Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Januari 2013 (47 Naskah)


NYUNGKUN

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 23:52:43

Beletrak! sirahna ditéké.
“Aduuuh..! nyeriiii atuh, Gan!”
“Bongan sia mah digawé téh ngedul pisan.”
“Leuleus tuda, Gan”
“Alesan, pan unggal poé dibéré dahar.”
“Jatah duarébu sadinten mah, kirang gizi atuh, Gan.”
“Ari nyanéh hayang menu naon kitu?”
“Upami palay nyemprung mapakan Stoner, bandwithna nu unlimited atuh, Gaaaan!” Modem protés ka dununganana.

SAMAGAHA

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 23:19:02

Bulan téh, aya ku sampurna. Nyaangan alam pangrasa, ngahiap panggupay tibelat. "Teu aya énjing! Teu aya wengi." ngamparkeun tilam kadeudeuh dipapaés kembang kaheman, ngaweuhan sanés kanten haleuang kamelang, nyanding hariring niir kaasih.

"Aya ku seukeut, éta waleran...!" ngahinis, nyeuit, nurih ati, tina satiap haréwos patarosan. Hawatos!

"Mangga uninga ku Salira, palih mana caangna?" duka mung raraosan. Paningal téh, rumeuk...! Malih heureut. Haté samagaha, ngangkleung lebeting petengna.
Palias...!

LALAKI NGINTIP BULAN

Kénging Tito Wicarda
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 22:00:13

Lalaki dina rumingkang nanya ka jirimna :"dimana bulan nyumputna ?".

Lalaki cicing, miharep aya kaajaiban anu biheung. Weleh suwung, teu ngadongdon ngalangkangan.
Dadana eusi renghap ngagalura, jumerit deui :"dimana bulan ?".
Ukur ka teuteup bentang nu leungit kiceup, keur kongkoyangna. Lapur, bulan ilang teuing kamana.

LALAKI NGINTIP BULAN

Kénging Tito Wicarda
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 22:00:11

Lalaki dina rumingkang nanya ka jirimna :"dimana bulan nyumputna ?".

Lalaki cicing, miharep aya kaajaiban anu biheung. Weleh suwung, teu ngadongdon ngalangkangan.
Dadana eusi renghap ngagalura, jumerit deui :"dimana bulan ?".
Ukur ka teuteup bentang nu leungit kiceup, keur kongkoyangna. Lapur, bulan ilang teuing kamana.

TUJUH LAJER

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 21:53:25

Hérmawati mojang lenjang ti Désa Sindang Tresna. Dénok binti démplon. Teureuh pujakesuma. Putri Jawa keturunan Sumatera. Hadé tata hadé basa. Dedeg sareng parangina nyeplés ibuna, nu asli mojang Karawang.

Kuring boga haté ka manéhna, rerencepan nitip salam. Sanajan sok api-api teu maliré mun pareng tepang di hiji karaméan. Éra parada. Tapi bakating ku remen amprok ahirna wanoh, jorojoy bogoh.Samalah geus pasini, iwal pati nu bisa misahkeun. Sapuk pakait ati pacantél manah.

Édas karék gé sakali ngasaan amis cauna katresna, kiwari tinggal éndahna. Gigirimisan bareng di jalan satapak curug Cigeuntis, Minggu soré harita, jadi pangiretan pamungkas. Kuring ségah. Alatan teu pira basa jangga salira némbongkeun aslina.

NU MAYUNAN SUMPING

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 21:14:14

Saré tibra pisan, awak laleuleus satulang sandi . Ti wanci indung peuting sapat ka wanci janari nyacapkeun kasono sanggeus labas sabulan paanggang.
Kahudangkeun ku nu keketrok kana jandéla kamer.
“Nyi…,Nyi…, ieu kaka mulang”, rada gogorowokan. Tos rada lami ngantos jigana, mangkana ngetrokan jandela.
Lulungu mukakeun panto. Wanci balebat. Gebeg, asa dibéntar gelap. Ngabelegedeg manéhna , taya nu dipiceun sasieur tepikeun kana raksukan anu dianggona. Persis nu sumping tadi wengi. Nyaan, nyaan sanés ngimpén, pan seueur buktina. Ieu awak anu lalungsé, gurat kuku ramo dina punduk, anduk ngalumruk di juru.
“Nyi, naha kadon matung?. Aluk naheur cai, kaka hayang mandi cihaneut”.
Lenggerek kuring kapiuhan.

PAPATAH KOLOT

Kénging Deden Budiman
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 21:10:31

Kuring masih kènèh inget caritaan kolot kuring sanajan teu kabéh karegepkeun, diantarana baè : salaku jalma nu boga iman jeung anjeun ujang nu geus dibekelan iman ku mama, mangkadè anjeun ulah adigung adiguna asa aing uyah kidul, sing inget yèn jalma taya nu sampurna, kabèh ngabogaan kaleuwihan reujeung kakuranganana, ulah nganggap nu lian bndo, belet taya pangabisa, kudu asak hampura lantaran jalma mah moal tetep cicing dina hiji tempat, ayeuna kieu duka teuing sakeudeung deui mah boa jadi kitu..
Regepkeun tur tunda dina jero hatè, lamun anjeun jadi mènak boga pangkat mangkadè nyieun kaputusan téh hèg utah beuweungkeun lantaran lètah mah leuwih seukeut batan pedang..
nu pamungkas mangkadè sanajan urang aya dimana baè ulah nepika ngalalaworakeun parèntah Anjeunna..
Bral ayeuna mah gera miang didungakeun ku mama jeung ku abu..nawaètuan kadinyah
..........35@@@

SAPERAK?

