngawaskeun ka nu jauh. Pikiran ngajaul. Dina umpal-umpalan cai samudra. “Éndah nya, Kang?” “Muhun...” cekéng. “Lami nya, teu ka dieu?” sora nu halimpu nanya deui. Teu dipaliré. Tonggoy ngumbar teuteupan. Ka panonpoé nu rék amitan. Bari nyeuseup seungitna jaladri. Pecenghul parahu ‘na tungtung deuleu. Meulah samudra. Dipayungan méga lir makuta. Parahu laju muru basisir. Ngangkleung. Beuki deukeut. Nganteurkeun ombak nu noélan bitis. Reg, parahu hareupeun. Atra panumpangna tiluan. Jrut, dua panumpangna tarurun. Cong nyarembah. “Gusti Ratu tos ngantosan, Gan!” bareng nyararita. Kuring ceuleumeut. Laju leungeun kuring dikaléng. Lapat-lapat adan magrib ngalanglaung. Gebeg! “Astagfirulloh! “ kuring ngusap beungeut. Kuprak! Tasma rag-rag.

KARÉTA

Kénging Jaya wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 21:31:51

Naha tresna geuning bet téga, nyampay dina raga nu teu walakaya. Naha asih bet ngancik dina diri nu kakonci ku pasini. Néang gambar anjeun dina jajaran lukisan. Miharsa sora salira dina rumpaka nu ngalagena. Wanci ka wanci. Léngkah ka léngkah.
Anjog lebah dinya. Simpé. Ukur nyésa hégakna peuting. Tong waka jirim dalah kalangkang ogé teu némbongan. Rét, kana potrét nu mimiti leungiteun komarana. Imut anjeun, teuteup anjeun. Teu leleb, teu seukeut deui. Anéh! Jadi asa teu wawuh. Padahal cikénéh sakitu mapaésan impian. Kamari sakitu ngeusian unggal lolongkrang.
“Karéta nu panungtung wengi ieu Kang.” Pokna bari ngasongkeun karcis. Teu maliré rindatna, nampanan karcis. Di béh juru awéwé patingcikikik. Galandangan nguniang menerkeun simbut kardusna.
Piriwit geus ngajuit. Mesin karéta beuki ngaguruh. Tapi angger teu bisa ngéléhkeun ngaguruhna jeroeun dada. Lalaunan kareta mimiti ninggalkeun patempatan. Taya nu bisa ngajamin bakal bisa nyorang rél éta deui. Lung, karcis dialungkeun.

SALAH NGOMONG

Kénging Nani Heryani, S.Pd
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 21:28:15

Tamara imut, nempokeun nu dialajar, Si Tini anteng ngeunteung na kaca wedak, sakali-kali ngarérét ka Tamara, bari dungdak-déngdék , tuluy ngomékeun kurudungna.
“Tini, masing ngeunteung sarébu kali ge moal matak siga Tamara.”
Cékéng keuheul.
“ Geus anggeus acan?”
“ Teu acan, Bu.”
“Tuh… pan acan, hayuuuh ngeunteung nu lain mah husu.”
Si Tamara ukur imut, ngarérét kuring.
“ Cung nu teu ngarti ngacung, ké dijelaskeun deui.”
Cékéng bari mapayan bangku barudak, tapi euweuh nu ngacung hartina ngalarti meureun, naon nu di ajarkeun téh. Gek kuring diuk deui di hareup
“ Nu enggeus bawa ka di ieu.”
“Muhun, Bu “ Barudak narémbalan.
Dasar si Tini gumeulis batur ngarumpulkeun, ditempo téh keur ngeunteung deui waé.
“Tini…! ka dieu, bawa almenak na.”
“Gambar saha eta ?”
“Tamara Blesinky “ Tembalna.
”Ari sia jeung aing geulis saha?”
“Geulis Ibu…” Pok na.
“Haaar, naha salah ngomong,” Gerentes haté.

TITIPAN TI TUKANG PECEL

Kénging MIMIN WIATI
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 20:52:21

Geus dua poé teu nempo Mbok Minah, tukang pecel langganan nu sok biasa ngider. Asa sono ku pecelna. Lian ti ngeunah téh teu pedit bumbu deuih. Teu anéh mun dagangan nu sakitu lobana téh amrin-amrin baé.
Pasosoré, keur ngalangeu di buruan, torojol Mas Supri anakna Mbok Minah datang bari mikeun bungkusan ka kuring.
“Bu, aya titipan ti Simbok kanggo mesjid di pengkereun bumi Ibu” Ceuk manehna bari mikeun bungkusan.
“Kamana kitu Mbok Minahna?”
“Pulang kampung Bu, raina nu bungsu nikah”
“Nuhun atuh, ké ku Ibu ditepikeun ka pangurus masjid”
Sanggeus nganuhunkeun mah manéhna ngaléos. Saléosna Mas Supri kuring muka éta bungkusan. Bréh téh eusina mukena anyar sadua-dua. Aya nu meupeuh kana haté kuring. Hapunten Gustii, abdi …!

PANGJURUNG WIDARJA

Kénging Yuska Sadéwata
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 20:50:30

Lain peunggas deui, remek pisan. Pangharepanana. Ka béhdieunakeun, mangmang ngalimpudan haténa. Sumanget nyanghareupan jaga, kawanén ngudag impian ka penclut naba, nyirorot. Enyayna méh suda. Ti saprak haréwosna ukur ditémbal tungkul salila-lila. Pusén harita. Satengahing lumangsungna lalakon asmara awor tunggara. Cinta diiwat durjana. Teu nyana, carita ngajadi nyata.

Pabeubeurang. Lahlahan. Nepungan Widarja. Lalaki tengah tuwuh, gaganti bapana. Keur tonggoy mabaran heurap tatangga, handapeun iuh-iuhan. Gigireun babadak, beulah lebak. Gék. Nengetan tulaténna. Kokolot asor. Daék dikuah-kieuh, najan paromanna nyumiratkeun digjaya. Labet patelak témbong ngagurat. Reg. Ngalieuk.

“Aya ku caleuy, éta waruga sembada!” Neuteup seukeut, nganaha-naha.

“Pagéto… Nyi Imas diboyong ku Tuan Ondernéming, Bah….” Rumahuh, nyumputkeun kaérana. Sajongjongan simpé.

“Tuuuh!” Widarja. Nuduhkeun puncer nu tingarulang. Jaralang. Sajorélat, mubus kana hieumna kakayon tonggoheun wahangan. “Linghas, nya? Kawas jenat bapa hidep baheula. Hanjakal, dibongohan anjing Walanda....” Gebeg. Tingsariak. “Hudang, Jalu! Pangutamana mah jinisna. Suka ka saha? Jung, bawa ngulon rerencepan. Sing lantip. Kami pasti buméla!”

WAITING FOR GODOT

Kénging Wida Waridah
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 20:33:44

Jam sabelas. Hujan ngeprul. Irah ngajentul di pakarangan. Dikukutang. Nguyung. “Ti subuh mula kalah tunggu buruan.” cek Ma Rasih liwat mulang ti warung. Irah rambisak. Nyawang langit. “Lalaki kitu patut mah hakaneun jurig.” Cek Ceu Pejoh rurusuhan mangku incuna. Irah nyegruk. Malik. Nyuuh kana tihang. Girimis ngerepan. Ti subuh mula ngeprul jeung girimis. Dengék. Sora orok ceurik. Ngéar. “Meunggeus Irah, montong nyiksa budak. Nu euweuh montong diarep-arep.” Nini Lasmi méh ngajerit ti buruan imahna. Irah ngagukguk. Muntangan kawat pamoéan. Tanggah. Teuteupna ijid. Méh cumiduh. Diteleg deui bari burial buncelik. Leumpang semu paur muru dapur. Seuseuhan numpuk dina jolang jeung ember. Di tengah imah but-bet tali rapia dirantuyan popok, pernél, jeung samping. Baraseuh. Sup ka kamar. Lampu lima watt. Dina kasur, orok umur saminggu, kulitna semu konéng. Irah muka kutang. Ngarawu orok nu dibuleun sepre. Susu diteueul-teueul kana biwir orok, dareuda, “Ieu panonpoé urang mah, anaking, nu di langit mah werejit.”

