Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 Januari 2013 (54 Naskah)


TEPANG DINA IMPÉNAN

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 23:40:03

Munggaran urang patepang, réma dama. "Gunung taya tutugan, sagara taya sisian" lingsem perbawa teuteup socana.
"Enung, tawis asih Engkang, lana nyanding dina seuseungit kembang Ros beureum." haréwos nu saban wayah ngamparkeun rasa neuteup réma nu ngaranggeum tanggay.
"Upami kagalih, ké di pajuaran, simpen ieu tawis di sagédéngeun Enung! Supados urang sasarengan ngambah alam impénan." teuteup geugeutna ngaleut minuhan angkeuhan. "Engkang...! Geuning, malah uleman nu dongkap?"

CACAKA

Kénging Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 23:06:24

Enur ngajanteng hareupeun eunteung. Eunteung nu napel dina lomari. Saluhureun pisan laci. Tempat neundeun kotak kosmétik. Pamulas nu rajeun ngalukis paromanna. Ku saréwu rupa kukupu. Warna-warni kahayangna. Méméh mileupas saban wanci sareupna.
Enur ngajanteng. Teu ieuh mukakeun laci. Rumegog. Dumadak sabil ku eusina. Lain kosmétik, tapi surat ti nu jadi indungna. Tadi beurang diteundeun di dinya. Teu hayang maca.
Najan teu burung, léncop réréma lalaunan metot gagangna. Ngaragamang. Lain kana surat, tapi kotak kosmétikna. Sorot panonna teu leupas, nilik-nilik beungeutna sorangan. Nginget-nginget nu jadi rupana sataun katukang. Buukna. Halisna. Biwir panonna. Hayang deui diturutan. Tapi panineungan bati les-lesan. Kahalang ku cimata nu ngajak mulang. Lain ka lembur, tapi ka hiji mangsa nu dipulut ka undur: Balikan deui jadi cacaka. Jadi hileud. Jadi daging pangeusi rahim. Laju peupeus jadi cai. Nyusud sungapan. Muru hiji kapanasaran. Saha nu sabenerna, lalaki nu geus ngabalukarkeun ayana.

SI KÈMOD

Kénging Edi Supriyadi
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 22:30:08

Dua Pulisi patroli. Manggihan surat. Kahatur Gusti Allah. Sip Kèmod
"Ah ieu mah kalakuan si Kèmod jalma eusleum tèa"
"Buka euy hayang nyaho naon eusina?"
Kahatur Gusti Allah, kuring neda pitulung Anjeun, Kuring èmut kènèh saur pa Ustad ogè nu bisa nulungan umatna mung Gusti Allah. Kuring peryogi artos saratus rèwu mah.... Wasalam Kèmod
"Lain euy dipikir pikir mah karunya ka si Kèmod tèh!"
"Sarua Uing ogè. Kumaha mun patungan, uing aya 50rèbu!"
"Heueuh itung itung amal tapi uing mah ngan boga 25rèbu"
Duit 75rèbu disupkeun kana amplop. Dua pulisi nganteurkeun duit ka si Kèmod.
"Kèmod yeuh aya kiriman, ti Gusti Allah". Lèos pulisi ninggalkeun si Kèmod. Si Kèmod kacida bungahna nampa surat balesan. Amplop dibuka. "75 rèbu?" si Kèmod kerung. "Pan uing mèntana 100rèbu?"
Isukna si Kemod nulis surat balesan: Hatur nuhun Gusti. Titipan tos katampi. Mung kapayunna mah omat ulah dititipkeun ka pulisi, aya potongan 25rèbu.
Wasalam Kèmod

SABUKUR PINDANG TONGKOL LEUNGIT

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 22:22:27

Teu bisa luncat kana jandela, komo kana lawang para keur ngabiur nobros kenteng. Teu bisa! Anjing diluar geus ragég. Lima ucing anu ngulang-ngulang halu geus siap siap. Nyangéréng. Poho yén anu ditingker téh tulang tonggong kulawargana. "Takul ti hareup. Tingker ti unggal juru", gorowok anu disaragam ngagerem lir maung bayangan. Pakarang geus disiapkeun. Panakol jeung pangrojok teu kaliwat. Geblig lalangit imah ditincek. Jerit sora anu ditingker atra naker. Purudul apu murag. Saréréa surak. Sentég, posong jeung surat kematian geus disiapkeun. "Aya lima belas euy! Kumpulkeun kabéh. Tah ieu ubar mengi euy", Nembongkeun anu coréleng. Anu disaragam belang sapi nyekel buntut anu ditingker. Diacungkeun. Lep didahar. Ngéong semu anu suka naker. Anu lainna pasrah. Mucicid. Péot. Wer kiih! Lalangit imah baseuh ku ompol anu dipaksa kudu dikaluarkeun. Beurit sepa. Reuwas taya papadana. Meunang béja, cenah rék dipariksa di kantorna. Bisi ngadahar pindang tongkol ajangan budakna anu karék dicokot tina méja anu boga imah. Ucing ngelol tina lawang panto nganuhunkeun ka anjing anu keur anteng ngagogogan.

HAAARR

Kénging Rafi Suherman
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 21:47:13

Keur anteng nonton tipi, jol pamajikan mawa kopi, gék gigireun.
"Pa, aya teu pameget nu teu hoyong ngawayuh?" tanyana.
"Jujur, moal aya hiji ogé lalaki atawa salaki, anu nolak dititah nyandung, malah ceuk katerangan, surga keur pamajikan anu nitah nyandung ka salakina, tapi aya alasan nu tangtu!" jawab téh.
"Naon margina pameget hoyong ngawayuh?" ceuk pamajikan.
"Aya sawatara alesan, upamana, teu boga turunan, atawa aya kakurangan di pamajikan, ngan kusabab nyaah, jadi teu téga ngucapkeunana!" jawab téh.
"Ari mamah, aya kirangna?" tanyana deui.
"Manusa mah taya nu sampurna, nya tangtu waé, ngan kusabab aya kacinta jeung kanyaah, jadi katutupan" jawab téh.
"Ari bapa, hoyong ngawayuh?" tanyana.
"Nya ari mamah hayang nutupan kakurangan nu aya di diri mamah, jeung hayang asup surga mah, nya puguh" témbal téh
"Wios ngudar gelung weee" jawabna bari ngaleos.
Haaaarrr, ongkoh nanya, ceuk dina jero haté.

PARAHU KERETAS

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 21:33:38

Dina meja gawena ukur hiji meunang dirina. Parahu Keretas anu ngajejer dina meja leutik gigireun ranjang tadi beurang jeung budak lalaki ceurik hayangeun di pangnyieunkeun parahu keretas, terus hujan anu kara raat jeung kamalir banjir, tur reang babaturana keur balap parahu keretas, oge kapireng gelendeng Indungna yen ulah ngogo budak lalaki ka Bapana anu eureun heula ngahuap daharna, gura-giru mangnyieunkeun parahu keretas keur dirina, dina ingetana pating arangkleung.

Dina meja gawena ukur hiji meunang nyieun dirina. Teu kawas Parahu keretas nu ngajejer keur dirina, di meja leutik gigireun ranjang bapana nu ngajepat imut tinemu bagja. “Tadi bada Subuh ngatunkeuna Bapa teh, Den!” Ceuk Pangurus Panti Jompo. Manehna teu nembal rumasa teu bisa mangnyieunkeun Parahu Keretas keur Bapana.