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 20:52:10

“ Saperak nya!” Ceuk Si Engko tukang encit. “Teuing mun lima perak mah, heg ku sayah dibikeun ari Engko resep ka eta barang mah!” Tembal kuring bari ulak-ilik neangan bahan gamis keur pamajikan jeung seragam sakolana budak. “Wah, luhur teuing atuh Kang!” Kareret Si Engko haben ngulak-ngilik barang kuring, meni dengdek-dengdek jeung dikukar-keker sagala. Geus meunang bahan keur gamis jeung seragam sakola, kuring nyampeurkeun meja kasir. “Kieu we, harga duduluran nya Kang! Ku sayah diduitan dua perak. hempek eta encit tong di bayar, haratislah!” Ceuk Si Engko bari ngajak sasalaman. Kuring teu mikir panjang. Pira oge ali pirus pamere tinu jadi Adi, nu jualan batu ti Parapatan Ijan. Di imah Si Jalu Atoheun, langsung mukaan bungkusan balanjaan. Regot kana cikopi manis meunang ninyuh pamajikan jeung ngelepus udud, kuring muka amplop anu ti Si Engko tukang encit. Gebeg! Horeng, Saperak teh sajuta!

PEUTING PETENG

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 20:46:16

Hujan ngaririncik. Jas hujan dibalangkan luhur taneuh beureum. Cik kénéh meunang ngagali. Kalacat. Gerung. Mobil dihirupan. Nyemprung meulah peuting. Balati dibulen ku lamak bodas. Rembes beureum. Lung ka kéncaeun jalan. Kaca diturunkeun deui. Rét kana sepion tengah. Jurungkunung ti kolong jok. Buukna gimbal. Lenyap. Cekitttt. “Balég ngajankeun mobil téh koplok!” nu tukangeun nyiap bari nyarékan. Manéhna neuteup nu tadi katénjo. “Téténjoan,” gigisik. Det. Nincak gas satarikna. Biur. Panasaran. Rét deui kana sepion. “Surti?” Mojang diuk. Beungeutna kareumpeukan buukna anu gimbal. Guley jeung taneuh beureum.Ramo-ramona nu léncop tur garetihan nyingraykeun buuk nu ngahalangan. Lenyap. Bréh. Janggana nu tatu ngamalirkeun getih. Seger. Cekittttt. Jedak. Gurudug. Brug. Gerung.

HANDAPEUN CARINGIN...

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 20:45:02

Budak lalaki. Umur welasan taun. Teu maké baju. Katingali tatu dina tonggongna. Ngageleng. Nginghak, lain nyeungceurikan tatu-na. Sasambat. "Ema.. Ema.." Rumpa-rampa handapeun caringin. Kutan panona gé lolong. Hiliwir angin, murag-muragkeun dangdaunan. "Kasép..! Ema didieu..." Nu ucang anggé luhureun tangkal. Budak angger sasambat. "Ema.. Ema.." Jep, jempling. Lawon bodas ngarurub awakna....*2.

ÉRLOJI

Kénging Érwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 20:21:20

Aya nu nyését kana haté. Peurih lir digerihan ku hinis, satutasna maca salambar surat nu karék katampa, ti anjeun. Aya nu dipénta, nu salila ieu can bisa waé kapimilik ku anjeun. Rét, kana érloji. Tawis ati nu dikirimkeun bareng jeung surat. Kapireng tuk-tek jarumna jiga nu keur ngaléléwé. Rap, dipakékeun. Kana leungeun nu kénca.

Wusss...! Gebeg! Jirim anjeun ujug-ujug geus aya hareupeun. Panon molotot. Hurung. Beungeut euceuy, lir beusi atah beuleum. Sesentak. Nyarékan laklak dasar. Tina létahna racleng jarum laleutik. Teu ieuh dilayanan, saukur bisa mencrong seukeut, ka jirim anu keur kahuru seuneu amarah. Rumasa teu dipaliré, anjeun mingkin rongkah. Lir maung ngamuk gajah meta. Jedak! Lomari ditajong lebah kacana. Prang...! Belingna mancawura. Gap, kana kalénder nu naplok 'na dingding. Béréwék. Dijojoét. "Tuh, deuleu! Panonpoé jeung bulan ogé aya mangsana...!" Ceuk anjeun bari tutunjuk.

Uteuk mimiti ngahéab. Érloji diudar. Belewer! Meneran pisan kana tarangna. Les! Nu nyésa saukur haseup ipis.

SANG SUPERWOMEN

Kénging Dewi Mentari
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 20:12:23

Ningali salakina kalékéd, batu keur tatapakan bogana Haji Uloh dipanggulan ku Otih hiji-hiji. Laju disimpen dina carangka hareupeunana. Tambang carangka dikulawitkeun kana rancatan.
“Tah! Panggul jukut, Akang mah!” manéhna ngarérét ka salakina bari memener rancatan lebah taktakna, “Hempék tiheula!”
Nekéh nanjak mapay jalan di tungtung lembur. Taya sari-sari capé. Rekétna sora rancatan maturan leumpang maranéhanana.
Anjog ka imah bilik sisi susukan.
“Kami mah rék nganteurkeun heula tatapakan ka Haji Uloh. Mun Si Nyai can mulang mah, langsung mirun seuneu wé nya, Kang!” Teu nungguan jawaban salakina, manéhna neruskeun léngkah.
Teu lila geus norojol deui bari ngélék baralak kalapa, “Ih! Geuning meredong kénéh hawu téh!”
“Na ari nyanéh. Capé kénéh atuh!” salakina némbalan bari ngabebengkang.
“Beuteung mah moal apaleun capé, Kang.”
Baralak diasupkeun ka jero hawu. Panékér diceéeskeun. Nyelang ngisikan hla. Mulang bari ngajingjing émbér. Kastrol eusi béas ditagogkeun.
“Kang, kadé seuneu nya, Kami rék ka cai.”
Jempling....

DIPALIDKEUN

Kénging Aming T Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 20:10:38

Geus dua poe teu hujan, Ema mah atoh kacida, sagala diseuseuhan, sagala dipoekeun, lap jeung Kekesed teu kaliwat.
Kasorenakeun barudak jigrah arulin hareupeun Imah, dibarengan ku ibarna layung kalah siga nu betah.
Reup langit angkeub,
Burinyai beledag, burisat kilat melah langit. Barudak nu keur arulin tibuburanjat ka imah.
Burinyay!, jeleger, daun kalapa hurung tangkalna belah manjang ka handap.
"Astagfirullah" kuring babacaan.
Hujan turun gede naker kawas nu dibahekeun ti langit.
Walungan tukangeun imah caina ngajangkungan ampir limpas kana sasak awi nu karek kamari di omeana.
Dina umpal-umpalan cai walungan aya rakit gebog luhurna kawas mayit di diukeun, nyangsang kana sasak awi,
Abah nu malikeuna deui.

