Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 29 Juni 2013 (38 Naskah)


TÉMAH MOTOGP

Kénging Andi Sya'bandi
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 23:19:30

Waktos mulih ti dayeuh. Si Usin maan motor sangeunahna waé. Knalpot digerung-gerung. Tengah peuting deuih. Asa dikariakeun wé. Pas di stamplat tukang ojég ngagorowok.“Si Kéhéd mawa motor téh sangeunahna waé. Tinggali isuk kapanggih mah dibabuk ku aing! Ngareuwaskeun beubeul. Kopi gé bahé satéh.” Dalah dikumaha, teu bisa dionggét-onggét deui. "Pajar téh cenah jadi Pembalap," pokna. Atuh da lamun dipikir-rangkepan heula mah, salah éta téh. Margi lin tempat balap motor. Pon kitu deui, tangtos tina Sirkuit mah moal aya nu ngawagel. Masing digerung-gerung gé. Da tangtos tempatna téa. Katut moal aya pulisi tidur. Na da éta mah teu boga lilingeran wé ari si Usin. Puguh mun jalan geus asup ka kampung mah sok loba pulisi tidur. Nu matak numawi téa, sirah botak katinggang awi téa. Antékna mah pan ngenes. Bari auh-auhan téa. Cilaka ku polah soranganna. Nyangkorah dina kamalir sinareng motor nindihan manéhna. "Anjiir... Kanjut aingah kadempét ku setép."

KAPINCUT BUNTUT

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 23:11:58

Tilu bulan wawanohan jeung manéhna. Maneuh, deukeut tangkal bunut. Wétaneun Masigit. Kulitna konéng umyang. Buuk ngarumbay panjang. Rancunit. Tiung disampaykeun dina taktak. Mahisa. Betah pasini jangji. Rék jatukrami dina acining asih sajati. Ayeuna ngungun. Ditalék cicing waé.
“Akang rék satuhu. Moal sulaya tina subaya.”
“Atuh tepungan kolot abdi.” Manéhna umajak pikeun sakitukalina. Peuting ieu mah teuneung. Kuring unggeuk. Imut ngagelenyu, giak nungtun. Kukurubutan, dicaangan wulan pias. Anjog ka hiji lembur.
“Mangga, teras kalebet. Tos diarantosan.” Hiji kolot rampohpoy, diriung jelema garagah diariket totopong. Lebah beuheungna katingali aya coréléng. Majarkeun Abah Mahisa, gering nahun. Cungcurunganana ngaley getih.
“Ujang, tangtu dititipan barang Abah ku Aki hidep?”
“Henteu..!”
“Cik, émutan.”
Aki kawéntar jalma weduk. Kuring ngahuleng. Inget kana beubeur warisan Aki. Laju dilésotkeun. Itu bangun haripeut. Lung, dibikeun. Nyoropot kana cungcurunganana. Les. Dumadakan Abah ngajurungkunung.
“Mahisa, ieu jodo hidep.”
Mahisa ngaléndotan. Palias, buntut belang meulit kana cangkéng.

APÉL MALEM MINGGU

Kénging Maman Sopyan Part III
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 23:02:55

Uplek gobrol ngalor ngidul. Di tepas imahna. Silihciwit, silihoconan. Sakapeung ngaléndot kana lahunan. Réma nu jalébrag. Ngusapan buukna anu hideung meles. Ngadalingding seungit asih. Nyambuang seungit kahéman.

Sofa, anu didiukan ngahénén. Foto indungna nu ngadaplok dina témbok, malédog imut ti alam barzakh. Galindengna 'Kemesraan' tina suanten Kang Iwan, marengan celengok kuring kana taarna.

Rekééét. Panto pager beusi aya nu muka. Léngkah nu geus matuh kapireng gumesruk. Ngaliwatan sendal capit kuring anu geus ipis. Koréjat. Manéhna hudang tina kahunan. Ngagésér ngajaga jarak.

"Geuning aya silaing?" pokna. Angkaribung. Kuring bati unggeuk. Teu wasa paadu teuteup. "Néng, geus emam? Bieu Abah meuli saté hayam jeung pais lauk," nu ditakon kalahka neuteup kuring. "Ari ilaing geus dahar, Jang?"
"Kaleresan, ti énjing teu acan, Bah." témbal kuring giak.

Sakadang cacing dina jero beuteung, beuki nalaktak. Kokoét. Patingjorowok. Lapar nataku.
"Ari can dahar mah, Jung atuh balik heula," pokna. Bari mukakeun panto.

MALIK TEU SUKA

Kénging Ai Halimah
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 22:45:51

"Cokcang bungkang Sérédét paburencay, bongan hayang dibéré ucing begang!!" réang.
"Udin nyumput!" Berebet Udin lumpat rék nyumput.
Luak-lieuk néangan panyumputan.
"Hayu! Nyumput jeung uing!" Umar norojol. Duaan ngahéphép 'na rungkun haur. Hawar-hawar kapireng nu tinggerendeng.
"Hayu dulur-dulur. Waktuna urang nembongkeun katugenah!"
"Sapuuuk!"
"Satujuuu!"
Sora tina rungkun saliara. Panasaran Udin noong. Bréh aya guha, rébuan beurit keur sawala.
"Aya manusa! Gancang téwak, bisi mata-mata!" Raja beurit maréntah. Udin jeung Umar dirangkét dihijikeun. Dibawa ka jero torowongan nu nyedot dirina tarik naker. Gubrag, awakna dibeubeutkeun. Nyah, beunta. Di puseur dayeuh. Rébuan beurit ngaleut, nagalaksak, ngaruksak sakabéh nu kaliwatan.
"Kadé salah sasaran, nu tarangna diparulas bulao!" Raja beurit ngingetan.
Rébuan beurit utey, ngangseg ka buruan kadaton.
"Tong mitnah bangsa kami!"
"Kami beurit asli. Tara korupsi!"
tinggorowok. Nepi ka pajuaran kangjeng raja Bambang Perkasa. Ningali beurit nu baruringas, kangjeng raja lumpat tipaparetot. Blug, labuh. Sukuna titajong kana kompan Bé-bé-ém.