NU KASILIHKEUN

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 21:07:05

Merelek heuay ngadago muatan. Kitu jeung kitu. Taya nu nolih. Ti isuk ngan narik sakali, hamo cumpon keur setoran ogé! Rét, aya nu naragog harérang. Teu reureuh mulan-malén. “Emh, da hamo kuat, bitis ngalawan mesin!” Darma ngagerentes, semu nalangsa. Haténa ngelab inget waé, ka nu ranghap. Balikna nikreuh. Rumanggieung. Barang nepi. Manéhna kerung. Nempo tulisan dina panto. Gebeg. Kadéngé, aya sora tingaringsreuk. Haroshos. Buntelan juuh.

CINTA

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 20:39:37

''Naon, pangkat maneh?! Wani bogoh, ka anak kami?!'' Ceuk Haji Mansyur, bari seuri sinis. Crot, nyiduh. Celetit! Haté, asa diciwit. Kuring, teu némbal. Rumasa, jalma teu boga. Naon atuh akueun kuring? Ti harita, tara nepungan Néng Siti. Sieun, nyeri haté. Hésé, ngubarannana. Kalilaan, kadéngé. Néng Siti, rék panganténan. Jeung Cép Duloh, anakna bandar domba. Kuring, narima. Jodo aya, anu ngatur. Teu ieuh, jadi pikiran.
Tapi peutingna, meunang béja. Matak neumbrag, kana angen. Néng Siti, geus kapoékan. Ngagantung manéh, na tangkal muncang.

JURUS PAMUNGKAS

Kénging Aria Damar Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 20:34:07

Bu Guru Sumiati kacida keuheuleunana lantaran geus tilu kali muridna kaleungitan duit di kelas. Dituduh lain tuduheun diumumkeun geus pasti moal aya nu ngaku najan dina haté mah aya kereteg ka salah sahiji muridna nu kawilang baong. Tungtungna manéhna ngagunakeun jurus pamungkas. Muridna dibagi nyéré hiji séwang kalawan ukuran sarua. Bu Sumi nerangkeun " Carepeng éta nyéré. Engké ku ibu diabsén hiji-hiji .Candak nyéréna ka payun urang akurkeun. Sing saha anu sok maling pasti éta nyéré bakal manjangan." Tuluy hiji-hiji diabsén . Pas nepi ka budak baong. Barang diakurkeun nyéréna téh bet jadi pondok. Meureun ngahaja dipiteskeun sabab sieun nyéréna jadi panjang. Bu guru imut pokna "Ké mun pelajaran tos bérés hidep wayahna ka kantor heula nya urang ngobrol sareng ibu !"

PASEA RONGKAH

Kénging Rudya Kuz
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 20:20:55

'' mun anjeun keukeuh teu daèk mindahkeun, kuring ayeuna nu indit ! '' ceuk salakina bari panon molotot, biwir ngageter nahan ka ambek.
'' heug tèh teuing, na kuring sieun kitu ? Pokona kuring keukeuh hayang nu ieu ! '' pamajikana nèmbal embung èlèh. Geus teu mamah papah deui lagu pasèa tèh bakat ku rongkah, kadèngè sora anu dibeubeutkeun duka teuing naon. Meureun geus kitu kuduna menang hidayah, jorojoy inget kana hapè cina nu aya tipi-an, salakina indit ngèlèhan, jep jempling..............anteng sèwang-sèwang, salakina nonton OVJ, pamajikana nonton haji Muhidin bari ngeukeuweuk rèmot.

CAMAH MA OLOT

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 20:07:40

“Ujang, geura jung indit bising kapeutingan di jalan, ari hamo meuting heula mah ”, ceuk Ma Olot basa kula bangun anu leleda. Ngingetan.
“Jung ,sing salamet di jalan”, ceuk Ma Olot bari nyamahan kula.
Wanci geus nyedek ka sareupna basa nikreuh mapay-mapay jalan satapak, ngaliwatan sawah, kebon, meuntas susukan.
Kira harieum beungeut anjog di toangan. Ruy-rey muringkak bulu punduk. Aéh.. itu ning aya aki-aki di hareupeun, leumpang saarah jeung nu dituju. Ku kabeneran, deuk disusul ambéh aya batur. Teu kasusul baé, éta aki-aki jojong leumpang . Palebah pengkolan abus ka palemburan,aki-aki ngiles. Aya sora ngagorobas. Palemburan simpé taya nu ngulampreng saurang-urang acan.
“Wa, naha palemburan asa tiiseun jasa?”, ngaregot cikopi, nuuskeun kacapé.
“Apan can saminggu aya nu dibégal di toangan nepikeun ka hanteuna. Na Ma Olot teu cacarita?”.

LINIER

Kénging Jonny Taurus
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 19:56:06

Teu kadangu sora Bu Lilis nu keur nerangkeun kecepatan linier, pikiran manteng kana kajadian tadi, di juru kantin sakola. Neng Irma narima kuring jadi kabogohna, pateuteup geugeut bari patarema pageuh. Silih baledog imut, bari muntang teu leupas, nepi ka jam istirahat lekasan. “Roni, kahareup.. kerjakeun conto soal nomer lima” Bu Lilis rada nyentak. Batur sabangku seuri ditahan. Antukna, kuring kudu nangtung di hareupeun kelas, salila jam pelajaran Bu Lilis, buruhan teu ngabandungan.
Geus saged rek malem mingguan, apel ka imah Neng Irma. Baju rapih, seungit, motor herang, jeung coklat karesep manehna nu diselipan puisi meunang nyutat ti blog batur, dibungkus ku kertas kayas, dibulen ku pita beureum. Teu asa-asa keketrok, bari unjuk salam. Bray panto dibuka. “Bade ka saha? aeh geuning Roni..” Ngadadak tuur leuleus, ngembang kadu bari ramohpoy, taya kecap nu kaluar saeutik oge pikeun ngajawab pananya Bu Lilis.

MEUNANG BAGJA

Kénging Ki Denkur
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 19:32:25

Embé hideung embé bodas. Hideung jaluna bodas bikangna. Ngangkleung kaéréd caah walungan. Ngagulidag. Gupuy gapay néangan pamuntangan. Nu karanggeum ukur jukut gawir akar hanjuang. Koléab deui koléab deui. Pamustunganana, pasrah sumerah. Nuturkeun kamana léokna cai. Pareng sakitu méter kana curug. Jajantungna ratug. Kasawang pipaéheun. Curug nangtawing. Patulayah, batu gedé.Mojéjéjrél mun sirah ninggang kadinya. "Nyai geulis, sakeudeung deui urang bakal balik," ceuk embé jalu. Duanana tipepereket. Silih puntang. Patangkeup-tangkeup. Embé bikang juuh cipanon maseuhan dada sang kakasih. Hawar-hawar kareungeu sora manusa. Tingjorowok tingjarerit. Lalumpatan nunutur palidna embé. "Alungkeun tambangna euyy.....!! montong ngojay siah kabawa palid. Haduhhhh..aingah, embé kami ngan sakitu-kituna téh," nu bogana jeung nu aleut-aleutan patémbalan tingjorowok. Gujubarrr...Aki Sahli ngagujubar. Kekerebekan. Ngarawél embé. Gajleng embé hideung hanjat. Salamet. Tinggal embé bodas jeung Aki Sahli. Teu témbong deui. Gujrud, gedé panyangka kabawa palid. Bréh, dina gawir Aki Sahli dibubuligir. Nanangkeup embé bodas. “Montong diteangan Sujang, baralik wéh,” pokna meunang bagja.