PURNAMA KA TUJUH

Kénging Aria Damar Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 20:07:16

Kardi ngusapan rambut istrina. Deudeuh jeung geugeut taya bandingna.. Jedag sora dina suhunan. Kardi ngarénjag. Ras inget peuting ieu mangrupa purnama anu ka tujuh. Jangji pasini ka raja Oray mun nepi ka wanci purnama ka tujuh manéhna kudu masrahkeun pamajikanana digunasika ku raja oray. Mangrupa ganti tina harta banda nu meunang munjung ti siluman oray. Istrina nangkeup beuki pageuh "Kang sieun, sora naon éta?" Kardi males nangkeup tipepereket cimatana budal maseuhan rambut istrina. Kasawang mun raja oray ngagulang gapér jalma nu dipikacintana. Manjing wanci jam 12 peuting jegér. bray jandéla muka. Belegedeg hiji jirim jangkung badag sirahna siga oray. "Kula kajeun perlaya moal masrahkeun pamajikan!" Cék Kardi bari ngorejat hudang. "Hhhhhhhmmhhh jalir jangji siah hah rasakeun !" dua leungeun éta mahluk nyekék beuheung Kardi. "Geulis hampura akang, geura lumpat ka masigit !" ngan sakitu omongan kardi bari roroésan nahan eungap.Laju kulahék kardi ngaleupaskeun nyawana.

CIPANON KUMIS

Kénging Agus Bagja
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 19:52:45

Sakumaha biasa wanci asar ka cai rék mandi, bari teu poho alat solat sapuratina. Tara mawa ari sajadah mah. Angkeuhan da palupuh paragi solatna ogé éstu leucir beresih. Lumrah di Pakampungan mah, sisi tampian sok aya papanggungan paragi solat.
Bérés mandi siged rék solat Asar. “Berjamaah Kang” Ceuk Uhé nu sarua karék bérés mandi. Deluk solat , kuring imamna.
Beres solat jeung ngadu’a sapuratina, cipanon masih reumbay teu katahan.
“Deuh, akang mah tiasaan khusu ngadu’ana, dugika nangis kitu”. Ceuk Uhé.
“Ėta tandana urang rumasa jalma loba dosa bari keyeng hayang pangampura Gusti” Udin nu karak datang mairan.
Kuring mah teu némbalan , tibang nyabakan kumis nu karasa peureus kénéh urut kacepét palupuh basa sujud rakaat panungtung.

RAMBUT KUSUT

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 19:33:59

"Tong diteukteuk, nya? Akang resep," haréwosna.
"Mangga, Kang." Léah jeung bungah Si Geulis miarana. Diangir jeung disampo unggal poé. Nu dipalar, buukna bisa nganteur diri nyanding bagja. Unggal tepung, nu dipuji ukur buuk. Nya panjang, nya gomplok, meles, jeung seungit, deuih. Tambah taun, tambah geugeut kana buuk. Hanjakal teu beunang dihalang-halang, Si Geulis aya nu néang. Titinggalna, buuk panjang galing muntang. Dirawu dipangku. Unggal peuting tepung asih, buuk meulit, tresna muhit. Mangsa nyiar gaganti Si Jenat, buuk diampihkeun. Teu kaur réréndéngan nyanding asih, buuk ngamuk marungkawut. Tungtungna napsu kapegung. Buuk diduruk. Hangitna ngahudangkeun raga peteng. Nguniang males kanyeri. Isuk-isuk urang lembur milu ibur. Dua raga tanpa nyawa ngajoprak méh teu katara. Dibulen ku rambut kusut.

BEUNGEUT NA JERO CADAR

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 19:21:28

Manéhna, sering ngaliwat. Maké jilbab, warna hideung. Bari beungeut, ditutupan cadar. Ukur panonna, nu katempo téh. Naon taksireunnana? ''Lain pipilih, ma. Tapi kumaha, mun beungeutna korodok? Terus suwing?'' Ceuk kuring, kanu jadi kolot. Basa kuring, rék dijodokeun. Rumasa, umur geus nincak tilupuluh leuwih. Tapi acan, meunang wae jodo.
"Geus, tong mikiran nu kitu. Nu penting mah, aya nu ngurus manéh. Pan ema, geus kolot. Komo deuih, kaluargana. Teu mandang, kana harta. Maranéhna kataji, pédah manéh getol di mesjid. Kitu hungkul, cenah'' Ceuk Ema kuring, nongtorowelang. Kuring répéh, teu némbal déui. Da enya kitu, ka ayaan kuring.
Teu diriya-riya ieuh, kawin téh. Cukup, dulur hungkul. Nu, nyaksian. Ari pamajikan, angger dicadar kénéh. Pajar téh, can waktuna. Ké peuting, cenah. Boa suwing? Ceuk haté, ngagerendeng sorangan.
Tepi peuting, kuring teu sabar. Pok ngomong, ka manéhna.
''Nyi, pan urang téh sah. Cik énggal buka, cadar téh'' Ceuk kuring, semu maksa.
''Mangga, kang. Tapi ulah reuwas, abdi mah jalmi awon'' Témbal manéhna, bari tungkul. Kuring unggeuk, da geus nasib. Nu penting, manéhna sholéh, tur nurut ka salaki. Lalaunan, cadar dibuka. Saeutik-saeutik, keureutan beungeut ka tempo. Barang bray, cadar jeung tiung dibuka. Sakeureut beungeut nu bersih, di papaés irung, nu bangir. Di pasieup, biwir nu ipis. Matak nyari, kana ati. Buukna, nu hideung tur meles. Ngarumbai, seungitna, nyegerkeun dada.
''Nyanggakeun, kang'' Ceuk manéhna, lalaunan.

