Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 03 Fébruari 2014 (41 Naskah)

LALAMPAHAN SIMPÉ

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 23:43:03

Tengah peuting. Girimis maseuhan. Rét ka manéhna. Sarérétan. Paadu teuteup. Tungkul deui. Lila-lila ngawani-wani haté, "Badé uih ayeuna? Sareng yu, dijajap." Unggeuk. Rét kanu boga imah, "Kang, abdi pamit. Sinta wios teu kedah dijajap ku akang. Badé sareng abdi uihna." Ngaenyakeun bari ngaomat-omat, sangkan kuring daék nganjang deui.
Sajajalan ukur sora angin nu kadéngé. Seuseut rék nyarita téh. Teuing kunaon, padahal manglaksa kecap ti tadi geus namper na dada lebah kénca. Hayang ngedalkeun resepna kuring kana panonna. Saumur-umur, asa karék manggih teuteup nu siga kitu. Mun dirérét téh, asa liuh. Ngusapan haté.
Ah, handeueul imahna deukeut. "Di payun, A. Nu aya gapura." Manéhna turun. Siga nu asa-asa. Kuring gé teu puguh rasa. Hayang paantel leungeun. Hayang ngarangkul manéhna bari ngabejakeun eusi dada. Ukur ngagupay nu wasana.

Tengah peuting. Mapay-mapay jalan. Girimis masih ngepris. Saparat lampah,nu kapanggih ukur simpé.

DIKANTUN TUGAS

Kénging Abu Fhatin
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 23:41:41

Mungkas carita ku ceurik balilihan asa ku sedih kacida, beungeutna ramisak bati sisimekeun.
Aang ganda pamitan ka bojona nu anyar ngajuru budak anu munggaran minangka pameungkeut tali asih panganten anyar.

"akang bade miang deui tugas ti nagara nyai lain teu nyaah kahayang mah di dieu di gigireun maturan si sujang, resep ari ngadangu ceurikna tipeuting waas ku ea eanana akang teh."
Ceuk kang ganda bari neuteup ka bojona hatemah sabenerna embung indit .

Asa neuteuli dina hate jeung fikir, sora kang ganda basa pamitan ka odah dek miang tugas ka daerah perang di Propinsi Timor timur jaga perbatasan .

"gusti abdi ngan tiasa ngeukeupan photona dina pigura bari ngarep-ngarep tepung dina impenan jeung kang ganda, ayeuna si sujang geus rengse sakola jadi Sarjana anak yatim ti oorok teh.!"
Bari diuk dina sisi ranjang Odah ngagereneng bari nyurucud cipanon maseuhan kana pipina.

"LONCHURA PUNCTULATA & ORYZA SATIVA"

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 22:45:25

"Hampura Uing, Pit. Bisi isuk teu bisa maturan. Bisi isuk teu bisa ulin babarengan. Lain téga, komo jajauheun teu suka. Tapi dalahdikumaha hirup mah ngajodo jeung pati, geuning. Hampura nya, Pit. Mun salila ieu Uing teu bisa jadi batur nu sampurna. Nu bisana ukur loba paménta, hayang dongéng itu, ménta carita ieu. Bari lalakon téh hayang dihariringkeun sagala. Atuda sora Salira téh matak dédéngéeun, halimpu tur méré kabungah, ngubaran kasimpé. Uing kur bisa males ku dunga. Mudah-mudahan ganti Uing cing leuwih bageur jeung bisa silih pikanyaah. Bisa silih nitipkeun awak. Bral geura ngawang, Dulur... "

Hawar-hawar, aya sora ti kajauhan. Beuki lila nambah ramé. Sora patani nu keur saruka bungah. Ngagebah nu keur anteng sosonoan. Manuk Piit hiber bari cirambay. Dijajap gupayna dapuran paré, "pileuleuyan, Pit!".

* Lonchura punctulata = Manuk Piit
Oryza sativa = Paré

PATEPUNG

Kénging Ade Satia
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 22:34:04

Pasosoré manjing asar anak awéwé hiji-hijina datang semu nu jigrah, biwir umat imut, beungeut pinuh kabagjaan. Nempo indungna nu diuk ngalunjar di tepas imahna solongkrong nyampeurkeun, golédag ngagéléhé kana lahunan. Diusapan ku Bu Ayu pinuh kadeudeuh. “Mah….!” pokna bari umat-imut
“Aya naon Lis…?” némbal halon
“Apana Kang Tia badé ka Mamah, saurna hoyong silaturahmi.” pokna bari melong ka indungna.
“Nya nuhun wé atuh Lis rék silaturahmi mah, iraha cenah?” nanya bari teu petot ngusapan sirahna.
Poé Minggu pabeubeurang, tamu nudianti ting kurunyung maké mobil alus. Reg hareupeun imah, tarurun laju uluk salam. Bray panto dibuka ku Bu Ayu, kasampak Dea bapana Tia keur ngajanteng, teup paadu teuteup, pada-pada molohok. Luk Bu Ayu tungkul bari ngagerendeng “Kang Dea…!”
Ngalangkang dina implengan mangsa lawas katukang, mangsa pada lalagasan, bareng suka bungah nyeuseup madu katresna, nu teu ilang. Kagebah ku gerendengna Dea “Ayu…!” cenah bari nyepeng leungeun, laju dikeukeuweuk pageuh pinuh kageugeut.

