Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 03 Juni 2013 (41 Naskah)


DARAH BIRU

Kénging Lies Tjandra Kancana
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 23:34:00

Tegal jukut kakawatan, mipir hunjur pasir, ngaliwatan lebak bubulak, mapay
mumunggang nu lamping
Datang kana malingping,nuju gunung nu liwung,ngaliwatan jungkrang nu lewang bari cipanon teu weleh murubut, ngurubut di leuweung rumbit
Leumpang alon nyonggeang bari teu ngabangingik. pedah nu dipikameman cenahlain babad lain tanding, majar cacah kuricakan. manehna dipaksa kudu pisah jeung nu dipiasih.
Tungtungna kabur nyumput di lembur anu singkur rek mopohokeun panutanana.
. Bari nu dipcinta teu ngartieun hatena teu weleh tibelat.
Manehna mawa peso seukeut pisan. pek urat nadi dina leungeunna dibeset bari
humarurung nanya : " Mana cenah nu majar darah biru teh?"
Getih nu ngagolontor beureum euceuy.
Manehna ngarumpuyuk

PAMANEUHAN

Kénging Lugiena De
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 22:46:02

Jrut turun, suku geus hideng sorangan ngaléngkah, dituturkeun ku teuteup panon. Tuluy leumpang mapay jalan. Sakapeung ngarandeg, luak-lieuk, leumpang deui. Meunang sawatara lila, gék diuk. Luak-lieuk, jung deui indit. Reup peuting tuluy reureuh. Isukna léos deui indit. Sarta angger nyorangan. Nilar runtuyan poé kamari jeung panineunganana. Lir kalénder nilar béréndélan tanggal. Taya taun nu dilarung, taya bulan nu diliwatan, iwal ti nuluykeun lalampahan. Nganjangan lembur jeung kota. Meruhkeun gunung, nempuh sagara. Tapi haté sorangan teu nyaho kudu eureun di mana. Rajegna tatangkalan, gunung nu ngalamuk paul, makplakna laut, pasulabrengna mobil, jalma nu pagilinggisik, gedong-gedong sigrong… Najan deukeut, bet angger anggang dina rarasaan. Taya nu ditepungan. Tapi asa aya nu ngadagoan. Taya nu dituju. Tapi asa aya pangjugjugan. Teu weléh asa deukeut. Tapi haben teu kajeueung. Nu tétéla nyampak ukur samet dina implengan. Kitu jeung kitu. Antukna léngkah lumampah deui jeroning kostana dunya.

GALIDEUR

Kénging Zenzenz Zae Slalu Ada
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 22:07:09

Niatna mah ngajugjug Mawar Bodas téh rék motong jalan baé da liwatna gé jalan satapak, katutug jauh kudu ngurilingan Pasir Badodon jeung nanjak ka Pasir Lamé. Tapi baranginget jalanna lalésang, jeung ngayah pisan monyét antukna mah jalan biasa baé, Sok dirontok. ”Nyiar Pisalameteun lah!”. Bari neuteup lidig kajauhna, simpang tilu ditinggalkeun.
Menang dua jam kakara satengah jalan. Keresek. Aya sora, disiar laratanana. Gebeg Misja rewas nenjo buntut oray sagedé pingping orok. Satakerna Misja lumpat. Sungutna babacaan, bari lumpat sakapeung ngalieuk ka tukang bisi oray ngambeu hanyir manehna. Sieun ngudag. Maneha kalah bailk deui mapayan jalan anu kakara kaliwatan. Ngarasa geus aman Misja ereun. Ngarahuh. “haruh, kakara manggih ing mah, oray sakitu badagna. Hanjakal nganjang téh sosoranganan, geuning eweuh batur pakukumaha keur kieu téh. Jaba geus burit kieu! Rek balik deui sieun dicaplok oray. Mun Jalan pintas sarua jeung marabkeun maneh ka monyet. Gustiiiii..” haténa neregteg.

BOLOTOT

Kénging Ade Kusmana
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 22:00:22

Bumi inggeung. Séor, ngadadak aya angin puyuh, datangna ti tukangeun saung. Séor, séor, séor. Dorokdok, tangkal sélong runtuh. Babacaan sabisa-bisa. Angin beuki patingsaléor. Ngubeng luhureun saung. Beuki mereketkeun babacaan. Riyeg, riyeg, saung oyag-oyagan. Jrut, luncat kaluar saung. Kojéngkang ngajauhan saung. Beretek lumpat muru balik. Gebeg, kuring reuwas. Beu, suku ngadadak hésé ngaléngkah. Jantung ratug tutunggulan. Késang tiis ngucur maseuhan beungeut. Luk, tungkul ngabalieur tina teuteupna. Panon molotot méh kaluar tina kongkolakna. Biwiirna nu monyong beuki monyong. Gadona empot-empotan piligenti jeung beuteungna nu bucitrek. Lél, létahna ngelélan. Kuring geus teu walakaya. Pikiran teu bisa nangtukeun paripolah. Srod, nyorosod andipreuk leuleus. Manéhna angger cicing hareupeun. Molototan teu kireum-kireum. Kuring beuki nyuuh. Méh kapiuhan. Gurawil, Si Ujang ngarawél sukuna. Belewer, Si Bolotot di balangkeun.
“Hayu pa, Urang uih. Tos ceudeum badé hujan ageung ieu mah!” ceuk Si Ujang bari indit ngagigiwing belut meunang niiran.