SABULAN SAPULUH RÉBU

Kénging Mang Dadan Dania
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 22:44:04

Sakumaha biasa, bada juma’ahan terus ngawangkong di teras masjid. Arfa tukang beberesih masjid milu ngariung. Bari mendeko inyana nyarita, “Abdi téh isin disarumbang waé, kumaha upama menta modal keur usaha?”
“Rék usaha naon?”
“Dagang bandros, kang Adin ngalélang tanggungan kalih citakanana sapuratina, dua ratus.”
“Sok wé beuli, tah ti sayah sakitu mah” ceuk ki sobat bari ngasongkeun duit beureum dua lambar.”
“Sareng modal lancarna, béas dua kilo, kalapa sahulu sareng minyak keletik sacanting.”
“Tah lima puluh keur meuli béas, kalapa jeung minyak,” kuring milu mauran.
Ti saprak harita, unggal ngawangkong ba’da juma’ahan sok bari ngopi bandros. Sanggeus jalan lima bulan, Arfa ngariung teu mawa bandros.
“Naha maréma? Teu mekel bandros”
“Tos saminggu teu icalan, bangkrut.”
“Baruk?”
“Modalna kacongcay ka dapur”
“Tanggungan aya kénéh?”
“Kumplit étamah da teu tiasa diasakan”
“Butuh sabaraha mun neruskeun dagang?”
“Lima puluh wé.”
“Bisaan, lima puluh rébu bisa hirup lima bulan”

MUDIK

Kénging Alex Hasan Sapari
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 22:32:47

H-2 kakara laksana bisa mulang. Keur ngeunah diuk, aya awewe tengah tuwu nungtun budak bari angkaribung babawaan. Karunya teu meunang tempat diuk, kuring ngelehan.
" Lungsur di mana, Ceu? "
" Di Lebak Bulus, Jang "
" Oh, mudik ?"
" Enya."
" Hawatos atuh teu aya nu ngarencangan? Heug nyandak murangkalih. Na tiasa rebutan mobilna kitu? "
" Euceu mah da tos boga tiket, Jang. Moal kudu parebut jeung batur."
" Naha gening tiasa?"
" Naek Executif."
" Oh, panginten atuh"

Ngaheneng. mobil terus laju. Kuring tungkul, teu ngahaja paamprok tempo jeung budak anu diuk na lahunan indungna. Kawasna , budak teh ti tatadi mencrong ka kuring. Sapanjang keur ngobrol jeung indungna. Kuring nyerengeh. ngajak seuri ka manehna, tuluy miceun teuteup ka luar.
Ke, naha budak teh. Asa...?

" Pak...kasihan, Pak! " Ceuk indungna, hareupeun warung.
Kuring ngasongkeun duit lima ratus perak.
Srog, budakna ngasongkeun urut gelas aqua anu kuleuheu. Nampanan duit, bari mencrong ka kuring.

NGARÉNCANGAN

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 22:30:15

Pa Iding ka sohor di sakolana téh guru matématika nu ‘killer’. Anjeunna mah kahoyongna téh mokahaan. Da éta, pami sakali nerangkeun hiji bahasan, murid-muridna kabéh wajib ngarti naon nu dijelaskeun ku anjeunna. Nganggap murid téh pinter kabéh, cerdas kabéh.
Poé Senén jam kahiji Pa Iding lebet ka kelas duabelas IPA opat. Teras anjeunna calik. “Méméh ngajar, Bapa hayang nyaho heula saha nu ngarasa pinter : jung nangtung!” Pa Iding nyarios terus maréntah murid-muridna bari ngangkat panangan tengenna. Kabéh muridna sakelas narangtung. Ngan Agus, sanggeus ningali babaturanna narangtung kabéh, manéhna gancang diuk deui. “Naha ilaing bet diuk deui, Gus? Ngarasa teu pinter?” Pa Iding naros. “Muhun, Pa. Sareng hawatos wé, Bapa bilih keueung,” ceuk Agus nyaritana rengkuh naker.

SI BAGONG

Kénging Dedi Jr.
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 21:57:10

Leungeun pageuh nyekelan dorlok. Ngadapang disisi gawir. Karinyuh garing disuaykeun. Écés kebon pinuh ku eurih. Seukeut neuteup ka mumunggang gunung. Bulistir. Taya pisan panyalindungan keur nyambungkeun siklus kahirupan. "Aya ku harianeun, pepelakan sacangkéwok béak digalaksak. Ancoan hirup ukur sausum. Ludes kari tunggulna." Ceuk Ahmad, galécok sorangan. Alon sora jalma ayeuh-ayeuhan. Anjing ragég patémbalan. Ngadeukeutan. "Mad! Siap-siap! Udin ngagorowok. Eurih ngadadak dempak. Bagong lintuh mucunghul. Nyuruduk mapay sisi gawir. Bus kana urut ngaludang areung. Kadesek. Mépéd kana gawir.
"Bagéan déwék siah!" Dorlok dikokang. pisir ngarah kana tarang. Jelegér! Pelor panas nembus babatok. Getih muncrat awor-aworan. Sesegrok. Kulahék. Diriung anjing. "Hampura eung, anak pamajikan déwék kudu dahar." Udin nyapeurkeun. Paroman marahmay.

ST. HALL

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 20:58:08

"Segera diberangkatkan. Di jalur dua. Kereta Api Argo Bromo tujuan Surabaya." Ukur gupay. Jeung keclak cimata. Nu wasa nganteur geuleuyeungna karéta. Manéhna mulang. Ngélék haté gudawang. "Hampura, lain maksud megatan duriat ..." Ceuk haté. "Apal kuring gé lungséna ngungudag tresna téh. Apal pisan." Norowéco. "Teu jauh béda jeung peurihna leungiteun asih." Karéta mingkin jauh. Cipanon beuki juuh. Anjeun. Mingkin jero nyuuh. Kana lahunan.