SISI TALAGA

Kénging Ai Wawang
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 19:28:15

Ciibun tinggarantung tungtung daun. Tingkuliat mapag sumirat.
"Énjing...!"
Ésé Nangka ngicis jangjang. Réang patémbalan, mapag harepan anyar.
"Énjing, Masbrow!"
Sakadang Monyét nagog luhur Ki Batu. Nu ditanya haré-haré. Angkuh, pengkuh.
"Aing, pangkuatna di dieu. Taya nu bisa nandingan aing. Hahaha!"

Torojol, Ki Beusi meupeuh awakna. Teu walakaya, ancur lebur jadi keusik.
"Ceuk saha Sia pangkuatna. Aing deuleu!"
Ki Beusi ngagakgak.
"Awww, panaaas. Ampuuun!"
Teu daya, Ki Beusi miley. Dihakan Ki Seuneu. Ngabebela, ngahuru pinuh amarah. Jumawa.
"Aing. Nu pangkuatna, goblog. Taya nu bisa salamet ti aing!"

Byuuur, Ki Banyu nyéblok Ki Seuneu. Pareum. Ngiles. Taya tapakna.

"Aing pangkuatna. Seuneu sakitu panasna, éléh ku aing...."
Gorowokna, umaing. Sabudeureun jempling. Ki Bayu, humiliwir. Ngoyagkeun cai lalambakan.
"Aing, pangkuatna. Sia, oyag ku Aing!"

Sabudeureun, jempling.

Sakadang Monyét ngahuleng.
"Laju, saha nu Nyiptakeun Ki Bayu? Pasti inyana pangkuatna."
"Nu nyiptakeun Ki Banyu, nyata nu nyiptakeun urang!"
Sakadang Kuya, norojol. Ranggém, mawa Ki Buah.

JODO

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 18:10:10

Peuting jempling ngahariring,
nu geulis dilancing léjing,
ngiceupan rék ngajak tanding,
tepak tilu bari ngibing.
Goyangna gitek Pantura,
gual géol geus kacipta,
bitis luis meni atra,
diusap bet nyolok mata.
"Badé diréncangan?" Sorana halimpu, dédéngéeun. Teuteupna seukeut, nyaliksik rasa. "Némbéan kadieu nya?" Gék, diuk hareupeun. Suku korsi kawas ngadégdég.
Pikiran ngalayang. Ngalangkang papagah Ajengan. "Nu bageur, meunang nu bener. Nu rucah, meunang nu owah!" Plong.

NGAGEBÉS

Kénging ADE SATIA
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 17:58:27

Asa carapé balik gawé téh awak rarasaan pasiksak, lalungsé taya tangan pangawasa. Diuk ngajéngjéhé dibaturan anak pamajikan ngariung. Asa kaubaran ku galécok anak nyaritakeun pangalaman ulina jeung kahayangna, ku imut pamajikan anu ngirut pameungkeut haté. Sok sanajan hirup basajan teu weléh muji syukur. Lieuk kana laptop anu ngajugrug dina méja gawé, kalan-kalan dipaké kutrat-kotrét nyieunan fikmin sakadar ngabudalkeun bangbaluh. Aya nu nyesedek ting gurinjal hayang paheula-heula disambat dihiap, teu ngarasakeun kana kacapé batur. “Urang heula ah, ieu geus carangkeul!” dihareup aya nu nyelengkeung. “Ké heula atuh sing sabar, uing gé geus lila nungguan!” tihareupeuna aya nu némbalan. Raéng tiditu-tidieu, matak harénghéng teu puguh déngékeunana. “Meunggeus ngajaredog, gandeng, hiji gé moal aya nu diapungkeun poé ayeuna mah!” cekéng bari ngagolédag dina lahunan pamajikan. Asa tingtrim.

AWEU!, AWEU!

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 17:54:09

Ti Saprak Si Sujang mineng lalajo tipi, tingkah lakuna robah, acara tipi asup kana sirah, mulek dina otak, antukna nga-makom didinya, malah sumarambah kana kalakuan sapopoe. Ma'lum lalajona ukur hiji acara tipi. Ting kunaon bet hiji acara nu dilalajoanna.
Pangpangna mah mun nyanyi, sok make kecap "Aweu!, Aweu" sagala. Enya eta, ukur hiji acara lalajona.
"Kang hajiiii, sorban Aweu!, Aweu!", Palidna ka Aweu!, Aweu!", kitu cenah. Atuh lagu téh jadi ruksak.
"Lumpuhkanlah ingatanku Aweu!, Aweu!, Hapuskan tentang Aweu!, Aweu!" Tuh nya, beuki ruksak lagu téh.
"Mapay jalan Satapak, Aweu!, Aweu!, Ngajugjug ka hiji Aweuuuuu!!".
Ah nyaan acara tipi geus ngaruksak otak si Sujang. Cag!
Aweu....!, Aweu!

DAMAR

Kénging Rifa umun nisa
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 17:47:52

Timimiti meletékna panon poe. Leumpang sakaparan-paran. Teuing kudu kamana ngaléngkah. Balueng. Poek. Suku asa gejed. Wanci geus lingsir ngulon, ka kalér lain, ka kulon suwung, ka wetan gorowong sugan aya di kidul sumawon na. Tapi angger kudu leumpang najan haté ringrang. Neang batur jeung bekel pibalikeun. Langit beuki ceudeum siga ngaléléwé haté nu aleum. Kurah-koreh sasieureun sabeuyeureun. Uyap-ayap neangan damar sangkan hirup teu poek mongkleng.

Kénging Rifa umun nisa
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 17:46:31

Timimiti meletékna panon poe. Leumpang sakaparan-paran. Teuing kudu kamana ngaléngkah. Balueng. Poek. Suku asa gejed. Wanci geus lingsir ngulon, ka kalér lain, ka kulon suwung, ka wetan gorowong sugan aya di kidul sumawon na. Tapi angger kudu leumpang najan haté ringrang. Neang batur jeung bekel pibalikeun. Langit beuki ceudeum siga ngaléléwé haté nu aleum. Kurah-koreh sasieureun sabeuyeureun. Uyap-ayap neangan damar sangkan hirup teu poek mongkleng.

HANDAPEUN SORONDOY IMAH

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 17:29:07

Handapeun sorondoy imah. Kuring sakulawarga katalangsara. Hujan ngagebrét ti beurang mula. Kamari. Henteu kabaseuhan mah. Ngan awak mucicid katirisan. Angin ngagelebug, suar-séor marengan hujan. Matak watir ka si ujang jeung lanceukna. Beurang cengkrang kapanasan. Peuting marurungkut katirisan. Bapana teu bisa kukumaha. Sarua teu walakaya.

Getén tulatén. Saréngkak saparipolah pikayungyuneun. Dunungan awéwé. Isuk-isuk, sanggeus dikeueuman tuluy digusrek, kuring sakulawarga diperenahkeun dina palang-palang alumunium. Pabeubeurang dijaitan. Laju diistrika. Tuluy ngahénén di jero lomari. Haneut.`
Dua poé dua peuting ngantep karep. Teu maliré. Dunungan awéwé. Na, geus teu butuheun kitu?

Ti harita. Basa sanggeus ceurik midangdam. Nanangkeup anakna nu lalaki. Ti harita. Basa salakina ngadius kana mobil. Basa anakna nu cikal dibawa paksa ku bapana. Enya, ti harita. Basa manéhna jejeritan, “Tetéh…! Tong ngiring ka ayah. Ayah mah rék kawin deui jeung randa!”