BORANGAN

Kénging Evie Siti Sophia
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 21:17:51

''Jah,,,Ijah, hudang Jah'' Mang Sarmin ngguyahkeun pamajikana.
Nyah Ijah beunta, rét kana jam, laju ngarérét salakina.
''Aya naon atuh kang?''
'' hudang heula atuh da bageur!'' ceuk Mang Sarmin bari ngusapan.
''Cicing ah, tuh tempo jam ceuk prabu GODI oge, geus jam dua welas mah geus tutup lawang sigotaka!'' ceuk Ijah bari gégétrét.
''Jih, ari manéh, suudzon, uing mah lain rék ngajak bla em-bla em!''
''Rék naon atuh?''
''Anteur ka pacilingan, mules yeuh!''
''Kieu tah, ari boga salaki borangan téh, teu pira ka cai gé, kudu di anter, man, burukeun, tong lila teuing, uing tunduh!'' ceuk Ijah ngomong norolang lir kacang ninggang kajang.
Bring duanana arindit, Ijah mawa cempor, anjog ka nu di tuju, Mang Sarmin buru-buru asup, siga na geus teu kuateun.
''buru sarkang lila pisan geuning?''
''kéla Jah''
Ijah mareuman cempor laju balik ka imah, teu nolih ka salaki na nu gogorowokan.

LUDEUNG

Kénging Ida Nurulhuda
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 21:13:10

Saréréa sapuk. Balik Nyangku ayeuna rék ngariung di Situgunung. Mumunggang pasir nu éndah. Pakebonan entéh paselang jeung kebon pines. Pangulinan baheula, sapuluh taun kaliwat jaman keur sakola. Genepan. Awéwéna, kuring, Samroh, Uti, Eulis. Lalakina mah Adul, jeung Apép. Si Apép mah balad kabur mun aya pangajaran matematika tos istirahat kadua. Remen maling nyium sabot balangah, pikasebeleun pisan. Ngulinkeun haté. Euweuh kakapok sakitu kungsi ditajongan gé. “Urang mah resep ka manéh téh,” kalah gawok.
Ayeuna gok deui di tempat nu baheula jadi pangjugjugan saréréa. Riung mungpulung.

Pabuburit, mangsana mulang. Samroh diboncéng ku Eulis, Uti mah jeung Si Kondé. Kuring rék jeung Apép. Pandeuri, nungguan heula manéhna nampa telepon. Lila, kotka cangkeul nagog cangkeul nangtung. Mangkaning geus sareupna.
“Nur, wayahna nya balik sorangan. Urang rék ka Cikaréo heula, digeroan ku Si Ayang.”
Plak! “Goblog sia mah, jing. Aing téh awéwé deuleu, di leuweung. Téga satéh?”
Bangkieung, kudupruk. Kuring hiber meulah peuting.

KRISAN

Kénging Dodi Er
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 21:00:00

Jalan meulah kebon krisan nu ngaplak. Notog ka tuntung langit.
“Cik kang, kira-kira aya sabaraha kembang krisan di dieu?” Ceuk anjeun harita. Basa reureuh di hiji saung nu aya di sisi jalan. Teu kebat dijawab. Panon anjeun diteuteup. “Kembang krisan di dieu mah ngan aya hiji.” Ngagombal saeutik wé harita mah. Najan umur geus teu ngora. Kajeun! Anjeun nyiwit. Karasa aya geter geugeut.
Ah... Matak waas mun nyawang kajadian harita. Tapi da hirup mah cenah poé ieu. Lain kamari, lain isuk pageto. Najan panineungan bruh-bréh narembongan, awak mah anggeur teu walakaya. Ngajelepeng. Nungguan kamalirna cai nu nyerep. Tina akar krisan nu nyeceb kana awak.

15 MENIT

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 20:57:23

Wanci tunggang gunung. Alam sabudeureun ceudeum. Nuturkeun wiati nu terus aleum. Turun citangis bangun nu rusuh. Ngagebrét. Dibarengan guludug nu bararedas. Awor jeung angin nu motah kacida. Sakur nu kaliwatan dirurud. Sagala dibabad. Mobil, motor ngajarungkir, tangkal caringin rungkad, tangkal cau dirabut, tangkal gedang ditéjéh, susuhunan patingburusut, bilik ngararapung. Sasatoan tibabaranting. Nu di jarero imah. Patingkocéak. Paungku-ungku sararoak. Takbir jeung tahlil ngaguruh. Minuhan méga. Sakolépat. Reureuh, simpé. Ret kaluhur. Langit bengras, panon poe nojokeun imut na. Teu nyesakeun tapak.

KUDA JEPANG

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 20:49:28

MULANG gawé. Bakating ku lapar, teu ucul-ucul heula. Deker wé dahar. Kabeneran geus nyampak. Keur ngalimed wé. Si Bungsu, celengkeung, “Bah…! ieu koran téh tos teu kaanggo?” “Teu!” témbal téh pondok bari ngosom. Teu kungsi lila geus gorowok deui, “Bah…! majalah gé disuhunkeun, nya?” “Nya!” Teu kaur am, geus géréwék deui, “Bah…! gunting sareng elémna di mana?” Geus bah deui, bah deui. Nepi kakabesékan. Teu dijawab. Cul alas, dahar teu diparatkeun. Disampeurkeun, “Keur naon atuh Ujang téh?” “Ngadamel kliping, Bah! Tugas ti bu guru. Milarian gambar-gambar sato tunggangan,” jongjon mulah-milih gambar. “Beuh! abong budak kelas hiji SD, nyieun kliping-kliping waé, riweuh,” ceuk pikir. “Cik, abah minggali!” Si Bungsu. Song, némbongkeun piklipingeunana. Gebeg! Kerung, “Jang...! naha gambar motor wungkul, ning?” “Muhun, pan kuda Jepang, Bah!”***

