Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 03 Fébruari 2013 (36 Naskah)


BÉJA BALIK TI DUGEM

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 23:52:18

Ukur dina dina létah nyebut bungah teh, basa lanceuk nyarita dina telepon rék balik ka Indonésia. Haté mah teu méréan. Puluh-puluh taun di Amérika, paur méré pangaruh. Padahal mah keun baé manéhna mah di ditu sing jongjon dina dunyana. Da kuring gé geus tingtrim tanpa manéhna, di dieu. Rék teu hariwang kumaha, tuda Ki Lanceuk téh di dituna jadi tokoh Islam nu boga pangaruh. Ratusan warga Amrik loba nu jadi mualap ku jasa manéhna sabatur-batur.

TIGEBRUS

Kénging Putra Kelana Mandalagiri
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 23:06:34

Wanci hanet moyan uhe nyangcang domba dina golodog imah na, bi ijah diuk dina golodog torojol anjing.. Domba sieuneun. Lumat nepi ka golodog kabawa. Bi ijah tikusruk nepi ka paeh.

BIWIR

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 22:49:42

"Anaking, kadé Aki mah mihapé biwir, ulah sok saomong-omongna, sabab biwir mah teu béda ti lawang sakéténg mun dibuka pasti sagala kabuka…” ceuk Akina ka Madrois, daria pisan
“Maksad Aki?” Tanya Madrois.
“Ari Ujang, nu kasebutna biwir mah mun dipaké kana kaalusan buahna bakal alus, tapi mun dipaké kana kagoréngan buahna matak jadi mamala, geura pék pikiran jeung tengetan ku ujang, nu disebut biwir apan aya kandel aya nu ipis, aya nu jébrag aya nu leutik, aya nu dipaké imut aya ogé nu dipaké camerut, aya nu soméah aya nu sinis, tah éta téh beunang dicirikeun, nu matak kadé ngagunakeun biwir téh kudu ati-ati…!”
“Euh….leres Aki, kahartos atuh….”
“Sukur ari kaharti mah, sabab biwir mah mun geus dipaké teu béda ti doa….”

PAIKEM GEMBROT

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 22:28:11

Peledug menyan dibeuleum, bari kumat kamit mapatkeun sagala parancah. Seja dumeuheus rék rekés ménta bongbolongan Haseup mabek. Ngong aya sora tan katingalan, “Euweuh murid bodo, taya guru jago. Nu aya mah, murid nu can manggihan guru nu surti ngigelan parangi budak atikanana. Nu ngawulang bari ngahudangkeun kasenangan diajar. Diwuwuh ku kadeudeuh ti haté nu gumenclang. Malah mandar bisa nyongcolang, ngapungkeun rapangna wangwangan pirang-pirang barudak, mapakan béntang sulintang” Kelas suwung, tinggal bangku kosong, barudak robah jadi haseup, mumbul ngajugjug awang-awang séwang-séwangan! Kuring tanggah neuteup ti jauhna. Ngadago barudak mulang. Nu duka iraha mulangna?

SANG SÉNA

Kénging Hadi Aks
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 22:15:08

Séna ngajentul ‘na batu buhun. Langit hideung sacur-sacureun rék nurunkeun hujan. Sanaha, putri ti Kalingga, nu nyuuh dina lahunanana sarua jempling. Séna ngarénghap, nyieuhkeun nu nyelek dina tikoro. Bréh deui dina ciciptanna hiji taman di Karaton Galuh nu marakbak ku cahya pésta. Langgéor Nyi Pohaci Rababu, istri Sempakwaja nu cunduk nebarkeun wawangi dalingding tanjung. “Aya purnama!” Sang Prabu Mandiminyak ngagerentes, kasirep ku sorot panon Nyi Pohaci, dahuanana pituin. Opat peuting, di taman nu ngelemeng ku cahya bulan, Sang Prabu jeung Nyi Pohaci ngudar kama séwang-séwang, dina rarambu halimun sutra. “Jadi aing, Séna si anak jadah!” ceuk Séna meupeuh batu. Gap nyengkatkeun Putri Sanaha. Mencrong panonna. “Sang Prabu ngalolos ka Kalingga. Tuluy nikah ka Putri Parwati indung anjeun. Urang geus pada mangkak duriat. Tapi tétéla urang tunggal sagetih!” Goak Nyi Putri ceurik bari ngarangkul. Cur hujan turun. Cimata langit nu nyakclakan kana kakayon di leuweung Galuh nu jempling.

KANGGO NYAI

Kénging Agus Bagja
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 22:08:38

Nyi, yeuh emas sacarangka.
Nyi, yeuh berlian sapeti.
Nyi, tah artos dua karung, jung balanja sakahoyong Nyai.
"Akaaaang...!" Les Nyi Onih kapiuhan, ninggali salakina nu nyuuh dina tumpukan suluh, bincurang boloboran getih kakadék patik.