HUTANG URANG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 17:16:10

Cahya bulan reyem-reyem ka aling awun. Di pilemburan. Peuting laju ka simpé. Aya waruga awéwé ngahariring wirid di sapertilu peuting. Raramona ngucel tasbé mapay dunga mirig juuh cipanon. Ngimpleng salaki taya dikieuna geus pindah ka alam kalanggengan. “Akang sing tingtrim.” Gerentesna. Kumalayang kalangkang anak incu dina lelembutan. Gantung déngé kénéh incu-incuna ting berebet lumpat ti buruan ka patengahan.” Hong” cenah. Aya imut ras kadinya.
Lelembutan ngulayaban ka jauhna nujul ka langit ping pitu. Aya hutang ka kolotna “ Ema, bapa, hampura abdi teu tiasa mulang tarima.”

KI SOMA JEUNG CIKA-CIKA

Kénging Luthfi Izzatul Khairi
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 17:14:46

Sora adan ngalanglaung. Marengan wanci sareupna. Ki Soma. Ngahuhuleng di golodog imahna. "Solat waé gé euweuh bédana. Hirup téh teu robah-robah," gerentesna. Nyah tanggah. Hibar layung mimiti undur.
Wanci beuki reup-reupan. Haténa tambah guligah. Ngararasakeun hirup, nu can kungsi timu jeung merenah. Regot cikopi nu ngebul kénéh. Anyar ninyuh pamajikanana. Sabot anteng ngumbar lamunan. Ngong adan isya. Ngalanglaung deui. Nurih langit nu sumedeng lénglang. "Asa béda adan téh, nya, Nyai?" Ngaragap dadana. Simpé. Taya pangwaro. Luak-lieuk. "Ka mana ari Si Nyai?" gumerendeng. Laju ditéang ka dapur. Suwung.
Wanci maju ka peuting. Ki Soma ngajejentul di tepas imahna. Nungguan nu tacan mulang. Teu lila. Barudak saabrulan ngaliwat. "Jang, nénjo Si Nini?" Ki Soma tumanya. Nu ditanya tinggarideug. "Henteu, Ki. Abdi mah wangsul ti masigit, jabi badé ngala itu!" Nu panghareupna némbalan bari tutunjuk. Bréh. Mangréwu cika-cika. Tingcarélak. Laju nu saabrulan. Tingbelesur. Ngudag cahayana. Lalaunan.
Ngajauhan. Muru ka jabaning langit.

BAHA MAWA TANDASA

Kénging Kang Has
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 17:08:56

Sugan tea rek lana ngecap kabagja. Hanas teu nolih adi, teu mirosea baraya, tetejeh silih sered pada-pada hayang tineja. Nu burung mah malah ngarogahala tatanggana pedah meh tinekanan kabintih mamarasna.
Mata poe moreret, kokolenyayan caharana nembrak dina cai tempat kuring dihurun kabingung. Hayang incah tapi teu walakaya. "Ehm Ema, Bapa, hampura ujang geus baha. Teu eling kana pepeling nu meh kadenge beurang jeung peuting." kuring maju ka tapel wates nu misahkeun waruga kuring jeung marcapada lega. "Ulah haripeut ku teuteureuyeun, ceuk Ema Bapa ge. Ayeuna karasa akibatna."
Kuring kekerepekan basa Mang Udi ngangkat awak rek dipedelan, keur dengeun sangu anakna nu titatadi hayang dahar jeung kancra meunang nguseup bapana.

SANG ADIGANG

Kénging Maman Sopyan Part III
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 16:28:38

"Naon melong? Teu wawuh ka aing?" budak awéwé nu keur diuk di halteu murungkut. "Eu..., henteu," ngadadak pias. "Aing téh nu sok lalar-liwat dina tipi!" tipopolotot. Nu ditanya beuki sepa. Gura-giru ngudar léngkah. Laju nyingkah. Ngajauh bari juuh.

"Sia ogé teu apal deuih ka aing? Anu sok midang di saban warta!" padagang goréngan kacéprétan goréngna. "Wanoh, Dén. Mamang mah tara kaliwat maca," buru-buru nyait géhu nu ampir tutung. "Hahaha...! Aluuus...!" jebrod. Gorobag Si Mamang ditajong satekerna. Léos deui.

Mapay jalma sapanjang jalan. Ditanyaan. Nu teu ngawalon dihaok. Nu ngaheueuhkeun diteunggeul. "Naon sia melong, langiiit...! Teu wawuh ka aing?" dangah. Curukna nunjuk srangéngé nu mentrang tengah poé. "Urut Bos kaca, nu cadu ngaca." jalma-jalma nu rada anggang tingkecewis.

Lar ka hareupeun kuring. Rumandeg. Neuteup seukeut. Nelek-nelek. Laun-laun tungkul. Kudupruk nyuuh. Ngagaléntoran indung suku nu keur kékéongeun. "Hampura, Juragaaan...! Ulah maéhan kula dina énding ieu fikmin. Ampuuun!" lambaran karumasa amalayah di sabudeureunana.

TIMBURU

Kénging Kang Ismaya
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 16:23:40

Tayoh kapatutna. Lalakilah. Gedebul. Gudangna gombal. Keuna-keuna ngagiwing nu rancunit. Meni gojih. Gumasép, hayang katangar ku babaturan. Ngenal-ngenalkeun pamajikanna. Cua! Meni hayang ngarowég ka si ontohod téh. Komo ka si jéténa mah. Na meni kabina-bina teuing mapanas téh. Meni teu daék ngobét ieu haté, nu nyidem trésna welasan taun. Meni teu ngarti. Ka nu angkaribung, mawa kakangen ti nagri deungeun.

Dasar ontohod! Téga téh meni teu jeung adeuh. Apilain ka haté nu teu palér. Anu merekedeweng, ngeukeuweuk kahayang...
"Mahiwal nu kitu téh, Entis. Teu lumrah di urang mah!" ceuk Junéngsih, sobat dalit nu ngayakeun reuni. Jeung nu ngarti ka rasa nu karandapan ku uing.

Nyelek. Hayang ceurik. Gura-giru ka toilét. Rambisak. Hareupeun eunteung. Bréh. Geulis, mirip Anggun C Sasmi. Pantes, kabéh kalinglap. Da nutup beungeut uing nu manis cenah. Baréto. Ceuk Si Ontohod.

GÉNG MOTOR

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 15:42:17

:“Pokona kudu asup géng motor. Méh kabangbrangkeun. Lamun henteu, Saumur hirup pasti hanjakal. Ema kudu ngijinan, uing asup géng motor!”
:”Ujang, peupeujeuh ulah rék aral subaha kitu. Déngékeun Ema. Kebon hui nu karék melakan minggu kamari, cenah digaley munding.”
:”Teu nyambung atuh, Ma. Tina géng motor kana kebon hui mah…”
:”Nyéta satéh. Daripada asup géng motor, mending nguruskeun pepelakan di kebon. Barina gé hayang naon atuh satéh, bet hayang asup géng motor sagala?”
:”Uing pokona embung jadi suung. Nu ngan bisa hirup di gunung. Hirup moal aya nérékélna.”
:”Kalah kumaha waé gé, da manéh mah moal bisa….”
:”Ema mah siga nu atoh, uing sakieu nalangsa téh. Peurih, Ma….”
:”Enya na hayang naon atuh, satéh?”
:” Hayang meunang pulsa fikminan, mun disebutkeun mah, Ma!”
:”Ngimpi satéh. Asup géng motor ti hongkong. Naék motor teu bisa. Kagableg euweuh. Éta deuih, kumaha bisa meunang fikmin, da pulsana gé can ngajaran meuli, satéh ah….”