NGADADAK RAAT

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 20:23:16

Cihujan notog-notogkeun diri dina balébat soré. Ngarawu layung ku angkeubna katugenah. Totondén jagad keur disimbreuh rejeki mangrupa cai, nu ogé ngadatangkeun kasedih mun leuwih ti misti. Néng Ésih ngajentul dina bangbarung, nyerangkeun ngagidigna harepan nu ngaléos kabawa gulidag caah hanjelu.
Cihujan masih ayeuh-ayeuhan, nyumangetan nu keur getas pangharepan. Sanajan haté leutik teu bisa dibobodo, tapi geuning gudawang rasa mah teu bisa walakaya. Néng Ésih melong kosong bari ngarampa haténa,”Nyaah kénéh ka kang Somad téh, ngan hanjakal bet unggah adat poho kana tanggungjawabna. Ari kieu-kieu teuing mah mening nékad waé.”
"Pira ogé ditinggalkeun nongton Pérsib, meuni bangkenu saawak-awak," Somad lalaunan ngolo nu ambek bari aluman alimen.
Ésih ngagorowok, "Nya ari sapoé mah téu nanaon kang, ieu mah samusim pertandingan!!!" Bari ngabelewerkeun asbak muru tarang carogé. Cihujan ngadadak raat bari muringis.

LAPAR JEUNG HANAANGNA

Kénging Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 20:21:53

Bangun nu ngalimed naker, nyocolkeun comot panungtungna kana daun cau, laju céplak ngalamotan ramo-ramo nu lésang ku sambel goang.
“Asa jadi jelema deui, Euy!”
“Har! Pan kamu gé keur jadi jelema?”
Taya jawaban. Kari sora cai nu dilekik. Ngusap biwir ku tonggong leungeunna, eureuleu.
“Heu-euh. Tapi da geus mangalam-alam teu barang dahar sangeunah kieu.” Pokna bari kutap-kétap. Ngarongkong pukis, wel!
“Lah, sok ngaleuleungit. Pan salila ieu gé kamu mah turun-unggah restoran, lin?”
Teu ngajawab. Beuteungna ngadadak nguliat basa inget poé-poé nu liwat. Kabayang kénéh ngucrakna, eusi sirah pajabat nu ledis dikecrokan ku sungutna. Saban babatok nu dipaké kokobok, laju dieusian ku komisi katut gratipikasi.
“Malas menit. Méméh diusir ku sipir, sayah balik heula nya!” celepot, katuhu-kénca.
Teu ieuh ngajawab. Bati neuteup tonggong nu ngaléos, cangkéngna, imbitna. Ninggalkeun hanyir saselap awakna. Ratna, jikan dunungan nu rajeun sumerah saban ngantégan proyékna, horéng kénéh satia.
Ah, boa kétah alatan ku hanaangna?

CADU MUNDUR

Kénging Karlan Supriadi
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 19:57:40

Ngaran-ngaran jelema pabéntar pamadegan biasa. Milyaran sirah reujeung pamikiran euweuh anu sarua rajeun papak atawa undak oge kawengku ku pamanggih sewang-sewangan. Apan satukangeun gunung aya gunung, luhureun langit nya langit deui.
Ilaharna, Manusa nuturkeun manusa atawa manusa di tuturkeun manusa ukurana kurang jeung leuwih, lain erek di banding-banding sumawona di béda-béda. Ngandung harti silih deudeulan. Jig kaman jig kamana moal aya anu leuwih ti "Rumasa" Rumasa bodo tangtu hak alewoh, rumasa pinter wajib méré mawéh kanyaho, mun manusa bakalna cicing dina martabat sarua. Gulung dina "Enya" Enya ceuk sorangan, enya ceuk batur ,enya ceuk umum, ngajadi aturan pikeun ngaitkeun pamadegan diri nyoko ragem sakabeh. "Beda" leungit kecapna jadi "Ciri" Sakur jelema nyirian sipatna ku pangabisa, dina harti silih ajen. Bijaksana kasebutna.
'Mana pulpén nu hiji deui téh? ieu béak mangsina!" ka indung budak anu keur mirun seuneu.
"Enjing deui we Kang! nyeratna, ongkohna leungit ku budak!" Panona ngadilak, sampingna disaluhureun tuur.
"Baku ari geus ngaganggu teh!" Cadu Mundur nyanghareupan nu kieumah.
Pulpen nulis sorangan"Teu kaur dunungan aingmah"

CADU MUNDUR

Kénging Karlan Supriadi
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 19:57:03

Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 19:55:05

Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 19:54:21

Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 19:51:54

Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 19:50:48

Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 19:49:02

Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 19:47:57

WAKCA

Kénging Yulistiani Taslim
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 19:45:27

Gap kana hapé. Login pésbuk. Inbox.

"Engkang. Abdi badé wakca. Abdi bogoh kabina-bina, sanaos urang nembé wanoh di pésbuk mangkukna.

Wayahna, Engkang kedah kersa ngawin abdi, upami henteu, abdi moal cicingeun, tangtos bakal balitungan.

Perkawis istri, sérahkeun waé, naon héséna. Budak nu dua pasihkeun ka indungna, supados urang jongjon. Upami sepuh Engkang teu doaeun, antep tong diaku deui. Percuma, barina ogé sepuh mah sok ngaririweuh.

Diantos waleran okehna.

Lap yu
Emuuahh!"

Klik, inbok dikirim. Dua jam aya balesan, "Goblog siah!" Bleng ngarana jadi hideung. Diblokir.