NASIONALIS SAJATI

Kénging Hena Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 20:31:52

Rus-ras ngalalar ka lebah dinya téh. Jalan anu arula-arileu, kebon entéh, lapang méng bal, jeung guha nu nyangkeredong di béh landeuh. Di éta tempat digojlog téh, fisik jeung méntal. Kacipta kénéh, saurang-saurang harita nyium bandéra. Bandéra beureum bodas nu jadi lambang tumerapna rasa nasionalismeu pikeun sakumna pamuda harepan bangsa.
“Cacap ti dieu urang tuluykeun kuliah, yu!”, cenah ceuk Arya harita. Sumanget nakeranan. Kuring ukur seuri konéng.
“Sok wéh Arya. Uing mah deuk ngahonor baé di SD Pangatikan. Karunya ka Pa Ajid ambéh aya nu mantuan”, ceuk kuring.
Arya tuluy nganjrek di dayeuh. Karirna tuluy ngajaul. Malah kapeto jadi pangeusi gedong wakil rahayat. Tapi ayeuna, geus méh saminggu ieu tatangga di lembur patingkecewis. Majar mindeng nempo Arya asup kana télévisi. Diriung-riung ku jalma réa bari padamarotoan. Malah cenah, anak jeung pamajikanana gé ayeuna ngadon titirah di lembur.
“Boa-boa?, ceuk kuring na jero haté.
“Pendidikan jeung latihan béla nagara nu kungsi diiluan, kuduna jadi cecekelan manéhna ancrub dina karir pulitikna”, satékah polah pipikiran goréng téh disieuhkeun.

NGALA KEUYEUP

Kénging Ima Komala Dewi
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 20:25:15

Euuuuhhhh nya! Dasar keuyeup awéwéna! Di dodoho téh ngadon hayoh jiga nu ngulinkeun.
Dieupanan berenyit padu dicocoan wungkul, ditéang ka hareup da puguh leumpang ka gigir, disusul ka gigir rikat nyumput kana liang, diurek dileukeunan kalah meunang belut, dirawu ku leungeun béak curuk dicapit satakerna.
Ari teu diala matak rungsak kamalir, jeung nu puguh mah hariwang wé unggal liwat ka béh Cihérang rarasaeun sok jejeletotan. Panasaran.
Béak kasabaran ba'da lohor dipépédkeun di juru sawah, dipencrong bari handeueul, ngomong tarik tur gancang bari semu balelol "Néng, saleresna Enéng téh bogoh teu ka Akang? Pami bogoh minggon payun Akang badé ngajak Ema katut Bapa ka Cihérang."
Olohok sakedapan, reyyy, luk tungkul, jeletot kana peupeuteuyan.
Kembang jukut ngadangding dina wangwangan.

SURAT LÉGITIMASI

Kénging Iwan Ruspendi Sr.
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 19:48:13

Ti imah mah isuk-isuk berangkat téh. Maksudna ambéh loba waktu jang niiskeun pikir. Ambéh lancar migawe UAS. Dihareupeun panto gerbang, Pa Sodikin katara méré intruksi.
"Yang merasa masih punya urusan dengan TU, harap memisahkan diri!".
Kapaksa kuring milu misah, rumasa boga tunggakan SPP 2 bulan. Tadina kuring moal datang ka sakola. Tapi ema ngajujurung. Lahaola bae majarkeun téh. Hiji-hiji siswa nu misah ditalék. Réréana meunang panyentak duméh duit SPP dipaké jajan.
"Pa, si Dédi kalangkung tah,"
Kuring ukur imut ketir. Laju muru rohang kelas bari mawa surat légitimasi. Surat keur sarat milu ujian, anu kudu ditebus dina waktu dua poé. Ku cara ngalunasan SPP.
"Untung manéh budak calakan, teu kacarék kawas urang," ceuk Omo nu sarua meunang surat nu sarua.

KAPAKSA

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 19:14:53

Adi, Susi, Déni, Iva, jeung kabéh babaturan anak kuring keur galumbira, sabab kamari geus nampa ijasah. Budi, anak kuring mah ukur bisa ngaheruk. Alum. Acan bisa nampa ijasah. Kuring teu boga duit keur nebusna. Rék ngajual, ngajual naon, kapanan kuring mah teu boga banda anu bisa dijual. Teu téga ningali manéhna terus-terusan ngalamun. Cenah, hayang jadi ahli ékonomi. Dada eungap. Panon peurih nahan cipanon. Koloyong, kuring ka pipir. Kokoréh, néangan kertas kadus. Diratakeun. Dibébérés. Ditulisan ku spidol hideung. Isuk-isuk kénéh geus kaluar ti imah. Lempang. Apay-apayan bari dikongkorong kertas, anu ditulisan, JUAL GINJAL SABEULAH KEUR NEBUS IJASAH ANAK.

APA

Kénging Cinn Nice
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 18:55:27

Kasampak Apa keur dirarubung, socana murilit néangan, teup paadu teuteup, teuteup nu sarua jiga mangtaun kalarung, semu seunggah, teu lésot, taya nu nyoara, ngan haté patémbalan silih témpas, na panungtung paguneman kuring gideug, Apa ngarahuh teras ngalieus, kerelek. Ema nu tanpa-daksa na korsi-roda katingal rampohpoy, cisoca nyalangkrung, rambutna nu pinuh silalatu kahibaran layung, teu miceun pameunteu kanyosna. Ti saprak Ema dibantingkeun dugi ka lumpuh kuring lunta. Enya, ti harita abur-aburan geus gilig moal ballik deui, geus cukup ningali Ema disiksa alatan kabengalan kuring mangsa rumaja. Saban Apa teu panuju, kuring kudu nyaksian peureup Apa ngahanca salira Ema, teu kalis ku lumengis hahampuraan bakat ku hayang ngagenténan nadah panyehcer, Dina tepung-tepung panuntung haté teu léah, kadéngé béja Apa répot hayang panggih, sababaraha kali nunda talatah teu rigreug. Apa kudu ngarasakeun kumaha samagahana kuring harita, keukeuh teu bisa nohonan hampura Apa.