NULUNGAN EMA

Kénging Nining Sariningsih
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 19:31:04

Di imah, ngan uing kadua ema. Tapi tara keueung. Mun tipeuting, sok aya Juragan Junéd maturan. Kalan-kalan sok ngéndong. Apal sotéh, mun lilir sok aya Juragan gigireun ema. Remen Juragan téh nganjangna. Sanajan uing sok keuheul. Bongan! Mun Juragan datang, sok buru-buru dititah saré. Mun teu digugu, ema sok molototan. Mun dipolototan, sok tuluy inget ka bapa. Bapa mah bageur. Tara popolotot. Tara nyarékan. Ema mah ka uing sok nyebut teu ideng. Bapa mah, sok mamatahan. Cenah kudu geus bisa mandi sorangan, da manuk gé geus buluan. Ayeuna bapa geus maot, ragrag basa keur nyadap. Uing asa cuang-cieung.
Pabeubeurang Juragan Junéd datang. Uing dititah ulin. Pareng di luar hujan. Uing balik deui. Bus, ka kamar. Reuwas! Nyampak ema burial buncelik, ditindihan ku Juragan. Awakna ditataranjang. Uing hayang nulungan ema. Nyokot popongkol. Sirah Juragan dihabek satakerkebek. Nepi ka bejad. Uing sugema geus nyalametkeun ema, sanajan uing tuluy dipiceun ku ema.

NU NULIS

Kénging Éndah Dinda Jénura
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 19:26:35

Peuting buni jero hujan. Manéhna diuk di dinya, hareupeun kertas, nungguan kurunyung ungkara jeung carita. Rot kopi. Gap pulpén. Trét nuliskeun lalakon sapatuna tadi soré, nu kekedeprukan mapay Braga, ngaliwatan panto-panto toko jeung kafé, pasarandog jeung nu lalar... Reg. Heup heula, ceuk sirahna. Ulah waka éta. Mundur deui, mending nuliskeun saméméh kedepruk sapatu. Méméh harita jeung nu karasa. Méméh hayang jeung rarancang. Amprok jeung rumegog. Curuk jeung tuduh. Jauh. Jauh ka tukang, mulang ka saméméh hujan tumbak jeung campuh perang. Méméh dunya jeung sajarah. Méméh cinta. Méméh baca jeung tanda, nu sarua jeung cinta éta: singhoréng teu nyukupan. Teu pisan-pisan... Sot. Pulpénna ditunda.

LALAKI KALUNG BULDOG

Kénging Muhammad Moulya Yamada
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 19:13:52

Mang Uya keur diuk sorangan di korsi halte nungguan beus. Lamat-lamat aya lalaki jangkung gede, awakna badag, kulitna hideung, beungeutna kasar. Make kaos ngetat, digelang jeung dikalung rante gede teu beda jeung kalung si buldog piaraan si Steven.

Beuki lila eta lalaki beuki deukeut.

Mang Uya rada watir.

Eta lalaki kalung buldog mingkin deukeut.

''Waduh, awak lalaki sagedé kitu kudu maké jurus Cimandé yeuh'' pikir Mang Uya.

Bener, éta lalaki nyampeurkeun Mang Uya.
Geus siap-siap Mang Uya masang jurus andelan, éta lalaki dikalung buldog téh ngomong:

''Punten kang, badé tumaros, dupi uninga upami musholla caket dieu di palih mana nya Kang?''

PANASARAN

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 18:51:13

Reueus. Bagja. Tumaninah. Pogot, kukulibekan di-FBS nu tambih hérang-méncrang, buricak-burinong.

Hiji nu matak panasaran, iraha kuring meunang BENTANG!?!

BALATI KIYAI KANGJENG

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 18:44:51

"Lalaki mana deui nu nganti seuseukeut ieu balati?" Pokna bari ngawurkeun saranggeum malati ka jero peti.

KAWEDUKAN

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 18:33:48

Mending mana? Maju atawa mundur? Kabéh gé aya untung rugina. Hukum teu cuet kanu hideung, teu ponténg ka nu konéng. Sarwa sarua! Mun taya nu kapilih, réngsékeun ku daméy kakulawargaan. Rasman ngahuleng, nyipta-nyipta nu bakal tumiba. Tapi pastina bakal ngabuntut bangkong, matak amburatel, masalah beres hanteu éarna sajagat. Bedah wiwaha! Sabil, perang batin. Jantung ngageter leuwih kenceng, basa loba sora nu teuing ti mendi datangna pating jelengéng, raong minuhan ceuli. Kacipta pibakaleun ciweuhna ieu perkara ngabelegbeg deui némbongan hareupeun. Atra pisan! Beuki lila sora mingkin samar antukna simpé. Basa jajantung ngarandeg. Keclak getih nu kaluar tina nadi nu pegat ku hinis ganti warna, ti beureum jadi biru. Teureuh kaningratan. Ha-pé nu murag na leungeunna nampa és-ém-és unina, “Masalah tos bérés. Hapunten manawi téh nu sanés Pangersa. Sip aman!” Telat! Rénghap sésa sadami deui.

JOHNNIE WALKER

Kénging Rudi Al-Fajri
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 17:04:17

Lampu disko tingbaranyay warna-warni. Gedur wirahma rémix teu eureun, minuhan rohangan Shangrilla. Si Olég keur ngabaheuhay, nyekék botol kosong bari unggut-unggutan, teu eureun gigideug miceun bangbaluh hirup. Gelas kosong pabalatak dina méja. “Tambahan deui, Nyaiii!” Gugupay ka palayan. Song, sagelas Johnnie Walker diasongkeun deui ku nu rancunit. Leguk, sakilat gelas geus copong, laju ciarak sumélékét kaunggal sél. Ngékéak bayah, tingalasruk niruk jajantung, bari maténi lelembutan nu ngan kari sasemplék. Tetempoanana mingkin reyem-reyem. Dédéngéanana beuki norék. Hawar-hawar sora nu patingjarerit. Reup, poék mongkléng. Nyangsaya jurueun rohangan.
Olég ngoréjat hudang, peteng sakuriling bungking. Kareungeu sora nu keur gunem, jéntré.
“Ieu jalma tong ditanya deui, Kang!”
“Sapuk pisan, Yi. Cuang siksa, geus puguh ieuh!”
Sorana bedas lir guludug, haténa dumadak sebér. Siak jebét kana puhu ceuli, sirah bejad, uteuk mancawura. Ngan sakilat, ngahariji deui. Olég ngocéak maratan langit. “Ampuuun!” Taya nu maliré.
Kitu jeung kitu salilana, teuing nepi ka iraha.

PACUL

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 16:47:36

Wanci manceran. Matapoé indung dayeuh hanaang ngalétakan aspal. Ruhay nyay-nyayan. Bréh fatamorgana di tungtung jalan protokol. Éndah sinawang ti kaanggangan. Ngabébénjo sugan ngéjo, harepan tarapti disuhun luhureun toroktok rawing. Hawa panas nyongkab awor jeung sora gecruk pacul nugar taktak jalan. Késang tiis ngagarajag, jibrug maseuhan kaosna. Leuseuh-baseuh. Badis nasib Mang Winta nu boborot kaséréd gulidag jaman. Tali paranti nu mingkin teu kaharti. Pacul nu sasari namping galengan, kiwari ngagali kamalir pakeun cai laju ka hilir. Blentrang! Pacul rompang neunggar pipa ledeng. Gecruk! Goréhél kabel telepon pajuranteng. Gecruk! Kurunyud kabel listrik. Trrrr.. awak Mang Winta ngeleper. Kekejet sakedapan. Wanci tunggang gunung. Mobil pikeup nganteur Mang Winta mulang ka Majalengka. Lembur matuh banjar karang kalanggengan.

