Asa ka anak teges. Diéyong ti keur orok beureum. Mangkat rumaja ditinggalkeun. Wisuda. Nanyaan. Indungna nu ngurus. Kiwari deuk kawin piraku kuring teu ngahadiran. Rurusuhan ti luar dayeuh. Hapé sababaraha kali disada. “Tepang di bumi calon pangantén istri bé, Ma,” cék kuring. Kacandet macét. Tabuh sawelas kakakara nepi kanu di tuju. Nu sérén sumérén kapireng kénéh. Laju acara akad. Kuring geus anjog ka méja tamu. Méméh nulis neuteup heula gedong nu dipaké hajat. Rénjag. Seblak. Komo waktu nénjo hiji lalaki nu saumur jeung kuring mapag nu rék diakadan mah. “Cilaka!” teu sadar kuring nyorowok. Jalma nu ngagimbung patinglalieuk. “Bapa!” si Jalu bungah. “Enggal, Pa!” pamajikan gugupay. “Ké heula!” lalaki nu saumur jeung kuring molotot. “Nyai, kawin dibatalkeun! Teu sudi aing meunangkeun anak buronan!” curukna bentik. “Karja, kuring satuju ukur dibatalkeun! Ngan kacida salahna mun ka getih sorangan nyebut anak penjahat.” Omong kuring. “Jadi si Jalu téh anak aing nu leungit?”
Langit dipulas méga kulawu. Bulan nu cahayana koléas, nyorangan. Taya béntang nu sasari sok maturan. Sakali-kali, angiin ngahiliwir nebak dangdaunan. Patingarulang, bangun gugupay ngajak neuleuman petengna peuting.
Kinasih. Sidéngdang na mumunggang pasir peuting. Anteb ngumbar lamunan. Niténan tapak nu geus kasorang, bari anteng nyawang bulan.
Ditundung ku indung, dijauhan ku baraya. Alatan ngagugu napsu, milampah nirca. Kiwari kari peurihna. Hirup nyorangan, taya batur pakumaha. Teu karasa, keclak cimata ngamalir maseuhan pipi.
"Duh Gusti..., iraha kuring meunang kabagjaan hirup ?" Rénghapna karasa beurat. Aya nu nyedek kana angen.
Peuting mingkin simpé, sasimpé haténa. Peuting beuki mongkléng, samongkléng hirupna.
Tapi, manéhna mibanda kayakinan. Salila Gusti méré hirup, salambar harepan masih aya mayungan lalangit haténa. Ngan teuing iraha. Sugan isuk, bareng jeung hibarna cahaya panonpoé nyaangan dunya. Sugan.
'' Omat nya, bapa-bapa mun urang lempang nukangan awèwè, kudu geuwat disusul, sabab mun urang keukeuh ditukangeunana èta bisi nimbulkeun pamikiran anu gorèng jeung lumpatna kana sahwat '' ceuk ajengan mèrè katèrangan basa kuring rutinan di masigit. Ku kabeneran isuk basa kuring lempang nyampak di harepeun tèh aya ibu-ibu, geuwat ku kuring disusul.'' Nerap akang mah èlmu kamari ti ajengan tèh langsung di praktèkeun dina kahirupan nyata '' ceuk tatangga nanya bangun reueus. '' Dupi ayi uninga saha nu mapah payuneun ibu-ibu tadi ?'' kuring malik nanya.''uninga, èta tèh putrana nèmbè pisan rarandaan''. '' Tah èta sababna mantak akang nyiap gè sabab akang hayang teges '' ceuk kuring bari ngarèrèt nyi randa nu di strèt.
.
Gusrek. Gesruk. Sora nu keur ninun. Gusrek. Gesruk. Kakupingna ngawirahma.
Gusrek. Jeprut. Jarumna potong. Gusrek. Gusrek. Tinunan teu rata. Gusrek. Gusrek. Tinunan jadi ngabulu.
Gusrek. Gusrek. Nu ninun kajongjonan. Gusrek. Gusrek. Mingkin jongjon. Mingkin panjang. Tinunan ngabulu.
Gusrek. Gusrek. "Aaw!" Nu ninun ngocéak. Leungeun boloboran getih. Tinunan didudut. Dipaké ngelap getih dina leungeunna.
"Aééh, geuning nyerep pisan. Ngeunaheun dipaké ngelapna!"
Antukna jarum dirupakeun jiga nu parotongna. Ditatawarkeun lawon buluan. Alus keur ngelap. Leuwih nyerep tibatan elap nu biasa.
Raresepeun. Laku. Sugema.
Hareupeun layon manéhna, kuring nyegruk. Ras inget ka mangsa ka tukang, basa manéhna nitah pangnyieunkeun surat keur Véra. Kembang pasantrén, bejana cengceman manéhna, ti keur zaman SMA mula. Teu, teu rumasa ngahianat. Véra kuring, lain Véra nu manéhna. Basa kuring ngotéktak lomari nu Véra, baheula, zaman keur bobogohan kénéh. Teu, teu kapanggih surat ti manéhna, nu meunang nyieun kuring téa. Salian ti éta, Véra kuring mah da teu kungsi masantrén. Bisaeun ngaji quran ogé, sanggeus ku kuring diwuruk. Véra kuring jeung Véra manéhna, éstu béda waktu, béda tempat.