NU NGAJANTENG LEBAH GERBANG STADION

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 15:36:17

Maneuh ngetém téh, di peuntaseun stadion. Pameget sepuh. Méh parat tilu minggu, aya waé ngajanteng di gerbang stadion. Salirana beresih, ngan regung. Cetuk huis, rada panjang cerewing, mindeng dibeungkeut, dikucir siga buntut kasir. Réma-réma leungeuna nu pararéot téh, nyepeng buku jeung pulpén. Ngepluk udud. Panempona ngulincér. Niténan nu lalarliwat. Ki Sepuh, bangun nu haripeut, mun pareng nempo aya jajaka ngulampreng. Pang-pangna ka jajaka nu boga pangawakan sembada. Gesat-gesud disusud. Trét, dituliskeun. Duka teuing nyutat nanahaon. Duka teuing keur néangan nanahaon. Kitu jeung kitu wé.
Ngoréjat, basa Ki Sepuh nyampeurkeun. Gentak ditawaran, “Peryogi béca, Pa?” “Moal! Ukur rék nalék. Saha ngaran?” “Enjang, Pa!” “Umur?” “Salawé taun, Pa!” “Ari jangkung jeung beurat?” “175, beurat saimbang, Pa!” Ki Sepuh, unggut-unggutan. Muka buku catetanana, “Cik, singkilkeun éta tungtung calana téh!” Ki Sepuh, ulak-ilik kana buah bitis. Ragamang dirarampa. Dirameus. Curinghak, “Cocog, euy! Isukan, manéh ngiluan seléksi! Pérsib keur ngabutuhkeun pisan striker anyar.”***

NU DIPOPOHOKEUN

Kénging Jaladara Nitis
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 15:28:05

Bélaan basajan hirup saperluna. Lain teu kabedag dahar ngeunah, paké hadé. Ngan ngahaja perecit, rik-rik gemi bakat ku nyaah ka nu jadi anak. Kapaksa nyengker kahayang inggis cita-cita anak teu ngabuah laksana.

Tina laladangan ngolah lahan, meureut uteuk sangkan bisa ngeureut neundeun, nunda sésa jangeun biaya sakolana. Kahayang mah cing nepika jucung nyakolakeun téh sangkan jadi jalma pinter tur jeneng, ngarah mangké bisa mawa wibawa jeung komara nu jadi kolotna.

Budak duanana geus jareneng di dayeuh, bubuhan sakolana rada laluhur.
Kuduna mah waktuna ngasaan rijki anak, ngan takdir nu nyarita lain.

Si cikal jeung Si bungsu geus jarang mulang ka sarakan, malahan lahan nu diwariskeun gé taya nu nyésa, dijualan.

"Palih mana nya Kang?"
"Nya éta kuring gé poho deui ieu téh."
Di pangjaratan nu gajejemblung bala lila teu dipiara.
Duanana bingung jiga nu linglung.

PATATONG KONÉNG

Kénging Zaky Alif
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 15:24:38

Geleber. Clé, dina régang garing. Jangjang nyingkup bangun anu leuseuh. Panasna panon poé anu geus rék méngkol ka kulon, jadi cicirén yén geus waktuna kudu ngampih.
Geleber, hiber. Milu motah ngalér ngilur jeung pada baturna. Suka bungah ngoconan barudak anu keur pakupis ngepukan manéhna.
"Geus meunang teu, euy?"
"Uing mah kakara meunang hiji!"
"Tah, dina régang, euy, aya dua!"
Sora barudak ting jorowok bari silih élég, leungeuna pakupis nyekel suluh leutik ngepukan Papatong anu keur haliber.
Dur, kadéngé sora Bedug ti masigit geus disada. Ngong, sora adzan Maghrib ogé geus ngahaleuang. Kabéh baralik ninggalkeun Papatong anu hiji dua nungtutan milu ngampih.
"Emh, Asép, Maman, Diding ogé Wawan..., aringet kénéh henteu ka kuring, balad aranjeun keur leutik purah ngala Papatong konéng?" teu karasa cai mata ngembeng mukaan album poto keur leutik.

PROK..PRAAK!!

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 15:17:06

Prok! Paamprok ténjo. Diajak seuri manéhna males. Tuluy ngarenyu, gumasép.
“Kamari Kang Haji tilar dunya euy!” Manéhna melong, paromanna ngadadak alum.
“Apal, apan ngilu nyolatkeun, ngilu ngurebkeun sagala.”
“Geus opatan. Batur urang taun ieu nu balik. Antrian beuki deukeut, boa isukan giliran anjeun euy!”.
“Nya, ari geus waktuna mah rék kumaha deui. Sanajan nyumput dina liang cocopét ogé pasti kapanggih.” Cékéng seunggah.
“Nu di parapatan rék ditinggalkeun? Mangkaning anyar kénéh! Moal molotot panasaran kitu? Pan réa kénéh kahayang nu can laksana téh, lin? Tapi mending ayeuna-ayeuna kétang, sab didinya mah beuki kolot téh beuki teu eucreug! Ngaku iman kuat, imin diabur. STMJ! Solat terus maksiat jalan, resep ngalajur napsu.” Manéhna melong seukeut pinuh ceuceub.
“Naha? Ceuk batur mah aing téh ahli ibadah! Wajar wé mengkol sakali-kali mah.”
Manéhna kalah jebi, nyéréngéh ngécé. Leng, peteng, ambek nyedek. Jebrod! Nu di hareupeun ditonjok. Prak..! Kaca eunteung paburantak.

NGIMPI

Kénging Dana Sudiawiguna
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 15:13:35

Hudang saré, Dasép teu waka ka cai. Manéhna kalah ngajentul bari baketut. Baeud. Jol bi Sarwi, indungna réngsé kuprak keprek di pawon."Ari manéh kunaon, Dasép ? Hudang saré ngadon ngajubleg. Anggursi geura ka cai, kadituh !" Nu ditanya ngadon diuk bari nangkeup tuur."Uing keuheul ka Ema. Ka Bali teu ngajak-ngajak !" Bi Sarwi ngahuleng, lalaunan nyampeurkeun."Ceuk saha Ema rék indit ka Bali. Ujang, Kasép. Raja. Beut bapa manéh néangan jang dahar sapopoé ogé, sakieu seuseut seuatna." Dasép ngoléséd dina diukna."Dina impian uing, tadi peuting". "Hih.. Aing mah, dasar budak !" Bi Sarwi garo-garo teu ateul.

KAMANA NYUNGSI HAREPAN, NUBAHELA KUNGSI NÉMBONGAN?

Kénging Rudi Sukandi
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 14:58:51

Rét deui-rét deui albeum poto ditilik-tilik, dibuka dibulak balik. Albeum poto panineungan basa kuring masih paduduaan. Teu karasa panon cireumbay masehan pipi. Pikiran kumalayang nyawang ka mangsa tukang. Imut Eulis némbongan deui. Imut eulis, imut anu moal aya gantina pikeun kuring. Imut Eulis, imut anu pinuh pangharepan. Imut Eulis, imut anu pinuh kabagjaan. Hésé rék ilang anteng dina lamunan.

Langit peuting karasana beuki kulawu. Caang bulan kahempikan méga lir nu nyangsaya teu bisa walakaya. Meureun sarua keur nandangan tunggara. Keur ceurik balilihan ngarasakeun kasedih jeung kapeurih kawas kuring waktu ayeuna. Kasedih jeung kapeurih anu susah néang ubarna.
Eulis jalir kana janjina. Eulis ingkar kana ucapna. Réwuan kanyaah saukur leuweung gerot nu teu kungsi disaba, “Eulis, salira naha tega….?”.

Dina sela hiliwirna angin peuting nu kulawu. Kuring teu eureun balilihan, dibaturan albeum foto panineungan. Haté teu weléh tumanya “ Kamana nyungsi harepan, nu bahela kungsi némbongan….?”

DI GEJAYAN

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 14:41:13

“.... The windshield is covered with rain, I’m crying. Pressing my foot on the gas, I’m flying. ....” Ngahérang deui. Sanajan lagu nu bulak-balik diputer téh lagu 99 Miles From L. A, tapi renghikna Julio Iglesias teu sing mawa ngapung ngalayang ka Los Angeles. Pikiran mah tetep mapayan Malioboro, Abu Bakar Ali, nepika Gejayan. Di Gejayan, tilu taun ka tukang. Di warung léséhan Pak Lik Poniman. Saminggu sakali. Nyanghareupan dua gelas wedang rondé jeung dua pisin pisang kéju bakar atanapi pisang soklat bakar. Sorangan, di antara geueumanana gamelan jawa. Ngagugulung kaduhung. Nungguan. Karék cengkat lamun wedang rondé jeung pisang bakarna geus tiis caméwék. Weuteuh. “I want you, I need you, please be there,” ngawakilan ceurik na haté.