JÉGER

Kénging Ibrahim Farid
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 16:41:22

Saha éta jangkung badag, kumis baplang sanggadulang, leumpangna eundeuk-eundeukan, kawas nu weureu kucubung. Awakna pinuh ku tato, tina beuheung nepi suku, leungeun maké geulang bahar, ramo pinuh batu ali. Mun ngomong tipoporongos, nulak cangkéng pamér huntu, sahaok kadua gaplok, katilu nyingsatkeun androk. Balaréa pada nyaho, manéhna kuat diteunggeul, dikadék ogé teu teurak, pangpangna kuat kaéra. Salelembur geus kaacak, kabéh gé taya nu mahi, ngayonan pangabisana. Kasieunna ukur hiji, nya éta ku pamajikan, osok ceurik sisimekeun, mun pareng keur dicarékan. Komo lamun disurilam, atawa ceuli dijéwér, kumisna langsung ngulapès, tato luntur kakésangan. Basa keur mabok ngacacang, manéhna kungsi susumbar, kajeun dirurug sakampung, batan teu dibéré taeun.

NU NYUMPUT NA CANGKANG

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 16:32:53

Kabayang kénéh kanyaah nu jadi guru. Sabot harita, basa tilu taun masantrén di anjeuna, lain ngan saukur élmuna. Kadaharan jeung nu séjéna, éstu ditomplokkeun ka kuring. Sono hayang ngadeuheus. Kabeneran aya acara pangajian bulanan. Ti subuh kénéh geus siap-siap. Hayang rada nyalsé di dituna. Pantalon hideung, kaméja bodas jeung ketu hideung. Sup kana beus. Dus dijingjing ku leungeun katuhu. Aya jok kosong hiji deui. Gék. Rét. Pamuda jabrig keur udud. Calanana soék sabeulah lebah pingpingna. Kaos hideungna belél. Kadang-kadang ngingsreuk, tuluy nyusutkeun irung kana tuur kencana nu ditaékeun kana jok. "Salah gaul budak téh. Sok ngalegleg narkoba, sigana," ceuk kuring, jeroning haté.

Jol ka imah nu jadi guru. "Geus lila, Jang. Teu ka dieu nya?" Ceuk anjeuna. Ti rohang tukang aya nu norojol. Pamuda nu tadi na beus. "Encép, linggih di palih dieu." Anjeuna ngahiap si pamuda. Tuluy nyarita ka kuring "Nepangkeun, Jang. Ieu teh putra pun guru ti Tasik. Engke wengi, anjeuna nu bade maparin tausiyah teh."

ARRANSEMEN PANUNGTUNG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 16:24:59

Peuting combrék. Nyieun arransemen lagu nyawang kahirupan. Bar kahiji keretas ngeplak bodas kembang buruan, haleuang néléngnéngkung nyélékét simpé keur meujeuhna wanci janari. Bar ka tujuh belas ngeuntreupan kekembangan keur meujeuhna ligar seungit nyambuang. Mimiti aya asih ka impikeun. Kakangen napel dina sanubari teu bias disinglar, kumejot jeung marudah. Bar ka tilu puluh jalan beuki rumpil tikosewad salah titincakan. “ Geus janari ieu teh, anggeuskeun laguna!” Aya panembrama sora minuhan simpé, minuhan monitor, minuhan dosa dina lalampahan. Bar anu bakal disorang iraha jadi panungtungan, bisa isuk jaganing pageto saha anu apal? Abdi Gusti. Tahajud, sajadah, abdi sujud juuh cimata.

LALAKON TI SUNAN AMBU

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 15:54:30

Wanci maju sareupna basa manéhna ngaléos ninggalkeun kalangkang. "Asih nu maneuh geus tinggal lalakon." gerentes haté. Kamalir cinta taya tapakna. "Hampura, urang geus lain-lainna." pokna. Manéhna neuteup seukeut laju ninggalkeun kuring. Dumadakan, waditra mirig nu ngibing kapireng silung. Cimata teu kaampeuh. Sajorélat, katémbong manéhna gugupay. Gupay pileuleuyan nganggeuskeun lalakon. "Hujan... Ngan hujan cisoca. Dareuda kembang tunggara. Haleuang sorana peura. Najan peura tetep cinta...."

NU GELO

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 15:42:46

Bari seuseurian manéhna éngklak-éngklakan bari diabring-abring ku barudak sakola. Malah sawaréh mah aya nu nabeuhan ku kaléng butut sagala, puguh wé beuki maceuh, asa aya batur nu nyaho kana dirina.
“Ĕh, barudak, cik aya nu nyaho, di nagri nu ceuk sasaha gemah ripah répéh rapih bari loba cacahna, cik nu pantes kudu ngawangun naon?” tanyana bari ceuceuleukeuteukan.
“Perumnas….” Témbal barudak mani rampak.
“Lain deuleu!” pokna mani nyorongot. “Kuduna mah loba ngawangun rumah sakit jiwa…heuheuheu….”
“Naha make rumah sakit jiwa?” témbal barudak bari angger éak-éakan
“Heu…biko sia mah, keur ngarantina anggota DPR nu ngadadak gélo jeung jalma-jalma nu bareuki narkoba deuleu, tambahan wéh ku jalma-jalma garélo…..heuheuheu…..”
“Apan manéh gé gélo” ceuk salah sauran budak bari nyakakak.
“Béda deui siah aing mah, aing mah gélo tibaheula, lain gélo dadak-dadakan, matak aing mah jalma pangngeunah-ngeunahna, pajarkeun aing gélo padahal maranéhannana nu garélo….heuheuheu….”

NAPSU KAPEGUNG

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 15:28:46

"Sugan kudu dicacag ku aing, anjing téh!" ceuk Mang Damini. Basa manggihan sms, pamajikanna jangjian jeung juragan mandor. Gap manéhna kana bedog. Biur. Ngajalankeun motor satakerna. Napsu ngagugudug. Anjog ka nu dituju. Sérépét. Ngalugas bedog. Gecrok. Gecrok. Hapé pamajikanna dicacag tangka bubuk. Hing. Mang Damini ceurik. Kanyenyerian.

PANGHAREPAN

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 15:22:22

Ditahan ulah rarag cimata, basa gupay pileuleyan, ngoléang kabawa kalakay murag.
Kapinis nu mawa jangji, ngulinkeun jangjang panyawangan. Rarangkén haté semplék maréhpélan dbarengan ku ngajangjawingna kasedih ati nu kamari tingtrim.
Hanjakal kajongjongnan, sempal guyon taya harti, kapirig ku agul diri, adigung adiguna. Asal senang haté sorangan. Apan aya soca mencrong. Ningali, dipirig rasa kainggis, bilih sulaya tina jangji, paningal pinuh karémpan, boa boa panyangcang kendor talina.
Tanggah ngudag méga bodas, sugan bisa maksa pugagna hiji kahayang, balukar rasa kaperdaya. Wakca balaka taya gantar kakaitan. Saukur kabawa sakaba-kaba, mungguhing ari duriat, nganteung ngan ukur keur salira. Kasuat manah ngan ukur diréka rasa salira.
Isukan sréngéngé mawa hibar méga beureum, mugi salira ngantos di lawang panto sono. Nyandak kembang rupa kayas. Sapunyéré teu jadi pegat simpayna.

