Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Méi 2013 (28 Naskah)


NU DIPENTÉS NGAOS

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 22:52:04

Teu jauh umur anjeun jeung kuring, Nung. Nu ngabédakeun sotéh kaayaan. Anjeun beunghar kuring miskin. Anjeun mahasiswi, kuring tamatan SMP. Nu anéh, naha, anjeun jadi santri kuring. Pédah sok ngawarah ngaji. Iraha masantrénna? Kuring gé teu ngarti, ngadadak loba jalma nu hayang nyantri. Pédah sora kuring genah meureun. Teu sagawayah, bisa kitu sotéh sok rajeun diwarah ku Ajengan Dodéng almarhum. Mun réngsé solat magrib. Najan remen jadi jawara MTQ tingkat kecamatan, ku batur pada muji. Tetep haté mah ngarasa nogéncang. Naon sabab? Anjeun, Nung, geus ngabandang lelembutan kuring. Lamun pareng paduduaan, anjeun méréan. Tapi létah kuring ngadadak cadél. Loba karisi, karémpan. Tibatan jarawat ngalobaan. Kuring nékad ngedalkeun rasa. Anjeun ukur ngajawab ku imut. Sakitu gé bagja. Haté karembangan. Geus ampir sabulan, anjeun teu béja teu carita. Beuheung sosonggétéun. Keur kitu nu dianti ngurunyung. Bungah. Golosor ngasongkeun ondangan. “Sakantenan dina waktosna akad palay dipangaoskeun, Kang!” Jedud. Leng. “Ma, mangga!”

NGADU ÉLMU

Kénging Ya Soebarta
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 21:16:11

Uing boga tatangga, Hayam, ngaranna Meri. Meunang ngawinkeun jeung Heulang. Jaluna. Meri gé aya. Loba. Ngan teu dikawinkeun. Sina arulin wé di sawah. Domba! Boga. Dingaranan Embé. Da sok bébéréléan. Ti saprak Sapi kawin jeung Oray. Uing sok babari ambek. Teuing! Padahal da teu bogoh. Nepika maranéhna ngadu ka 'Komnas HAH'. Kusabab éléh debat. Euweuh ti dituna kudu musryik, pédah Kuya dingaranan Monyét? Teu protés ieuh! Naha ari manéh bet sesentak? Pakeukeuh-keukeuh asa aing pangsucina. Sangeunahna nyebut kafir. Tah! Ucing gé geuning belang. Maung angger, kitu! Ké, kumaha ieu téh? Heuh, kitu wé! Sok tanyakeun ka Paré! Ari manéh ngalaman reuneuh teu? Kituh sok! Naon ujug-ujug kana reuneuh ieu téh? Ah, teuing Uing gé lieur.
Sieuh! Sieuh! Geura ngarampih saria téh, magrib!

BEWARA BORANGAN

Kénging Taufik Faturohman
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 20:25:58

"Isuk teh poe Jumaah nya, tanggal 3 Mei 2013 ?"
"Enya. Aya naon kitu ?"
"Mun aya hanca gawe, pigawe ti ayeuna, supaya isuk nyalse,"
"Aya naon kitu ?"
"Nu rek iinditan kahade, memeh magrib kudu geus aya di imah,"
"Aya naon kitu ?"
"Nu rek pasea, mending ti ayeuna keneh paseana, supaya isuk geus akur deui,"
"Aya naon kitu ?"
"Nu nyeri huntu ubaran ti ayeuna, supaya isuk bisa seuri,"
"Ih, ditanya teh. Rek aya naon ?"
"Pokona sarerea kudu lalajo, tabuh 19.00,"
"Astagfirullah. Ma enya dewek kudu gelut jeung maneh. Isuk teh poe Jumaah, tanggal 3 Mei 2013, tabuh 19.00 kudu lalajo naon ? Pok sebutkeun, bisi dewek kaburu napsu !"
"Borangan nu shootingna di Bumi Ageung rek ditayangkeun ku IMTV. Lain maneh ge milu lalajo. Asyiiiik, bakal aya dina TV atuh ? Nu aya Rudi Riadi Gado mah ditayangkeunana malem Jumaah hareup, tabuh 22.00,"
"Gehel, sugan teh aya naon. Tapi sukur dibejaan ti anggalna, supaya isuk-isuk bisa nebusheula TV di pagadean,"