RÉDÉNOMINASI

Kénging Yusuf S. Martawidenda
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 18:53:20

Warung bi Mimin téh di gunung, sisi jalan nu nanjak pinuh ku batu malah aya nu sagedé munding sagala, keur mah deuih sisi gawir pisan. Nya, sepi. Tukang ojég gé taraklukeun ngan hiji dua nu wanieun atawa nékad mawa panumpang ka lebah dinya bari hargana sok nyekék pisan. Harita matapoé bangun nu alum. Hujan ngaririncik. Reg opat motor trél eureun hareupeun warung. Jrut tujuh panumpangna tarurun. Jalabrig. Kumis, janggot jeung godég paranjang. “Tos 309 taun éh menit momotoran capé ogé, raos upami ngopi”. Ceuk Tamlikha, ketua raiderna ka bi Mimin. Song bi Mimin ngasongngkeun cikopi, kulub hui, kulub sampeu, kulub jagong jeung gula kawung. “Baradé Kamana aden téh nyanyandak domba sagala?”. Domba téh, si Kithmir, bibit unggul pikeun dikawinkeun jeung domba lokal nu aya di gunung éta. Sabarahaeun bi ? Sapuluh rébueun. Golosor sapuluh pérak. Nuhun. Sami-sami. Bi Mimin neruskeun nonton TV satelitna.

TUJUH LAJER

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 18:22:05

Hérmawati mojang lenjang ti Désa Sindang Tresna. Dénok binti démplon. Teureuh pujakesuma. Putri Jawa keturunan Sumatera. Hadé tata hadé basa. Dedeg sareng parangina nyeplés ibuna, nu asli mojang Karawang.
Kuring boga haté ka manéhna, rerencepan nitip salam. Sanajan sok api-api teu maliré mun pareng tepang di hiji karaméan. Éra parada. Tapi bakating ku remen amprok ahirna wanoh, jorojoy bogoh.Samalah geus pasini, iwal pati nu bisa misahkeun. Sapuk pakait ati pacantél manah.
Édas karék gé sakali ngasaan amis cauna katresna, kiwari tinggal éndahna. Gigirimisan bareng di jalan satapak curug Cigeuntis, Minggu soré harita, jadi pangiretan pamungkas. Kuring ségah. Alatan teu pira basa jangga salira némbongkeun aslina.

NU NGAGADABAH

Kénging Rudi Al-Fajri
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 18:11:48

“Aingah bingung, saha nu boga kalakuan rucah? Wanoja salelembur kotka pada séwaka alatan aya nu ngagadabah,” gerentes Léx Luthor détéktip kulisi Smallville. Buku laporan kajadian Smallville dibaca, atra kajadianana ukur sapeuting. “Lakadalah, aya pituduh yeuh, moal salah deui, nu boga dosana pasti jalma sakti tur resep kawin.” Pokna nyéréngéh.
Wanci pecat sawed, Léx ngumpulkeun jalma nu dicuriga, nyaéta Arjuna, jeung Bima. Ngan kabéh gé taya nu ngaku. Papada némbonggeun pasemon teu boga dosa. Malah malik nanya, “Anjeun boga bukti naon nuduh teu uni ka Kula?” Bima nanya, teugeug. Léx gogodeg. “Nu bisa ngagadabah wanoja sakitu réana pasti jalma nu bisa ngusikkeun diri kalayan tarik alahbatan tatit.” Arjuna mairan. Léx keukeuh bingung. “Hiji-hijina jalan kudu tés DNA. Urang dagoan wé nepi ka ngajuru kabéh.” Léx Luthor méré kacindekan.
Salapan bulan tiharita, langit Smallville dumadak ceudeum. Lex nempo ka luhur, rébuan orok haliber minuhan jomantara, ngahalangan cahaya panonpoé.

NU GALAU MALEM JUMAAH

Kénging Irfan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 17:46:03

Di sacangkéwok astana. Peledug! Haseup mumbul, Pocong kaluar, handapeun kiara nu ngarangkadak. Ohék, ohék! Na dahan, Kunti batuk. “Baku ari geus ngabaruang batur téh, sia mah!” Kunti kukulutus, bari gégétrét. “Heu-euh!” Genderwo nu nangkod na dahan béh kalér, mairan. Teu nolih ka nu kukulutus Pocong Ngacleng. Cle. Diuk gigireun kunti nu bangkenu.
“Tong teu kaopan ah” ugil-ugilan, Pocong memener diukna. “Ayeuna téh malem jumaah yeuh, rék liar ka mana maranéh?” Rét ka Kunti, rét ka Genderewo. Duanana gigideug. Ngaheruk.
“Manusa, manusa. Geus béakeun lapak pangulinan urang téh, ku wawangunan jieunan manusa.” Pocong humandeuar bari nyarandé kana dahan.

FRAGMÉN CIMATA

Kénging Dédén Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 17:37:11

NGAN sakeclak. Cimata. Ngalémbéréh maseuhan boéh. Terus mapay suklak-siklukna awak nu geus dirurub lemah. Ngorék tulang-taléng jeung saban tangkorék. Ngarandeg lebah embun-embunan. Nyerep ka jero uteuk. Maca pipikiran. Maca sajarah nu tingbelesat kaluar tina sirah. Cimata. Nu ngan sakeclak. Juuh. Terus nyaab. Milu ngabelesat. Jadi méga. Jadi hujan. Jadi kembang. Jadi kukupu. Jadi rupaning ngaran. Ngaran urang. Kuring. Anjeun. Manéh. Sia. Mantenna! Sakeclak cimata. Murba Wisésa.