LALAKON KADALON-DALON

Kénging Acep Deri Cahyadi
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 15:18:38

Dasar boga rasa mokaha, tara asak-asak mikir, antukna jadi kadungsang-dungsang. Tarmudi, jalma kaya, kaasup jugala. Kiwari pinanggih jeung prihatin. Ti saprak kagoda ku hiji randa, randa béngsrat, manis santen jangkung leutik, kulit bolang kahieuman, rameng urat kana pipi, bulu soca carentik, héjo kening, rambut panjang ngagebay, soca kadia béntang, lungguh timpuh teu umaing, katangen sampulurna. Dasar sipat jalma, geuning si randa ngan semet pameresan. Sanggeus hartana kaala, biur taya béja jeung carita. Tarmudi, kaduhung teu manggih tungtung. Banda béak awak lebur. Hirup luntang-lantung teu puguh nu di jugjug, ku dulur teu diaku, ku baraya teu diala. Rék balikan deui ka geureuhan, geus aya nu boga. Antukna bati ngaheruk.

NU SMS-AN

Kénging Nining Sariningsih
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 15:06:31

Teu pira! Cenah mah, ngan tina hayang SMS-an. Sok jadi paréa-réa omong. Rajeun daék, kudu dur-der heula paséa.
"Aya naon?"
"Teu aya nanaon. Hoyong bé atuh diSMS. Hoyong bé atuh diperhatoskeun dina SMS."
"Lah, da lain ABG atuh! Geus teu kudu SMS-an. Ngirit pulsa!"
"Atuh pan sakali SMS gé, kenging saratus SMS gratis. Paling ogé nganggo pulsa limaratus rupia. Nyaah, ieu abdi tos kénging gratisan."
"Ah, haroréam pokona mah! Cararapé. Geus gawé mah lain hayang SMS-an. Hayangna gé saré!"
"Atuh Kang! Da SMS mah teu lulumpatan. Moal matak capé!"
"Na ari sia! Maksa-maksa teuing! Dibabétkeun siah hapéna!"
"Ulah dibabétkeun atuh Kang! Pan teu acan punah!"
"Siana meureun kudu dibabétkeun!"
"Sok babétkeun! Tos teu nyaah mah!"
"Ari Sia...! Sugan hayang ditampiling!"
"Ih abdi mah hoyong SMS-an, sanés hoyong ditampiling!"
"Ampuuuuun teuing! Ari aing kudu kumaha?"
"Teu kedah kukumaha, abdi mah ngajak SMS-an."
"Nya heug atuh! Sok atuh urang SMS-an, ari hayang-hayang teuing mah!"
Duanana aranteng SMS-an. Diukna pahareup-hareup. Nu lalaki ngagélang sirahna. Garo-garo teu ateul. Nu awéwé surungah-séréngéh.

L A R A H A T È

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 14:47:50

Salami ieu, gambaran anjeun minuhan dada. Kongkolak panon, lalangit kamar. Kamana wae kuring incah. Gambar anjeun mimilu, maturan hirup. Mandi gè teu welèh milu, eunteup dina sabun, odol, milu meresihan kèsang.
Geus maneuh nepi ka jadi kabiasaan.Naon waè nu tumiba dina hirup kuring sapopoè. Kuring pasti nyarita ka anjeun. Jadi tempat curhat nu bisa ngaluginakeun hatè.
Peuting ieu. Cipanon juuh, murubut, ngamalir teu bisa ditahan. Ngararadan sakabèh gambar anjeun. Baseuh. Ancur kaelèb cimata. Nepi ka euweuh nu nyèsa.

VÉTERAN

Kénging Ibrahim Farid
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 14:11:54

Dina bangbarung imahna, manéhna diuk ngalangeu, panon mencrong ka jauhna, mangsa keur belekesenteng. Patingbelesatna pélor, masih kénéh kababayang, dina kongkolak panonna. Awakna pinuh ku tatu, bulat-beulit jiga tato, nyaritakeun wewesénna, padungdung di pangperangan. Basa ditawaran gawé, pangkatna rék ditaékkeun, kalahka ngundurkeun diri, sabab perang enggeus réngsé. Harita téh kungsi wakca, manéhna siap buméla, mun aya bancang pakéwu, ka nagara jeung rahayat. Tapi kanyataanana, geuningan teu walakaya, nulungan nasib rahayat, nu jadi korban koruptor. Kabisana ukur perang, nyekel bedil jeung garanat, teu ngarti kana pulitik, hukum jeung tatanagara. Cacak lamun deungeun-deungeun, anu ngarurug nagara, digempur nepi ka ancur, moal diengkékeun deui. Sakeclak cimata getih, kaluar tina panonna, haté ngarasa nalangsa, alatan ambek kapegung. Ngadadak ngajegoh batuk, teu lila kekerejetan, nyawana ninggalkeun raga, panutup katunggaraan. Seungit kembang ngadalingding, nyambuang tina layonna, paroman hégar marahmay, jiga anu hirup kénéh.

HÉLEM

Kénging Muhammad Moulya Yamada
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 14:05:14

Hiji poé Mang Uya nanya ka si Ijul,

''Jul, tadi urang di jalan aya di tukangeun maneh, ningali manéh naék motor naha teu maké helém? Lampu beureum simpang opat di deukeut kantor ogé dilabas ku manéh. Kunaon ku kitu teuing?

Bari beungeut kalem si Ijul ngawalonan, ''ah nyantai wé Ya, da euweuh pulisi ieu lah.''

Mang Uya ngahuleng sedih, ''Duh Gusti, hampura rencangan abdi Gusti, Anjeun dianggap lolong.''

.............

Kamana Alloh ditempatkeun ???

DONGENG KUDA JEUNG DOMBA

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 14:02:08

Gedogan jeung Paranje ka sekat ku gedeg Carang. Kuda ngaheruk. Domba jalu heraneun, “Aeh na kunaon Lur?” tanyana. “Dunungan urang!” tembal Kuda ngarahuh. “Enya kunaon dunungan urang teh?” Domba panasaran. “Arek pindah kasabna jadi supir angkot!” Kuda ngalengis. Inget di pasar tilu poe katukang, dirina di tawarkeun ka Bandar daging. Cenah mah keur nambahan DP ka Sorum mobil. “Megeus teu kudu di pake kasedih. Malah kuduna atoh didinya, jadi teu kudu narik Sado deui. Meujeuhna pangsiun da geus kolot lin!” Kuda neuteup Domba panona beueus. “Aeh enya sakalian Uing amit Lur, wireh lebaran haji nu kari dua poe deui. Dunungan urang teh arek Qurban!” Ceuk Domba rada ngahuleng.

GERENTES HATE

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 13:40:01

Kuring jeung anjeun leumpang di jambatan nu nangtawing
Bari patarema
Taya basa nu ka ucap
Hate mah hate ngagalindeng
Rumpaka asih nu ngamangle kembang bungur
Ayeuna anjeun jadi bentang na hate
Jadi katumbiri na rasa
Jadi hujan wanci sareupna
Terus terus terus
Ari kuring jadi naon ?
Teu ka kedal...
Kareret anjeun ngan ngagelenyu...

KUMAHA PEPELAKAN

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 13:09:27

Poé Jumaah, kira-kira jam 12 leuwih 20 menitan. Di hiji Masjid, hotib keur anteng méré hutbah Jumaah. Kabéh jamaah dariuk sila, jadi sababaraha shaf. Kuring gé keur anteng ngadéngékeun eusi hutbah.
Saurang jamaah gigireun kuring, cengkat tinu diuk sila-na. Tuluy kaluar rohangan Masjid, aya lima menitan kadéngé sora ti luar masjid "Bangsaaat! Bangsaaaat! Bangsaaaaaaaat!" Kuring jeung ampir kabéh jamaah, jadi kurang husu ngadéngékeun hotib anu keur méré hutbah.