Hareupeun layon manéhna, kuring nyegruk. Mun téa mah kuring disebut penghianat. Hampura. Apal-apal sotéh Véra kuring Véra nu manéhna, sanggeus pamajikan balaka. Baheula, kungsi aya nu ngirim surat, eusina sarua jeung puisi kuring nu dimuat di koran. Mun téa mah kuring disebut penghianat. Sakali deui, hampura. Kuring teu apal, gening Véra nu urang duaan téh kembang pasantrén. Kungsi juara qiro’ah, sakabupatén.
Datang ka kantor isuk kénéh. Di rohangan can aya sasaha. Rada hélok. Dina luhur méja, nyampak sagagang kembang ros beureum. Digigireuna aya sacewir kertas. “ Wilujeng énjing... mugia bagja tinekanan, Yu.” Sidik keur kuring. Panasaran nanyakeun ka pasapon nu keur sasapu di buruan, saha nu geus neundeun kembang dina méja. Ukur gogodeg. Majar taya nu datang pangisukna, lian ti manéhna. Teu pati dipikiran. Isukna, geus nyampak deui dina luhur méja. Basa ditanyakeun deui ka pasapon. Angger ukur gogodeg. Teu ngarasa geus kapalingan asup ku jalma ti luar. Ti tadi sasapu di buruan kantor. Malah panto rohangan gé karék dibuka basa kuring datang. Kembang diantep ngagolér dina méja. Tulisan dina sacewir kertas teu dipaliré. Teu lila, hapé disada. Aya SMS ti nomer teu wawuh. Panasaran dibuka. Eusina sarua jeung tulisan dina kertas sacewir téa. “Wilujeng énjing...mugia bagja tinekanan,Yu.” Teuing ti saha....
"Pa, mana ari balong abdi?" ceuk Cép Simi ka bapana basa tas balik ulin. "Dudi balongna lega, Soso mah gaduheun dua, laukna téh mani seueur." Bapana carinakdak. Boro-boro boga balong, imah ogé nébéng kénéh ka mitohana. Budak mah can ngarti nanaon. Nyahona téh babaturanana baroga balong, manéhna ogé pantesna boga. Inget ka guruna, bakating ku hayang ngabébénjokeun anak téh nyieun kulah saméter pasagi dina cucurugan imah. "Euh, balong manéh mah ayana di lembur Bapa. Panjang pisan, moal éléh ku nu babaturan manéh. Ké geura urang ngaruseup di ditu, nya," pokna dareuda. Budak dibawa ulin ka lemburna. Diajak nguseup di walungan. Balikna budak katingali jigrah. Datang ka imah aléwoh bébéja ka indungna, "Abdi gé gaduh balong. Abdi gaduh balong panjang!" cenah bari igel-igelan.
Barang bawaan dititétan. Diimeutan gemet. Lengkep, koper dikonci. Si Bungsu ditangkeup geugeut, digaléntoran. Si Cikal jeung nu Panengah nu keur karuliah diés-ém-és, méré iber bisi leungiteun. Amitan ka mitoha mihapékeun barudak. Dijajap ka bandara ku pamajikan, daptar ngadumukeun hiber. Boarding pass. Cunduk waktuna miang. Nu jajap dirangkul, “Mah... Apa mios, sing atos-atosnya! Ngawiat barudak!” Manéhna nyium leungeun, katempo nu nyalangkrung na juru panonna bedah. “Sami-sami Pah...!” Haroshos bari rambisak.
Geleber kapal ngapung, ngabelesat ka jomantara, mapak méga ngalintas buana. Ngalayang di awang-awang. Angkleung-angkleungan di sagara méga. Kadéngé aya sora ti interkom kabin “May day...! may day...! may day!” Panumpang panik! Simpé sabada aya sora handaruan ngajelegur. Mulang leuwih gancang tina jadwal.
" Tos pada terang Pun Anak téh bogoh pisan ka Euceu. Ngan ku Euceu ditolak bébéakan.Sok sanajan Euceu téh randa. Da piraku atuh anak kudu ngawin indung mah. Kawas jalma teu iman. Aya sotéh dina dongéng Sangkuriang ,da ari dina kanyataan mah moal aya. Sanggeus remen digelendutan , nya ahirma mah manéhna sadar. Ngan balukarna ku matak hélok. Sabab ti saprak harita Pun Anak téh kedal ucap yén moal daék boga pamajikan mun lain ka randa. Geus ditatambakeun ka ditu ka dieu sangkan daék boga pamajikan ka nu sarua lagasna. Karepna tetep pageuh. Teu beunang diongget-onggét. Saprak dualas taun leupas tina panalingaan Euceu geus kabéjakeun aya kana dua tilu kalina bobogohan jeung randa. Mending mun jeung nu saumur mah. Kaasup waktu kabéjakeun dina tivi digerebeg pulisi alatan kabawakeun mabok jengkol. Cenah Pun Anak téh keur pedékaté jeung randa legislatif !" Kitu ceuk Dayang Sumbi di hareupeun para wartawan.