POTONG

Kénging Lia Zahra Aulia
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 20:13:47

Tivi jeung hapé mah geus miheulaan, narungtutan ucul ti dua bulan kaliwat.
Ayeuna, cingcin kameumeut, kapaksa dileupas. Pikeun nebus obat miceun rasa nyeri. Unggal bulan, nanggeuhkeun jujualan nu aya, ti saprak bapana barudak tanpadaksa. Potong tulang tonggong alatan kacilakaan kerja.
“Maaf, Bu. Perusahaan tempat suami ibu bekerja tidak terdaftar di Jamsostek. Bapak tetap dapat dilayani berobat disini, akan tetapi sebagai pasien umum tentunya,” Patugas rumahsakit ngajelaskeun écés naker. Suarana gumalindeng ngawirahma. Aya ku ni’mat kareungeuna. Ngageleser kana cepil, ngajedak nembrag kana angen.
Duh! kudu kumaha ieung? Jaba teu kadaftar di Jamkesmas deuih.

(Raraga miéling Poé Buruh)
Potrét gurem kulawarga kaom buruh nu kadéséh di gawir kahirupan marginal.

RONDA MALEM JUMA'AH

Kénging Érwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 19:36:25

Pukul 01.30. Kuring kapapancénan bagéan mapayan lembur jeung sababaraha urang, ari nu sawaréh deui mah keur aranteng gapléh di pos kamling. Kawantu lembur perenahna di tutugan gunung. Pararoék, jempling, dibarung hawa tiis nu matak noroktok. Orokaya, sakitu loba batur ogé, asa keueung rarasaan téh peuting ieu mah. Sajajalan ngaludeung-ludeungkeun karep, najan ketug jajantung mingkin ngerepan.

Halimun mimiti ngandelan. Ngaléngkah ogé karasana asa leuwih beurat. Lebah tanjakan deukeut astana, Si Uju ngarandeg. "Mang, na teu kaangseu bau hanyir?" Sorana laun. "Gandéng, siah! Rék nyingsieunan déwék...?" Mang Ojo ngagebés, kituna téh irungna mah bari ungas-ingeus. "Cuang balik deui, wé, lah!" Si Kardi hemar-hemir.

"Ari nu ngaronda peuting ieu téh sabaraha urang, Mang?" Cekéng, ngawani-wanikeun manéh milu némpas.
"Dalapan urang!"
"Ari nu tugur di pos?"
"Opatan! Si Aup, Sirod, Abas jeung Si Encéng. Ku naon kitu, Jang...?"
"Cobaan itung ku Amang geura! Da ceuk uingah, ieu nu keur laleumpang teh aya limaan!"

PANGKENG HATE

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 19:17:30

Hujan asa beuki rongkah, nu ngajanteng hareupeun kaca katingalina keur anteng ngumbar panineungan. Unggal keclak cai nu ninggang lemah ngawujud jadi kalangkang bihari.
"Rin.. enggal netepan heula." hiji sora nyalukan ti luar pangkeng.
"Muhun ieu ge bade." tembal Rina bari ngusap matana nu beueus.
"Geulis..Anaking, nu geus miang mah ulah dijieun tunggara." Sora indungna mairan.
Nu solawat di masjid karasana beuki ngesetan hate, rumasa joledar ka salaki nepi ka dikieuna. Unggal lalampahan nu geus disorang ku dirina moal leungit komo musnah tina pangkeng hatena.

MAKSAKEUN

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 19:14:28

Reup sakabéh lampu dipoékan. Caangna sacukup-cukup tina lilin anu dihurungkeun. Culang-cileung. Gegereyeman sabisa-bisa. Késang tiis mimiti renung bareng jeung muringkakna bulu punduk. Peletak! Sora nu malédog kana jandéla hareup. "Anu nyingsieunan paling gé," ceuk haté. Jung nangtung bari mamawa lilin. Jorélat! Kalérét nu ngajuringkang. "Asik! Aya nu ngabaturan," Teu sawatara lila kapireng sora anu nyikikik, nu ngagerem, nu humaregung. "Alahamdulillah! Gusti tos maparinan cepil ka abdi janten abdi tiasa nguping sarupaning sora Ciptaan Gusti." Gerentes haté bari ngadégdég.
Gung! Gung! Sora goong cicirén réngsé uji nyali. Kurumuy anu mapagkeun. "Selamat anda lulus!" waktu keur sasalaman, awak kuring asa ngahampangan. Koléang! Gedebut! Les teu inget di bumi alam.