HANDAPEUN DADAP CANGKRING

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 18:21:01

Ih 'ni teu romantis Si Akang mah. Na kumaha kitu, Nyi? Najan enya Nyai bingah, Akang ngedalkeun katresna, heug tong togmol teuing. Ma enya ukur: Akang bogoh ka Nyai, ditampi moal? Na kudu kumaha, Nyi? Kapan sakieu romantisna. Dikedalkeun handapeun liuhna tangkal Nangka, dipirig angin humiliwir. Atuh hayang jiga dina TV, jiga dina filem India. Jung atuh kaditu, lumpat ka lebah tangkal Jeungjing, nguliwed ka dapuran tunggul Juar, ké ku Akang diudag. Beretek lumpat. Rambut panjangna ririaban. Krek! Krek! Mipit kembang Babadotan sumedeng ligar. Dibeungkeut ku pita kayas. Beretek ngudag. Nyaaiii ...! Akaaang ...! Akang coming, Nyiii ...! Kejarlah daku, Kaaang ...! Silih-udag di mumunggang Pasir Junti. Lebah tunggul tangkal Juar, labas ka sisi wahangan. Handapeun Dadap Cangkring lapat-lapat Si Nyai sasambat. Akaaang ...! Akaaang ...! Les, sorana teu kapireng deui. Tungguan Nyiii ...! Suwung. Kembang Cangkring maluguran. Kapireng hariring manuk Haur: Cukrih, cukrih, turih ku pucuk Eurih.

HANDAPEUN DADAP CANGKRING

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 18:20:01

Ih 'ni teu romantis Si Akang mah. Na kumaha kitu, Nyi? Najan enya Nyai bingah, Akang ngedalkeun katresna, heug tong togmol teuing. Ma enya ukur: Akang bogoh ka Nyai, ditampi moal? Na kudu kumaha, Nyi? Kapan sakieu romantisna. Dikedalkeun handapeun liuhna tangkal Nangka, dipirig angin humiliwir. Atuh hayang jiga dina TV, jiga dina filem India. Jung atuh kaditu, lumpat ka lebah tangkal Jeungjing, nguliwed ka dapuran tunggul Juar, ké ku Akang diudag. Beretek lumpat. Rambut panjangna ririaban. Krek! Krek! Mipit kembang Babadotan sumedeng ligar. Dibeungkeut ku pita kayas. Beretek ngudag. Nyaaiii ...! Akaaang ...! Akang coming, Nyiii ...! Kejarlah daku, Kaaang ...! Silih-udag di mumunggang Pasir Junti. Lebah tunggul tangkal Juar, labas ka sisi wahangan. Handapeun Dadap Cangkring lapat-lapat Si Nyai sasambat. Akaaang ...! Akaaang ...! Les, sorana teu kapireng deui. Tungguan Nyiii ...! Suwung. Kembang Cangkring maluguran. Kapireng hariring manuk Haur: Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih.

OPERATOR HAPÉ

Kénging Abah Glend
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 18:13:09

"wAYAHNA, kitchen crew ulah waka marulang!" Ceuk ménéjer di lawang dapur. "Naha? aya naon kitu pa?" Témbal kepala dapur. "Aya briping jeung owner. Rék ngabahas menu baru jang romadon téa!" Témbalna deui. Kusiwel kuring ngaluarkeun hapé tina saku. Maksud rék ngabaran nu di imah, yén kuring balik rada telat. Bisi arep - arepeun. Tulalit.. tulalit.. tulalit.. Hapé pamajikan teu bisa dihubungi. Kuring panasaran, nyobaan ngahubungi sakali deui. Weléh euweuh jawaban. teu kungsi lila. aya jawaban ti operator anu matak ngajelenging kanu ceuli. "HAPÉ YANG ANDA HUBUNGI SUDAH MENJADI BERAS!" Ceuk operator.

DURIAT NU NALAKTAK

Kénging Érwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 14:35:59

Langit lénglang luhureun setadion Si Jalak Harupat, nu harita salin jinis jadi sagara biru. Kuring jeung manéhna. Ngaludeung-ludeung karep, sanajan dikeput rasa kahariwang. "Énjoy aja, lagih, ngapain mesti takut," ceuk manéhna, ngagedékeun haté. Bener ceuk sasaha, cinta mah lolong, tara nempo kasangtukang. Kalan-kalan ligarna ogé sok di tengah-tengah seuneu konflik. Loba nu nyarita, yén ieu kelir kayas téh teu parok. Ngondang picilakaeun. Pon kitu deui manéhna. "Korlap bilang, ini cinta haram," cenah, basa kamari balaka. Sabodo teuing, ah! Moal mikiran
Setadion asa rék runtuh ku ketakna rébuan bobotoh nu sakitu metetna. Aya nu nyeungeut flare. Nu niup tarompét pelastik. Nu éak-éakan bari ajrag-ajragan, jiga nu mupuas ka sabelas pamaén musuh gerot, nu harita keur nandangan wiwirang. Manéhna mah teu riuk-riuk paromanna téh. "Maaf, yah...," cekéng. Ngiceupan. Semu ogo. Bari seuri konéng, manéhna ngaharéwos, "Selamat...! Kamu menang." Bari memener samléh jékét biruna nu gombrang, nu nyumputkeun kaos oranyeu di jerona.

BIDUAN MULANG KA LEMBUR

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 13:31:00

“Kumaha cageur,Yul…?”Indungna ngabagéakeun tina lawang panto.”Alhamdulillah saé, Maaa…!”Walon Iyul cindek. Sakumaha biasana mun pareng balik, sanggeus ngecagkeun babawaan sup ka kamarna. Ngadon ngerem manéh. Ti saluareun kamar kadéngé adi-adina récok marebutkeun oléh-oléh Jakarta. Bada asar bari disasamping jangkung sup Iyul ka kamar mandi. Baragadal mesék awak. Byur…byur… manjuran awak sahabek-habek semu nu sataun teu manggih cai. Kop kana sabun. Sabeuleugeunjeur awak ti luhur nepika handap haben diruru teu eureun-eureun. Sanajan yakin yén kokotor téh mo bisa leungit. Ngan sajeroning kitu haté mah bari ceurik balilihan. Asa kaduhung ku laku-lampah sorangan. Asa cua ka awak pribadi. Na lalaki mana nu dék mileuleuheungkeun ka manéhna? Lima taun incah ti lembur ngadon jadi biduan dangdut , boga tato gé salima-lima. Ros beureum dina pinareup, kalajengking luhureun larangan,gambar écéng dina imbit, tangkorak luhureun siku , lalay badot na lebah punduk. “Maaa…gamis abdi nu kapungkur aya kénéh…?”Pokna basa kaluar ti kamar mandi.