Matak kageuing ati. Mireng sora manéhna keur ngaji. Lekoh dina lagam bayati. Peuting sasari. Peuting walagri. Peuting pinuh ku kasurti. Jongjon ngahéphép dina dipan pangsaréan. Ngabandungan ayat demi ayat nu niruk lelembutan. Babarengan diajar ngaji baheula téh. Ngan manéhna mah hatamna aya ku téréh. Sedeng kuring, asa teu ingkah waé. Weléh. Di dinya-dinya kénéh. Pleng wé harita mah, amprok-amprok salapan bulan katukang. Kabiruyungan bet tuluy diparengkeun hirup sagulung-sagalang. Ngeukeuhan kasadrah. Numatak rumah tangga téh beuki dieu asa beuki betah.
Bray, mukenana dibuka. Bati ngalenyap nyeueung gurilap pundukna. Arang langka atuda. Mun geus kitu, haté sok kekejotan. Ragamang. Leungeun ngaringkang. Mimitina mah kana taktak nu molototan. Manéhna teu ngarenjag deui. Kawas peuting-peuting mimiti. Atawa laju nginghak, nyasaak ieu haté nu geus bohak. Ngadon ngeluk wé ayeuna mah. Bangun genah. Kari ieu panon nu keukeureunceuman. Neuteup nu ébréh dina pundukna. Pulas warna nu méh-méhan pareum. Tato kembang ros beureum.
Bray panto, “Sanajan sia! Sia! Sia! Sakabéh! Tipopolot tibuburanjat, tibeberegég, aing moal ngaganti nu dihakan ku aing! Karesep aing daging! Naha sia sakabéh teu aringet kana jasa-jasa aing? Garoblog sia!” ngaharéphép, tingpuriding sabulu-bulu.
Can baseuh panyeupahan, “Wah mun teu buru-buru ngibrit, manéhna ku aing tah dikieu! Tah deuleu! Set! Set! Set!” sakabeh monyét mareta-metakeun jurus-jurusna.
“Pa, Mamah sareng Ceuceu mios ayeuna.”
Sanggeus dienyakeun ku salaki, ngadius maké Starlet beureum ngora rék nepungan pibésaneun. Rék nyawalakeun rencana pangantenan Si Ceuceu, anak kuring nu cikal. Di tempat nu dituju, sagala unak-anik keur hajat disawalakeun. Imeut, teu aya nu kaliwat. Dianggap bérés.
“Ceu, pangmilarikeun selop kanggo Mamah nya! Modélna kumaha Ceuceu wé!” ngasongkeun duit, “Mamah ngantosan di dieu. Asa carapé.”
“Bilih Bapa badé mulih.” Ngarérét ka pibesaneun.
“Ka, temenin Ceuceu ga?” nu dirérét kalah nanya ka anak lalakina.
“Ya dong, Pap.” nyéréngéh. Jung nangtung. Teu lila duanana geus ngariles.
Di juru kafé, kari kuring jeung pibésaneun.
Sabataé. Ngumbar rasa nu baheula.
Teu nagrti. Sumpéh
Teu percaya. Sumpéh
Maenya? Sumpéh
Kagét. Sumpéh
“Pah, mamah rido pami si Néng ditikah ku Papah”. Lengngngng,..........apal ti saha?
Malarat leuwih ti batur. Hésé dahar-dahar acan. Pada ngahinas. Pada nyacampah.Leungit ajén kamanusaan. Tilu bulan katukang kabéjakeun ujug-ujug jadi jalma jegud. Puguh gujrud salelembur, pajar Ki Arnapi munjung ka maung. “Paduli teuing, kumaha nu nyarita wé,” ceuk Ki Arnapi.
"Nini, urang jalma beunghar. Gaya hirup kudu robah deuleu," pokna.
"Nyanggakeun, kumaha Yayang," ceuk Nini Ining jadi nyebut Yayang.
"Sagala rupa nu geus dipaké, ulah dipaké deui. Piceun, alungkeun atawa duruk. Tong owel meuli deui wéh,"
"Satuju, saé,"
Jeung enyana. Unggal tas dahar atawa nginum, gelas jeung piring téh keleweng dipiceun ka pipir. Baju jeung pakéan séjéna, sarua belewer dialungkeun. Tivi, unggal tas nyetél keleweng dibabétkeun. Éta mobil, unggal tas dipaké ulin tara ka garasi, jegur diduruk.
Hiji peuting, Ki Arnapi hayang sosonoan. Nini Ining ogé sarua. Atuh prung guley ragot pisan. Réngsé, Ki Arnapi inget kana komitmen. Sakur barang nu geus dipaké kudu dialungkeun. Teu diengkékeun deui, Nini Ining dirawu, belewer baé dialukeun ka pipir, nyangsaya na dapuran cau. "Naha aing disaruakeun jeung piring..." ceuk Nini Ining.