DINA BANGKU ÉTA

Kénging Endah Hendayanti Hartono
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 13:44:41

Dina bangku éta, manéhna sok anteng nyorangan. Nyerangkeun rupa-rupa polah babaturan pangeusi asrama. Bari ngarep-ngarep, susuganan sédan pulas bulao eureun deukeut panto asup. Geus ampir dua taun kituna téh.

"Di tempat ieu mah samentawis waé. Engkin upami abdi tos henteu sibuk pasti mapagkeun." Tonggong leungeunna dicium bari sasalaman, laju pipi kénca katuhu. Langgéor nu geulis ngaléos bari gugupay. Manéhna ngajajapkeun ku teuteup lewang.

Pleng les. Méh dua taun taya ngalongok, sumawonna mapagkeun. Sono kabina-bina. Dipiceun téa ieu mah sigana. Gerentesna. Rus ras sagala némbongan. Ungkara jeung paribasa taya nu bisa dipaké ngébréhkeun naon rupa anu karandapan. Ukur bisa dirarasakeun.

Reg, sédan pulas bulao nu dianti eureun. Awéwé ngora dangdanan sosialita turun bari rawah riwih. Muru suster nu ngajanteng mapagkeun. "Tos dua dinten ibu calik waé di dinya. Teu kersa nanaon dugi ka hanteuna." Leungeunna nuduhkeun bangku handapeun plang ngaran panti jompo.

TEH MANIS

Kénging Seruni Gamayanti
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 13:42:43

Pasosore ujan turun ngaririncik. Kang Adam karek balik ti kebon bari rancucut geus kahujanan. "Nyai.. Nyai..!" gero kang Adam. Tina imah bilik bijil nyi Ijah pamajikanana. "Euleuh meni jalibrug kitu akang teh,lainna dagoan raat heula" ceuk nyi Ijah bari ngasongkeun anduk. "Ah da teu kuat tiris hayang geura-geura nepi ka imah" ceuk kang Adam teh bari leos ka jero imah rek salin nu dituturkeun ku pamajikanana. "Cik,Nyi pang jieunkeun teh manis nu haneut". Nyi Ijah geuwat ka dapur. Teu kungsi lila manehna ngasongkeun ci enteh ka salakina bari pok "Ieu ci enteh na,Kang ngan teu digulaan. Gulana seep". Bari ditampanan kang Adam nitah pamajikanana diuk hareupeunana. "Dieu diuk nyanghareup ka akang,Nyi!". Manehna tuluy nyuruput ci enteh haneut bari neuteup pamajikanana nu keur tungkul sieun dicarekkan. Pokna teh "Tah ieu ngaranna teh manis haneut teh,Nyi. Teh pait haneut oge jadi karasa amis da bari neuteup bojo akang nu manis". Nyi Ijah tuluy seuri bari nepak salakina "si akang mah".

KAWASA NU NULIS

Kénging Karlan supriadi
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 12:42:53

"Hector..! Hector..!" Ngacungkeun pedang nangtang. Nu ditangtang ngadaregdeg teu puguh rampa. Rét ka bapana sarua, adina komo. teu dilawan wirang dilawan médok.
Galécok.
"Mun Sia! Aya kawani! Tarung!" Sorana nyepéhkeun sabénténg. Haténa beuki kuméot. Menta tulung kasaha.
"Kang! rék dilawan moal?" Pamajikana ngais budak. Nginghak.
"Teuing! Dilawan Nyai randa! Teu dilawan akang duda!" Tagiwur.
"Duda?" Curinghak, ceurikna eureun.
Teu di jawab kalah léos ka torowongan rahasia kabur.
Peuting. Cahaya pésta nyumirat jero bénténg. Si Nyai reugreug boga gantina.
Aya nu protés "Lain! lain kitu caritana!" Sang Putri Dyiah Pitaloka. Shinta némbongkeun Stempél béla patina.

AGULNA BUDAK

Kénging Udin Bajing
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 12:31:32

Dimutasikeun ka Bandung, Menunang imah dines di hiji komplék nu teu pati badag, kabeneran wargana saroméah tur ngaraku, matak betah cicing. Pangeusina rabul ti unggal daerah, urang Aceh nepi ka urang Ambon aya. Nya kitu oge budak, betaheun boga balad anyar.
Barudak arulin di buruan, réang patarik-tarik ngagulkeun karuhun masing-masing,
“Aku mah orang Garut ceuk si Ukon reueus”, “kamu dari mana Dir?” Nanya ka budak, “Saya dari Jakarta” kamu orang mana Franco? Si Ukon nanya ka si Franco nu bapana urang Batak supir angkot, tarik bari ngalogat Batak si Franco agul, “aku mah orang Kristen”.

TANEUH SYAM

Kénging partika sari
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 12:28:02

Panon kuring teu lésot mencrong ka Budak leutik nu anténg maen bal.Mung dua dampal sukuna nu bisa di pake lumpat,sanggeus leuwih ti dalapan bulan leungeun eta budak di amputasi ku kuring,kena ku 'ranjau darat'
Panon nu coklat,katingali gede tur cureuleuk.Manehna nyampeurkeun kuring nu ti tadi nempokeun pamohalanna.

"Dokter bade kamana..?" ceuk Sauqy,budak nu euwueh leungeunan téh,bari nempokeun dandanan kuring nu rada sagét.
"Bade mulang ka enonesia.." tembal kuring,bari ménérkeun jeket nu aya gambar dina dada katuhu 'Bulan Sabit Merah'.sauqy ngadeukeutan nitah kuring diuk ngalémpéngkeun rarayna sareng raray kuring,amprok jonghok,kuring saukur neureuy ciduh.lila manehna neuteup.....

"Dokter abi ngiring ka enonesia,candak atuh abi... ema bapa tos syahid,bumi ge tos ancur.. abi bade sareng saha?da abi ge hoyong sakola.. mung .." eureun babasa manehna nempokeun leungeuna nu teu walakaya.

Juru mata geus carimasbas,kuring muru awak manehna,hing dina pundukna.Nyeuri hate alabatan di sisit hinis,di kucuran cuka,ngabarabay gétih tina dada.Jauh ...jauh pisan jeung nu di imah,nu keur suka bungah balik sakola,dadaharan nu ngareunah,teu gandéng ku sora bedil jeung bom.. Duh Gustii....

Di payungan ku kanyaah Gusti Nu Maha Agung,kuring ngaharewos ..
"InsyaAllah,tomorrow will be free.."

DI BASISIR CIDRA

Kénging Tety Solehawati
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 12:14:48

Diuk na kikisik, Asih ngotrétkeun catetanana. Lambak tingjelegur, teu nolih.
Lugina manggih hiji tempat, nu bisa nganteur ngabudalkeun eusi haté.
Rék cacarita ka ombak, ka angin nu nyalisir di basisir. Bongan, nu biasana jadi panglumpatanana kiwari geus teu aya.
Lalaki nu ngayun ambing, sarta mependé haténa, kiwari keur balabuh di basisir cidra. Asih hayang nyaritakeun Trésna, sobat nu kungsi jadi maruna.
“Kang, waktu Trésna kabawa palid, sakur régang nu karawél dijadikeun pamuntangan.
Harita, Trésna butuh anjeun. Asih rido, Kang! Demi Trésna hanjat tina walungan cimata.
Tapi, harita Akang di mana?
Kiwari haténa geus baal, Kang. Sabab Akang geus maksa manéhna cangcaya.
Trésna geus teu maliré Akang dimana, sabab salira geus nyieun codéka dina dadana.”
”Kang, na teu terang Trésna tos teu aya dikieuna?”

Asih eureun ngotrétna, waktu cai laut karasa nyéblok sukuna.
Angin basisir nu ngagelebug, kiwari netegkeun haténa. Ombak geus robah jadi sobatna.
“Hampura, Tres!” Haréwosna.