BAJAK LAUT KASARUNG

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 18:49:28

Kapal ngajungkiring. Bandéra hideung gambar tangkorak, ngélébét. Balabuh di darmaga Pangandaran. “Pék! rék ngalakukeun naon, kumaha arilaing! Omat, balik mawa logistik. Saméméh Matapoé mélétét, kumpul. Telat, ditinggalkeun. Ngarti!” Kaptén Longji, ngawanti-wanti. Awak kapal, jung-jleng. Bur-ber. Ka pasar nu dagang patingkocéak. Ka tempat-tempat hiburan, awéwé patinggéréwék.
Saurang bajak laut, nyéngclé ‘na élep. Pédah digupayan, dicalukan ku kenék, “Banung…! Banung…! Tariiik… piiir…!”
Anjog. Kota Banung diubek. Nyedek ka peuting. Bingung balik. Hulang-huleng. Pret listrik pareum. Mongkléng. Nyaho-nyaho, aya di hiji rohangan. Susur-sasar. Ngabadug waskom, eusi ciuyah jeung lebu. Pangeueuman suku nu titingkuheun. Lebu dirawu. Dilétak. “Keusik kikisik. Asin. Deukeut ka laut, yeuh!” gumerendeng. Ngarampa kewuk, bacacar. Pangulinan béklen. “Cangkang kerang? Sisi laut!” Bras ka garasi. Jedug neunggar bémper élep. Rumpu-rampa, “Wéiiis… kapal, aing!” Blus. Merenahkeun manéh. Ngadon héés.
Isuk-isuk. “Pangandaran abiiis…!” corowok kenék bari muka bahasi. Digeblakkeun. Gulutuk. Ngoréjat. Berengbeng lumpat ka darmaga. Kapal balayar, nengah. “Kaptééén… dagoaaan…!” ***

SISINGLAR

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 18:44:11

Tingsariak, ruy rey sawak-awak. Eungap. Ngahanju. Ngahégak,. Sora ngageter...norolang. Kudu nepi ka tamat. Pipikiran kaditu kadieu. Teu kudu galideur, manteng kanu Kawasa. Panon ngulincer ka unggal juru rohang, nuturkeun rasa néwakan kalangkang nu tuluy babalicetan. Lajag-léjég bari dangah, némbongkeun aing henteu gimir...Haliiik!
Salambar…dua lambar…tilu lambar. Awak mimiti karasa leuleus, nu ruy rey lalunan laleungitan, sora tatag deui. Alhamdulillah, tamat bareng jeung ngong adan...Ya Allah, nyanggakeun! Abdi jeung itu sami-sami mahluk Gusti nu dibéré alam séwang-séwangan. Lambaran ayat-ayat ruqiah jeung Al-Ma’tsurat ditutupkeun. Ngarénghap. Bar, sajadah diamparkeun. Cong solat…

CUKUP NGUCAPKEUN SABAR

Kénging Remi Purwaka Sadkar
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 18:20:33

Daun diparuntangan ibun. Dapur ngebul. Budak indit sakola. Heup. Kandeg tepi ka dinya. Bray. Kalangkang lalaki nu rék indit. Harita. Guru honor keur pamit, "Kakang mios heula!" Les. Tinggal kalakay 'na panonna. Nyel. Nénjo indung si piyik riweuh kokoréh. "Sieuh! Sieuh!" Digebahan. Ngajentul. "Poropooot...!" Ngenyot ududna. Tanggah. Sapu gumeleter. Buruan nu ti tadi disapuan, teu karasa geus lening. Peledug. Runtahna dihuru. Édas...! Dadana tiba ngabebela! Ditanya tatanggana, "Salsé waé, Kang...?"
Kawas sasari, pamajikanana mah geus indit ngantor. Ngan bédana poé ieu mah teu neundeun talatah. Wanci. Beuki ahéng, kawas nyiksa. Téténjoan sarwa teu biasa. Béak kecap pigeusaneun aral. Sup ka imah. Ngajentul di patengahan. Bray. Telepisi. "Harga BBM undak..." kitu, cenah! Tuluy nyangsaya 'na karumasa. "Poropooot...!" Serebung. Nyipta-nyipta nu karék kaalaman deui. Tadi. Keur manéhna ukur ruruhit. Taun demi taun. Unggal cengkat ti pagulingan. Manehna. Leungiteun ibun maruntang. Ukur talatah dina meja komputer, duit keur roko, jeung surya manceran. "Poropooot...!"