Najan umur geus ampir 30 taun tapi rarasaeun abégé kénéh. Babaturan mah kabéh geus karawin. Basa reuni és-ém-pé urut bébéné kungsi nanya, "Kunaon teu acan nikah? Abdi mah putra gé tos tilu." Panonna neuteup lir hayang nembus eusi haté. Ngajawab téh saperluna, "Teu acan mendak jodona wé." Unggal isuk-isuk manéhna sok ngaliwat. Ku mindeng panggih haté jadi katarik. Rupana, dedeganna, seurina, ngomongna, matak kayungyun. Pangpangna mah kataji jaman kiwari daék kénéh leumpang ka sakola. Mun geus tamat sakolana rék dilamar ka kolotna. Hiji waktu tas nganteurkeun dulur panggih di jalan. Manéhna balik sakola. "Hayu, Néng, badé sareng uih?" cekéng nawaran. Manéhna imut, "Moal, Pa, da ieu sareng réréncangan." Meg! Hulu angen asa seueul. "Teu nanaon duaan ogé." "Sawios, Pa, badé papah wé." Leungeun késangan. Awak muriding. "Mangga atuh kapayunan." Mawa motor teu puguh rasa. Sadar-sadar geus nepi ka imah. "Aing teh geus kolot geuningan."
Mimitina SMS nyasar. Panasaran hayang panggih, sanajan bari jeung humar-hemir. Ngarumasakeun, sieun diseungseurikeun! "Upami abdi nyeungseurikeun Akang, hartosna abdi nyeungseurikeun anu ngadamel-Na." Kitu walonnana.
Jadi panggih, nepi ka ngajodona. Boga budak awéwé, geulis tur bageur.
Jauh tanah ka langit. Manéhna mah geulis, sakolaan, pagawé deuih. Sedeng kuring? Sabalikna. Sapopoé dagang cikopi. Mun kuring ngébréhkeun hal éta, dibarengan imut, manéhna nyarita, "Bayuan ku nu halal! Éta cekap kanggo abdi. Sanaos abdi janten présidén, Akang tetep pamingpin abdi."
"Miwarang mesékna ka bapa, bageur! Panangan mamahna kotor."
"Hoyong ku mamah, hawatos bapa mah pananganna..."
"Bageur...! Bapa mah sagala gé tiasa. Ima, isin bapa kitu?"
"Henteu. Ari mamah?"
"Tebih ti isin. Mamah mah nyaah pisan ka bapa. Reueus pisan ku bapa."
"Ima ogé."
Obrolan nu matak dédéngéeun. Sorana nu ngagalindeng, tara lésot tina gelenyu imutna.
Ayeuna! Nu kadéngé ngan inghakna Ima. Sasambat kanu jadi indungna. Nu katingali ngan tetengger, nu aya tulisan ngaran manéhna. Wilujeng angkat jungjunan...!
Langit Banten poék mongkléng. Sakuringling Surosowan ditingker peteng. Pasukan Daendels samakta ku pakarang, ngepung wakul buaya mangap.
“Kanjeng Sutan, widian kaula ngiring bélapati,” Jim Bowie dumeuheus ka Kanjeng Sultan.
“Naon maksud jeung tujuan andika milu buméla?” Kanjeng Sultan ngawalon, malik tumaros.
“Hapunten, Nun. Jauh dijugjug teu aya sanés jisim kaula seja kumawula. Mertahankeun Bénténg Surosowan, pikeun picontoeun anak incu kaula, Nun.”
“Hadé mun andika miboga patékadan kitu. Katampa darma bakti andika. Tapi naon nu jadi pananggeuhan andika geusan buméla?”
“Cekap ku ieu wé, Nun,” Walon Jim Bowie bari ngasongkeun balati. Kanjeng Sultan imut. Nyumputkeun semu.
“Jim, naon nu jadi harepan andika satutas perang lekasan?” Kanjeng Sutan nalungtik.
“Énjing jaganing géto, bilih anak-putu kaula peryogi collateral. Manawi teu kaabotan, punten dipasihan nambut emas batangan, Nun.” Kanjeng Sultan unggeuk surti.
“Keun éta mah urusan anak-incu urang, Jim.”
Duka puluh duka ratus taun kalarung, nu nginjem can kénéh mayar-mayar.
Amparan sawah tepung ka sisi gunung, hejo lémbok ukur katineung, bréh wangunan jangkung, nanjeur ngahunjur mapakan méga, lebah dina tempat ulin leledokan, ngudag-ngudag jeruk meunang mubuy, pabaliut sili rebut, paheula-heula muru lolongkrang.
Rét, nempo walungan, cai katempo bangun sungkan miang, kapulas warna hejo, beureum, hideung, awor jadi hiji. Ras jaman katukang, bulucun luhur batu, katempo paray sili udag dina ci herang.
"Kang..! Si Udin cenah ka rumah sakit, balik sakola silih serang..!" koréjat muyarkeun lamunan.
Wanci isuk, anu kuduna mawa sumangét hirup. Jang Suéb malah ngajéngjéhé embung hudang. "Mending teu indit ach! poé ieu mah, déwék rék saré sawaregna!" ceuk manéhna ngajak ngobrol ka bantal. "ulah atuh euy! engké awak kuring réa ku dahdir manéh" ceuk bantal bari nyéréngéh seuri. Gebeg! jang Suéb ngagebeg reuwas! teu salah dédéngéan kitu? "Henteu atuh euy! apanan uing mah bantal ajaib" ceuk bantal kalahka nyengseurikeun. "Horéam euy! rék inditna gé sieun aya nu nagih" ceuk jang Suéb ngadukeun masalahna ka bantal.