ERA

Kénging Seruni Gamayanti
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 12:14:22

Basa poe kemis harita kuring panggih jeung awewe geulis. Pondok carita kuring teh bobogohan jeung manehna. Sabtu kamari caritana kuring apel yeuh ka imahna. Munggaran apel mah galaleumpeur kieu rasana. Diuk dina korsi hipu oge asa ngadiukan batu,teu puguh rasa. Torojol tah nu geulis teh, ngobrol-ngobrol-ngobrol, manehna nawaran kuring nginum. "Ah naon we,neng nu penting mah tong racun we" tembal kuring teh jaga imej. Tuluy kajero we manehna bari gegeroan ka pembantuna. Teu kungsi lila aya lalaki asup ka ruang tamu. Teu make basa-basi,kuring langsung we menta cai nginum sirop make es, jeung sangu goreng diendogan. Pas si lalaki eta rek ngomong,kabogoh asup ka ruang tamu bari seuri. Bari muntangan ka lalaki eta,kabogoh teh nanya "aa tos kenalan yeuh sareng pun bapa?". Atuh beungeut kuring teh tuluy asak.

TISSUE

Kénging Ade Saeful Azis
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 12:02:59

Ka mana waé kuring indit, tissue mah tara tinggaleun. Ka sakola. Ka kampus. Ka mana waé, komo ka pasar mah. Asana téh mending kénéh tinggaleun duit batan si putih.

Nyorang waktu kalarung. Mangsa dirapalan. Méh cimata ragrag kana baju pangantén, untung katahan ku si putih. Séjén waktu. Hasih. Hasih. Salaki katarajang flu. Lého ngambay jeung rambay na kumisna. Ku saha deui dipérenana ari lain ku si putih mah. Méhméhan kawiwirangan. Mani hayang nganuhunkeun.

Simpéna peuting. Reup, saré. Laju kadatangan hiji tangkal dibungkus boéh. Badis pocong. Dua panonna bolotot bari cigeutahna tuluy-tuluyan ngalambéréh. Pokna, “Gugah, Néng! Nepangkeun, abdi téh Sri Pulpi téa, ti leuweung Cékér Kidang. Cikénéh kasumpingan tamu. Saurna nyandak wahyu. Kahiji, abdi téh minangka tangkal pamungkas. Kadua, ajal kuring nu titis-tinulis geus cunduk. Najan ceurik geutah gé, mo bisa ngarobah papastén-Na. Taya témpo deui. Nya étang-étang pileuleuyan, pamugi Salira kersa pangnyusutkeun ieu cigeutah. Salambar, wé!” Kuring gideug. Hudang.

LALANGSE' AHE'NG

Kénging Lia Rosliana
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 12:02:05

Pasosoré harita téh, jang Sarif keur meresihan peluru kendali di luhur hanggar, pas nangtung, ari srodoooot...kalayaaang...awak kang Sarif ragrag."Belesat aya cahaya bodas nyangkéh awak kang Sarif".Ari dilieuk, bréh aki-aki tengah tuwuh maké pakéan sing sarwa bodas, bagéa jang !, cenah ceuk si aki. Sajongjongan kang Sarif ngahuleng dimana abdi ?, pan abdi téh tadi labuh tina peluru kendali Ki ?, geus montong loba catur, pasti anjeun reuwas, tah sok geura inum cai,aya baturna gula batu jeung tang kueh cenah ceuk si Aki.

"Cakakak si Aki seuri kawas nu nyaho eusi haté jang Sarif", na manéh hariwang nempo nu sagala leutik jang ?,...tah éta cirining manusa hayang ngarawu dunya, cenah. Hayu ! ceuk si Aki, ngan sakedét nétra ujug-ujug aya dihareupeun panto, ti mimiti panto kahiji tepi ka genep, geuning beungeut kuring nu aya di jero panto, " Ki, naha geuning kuring waé nu di jero téh ?".
His... lain jang ! cenah bari muka panto nu ka tujuh, kasampak kosong euweuh eusian, tah, ieu keur imah manéh jaga. "Jung ayeuna mah geura balik !". kadé saenggeus ngaléngkah tujuh kali, montong ngalieuk ka tukang !, ceuk si Aki.
Léngkah diitung tepi nu ka tujuh, kulisik, jang Sarif hudang, nyampak geus dina peti mati bari ditutupan bandera beureum bodas. Astaghfirullohaladzim...

UNGGAL USUM

Kénging
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 11:46:57

Dayeuh pangwagunan kiwari kari lamunan. Kahayang teu kacumponan sanajan unggal waktuna dirojokan. Bati humandeuar jeung humandeuar ungggal saban. Matak sawan nu layungan. Jungkiringna gunung teu puguh wibawana. Mapakna pasawahan miris inggis ku bisi. Panjangna walungan teu iyeuh melang da puguh tamplokna ka kota.

Dina tunggul batu ki Jaéd nyérangkeun nu keur ngaréhab imahna. Nu teu weléh bocor mun pareng usumna hujan. ”Jang Uhun! Cik kenténgna rapihkeun! Ulah aya sela-sela” ceuk ki Jaéd bari pepeta. ”muhun ki… !” tembal jang Uhun nu ulak-ilik bisi aya sela nu matak asupna cai. ”aneh uing mah, naha bet bocor waé nya?” ki Jaéd nanya kanu gawé. ”kenténgna tidak beriman meureun!” ger! Kabéh nu gawé saleuseurian. ”géhél ah! disaruakeun jeung jelema waé” ceuk ki Jaéd bari seuri manéhna gé.

Wanci tungggang gunung pagawéan réngsé. Laju ki Jaéd babagi duit muruhan nu gawé. ”sugan moal bocor ki, ayeuna mah kenténgna gé hadé! Bermérék deuih!” ceuk jang Uhun bari nyengir.
Sup ki Jaéd ka imah, tunggah-tanggah rasa cangcaya nyamuni na jero dada. Laju ka peuting kaayaan di luar angkeub. Da puguh capé ki Jaéd ngageubra saré. Ka geuingkeun ku sora hayam kongkorongok ki Jaéd nyaring. Ninggali di tengah imah cai sawates mumuncangan.

INTEN KATULISTIWA

Kénging Tuti Halimah
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 11:23:00

Mun téa mah bener. Naha kudu nguyang? Teu kudu atuh! Pan sagala nyampak.
Bi Romlah, geus tilu poé néangan Si Borontok. Weléh teu panggih. Lebah pos ronda panggih jeung maru.
"Badé ka mana ceu?" Maru, miheulaan.
"Milari hayam!" Aya sésa ka ambek.
"Ka mana kitu?" Ngarumasakeun.
"Tos tilu dinten teu ngampih!" Sopan tapi teugeug.
"Muhun, engkin upami mendakan diwartosan" Amitan.
"Hatur nuhun " Maléngos.
Waktu keur nutu. Kadatangan jongos Juragan Karsa.
"Ceu, ieu lain?" Némbongkeun.
"Énya! Nu kami! Ti mana panggihna?" Ngilik-ngilik.
"Jero leuit!" Ngasongkeun geus jadi bangké

JAMPARING LEUPAS

Kénging Nova Nuralawiyah
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 10:41:23

Cimata cambeuleu. Rasa solèngkrah rongkah. Kuring mindel. Gegetun. Kuring ijid. Amarah ngageugeuh raga.

Batin pangandika teu ngariksa polah. Jebrèd jebrèd. Ngabintih manah ulated. Ngagetih kiled.
Jamparing lalawora geus ka pesut. Kakeyeng dulur saparahu.
Salaut hampura nyangsaya. Kurarasaan sasamudra. Kuring teu wani nyeumpal kawirang.
Mung ieu cacalètot bèo kurung.
"Hapunten, hapunten keur anjeun kalèsotan seuseukeut panah"

DIAJAR NGAJI

Kénging Atiqa Naim
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 10:06:23

Boro-boro nepi kana Bè, Alip gè teu anggeus-anggeus dikeureuyeuh.
Neruskeun lampah, rèk nèangan Bè, bari macaan sakur nu kaliwatan.

Hatè mimiti marudah, marojèngjang pugag lampah. Unggal poè maca, tapi teu bisa-bisa. Madhab papat geus kaambah, tapi euweuh pisan nyangsangna.