Sabada réngsé salat jumaahan, genjleng? Kabéh jamaah hayang pada nyaho! Aya kajadian naon tadi? Kuring nyoba tatanya, ka Tukang Ojég anu mangkal di harepeun Masjid. "Kang tadi téh aya bangsat? beunang teu?" Ceuk kuring, nanya ka Tukang Ojég. "Beunang Kang!" Témbal Tukang Ojég, "tuh watir, béak digebugan!" Tukang Ojég, nunjuk ka bangsatna. Anu nyangsaya teu walakaya.Beungeutna bengep. Gebeg! Kuring reuwas! Geuning jamaah anu tadi.

DUNUNGAN ANYAR

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 13:04:16

Ngaran-ngaran dunungan anyar, rajin pisan ngaroris daptar hadir. Saban mariksa, tarangna kerung jeung kerung. Pantes kituna téh, ari tanda tangan rempeg, di rohangan coréngcang, méja karosong jeung komputer parareum. Dunungan, pirajeunan ngulincer ka pipir kantor. Kasampak, anak buahna keur maraén catur, ngopi di kantin jeung ngarariung ngadu bako. Teu digareuwahkeun.
Isukna, rebun kénéh naker, dunungan geus camperego dina méja absénsi, lebah lawang panto. Tugur, nepi ka kabéh hadir. Bangun nu geus teu sabar, hayang geura-geura ngamuk. Laju, ngawakwak laklakdasar. Taya nu wani tanggah, saréréa tungkul ngaheruk, siga bueuk meunang mabuk. “Tuh! Tempo picontoeun, tara incah tina komputerna,” nunjuk ka nu di juru. Nu ditunjuk, ngagebeg. Luk tungkul, rumpu-rampa kana mos, buru-buru nga-klik pitur klos, pikeun ka luar saheulaanan tina lapak Fbs. Terus pindah kana jandéla weud opis. Siga nu heueuh keur ngetik.***

LIONTIN

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 12:55:07

Lima taun, Tisna aya di pangumbaraan. Manéhna mulang ka lembur. Haténa kumejot ka Marni. Wanci sareupna karék nepi ka lembur.
Lebah parapatan, "É...éh, na jiga Marni?" gerentesna. Dedegan Wanoja geulis campernik, raksukan bodas, buuk pirang. Ngarumbay ngalangkungan amis cauna, kasuay halis nu ngajepat ngajelér paéh, mapaés pangambung mancung luyu kuwung-kuwung manjing damis nu kempot ngaliang undur-undur dina tungtung lambey badis jeruk sapasi. Mapah macan teunangan, tonggoy jiga teu nolih ka Tisna, nu katenung ku jamparing asih, kabandang gondéwa rasa. "Geulis...! Ieu Engkang, Nung!" héran ku tingkah Marni. Reg, kendat léngkahna. Rét, ngalieuk. Bréh, soca nu cureuleuk ngadak-ngadak alum ngeyembeng cisoca. Teu sakemék-kemék acan. Song, ngasongkeun liontin, léos neruskeun léngkahna. Bingung teu manggih tungtung. Tisna, kebat lampah nuju ka imahna.
Lebah péngkolan ka imahna. Kapegat ku anu tingrariung,"Saha ieu teh? 'Korban tabrak lari' ieu mah, karunya teuing!" ceuk nu ngarariung, nelek-nelek nu ngagolér guyang getih. Tisna, nyampeurkeun, "Marni...!" pluk, liontinna murag.

CARPE DIEM

Kénging Budi Mugia Raspati
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 12:16:55

Harita. Kuring keur inget, teu weléh inget. Januari nu mawa angin humiliwir. Nyecep satulang sandi. "Carpe diem, quam minimum credula postero". Dikotrétkeun na angen-angen. Basa cunggelik na rohang pasagi ukuran tilu kali tilu. Tengah peuting. Dibaturan ku jam dinding nu tuk-tek jarumna lir antaréna ketug jajantung. Cicing dina angka dua belas. Simpé, ngan sora cai nu nyurulung tina keran wastafel nu poho ditutupkeun.
"Kahayang mah kudu diudag, Sujang!" Suanten Pa Aki, ngéngkréng deui. Kapireng ogé suanten Abah, nu halon. "Hirup téh teu salawasna runtut jeung harepan, kasép." Hanjakal ungkara-ungkara kandeg, ngabelegbeg. Kasilih ku nu kumalangkang na remeng-remeng bulan ngelemeng. Ngaririwaan. Sorot panonna pinuh ku mangpirang isarah panungtungan. Kuring ukur bisa ngagerentes, "Pileuleuyan Asih..."
Satutasna ti harita, kuring tuluy nyileuk dina rohang pasagi nu lian, teuing geus sawatara lila. Mongkléng.

SEKEN

Kénging Tatang Supriadi Art
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 11:54:31

Lebah pengkolan basa panggih teh, dina handapeun caringin, manehna anteng ngulinkeun cimata. "Teteh, teu kunanaon?" kuring nanya. "Raraosan mah kirang kumaha. Teteh ngaulaan salaki, ngageulis sanes gumeulis, eta ge kanggo kasenangan salaki. Ari seug, salaki kalah nalak, kagoda ku randa anyar." Ceuk manehna ngajawab, bari teu kungsi nanya sababna ceurik . Srog, leungeun di asongkeun. " Nepangkeun. Abdi Udir, teteh saha jenenganana?" ngawanikeun maneh kuring nanya. " Nami teteh Emah! hapunten, kalah hayoh we ngobrolkeun sorangan. " Tembalna. "Dupi cep Udir tos kagungan putra?" teh Emah malik nanya. " Teu acan gaduh bibit-bibit acan, teu acan pajeng. " Kuring ngajawb. " Tong awis teuing atuh mangaoskeunana, damel dimana?" manehna nanya deui. "Ah, abdi mah sajinisna ge diical, ari padamelan mah, ngawulang di es-de, pahlawan tanpa jasa landihana ge. " Ceuk kuring seuri. Angin haliwir, sora manuk tingkucuit, teh Emah imut, terus ngaharewos. " Langkung pahlawan lamun A Udir kersa ka Abdi," pokna.

CARITA SAPASANG KELOM

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 11:52:46

Kaidean ku komik kelom Iwan Yuswandi

Di musola kantor kuring aya sapasang kelom. Bakat ku butut, geus teu jelas mana jang suku kénca mana jang suku katuhu. Mun dipaké, karét hideung tina urut ban téa, sok coplok méméh nepi ka tempat wudhu. Mun coplok kitu, tinggal dikaitkeun deui tah kanu pakuna. Terus ditakol-takolkeun kana témbok. Pageuh sahelaaneun mah.
Tah, palebah ditakol-takol, hareupna—tempat indung suku nincak—beuki béak wé murudul—tambah da geus bobo tadina. Atuh indung suku mah teu bisa nincak. Nyuruwidil ka handap. Nya ramo nu séjén mah bisa nincak kénéh.
Sanajan butut, euweuh nu miceun ka eta kelom téh. Padahal geus aya taunna cicing di éta musola. Kungsi rék dipiceun ku OB kantor. Ngan ku kuring dicarék. “Tong dipiceun. Maké kelom éta téh, sok inget ka indung kuring. Nu ngaranna indung—kajeun indung suku gé—sok ngéléhan ka anak-anakna. Teu nincak gé baé indung mah, asal anak-anakna nincak.” ***