Si bantal kalahka beuki ngaoconan jang Suéb. "Buru euy hudang! piraku lalaki épés méér? uing geus embung didahdiran waé" poké ta Bantal nyéréngéh seuri beuki ngahanakeun.
Jang Suéb antukna ngelehan manéh, geuning bantal anu sok dipaké saré ku manéhna, ngadon ngaheureuyan baé. "Kieu carana déwék rék nékad?" gerentes haténa. Manéhna cengkat, kaluar ti kamar tuluy asup ka dapur, néangan péso paranti masak.
“Tong saré! Tuh tingali anu rék ngarahuh geus ngaliud. Lamun maranéhna bendu, kuring bakal sangsara deui. Anggur mah ditaranya sing soméah!” Ceuk dunungan kuring, Jang Mark. Kapaksa capé-capé ogé, kuring nyampeurkeun nu keur ngaliud nungguan kuring.
“Apa kabar, Titin Sumartini?” Tanya téh.
“Ati-ati! Jaga salaki! Ayeuna loba awéwé anu garumeulis, ngadon ngagaroda lalaki.” Jawabna téh, teu nyambung jeung pananya kuring.
“Apa yang terjadi, Éméd?” Kuring api-api wanoh.
“Malming, teu boga kabogoh. Nasib! Nasib!” Manéhna ngarahuh.
“Bagi-bagi kabarnya, Nini Uti!” Cekéng téh ka Nini Uti.
“Duh! Éta mah rérét Aki Juminta. Alah ieung, matak nyérédét kana haté. Hayang panggih deui. Oh God, hélep mi pliiiis!” Nini Uti neueul-neueulkeun jempolna kana kipéd hapéna bari keukeureuceuman.
Panonna neuteup dadali nu eunteup na dahan caringin, katempo sorot mata dadali nu kacida seukeutna kalindih ku sorot ceuleuyeu. Persis handapeun matana aya nu ngeyembeng hérang. Lain, lain ciibun tadi isuk, lain cihujan nu ngagebrét kamari deuih
Manéhna ngarénghap, panonna angger neuteup dadali nu katempona bangun nu manggih kanyeri.
“Dipikir-pikir, asa percumah nyanyi Indonesia Raya mun dadali aya dina kanalangsa… “ Gerendengna dina sora nu peura. “Enya, pantes mun dadali nalangsa gé, da éta nu dariuk tukangeun méja héjo karesepna ngalélang bebeneran, nu salah dibenerkeun, nu bener disalahkeun demi lambaran Sukarno Hatta, kecap adil dibalang-balangkeun, jigana geus waktuna urang perang, ngeusian bedil jeung péstol ku pélor bari terus ngécéng sasaran….”
Korèjat hudang, curulung sada nu ngeusian cai kana gelas, regot manèhna nginum, rèt kana jam '' ah, masih dua jam kènèh '' gerentes hatèna tuluy sarè deui.Korèjat deui hudang, rèt deui kana jam '' jadol tèh sajam deui ! '' ceunah reup peureum deui, gebeg, jajantungna reuwas, korèjat deui hudang, rèt deui kana jam '' panasaran lima menit deui mah rèk ditungguan siah '' manèhna ngomong sorangan, tuluy diuk mendeko teu lila sada aya sora tarik naker tina hapè anyarna lagu Korèa jaman kiwari. '' oh, kieu ning sadana alarm tèh '' geus kitu mah dug deui sarè,ker kèrèk nepika isuk. subuh mah kaliwat sanajan geus di sèt ogè alarmna.
"Tong saré! Tingali nu rék luh-lah geus ngantri! Lamun maranéhna bendu, atuh kuring jadi sangsara deui. Anggur mah taranya, sing soméah!" Ceuk dunungan kuring, Jang Mark. Capé-capé ogé, kapaksa kuring ngabagéakeun nu ngalantri.
"Apa kabar, Titin Sumartini?" Tanya téh.
"Ati-ati! Jaga salaki! Ayeuna loba awéwé anu ateul." Jawabna teu nyambung jeung pananya kuring.
"Apa yang terjadi, Junéd?" Kuring api-api akrab.
"Malming, teu boga kabogoh. Nasib! nasib!" Junéd ngarahuh.
"Bagi-bagi kabarnya, Nini Uti!" Cekéng téh.
"Duh! éta mah rérét Aki Juminta. Alah ieung, matak haté deg-degan. Hayang panggih terus. Oh God, hélep mi plis!" Nini Uti neueul-neueulkeun jempolna dina kipéd hapé, bari keukeureuceuman.