IKLAS

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 19:28:21

Uing lain Basuki Abdullah nu unggal subuh mulas kanvas ku koas, atawa Jan Mintaraga nu ngalukis komik ‘Lembah Seribu Bunga’ ku mangsi cina. Uing lain Mélly Guslaw, nu unggal poé nyusun not balok sangkan jadi lagu. Uing gé lain Kakang Perbu nu fikminna édun-surédun. Uingah tukang sasapu di jalan komplék. Sangkan sabbudeureunana beresih. Unggal isuk nyapu jalan. Ngangkutan runtah ti unggal tong nu aya di buruan imah. Dipindahkeun ka tempat runtah tungtung lembur, maké roda. Iklas pisan gawé kieu unggal poé. Teu ménta buruh. Enya aya hiji dua nu sok méré duit, nawaran dahareun. Da lain éta maksud uingah. Tujuanana gé, jalan jeung lingkungan ulah matak sareukseuk, sugan wé jaga di sawarga gé lalening, beresih. “Mang, ulah huleng jentul kitu beberesih téh! Tuh runtah sakitu ngagundukna….” Bu Balon nu imahna di ‘hook’, ceuceuleuweungan. “Pangmiceunkeun bugang beurit deuih nya! Tah ieu jang meuli rokona!” Duit dialungkeun. Disanggap. Sarébu. Alhamdulillah…

BARANAHAN

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 18:53:03

Pasalingsingan jalan. Giplek. Giplek. Teu kahaja karérét. Kagok asong dipelong méméh teuteup rohmat béak. Gondok laki elok-elokan kaeundeurkeun ku nu ngéplok céndol. Tonggoy leumpang, eureun lebah warung. Giyet. Giyet. Dipirig galindeng gamelan tina kasét. Awak asa milu ririegan basa dada kaeundeurkeun gitekna anu liket. Géhgéran. Réplék suku kekejetan nuturkeun wirahma nu ngagalindeng harita.

Réngsé midang. Song. Sawéran. Cring. Récéh ditampanan kana plastik urut wadah és bon-bon. Kucel. Manéhna unggeuk ka saban nu didatangan. Teu sirikna acong-acongan mun récéhna kakoréh. Belenyéh imutna tetep nyumirat, nganuhunkeun najan kalan-kalan ukur dibahanan kecap, “Punten!”

Pasosoré. Setor. Bro! Gembolanna digebrokeun hareupeun jalma nu digeulang bahar. Budi amprotan.
“Punah nya hutang téh ayeuna mah?”
“Apanan anakna anakan deui!”
Manéhna bati rumahuh. Ngemu hanjelu salaput hulu.

SITU SANGIANG

Kénging Abi Syihab
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 16:56:47

Séah angin awor jeung hujan anu ngagebrét. Tangkal kai pating pelenoy nahan awak anu diuwak-awik angin.
Rustam tungturubun ninggalkeun ténda di ponclot pasir, bari sakapeung tisolédat dina leueurna taneuh beureum.
Anjog ka sisi hiji lembur anu pangeusina pahibut lalumpat teu puguh tujuan, asal bisa ngajauhan tina olabna cai anu ngungudag.
"Aya naon Kang?" Tanya Rustam kanu kabeneran pasanggrok.
"Budak Buncir ngamuk alatan Prabu Saung Gatong teu narima pangajak Eyang Lingga Wastu pikeun babalik pikir," Teu kebat jawaban éta jelema katembrag cai caah anu ujug-ujug nenggar manéhna jeung Rustam.
"Wooooiiii.....Ulah ngalamun baé." Ceuk Andi anu bieu nyimbeuh ti rakit anu hiji deui.

KINASIHAN

Kénging Aini Mardiyah Sukirno
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 16:23:59

“Teup deu leugeut nanggreu dina peunteu, balébat samping kancana.” Ah, moal metu jaman ayeuna maké jampé pélét mah. Kuduna téh disaréatan ku téknologi. Jalan hiji-hijina kudu nyieun rekayasa génétik, sangkan ieu rupa bisa meruhkeun béntang kampus.
Rerencepan asup ka laboratorium génétik. Muru erak paranti nyimpen gelas ukur. Nyokot labu volumétri. Terus muka lomari tempat jat kimia. Catetan meunang ngarumus sapeupeuting, dikaluarkeun.
Jat kimia ditimbang tarapti dina labu volumétri. Ditambahkeun cai aquadés. Campuran dioyag-oyag dipuirkeun ngarah pagalo. Terus ditambahkeun cai deui maké pipét tétés kalawan ati-ati nepi ka volume cukup. Pas jeung tanda bunderan dina beuheung labu. Labu dicocokkan, terus dikocok nepi ka larutan saragam. Lek, formula meunang ngaracik diinum.
Leng…! Sirah lieur, panon ranyay, beungeut asa dijojowét. Nyuuh, peureum bari nutupan beungeut ku dua leungeun. Lalaunan kuring nangtung, leumpang ka lebah wastapel. Barang ningali kana eunteung, aya beungeut nu matana tilu jeung liang irung nu paanggang sagedé liang belut.

JANG AMAN NU TEU SABARAN

Kénging Maman Sopyan Part III
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 14:53:48

Pabeubeurang. Dina galengan sawah. Jang Aman anteng cingogo bari nanggeuy gado. Panon mencrong kosong ka jauhna. Lar, Ki Tarya. Nu boga sawahna. "Ari sugan geus réngsé macul téh, Jang! Bet kalah hulang-huleng kitu, kunaon?" najan rada éra, teu burung manéhna cumarita. "Lah, atuh! Perkara gagang siwur leutik jeung pondok mah gampang! Hayu, ka imah!" pokna. Giak Jang Aman cengkat.