NGULIAT

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 18:07:45

Hudang saré tuluy nguliat. Pangnikmat-nikmatna. Tah, éta pisan nu euweuh di kuring téh. Geus sabulan meureun panyakit teu bisa nguliat téh tumibana. Teu bébéja ka anak pamajikan mah. Keur sakuringeun baé nu apal. Tatamba geus ka mamana. Ka dokter. Ka alternatif. Teu hasil. “Pah, nyangu naon nu raos?” Nu bungsu ngajak tatarucingan. “Taluk!” cekéng. “Nya..nguliat atuh...!” cenah. Hadeuh. Matak nyelekit kana haté jeung cangkéng. Teungteuingeun. Pamajikan mimiti baeud. Da setoran gajih mingguan sok remen kurang. Sawaréh dipaké tatamba apanan. Meunang béja, aya dukun nu ahli mindahkeun panyakit pasénna ka sasatoan. Durugdug ditéang. Enya baé. Panyakit kuring pindah ka domba. Alhamdulillah. Gajih weuteuh deui ka pamajikan. Malah ayeuna mah ngawanti-wanti ulah teuing nyangu. Da dahar mah sok ngadon di kandang domba boga Mang Odoy. Isuk soré.

DI JALAN

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 16:09:07

Ngajalankeun mobil anca, mawa jalan pangsisina ngarah teu ngagokan batur. Tapis ngerém bari nyisi basa sajorélat aya nu gugupay sisi jalan gigireun mobil hideung nu ngabagug.
Waktu geus jonghok, nu gugupay téh mojang lenjang nganggo cidung warna bungur nyurup sareng raksukan nu dianggo.
"Kunaon Néng, mogok?" Cékéng bari neteup. "Geulis!" Gerentes dina haté.
"Sumuhun kang! Manawi teu kabotan abdi ngiring," pokna bari neuteup seukeut.
Méméh asup kana mobil, kuring ngawatek heula aji danar-danar. "Badé teras kamana atuh ieu teh Néng?"
"Teu langkung engkang, abdi mah bade sadrah dibantun kamana baé ogé," pokna bari tungkul waktu aya lampu nyorot beulah katuhu.
"Duh punten Néng, sanés engkang nampik, nanging pan urang téh tos benten," teu kebat nyarita manéhna jol motong kalimah.
"Naha engkang uninga kitu saha abdi?" Bari neuteup seukeut.
"Kantenan ! Pan salira téh Virginia, bojo Saeful Djamil, nu pupus jalaran kacilakaan di tol ieu".

KUJANG

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 15:53:57

Sampurasun! Ampun paralun! Hapunten sanés ngalangkung silib siloka, sandi sasmita sunyatana!

Sréeet! Dicabut tina kowakna. Gurilap! Hérang ngagenclang. Dialak-ilik. Digalar-gilir. Ditaksir. Hamo nyalahan. Kujang Dua Pangadékna. Seukeut dua sisina. Siloka; urang sunda kudu bener-bener mangpaat keur jatidiri budayana jeung lemah caina. Tadahna boga cabang dua. Pungsina keur nakis jeung nyepét pakarang lawan supaya leupas tina cekelan leungeunna. Deuleu étah geuning matana gé aya lima. Ieu mah Mandala séba atuh. Nu nyekelna gé mun teu bupati nya permésurina. Lain pakarang joré-joré. Saliwat mah siga Dzulfikar. Pedang kagungan Rasulullah SAW nu diwariskeun ka Sayyidina Ali bin Abi Thalib. Kujang saha ieu téh? Nyampak luhureun lomari kaca di tengah imah? Lebah beuteungna, aya tulisan Stainless. Leng ngahuleng. Saha ari Stainless? Nu bogana atawa nu nyieunna? Piraku dijieun ku bulé? Teup deui kana beuteung kujang. Tulisanana mingkin atra. Stainless Steel. Moal kitu Si Stainless téh babaturan Si Cikal?