Umurna nembé 25 taun. Kasép. Bujangan. Kayungyun, keur kasép téh seueur artos. Da order na ti ditu ti dieu. Ngagaleuh mobil méwah: Mini Cooper, Hammer H3, jeung Chevrolet Camaro. Cenah, mobil Camaro téh pangaosna ampir 2 miliar. Eh, artosna seuer kénéh. Ngagaleuh motor gedé: Harley Davidson, Ducati Street Fighter, Monster, Piaggio, Victory Vision Tour, tepi ka motor roda tilu, Can-Am Spyder. Sing sumpah, artosna seuer kénéh. Dianggo bobogohan jeung randa geulis, seueur kénéh. Dianggo nyaleg, seueur kénéh. Dianggo umroh, seueur kénéh.
Naha seueur kénéh waé artos téh?
Hoyong nyobiaan sangsara, anjeunna ngagaleuh narkoba. Leres, pulisi sing tararojol. Ngajak ajeunna obo di hotél prodéo.***
Layung beureum hurung ngagebur, muragkeun silalatu. Beureum seuneuna, ngancik dina haté hiji Wanoja. Déby kakasihna. Ceulina euceuy, beungeut geuneuk, huntu kekerot, ramona dikeupeulkeun. Gebur...! Sorot matana hurung ngabebela, hawa panas, ngentab sabudeureun rasana.
"Tong nyalahkeun Kuring, mun ayeuna Anjeun katideresa rasa jeung kasiksa!" ras, inget waktu manehna sujud tur sungkem sangkan teu pegat duriat jeung Tisna. Teu dipaliré. Tisna, ngajéngkat. Ngudar subaya.
Kari-kari ayeuna ukur jadi tempat ngadu, bébéné nu teu satia. Ngangluh ku kakasih nu midua. Saperti Tisna, nu geus midua haté.
"Ayeuna Anjeun ngarasa, anu baheula karasa ku Kuring. Nyeri...!"
Borolo SMS ti hiji nomer. “Pah, énggal transferkeun wé ka nomer rékening nu ieu (nomer rekening hiji bank). Énggal Pah, Mamah peryogi pisan. Ulah ngahubungi Mamah, hapéna nuju lobet. Ieu nganggo hapé réréncangan.”
Séréngéh kuring seuri sorangan. Sebel aya, karunya ongkoh ka jelema modél kieu téh. Néangan duit bakating ku geus hésé. Padahal geus pada apal, geus moal aya nu katipu deui ku cara kieu mah. Modus kuno.
Satengah jam ti harita, nomer nu éta téh kalah nelepon. Reuwas, da sasarina gé tara katutuluyan. Diangkat. “Halow, naha can ditransfer kénéh baé? Geus wani wangkelang sia téh ka aing! Burukeun, siah!” sora pamajikan ngaréréwék, matak racleng tai ceuli katuhu.
Lemah cadas lamping haté, diwuluku nata téras. Bar ngampar lahan harepan. Sinebaran pawinihan. “Duh jungjunan, panutan ati. Sri Apsari bagéa sumping,” Pa Tani mapag kakasih.
“Nun! Ieu kaula datang,” Jeng Sri nété katumbiri.
“Sumangga cai katresna.”
“Nuhun, Kang. Banget katampi.”
“Rabukna galuget angen. Mangka bétah mangka génjah. ”
Nyéh Jeng Sri seuri sugema. Sidéngdang begér munggaran. Panangan pating arulang, ngarandakah héjo ngémploh.
Reup sareupna, poék datang. Durukwiksa tingketeyep. Tinggulayun ngarangsadan.
“Kakaaaang! Tuluuuung aya baya!” Déwi Sri ceurik ngajerit.
Pa Tani huthét buméla. Werejit birat lalumpat.
Panceg poé ka saratus, buah sih tresna lugina. Baleuneur beungbeurat sangga. Hiliwir angin ti dayeuh. Mawa pawarta guligah. Pa Tani hanas sugema. Pangaji jauh ti misti. Teu wasa majar kumaha. Taya tangan pangawasa.
Anjeucleu. Luhureun gumplukan méga. Ngadaweung semu malaweung. Angenna cuscos. Ngarancabang. “Kurang kumaha aing buméla. Ti tatar Wétan parat ka tungtung Kulon, nganteur Guru nyiar Kitab-Suci. Lalakon nu pinuh dodoja. Nyanghareupan manglaksa karaman bangsa siluman. Tapi, sanggeus laksana anu diseja. Aing tetep teu bisa sampurna jadi manusa.”
Gelebug! Angin tuhur nebak cirrocumulus nu ditumpakan. Kumalayang. Lumaju ngidul. Mapay urat walungan Gangga. Reg. Dumadak. Ngarandeg. Katara hareupeun ngajegir hiji gunung. Kasaput pepedut bodas. Rupana rada mahiwal. Dedegan gunung kawas wanara. Bréh. Tebéh lamping aya guha. Miyuni sungut monyét keur calangap.
Srot! Gokong nyirorot. Roroésan. Kasedot kakuatan nu rongkah pohara.
“Bagéa, geura asup ngaraga sukma, Cu!” Sora Maharesi-Hanoman. Blus! Gokong manjing guha garba. Nyirnaraga. Meuntas diménsi. Kawah Candradimuka ngagolak. Pletik! Nutfah silalatu ngaburinyay. Ngabebela beureum burahay.
Gleger! Réaktor ngariyeg. Ti ruang kadali Prof. Broom méré isyarat ka operator. Teu lila tabung réaktor blak muka. Gokong niwikrama jadi Hellboy.