BOLAY

Kénging Aminta Zein
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 11:59:50

Poe harita mah rada béda nu mingpin senam téh. Béda kana haténa. Sajeroning éngklak-éngklakan nurutan manéhna, haté mah bet ngacacang kamana karep. Batur ngésang kuring gé ngésang ngan duka teuing ngésang alatan naon. Disebut keur barang dahar da teu nyapék nanaon. Tapi naha kumétap waé biwir téh. “Bagja temen nu jadi salakina,” haté ngocoblak teu puguh. Sugan saeutik wé inget ka nu di mah. Palias. Baé ah da ukur resep. “Di mana linggih téh néng?” ngawani-wani karep nanya bari ngadégdég basa senam geus lekasan. “Cipayung pa....badé ngajajap kitu?”. “Émang kersa dijajap?” kuring malik nanya bari haté anger tagiwur.Manéhna ukur unggeuk. Ieu meureun nu disebut batu turun keusik naék téh. Teu talangké goar motor diselah. Clé manéhna nangkod tukangeun kuring, untung tonggong teu bolong oge duméh kateunggar ku dua gunung. Srog anjog ka buruan, karék gé motor rék distandarkeun, “Papah bukain pintu!” Sérését muringkak sabulu-bulu. Teu talangké gejus motor dihirupan deui biur digas satakerna.

NGALINTAR II

Kénging Herlan Djatnika
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 11:43:23

“Isukan mah ngalintar téh urang ka Cikandung waé, Jang. Turun di Palasah ka hilirkeun, hanjatna di Bantarhuni,” ceuk Wa Jumad. “Ka Bantarhunikeun mah leuwina jarero, Wa,” cékéng téh. “Numatak rék ngajak Mang Sadim jeung Mang Uha, duanana palika andelan. Engké mah urang ngéndong. Peutingna naheun langgé,” walon Wa Jumad.
Isukna wanci rumangsang, opatan ngupyak Cikandung. Waktu mulut tali heurap, génggéhék ting kécépék, burayak ting borélak. Sakapeung ngagogo, ngodokan sakur sodong sisi walungan. Sugan aya kokocol kacekel, lalawak katéwak. Ari dikupyak ku opatan mah, wanci lingsir ngulon lumayan mucekil hasilna. Seuweu tutup korang gé tangka nangkub. Sawaréh laukna dibeuleum, deungeun ngawadang.
Kajongjonan. Barang anjog ka leuwi Menyan, wanci geus sareupna. Leuwi karasa geueuman, kahieuman tatangkalan. Rérés uluk salam solat magrib, kapireng nu ting jorowok. Barang disampeurkeun, kasampak nu tiluan keur galungan jeung buaya. Gajleng! Kuring muru leuwi. Iteuk waregu warisan aki dibabukeun ka hulu buaya. “Tohobbaaaatt.....!” kapireng buaya ngagerung. Les ngaleungit.

KASEGLONG KELOM

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 11:20:08

Urang lembur keur ngariung di Pos Ronda. Paagul-agul ku pepelakan. “Bating, nu uingah teu pendul-pendulna acan,” Kang Halim humandeuar. “Peuteuy, Ang? Berekah nu uingah, ngajual gé geus dua kali,” ceuk Kang Dadang. Kang Halim rada bangkenu da puguh Kang Dadang téh sainganana. “Aya palakiahna, Jang! ” ceuk Ki Wardi nu legok tapak dina bab pepelakan. “Tah, tah, kumaha téa, Ki?” Kang Halim haget. “Tangkal peuteuy nu teu bubuah kudu diancam rék dituar. Api-api. Tuluy aya nu ngahulag. Nitah sabar. Meuhpeuy geura,” omong Ki Wardi. Isukna, Kang Halim jeung Ceu Mimin baradami. Laju ngagaridig ka kebonna. Anjog lebah tangkal peuteuy, Kang Halim mesat gobang. “Percumaaah sia mah hirup ogé! Dijieun suluuuh, siaaah!” Kang Halim gogorowokan bari ngantelkeun seuseukeut gobang kana puhu tangkal peuteuy. Acan gé dihalang-halang ku Ceu Mimin, Kang Dadang nyorowok mantén: “Taaah, uhun, Kaaang! Panujuuu! Tuar wééé! Tuaaar! Peuteuy goreng patut ieueueuh!” Kang Halim burial-buncelik, badis nu kaseglong kelom.

NGALA LAUK

Kénging Muhamad Atho
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 11:18:13

Hujan geus 2 poe teu eureun, poe katiluna karek root. Cai caah di walungan geus rada raat, tinggal kiruh cibeas. Biasana, sok loba lauk nu rek mijah. Kuring saged mawa heurap katut korangna. Maksud rek ngala lauk ka Walungan landeuheun lembur.

Ti kajauhan katingali Mang Uhe, Mang Sodri jeung Ki Juned ngincig oge rek ka Walungan. Mang Uhe katingalina mawa Buhu jeung Kapek, sigana rek naheunkeun. Mang Sodri, mawa Jeujeur katut Useupna. Teu ukur rek nguseup, manehna ge mawa Teger. Meureun rek sakalian Neger. Sedengkeun Ki Juned mah katingalina the mawa Sair jeung Lamit, wah pasti sigana rek Nyair bari sakalian Kokodok.

Ningali nu tiluan leumpang ka beulah Leuwi Bitung, kuring malengkot ka beulah hilir muru ka Papayan nu deukeut Leuwi Tanusinga. Ceuk kolot, mun rek ngaheurap atawa ngecrik di walungan, kudu ngamimitian ti hilir...

...cag dugi kadieu heula, bade ngaheurap heula. Bilih tikunclung jeung kabaseuhan Hapena pesbukan wae mah..