Kowak: sesebutan kana sarangka kujang
Tadah: bagian nu melengkung lebah beuteung kujang

LOBA KAGUAMNA

Kénging Andi Sya'bandi
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 13:29:55

Ku nyangsara-nyangsara tekanan ékonomi, tétéh mah nepi ka digawé ka Saudi Arabia jadi TKW. Hayang boga rejeki téh nepi ka kitu. Teu pira, éta téh hayang ka beuli pelenis. Hayang ngasaan digénggé. “Maksadna mah, hayang ékting cenah siga batur hayang ka beuli hapé.” Ceuk kapi Lanceukna. “Ka beuli teteh?” Talék Néng Asri, kapi Adina. “Ka beuli, ngan didinya di Majalaya. Anu ngagarantung nu barodas geuning sampeu…” Walonna. “Éta mah, sanés hapé. Tapi tapé.” Témbal Néng Asri.

RUMASA CAN BISA

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 12:02:53

Tina maca riwayat Baginda Rosululloh SAW, kuring nyaho, yén waktos nanjeurkeun islam, ujian kanggo anjeunna abot pisan. Diciduhan. Dibalédog tai onta. Dibalédog batu, dugika waosna punglak dua. Anjeunna tetep sabar. Saprak Ujé maot, kuring jadi mindeng maca status babaturan, anu eusina potongan-potongan naséhat Uje. Cenah, lamun urang dihina, teu kudu dibales, bales wae ku kaalusan. Niat rék nurutan. Atuh teu bisa jiga Baginda Rosulullah, sugan bisa mirip-mirip jeung Ujé, gerentes téh. Keur anteng maca, torojol Si Orowodol datang pépédéngkréng. Nyel keuheul. Gantawang, kuring ngalawan manéhna nepika lak-lak dasar. Batal.

OBAT ALTERNATIP

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 11:41:49

Wasda élékésékéng hayang ngabudalkeun eusi haténa. Sabab mingkin diheungheum mingkin ngaburial. Nyanyautan pating seregot, ngakut nanah baluweng. Cangkem kalah balem ngabetem, ngararasakeun heneg nu kamalangkem. Lek inuman ditotor. Kumalayang sajongjongan. Tuluy dirungrung deui kabingung. Dibrangbrangkeun nulis diari, réngsé, diilo laju dijejewét. Kitu jeung kitu taya kacapé. Kertas runtah ambarayah. Teu palér kénéh Wasda muru rohangan dapur. Sup sirahna diasupkeun kana gentong panginuman nu caina tinggal satengah. Wasda ngocéak maratan jagat. Rada ngemplong. Cetrék nyetél lalaguan, dipolkeun volumeuna. Kotka racleng tai ceuli. Hiburan majar téh! Tuluy ngéngklak nepi ka ngésang. Tapi haté angger teu daék palér, samalah aya émbohna, euyeub ku rupaning kahayang. Reureuh saheulaaneun, nuuskeun késang, bebersih. Wasda digamis muru majlis dzikir. Tapi pikiranna malah muir, rumasaan asa kasindir. Ngajéngkat balik ti heula. Motong jalan ngaliwatan astana kasampak nu keur ngali kaluat, Wasda nyampeurkeun. Am nyamualkeun taneuh beureum, rep sagalana jadi caméwék. Nu ngali kaluat tihothat ngalalembur.

POÉ PANGÉLING

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 11:25:40

“Dihajatan ti bubudak. Sunatan, hajat. Cageur gering, hajat. Lulus sakola, diwisuda, nikah tepikeun ka boga incu, hajat. Nu dipalar, jauh tina balai, parek rezeki. Tulak bala tara kakantun. Kurang naon? Ayeuna geus sawawa, jadi kuli. Hirup ukur dina tungtung curuk batur.” Ngahuleng. Panonna mencrong TV. Barudak sakola garelut . Silih ala. Mantri Pendidikan teu walakaya. Teuing naon nu dipikiran. Tambuh laku. Pedah UN teu matut? Kolébat, ganti warta. Ayeuna mahasiswa. Garelut antar jurusan. Pikiran beuki marungkawut. Saluran dipindahkeun. Ganti hasil surpéy. Barudak SMA loba nu teu parawan. Dua tinu tiluan. Guru kawartakeun ngareuneuhan murid. Sakola runtuh. Jauh, kudu meuntas walungan, maké sasak tambang bari ngagantung. Pikiran luluncatan. Hésé ngéntép. Dibaheum, dirarasakeun. Geuning pédah ngaréndéng. Babarengan, pauntuy-untuy. Cetrék TV dipareuman. Gap kana laptop. Ngirim surat ka kanca nu aya dina akun Pésbukna. “Wilujeng Miéling Dinten Pendidikan Buruh Sadunya.”