"Ieu jajamu, inum sapoé sabungkus. Alusna mah saacan saré. Tah, keur saminggueun!" omong Ki Tarya. Ngasongkeun tujuh bungkus jajamu racikanana. Sanggeus nganuhunkeun, Jang Aman mulang. Sajajalan sura-seuri sorangan. Nyipta-nyipta. Ngabogaan bobogaan nu gedé tur panjang. Geus kabayang, imut kareueut pamajikanana, nu arang katempo saban rék sapatemon.

Peutingna. Saacan saré, éta jajamu ditinyuh. Leguk diinum. Tuluy ngagolédag gigireun pamajikanna nu geus tibra tiheula.
Wanci tahrim, manéhna lilir. Kagareuwahkeun ku sora nu ngajerit. Bréh. Pamajikanana keur calawak. Curukna tutunjuk kana nu ngagapuy panjang tina ranjang. Tujuh bungkus jajamu nu geus korédas, amalayah gigireunna.

NAHA

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 13:40:24

Sagala rupa berkas sakola di bébérés. Teu nolih waktu jeung kacapé. Dibantuan penjaga sakola tenget kana panitah. wanci janari leutik kakara réngsé. Mulang ka imah. Teu loba carita langsung ka kamar. Rebun kénéh saged. Naék motor dius ka pagawéan. Sisinarieun.
Balik gawé. Ngabaheuhay tinggal kaos sangsang. Sabeungkeut Rambutan paméré guru dina méja kari cangkangna.
"Ayeuna! Urang ka Bandung!" Nangtung maké baju.
Sabulan teu kalembur aya pangajak kitu teu di tolak. Dina Beus. Lebah Ngaliwatan Rumah Sakit Rajawali "Geus dua bulan teu garenah awak! Anteur di pariksa!" Ngeureunkeun mobil. Jrut turun Tas jeung jékét dipangmawakeun.
Ruang tunggu pasien "Keluarga Pak Rahman!" Suster manggil!" Dokter Erick nyarita halon "Orang tua anda harus dirawat inap".
Dua bulan katukang Indung tilar. Bapa sabada opat poe di opname. Nyusul.

BOSEN

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 12:48:44

Bosen, unggal usik manéhna nga-sms waé. Teu ari ku gawé, tara pati diwalonan. Antukna kapopohokeun. Ditunda jero pisan, ngarah teu karasa sono. Kabébénjokeun ku karesep anyar.
Ngoprék photoshop. Resep, bisa ngajanggélékkeun kahayang, sanajan ukur dina lamunan. Potrét nu keur digembrong ku béntang kampus, kunu gareulis, dipajangkeun. Reueus. Béak karep. Asa jadi lalaki langit lalanang jagat. Potrét hayoh dipelong, umat imut sorangan. Sugema. Bréh deui potrét nu sejen, nu bisa diropéa, tuluy dioprék deui. Hasilna ajaib. Beungeut bisa robah jadi pangeran idola, keur digalaléntoran kunu lalempay tanpa busana. Ngaronom. Nyariuman. Peureum bari ngararasakeun. Ngahegak!
Nyah beunta. Ririakan.Pameunteu nu gareulis rarobah. Nyalanggéréng. Sihungna kalaluar tina sungutna, awak nu sampulur rarobah jadi baruluan. Beuki lila buluna jadi kawas bulu landak, seukeut. Narojosan, nyieun tatu. Awak jadi garetihan, beungeut jadi bosongot digaradilan.
Gurinjal! Kuring nyurungkeun nu keur narindihan . Photoshop dipelong, lila. Klik dipareuman. Jol bréh nu nyéngcélak, dina rénghap nu antaré. Manéhna.

ULAH KUMAPALANG

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 12:20:49

"Nu ngora kudu leuwih loba. Nu kolotna mah keur ngantebkeun. Ngarah karasa kesedna sing cukup uyah gulana," papagah ema ka Isoh. Céngék, cikur katut sambara lianna geus nyampak. Lulumpang jeung lakina meunang ngumbah, dituhurkeun.
"Ih ari manéh, nu kieu mah kumapalang. Liat ditutuna, sok rumambat. Nyarelap dina huntu carang." Isoh kerung basa adina ngasongna beubeunangan ngala bari ruméhoh bangun capé. "Ajul baé maké gantar, montong kudu tétérékélan ari capé mah."

Tengah poé jeung kéjo poé. Balik gawé di sawah mopokan galeng nu ngagalebrah. Kaléléd cai caah susukan nu ngadadak beukah. Aya hujan badag ti tebéh tonggoh. Rumpad-rampid sagala kabawa. Geus puguh runtah, dalah taneuh hideung kulit pasir bulistir ogé teu ngari. Jadi érosi ceuk mantri lanbow mah. Teuing atuh.

Diapik-apik. Dipilihan kumaha aduna kumaha kuduna. Beresih bahan reujeung wadahna. Wedel parabotna. Andekak nu disampakkeun. Ngalimed bareng hareupeun hawu di dapur ngupuk jeung nu baranggawéna.