Pangawakan jangkung gédé. Buuk jabrig, tara leupas ti ikét. Kumis ngajepat. Awakna pinuh ku tato, ti mimiti gambar naga nepi ka gambar kembang, aya. Make mangsi. Bedog di soren nacangkeng. Pada mikasieun. Sahaok kadua gaplok. Eweuh nu teu apal saurangge, ka Mang Japra. Jegér kahot ti cimaung. Bulan ieu geus dua urang asup rumahsakit, teuing pedah naon. Gés teu kaitung sabaraha kali urusan jeung pulisi. Kaluar asup sel, jang manehna mah jiga tempat ulin.
Geus aya samingguna, Mang Japra teu katémpo ngulampreng. Atawa nangkring dipangkalan ojeg. Manehna teu walakaya. Ngaringkuk jiga kuuk, bari ceurik ngabangingik. Lain pedah eleh tarung, atawa di tembak sukuna ku pulisi. Teu pira nyeuri huntu.
Jam tujuh. Ihsan geus saged maké saragam. Termos és, jadi pamaés batur leumpangna indit sakola. “Aa, teu isin pan?” Nu jadi indung masih can téga. “Henteu, Ma!” Imut, ngagedékeun hate nu jadi indung. Nepi sakola, és dititipkeun di warung. “Engké uihna dicandak, Ceu!” Laju muru asup ka kelas. Jam istirahat, és dilongokan. Can aya nu payu. Kitu deui pas balik sakola. Weuteuh. Nepi imah, “Kumaha, A! Pajeng sabaraha hiji?” Aya nu nyasaak kana haté. “Teu hiji-hiji acan, Ma” Dumareuda. Indungna surti. “Wios, tong janten sedih! Teu acan aya rezekina” Budak dirangkul, panonpoé ngeclakeun cimata…*1.
Ngaku, haté téh. Boga salah, ka pamajikan. Komo, ka barudak mah. Rumasa, can bisa nyugemakeun. Kacida hayang, ari bathin mah. Tapi geuning, pernasiban can muter. Masih ngajeten, di handap waé. Gawé kieu salah, kitu ogé lain. Matak aral, dipikiran mah. Teu weléh, nincak di apes. Genep belas taun, rumah tangga. Masih ngilu, ka mitoha. Daripada, nambah banda. Beut kalah, nambahan budak. Ngan di dieu, kuring tingtrim. Sanajan ukur, sakedapan. Na jero mesjid, nu sepi jempling. Ngadu'a, teu kendat-kendat. Mugia gusti, masihan jalan. Sangkan di paparin, kakiatan.
Amiiin.
Teuing dina lèngkah ka sabaraha, urang ngarandeg.
Rèt ka tukang. Brèh, tapak nu geus kasorang. Rinjul. Pinuh ku cucuk riyut. Laju neuteup ka hareup. Ngabelegbeg. Teu katènjo nanaon.
"Poèk..." gerentes anjeun bari ngèpèskeun leungeun kuring, basa urang tepi ka jalan cagak...
Kutan kieu ari jadi jalma bodo. Hayang teuing bisa bahasa Inggris. Kaduhung baheula hanteu sakola. Kungsi kajadian. Urang bule nanya ka kuring bari pepeta. " Lah, meureun nanyakeun terminal paling ge, " pikir teh. Dius we dianteurkeun. Creng, mere duit. " Tengkiyu ! " cekeng teh. Nganuhunkeun. Na atuh si bule ngomong, " Yu a welcome ! ". Sakanyaho kuring ' welcome ' mah teh kekesed panjang nu dijieun dina tapas kalapa. Ngahina hah si bule.
Aksara o ampir-ampiran kabur basa rek ditewak, b mah ngadon ambek-ambekan, e jeung u ngadon rek nyumput, p ngadon ceurik ngabangingik, k teterejelan hayang leupas, r panaseun basa di asupkeun, t ngadon muncereng, b nolak sakuat tanaga, i ngadon bibirigidigan, majarkeun teu sudi aing di asupkeun kana kalimat panghinana, nu sok ngagorogotan kertas!
"Ibu, kersa janten wargi sim kuring?" cekeng nanya ka tukang warung sisi jalan.
"Naha kumaha kitu ncep? Atoh wae Emak mah aya anu ngaku dulur, mani sakitu kasep teh." tembal tukang warung.
"Nuhun atuh bu, diangken wargi. Ayeuna abdi bade nyungkeun emam mani lapar kieu, kumargi parantos diangken wargi nya panginten tiasa geratis."
Tukang warung olohok we teu bisa majar kumaha sabab tadi geus atoh diaku dulur.
Kahatur Pangguna Prameswari Versi 1.0,
Saleresna walatra, Prameswari 1.0 ngungkungan aplikasi nu lian. Malih aya nu dugi ka crash. Janten kedah diinstal ulang. Cobian jalankeun aplikasi NgarumatPrameswari 2.1. Dina ménuna aya MencétanBariNgélékéték. Komo upami Prameswari 1.0 tos ngajalankeun NyeuseuhNyetrika 2.3. Cobian oge ménu MésérKado. Kadé, tong bro-broan. Bisi disangka pancingan virus SalingkuhMidua 5.0. Maleware pang ngagalaksakna.