"Hirup mah lain ngan saukur maca nu kabaca, tapi kudu ngaji nu pernah dibaca," galindeng sora tanpa jirim.
Hatè ngorèjat, aya nu nyecep kana sela-sela lolongkrang rasa.

Sajatining maca, saripatina maca tèh ngaji.
Ngaji diri, ngaji rasa. Ngaji sagala lampah diri. Ngarasakeun naon nu karasa ku batur.

Masih maca Alip, ngaji naon nu aya dina Alip, nepi ka hatam. Kakara urang bisa neruskeun lampah kana Bè.

TUNGTUNG GUNUNG

Kénging EMI MARYAMI
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 09:51:01

Neuteup layung luhur gunung. Gugupay ka wangunan kota nu méh tilem dilegleg belegbegna halimun. Mun kuring ngilu tilem, sok halimun sumputkeun yeuh kuring nu keur rungsing. Nyéh. Nyeungseurikeun pikiran sorangan. Pikiran nu mindeng paséa jeung parasaan. Pikiran nu kapahung peuheurna kanyataan. Masung parasaan nu digiles kakiwarian.
Hiji. Dua. Tilu. Nu daratang teuing ti mana, rék marulang teuing ka mana narungtutan ngariuhan. Girimis turun ngepris mawa hawa mingkin tiis. Narangkeup harigu. Celong nuturkeun méga nu paudag-udag jeung bayu. Meletékkeun karaméan nu becis, mareuman kasimpé nu ngaruhak jeroeun dada séwang-séwangan. Nyarandé kana leungeun tangkal nu beueus balas nandéan langit nu nginghak nyeungceurikan nu dipiasih nu mingkin kasilih murka nu rongkah. Tangkal nu pahatu lalis ditinggalkeun barayana.
Dor. Ber. Geleber, nu ngariuhan mubus méga.
“Lah, ing mah! Sanggap, euy! Lumayan hiji gé!” gorowok congo bedil.
“Watir nya, eung?” mébérkeun jangjang kuring nu kari hiji.
“Piceunlah! Urang nyiar deui, buru!” kasarakahan maténi pratiwi, lalaunan.

PUNCAK

Kénging nida salamah
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 09:34:58

Pibekeleun metet. Gilig, poé ieu rék naék gunung jeung barudak nu tilu. Panon poé ngagentraan sangkan soson-soson.
Baju kaos, calana pé-dé-él jeung sapatu geus nerap na awak séwang-séwangan. Bring indit patungtun-tungtun.
Seret sajam, nu laleumpang sumanget. Manggih jalan lempeng nu di sisina kebon, bungbuahanna tingborélak katojo panon poé. Lir mobok manggih gorowong, nu ngebon nawaran. Buah jambu ngubaran hanaang.
Nu laleumpang nikreuh deui. Meulah leuweung nu garihal, dikuben ku tatangkalan jarangkung, poék, keueung. Si Bungsu ceurik, kasieunan. Gap diais, nu dua nyekelan tungtung kaos. Cuang-cieung. Teu bisa balik deui, najan gimir suku tuluy digugusur.
Tina sela-sela tangkal kai, kaciri cahya manceran. Ah, leuweung geus ampir lekasan. Bras aya jalan gedé. Nyagak. Nu hiji jalanna alus, nu hiji deui jalan nanjak, ka puncak gunung.
"Urang ka nu nanjak nya, ké tos di puncak mah endah."

MORO BAGONG

Kénging Syarif Zainal Abidin
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 09:13:03

Malem Juma’ah. Kardi ngaji Yasin jeung Dineu, pamajikanana. Karék gé satengahna, ti para kadéngé sora brag-brig-brug.
“Héi... Ulah ngaganggu, euy!” Kardi ngagorowok bari tatanggahan.
Sora nu abrug-abrugan mingkin tarik.
“Éh, ngadon ngahajakeun. Dipékprék siah!” Kardi nyokot paneunggeul.
Gubrag! Para di tengah imah bolong, tapi euweuh nu murag. Dina lanté ukur aya kekebul jeung tapak suku sato.

Dineu ngocéak. Sato nu tanpa jirim téh sesegrok. Susuruduk, nubrukan parabot. Kardi ngacung-ngacung paneunggeulna, bari teu eureun babacaan. Nu sesegrok teuing ka mana. Goloprak. Sora kaca peupeus ti kamar. Karék gé ngaléngkah, Kardi ujug-ujug ngajengkang. Disuruduk tayohna mah.
“Bukakeun pantona!” Kardi nitah Dineu nu keur ngeleper.
Nu sesegrok kadéngé lumpat ka luar.
“Géhél, siah!” ceuk Kardi bari nyekelan cangkéng.
“Ieu yeuh, pamawana téh!” Kardi nyokot poster ti luhureun lomari. Poster sasatoan pamawa Dineu, keur prakték ngajar isukan.
“Pan ceuk Ki Amin gé, di imah urang mah ulah aya gambar jelema atawa sasatoan!”

KANYAAH ANAK

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 09:11:29

Budalan sakola, rét ka langit, pihujaneun sabreg-bregeun. Yuyun inget ka indungna nu keur gering. Teu tata pasini, beretek lumpat.
Anjog ka imah haruhah-haréhoh. Bray mukakeun rérégan kamar, hareneg, indungna suwung. Léos ka luar nananyakeun ka tatanggana, taya nu apaleun. Sup deui ka imahna. Terus diuk nyarandé kana bupét butut. "Ma, ieu Nyai...! Ema di mana?" Séor..., angin ngagelebug. Gebeg! Yuyun ngagebeg, "ka kuburan Apa kitu?" pikir Yuyun. Pas cengkat, rét ka luar, katingali indungna mawa dangdaunan. "Ma, tos ti mana? Abdi melang!" ceuk Yuyun bari reumbay cimata. "Geus ngala daun dadap jangeun ubar. Nyai tos emam?" indungna malik nanya. "Kin wé neda mah. Dupi daun dadap badé dikumahakeun? Cuang pidamel ku abdi, Ema mah bobo wéh!" témbal Yuyun teu nolih kana beuteungna nu kukurubukan.

SURAT CINTA

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 08:15:16

Surat cinta nu pinuh ku rumasa numpuk dina dada. Janari tadi dikirimkeun deui hiji.
Robbaanaa yaa robbaanaa. Dolamna anfuusaanaa.
Salira kalintang mikacinta.

Pabeubeurang. Angin ngoyag tangkal. Surat cinta ti salingkuhan nu numpuk dina embun-embunan haliber, ngawang-ngawang. Ngaméga. Hideung. Nutup langit. Angkeub. Poék. Breg hujan gedé naker. Lain hujan cai. Tapi hujan keretas. Tingkalayang lalambaran. Tinggurilap kasorot cahya panon nu marelong moncorong. Pagésék jeung atmosfir. Ninggang bumi jadi amplop. Beuki lila hujan lain raat, kalah beuki ngagebrét. Caah rongkah. Rahayat gemprah. Kaséréd umpalan amplop. Dunya geunjleung. Unggal badan paciweuh ngitung karugian. Ukur badan statistik nu ngaluluconkeun. Kalah ngagambar kotak. Jangkung pendék diangkaan.

Robbanaa yaa robbanaa. Ret hujan raat. Duka isukan mah.

CAHAYA JEUNG KALANGKANG

Kénging Mulyana Surya Atmaja
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 08:02:38

Deregdeg ka ditu. Berengbeng ka dieu. Gujag-gijig. Nyungsi udagan kahirupan. Rupaning tarékah dipilampah. Pirang-pirang kamandang dilakonan. Béak déngkak, suda tanaga. Ngudupruk. Nyuuh lebah suku langit nu mimiti ngempur dibalur layung nu ngabulubur.