NINI-NINI LEUNGIT SAPEUTING, KARI-KARI TAI MAUNG HUISAN

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 12:14:08

Katempuhan. Teu pira, ukur mondok moék sapeuting. Ngaku ari sagebrug mah. Ayeuna datang-datang rambisak, geus mendeyang. Seja ngumaha. Ukur bisa ngabigeu. Teu ngarti, naha bisa kitu? Da nyaho pisan apanan harita keur kérék nyegrék. Tibra naker. Kahudangkeun sotéh, ku haneutna keukeupan Manéhna. Reup deui wéh. Boa-boa….
“Mung salira nu saranjang…, taya nu lian,” inghakna, ngayakinkeun.
Leng,ngahuleng. Gogodeg, hémeng. Teu rumasa, nyaan! Da, kudu aya bukti mangrupa sesa birahi, keur mah….
Apanan aing mah sidik keur héés….
Apanan puguh pisan aing mah teu bisa kukumaha….
Apanan aing mah geus paéh dua taun kamari….
Apanan aing téh mangrupa poto mangsa dikeukeupan harita….
Asa diteungteuinganan. Asa ku harianeun. Ari ras kana kedal ucap pasini jangji. Rup ku padung, rap ku lemah, moal incah. Waduk ah!
Nyel, ambek. Haram jadah! Beuki ngahéab, mangsa ningali lukisan Arjuna nu keur mésem ngacungkeun jempol.

LOST

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 11:34:48

Anjog méh tengah peuting. Suwung. Teu jadi pikir, noyod ka pangkéng. Golédag. Gurubug. Koréjat. Mencrong kana para. Bedul, beurit téh. Teu kungsi ngumpulkeun deui pangacian, nu puguh mah ngoprot késang jeung halabhab naker. Sumirat nyulusup, horéng geus beurang deui.
Di ruang hareup, indung bapa jiga nu harianeun nempo kuring. Teu lila, teuteup jadi seukeut.
“Ku naon?” cekéng nyampeurkeun.
“Saha anjeun? Kumaha carana jeung ti iraha aya di dieu?” nu jadi indung nyureng.
Kuring nyéréngéh, surti kana banyolanana.
“Hapunten atuh Mih, rumaos kamalinaan uih wengi… mung apan biasa pameget mah...” kuring ngadeukeutan.
“Heup! Saha anjeun? Naon maksud aya di dieu?” bapa nu jarang takol nangtung jeung ambek.
Kuring molohok. Hémeng. Karérét poto keluarga tukangeun bapa. Kerung. Ngarawél albeum handapeun méja. Dibukaan. Karasa késang tiis ngagarajag.
“Poto abi kamarana?” hariweusweus, neuteup nu mencrong.
Lumpat deui ka pangkéng. Jeblag. Leketey. Sarwa pink. Bonéka mapaésan ranjang. Makeup minuhan méja rias. Leng.

KANCRA

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 09:53:56

"Nu beureum atawa nu hideung...?" Asép ngahuleng. Kancra dina bak tingkulibek ngabibita beuteung nu geus dua poé teu kaeusian. Inget kana nasib, anak pamajikan di imah nu barongkéakan nahan lapar.
"Kudu nékad mun boga kahayang!" Amat ngaharéwos bari miheulaan néwak kancra, panggedéna.
"Mbéh seubeuh!" omongna pondok.
Leungeun Asép nyolongkrong kana bak, kancra ngadareukeutan semu lalindeuk, gep kanu beureum.
"Bapa...!" sora si cikal mani nongtoréng, beungeutna ngolémbar na beungeut cai. Asép ngalenyap, kancra dilésotkeun tina cekelan.

KONSUMÉN

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 09:39:31

Sasat geus jadi langganan satia. Geura waé, najan sorangan keur dipaké ku sémah séjén gé, naha da kajeun ngadagoan. Tara ieuh daékeun disuluran. Kajeun meunang giliran janari, dina keur ngantri mah. Ti sagokna ogé geus panasaran. Asa mindeng jonghok tuda, welasan taun ka tukang. Pamustunganana bet wani tumanya, padahal dipahing pisan tetelepék ka konsumén téh.
“Uninga Désa Cibubuhan?”
“Apal atuh. Di tutugan Gunung Manggung, nya?”
Unggeuk. Geuning enya waé, anu baheula remen tepung di sakola. Ngalangkang deui dina kongkolak panon: butir-butir moral Pancasila.
“Apan dulur sakembaran kungsi tugas di dinya,” pokna deui. “Sabeungeut jeung sapangaresep, ngan béda pagawéan.”
Kapanasaran kajawab.
Ninggalan duit luhureun sepré, bari angger dileuwihan tina tarif, laju pamitan. Bet hayang nuturkeun, najan semet lawang kamar. Teu kebat ka luar geuning, kalah ngetrok heula panto kamar gigireun.
“Hayu! Bisi kapeutingan teuing.”
“Enggeus da ieu gé,” témbal nu ti jero.
Bray panto muka. Dedegan jeung beungeutna sarimbag pisan.

PAKANCI

Kénging SZ Äbidiñ
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 09:06:37

“Euh aingah, loba huntu pakétrok! Pira duit sakitu. Pan keur kapentingan balaréa!” Lalaki budayut ngawakwak.
“Heueuh, pira gé nambahan sa-ém deui!” Nu sirahna butak mairan.
“Tapi duit sakitu téh lain saeutik atuh, kudu puguh réngkolna!” Awéwé cureuleuk ngajawab.
“Urusan nu kitu mah céték. Keun ku déwék dibantuan ngagulak-gilekna!” Nu dikacamata nepak dada.
Adu rényom mingkin sahéng. Tungtungna awéwé cureuleuk éléh déét. Pingpinan rapat nakolkeun palu. Nu haladir keprok.

Ahir taun, rombongan Komisi V ngabring ka bandara. Pesawat dicarter ka Singapur, studi banding sistem transportasi. Gampang nu kitu mah, kukurilingan naék beus ogé geus bérés. Rombongan tuluy larsup ka mol, ngadon balanja. Geus capé mah ngaraso di hotél béntang lima.