HARIRING DI MANDALAYUDA RÉMA

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 20:20:19

Nu tutunjuk ngadu-ngadu rajawisuna, néangan balad. Perténgtang. Bari mesat gobang. Si bungsu dirangkul. Diajak biluk. Pangais bungsu jadi sasaran amarah. Teu pira nu jadi sabab. Resep dangdan, midang mun ka ondangan. Panengah nu jangkung gedé, éstuning hadé haté. Picontoeun. Wijak tur alus basa. Dideudeul ku du'a indung, panyalaindungan. Hariringna jadi pangaping nu surti. Nepi ka kiwari. "Cinggir euy, cinggir! Jariji urang paéhan!" ajak Curuk. "Entong euy, entong! Hadé goréng dulur urang!" Jajangkung ngajak akur. Tuluy mujungan Indung leungeun. Hémpak dareku.

HANDAPEUN MUNARA CAHYA

Kénging Ai Halimah
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 20:16:23

Peuting mingkin jempling. Hiji dua jalma lalar liwat. Teu dipalire. Awak asa tingsariak paranas tiris. Ceng Dadang kasebelan, ngancur leburkeun awak. Mending mun sok mere gede.
Mun teu inget ka barudak, geus sangheuk gawe kieu teh. Peuting ngalong, beurang teu bisa sare tibra, harengheng. Sok kabita, ningali batur. Unggal sore ngabring ka pangajian. Kungsi, lah-lahan miluan. Tapi asa rawing ceuli. Tingkuciwes, tingdarelek. Malah aya nu pok pisan. Awewe kawas kuring mah, haram nincak tempat suci. Antukna eleh mental, tamaha jalma hina. Lamokot dosa.
Hawar-hawar, sora nu ngaji ngagalindeng meupeus simpena peuting. Kuniang, meungpeung teu loba jalema, hayang sumujud ka manteNa. Rumanggieung, sirah beurat. Titingalian ranyay. Reup, pangacian ngapung, poek mongkleng. Rumpuyuk. Samar-samar, kapireng jalma tinggorowok. "Podaran! Podaran. Awewe kotor, mawa sial!"

PAMENTA ANAK

Kénging Ratna Ning
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 19:37:53

Digawe tikusruk tibanting. Sirah dijieun suku, suku dijieun sirah, teu sirikna kitu. Hayang nyugemakeun kembang panyileukan nu ngan hiji-hijina. Harepan teh sangkan manehna teu ngarumas. Sanajan hirup teu rejeung bapana, tapi kacukupan sagala pangabutuhna. Hayang nembongkeun ongkoh ka urut salaki, yen kuring bisa hirup jeung ngahirupan anakna tanpa manehna.
Lima taun pipisahan, mingkin anteng lalagasan. Pikiran teh rek naon deui. Hirup maju ka kolot,anak.mah maju dewasa. Geus leuwih ti kuciwa, keun weh rek hirup paduduaan jeung si Neneng.
"Mih..Neneng aya kereteg ati. Aya kahoyong nu bade disuhunkeun ka Mimih. Mimih bade maparin moal?" Neneng sideku na lahunan nalika tos shalat maghrib.
Pikir teh hayang naon deui. Hp kaluaran anyar nu harga jutaan geus dipangmeulikeun. Motor, sagala kaperluannana, teu kaliwat.
"Hayang naon deui Neneng teh atuh?"
"Haturnuhun Mimih tos usaha satekah polah pikeun nyugemakeun Neneng. Tapi hate Neneng can sugema pami Mimih nyalira wae. Neneng hoyong Mimih enggal milari Bapa kanggo Neneng!"
Gebeg! Euleuh geuning kitu pamenta budak teh?

**

PANINGAL SOCA BATIN

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 19:26:49

Batara Surya ngaheneng ngaraga meneng, museurkeun driya pikeun ngetrukeun pangawasana, lir nu ngantos-ngantos geretna panto muka, dina kerepna ungkara parancah, kasakten jampe pamake nompo kana cepil kiwa Kunti Nalibrata, malahmandar jabang bayi nu diyuga tina rengkak dosa, ngagoar beunta pikeun nempo caang jeung petengna dunya.

Sukma raga ngeleter lebah kala nu kacida samporétna, kaguligah ngageder lebah geterna rasa nu pinuh katuna. Sajorélat soca batinna ningal sinatria gagah perkosa lumpat na hambalan-hambalan laralapa saacan balébat sumirat nyaangan jagat wawayangan.

Batara Surya ngarénghap bari teras neuteup Déwi Kunti nu tos sadar tina kapiuhannana, katingal socana lir garis kasangga ku damis limit nu kaangkat ku muringis ipis.

“Kakang Batara….” Lahir Déwi Kunti dina soanten nu halon, “mugia ieu jabang bayi dina goar munggaran nebar-nebar jala asmarandana di mumunggang mahabbah….”

“Mugia, geulis….”waler Batara Surya bari imut, imut nu nyamunikeun rasa rumasana.

PATAROSAN PANUNGTUNG

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 19:19:12

Salah sorangan ngalajur napsu. Abong-abong ngarasa geulis, ngarasa modern, ngarasa usum. Gonta-ganti pasangan, sagebrug jeung sababaraha lalaki. Maceuh.
Mangsa ngandeg, lieur. Satadina mah rék digugurkeun. Kaburu éling, sieun nambahan panjangna dosa. Tapi indung bapana, kulawargana angger teu méré hampura. Ditundung.
Ayeuna anakna geus parawan. Rék dikawinkeun. Geus aya tanggal, ondangan geus dibagikeun.
Waktu ka hajatan beuki nyérélék, tapi nyi mojang kalah nguyung. Mindeng hulang jentul, tungtungna gering wales, teu inget-inget. Mangsa diruang-riung, diceuceuhan, panonna beunta lalaunan, neuteup leleb ka indungna. Biwirna ngageter, terus nanya halon:”Ema, ari wali abdi engké saha?”. Ngan sakitu, terus kapiuhan deui. Dua poé ka dirapalan, ngantun.