KUBURAN

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 10:29:37

Karék gé reureuh tina pananya dua malaikat Munkar jeung Nakir, kareungeu di luhur aya nu daratang. "Ustad, ané do'akan semoga énté bisa ngejawab semué pertanyaan malaikat," sora Wan Abud. "Beuh, telat ilaing mah ngadu'ana," cekéng téh. "Ulah hariwang, euy! Randa ilaing ku déwék bakal dikawin ha ha ha...," sora saingan ngaharéwos kana tetengger. Ampir wé kuring luncat ka luhur, tadina mah rék ngababuk caréhamna Si Karta. Ngan hanjakal kuring téh geus paéh.

ANGGRÉK BODAS

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 08:33:09

Anggrék Bodas, dipelak dina tangkal nangka. Naplok dina tapas kalapa. Wur cai, wur pangdunga. Saban isuk, saban soré. Morontod. Ray poé, pucukan. Ray minggu, daunan. Tingpelentis kokocop. Mekar, ligar. Ngeplak bodas saranggeuyan. Wur cai panyiram, wur cai kahéman. Garumenclang. Nyangsang dina lalambaran kembang. Jeprét difoto. Lar nu ngaliwat. Reg hareupeun Anggrék. Molohok. Kumétap. Rey ciduh aulna. Ciduh bari anyar hudang. Rarat-rérét. Sepi, tiiseun. Panto dikaronci. Gidik balik. Gidig deui. Reg. Ngajengjen hareupeun Anggrék. Kusiwel ngodok saku. Cetrék digunting jeung ranggeuyanana. Kincid. Gura-giru balik. Gep kana pot. Cur cai, rey ciduhna. Ngarey ngalémbéréh. Mencrong Anggrék dina bukét. Sora gunting tingcaletrék. Manéhna mulang. Reg. Gebeg. Hareugeueun. "Duuuh, Anggrék Bodas, na kamana? Geuning ukur kari gagangna!" Cumalimba. Bray kamera. Anteng diteuteup. Anggrék Bodas ukur kari gambarna.

HAMPURA AA, ENENG

Kénging Setiabudhi Budi
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 07:20:33

Lamun seug harita Aa wani ngambil resiko, meureun moal kieu jadina...
Dina sela-sela pating burinyayna lampu disko, jeung gumuruhna sora musik, Eneng ngadadarkeun sagala nu karandapan.
Duda anak dua, pilihan Ama, ternyata galak timburu. Majar teu mirasa. wireh raga kapimilik, ari hate tetep ka Aa. Dua taun rumah tangga, hasilna ukur anak dua jeung talak tilu sakaligus.
Teu kuat nandang wiwirang, Eneng lumpat ka kota. Di kota anu sarwa indipidualistis, bari teu sanak teu kadang, Eneng bingung. Mapay-mapay kahayang, teu puguh anu dituju, ahirna anjog ka ieu tempat. Gawe babari, buruhna lumayan. Sanajan hate mah asa disasaak, inget bae ka Aa…
Eneng ngarenghap, nutup carita….
Ayeuna Aa geus mapan. Sakolebat hayang nyambung asih nu kungsi pegat. Hanjakal Eneng, Aa geus …buntutan.