PATUKANG TONGGONG

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 11:21:45

Mobil ambulan eureun hareupeun lawang UGD. Budak nu ngamén diparapatan katabrak mobil. Dokter jaga dibaturan dua mahasiswa nu keur kuliah prakték, ogé suster perawat tapis ngariksa nu tatu. ”Perlu dioperasi sagancangna, bawa pasién ayeuna pisan!” Paréntah dokter. Teu ditanya urusan waragadna.
Datang deui pasén anyar kana angkot konéng, geus rada umuran, panasna teu turun-turun geus tilu poé. Bérés di pariksa, hariwang ku waragadna, kulawarga mutuskeun pasén rék dibawa balik deui.
“Ibu si Bapa kedah di opname, wayahna, supados énggal damang, teu keudah hariwang soal waragad, Ibu tiasa nganggo Jamkésmas.” Bagian administrasi ngajelaskeun.
Vidéo dipareman, lampu ruangan dicaangkeun.
“Begitulah Bapa dan ibu déwan yang terhormat, cara pananganan pasién di Rumah Sakit kami.” Kapala rumah sakit nutup biantarana di hareupeun anggota DPRD.
Di gang deukeut ruang barak. Pasén tipes geus dua poé teu kapaliré, lantaran kurang nyumponan waragadna, SKTM taya hartina.

HAREPAN

Kénging Iwan Ruspendi Sr.
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 11:16:25

Kriiingg...!
"Halo, Kepala Biro Personalia?"
"Saya sendiri,"
"Kebetulan‚ tolong dibantu ya. Saudara saya dikaryakan disini. Aturlah mau ditempatkan di unit mana terserah."
"Maaf, ini dengan siapa?"
"Lho, kamu ga tau siapa saya? Tanya ajudan kamu saja ini dengan siapa. Kondisikan agar permintaan saya diluluskan!"
"Baik, saya cék."
Sanggeus ditalungtik, horeng telepon ti Inspektorat Jenderal. Isukna, di rohangan tempat gawe si Péndi aya stap anyar. Di dapur kantor, si Péndi bati ngusap dada, "Emh, mun aing boga dulur gegedén, moal kawas kieu waé gawé téh," bari ngumbahan piring gelas nu patulayah.

SAHA ARI MANÉHNA?

Kénging Nyai Endit
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 11:12:40

Seungit malati nyambuang minuhan kamar. Maké kaos néplak awak jeung calana ‘hot pants’, manéhna masih kénéh norowéco nyaritakeun pangalamanana. Geus dua jam. Ti mimiti ngomongkeun buku nepi ka carita ahéng, sedengkeun kuring nu aya sajeroeun calana geus teterejelan hayang kaluar. “Wengi éta, abdi nuju di kamar. Nuju maca. Teras kaambung seungit malati. Kumargi nyambuang pisan, janten panasaran. Ditingal tina jandéla teu aya tangkal malati nu nuju karembangan. Sabot abdi badé nutupkeun jandéla, ti pengker aya nu noél. Abdi ngalieuk, terang-terang éta mangkeluk téh tos ngabedega. Badé lumpat sesah, ngagorowok nyuhunkeun tulung, lambey asa ngonci. Éta mangkeluk nyaketan. Hoyong ngajerit nanging abdi ngadon teu émut di bumi alam. Énjing-énjingna atra, aya tangkal malati nu kembangna maluguran. Mung dugi ka danget ayeuna teu acan kateguh, mangkéluk naon ari manéhna. Tah! Ayeuna gé aya seungitna, nya? Aa ulah mulih, nya? Abdi sieun.”

SI NYAI HAYANG NYUNDA

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 10:06:45

Si Bungsu , mahasiswa seméster lima , jurusan sastra inggris. Basa Sundana teu pati matut. Kituna mah ma,lum , pan lahir jeung gedéna téh lain diTatar Sunda . Jaba ti kitu pan indungna gé lain pituin Sunda. Ngan estuining ku tetelepék ngababandingkeun undak usuk Basa Sunda , Basa Indonesia jeung Basa Inggris.
" Nyai , Basa Sunda mah teu cukup ku tiori. Tapi kudu bari jeung praktékna. Jig kadituh diajar ngobrol jeung kolot-kolot di lembur urang bari sugan aya pulunganeunnana ! Ngan mun meunang panyawad poma ulah kasigeung. Anggap wé keur koréksi kana kamampuan Basa Sunda urang." Kitu ceuk kuring.

KORUPTOR JEUNG BANGSAT

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 10:02:52

Kulon pindah ka wétan, kidul pahili jeung kalér. Omongan bener disalahkeun, nu ngabohong dibenerkeun. Ruksak. Ujang ngadadak jadi nyai, si akang ngajanggélék jadi tétéh. Pulisi jaradi bangsat, nu ngagarong dianggap pahlawan. Tumbila pada ngarukut, dibudidayakeun. Otak pindah kana tuur. Rungsing ka balaréa.
Juragan hakim nyalukan dua sakitan ka rohangan sidang, awéwé ngora jeung lalaki kuleuheu. "Empat tahun setengah hukuman kamu karena korupsi 4,5 milyar," ceuk hakim ka nu awéwé. Unggeuk terus ceurik kanyenyerian. Nu lalaki narik napas. "Gusti Nu Maha Agung, tulungan abdi!" manéhna ngadu'a bébéakan.
Beuki lila rohangan sidang karasa nyongkab. "Anda dihukum lima tahun karena mencuri sepasang sandal!" ceuk hakim bari melong nu lalaki. Nu aya di rohangan sidang kabéh kagét. Gedong eundeur ku nu protés. Satpam jeung pulisi riweuh ngahalangan nu darémo. Angin ngadadak nyéot ka jero gedong, ngarawél hakim dibawa ka jomantara. Teu lila kadéngé kocéak dengékna hakim nu keur kumalayang di awang-awang.

LAYUNG

Kénging Ari Andriansyah
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 09:25:12

Layung ngempur. Angin basisir terus ngahiur. Ngarénghapan waruga handapeun pucuk janur. Ngariabkeun lamban sinjang garutan. Tembus kana liliglag kabaya sutra bodas. Laju ngudar rumbay buukna. Tina sanggul nu lésot tina roncé manglé. “Ayeuna urang tinekanan panganténan, Kang...” Sorana haroshos dibarung imut. Aya umang ngarayap leungiteun cangkang. “Rida bakal satia ngantosan mun Akang pareng jengkar balayar...” Sorana beuki geugeut. Aya hiji ngaran dina kikisik tapak gurat rémana nu lancip. “Ulah lami teuing ngalautna...” Sakilat lambak ngalantiskeun sirna gurat. Jung nangtung. Ngalacat kana ruruntuk caruk parahu. “Rida hoyong lalayaran duaan sareng Akang...” Aweuhanna kapalidkeun galura ombak. Imut deui. Jrut turun. Lalaunan leungeun dibébérkeun. Nangtang angin. Nyeta-nyeta camar ngalayang. Léngkah ngerepan. Kukucuprakan jeung reregéh hégak. “Kang, hayu ngawang-ngawang...” Imutna beuki leleb. Sedeng satukangeun. Lebah liliuh tangkal katapang. Indungna lana nyérangkeun. Manéhna nu lawas nyorangan. Angin basisir terus ngahiur. Aya kalangkang lindu jeung caah ngaremkeun lembur opat taun kalarung. Aya genclang cimata kapulas layung panungtung.