“Huh alaaah! Gararaplah aingaaah!” luh-lah samar polah.
“Kunaon?” Cahaya ngusapan taktakna, lalaunan. Leler sakeleteran. Diképéskeun.
“Teuing ah! Dasar nasib céntong kaléng aingah.” ceuk Kalangkang nambalang basa Cahaya ngalelemu.
“I...s teu kénging kitu! Apanan salira téh kalintang satiana.”
“Lah uingah pilakadar bisa tuturut munding. Nunutur ringkang bugang.”
“Leres pisan. Mung aya émbohna, salira mah tara wantun pangangguran nyarengan salian ka nu gaduh niat nyungsi cahyaNa.”
Kalangkang miley bareng jeung awakna nu ngaleketey. Rus-ras. Ragana ngararas. Baluas kagagas lampah nu katambias. Kukurayeun. Geuwat ngusap beungeut bari gumerentes, “palias!”

JACK THE RIPPER (2)

Kénging Yosep
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 07:37:57

Guyur. Ibur. Warta tagiwur ti tungtung lembur. Nyai-nyai direwég pati. Jol deui aya bugang ngababatang. Bugang rancunit. Tukang ngait lalaki belang peujit. Jul-jol..., jul-jol. Teu neuleu wayah. Isuk, beurang pon peuting. Patulayah. Poé ka bulan, numbu taun. Laku nirca tukang rucah, ngublag ngungkluk saban buku curuk, laun-laun ngahiang, marengan bugang-bugang nu mingkin arang.

Sugan keueung ku matak.
Matak rémpan ku sugan.

Aya hiji dua nu maksakeun. Ngan saukur warta papaés di juru koran, pasesedek jeung iklan. Aparat nu nyieun pitapak, leungiteun tapak. Leungiteun karaméan. Leungiteun udagan. Leungiteun cocoan. Réa nu kaleungitan. Taya warta deui, Nyai-Nyai nu ngabangké, gorowong ilang haté.

Di sisi wahangan Sipatahunan. Dua bugang patunjang-tunjang. Taya warta, ngan pédah sésa tina carita.

Kurator museum galeri seni, ngajenghok. Papelong-pelong jeung Batara Yamadipati. Lukisan klasik Sangkuriang, ngan nyésakeun Si Tumang....
Ngabaheum dua haté ti dua bangké.

KAL HO NAA HO

Kénging Yuliati Ima
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 06:39:59

Ngaranna Armand Dev Sayyed, urang India. Manéhna téh babaturan di pésbuk. Jelemana kasép. Shahrukh Khan mah léwat wéh. Uteukna cerdas, mun ngobrol nyambung waé. Sok ngobrolkeun soal warta dunya, sosial politik, film, jeung musik. Manéhna gé nyaritakeun peurihna jadi Muslim nu minoritas di nagarana. Ti jaman keur sakola kénéh nepi ka digawé teu weléh ngarasakeun diskriminasi. Ku kuring sok diupahan. Silih ingetan waktu salat, waktu dahar, jeung silih rojong. Lila-lila beuki deukeut.

Hiji waktu manéhna balaka, “Rani, kuring teu bisa ngabohong ka diri sorangan. Kuring teu bisa narima ngan saukur dianggap adi. Rani... Main tumhe pyar karta hoon!”
Kuring teu wasa nahan cimata. Klik, diblokir. Ngaran manéhna jadi hideung.

*Catetan:
Kal Ho Naa Ho: Poé isuk boa aya, boa euweuh
Main tumhe pyar karta hoon: Kuring bogoh ka anjeun

DRACULA SABA DÉSA

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 06:35:49

Bulan reyem-reyem. Ngintip tina sela-sela méga.
Kuring paduduaan luhur catang waru.
Angin peuting nyelecep. Tiris. Ngahiap-hiap ngajak pagégéyé.
Pinareup Darti turun-naék. Awor jeung rénghap duaan. Kabeuleum seuneu birahi.
Nambah raket. Mingkin geugeut.
Béntang mareungpeukan panon.
"Kang, ulah waka!" Darti ngépéskeun panyekel Kuring.
"Taya sasaha jungjunan," sora Kuring halon, haroshos. Panon ngagebur. Sorotna meruhkeun teuteup ceuleuyeu. Rasa, jeroeun dada Darti. Pungkas peuting harita.

Peuting kasilih ku beurang. Dahlan. Nu ragana peuting tadi diijeum Kuring. Ngagulanggapér layon 'na catang waru. Lebah beheungna aya tapak Dracula.

ETA NU TINA BALIHO

Kénging Tatin tansah prihatin
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 06:07:53

Harita keur És-Ém-Pé. Aya acara perpisahan kelas tilu. Dina acara mintonkeun kasenian. Kuring kapancén ngahitaran anu vocal grup. Manéhna jadi pingpinan acarana. Pura-pura acuh wéh, tapi panon teu bisa kasumputkeun pasurampok teuteup waé. Dua poé nu kalarung basa keur latihan, manéhna ngungkarakeun rasa na aksara, nu dikotrétkeun tina buku lagu-na. Can dibalés, matak hayoh wéh sorot panonna siga nu nanagih. Réngsé minton, kuring ngabérésan hitar heula, turun tina panggung jadi pangtukangna. Teu nyangka manéhna nuturkeun, ari pok téh.
"Tatin, Asép bogoh ka Tatin! Kaharti teu tulisanna?" Na atuh éta salapangan, nya murid nya guru émprak surak bari kekeprok. Karék eunggeuh manéhna keur nyekel mic. Érana kacida. Tapi dasar harita ogén percaya diri jeung kapamingpinanna geus katingali onjoy. Kalem wéh neruskeun acarana. Ayeuna nu boga sorot mata éta aya dina gambar baliho calon nomer hiji di daerah ieu. Meni gagah bari mésém kitu mah. Asa hayang Ré Uni ieu téh. Aéh...

HASIL TÉS

Kénging Noorfatah Muhammad Dimyati
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 05:48:21

Mama Sastra nuju guligah manah. Tacan boga badéga, nu bisa dipercaya. Loba nu ngalamar, hayang jadi badégana. Tacan kairong, saha jalmana. "Naha Odik atanapi Ohim kitu! Duanana gé balageur. Kudu dités heula." Gerentesna.

Dina waktu nu geus ditangtukeun. Odik jeung Ohim daratang ka imah Mama Sastra. Dititah warudu. Dititah saralat sunah syukrul wudu. Bareng. Mama Sastra calik ditukangeun maranéhanana. Nyérangkeun. Ngését biola. Lagu Bidadari Surga, nu biasa dihaleuangkeun Ujé, kaluar tina késétan biolana. Réngsé salat. "Dik! tadi keur salat, ngadéngé naon?" Tanya Mama Sastra. "Teu ngadangu nanaon Mama!" Jawab Odik. "Ari Ohim, ngadéngé naon?" "Punten Mama, abdi mah kirang husu salatna. Tadi téh ngadangu lagu Bidadari Surga." Jawab Ohim. Mama Sastra ngahuleng. Tadina mah, rék milih Odik, geuning nyalahan. "Ohim, ti mimiti isuk, manéh digawé di Mama." Odik ngeluk tungkul. Rumasa salah.

POLOS

Kénging ADE SATIA
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2014 00:32:11

Jalan-jalan jeung kulawarga, poé minggu pabeubeurang. Budak nu SMP teu weléh rarat-rérét ningalian gambar-gambar jalma anu pating jareblag dina tatangkalan, dina témbok-témbok jeung dimana waé tempat anu ceuk pangrasa aranjeuna mah stratéhis pikeun ngaiklankeun dirina. Muwuh ngotoran kaéndahan ceuk kuring mah.
“Pa, ari anggahota déwan téh naon?” pokna.
“Anggahota déwan téh nyatana anu buméla pikeun kapentingan jeung kasajahtraan rahayat ogé ngawakilan rahayat pikeun nepikeun kahayangna ka pamaréntah.” témbal téh.
“Dupi gajihna sabaraha?” tanyana deui.
“Karunya teuing nya, Pa?”can puguh dijawab manéhna kadéngé ngagerendeng. “Naon A?” cekéng, “Muhun éta anggahota déwan, mélaan rahayat dugikeun ka ditéwakan ku KPK.” témbalna bari ngahuleng. Deg, aya nu nonjok kana hulu angen. Leng kuring gé kabawakeun jadi anteng ngahuleng.