KUTU LULUNCATAN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 21:37:53

Teuing ku pinter tah otakna, unggal aya baturna nu katindes, manéhna mah sok salamet, bisa pisan luluncatannana, komo mun dirina geus teu aman mah, sok geuwat wé néangan hulu nu aman, luluncatan ti hulu ka hulu, teu singna capéeun.
Tapi basa luncat kana hulu botak, manéhna tisolédat, seureuleu, gubrag, ragrag meneran pisan aya gajah ngaléngkah, manéhna teu bisa kukumaha, pasrah, kaleyek nepi ka palastra.

STRUK

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 21:34:14

“Ouphhh Dadadakhcc”

Sétésss… sécchkk, khkaaeeljg botbottthechec. Wooodheehc, éndihhettt. “Blakéthhh, hoerrumerkhikkk opphechh?”
Ttékéthhc keithh obbetherr kjddiihh… “Wowophech, horésstér!”
“Ritisithet, serticherr besterot!”
“Ub… ub… khekkhekchh.”
“Kothkothérch, namammamanini lauww?!”***

Ieu fiksi mini, karyana Ki Sobat nu kasibat panyawat struk. Satékahpolah. Dilisankeun ngalangkungan basana nu sanés sasari. Kuring, purah nu ngetikna.***

BAPA

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 21:07:39

Saragam sakola anu nganhiji-hijina réngsé dikérodan. Diasongkeun ka anakna. Mang Suha jajap nepi ka lawang pakarangan. “Sabar, sugan aya milik!” Anakna nyium tonggong leungeun. Laju mapay jalan satapak. Leumpangna ingkud-ingkudan, sapatu nu dipakéna calangap sabeulah. Bapana ukur neuteup bari ngeclakeun cimata. Ras inget kanu jadi indungna, nu geus nilar leuwih ti heula. “Hayu Kamprét!” nyalukan anjingna. Gedig indit. Ngala batu. Wanci lohor anakna geus balik sakola. Sakumaha biasa kurah-koréh kana boboko. Teu manggih sangu. Ukur tapakna. Dekul mirun seuneu. Nungguan bapana mulang mawa béas. Dimana sééng nyéngsréng moal lila tinggal ngarih jeung nagenkeun. Cai geus ngagolak. Suluh ampir béak. Can jol kénéh baé. Nu kadéngé sora si Kamprét ngagogog diburuan. “Kamprét, mana bapa?” Nu ditanya sakapeung ngaharengan. Bututna kupat-képot. Kawas hayang nyarita. Dunungan surti. “Hayu!” Manéhna nuturkeun si Kamprét. Nepi kanu dituju. Ngagogogan urugan batu nu ngarurub sédong.

CALON ARTIS

Kénging Asep Rachmat
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 20:54:22

Wanci sareupna, sésa layung mulasan langit dayeuh Sumedang. Sakeudeung deui, Tampomas nu ngajegir bakal ngajadi silhuét dina pigura peuting. Tarman ngaléngkah gura-giru muru bunderan taman kota, ninggalkeun émpér toko nu biasa jadi pangreureuhan. Hitar leutik nu teu weléh satia marengan, disoréndangkeun. Pikiran jeung haténa dilimpudan obsési jadi panyanyi nu kasohor cara Pasha Ungu, Ariél Noah, Wali, jeung nu liana. Malah manéhna boga kahayang nyieun grup boybén sagala. Opat urang sobatna geus kapilih, saperti Adul, Kasmad, Emod, jeung Kurdi nu dirasa klop marengan réngkak di panggung.

Jalan macét, kandaraan ngantay panjang. Tarman asup kana salah sahiji angkot nu eureun, ngahaleuang dipirig ku hitarna nu ngagenjréng asal-asalan.
" Cangkurileung... Dérétdétdét, cangkurileung, eunteup dina dahan kai..."
Bérés nyanyi, Tarman ngasongkeun gelas palastik ka unggal panumpang. Nu diarasongan haré-haré, taya nu maliré. Angkot laju deui. Gura-giru Tarman turun bari kukulutus. "Leuh, lagu sunda mah euweuh nu méré geuning, naha teu ngalartieun kitu?"

TAMIANG MEULIT KA BITIS

Kénging Hady Prastya
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 20:46:53

Awi lantas raga suling. Ngahiang leungit jeung gending. Anu muntang dina cangkéng. Beulat-beulit kahirupan. Antara keuneung jeung tuur. Titis tulis ti dituna.