NAUR CATUR

Kénging Mbi Chymepm
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 09:08:50

Lapat-lapat, lambak gumulung di tengahing sagara. Jeleguuur! Léb! Nyéblok, maseuhan kikisik. Batu karang siga anu ngagupayan, ngahiap raga, anu keur nandang tunggara. “Kang! Kuring datang, seja naur catur, mayar carita baheula. Nu kantos dikedalkeun di ieu tempat. Urang duaan badé sasarengan salawasna. Nyanggakeun! Diri abdi, tawis katresna ka Akang.” Ngeuleuyeung…, nyampeurkeun lambak nu keur motah. Brus! Leeep! Leeep, beuki tengah! Kedewek! Suku aya nu ngabedol. Lep! Les! Bagja kokojayan jeung manéhna.

SIKLUS NU TEU MUIH…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 08:35:21

Pabeubeurang. Cindekul handapeun tangkal buah. Meusmeus taneuh dikoréhan. Kalan-kalan jiga nu ngotrétkeun gagambaran. Ihsan uplek jeung Sarah, adina. “Ti dieu, engké urang bakal ka dieu!” Awi sapotong tutunjuk. Mertélakeun. “Ieu, jiga gambar anu dicandak ku Bapa saacan angkat, A?” Daria pisan Sarah nanyana. Ihsan unggeuk. Sajongjonan simpé. “Bapa ayeuna aya dimana, A?” Awi ngésér. Gambar pajaratan. “Bakal uih deui, A?” Neuteup anteb lanceukna. Ihsan, ngeluk. Aya nu miripis tina juru panona….*1.

KAKARÉN PASANTRÉN XXII

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 06:18:42

Pasantrén tempat mondok Musa Uyuh tara biasana tiiseun. Santri nyarita saperluna boh jeung sasamana sumawona ka balaréa di sabudeureunana. Cohagna ngomong hadé atawa jempé réhé. Swasana jadi leuwih daria. Catur nu taya bukur dipahing pisan di satiap paguneman. Nyakitu deui carita tanpa ma’na, liwat! Tapi béda halna jeung kadaréhdéhan, kasoméahan, kakulawargaan dironjatkeun kalawan leuwih daria. Imut dina marahmayna parangi jeung silih gelendutan ku kahéman nu didadasaran ku iklas, jadi ageman.

Basa ditanya ku warga di éta lembur ngeunaan tatambangan pondok nu béda ti bihari, Musa Uyuh ngajawab, “Kadang warga di ieu pasantrén, keur diperedih nyiar emas sinangglingan.”

NU DITARANJANGAN

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 03:47:29

Kaisar, ucapna undang-undang. Kabelejog tukang ngaput pamabokan nu divonis hukum pancung.
"Paménta pamungkas bisi boga kapanasaran?"
"Widian abdi midamel raksukan gamparan tina bahan husus. Anggoeun dina acara resmi kanagaraan," pokna. Kaisar panasaran. Cenah bahanna istiméwa ukur katingali ku jelema bener sakelas kaisar. Ijin kaluar, éksékusi ditunda. Der tukang ngaput digawé. Siga nu heueuh da puguh euweuh. Nyandiwara. Sabulan kakara réngsé. Kaisar dangdak-déngdék hareupeun eunteung. Dibuligir. Sidik, kulit beresih mungkus daging selap gajih. Sieun teu disebut jelema bener kapaksa ngaku baju téh alus kacida. "Béwarakeun isuk pawéy!" Taya nu wani mungpang najan éra parada nénjo nu tataranjang tunggang karéta kancana. Euyah-euyahan nu ngabagéakeun. Sakadar ngabéo kanu keur ngawasa. Di parapatan aya budak lumpat muru jalan bari tutunjuk, "Kaisar porno!" Jep. Jempling lir gaang katincak. Dina kaayaan samarampa saurang patani nu masih bisa mikir walagri pok nyarita, "Taya nu porno. Kaisar mungguh mulia, dina raksukan mode panganyarna." Para ponggawa jeung balaréa surak, tuluy narurutan. Ditaranjang.

NU MARANAN

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 03:22:11

Sanajan ukur Aweuhan na jero dada. Rumpaka tresna nu ngengklak, teu burung nyiak mulas beungeut nu kemba. Kuring emok, ngeluk jeung nu jadi Adi tukangeun Ambu. Abah Kuring jeung Abah Maneh. Guntreng cacarita ngalor-ngidul, nu pamustungana nepikeun pamaksudan Maneh. Cenah matak datang maranan ka imah kuring. Taya lain arek ngalamar susuganan di tarima. Burinyay beledag! Sora-sora Tatit, ngawewejet harepan Kuring. Basa ngarungu sora Abah Maneh yen Maneh kadieu teh arek ngalamar Si Esih Adi Kuring.

SETATUS BIRU

Kénging Hady Prastya
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 01:40:02

GOSALI. “Hayu! Urang ka Parakan Manggu!” Djati tatanggah.
“Sok wé. Cuang aya perlu heula.”
“Heuglah, arisidakarep.”
Padahal cuang keur nyiar sinyal. Keun baélah bohong saeutik mah da para patinggi, nu tukang nabeuh jangji, mun nyata teu bukti da henteu dibui.
Beeeeer, setatus anyar ngalayang méjéng ‘na kronologi.
Kerenyed, aya nu nelepon.
“Oh Ibu, aya pikersaeun naeun?”
Enya gening ngeunaan setatus éta. Saha atuh nu réla, babaturanna digunasika. Mun teu kubasana sigahna cuang haro mupus.
“Aya naon Jang Kokoh, Si Ibu menta nomer HP ka kuring? Matak maké lilinggeran hirup téh.” Teu dibales éta sms téh. Ngenes haté, kaciri manéhna ngékéak.
“Mana si Sujang téh? Bapa hayang ngomong.”
“Mangga.”
“Héhéhéh,” seurina meni nyelek kana angen “ ari Ujang. Keun wé ieu mah urusan Bapa, ulah sok kokolot begog. Rék kitu rék kieu gé, angger, Bapa nu nanggungna mah!”
“Muhun Pa,” teu kebat.
“Hampura duluur!” Dumareuda. Masalah lain udar. Kalahkah beuki cangreud.

PEUTING

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 30 Januari 2013 01:32:45

Musik ngendagkeun dada, sawirahma jeung warna-warni lampu nu reup-bray mirig jalma-jalma, oyag motah. Parfum, inuman, haseup roko pacampur jeung bau késang. “Ka luar yu!” Rendy ngobrol bari noél, méré isarah. Ratna unggeuk, duanana pagégéyé ninggalkeun diskotik, muru tempat parkir, bari teu weléh seseurian, ocon.
Mobil nyemprung ngajugjug hotél. Teu sawatara lila geus guntreng di kamar. Sabot Ratna ka cai, Rendy ngaleguk inuman, bari haté mah bungangang. Mojang geulis nu kakara wanoh di diskotik, teu sakara-kara, kiwari geus bisa dibawa ngamar. Lungleng satengah mabok, implengan manteng rek numpakan mojang. Beuki lila beuki leneng, teu karasa gelas nu keur dicekel ragrag, manéhna nyangsaya na sofa.

Nyah Rendy beunta, awak asa baraal. Sajongjongan ngumpulkeun pangacian, kakara sadar, dirina geuning aya di kamar mandi bari ditaranjang. Nyanda dina bathtub anu pinuh ku cai es. Dina témbok hareupeunana aya keretas dilakban, disidik-sidik, geuning tulisan. “Hatur nuhun ginjelna Aa.”