LAYUNG KAYAS

Kénging Teh Ning
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 11:06:22

Ieu duka nu sabaraha kali, awuntah murudul tina lahirna. Teu kaop aya kaambek nu kalan-kalan duka timana muarana. Ditembal kalah sok mancawura. Nu antukna ukur tungkul. Ngarumasakeun, nyadaran diri keur jadi abdi hirup manehna. Satia kana beungkeutan syahadat, najan diri ragrag harga.
"Daek tarima sukur. Aing nu tisuksruk tidungdung usaha pikeun nyukupan pangabutuh. Awewe mah nyaho ngejo. Rek duit jurig rek duit setan, nu penting mah nyeubeuhkeun!" cengkling deui indit. Jigana angger balik isuk.
Ngalanggeu nyorangan, sisi lamping. Neuteup kembang leuweung warna kayas, nu mangkak mangrungkun-rungkun. Wanci sariak layung, geunah meperkeun heabna hate.
"Kembang urang nya? Endah ligar dinu hara-haraeun. Teu diurus, taya nu heman nyiraman. Tapi mekar ligar, panceg teger!" leungeunna mipit kembang, song diasongkeun. Kuring imut disela ju'uh-ju'uh cimata.
"Aya abdi. Salira sabar nya? Ulah kapalang!"

TANGKAL LIMUS PANINEUNGAN

Kénging Yus Ka
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 10:09:29

"Ti jaman Mamah alit ogé, tangkal téh tos aya didinya, Geulis! Yu, cuang kaditu!" Si Bungsu unggeuk, daria. Lir nu surti. Kumincir, pikayungyuneun. Celengok, geuwat dicium deudeuh.

Tangkal panineungan. Kolot. Ngajungkiring luhureun pasir. Tonggoheun lembur. Baheula, cadu tinggaleun milu Ang Emid ngajugjug kadinya. Sabalad-balad, mupu buahna. Limus ngarora. Geus mulang, ngariung di tepas imah. Seungit nyambuang, ngabibita nu maresékna. Garogonjakan. Ngararey.

Ang Emid nu ngaréndos sambelna. Pinter dina naker uyah, sabrang, gula beureum jeung asemna. Rada kuled. Lada pisan, tapi kasamarkeun amisna. Nipu, ngajedud di tungtung. Seuhah kagila-gila. Kabéh cireumbay.

Ngusap cimata. Ema ngelol ti tukangeun panto, barang gep botol cai jeung kérésék. Budak dituyun. Rék muru tangkal panineungan téa. "Badé nyekar ka bapa, incu nini téh?"

SIMPÉ

Kénging Bayu Arya Laksmana
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 09:54:29

Sakapeung mah, boga pikir kolot téh beurat sabeulah. Ari ka Néndén mah, teu sirikna sagala dipupujuhkeun. Tapi mun dipikir deui. Piraku daék mulung anak ka Kuring? Cenah ceuk Aki, kusabab Bapa jeung Ema can dibéré katurunan. Nya 'ngadopsi' Budak ti panti asuhan. Tilu bulan ti harita. Ema ngandeg kalayan nepi ka brolna ngalahirkeun. Mimiti asa kasisihkeun. Teuing enya, teuing rarasaan. Piraku diri ukur jadi pamancing? Kungsi, éta ogé nanyakeun. Saha, di mana Kolot Kuring nu sabenerna? Ukur pangusap. Dua puluh lima taun geus kaliwat. Teu kuhanteu cocoba datang. Néndén, ngandeg geus tilu bulan. Kabéh milu riweuh. Prung hajat. Rombongan pangantén dipapag upacara adat. Tutas dirapalan, diteruskeun sungkeman dipirid kacapi suling. Weléh haté mah simpé. Balakécrakan suka bungah. Seuri maur nyamunikeun kingkin, mireng nu tingkecewis. " Ari Tétéhna, badé iraha?"

HAREPAN

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 09:08:29

Di handapeun tangkal sukun nu ngarangkadak, kuring ngalungsar, nyawang ka landeuh. Ras inget ka manéhna waktu rék miang, nya di tempat ieu pisan, silihcacapkeun kaasih. Réma-réma manéhna masih karasa, ngusapan buuk. Seeer napsu ngempur. Ngahégak. Rumegag, kapegung ku waktu anu ngaburu-buru. "Antosan Aa nya?" pokna mareng jeung léngkahna. Kuring unggeuk, aya nu nyelek dina tikoro. Gupayna, imutna, matri asih anu hamo dipungkah deui.
Sababaraha usum daun sukun maluguran, manéhna taya nemonan. Kari-kari kamari aya iber ti sobatna. "Isukan Dandi rék mulang." Bagja lamun enya datang. Carita cinta, kuring jeung manéhna bakal kasampeur deui.

NGOMÉN

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 07:43:48

Dirungrum ku rasa bingung, pipikiran kumalayang silih udag jeung guludug nu ti sore kénéh teu eureun méré tanggara.
Jleg, hareupeun aya nu ngabedega, duka timana jolna, tangtungan hiji lalaki nu kasepna tanpa tanding, awak dedeg, kulit bodas bersih cahayaan, ujug-ujug seuri nyakakak pikasieuneun.
Teu kungsi lila ngong nyarita " kacian déh lo teu aya nu ngomén "

TUGAS NAGARA

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 07:20:45

"Atuh kumaha? Mun Akang ngumbara, Nyai sareng saha? Mana teuing si utun keueungeun." Pamajikan bingung. Cirambay. Nurihan haté.
"Cing sabar... Tong kagok sabar..." Maksud ngubaran, padahal haté mah kulawu, nyegruk.
Surat tugas dibaca deui, sidik aya pantangan mawa bébéné, pibahayaeun.
Teu karasa. Waktu nyérélék. Poé ganti poé. Tugas réngsé. Nagara aman, karaman bisa ditumpes. Rahayat gumbira.
Antara bungah jeung sedih, poé isuk kuring rék balik. Nepungan bébéné haté. Disimbutan kaén bandéra, beureum-bodas.

Diburuan imah, nu geulis ngahariring, nyuatan béntang, nyawang kalangkang, "Anaking jimat awaking, basa ema mulung tanjung rebun-rebun..." Haleuang nyambat nyambut nu mulang.