(nyobian mikmin diwangun ku wawangsalan)

SUPER SONIK

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 20:39:56

Wanci sareupna. Basisir laut kidul Cipatujah. Nu ngunjalan suluh geus carapéeun. Mang Kasja, badéga Mama jeung pangasuh kuring tibubudak nyampeurkeun.
“Jang, sigana bakal kapeutingan di jalan.” Ngahuleng. Isuk kudu ka Dayeuh. Pakanci rérés manjing sakola deui.
Treuk Gé-És taun 56 metet. Ngeteyep mapay jalan tarahal. Lebah Cimerak mogok. Muru Cijulang lalampahan tilu jaman deui. Distrik tempat Mama mancén gawé. Mang Kasja surti laju ngaharéwos,
“Ngarah gancang nepi, ku Mamang diakod.” Kuring kerung. “Sing percaya. Ngan aya saratna. Kudu peureum jeung teu meunang ningali katukang.”
Mata Mang Kasja ngawaskeun kajauhna. Buleudan hideungna caang. Mangsa beurang dina hihideung matana aya buleudan bodas. Tara disidikkeun biasana mah. Sigana éta nu hurung.
Clak naék. Beretek lumpat. Rarasaan asa ngaguruh. Angin nebakan ceuli. Peureum. Nangkeup tipepeket. Panasasaran hayang nempo katukang. Geuning buntutan belang. Teg.
Mama mapagkeun. Disasarung, nembé mulih ti masigit tas salat magrib.
“Geuningan, Kasja. Ujang kunaon siga ngohodhod? Kamana treukna?” Kuring ngabirigidig.

PANGEUSI KAMAR NOMER DUALAS

Kénging Mbi Chymepm
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 20:35:03

Waktu ngeusian kamar nomer tilulas, dina peuting kaduana Nyi Onih taya nu nuguran, pédah geus rada bérag. Témpo kapeutingnakeun, manéhna rada ngahuleng, di luar kapireng aya jalma tingsalegruk. “Beu, boa-boa pangeusi kamar sabeulah, tos dipundut ku Nu Rahayu,” pikir Nyi Onih. Enya, teu sawatara lila aya sora roda didorong bari dibarengan tingaringhak.
Panceg jam dua peuting. Rekééét, panto kamar aya nu mukakeun. Perawat asup deuk mariksa inpusan. Saléosna perawat kapirengeun ku Nyi Onih aya sora anu déhém. Hieeek, bau sireman minuhan rohangan. Simbut gancang dibedol, dipaké nutupan beungeut. Késang badag, ngurutug maseuhan awak. “Bu! Buuu,” aya sora gigireuna, meni haroshos. Gebeg. Ngawani-wani maneh. Lalaunan simbut nu nutupan beungeutna dibuka. Rét kanu keur ngajanteng gigireuna, “Éh, gening suster, badé marios naon deui?” Perawat teu némbalan. Rét, Nyi Onih ningali kana bitis perawat, aya cai ngurutug mapay bitisna.

RAMPOG NU GADUH KAWELAS

Kénging Aria Damar Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 19:31:15

Dasar jalma jahat teu ngari aya nini-nini ogé. Pas dina totowang jalan anu hara-haraeun nini Samah di cegat. "Hé Ni kadieukeun barang berharga mun henteu dicekék ku kaula !" Cék éta jalma bari narik leungeun nini Asmah. "Jang ninimah teu boga nanaon, ngan boga ieu sagiwang-giwangna. Baheula maskawin ti jenatna si Aki. Hésé ngalanagé bubuhan geus muluhan taun". Sigana éta jalma jahat rada karunyaeun "Eh enya atuh Ni sok kadieu urang minyakan heula nya ngarah gampang ngalaanana !" Kusiwel ngaluarkeun minyak rambut tina pésakna tuluy dibalurkeun ka cepilna si nini, tungtungna éta giwang beunang ka ala. " Yeuh Ni supaya nini teu leungiteun teuing ieu ku kuring digantian ku giwang meunang kuring meuli ti tempat cocoan barudak !" pokna kitu bari masangkeun gigiwangan ka cepilna si nini.

LAKSANA

Kénging Deden Budiman
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 19:24:04

Cangkèng asa potong, awak rariged tur barau 7 mulud, udud teuing bèak sabaraha bungkus, buceng teu ngari, kopi gè teuing sabaraha kali ninyuh.
Ti isuk ngeluk nepi ka sorè jedèr kuring jeung nu lian ngusey anteng cicing nyanghareupan jeu“r.
Sanajan kitu sukur alhamdulillah kuring teu di enol teuing, bari jeung ngan saukur mawa hasil teu sabaraha.
Ieu niat kuring ti bèh ditu mula, dimana aya hasil ku kuring rèk dibagikeun ka dulur“ sanajan saeutik èwang nu penting pada ngasaan wèh.
Kukituna ayeuna ku kuring dibagikeun, kulantaran imah dulur“ kuring jarauh mangkana ku kuring dikirimkeun liwat sms wè........
sok tah tarimakeun saayana lur hè“
<^)>>>><
<^)>>>>>>< ..........35@@@