EMA

Kénging Iman Firmansyah
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 19:00:57

Anteng ngulinkeun pikir nu mancawura, motah, ngajorélat ting belesat. Teu karasa, lamunan Téh geus nyocéng waktu.
Kosrék… kosrék… Sora dampal suku satengah digusur, numeupeuskeun lamunan. Lol ditempo, Ema rumanggieung neang puntangan. Geus taunan Ema ngarandapan panyakit nu kawilang parna. Teu loba mikir, laju diburu.
“Ma.. badé ka jamban?” Tanya kuring, bari nyangkélkeun pananganana kana taktak.
“Muhun Lu, sakalian pangnungtunkeun ema, netepan.” Walon Ema nuhalimpu.
Haté ngageter, kebek, duméh karék harita kudu ngimaman indung sorangan.
Jung ngadeg nukangan indung nu ngama’mum bari diuk, dumeh teu kuat lila ngadeg. Rakaat demi rakaat antaré naker, dipungkas ku salam.
“Assalaamu’alaikum…” Ema ngagerendeng ti tukang.
Cong sasalaman, nyuuh kana lahunanana, Ema ngusapan emun-emunan, wacka nyungkeun dihampunten. Leketey, teu werat cumarita, ukur cipanon nu murubut ngajurung kasedih, nu ngamalir haneut kana leungeun jeung lahunan Ema.

CINTA NU MATAK RAMÉ

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 18:12:26

Abah ngaji di Majlis Ta’lim kaom ema. Samasjid pinuh, sepéker ongkoh.
“Cinta Rasul ka ummatna disebut cinta misi. Ti 1400 taun katukang, Rosulullah micinta urang. Najan can kungsi tepang. Buktina nu kahiji, ménta ka Allah sangkan Ummat Muhammad diasupkeun ka syurga kabéh. Teu diwincik atawa dibéda-béda. Kadua, wasiat mangsa anjeunna sakarat, “Peupeujeuh (perhatikeun) ummat kami...ummat kami.”
Cung wanoja naros, ”Upami Nabi ngawayuh? Éta kalebatna cinta misi atanapi sanés?” Ibu-ibu oyag. Ting kecewis. Abah imut,
“Leres, éta ogé cinta misi. Sab istri kersa diwayuh, bari panginditan diwayuhna leres nurutkeun Islam, éstuning ninggalkeun cinta manusa, nyangking kana cinta misi. Nyaéta hayang asup sawarga. Lamun teu diniatan kitu, tangtos bakal runtag rarabi. Boro-boro sawarga jaga. Dalah rumahtangga jadi naraka. Surga teu dimurah-maréh. Hadits ngeunaan ungkluk méré cai anjing laju ka sawarga, dina kahirupan nyata, ngan sayuta banding hiji.” Jep sakeudeung. Ger, réang deui. Asih jeung timburu hésé dipisahkeunana. Tiharita Abah tara diondang deui.

TILU

Kénging Noni Hermayani
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 18:08:52

"Kang, teu aya deui nu kapikiran ku nyai ayeuna iwal tilu;
akang,
card reader,
sareng power bank."

Huleng...dunya asa muter.

LENGKAH

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 17:57:12

Neuteup bulan nu kahalangan méga
Bari nyacapkeun kasono na panineungan
Didinya aya sakeclak harepan, nu sésélékét ménta diperenahkeun ku akal
Lain ngan ukur na pangimpénan
Jungjunan,
Paguneman urang can lekasan
Naha bet waka pungkasan ?,
Naha duméh méga nu mendung ngahalangan ?
Apan haté urang tos sumérén, tos pasrah kana papastén
raheut nu gudawang miharep silih ubaran. . . . . .
bari pasrah sumerah kanu bakal ngatur lalakon,
nu urang duaan . . . .
Apan Mantenna tos ngaguratkeun,
kamana urang ngaléngkah ?
Tawakkaltualallah . . . .

Permatabiru , Awal Juni Tiluwelas . .

NGINTIP NU MANDI

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 17:21:22

Leumpang ngagedig. Bras. Ka huluwotan cai.
Bréh. Katempo aya nu mandi. Panasaran. Nyalingkeur kana dapuran cau.
Nu mandi jongjon. Hahariringan. Sakpeung seuri. "Basah. Basah. Basah. Seluruh tubuh.. Hi hi hi. Aya ogé nu ngintip Uing..!"
Nu ngintip rumpang-reumpeung. Semu éra.
Lol. Kaluar tina dapuran cau.
"Kadieu Akang. Urang ibak sareng.." teu nembalan.
Kerewek. Nu mandi dipanggul. Akang.. "Na teu sieun? Ulah kikieuan.."
"Cicing. Siah.! Tong gugurinjalan waé. Aing geus heubeul teu manggih bikang."
"Tapi.. Na teu sieun? Pan Uing mah Kunti.." ceuk nu dipanggul.
"Paduli. Pan aing ogé jurig Kolor hejo."

NU DITIUNG BODAS

Kénging Nandang Sofyan Priatna
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 16:23:18

'' Pasti ieu juarana!'' kang Odon ngabadé.
'' Énya!'' témbal téh,panon mah tetep mencrong ka hareup.
'' Keur geulis téh ngareunah sorana, saha teu wawuh?''kang Duléh nu diuk tukangeun nanya.
''Puguh gé pernah nempo,tapi sahanya?'' kuring malik nanya.
'' Bu Sinta!'' tembal kang Odon.
'' Hus..bu Sinta mah tos maot atuh!'' kang Émod némpas.
'' Astagfirullah...,da éta persis !''
'' Lah...ari akang jadi wé muringkak bulu punduk!'' témbal kuring diharéwoskeun.
'' Saha atuhnya?'' kang Odon panasaran.
Euweuh nunémbalan.
''Juara 1 lomba MTQ Isra'mi'raj Ibu Santi.!'' nulalajo kareprok.
'' Bu Santi teh kemaran sareng bu Sinta,ayeuna anjeunna geus jadi warga urang deui, moal ka libya jalaran carogéna
tos maot nalika ngabéla Raja Khadafi!'' pa rw ngajélaskeun.
'' Oooohh!'' meh bareng kang Odon,Kang Duléh jeung kang Émod.
Kuring seuri,lain seuri ka maranéhna tapi seuri kanu ditiung bodas nu keur narima piala bari maledog ku imut,dek! keuna pisan kana jajantung kuring.