Peutingna rombongan lalayaran maké kapal séwaan.
“Wilujeng taun baru!” Ketua Komisi ngacungkeun sloki ka luhur.
Ari serenteng téh, motorbut nu pinuh ku bulé mabok ujug-ujug mangprung. Jegur... sora tabrakan méh bareng jeung patingjelegurna sora kembang api. Cahaya mancawura, mapaésan langit.

DAPUR UMUM

Kénging Asikin Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 08:14:18

Sabot nyangu, ngasakkeun deungeunna dina hawu nu séjén. Dina waktu dua jam pasakan geus sayagi. Prak diderakkeun dina amparan. Teu diméjaan, da kitu kapalay dunungan téh. Tuang saamparan sareng bawahan bisa ngaraketkeun silaturahmi saurna. Kuring mah darma tukang masak, teu bisa majar kumaha, iwal ti nurut kana kapalay dunungan.
Bungah pisan lamun tuangeun kalandep ku dunungan. Komo lamun diacungan jempol leungeun tanda yén pasakan kaanggo. Muga nu disayagikeun ayeuna ogé katarimakeun ku aranjeunna samulangna gempungan.
Biasana tengah poé dunungan sarumpingna. Tumaninah, tuangeun geus ngaderak kantun prak ditaruang. Nanging, kawasna gotrasawala lumangsung sengit, da geuning sarumpingna telat. Panon rut-rét nuju ka lebah biasana jarebul. Nu dianti teu baé katingali.
Ana jebul téh saurang bawahan, rumanggieung bari nyekelan tatu na dadana. Bari pegat-pegat jeung dareuda manéhna nyarita : “Tiwas! Gusti Prabu katut pangiringna kasambut di Bubat!” Brug labuh. Kapiuhan.
Sapada harita, langit tapel wates Majapait ngadadak angkeub!

FIKMIN VS NGIMPI

Kénging Bu Nena Hunaenah
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 07:38:04

Tabuh 00.35 kuniang hudang, buuk ngererewig, dahdir ngelir na pipi, cileuh garing harideung ngajaredig, teu digisik ieuh, ah paduli. Gap kana rokok nu tinggal sabatang deui, cekés gasoline dihurungkeun sut rokok disundut, anjing téh jeung tibalik, jaba euweuh deui, bari tuluy dikuceskeun na biwir asbak nu pinuh samutut ku kuntung, lumayan diakalan wé sangkan bisa ngebul. Rét kana gigireun monitor, lumayan cikopi tiis. Teu antaparah deui, leguk diinum, bérés nginum cikopi nu geus béda rasa, biwir langsung jéding. Sialan. Ujang Sapril kukulutus. Tapi teu ngurangan kana ambisi nulis fikmin, sabab manéhna tas ngimpi seru, rék dijadikeun bahan carita. Na ngimpi nanahaon cékéng téh. Kieu caritana mah, basa kuring balik ti Cipatujah, naék beus, muatanana geus pinuh loba nu narangtung teu kabagéan tempat diuk, masih terus wé tah kérnét naékeun muatan, kuring kabagéan ngalahun, kaambeu buuk nu panjang ngarumbay téh meleber seungit tas mandi. Maklum bujangan kolot, lalaunan sléting calana dibuka, susuganan aya jodona. Anéh bet kalah sparing.

MERAH DALIMA

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 07:01:47

Layung geus mimiti hibar luhureun mumungang, méré tangara waktu téh manjing sareupna.
Teuing ku naon ieu haté teu bisa dipapalérkeun jantung dag dig dug lir nu ngadulag miréng sorot soca nu jadi implengan neuteup seukeut lir nembus kana ati sanubari.
Gedurna kahayang geus teu bisa disisilihan
motah lir gumulungna ombak sagara.

"Ay, naha manah salira sami sareng nu diraoskeun ku kuring? Da geuning imut salira salamina pagaliwota dina tungtung haté."

Ngeclak deui-ngeclak deui, teu kawawa rasa sono silih bedol jeung kasieun, sieun nu jadi implengan teu kapimilik, bongan salira nyorotkeun cahayana nu ngagebray nyaangan alam pawenangan matak ibur salelembur.

"Ay, saé rupina pami salira némpél pageuh janten pamanis lélépén kuring, kamamana teu weléh ngiring, tangtosna seueur nu muji kaéndahan salira."

Layung koneng maurkeun imutna, nyaksian nu katalimbeng ku rusiah sorot soca salira.

CATETAN EMAS MAÉSYAROH

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 05:57:14

Guludug jero jajantung terus ngaguruh, ti saprak meunang béja katrésna nu disulam ti mimiti meleték panonpoé, beulah mangsa lingsir ngulon. Duriat disamber kilat. Jelegééér! Jelegééér! Eusi sirah mancawura.
"Sabar, anaking. Di antarana, jalan ka surga téh nyeri jeung peurih."
Ema terus mopokkeun ciibun kana embun-embunan, nyekel kana pepetétan dunya. Lalaunan citangis nyaatan.
"Zam zam! Zam zam! Zam zam!" Maésyaroh ngumpulkeun pangacian.
Beuki dieu, béja ngarampak sekar. Lain ngan ukur ceuli, tapi panon jeung haté geus nempo bukti. Dalah dikumaha. Gusti, nyanggakeun sadaya-daya. Ngarayap. Ngaping anaking. Nurutan ema.

Basa rék sajungeun pisan jajap anakna wisuda, aya béja dina layar. Gawat.
"Wayahna, kasép. Sareng ema heula nya. Upami kabujeng mamah pasti ngaréncangan. Saurna piadieun hidep nuju mayunan mas'alah. Lebet kamar operasi."