JUBAH GONI

Kénging Rudi
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 19:00:29

Pendopo Kadaton, heurin ku para inohong Nagri Aisénodné . Hémpak merbayaksa, nganti Ingkang Prabu, Raja Imron Al-Manar. Nu dianti jebul ti pipir, dipirig ku gending kebo jiro. Gék dina korsi gading gilang kancana. Pok ngandika, “Aya naon ieu téh, asa rariweuh teuing!” Salah saurang inohong gasik ngébréhkeun pamaksudan. Ceuk pamadegan maranéhna sagala nu dipilampah ku Raja Imron teu saluyu jeung cita-cita révolusi. Salah sahijina, raja teu meunang midunya.
Mireng kitu, Raja Imron bendu. “Kula maké papakéan alus lain alatan midunya. Istuning diniatan kusabab embung ngahinakeun nagri jeung Gusti. Bisi teu percaya ieu buktina!” Tatag, laju nyingkabkeun bajuna. Bréh, jeroeun jubah sutra kayas, katémbong baju goni. Mangratus-ratus tumbila nyayang dina sesela, mararontok. Katingal kulit leungeun Raja bareureum, kawas urut dicoco tumbila. Sakabéh inohong hookeun, tuluy marulang.
Raja Imron muru pangkéng, séja leleson. Baju goni dilaan, jeroeunana katénjo jubah sutra héjo.
Jol, saurang dokter karaton nyampeurkeun, “Waktosna ngaleueut landong, nun…,” bari ngasongkeun ubar rajasinga.

PANGGEUING

Kénging Edi Supriyadi
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 18:43:31

"Sia kajongjonan, naon nu geus dipigawé taya mangpaatna.
Teu solat alatan inbox an. Teu tahajud alatan pesbuk.
Poho ngaji inget tweeter. Solat poé Jumaah wungkul. Na rék jadi naon silaing téh?"
sentak jalma jangkung gedé dijubah hideung bari ngamang ngamang kampak.
"Ké heula, ari ki silah saha?"
"Aing wujud paripolah silaing nu teu balég!”.
Kampakna disabetkeun rék narok sirah kuring.
"Tuluuung ampuuuun tuluuung... moal deui deui."
"Kang istigfar!” pamajikan ngahudangkeun.
Bray beunta. Kuniang hudang. Ngahuleng mikiran nu karandapan.
Bener omongan nu dijubah hideung téh. Ti mimiti ayeuna moal arék Pésbukan. Léos ka tengah imah, ceg kana modem dibabétkeun, ancur. Ceg kana Laptop, "Ulah atuh goblog Laptop mah mahal!" aya sora tanpa wujud...., Teu jadi dibalangkeun. Laptop diasupkeun kana laci. Laci dibuka aya modem hiji deui. Panasaran Laptop dihirupkeun. Modem dipasang, deuh masih bisa ningan. Sup ka Facebook, lampu hejo manehna hurung keneh.
"Teu acan kulem?"
"Teu acan puguh ngantosan titatadi!"

RÉSIDIPIS

Kénging Harmenn Nur Harsayana
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 18:05:49

Tisaprak kaluar sél. Cénah mah rék tobat. Hiji mangsa kawénéhan deui. Manéhna ngantongan tarasi.

LALAKON NALANGSA MANGSA HUJAN

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 18:04:49

Clak!...Clak! Cai ninggang baskom. Imah rapang ku parabot keur panandé cai. Unggal hujan gedé, balocor di unggal rohangan. Lain omékeuneun. Euweuh deui nu sok ngomékeun. Ukur bisa neuteup keclakna cai. Ngaharep hujan gancang raat. Di tengah imah, lain keclak deui tapi nyurulung. Teu katadah ditandéan émbér. Di Kamer, kasur digulungkeun. Embér tilu ngajajar luhureun ranjang. Nandéan cai. Barudak carinutun ‘na korsi bari ngaharuleng. Hujan kalah beuki gedé dibarengan angin. Cluk clak cai beuki kerep. Baskom, émbér méh pinuh. Bocor palebah dapur mah lain tandé-tandéaneun. Caina ngumplang ‘na lanté nu geus béak pelurna. Cimata marengan keclakna cai ti nu balocor. Ukur bisa sasambat na jero haté. Nalangsa saban hujan gedé.