KANYAAH

Kénging Iman Nurdin M-Top
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 17:36:10

Dokter geus ngangkat leungeun, majar cenah geus teu bisa dikukumahakeun deui. Kuring angger optimis, da nu ngatur hirup mah mungguh pangéran. Ku kuring Indung dibawa ka imah, ongkoh geus lila deuih Indung téh méménta balik waé.
Kaparengkeun ari diurus di imah, Indung téh jagjag waringkas deui cara bihari. Kuring ukur gogodeg basa nginget-nginget deui naon anu ditepikeun ku dokter. Ngan bati mésem wungkul. Pangéran mah miceun kaasih ka mahlukna anu salawasna ihtiar.
Hiji mangsa Indung hayang dipangmeulikeun manggah. Gancang ditedunan. Rurusuhan ti pasar ogé muru imah. Disatengahing jalan, kuring katabrak. Kuring ukur bisa nénjo layon sorangan nu geus teu usik teu malik.
Béja langsung katampa ku Indung kuring. Sedihna mani nataku. Kuring nu nénjo milu sedih, teu kurang natakuna.
Isukna kuring ngalongok deui ka imah. Nyampak Indung keur diuk dina résbang.
"Nyai?"
"Geuning Ema tiasa ningali abdi?"
Indung nyegruk ceurik. Kuring ngalieuk ka palebah kamer Indung. Barang ret, aya tali tambang anu manteng meulit kana beuheung.

KANIBAL

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 16:34:28

Imah nenggang jauh ti tatangga. Rada melang ninggalkeun pamajikan, keur karasa beuteung, sosoranganan. Tapi da kumaha, rék saha nu néang Ma Paraji. Leumpang mapay jalan satapak, dicaangan obor karari. Girimis mimiti pras-pris.
Basa ngaliwat ka jalan lebakkeun astana, kaangseu seungit kembang, rey bulu punduk muriding. Leumpang beuki gancang.
“Ka mana Jang?” Teu kanyahoan jebulna, Ma Paraji Kasampak geus aya gigireun. Ampir lumpat kasieunan.
“Pun bojo karaos lambut, sabrol-broleun.”
“Hayu atuh, geuwat!” Ma Paraji miheulaan leumpang.
Sakitu nuturkeun satengah lumpat, titatarajong, weléh teu kasusul. Anjog ka imah, kasampak pamajikan keur adug lajer pupuringisan.
“Mawa elap jeung cai!” Ceuk Ma Paraji.
Belenyeng ka dapur, rampang-reumpeung teu puguh cabak. Sabot keur nimba, di pangkéng kadéngé sora ngagoak méh bareng. Lep jempling.
Gura-giru lumpat, nyampeurkeun. Kasampak pamajikan nyangsaya, jiga nu pingsan, getih burah-baréh.
Handapeun ranjang. Ma Paraji ngabebengkang.
Lebah dadana nu gorowong, kasampak orok keur cacamuilan nambul jajantung.

MÉMÉH DIALAJAR

Kénging Dedi Pakot
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 14:44:11

Rep, rohangan kelas anu tadina galideur jadi jempling, simpé. Leungeun katuhuna ditarumpangkeun dina lengeun kénca di luhur sabak séwang-séwangan. Panonna pareureum konséntrasi, biwirna tingkarunyem mapatkeun jangjawokan.
“ Hujud bungbang
Nu hurung dina jajantung
Nu ruhay dina kalilipa
Remet meteng dina angen
Bray padang,
Pangmukakeun kareremet nu aya di diri kula
Bray padang,
Bray caang,
Caangna salalawasna
Lawasna Saumur kula.”

[Taun 1935]

SÉSA LALAKON SUNAN AMBU

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 13:34:08

Peuting maju ka simpé. Ukur hawa tiis ngusapan awak basa kuring kaluar ti gedong. Harita, mapay jalan mawa katunggara jeung keclak cimata saprak harepan geus teu nyésa.
Dijero kamar. Ukur nyawang lalangit, milangan kalangkang manéhna. Gep, kana hp. "Penting,Dé, nelepon wayah kieu?" ceuk sora na telepon. "Hoyong curhat, Tétéh... " walon kuring dareuda. "Haduh, Dé. Wayahna ngimpi atuh ayeuna mah. Tétéh tunduh." hp pareum. Rét, kana tas. Kusiwel, ngaluarkeun bungkusan plastik eusi sababaraha pél kelir kayas. "Obat anti galau." ceuk Zarima basa peuting kamari. Teuing sabaraha tablét nu ku kuring diinum. Teu sawatara lila asa kaluar jangjang, ngapung ngawang-ngawang. "Aeh, enya ning. Uing bisa ngapung, mohokeun kabingung." Peurih tapak manéhna geus teu karasa. Gebeg, reuwas kacida basa aya sora nu gegedor. Jangjang ngadadak leungit. Nyuuh, basa lelembutan sadar teu bisa balik deui kana kurungannana.

RERENCEPAN

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 12:58:29

Ngarah bener ajén iklasna. Leungeun nu sabeulah ogé ulah nyahoeun. Kitu, cenah. Bah Juha haji tilu kali. Rencep sidem. Neundeun duit handapeun sajadah dina paimbaran. Mémeh hutbah, DKM ngabéwarakeun ngeunaan kéncléng masjid. “Rupina mung sakitu,” ceuk DKM. Bah Juha kerung, bangun nu keuheul. DKM nagtung deui. “Punten aya nu kalangkung, wiréh aya salah sawios hamba Alloh anu parantos nyumbangkeun artosna, anu ageungna saratus rébu rupia!” Bah Juha nyéréngéh, bari noél ngaharéwos ka jamaah nu aya gigireunana.

ARCA DOMAS TUJUH

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 12:33:40

"Aya tujuh arcana géh. Deuleu ieu potona" nunjuk poto meunang bapana. Agul. "Lain arca dia, ménhir éta mah, ceuk bapa kula géh!" keukeuh.
Duaan nelek-nelek poto geus peuleuk, kuleuheu. Keukeuh teu kadeuleu béntés. "Patung ta ménhir?" parebut omong.
"Gandéng, haliwu baé daria, éta Hyang Tunggal!" Bapa kolotna nyentak.
Sawarana handaruan, béda ti sasari. Pelongna seukeut, kanu haliwu.
Poto tangka ngaracleng. Gambarna raragagan. Laleungitan. Daluang poto kari héjona. Ngémploh, doang dangdaunan di pagunungan Kendeng Banten Kidul.
Dua budak silih pelong. Hélok, taya papadana.
"Naha?... Pan tunggal mah hiji?!" silih deuleu.