AJAG PARAPATAN

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 05:51:23

"Sisir kerep sisir carang, kerep nu meuli carang nu nganju, puuuh!"
Niup dadasar. Sok, seureuh salambar kana gentong.

Saprak si Ajag muka mini markét di parapatan, warung tiiseun. Enya, Ajag. Ajag nu nyababkeun Kakang kapanggih layonna ngangkleung luhur rakit.
Isuk-isuk indit gawé saperti biasa. Nepi ka peuting taya mulang. Taya béja, teu carita.
Isukna haliwu, saabrulan ajag néangan Kakang jeung baturna nu peuting mangkukna tos ririungan. Ngadu bako bari ngobrolkeun bangbaluh, hayang undak buruh akur jeung batur.

Ajag, taya ras-rasan. Rasa manéh keur kawasa. Ka batur nganggap bebegig.
Bohak bihari nu tacan lita, kiwari getih bonténgan.
Uleng, sirah muter kawas korsél. Laladangan dipaké dahar sapopoé. Modal béak. Jinis ledis.

Hawar-hawar kapireng gelik suling. Mulas-melis. Nganteur katineung. Ngahudang kateuneung.
"Aing, awéwé ludeung. Dagoan aing, Ajag!"
Cekés, gurrr! Mini markét ngabebela. Awor jeung tingburinyay kembang api luhureun parapatan.

PANUNGTUNGAN

Kénging Lies Tjandra Kancana I
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 02:04:13

Kuring ngingkig bari ngajingjing tas mérk Oriflame”.
Minangka koper leutik cukup baju dua poéeun,kuring leumpng bari rambisak.
Kadédéngkeun, anak kuring paséa jeung pamajikanana Harita peuting keur tiiseun pisan, kadéngé ecés pisan sora anak kuring ngomong kieu; “ Masih untung Ayah nggak perlu géndong Mamah, dia masih jalan sendiri tuh ke atas “ kuring ngagebeg, ras inget manehna mah kudu ngagagandong mitohana kulantaran geus teu kuat leumpang. Naha anak kuring nyarita kitu ? Euleuh boa paséa gara-gara kuring ?
Isukna basa anak-minantu arindit. Kuring kaluar mawa tas leutik , mapay galengan, ngaliwatan jambatan, naratas jalan satapak. Niat balik ka anak kuring nomer tilu.
Nepi ka luhur kuring ngahégak, asa capé .Jantung nurugtug tapi kuring maksakeun leumpang. Aya sakilométér deui ka tonggoh, tuluy naék ojég, disambung naék angkot.
Sapanjang jalan kuring babacaan. Istigfar jeung sholawat. Jantung tetep nurugtug.
Peuting isukna malem Jumaah, anak kuring datang.
Gabrug nyuuh kana suku kuring anu geus dibungkus ku lawon boéh
. Dituruban ku samping.

KI SOBAT

Kénging Hendi Ahmad Sarip
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 00:53:39

Rarasaan mah asa teu boga kasalahan ka Ki Sobat teh. Da ti mimiti wawuh asa can pernah nyieun codeka ka manehna. Lamun panggih nalika rek ngajar, biasa sok silih bere, najan roko ge. Tapi nu jadi hemeng, naha manehna teu datang ka hajatan nyunatan si cikal. Bari cenah ceuk alona mah aya, teu kamana-mana.
Di pikir dibulak-balik angger teu kapikir. Diwawaas bisi aya laku kuring nu pimatakeun tetep teu kasawang.
"Naha naon sababna manehna saperti kitu?" kuring mencrong kosong ka jajalaneun nu biasa diliwatan urang lembur mun rek mandi jeung sajabana, walungan cibiru.
Kuring ngarenjag, kagareuwahkeun hape nu keur dikeukeuweuk di sada aya sms. "Kakara sakitu wawales ti kuring. Dagoan wawales sejenna. Tong sambat kaniaya, maneh geus wani-wani ngaguar rusiah duit kas sakola. Sing inget, babaturan, malah maneh sorangan teh anak buah kuring di sakola mah!"

LALAJO PERSIB

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2014 00:23:51

Di tengah lapang. Wasit mimiti niupkeun piriwitna. Pamaén Persib jeung Sriwijaya, padungdung tarung. Tatan-tatan ngetrukkeun pangabisana. Bal beliter mimiti ditajong. Kadang ka gigir, ditajong ka hareup. Cepet, lir jam­paring ngabelesat tina gondéwa. Kabéh panon di jero Stadion, teu ngiceup, nempokeun bal. Para pamaén ti dua tim, lumpat. Ngungudag bal. Kuring, lalajo di Tribun timur, bati olohok. Nempo bal, teu daék abus waé. Babak kahiji bérés. Skor kacamata. Bobotoh mimiti élékésékéng.

"Hadé euy, ari maénna mah! Ngan hanjakal, Si Déwi Fortuna can datang ka Persib!" Cék Oman bari ngagayem tahu. "Sigana kapegat macét, nya Mang." Témbal Odéd nyéréngéh seuri. Kuring, nu aya gigireun maranéhna, sarwa seuri. "Kiperna, saé Aa!" Témbal Indah, neuteup ka kuring.

Babak kadua téréh eunggeusan. Kuring jeung Indah, niat rék balik ti heula. Sab kucéwa, nempo pamaén Persib, teu bisa waé ngabuskeun. Karék gé Leumpang bari pupuntenan. Gebeg. Kuring reuwas. Bobotoh ting gorowok jeung aratoh. "Goaaal...Goaaal!"