HIDAYAH

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 06:54:55

“Saha siah nu geus wani-wani maling sendal déwék ? Mun kapanggih, diteukteuk tah ku aing kokodna.” Kardi isuk-isuk geus cocorowokan di buruan imahna basa nyaho sendalna aya nu maling. Tatanggana ngadéngé nu ambek-ambekan bati olohok bari ngahareungheum piseurieun. Sup Kardi ka imah. Nyampak Esih, pamajikanana, keur nangtung reumbay cimata. “Ku naon, Sih ?” Kardi nanya lirih. “Kang , dangukeun. Akang téh kedah sukuran. Akang tiasa kempel deui ayeuna jeung anak pamajikan. Abdi téh capé nunggu Akang taun-taun bari tihothat sorangan ngurus budak satilu-tilu buah cinta urang. Ayeuna Akang tos mulih bari kaayaan salira beleger. Untung Kang, panangan Akang lengkep kéneh. Iklaskeun wé Kang sendal téh.” Esih nyuksruk na dada Kardi. Sakeukeudeung jempling. “Sih, Akang jangji.” Kardi ngaharéwos bari tipepereket nagkeup pamajikanana. Tangkeup deudeuh pinuh panuhun. Ti harita, kulawarga Kardi bisa hirup jeung huripna, najan ayeuna mah manehna ukur dagang cocoan budak hareupeun sakola.

NYÉRÉLÉK

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 06:45:18

"Terima kasihku ku ucapkan, pada guru ku yang..." sora barudak kelas genep, nu latihan jang acara paturay tineung, karasa ngageuri kana haté.
Ngadadak awak cing sariak, muriang, cirambayan.
"Kunaon ari Bapa, siga nu saredih kitu? Kawas nu kakara waé, rék pipisahan jeung barudak !" Ibu kapala mésem.
"Muhun, teu karasa geuningan Bu, barudak geus rék ninggalkeun ieu sakola. Asa sakiceup, mangkaning jang mayar tabungan can aya !" ngadadak rohangan jempling.

DUKA NAON

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 06:04:23

Balik survéy jeung babaturan, samobil genepan, katujuh supir. Peuting ngagayuh ka isa, beuteung murilit. Nyimpang heula ka warung ngeusian eusi peujit. Karék gé gék, torojol awéwé, kurang leuwih umur lilikuran awal. Nilik papakéan jeung paripolahna, sarérétan ogé katinggali awéwé bangor. Manéhna, ngadeukeutan salah saurang babaturan, ngaléndéan bari ngomong :”A..bilih bade ngersakeun?”. Dikitukeun téh babaturan samar polah, tuluy ngajawab sangeunahna:” ah isin seueur réréncangan”. Ngadéngé éta jawaban, si awéwé ngajawab deui :” teu kedah isin-isin A…. da abdi mah osok ogé one by breng……!”. Berekah teu ngarti, duka naon maksudna.

GÉNK MOTOR

Kénging Ade Kusmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 05:38:57

Kuring ngaboncéng nyi Kokom peuting peuting. Dasar kuring pupujieun ngajalankeun motor téh siga pambalap di sirkuit. Bubuhan unggal poé kuring sok ulubiung jeung génk motor. Pas dinu poék , dikajauhan tiarah balawanan, katingali dikénca jeung katuhu aya lampu. “Kuaing rék digawéan siah!” gerentes haté kuring. Motor di gas satarikna nyokot jalan tengah. Siiuuut, gurusuk!” Puguh wéh batur téh nyaringray nyuksruk kasolokan. “Aing rék dilawan!” ceuk kuring ngajago hareupeun nyi Kokom. Teu kungsi lila manggih deui siga tadi, dikajauhan katingali aya lampu dua kénca katuhu. “Ku aing dilayanan deui siah!” ceuk kuring bari ngagas satarikna nyokot jalan tengah. Siiuuut, gedebrus!” Kuring nyakakak ningali maranéhna ogé nyagebrus kasusukan. “Aing rék dilawan!” ceuk kuring hayang kapuji ku nyi Kokom. Aya deui waé lawan dihareup. lampu dua kénca katuhu tikajauhan. “Kuaing dilayanan ogé siah!” motor digas sabéakna. Motor rék asup nyokot jalan tengah. Cekiiiit, Braaak!” “Konténer rék dilawan!” ceuk kuring...”