GERENTES HATÉ NU KEUR ONLINE

Kénging Laskar Sunda
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 16:03:17

“Internétan téh parebut waé Sinyalna jeung pamaké nu séjén euy, sigana mah Sinyalna nuju ripuheun burubat-berebet kaditu-kadieu, mangkaning Sinyal téh teu acan dahar meureun nyah, duh karunya teuing ka Sinyal, bobo waé heula atuh geura Sinyalna teu kénging kaditu-kadieu teuing, capé sanés Sinyal téh?, Abdi gé capé pan ngaksés henteu lancar téh, angot Sinyal nu kaditu-kadieu waé, meureun leuwih capé ti Abdi. Sinyalna ulah kamamana heula atuh, tos ngeureunan waé heula didieu sareng Abdi, pan ari kitu mah Abdi henteu capé ngantosan Sinyal ka Abdi, Sinyalna ogé henteu capé kaditu-kadieuna.” gerentes haté nu keur online bari gurugat-gereget.

MENIT

Kénging Edi SangWinduraja Rohaedi
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 15:00:30

rêngsê ngabsên, ibu Sinta nanyakeun si Kodir nu poe harita teu hadir. "udur naon si Kodir ?" ceuk ibu Sinta. "Marenit bu", ceuk salah saurang muridna nêmbalan. "Marenit kumaha dar ?maênya udur marenit?nya aya kitu?" ceuk bu sinta nêlêngtêng. "nya marenit waê bu, apan kamari si Kodirna balik huhujanan,jadi waê teu sakola, da marenit têa" ceuk Kadar anu ngabêjakeun kaayaan si Kodir. Bu Sinta olohok, sabab anjeunamah lain pituin urang Kuningan. Menit(basa wewengkon kuningan)=jangar

SISI BALONG

Kénging Titin Suryani
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 14:57:27

Tengah poé éréng-éréngan dina beus pajejel-jejel, matak lungleng. Srog ka standflat, jleng luncat ka luar rurusuhan muru panganjrekan. Geblug muka panto, suwung. Lung kantong dialungkeun kana korsi hoé, laju muru ka dapur. Téténong dibuka, nyampak sangu poé sapiring. Geus biasa!
Léos ka luar, satengah lumpat muru sisi balong, di dinya aya tangkal hiris, sok dipencok dipaké deungeun sangu. Ti katebihan katingal Ema semu ngungun, alum. Socana anteng neuteup pangeusi balong, dipapaés cisoca nu ngalémbéréh. Kuring nuturkeun paneuteupna.
Sababaraha taun katukang, pangeusi ieu balong teh, réréana lauk gurame sagedé-gedé pingping, taneman Apa. Matak resep marabna ogé maisna. Di sisi balong kandang hayam kiat tohaga, damelan Apa. Geus teu aneh kuring sadulur-dulur purah ngabidanan hayam nu rék endogan. Sabab nu pangheulana manggihan endog hayam, tinangtu jadi milikna.
Kiwari nu tingkocépat dina balong kantun anak betok. Apa ngantunkeun, sateuacan ieu balong kacaahan lahar Galunggung.

KACALETOT

Kénging Cece Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 14:45:48

Pa Guru Adang keur ngajar PKn di kelas 6 SD. Medar ngeunaan karakter budaya bangsa. "Barudak urang mah kudu miboga kapribadian salaku hijhi bangsa nu linuhung, ulah niru- niru budaya deungun nu teu saluyu jeung kapribadian urang" ceuk Pa Adang daria. "Mun urang niru niru budaya deungeun disebut na téh tuturut munding, hartina resep nurutan batur. éta hubungannana jeung karakter hiji jalma atawa hiji bangsa. Sedengkeun lamun nurutan kana paripolahna atawa gayana, disebutna ogé béda. Nurutan tingkah munding disebutna mumundingan, nurutan tingkah kuda disebutna kukudaan. Tah ayeuna nurutan gaya bangsa séjén, misalna nurutan Amérika disebutna Aamérikaan. Nurutan jepang disebutna? nanya ka budak "Jejepangan" barudak raong. "Nurutan Inggris"? Iinggrisan beuki réang . "Nurutan méksiko?" Jep jempling. "Barudak bapa rék ka cai heula" bari ngaléos.

JELEGUR

Kénging Lucky Bachtiar
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 13:59:33

Jelegur, bom ngabeledag di wahana parkir. Bom skala gedé. Balukarna parna pisan. Témbok pada rubuh, cor beton luhur wangunan bengkah ngaburulu, mobil-mobil ancur paburisat, haseup hideung ngelun gugumpalan. Teu antaré lila seuneu ngabebela di sababaraha jumplukan bangké mobil. Wangunan sabudeureunna ngageter, loba kaca nu peupeus. jalma-jalma pating kocéak bubar katawuran.

Lima jam ti harita, hapé Pa Tarmed disada.

"Halo Med, ieu akang. Pamajikan manéh kapiuhan. Si Amar tiwas, milu jadi korban bom. Wartana aya di koran. Kakara saminggu gawé didinya jadi juru parkir. Rék ngabéjaan yén éta budak geus digawé, hapé manéh paéh waé. Akang rék ka Jakarta... beletrak !... halo... halo...". Sambungan pegat.