DASAR KUDU KANYAHOAN

Kénging Budi Dharsono
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 17:45:48

Hiliwir bawaning angin, kolébat bawaning kilat. Aya wartos ti tatangga, Si Akang nuju kasengsrem, Ku wanoja kembang désa. Paingan atuh paingan, Akang téh élékésékéng. Cilingcingcat pulang anting. Si Akang tos saged dangdan, nganggo péci jeung bedahan. Moal boa wengi ieu, Akang janten dirapalan.Kolébat kénging ilapat. Nyai rek ngatur siasat. "Kang, Nyai badé tipayaun. Teu kiat hoyong leleson!"
Meni asa aya jalan, hadé pisan kasempetan. Ti harita kénéh miang. Maksad mah badé nepangan. Kuniang, si Nyai gugah. Mapahna keketeyepan. Nuturkeun ti katebihan. Ka mana nya Akang miang. Payuneun bumi Nyi Mojang, Si Akang bet culang-cileung. Kuliwed, Akang ka pengker. Haté Nyai tambih yakin. Atra pisan kakupingna, Akang ngawitan misaur,"Ma! abdi dongkap ka Ema. Maksad neda dihapunten. Salami abdi larabi, sareng putra bungsu Ema. Teu tiasa nyugemakeun. Nanging abdi téh balaka, ka anjeunna abdi cinta. Abdi jangji rék satia. Dugi ka tepang jeung Ema." Akang lami cumarita. Nyegruk 'na tetengger Ema.

BIRAHI

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 16:09:30

Jajantung, ratug. Rénghap ranjug, silih udag. Rasa urang, arék ngahiji. Tanpa aya hahalang, nu ngawatesan awak. Silih béré, kanikmatan. Nu éndahna, ngumbul kalangit.
Tapi, lain kitu.
Lalakon, kapotong. Ku galindengna, sora anjeun. Nu nyaksrak, kana getih. Tuluy nyentug kana angen.
''Halalkeun heula, diri abdi. Saméméh, janten haram!''

AYUN ASIH

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 15:20:28

Nu ngalagena. Ngawelah dina umpalan sajatining asih. Nyakinah. Iman kadaliana. Léha. Nyéngcélak luar jerona. Sacara lahir mah, Puguh teu nurub jeung salakina. Tapi nyurup dina lelemes batinna. Keur ngais anakna nu ngadadak harééng. Diéyong hariring solawat. Nu diais awakna beuki nyebrét. Teu répéh jejeritan. Rét kana dompét salakina anu ngagolér dina méja, ukur diteuteup. Laju istigpar. “Sing sabar nya geulis! Ké urang mésér obat, pami Apa tos gugah, ” pokna. Semu ngalimba. Salakina ngulisik, geuwat disimbutan. Bari diusapan sirahna, semu deudeuh. Aya nu ngeclak, kana tarang salakina. Koréjat. Gebeg. “Geulis!”

'BIOSKOP KELILING'

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 13:12:30

Bray, lampu héjo hurung. Rohangan peteng. Bréh lalakon baheula narémbongan dipintonkeun ku proyektor kahirupan dina layar implengan. Nyata jeung atra pisan! Bungah bungangangna basa kabiruyungan dibenum jadi pé-én-és. Hirup aya getihan deui!
Lampu konéng kakalicesan di juru layar, cicirén mangsa tugas téréh wekasan. Gura-giru muru rohangan arsip, diimeutan, gemet. Teu manggihan tapak gawé nu rancagé, suwung hasil pinunjul. Berebet ka rohangan balé sawala. Katénjo kamandang-kamandang nu nyongcolang pating kalayang jadi ramat di lalangit sawangan.
Bati ngahelas, basa taya kasempetan deui keur ngajanggélékkeun karancagéan, geusan pikareueuseun turunan. Reuwas basa kapireng nu pating corowok ngajejeléh. Brug para rubuh. Cer...! Aya nu ngamalir tina sirah nu bocor, cérét maseuhan laporan réhab nu hurup jeung angkana kapupus ku beureumna getih.

LUHUR KARANG PAMIDANGAN

Kénging Kang Bibih Nubaheula
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 12:48:19

Hibar layung lebah wétan, parat ngahias luhur sagara, ngagebur mulas méga, mapaésan jomantara,
Tah didinya lebah dinya, luhur karang pamidangan, kuring mimiti nampa katresna ti si manéhna.
Tah didinya lebah dinya, tilu taun nu kalangkung, paturay eujeung manéhna, lain harti mungkas carita, tapi, ukur misahkeun pati, waktu nulung buah kalbu, kokojayan di sagara. Kaléléd lambak nu rosa. Dua layon diteureuy sagara.
Tah didinya lebah dinya, luhur karang pamidangan, lima bulan ti harita, kuring ceurik balilihan, keur jongjon nyawang dua kembang harepan, nu kiwari ngancik ukur dina lamunan, dipergasa tilu jalma, "Aya ku téga."
Tah didinya lebah dinya, luhur karang pamidangan, ngusapan utun-inji, tina buah dipergasa "Utun-inji, hampura, èma teutéga, hidep gubrag ka dunya teupuguh bapa, angur urang mungkas carita, nyusul lanceuk hidep di sagara, Akaaang..! Abdi antosan.!"