NAPAK TILAS

Kénging Taufik Faturohman
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 01:46:17

Pagawe pom bensin pohara kagetna, mireng tengah peuting aya nini-nini jeung aki-aki nyalingker ka tukangeun pom bensin ngadon sapatemon. Anu matak helokna, eta aki-aki pohara kuatna, sajero sapatemon teh leungeunna pakupis, awakna kekejet. Ari Si Ninina mah ngahenen we bari nyarande kana pager.
Sabada ngareureuhkeun kacape, jung maranehna cengkat. Memeh mulang, dipegat ku pagawe pom bensin anu ti tadi nempokeun.
"Abdi bade naros, naha aki sareng nini ngadon sapatemon di pengkereun pom bensin ? Sareng helok deuih, sakitu tos sepuh geuning Aki mah kiatan dugi ka panangan pakupis sareng awak kekejetan. Naha nuang heula obat kuat ?" ceuk pagawe pom bensin nanya.
"Kieu Jang sajarohna mah. Peuting ieu teh umur Aki panceg 85 taun, Si Nini mere hadiah istimewa ngajak sapatemon tukangeun pom bengsin. Napak tilas minangkana mah, sabab nya di tukangeun ieu pom bensin Si Nini baheula beunang parawanna. Perkara leungeun aki pakupis jeung awak kekejetan mah, lain lantaran dahar obat kuat, dumeh baheula mah pager anu disarandean ku Si Nini teh euweuh setruman," tembal eta aki-aki bari kalamas kelemes.

DONGÉNG SI NINI

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 00:43:12

Ngarenghik ménta dipangdongéngkeun. “Heug. Ngan kadé ulah méwék cara sasari, nya!” pokna. “Moal, tapi embung sakadang kuya ah, bosen!” cekéng. Derekdek Si Nini ngadongéng. “Kacaritakeun aya nini pangebon, ogé aki pangebon. Boga incu, ngaranna Si Ikin. Beurang peuting ceurik hayang dahar sangu. Unggal poé dahar taneuh meunang meuleum. “Aduh, Ema. Ikin lapar, hayang geura dahar sangu.” Nyaritana bari dihariringkeun. Kitu jeung kitu aya kana sataunna. “Deudeuh teuing anaking. Wayahna sing sabar, urang ngadagoan usum hujan, engké urang ngahuma!” témbalna. Pareng hujan. Si Nini jeung Si Aki geuwat ngahuma. “Duh, Nini. Ikin teu kuat hayang geura dahar.” Sorana semu ngahéas. “Ké, urang ngakeul heula,” ceuk ninina. Barang rék ngasongkeun sangu. Si Ikin awakna oyag. Jep. Karasa aya nu ngeclak kana pipi kuring. “Kunaon geuning, Nini oge kalah ceurik?” cekéng. “Kapan urang ogé sarua can boga béas jang isuk!” témbalna. Bari nangkeup kuring.

SONO BOGOH UING KA ANJEUN

Kénging Valda Ali Vam
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 00:25:09

Tilu bulan teu panggih, aya ku lila, asa sataun. Dina der na panggih, mani sakocépat.
Hing ceurik, asa ngenes. Manéhna geus rék miang deui, kanu kolot. Éta poé ngan sakocépat. Saminggu jiga sapoé. Kumaha carana ngaganti poé, ngarah jam na nambahan. Teu kapikir. Hiji-hijina jalan nyaéta, béré obat saré sing loba. Ngarah teu indit deui, sakalian saré jeung uing duaan. Lep belewek.

Bener saminggu téh lila ayeuna mah, teuing sajam kitu ieu téh. Ieu di mana?
Naha poék, naha aya sora ngagempur ceuli, handaruan. Naha asa dina jero taneuh. Eungap.
"Kaang Wiryaaa...!"
Euweuh.

Di luhur taneuh, Wirya kakara éling tina karacunan, digaléntoran ku pamajikan nu kolot.

SULING

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2013 00:01:26

Keur ngeunah-ngeunah paduduaan. Kuring jeung Manéhna. Kepluk. Daun jati murag. Keuna kana biwir. Nu méh antel jeung biwir Manéhna. "Haram jadah..! Sia..! Ngaganggu.!" Kuring ngalungkeun daun jati.
Gap. Manéhna dirarampa. Puguh sanajan keur dicekelan gé teu kajeueung. Bongan panon Kuring kencés.
Lalaunan. Biwir Kuring dideukeutkeun deui jeung biwir Manéhna. "Ulah Kang..!"
"Moal atuh.. Ceuk kolot manjing sareupna."
Kuniang. Kuring indit. Teu leupas nyekel Manéhna. Laju dibawa ka eungon. Suling ditunda. Ngagantungkeun dina paku