Pa Tarmed ngalumburuk, hapé murag tina panyekelna. Awak leuleus satulang sandi, teu puguh rarasaan, bumi asa muter. Kabayang beungeut anakna anu cikal, Jang Amar. Budak nu soleh tur pikanya'aheun. Tina juru panonna aya nu ngalémbéréh. Lima jam nu kaliwat, inyana nu mencét remote bom.

RUNTAG

Kénging Agus Suhana
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 13:12:50

Kuring saukur wayang, nu nuturkeun galur. Sabab sakabéh jalma, moal leupas tina takdir. Réka daya urang, moal salawasna ngahasilkeun beuti.
Sakapeung hayang bener téh, ngan geuning pabeulit jeung resiko hirup. Teu wasa, ari nempo kulawarga kakurangan mah.
Geus lila teu ngalakonan deui, éra ku budak intina mah. Kiwari carita rubah, teu wasa nempo barudak.
Éra, mun kudu kalaparan téh..
Bismillah, kuring rék maling deui.

PINTER KODEK

Kénging Taufiq Maulana
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 12:47:47

"Nyai, cik uwa nambut pare sakarung, anu uwa tacan di angkut di sawah." ceuk wa haji istri nolol tilawang dapur.
"Mangga wa haji, candak we di leuit." ceuk jikan kuring. Heuleut dua poe Wa Haji datang deui "Nyai, yeuh ku uwa di gantian ku beas we nya?!" ceuk si uwa bari neundeun karung leutik dilawang dapur, leos indit deui.
Karung dicokot ku pamajikan, terus di buka, jikan ngajanteng bari rambisak. Koloyong kuring nyampeurkeun jikan, karung dibuka, ana breh geuning beas hapeuk campur tunggeu. "Beu, harianeun si uwa." kuring bati ngenes ku kaayaan.

SI RUYUK

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 11:49:05

Sangeus taya pangeunteupan. Tara ngampih. Nahun. Sakaparan-paran. Kakalayangan di méga malang. Hayang reureuh. Nyorang dayeuh. Manéhna nyirorot pamatukna nutug meulah wiati. Clé, eunteup di gedong sigrong. Rungah-ringeuh. Kapireng aya nu tinggerendeng, aya nu hohoak.Manéhna panasaran. Kaparengan aya loster. Sup asup. Bréh, mireungeuh beurit meni utey.Ajag keur babaung, Gajah keur hareuay.Kabéh némbongkeun rupa-rupa pamolahna. Najan kaayaan keur hanaang. Teu kabitaeun hayang nyamber éta beurit najan hiji ogé! Teu kuateun. Da bau bangké. Rét ka hiji témbok. Leketey. Kagét aya nu mirupa manéhna, keur dibalagbag. Sabot nu di jero keur balangah. Manéhna sakilat hiber, teup eunteup disatukangeun nu dibalagbag. Segruk ceurik. Laju ngaharéwos. “Deudeuh teuing, Ki Silah..., ti iraha dikieu-kieu?” pokna. Semu haroshos. Rét. Gebeg. “Cuing, geuning manéh ogé aya didieu?!” sit uncuwing teu némbalan. Kalah ngalieus. Barang keur kitu, pangeusi gedong dumadakan sahéng deui. Marijah. Biheung reureuhna. Si Ruyuk ngaheruk. Nugur mangsa.

HARÉWOSAN

Kénging Sopyan Hardyansyah
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 11:44:08

Umang ngadingdiut luhur korsi taman. Kembang sapataman rusak di ranjah manusa. Catang kembang, dangdaunan, sarta kembangna pating soléngkrah. Nu atra ayeuna kari taneuh nu paguley jeung leukat katut batu.
“Gusti, waas téh lain kana rugelna; mung nu dipiémut téh: pucuk, catang, sarta kembangna butuh waktu pikeun tuwuh sarta kumaha abdi mikaasih dina rumawatna; kari-kari geus hégar marekar, manusa kaniaya. Abi gé manusa ya Allah, tapi teu kitu-kitu teuing. Salira nu Maha Éndah tangtos nitipkeun kapercayaan téh sareng tinimbangna”.
Hal saperkara kitu, lain anu tumiba dina sakalina. Ngarasa percuma beunang hésé capéna, nya di tingalkeun baé éta taman sapadang.
Kurun satengah taun, eurih, kaliandra, cucuk garut, takokak jeung babadotan kiwari ngagenti kembang nu kungsi hégar di taman.
Nu ninggalkeun taman taya béjana; sedeng angin tuluy humaréwos, aya hiji leuweung geledegan ka opat panjuru angin.

MURAH

Kénging Chepi Rumiang
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 10:31:41

Sore keneh geus saged dangdan gumasep .sura seuri gulak gilek hareupeun kaca.bari gegerenyem.
: Beu salah meuli kaca teh nu murah. hasilna jadi goreng kieu.

JEJER HARUPAT

Kénging Bayu Arya Laksmana
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 10:12:12

Sausap rambut atra keretegna satiap lambar lir nu
cumarita "Anjeun niat satia."
Sahibas dampal neueul lemah, kanyaah lir panceg
dina pamadegan.
Getih sadami ngawincik carita urang lir wawakil
kedaling lisan nu kasidem, ukur galécok jeroning
dada.
Hibarna layung nungtun urang nu seja ngambah
sagara kabagjaan, ngajomantara meberkeun
jangjang subaya, ngamparan méga-méga katresna.
Linggih sapangcalikan satata dina réma, ngadama
kersaning sanubari.
Kari-kari angin sepi hariring lumengis ngageuri
nurih ati.
Bulan pias ninggalkeun hibarna, béntang
mugagkeun léngkahna.
"Anjeun téga!" ninggalkeun haté nu ngan ukur
sasemplék, jongjon mébérkeun jejer harupat mawa
peurih nyeuit ati.