TEU KUDU SIGA BATUR

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 12:09:02

Duka budak kènèh,duka bubudakeun. Pagawèan ulin ruang-riung jeung baladna. Teu mikir siganamah. Sakitu anak mah geus sajodo. Juhe teu daèk robah. Otakna kalah disimpen. Siga nu lebar dipakè.

Pamajikan mindeng pundung. Balik ka kolotna. Pusingeun meureun ningali salaki teu euih-euih.
"Tos wè abdi nu usaha,janten TKW!"
Ceuk pamajikan.
Geus aya mingguna karèk ditèang.
"Cicing awèwè mah di imah."
Juhe rada kasigeung. Untung mitoha teu pipilueun. Siga nu embung rudet ku urusan rumah tangga anak-minantu.

Teu salah nu nyarita. Kanyaah Indung teu aya watesna. Ngamalir salawasna. Ti jaman ka jaman. Sanajan anak bahidul teu hideng-hideng.
"Cing atuh Juhe,geura mikir! Sing aya kahayang hirup tèh siga batur!"
Ceuk bi Minah.Kanyaah mah tamplok.
"Hampura ma, uingah teu hayang siga batur. Hayang siga uing wè."
Tèmbal Juhe.

HAAAAAAR

Kénging Wawan Irawan
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 11:37:52

Tagiwur hate teh asa ngalayang pipikiran oge, pun biang teu damang dirawat di rumkit ditunggunonan ku pun bojo. Isuk keneh kuring saged dangdan sakumaha biasana rek ka kantor, motor dihirupan derendeng ngabiur muru tempat pagawean .Dina hate ngagerentes "ah moal tamat nepi ka rengse digawe teh ,rek sasadu we." Motor mengkol ka buruan kantor, reg eureun. Kantor suwung malah panto dorana ge masih digembok. Kurunyung datang nyampeurkeun penjaga bari muka panto dora "Bade angkat kamana bapa teh?" . "Nya arek digawe !" ceuk kuring bari rada nyereng."Pan dinten minggu ieu teh Pa !". Kuring reuwas "Haaaarrr ahad nyah ?"

RUS - RAS

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 10:24:27

Sajeroning nyanghareupan leptop. Roko geus ampir béak tilu bungkus. Dahar jeung ngopi geus aya kana tilu kalina. Geus sababaraha kali diomélan pamajikan , pedah uing teu cengkat-cengkat tina pangdiukan.
" Kang , tuh manuk récét can diparaban. Tong udud waé !"
" Kang , hayu atuh anteur ka pasar , meungpeung keur peré. Tong andekak waé !"
" Kang , nitip popoyan , mun hujan pangnyaitankeun. Tong cicing waé !"
" Kang , olah raga atuh kawas batur. Ngarah ulah bureuteu teuing ! "
" Kang , telepon atuh Si Cikal , piraku wayah kieu can balik !? "
Pipikiran kumelendang. Usrak-asruk ka ditu ka dieu. Ras inget ka Ustad Lutfi , bet ku teu nyangka geuning jadi unggah baléwatangan. Alatan pindah kayakinan tina hamba Alloh jadi hamba artos. Ras inget ka Si Euceu nu keur mumuntang di baitulloh. Sangkan anakna dibébaskeun tina tungtutan hukum ngayakeun pésta narkoba. Ras deui inget deui ka babaturan nu ngadadak kaserang setruk alatan pipilueun milu pésta kambing guling. Bet jadi asa kagagas , meureun manéhna téh kudu pangsiun méméh waktuna. Bleng ...uteuk asa poékeun. Ngadadak sagala poho. Nepika leungiteun ideu keur nulis fikmin.

TÉMPÉ

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 09:42:45

Pulang ti kantor. Keur surupat serépét, seseledek, nyingkahan macét. Tara-tara ti sasari, pamajikan nelepon. Kadéngéna téh nitah pangmeulikeun témpé. Buhan di jalan. Sora pamajikan awor jeung sora motor, teu loba omong, diheugkeun wé. Nepi ka pasar. Salian ti témpé. Sabangsaning tahu, endog, wortel, kurupuk, jeung daging sapi ogé, teu katinggaleun dibeuli. Dua ratus rébueun kurang leuwih. Enya, keur mahugi. Duit sakitu mah, teu jadi masalah. Engké ogé bakal digantian ku kanikmatan nu leuwih-leuwih. Mangkaning peuting tas paséa. Ucang anggé tas paséa mah, biasana sok matak pogot. “Konci bumi handapeun pot. Teu kedah sasauran, lebet wé, abdi tos ngantosan di kamar!” Sms ti pamajikan, matak surser. “Siaaap!” Témbal kuring dina jero haté. Nepi ka imah. Sanggeus muka baju, muka calana. “Sinanteneun miwarang mésér témpé, biasana ogé teu sedep lin?” Ceuk kuring, bari ngagabrug manéhna. “Saha nu miwarang mésér témpé?” Pamajikan, nguniang hudang. “Naon, atuh?" Kuring reuwas. “Ipéd, Aa, Ipéd. Naha, témpé?”