GERBONG KARETA

Kénging Budi Dharsono
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 12:22:03

Humiliwir angin peuting, nyieuhkeun bayeungyang nu ngaharudum waruga Soleh. Reup, alatan cape kaliwat saking. Nambangan beca di kota. Mareng jeung tilemna mata poe. Ngoreh rejeki sesa, nu ngabacacar sapanjang jalan. Anjog di alam impian. Reus. "Kang!" sora wanoja 'na impian. Geus wanoh. Welasan taun katukang. Kungsi sagulung-sagalang. "Plak!" kana taktak. Korejat. "Mang, ka stasion!". Clak, sapasang wanoja jeung lalaki nu biasa ngaduruk birahina di jalan. Anjog. "Nyai?" Soleh meh teu yakin. Ngabalieur. Laju muru gerbong kosong. Pakaleng-kaleng. Teuteupan Soleh nu ngemu kahareneg ngajajapkeun sapasang insan nu rek nyacapkeun kasuka duaan. Less, dihakan poekna peuting.

ING TAWANG ONO LINTANG

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 11:23:22

"Lamun masih kénéh sarua jadi babu mah atuh, di dieu waé, teu kudu ka Arab, Nduk." Pok Mas Paijo ka Ayuk Retno, bébénéna.
"Gajihna ogé atuh tebih, Mas. Ngandelkeun jadi babu di dieu mah, kumaha tiasa nabung engkin urang imah-imah." Ayuk Retno semu maksa, bari jangji rék di Arabna ngan saukur sataun. Mas Paijo ngéléhan. Mas Paijo sabar nungguan sataun, dua taun,...nepi ka ayeuna geus tujuh taun, nu ditunggu teu embol-embol. Najan tadina sabar, lila-lila mah manéhna jadi siga anu langlang-lingling. Unggal peuting kukurilingan bari ngawih.
"Yen ing tawang ono lintang, cah ayu.
Aku ngenténi tekamu.
Marang mégo ing angkoso, Nimas.
Sun takoné pa wartamu."

MILIH MANA

Kénging Agus Bagja
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 10:55:17

Nu ceurik ngabangingik
Nu sedih lumengis
Walurat.
Nu seuri nyikikik
Nu bungah ngahahah
Luyuh-layah.
Syukur,
Takabur,

NU NGABANTUAN

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 10:31:04

Ditinggalkeun babantu, menerkeun imah Wa Haji. Rumeuk. Kacana lukutan, caina kiruh. Léos ka pawon, nyiapkeun pakakas keur nguras. Sapertilu caina dipindahkeun kana baskom. Arwana silver sagedé opat ramo kolot, ogê diungsikeun heula kana baskom. Regeyeng aquarium dipangku, disimpen deukeut kokocoran cai di buruan.

Mesin sirkulasi dibawa ka tukang. Rêk diberesihan di kamer cai. "Dijual wé ah lauk téh, keur meuli sapédah si bungsu" gerentesna. Enya gé hirup sarwa walurat, hayang wé ngabungahkeun budak mah. Geus sabulan, budakna nu karék lima taun merenyéng waê. Kabitaeun ku babaturanana nu geugeuleuyeungan naék sapédah. Keur anteng beberesih, budakna ngelol. "Pa, adé badé ngabantosan nya" Geus terus haté meureun budak téh. Ukur unggeuk bari imut. Haténa bagja, kayungyun.

Satutas meresihan mesin sirkulasi, laju ka hareup rék nuluykeun hanca. Barang srog, jedud...!!! Si bungsu keur ngosokan lauk ku sikat paragi nyeuseuh. Ngembang kadu. Sapédah ngalayang dibawa ngapung ku lauk.

NYUSUL NU MULANG TIHEULA

Kénging Mbi Chymepm
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 10:16:22

Geus sababaraha bulan Mang Jum’an hirup nyorangan. Ray beurang, gawé ukur ka sawah. Reup peuting, ngan hulang-huleng. Aya beurit lumpat ka hareupeunnana gé, Mang Jum’an haré-haré. Pikiranna kumalayang ka pamajikan. Gep kana cempor, léos ka pangkéng. Karék gé ngagéléhé, breg hujan. Dibarengan nu kilat pating barasat. Guludug pating beledug. Handaruan. Cempor pareum, katiup angin nu asup kana sela-sela bilik. Cempor diseungeut deui. Burinyay! Beledag! Cempor nu keur dicekel mecleng, minyak tanahna mancawura. Guuur, palupuh kaduruk. Bakating ku geumpeur, rup, seuneu nu ngabebela dirungkup ku simbut. Seuneu tambah ngagedur. Belecet ka dapur. Jedak! Tarang kana tihang. Bruk! Sorondoy dapur nambru ninggang sirah Mang Jum’an. Leng! Les, teu inget di bumi alam. Nyah beunta, “Wilujeng sumping Kang!” ceuk pamajikanna bari ngais orok, nu opat bulan ka tukang, geus miheulaan mulang ka kalanggengan.

ÉNG-ING-ÉNG

Kénging Hady Prastya
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 10:09:29

(Revisi)
Élélékésékéng, tatapi hanca teu burung teu kalarung. Geus tepi ka pecat sawed. Indung leungeun singsireumeun, cangkéng geus meusmeus nguliat. “Kagok sajuru deui. Sémangat!” omong sorangan, ngupahan leungeun nu bitu. Ngadalinding, nu seungit beuki nyambuang. “Hadéna teu kakoréd” cékéng.
“Naha Ma, énjing kénéh tos mulih?” kuring nanya ka Indung, nu karék mulang ngawulang.
“Barudakna latihan O2SN.” Bari neundeun cikopi jeung goréng sampeu dina luhureun golodog.
“Ciééé, kanggo putra Pa Utar nya?”
“Sanes. Kanggo Ema. Pan ayeuna téh Ema tepung taun.” Leungeun nu bolokot ngasongkeun kembang malati.