DAGANG BAKO

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 07:13:40

Kabeneran boga minantu téh. Dedeg sampé rupa hadé. Rupa teu ménta tampang teu nguyang. Nu matak basa pibésaneun nyedek jeung Si Cikal puruneun, maka demi kabagjaan anak der baé didahupkeun. Walimatul’arus lumangsung basajan. Ngariungkeun kokolot, tatangga jeung duduluran. Nu penting bérés roés tur salamet. Sah numutkeun hukum agama jeung darigama. Olég pangantén di Pondok Mertua Indah.

Waktu terus lumaku marengan léngkah kahirupan. Si Cikal bureuyeung. Kuring rék incuan. Sawatara kitu minantu mah teu euih-euih anteng baé lampang-lémpéng. Nampang bari ngaligeuh. Loba kaéra, teu bisa usaha. Padahal pentolan pascasarjana. Digelendut malah nguluwut. Taya ketakna. Sagalana serba ngandelkeun. Kuring bati katempuhan. Rada gimir basa Si Cikal mingkin mendeyang. Teu boga cecekelan.

INGGIS KU BISI, REMPAN KU SUGAN

Kénging Muhamad Atho
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 06:30:41

Papanggih gara-gara Piala Dunia Mengbal.Manehna ngajagokeun Argentina, kuring nyekel Sepanyol. Di mimitian ku nraktir es krim, nepi ka botram bareng di Warung Steak. Antukna teu di nyana teu di sangka, tumuwuh "hate kadua leutik". Da kuring teu bisa nolak kana eta. Bayangkeun geura, imutna matak poek titingalian, irungna bangir balukang, pipina koneng, socana hideung. Gaduh awak jangkung lenjang, awak sampayan. Tapi kuring can wani tok brak kana rarasaan anu tumuwuh dina hate.
Salasa, poe panungtungan kuring papanggih jeung manehna. Jalaran kuring kudu tugas ka luar pulo salila 3 bulan. Meuntas laut, leuweung jeung gunung saking ku jauhna. Tapi SMSan jeung teteleponan mah terus manteng. Teu karasa geus 2 bulan, kuring angger can wani tok brak. Bisi manehna can "mengenal" kuring.

2 minggu samemeh, mulang ti tugas. Kuring pegat SMSan jeun teteleponan. Nomer hape nu biasa di telepon teu aktif. Duka kunaon.
Mangsana mulang tugas, kuring boga niat rek neang mawar bodas bari sakalian hayang nyaho kabarna sakalian rek tok brak.
Angger manehna teu bisa di telefon.
3 bulan ti harita, kuring meunang beja yen manehna geus aya anu miboga.
....Ngarumpuyuk, leuleus....

SUGAN TEH...?

Kénging Agus Saefudin
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 05:15:15

Kuring ukur ngabetem, teu puguh cicing, teu puguh rarasaan. Nu aya ngan tagiwurna hate, ruyray sagala kabayang. "Kudu kumaha kuring...?" nalika anjeun nyuuh na lahunan bari ceurik balilihan; "Kang...abdi telat...!".
"Naon nu kudu dipilampah, nalika kanyataanna siga kieu...?"
Karek dua bulan katukang kuring humarigu, ti saprak harga jengkol naek jadi 55 rebu. Implengan jadi jalma beunghar dadakan jadi buyar, da gening kanyataanna ku harga jengkol nu ngadadak jadi mahal teh kalahkah langka nu barang beuli. Jalma nu tadina beuki kana semur jengkol ayeuna alih kabeuki kana ngadaharan gepuk*, acan harga BBM anu naek tina 4500 jadi 6500 perak. Beuki nguatkeun yen usaha warisan dagang jengkol teh nyata bakal pibangkruteunnana!.
"Duh, Gusti...dojaan naon deui atuh ieu teh? meni asa katurug-katutuh..." jumerit kuring na hate ku teu siapna kuring tanggung jawab kana naon nu geus dipilampah.
Ras inget kana mangsa ka hareup kumaha kuring kudu ngabeayaan rumah tangga, sementara usaha dagang jengkol tereh bangkrut; ras deui inget, kumaha ambekna kolot; nu leuwih teu kabayang, kumaha caritaan tatangga atawa babaturan di lembur:"Si Darman anakna Ust. Jaja ngareuneuhan budak batur samemeh di kawin...".
"Bener ceuk omongan kolot, hanacaraka data sawala; anakna cilaka bapana kabawa-bawa", gerentes kuring.
"Ieu meureun nu disebut dosa teh...nu tungtungna ukur napsu nu matak kaduhung, badan nu katempuhan?".
"Kang...Kang....Kang Darman!", anjeun cengkat tina lahunan bari ngoyag-ngoyag leungeun kuring.
"Kunaon ari akang, jadi ngahuleng...?", cek anjeun.
"Telat....?", cek kuring.
"Leres akang...abdi telat sumping ka PERTAMINA, kedahna dinten Rebo wawancara teh. Ari seratna ku si Ema karek tadi dibikeun ka abdi, jadi weh...bolay!" ceuk anjeun bangun ku handeueul.
Kuring ngagajleng bakat ku bingah bari ngomong; "Alhamdulillah, Gustiiii...moal deui-deui...!!!".
"Naha ari akang...abdi bolay digawe di Pertamina teh kalah Alhamdulillah...???", cek anjeun bari jamedud.

*gepuk=gep kurupuk

MAWAR BODAS

Kénging Johari
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 04:33:30

Lamun inget pangalaman keur bujangan , asa ku hayang seurina tapi oge sok aya rasa hanjeluna. Kawantu gawe ngumbara jauh ti kolot. Atuh tepung babaturan bari jeung awewe tur adi kelas, asa atoh pisan, aya batur ngobrol tur manjangkeun duduluran.
Sanajan lumayan jauhna oge di jugjug, nepi ka lemburna. Kuring modal nekad, da teu boga motor kawas budak ayeuna, dimana motor geus jadi modal wajib sanajan karek SD atawa SMP, naek omprengan tur balikna tong leuwih ti jam 4, bakal moal aya mobil, kapaksa kudu jalan sakiloan, eta oge mun aya ojeg.
Ulin munggaran, kaduana ,nepi katiluna ditarima kalayan hade. Ngan kuring kaget, waktu ngadenge yen kuring teh jadian, padahal can kapikiran nepi kadinya nepi pleng can ulin deui. Tapi lila karasa kesel oge, asa euweuh batur ngobrol, nya nyobaan ulin deui. Ngan waktu kuring ulin deui, babaturan kabeneran keur teu aya . Nya kuring di hareupan ku indungna tuluy ngomong yen babaturan geus aya nu boga, kuring asa dibentar ku gelap, balik teh leuleus, jalan jauh oge teu dirasakan. Lamun ayeuna asa inget lagu Mawar Bodas. Hanas tadina mun kudu ditanyaan oge teu masalah.
Jujur masih boloon, lantaran can pernah bobogohan ti saprak sakola nepi ka ayeuna, jadi teu ngarti lamun ku kolotna ditanyaan masalah kolot kuring jeung pagawean. Dasar lain jodo bari ngusapan dada.