SALDO

Kénging Anda Suwanda
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 08:18:01

Rénghap ranjug, teu siga kawas sasarina. Biasana maneuh ukur sakali tina sabulan. Copélna, sésa nu nyangsang moal leuwih ti dua juta. Ari ieu, nu matak weureu; méh saban waktu, saban poé, saban minggu. Waruga mingkin buheukeu. Bareuh. Bukekeng lain babasan. Lamun anu keur lima taun atawa anu keur sapuluh taun, atawa? Yakin ieu waruga sabihari. Kahémeng ngarangsadan. Kaketir ngajanggélék mangréwu tanya. Asa béda. Reujeung sahinasna, pasti béda. Naon anu geus kateureuy?
Bungkeuleuk, guruntul, jeung jungkiringna nambah katunggara Ki Patanda. Ngadurudud, leubeut. Nyéh, Ki Sobat ATM ngajak imut. Pinuh kasurti mun ieu raga saban ahir bulan bati karancang. Apaleun pisan. Lintuh bayuhyuh sotéh mun hég paréng bulan anyar atawa tanggal ngora?
Ki ATM bangun ngungun, nempo ieu waruga ngabeukahan, terus mingkin beukah, ngarungkup nalikung waruga anu saujratna.
“Naha naon anu geus tumiba ka manéh?” Pokna ngageuri, “lintuh, lain anu sawajarna?”***

TEU PUGUH RASA

Kénging Abi Syihab
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 07:24:28

Kesang ngagarajag sawak-awak, lain pedah ku hareudang. lengeu ngeleper lain pedak ku salatri. Hate ngoceak maratan langit, "Duh gusti hapunten abdi, nya kudu kumaha pilakueun."
Tambah maju, tambah pinuh, tukang hareup tambah heurin. Nu naraek leuwih loba tibatan nu turun. Komo mindeung ngarandeug ngadadak da macet.
Teu puguh rasa, samar polah, harepeun ditahan imbit, tukangeun tonggong aya nu nyocogan.

TUKANG RUNTAH

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 07:09:31

"Pah... sampaah..!" kitu gorowokna unggal isuk. Patingtorojol nu marawa runtah ti unggal imah. Dikérésékan. Dikanagorobagkeun. Nu baseuh jeung nu garing dipisah. Laleur héjo maluter. Patinghariung. Naluturkeun. Geugeuleuh, laleur, jeung bau hanyir jadi batur sapopoé. Taya nu miroséa.
Geus tilu poé manéhna teu datang. Runtah ngaleuyah. Di buruan imah. Di sisi jalan. Malah teu saeutik nu mendetan solokan. Waktu aya hujan rada badag. Solokan mendet. Cai ka jalan. Runtah balatak. Ngadadak aya rasa sono ka tukang runtah. Butuh. Nyaah. Keuheul. Pagaliwota dina dada urang komplék perumahan. "Kamana atuh nya Si Emang téh?" salah sahiji obrolan nu mindeng kadéngé dina unggal riungan. "Boa gering," ceuk salah saurang ibu-ibu. "Mudah-mudahan wé sing gancang cageur deui!" nu séjén mairan. "Aamiin..!" hémpak saréréa.
Unggal isuk. Sakur runtah nu aya di lingkungan komplék ngadadak laleungit. Anéh. Padahal euweuh tukang runtah ngalanto. Karagét. Teu lila aya béja, tukang runtah téh geus maot saminggu katukang.

PANGPONDOKNA

Kénging Dadan Wahyudin
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 06:53:17

Aya genep bulana teu nyieun fiksimini. Anteb, teleb mikiran hayang mintonkeun fikmin anu pangmini-minima, mun bisa mah ukur sakecap atawa sahuruf. Nyieun carpon, tetela geuningan panjang hese, nu pondok ge hese hees seeh ....

LAMPU MÉRAH

Kénging Dédi Hérdiana
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 06:19:09

Diparapatan. Blep, lampu konéng robah jadi beureum. Jeklék, gigi motor diturunkeun. Kenyay-kenyay lampu tingborélak di awang-awang. Ngageder sora mesinna mantak pengeng kana ceuli. Alam dunya asa eundeur. Kuring ngabigeu.

HANJAKAL

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 06:16:19

Nyeri haté. Mun inget kumaha buad baeud. Jubras jebris mangsa harita ngawulaan anjeun. Taya riuk kakeuheul. Anjeun ngan ukur mésem.
Asa puas basa nyarita. Kudu ngawayahnakeun ari ngawin nu teu micinta mah. Bongan saha? Puguh embung. Bet maksa. Mun teu Umah jeung Abah kaluar cimata, teu adék léah jatuk rami.
Budak geus tilu, ngan ukur ngalahirkeun. Nu ngurus sagala rupana, anjeun jeung para khadimat.
Basa kuring gering tipes, alatan capé balik jalan-jalan ti Thailand, anjeun nu getén ngurus. Bélaan cuti. Kakarek kuring sadar kana kanyaah jeung kacinta anjeun. mimiti micinta. Nambah waktu, ieu cinta mingkin kentel. Dunya jadi sarwa éndah. Urang siga nu keur papacangan. Sono.Geugeut waé. Tapi Allah sok leuwih nyaah ka nu sholéh. Ka anjeun gé kitu. Balik ti kantor. Mobil anjeun ka pangpéngkeun ku treuk. Di Rumah Sakit anjeun masih ngaharéwoskeun kacinta, nganuhunkeun geus males cintana... Anjeun ngucapkeun Laailaahailallah bari imut ngagelenyu, kuring kapiuhan...