SIIT-UNCUING

Kénging Hady Prastya
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 09:27:27

Samagaha katutup méga. Ieu dunya geus teu puguh rupa. Langit ditutuh guludug. Bring ka dieu bring ka ditu. Bingung nyiar panyalindung.
Kuring lumpat satakerna. Diudag-udag caah tiwétan. Becir. Anjir! Tepi ka hilir kuring disampakkeun banjir. Jalma-jalma geus ngajugjug tiap mandala. Néangan jawaban keur pananya séwang-séwangan. Weléh. Alam dunya rupana enggeus sarua.
Ieu rénghap geus tepi elak-elakan. Tapi tetep pananya teu weléh ngudag. Kuring pundung. Kuring nyuuh ditangtayung méga mendung. Purilit, dina awak asa aya nu nyaliksik. Nitah urang ngadeg, ngalenggak, tanggah ka langit.

JADUL

Kénging Agus Bagja
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 09:22:56

Réngsé salat subuh bari rada nundutan, likum gajleng. Teukawawa hayang geura ngopi. Muru méja, nu biasana geus ngajagrag cikopi jeung lalawuh saaya-aya.
Kardun kerung, naha cikopi can aya. Léos ka dapur. Ukur manggihan nu bangkenu.
Ari lol, belewer, mutu kana panto.
"Har, kunaon ari Ibu?" Kardun kagét.
"Eta dina saku tas, poto saha?" Bari nyentak pamajikanana nanya.
Gebeg, jedud, rey, Kardun reuwas.
Bari neger-neger manéh, Kardun ngajawab. "Oooh..., éta Bu, oooh, anu nitip ngadamel KTP".
"Halah alesan jadul!a yeuna mah jaman E-KTP!" Pamajikan Kardun beuki nyentak.
Kardun ngabetem teu bisa némbal.

KULUB SU'UK

Kénging Hilman Af
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 09:10:53

Jujun tuturubun nyuhun kulub suuk,
kurunyung dudung turun nurugtug
muru udud puntung surutu urut nyuguh subuh,
tuluy dudung nubruk jujun, nu nyuhun kulub su'uk,
kulub su'uk jujun murudul, dudung nyuksruk nubruk tunggul,
tu'ur dudung buncunur, jujun murukusunu,
nyuntrung-nyuntrung dudung nu murungkut..
Tuluy jujun kukulutus.. "Dudung nurus tunjung, tuh su'uk pulung" dudung ujug ujug nubruk bujur jujun ku hulu. Tuluy jujun mukul hulu dudung ku suluh.. Kudupruk dudung nyu'uh,, nyuuuuutt... Nyuuutttt... Uluuhh.. Hulu dudung buncunur...
biasa we atuh macana ntong manyun kitu ah...

NGAJUL BULAN

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 07:07:33

Manéhna, kost gigireun imah. Matak resep, ku soméahna. Cacakan geulis, henteu pilihan. Ngaranna janet, asli filipina.
Pirajeunan nitah, nyahoeun kuring jalma teu boga. Dahar ogé, seuseut paribasana. Matakna, tepi kiwari. Can aya, awéwé daékkeun. Malah sakapeung, sok ngahina. Mun nitah, lumayan. Aya, buruhna. Da manéhna, sok meulian baju. Tuluy dipakétkeun, ka nagarana. Cenah, jang jualeun.
Ngan geus sataun, manéhna balik. Pédah manéhna, geus meunang gelar. Paling sok ngobrol, dina facebook. Meunang mangnyieunkeun manéhna, accountna gé. Tapi kamari, manéhna nginbox, ménta dijemput di husein. Atuh isuk kénéh, geus ngajentul di bandara. Ngan tepi waktuna, euweuh norojol. Ambek, haté téh. Nu antukna, kuring balik. Kana angkot, da teu boga motor. Tepi ka imah, asa ku reuwas. Katempo na lawang, aya wanoja. Janet! Ceuk hate, yakin. Gabrug, manehna ngarangkul. Asa bungah, ieu haté. Asa aya, nu ka ubaran. Kadéngé manéhna, ngaharéwos kana ceuli.
''Kuring ménta dikawin. Sabab anjeun, geus ngaracunan pikiran. Oge haté, nu salira ieu kajaga''

DUNYA GEUS TIBALIK

Kénging Eros Rosnida
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 07:05:03