KANTOR BNN

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 10:05:28

"Baruk kamari téh milu kabawa ka kantor BNN ?"
"Enya.."
"Halah ! Sabaraha poé diditu ?"
"Ngan sapoé sapeuting déwék mah"
"Dités heula teu ?"
"Puguh wé dités mah, apan méh kanyahaoan kumaha-kumahana"
"Hasilna kumaha ?"
"Nya positip lah.."
"Geuning positip téh bisa balik ?"
"Enya atuh ! Kudu kumaha kitu ?"
"Naha geuning kitu ? Anéh..."
"Naha bet kudu anéh ? Teu anéh teu sing, da kitu biasana gé.."
"Kéla.. kumaha caritana manéh dibawa kaditu téh ?"
"Kamana téa ?"
"Ka kantor BNN, ih !"
"Puguh gé déwék téh dipapaksa. Jaba can saré, da peutingna begadang"
"Tuluy?"
"Nepi kaditu karék kanyahoan.."
"Kanyahoan kumaha ?"
"Enya, sihoréng aya listrik nu koslét. Geus harurung mah, nya balik wé ! Rék nungguan naon deui atuh ?"

DI KAMAR

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 08:55:39

Di kamar—bari lalajo berita penggerebegan pésta narkoba—manéhna ngomong sorangan. “Tepi ka iraha gé kuring rék merangan narkoba. Sabab, adi kuring paéh ku narkoba,” ceuk manéhna bari nyuruput cappucino panas. Terus manéhna nyedot salinting ganja nu aya di leungeun kéncana. Beungeutna anggeur geulis sanajan matana katingali ceuleuyeu.***

LALAKI DINA SAPARO BULAN III

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 08:50:31

Jajantung.
Nu kamari ngerak dina ruhak, leyur deui ngahiji jeung angin, apung-apungan maluruh linduh, di leuweung gunung jeung leuwi, di pulo-polo nu kosong tina haréwos. Tapi teuing kalangkang Bulan bet jiga heulang, ngaranggeum terus ngaranggeum, jero nyecebkeun kukuna dina jajantung lalaki, ngaranggeum meureut rénghap nu tinggal hégakna.

"Geuning nyaan, duriat bet ibarat dua mamata pedang nu sarua seukeutna, nu bisa nyandingkin hariring jeung ceurikna, imut jeung cimatana, nyaan duriat, gumuleng geulis ngamalirkeun runtuyan cimata dina éndahna."

Lalaki anteng, jauh leuwing anteng batan kamari, leuwih leleb, neuteup oyagna kalangkang bulan nu kokojayan na beungeut ombak.

BASA LAUK MABOK

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 08:28:17

''Mang Jilun, saratus dua puluh kolor mabok kabéh meni teu sakilo-kilo acan..!''
''Riweuh, Mih. Kalebak atuh, ké ku uing dipeuntaskeun.''

Panon poé lingsir ngulon.
''Si Unyil aya nganteurkeun lauk teu, Mih?''
''Teu aya, teusing. Tadi ka lebak gé meuli ka Suri, sapuluh réwueun.''
''Suri mawa nu saparahu lain?''
''Enya.''
''Èta téh jang Emih jeung ajang bagikeuneun didieu. Suri nu meuntaskeun, si Unyil nu nonggohkeun.''
''Ningali éta gé si Unyil ngunjalan dika tonggohkeun, tapi teu terus ka dieu, dipéngkolkeun ka saung manéhna. Emih mah ngagantian. Malah loba nu mareuli dina parahu kénéh da laukna singarengab, harirup kénéh.''
''Haaar, kapan ajang bagikeuneun.''

Dua minggu ti harita.
''Rék dibawa ka mana éta asin, Suri? Ka mana si Unyil, manggulan ku sorangan gening?''
''Ka Bandung, sakalian ngalongok Unyil di Hasan Sodikin jeung nambaan ieu leungeun bareuh, ku peurah nila.''
''Unyil keur naon di ditu?''
''Dirawat, tos dioperasi, kabeureuyan cucuk nila.''

RAYUNGAN

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 07:06:53

Teh Asih, randa dikantun pupus carogèna. Umurna opat puluh limaan. Tapi masih kènèh tegep. Wanda nu somèah marahmay ka saha baè. Salira sumedeng. Pangawakan ngareusi neuhneur. Masih katinggali bahenol. Imbit gadèmol, pinareup masih nyengseung kènèh. Katinggal diraksukan sok rada ngepas. Carogèna ngajimatan dua, istri sareng pameget nu geus dewasa jeung rumaja kènèh. Aya nu mileuleuheungkeun. Duda anak dua cenah anèmèr hiji pausahaan sohor. Nu hiji deui budak ngora mahasiswa kènèh umur dua puluh tilu taun, kacida bageurna. "Ka Duda geus kolot, ka budak sieun disebut berondong." na hatèna rayungan. "Ah, saha nu pangheulana datang bener èta nu rèk ditampa." gerentesna. "Sampura sun..!" Di luar aya nu keketrok kana panto. "Tah ieu kitu nu jangji rèk datang poè ayeuna?" na pikirna, bari gura-giru mukakeun panto. Gebeg, ngajenghok sataker kebek. Teu disangka geuning nu datangtèh lain nu dipharep...

LATIHAN IMAJINASI…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 06:58:27

Ragamang leungeun kana jero calana. Buku dicekel ku lengeun kenca. Leuwih loba peureumna tibatan maca bukuna. Kulutrak, sora panto aya nu muka. Teu kanyahoan. “Poed, keur nanaonan?” Gurubug hudang, buku dibalangkeun. “Euh.. euh.. nuju latihan imajinasi, Ma!” Memener calana. Buku nu dibalangkeun dicokot ku indungna. ‘Leuwih Ngeunah Inem’ judulna. Indungna gogodeg…*1.

BANGKEROK

Kénging Azhari Poetok
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 06:42:29

Nguniang hudang nangkarak bengkang, disampakeun cikopi jeung bangkerok ketan. lebah wetan sréngéngé nyorotan, ngahanetan awak nu kabulusan. Bulistir rancucud ngabadagan.