KELETER USAP RÉMA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 06:08:18

Batara Surya neuteup nu kapiuhan, lambut Déwi Kunti diusap ku ngeleterna réma-réma, bari teras niup cepil tengenna.

“Anaking, sok sanaos diyuga ku lampah dosa bari jagat teu mapag gumelarna hidep, Ama geus nyadiakeun tempat nu pasti, di puseur weningna ati, muga hidep jadi jalma nu kuat ngayonan kejemna dunya, wujudkeun ku hidep welas asihna Hyang Wisésa, nu Maha Kawasa tangtos ngaping ngajaring, ngaraksa ngajaga ka umatNa…,” haréwos Batara Surya kana cepil tengen sosoca Mandura. “Tingal ku hidep, ngeleterna réma-réma Ama ngusap sukma pikeun ngintip caang jeung petengna dunya, namung tong salempang, mongkléng nu nyaput raga salira bakal sirna pami goar hidep meupeus jomantara…”

“Geulis, Kunti Nalibrata, moal aya hinaan ka salira, sok komo dgi ka nyandang wiwirang mah, moal geulis, jalaran gumelarna jabang bayi tina cepil tengen salira, kasucian nu dipusti-pusti moal kagunasika ku getih nu diyuga ku Kakang….” Haréwos Batara Surya bari teras sidakep sinuku tunggal, ngaheneng ngaraga meneng, neneda ka Nu Mahakasa, malahmandar pangawasana teu sulaya tina kapalayna.

SOUR GRAPE

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 05:56:36

Dun, asup atuh ka grup fiksi mini basa sunda. com.” Sarkim ngajakan babaturanna, Sardun . “Nya grup naon tatéh?” Sardun ménta info. “Pokona dina éta grup, urang nyieun fiksi, tapi jumlah kecapna diwates satarus limapuluh kecap. Biasa, kin dijempolan, dikomenan ku batur-batur sagrup. Komén batur dijawab deui ku urang. Silih bales kitu wé. Malah fikmin nu alus mah aya hadiahna sagala. Pulsa saratus rébu.” Sarkim ngajelaskeun sabisa-bisa. “Lain, hayang-hayangna mah. Ngan dékah asa kagok ari diwates saratus limapuluh kecap mah. Meureun ideu urang moal mekar. Kapengkek. Lamun nulis carpon atawa novel mah jigana uing ngiluan.” Sardun nolak bari nyieun alesan. “Ih justru di dinya senina téh. Ideu urang nu minuhan sirah dipadetkeun.” Sarkim keukeuh. “Ké, mémang énté pernah nulis carpon?” Sarkim nanya . “Tong boro carpon, novel gé pernah. Carpon tilu, novel dua, tapi karék judulna,” ceuk Sardun. Reueus.

RESÉP AKI

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 05:38:31

Ibro curhat ka uing, manéhna keur sedih gara-gara kamari balik mandi di walungan dijejeléh ku babaturanna, dilandih ‘Si Céngék’. Cukang lantaranna pédah bobogaan Ibro téh pangleutikna diantara babaturan, padahal nu lianna gé leutik jeung can disunat kabéh, ma’lum karék kelas tilu SD. Uing nanya, “naha bet nyarahoeun bro?”, “pan waktu hanjat ti walungan kabéh bulucun, jadi silih tempo bobogaan”, walon Ibro bari ngahelas. Uing inget carita Aki, resép keur ngagedékeun bobogaan, “Bro, ajaran maké bogo, antelkeun kana bobogaan maneh saméméh mandi jeung mun rék saré”. Ibro atoh geus meunang resép ti uing, tuluy amitan bangun nu rusuh.
Isukna Ibro teu asup sakola, isukna deui ge suwung. Bisi gering, balik sakola uing nyimpang ka imahna. Sanggeus uluk salam, asup ka pangkéng, kasampak keur ngalempréh wé bari humarurung. “Gering naon Bro?”, manéhna ngajawab bari ngalengis, “bobogaan bareuh nyeri nyanyautan”. Uing ngahuleng, ari pék resép kamari maké bogo teu matih, Ibro ngajaran maké lélé da ceunah mirip.

WAKTU NU KALARUNG

Kénging Hadi Aks
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 04:34:51

Karéta Senja Pajajaran ngageleser, lunta ti setatsion. Ngahaja diuk deukeut jandéla. Ngarah tumaninah bisa nyerangkeun ka jauhna. Bréh sms-na dina arsip: “Abi alim paturay, alim dikantunkeun!” Meunang béja ti babaturanana. Manéhna cenah keur di Bandung. Nu matak geuwat disusul. Hayang tepung. Tapi lapur. Indungna kalah colohok. Teu aya norojol, malah teu aya béjana cenah. “Ngan ku akang abi nangis ngagukguk!” Hapéna teu aktif. Disms teu némbal. Sapopoé tuluyna kukulintingan samar tujuan. Ngajugjugan patempatan paranti ulin jeung manéhna. Rét deui kana hapé: “Sono mah kantenan, sono pisan!” Ngahuleng sisi Ciburuy, neuteup talaga karesep manéhna. Léos deui. Ngajanteng di hiji mumunggang di kebon entéh. Palebah urut nangkeup manéhna basa turun halimun. Karasa beuki leungiteunana. Taya jirimna. Tapi manéhna asa marengan. Karéta nyemprung gumuruh. Teu kaimpleng kudu ka mana néangan. Tatangkalan, sawah jeung langit, lalumpatan ka tukang. Muru waktu nu kalarung. “Kang…!”