Nu keprok di rohangan mani handaruan, tempat asa kaindit balas ku rame jeung rongkahna kunu saruka bungah, kabeh nu didinya pada maruji pada ngauluhkeun ka Lina nu geus sukses ngagolkeun hiji proyek di pausahaan, Lina banjir ku hadiah jeung pamuji, boh ti perusahaan boh ti kolehana tangka teu kawadahan. Irung Lina mani rebeh mapaesan biwirna nu jebleh nu sok dipake lumah lameh kaditu kadieu hayang ka anleh, teu paduli nyakar nyisikudi, ngadoni ngarah ngarinah dapon dirina untung, teu mikirkeun batur dipentung, teu mikirkeun akibat kalakuanna batur kuciwa jeung tideuha,dina utekna kumaha carana bisa deukeut jeung dunungan sangkan sagala cara dihalalkeun. Padahal harita ge sabenerna proyek eta lain hasil gawe Lina sorangan, tapi murni hasil gawe Ratna nu jalmana antiem, lungguh, pinter tur nyantri. Eta proyek waktu keur di garap ku Ratna, Lina ujug-ujug datang kana meja Ratna, dadakuna mah api-api tatanya siga nu bener teu ngarti, tapi teu sawantara lila Lina ngagunting kana hanca Ratna bari teu beja jeung carita, langsung di usulkeun ka pimpinan,akhirnya saperti ayeuna Lina nu kapake jeung kapuji, sedengkeun Ratna nu boga gagasan jeung ide teu aya saurang oge nu malire, tapi Ratna gede hate yen ieu teh cocoba.: "Euhmmmm.......dunya teh tibalik ." gerendengna bari nempokeun nu keur di ciuman ku pimpinan.

AJENGAN NYABOK SANTRI

Kénging Sarabunis Mubarok
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 04:43:29

“Mama, naha Gusti Alloh bet nyiptakeun syetan tina seuneu? Atuh masing asup kana naraka oge, panginten syetan mah moal ngarasa panaseun?” Ceuk hiji santri nanya ka ajengan. Sajongjongan nu ditanya ngahuhuleng. Teu lila ujug-ujug gaplok, gaplok teh eta santri dicabok ku ajengan. Nepi ka ceurik rawah-riwih. Tuluy ajengan cacarita, "Bieu taneuh geus nyabok taneuh, kumaha? karasa nyeri teu?"

TALATAH

Kénging Dadan Sutisna
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 00:19:00

Panceg jam dua welas. Pamajikan ngareureuwas. "Akang, gugah, aya nu pupuntenan... asa sieun," haréwosna. "Antosan di dieu!" gasik hudang. Bedog panjang dijéwang. Tina sela-sela kaca, katémbong pagawé kantor pos ngajanteng lebah téras. Siga euweuh deui beurang. Bray. "Mung katalatahan, jajapna kedah wayah kieu," ngasongkeun beungkeutan kembang. Tuluy ngaléos rurusuhan. "Wilujeng tepung taun, ti nu deudeuh teu reureuh-reureuh," cék tulisan dina amplop, napel kana gagang kembang. Rék dibuka asa-asa. Pirang-pirang jirim narémbongan. Kasebelan. Siga rék nyieun pucuk ti girang. Gidig ka tempat runtah. Kembang dicacag. Keretasna disoéhkeun. Bus deui ka imah. "Pa Érté ngajak ngaronda, tapi tunduh pisan..." pok téh, ka nu ngadégdég kénéh dina kasur. Isuk-isuk, siga sasari, ngadaweung di téras hareup. Nyéh imut sorangan. "Ieu kopina, Kang! " aya nu ngasongkeun gelas bari milu umat-imut. Panonna semu carindul. Léos ka jero deui, dipirig sora SMS. "Najan pungkasna di tempat runtah, abdi mah teu weléh nyaah..." Ti nomer pamajikan.

NALIKA MULANG TI MAHMUD

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 00:03:12

Purnama masih ngempur, nalika dipapag gelenyuna ditepas kuring. Ingetan jadi muih balik deui ka Mahmud. Atra, teu rumasa baha kana papagah pinisepuh. Tapi naha ayeuna bet dipapag kunu kieu. “Teu kedah hemeng Ang, abdi ngahaja dongkap ngantosan salira!”
Purnama tambih ngempur, nalika rasa sieun dirungkup kukaresep. Kiwari nu ngajega dina hate ukur kapincut, kabongroy wanda sampulur nu dipisieup raray manis tur dangdosana, ngabelesatkeun kuring ka sawangan mangsa rekaan carita kahiyangan. Masih reureungeueun keneh, nalika kapireng halimpu suantena anu lenggah dina korsi panyawangan kuring, lamun keur neutep purnama ditepas ieu, “Tah kumargi mung ieu kahoyong salira, sumangga atuh abdi serat pinuh ku rasa deudeuh, teras apungkeun ka fiksimini basa sunda ku geter cinta salira nya Ang!” Purnama tetep ngempur, nalika salambar keretas di meja leutik gigireun korsi kosong cipruk ku kacinta.

(revisi)