KURUDUNG PULAS BULAO

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 05:57:01

Alarem ha-pé disada luyu jeung waktu nu geus nang nyetél. Ngulisik. Gigisik kuliat. Tulang sing beretek kabatek! Alarem dipaéhan. Katénjo jam nuduhkeun wanci janari gedé. Lulungu, horéam. Rasman maksakeun hudang, “Meujeuhna aing tahajud... susuganan wé dibéré bongbolongan” Gerentes haténa. Sakapeung Rasman sok peunggas pangharepan, gédé karumasa pédah sakalieun ngadeuheus dimana keur aya masalah wungkul. Mangsa leupas tina bangbaluh mah angger wé mangprung jalan-jalan pelesiran, ngojégkeun hawa napsuna. Sagala dijugjugan najan ka tempat nu sésélékét rarumpil. Ma’lum duda Arab. Rampus!

Réngsé abdas, sajadah digebarkeun di patengahan imah. Katempo aya nu dimukena tahajud tiheula. “Ema meureun...” Ceuk Rasman, bari terus tahajud daria. Pas sujud, karérét ku juru panon, nu dimukena ngolésed. Wekasan. Rasman anteng wiridan nepi ka cunduk waktu subuh. Lila baé nunggu ema nu biasana berjama’ah, ahirna munparid. Basa awéh salam, nu tadi dimukena nyuuh na lahunan, sumegruk. “Kang Abdi wangsul... hapunten!” Orok ngéar basa nénjo beungeut kuring. Teu wawuheun.

SUBUH

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 05:22:05

Kulisik! Lilir. Simbut ngalumbuk tunjangeun. Rarampa neangan hapé. Kuniang hudang. Gigisik. Bray! Layar hapé dihurungkeun. Diteuteup. Geuning karék jam 5. Gumerendeng! Muji sukur. Sanggeus tibra dililirkeun. Sajam deui pisubuheun. Humiliwir. Angin norobos sesela kusén jandéla. Kamar asa ku ngempray. Huleng! Tadi peuting, kapan lampu dipareuman? Jung nangtung. Jumarigjeug. Derekdek! Derekdek! Babatek. Cetrék! Ngahurungkeun lampu. Lebeng. Taya barasatna pisan. Lunga-lengo! Geuning listrik pareum. AC geus lila reureuh. Timana ari nu ngempray? Sérélék! Nyingraykeun hordéng. Di luar asa ku ngempur. Geuning bulan keur purnama. Kulutrak! Muka jandéla. Ngalangeu! Mencrong ka tebéh kulon. Langit sinangling. Taya aling-aling. Angin humiliwir. Bulan ngambang. Gék kana korsi. Dayagdag! Sumarandé. Japapang! Nyanghunjar kana biwir jandéla. Anteng! Neuteup bulan nu heubeul arang kasorang.

KATEPA'AN

Kénging Anang Kartiwa
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 03:23:44

Resep euy eunteup dinu budayut kieu mah, subur ku kadaharan!
: ceuk si bisul nu keur nyengcle luhureun bujal ka sobatna si aids nu keur jongjon nyaleuhak kadaharan ngarareunah di beulah handap.

laaah ulah ribut meungpeung aya sikat teruuuusss lur!
: ceuk tumor galak mairan ti deukeut peujit.

tilu poe ti harita ''si bisul si aids jeung si tumor galak di udag-udag pulisi'' cenah mah saratus peursen resmi jadi tersangka, kabuktian milu ngadahar duit sogokan proyek nu can anggeus!

FUR ELISE

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 02:56:00

Gutrut nulis E-Eb-E. Mélodi énharmoni ngagulayun. Wirahma katalimbeng dina simpé. Senar piano gumeter antaré. Ukur ketug jajantung jadi metronom. Notasi jempling tanda katresna. Haturan anjeun nu ngancik di Wina. Ttd. Ludwig Van Beethoven.

LALAMPAHAN

Kénging Irfan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 02:12:45

Bréh némbongan lalampahan sataun katukang. Poé Jumaah bada asar. Senja Utama melesat niggalkeun Surabaya. Beuki ngajauhan, beuki écés, bruh-bréh sagala nu ditinggalkeun. Ngarasula. Teu kawawa, cimata bedah sajajalan.
Tilu puluh tauh bubuara, bumén-bumén di Madura ngaheuyeuk rumah tangga jeung manéhna. Mabrik kurupuk, nanjung. Nu dagang aya sapuluh. Imah pageuh kandaraan boga. Ngan hanjakal teu kapareng boga rundayan.
Poé Kemis saméméhna. Niat rék jarah ka Ampél. Mangkat pasosoré jeung rombongan pangajian. Di jalan taya halangan, ngan haté asa guligah, inget waé ka pamajikan, di imah. Bada isa karek nepi, ngdadak nampa béja, yén imah kahuruan.
Dunya asa poék mongkléng, nempo imah rata jeung lemah. Ngan nu leuwih nyerina, Lebah bangkarakan kamer, layon pamajikan kapanggih jangkep pakeukeup pageuh jeung waruga hiji lalaki.

JADUG

Kénging Soendara Djatiseba
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 02:10:37

.
Halis kereng. Tarang nongnong. Kumis jélétréng. Irung lir balukang nangkub. Biwir nya hideung nya kandel, lir ibarat léntah keur sosonoan. Huntu ranggéténg lir ibarat ragaji jarang paké. Karahaan. Semu leueur.

Pipi korodok. Tapak cacar parebut tempat jeung bisul beunyeur. Lebah caréham aya tapak tatu ngageleng. Teges katingali cacak katutupan ku cambang nu ngajukut teki.

Tid. Tidid. Sora klakson mobil nu ngadeukeutan manéhna. Teu dipaliré.

Tidiiiiiiid. Nu nglakson semu kesel. Reg mobil eureun gigireunna pisan. Supirna kaluar. Wanoja nu matak lalaki ngembang kadu. Moro ka manéhna.

Pokna "Ari Aa badé ka mana?" bari ngaléng manéhna. "Nungguan tukang pos!" Jawabna.
"Badé naon, Aa?" Bari muka panto mobil.
"Rék ngirim surat"
"Serat naon, Aa?"
"Surat éléktronik." Jawabna bari sup kana mobilna.