WAKTU NU KALARUNG

Kénging Hadi Aks
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 04:33:19

Karéta Senja Pajajaran ngageleser, lunta ti setatsion. Ngahaja diuk deukeut jandéla. Ngarah tumaninah bisa nyerangkeun ka jauhna. Bréh sms-na dina arsip: “Abi alim paturay, alim dikantunkeun!” Meunang béja ti babaturanana. Manéhna cenah keur di Bandung. Nu matak geuwat disusul. Hayang tepung. Tapi lapur. Indungna kalah colohok. Teu aya norojol, malah teu aya béjana cenah. “Ngan ku akang abi nangis ngagukguk!” Hapéna teu aktif. Disms teu némbal. Sapopoé tuluyna kukulintingan samar tujuan. Ngajugjugan patempatan paranti ulin jeung manéhna. Rét deui kana hapé: “Sono mah kantenan, sono pisan!” Ngahuleng sisi Ciburuy, neuteup talaga karesep manéhna. Léos deui. Ngajanteng di hiji mumunggang di kebon entéh. Palebah urut nangkeup manéhna basa turun halimun. Karasa beuki leungiteunana. Taya jirimna. Tapi manéhna asa marengan. Karéta nyemprung gumuruh. Teu kaimpleng kudu ka mana néangan. Tatangkalan, sawah jeung langit, lalumpatan ka tukang. Muru waktu nu kalarung. “Kang…!”

WAKTU NU KALARUNG

Kénging Hadi Aks
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 04:32:13

Karéta Senja Pajajaran ngageleser, lunta ti setatsion. Ngahaja diuk deukeut jandéla. Ngarah tumaninah bisa nyerangkeun ka jauhna. Bréh sms-na dina arsip: “Abi alim paturay, alim dikantunkeun!” Meunang béja ti babaturanana. Manéhna cenah keur di Bandung. Nu matak geuwat disusul. Hayang tepung. Tapi lapur. Indungna kalah colohok. Teu aya norojol, malah teu aya béjana cenah. “Ngan ku akang abi nangis ngagukguk!” Hapéna teu aktif. Disms teu némbal. Sapopoé tuluyna kukulintingan samar tujuan. Ngajugjugan patempatan paranti ulin jeung manéhna. Rét deui kana hapé: “Sono mah kantenan, sono pisan!” Ngahuleng sisi Ciburuy, neuteup talaga karesep manéhna. Léos deui. Ngajanteng di hiji mumunggang di kebon entéh. Palebah urut nangkeup manéhna basa turun halimun. Karasa beuki leungiteunana. Taya jirimna. Tapi manéhna asa marengan. Karéta nyemprung gumuruh. Teu kaimpleng kudu ka mana néangan. Tatangkalan, sawah jeung langit, lalumpatan ka tukang. Muru waktu nu kalarung. “Kang…!”

TEPI KA MANA

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 01:40:49

Ngotektak unggal surat nu ngabalay dina ubin Azali, suwung teu hiji-hiji acan kasurahan ku akal.
"Gamparan. Abdi ukur bisa ngaharewoskeun karempan" Ceuk manehna bari nyuuh dina karumasaan.
Katenjo jalan ka langit dumadak rapang ku mangrewu cika-cika, gumulung ngahiji bray caang tan warna.
"Naha rek disumputkeun?" Nongtoreng nyoek pangdengena. Nepi ka mana rek sulaya?.

SARUA MAUNG

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 00:39:37

Naha atuh karék datang, mangsa jandéla haté geus ditutup, malah geus ditulakan sagala. Lain ti kamari, basa leungeun roroésan ngudag kalangkang, nya kalangkang anjeun pisan.
Hampura, lain téga, lain teu kabita, sanajan haté leutik mah geregeteun, tapi kuring kudu ngukur kujur, teu sanggup mun kudu ngadua, ngan teuing lamun isuk atawa pagéto mah.
"Kumaha Kang, bilih badé, tiasa tukeur, asal pada-pada ikhlas wae." nu geulis ngarindat, ngagoda rasa.
Leng ngahuleng, cangcaya, "Tiasa kitu?" lalaunan leungeun ngusapan awakna, lemes, mulus. Nu diusapan ngahénén.
Antukna, kaimanan runtuh, jangji rék satia ukur carita saharita, pungkas, kagoda kunu méncrang.
"Upami kitu mah antosan sakedap !" ngaléos ka jero imah, mawa BPKB Tiger, rék ditukeur ku Jaguar.

RÉNGKAK MATA

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 03 Juni 2013 00:08:38

Bray beunta. Matana buncelik kagét. Dumadakan aya leungeun nyekék janggana. Burialbuncelik hésé engapan. Panonna mélétét béakeun napas. Babaturanana ukur melong. Mencrong mata simeuteun laju meureudeuy. Basa nu dicekék molotot. Nu nyekék muncereng bari laklak dasar nyarékan. Tuluy mureleng ka sabudeureunnana, nénjoan musuh séjénna, nelek-nelek. Anteb pisan. “Nempo naon sia? Pokna nyengor. Basa nangenan nu pating laliud nareuleukeun beunget. Neuteup seukeut. Tuluy ngadilak ceuceub. Nu diteuteup ngadelék, ngélélan. Panon nu nyekék ngagiler muter nalingakeun nu ngélég. Basa ngarérét ka gigir, kasampak nu ngécéngkeun senjatana ngincer tarang. Ngerejep reuwas nu dicekék dijadikeun taméng. Nu nyekék ngiceupkeun panon kéncana, ngiceupan balad-baladna sangkan ngilikan saha nu ngincer, nu ngintip, nu nyawang jeung nu nyérangkeun ti jauhna. Nu dititah nyureng negeskeun téténjoanna. Sawatara nu dicekék peupeureuman méh disangka paéh. Peureum hayam. Nu ngincer tarang noong kékeran, matana peureum sabeulah. Ngincer kotka peureum beunta. “Door..!” Dibekaskeun! Nu Némbak baluas. Peutingna nyileuk nepi ka carangcang tihang. Ceuleuyeu.