JUARA

Kénging Setiabudhi Budi
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 04:13:00

Panonpoé keur meumeujeuhna. Ninggang di nu teu payaan jeung ipis imanna mah geus hayang geura lek baé maseuhan genggerongna nu keur tigerat. Puasa karék saminggu tapi ripuhna béak karep. Ma Unéh keur hulang-huleng di dapur. És campur nu disimpen na kulkas, jang engké buka, euweuh sapelastik. Mangkaning meulina téh dipaskeun pisan. Saha nu geus miheulaan? Salakina moal mungkin. Isuk kénéh geus indit. Nu kari ukur manéhna jeung si kembar. Solah jeung Soléh. Duanana keur tibra nungguan soré. Nyéh seuri. Geuwat barudakna diharudangkeun.
“Jujur ka Ema. Saha nu geus miheulaan nginum és campur?” Solah jeung Soléh garideug.
“Ayeuna kieu. Sok paheula-heula ngala cai saémbér leutik éwang ka sumur. Nu pandeuri, éta nu ngabohong! Solah jeung Soléh silih rérét. Duaan ting lalénghoy méh bareng. Anéh!
“Hapunten abdi tos ngabohong, Ma. Nu nyandak teh abdi duaan. Tapi dipasihkeun ka Nini Uti. Tos saminggu bukana mung cai hérang wungkul…”

NGAGARAP LAHAN

Kénging Sandy Maulana Spc
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 02:02:18

pasosore balik gawe,kuring ngajak ulin si dede anak kuring nu samata wayang,aah teu jauh peuntaseun jalan hareupeun imah,ningali nu ngagarap sawah,bapa bapa itu naon nu jiga momobilan dede,tah etateh traktor de keur ngagarap lahan ceu tuti anak ma titin,ari itu pa anu ageung koneng naon? nu merkna komatsu,caterpilar sarua eta ge nu ngagarap lahan,ngan eta mah sawahna panjang de,ti purwakarta dugi ka cirebon.nu ngagarapna ceu tutut etamah anak ma tien.

PANALUNGTIKAN DINA ABAD KA-40

Kénging Lucky Bachtiar
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 01:23:36

"Waktos ngagali kamari, mendak banda nu ahéng, Prof. Duka kanggo naon baheulana. Da teu aya nu siga kieu pikeun babandinganna di jaman kiwari." Ceuk A bari ngasongkeun hiji banda.

"Cik cuang pariksa !" Ceuk Profesor B. Atuh ti harita mah arinyana soson-soson nalungtik éta banda purbakala. Ngan nyakitu, nepika mangbulan-bulan angger euweuh kacindekan. Nepika hiji waktu salah saurang anggota tim ateul tonggong. Nya si banda téh digarokeun kana tonggongna. Katingali pisan ku profesor.

"Aladalah, bisa jadi. Bisa jadi éta téh salah-sahiji pakakas nu baheula dipaké ku manusa purba abad ka-20 pikeun gagaro." Ceuk profesor. Nu séjén saur manuk ngahaminan. Nya ditulis kacindekan samentara tur dipublikasi. Si bandana sorangan gegetun bari hayang seuri. Inyana ngagerentes, "Heueuh kuring téh bener pakakas. Baheula ku manusa disebutna rakbol. Paranti meresihan wc."

PAKAULAN

Kénging Encep Muhammad Ayyash
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 00:26:10

Satutasna pemilihan kadés panitia ngumumkeun, yén Abah Acun kapeto jadi lurah anyar. Gerr... Warga urang lembur surak ambal-ambalan bari patingcorowok. Hidup Lurah Acun! Lurah Acun Yés Parpol No!
“Palawargi sadaya, Akang seja pakaulan. Mangga kasadayana warga dibébaskeun ngabreg balong akang nu aya di lebak!” Ceuk Lurah Acun dina biantara resmina, bari ngadadahan ka warga désa.
Bring. Warga désa ngaleut ngajugjug balong Lurah Acun nu aya dilebakeun lembur. Geus aya kana sajamna ngabreg balong téh, euweuh nu meunang impun-impun acan. “ Si Acun nipu urang. Hayu urang ontrog ka imahna!”Ceuk warga anu geus lamokot ku leutak, ambek nyedek, tanaga midek.
“Acun mana pakaulan téh laukna?!”
“Ké ké heula, ari akang lepat naon? Apanan saur akang gé pakaulan ngabreg balong, sanés ngala lauk.” Pokna, teu kireum-kireum.
Ngabireungeuh jawaban ti Lurah Acun siga kitu, warga patinglaléos bari kukulutus. “Kasebelan siah! Lurah teu hideng geuningan nu dipilih ku urang téh!”

NYAKINAH 5

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 29 Juni 2013 00:12:41

Dirungrum acining héman. Bibit-bit asih bihari, geus ligar di Taman Tresna. Sawawa dina tangtungan. “Asa cikénéh nya, Mam? Ayeuna, urang duaan deui.” Cekéng. Bari ngagolédag kana lahunannana. Belenyéh imut. Imut nu teu pernah laas. Beu! Mencét irung, semu geugeut. Geuwat mencét rémot. Hawar-hawar. Where Do I begin.... Gabrug. Rumenghik dina sajatiningna deudeuh. Juuh. Keclak aamis éndah. Laju ngawelah parahu galura rasa dina héas séahna sagara asih. Ngangkleung dina umpalan jemplingna peuting.