Tiasa ogé ngajalankeun ménu dina Bébéné 7.0. Copy-paste. Sapertos plug-in SMSMesra, NgirimCoklat sareng SajakDinaSapatu. Kahadé, aya bug anu kedah diperhatoskeun. JahatPulsa 1.0, Gemeyet 2.0 sareng KapiceunRusuh 4.0. Biasana kajantenan kitu akibat nuju ngajalankeun Aplikasi IritSabTanggungbulan 4.5 sareng LiburOlahraga.
Oh, aya nu kakantun. Aplikasi MasakNyalira 5.12 tos di-upgrade, saéna dijalankeun nuju pakansi. Malem minggu awal sasih Ngabaso 3.14 atanapi NyobianKulinerÉnggal 3.1.
Sistim Operasi Prameswari 1.0 ulah di-unintall. Kantun ngaos buku manual langkung gemet. Ulah elat nga-upgrade NgarumatPrameswari 2.1. Link-na dikirim kana Inbox. Panutup, jalankeun Aplikasi SabarJeungIhlas vérsi anyar dina balung tunggal sistem operasi salira.
Keureut deudeuh, maneuh dina imutna. Mépéndé haté, ku haleuang tineung dina wanda kembang asih. "Tawis kawih sawirahma." najan silung ngawuwuh kalbu.
Takdir teu beunang dipungkir, kadar teu beunang disinglar. Tresna, angkat ngaluuhan pangangkir Ilahi Robbi. "Ngantunkeun sasemplék haté," karuruban tresna nu keuna pinasti. Asih ngageuri merih ati, ngawurkeun hanjelu dina luluwuk kalbu.
"Bulan...! Béntang...! Kamana, cahaya Aranjeun?" leungit cahaya harepan. Lain...! Lain, tresna nu keuna sulaya. "Tapi...,"
Wanci peuting kira-kira jam sabeulasan, kang Semar teu bisa saré? Disarékeun lain reup peureum, ngadon kabayang beungeut éta awéwé ngajak seuri. Dibeuntakeun leuwih parna deui? beungeutna éta awéwé kalah beuki ngahajakeun narémbongan.
Di luhur lalangit katingali ngiceupan, dijuru kamar katingali ngagupayan, harepeun panto ngajak seuri bari ngagupayan. Lieuk éta sarua, lieuk itu komo beuki nyeplés. Teu bisa dipangpalérkeun? rék nyoba nélpon jeung nga-és-ém-és bati hanjelu. Hénphoné na gé, apanan dijual tadi beurang, keur meuli sangu.
"Haruuuuh kunaon uing bét ingét baé ka manéhna?" kang Semar nanya ka dirina, bari nepak tarang. "Karék panggih sakali geus kieu? komo mun mindeng? kasiksa meureun! haruuuuuuh kudu kumaha uing ayeuna?"
Haté nu teuas lir batu, dumadak leuleus kateumbrag sora sit uncuing nu ngelak dina tangkal buah hareupeun imahna, sareupna. Bulu pundukna, carengkat. Padahal biasana mah ngahephep. Teu wani hudang, sieun ku sentak polototna, tur ku kekecapanana nu kamana karep. Teu aya hiji dua, dedengkot teu eucreug, sagala dipaju, teu sieun ku sagala rupa. Tapi anéh, bet riweuh ku sora sit uncuing?
Gancang Bah Durja nyokot gantar, laju ngeprakan tangkal buah. Jep sit uncuing.
"Indit kéhéd! Tong nyingsieunan aing!"
Sajeroning kitu, lamunanana tumanya. Giliran saha? Aing atawa salah sahiji kuwarga? Ih, baraid teuing. Amit-amit!
Sit uncuing bangun nyaho. Sabada nu ngeprakan indit, ngelak deui.
"Cing cing cing! Eling eling eling!"
Sup Bah Durja ka enggonna. Ngajejempling. Teu lila, sora hayam ting karéok di kandangna. Teg ka Si Jagur. Hayam adu jawara di saban kota, kadeudeuhna Satengah lumpat ngariksakeun. Gemprah. Kulahék haténa. Leuleus. Ngong adan isya. Kadéngéna séjén.
"Hayoh Abah! Hayoh Abah! Geura bawa sajadah."
Bagja.
Kecap éta pisan nu keur ditéangan dimana ayana. Welasan taun lelembutan kumalayang nganjang ka jauhna. Eunteup dina gedong sigrong. Eunteup ka inohong kawentar. Eunteup kana lalakon para sélébritis nu keur naék daun. Eunteup kana sirah jalma-jalma palinter. Taya kota nu teu kasaba. Jauh dijugjug. Nu anggang disorang.
Weléh teu kapanggih.
Ahirna boboléh.
Malipir gawir nangtawing, niat mulang ka sarakan.
“Lainsyakartum laaziidannakum walainkafartum inna adzaabi la syadiid” hawar-hawar ti jauhna. Lelembutan ngocéak. Ngaleketey....
Pameunteu nu baheula geulis, sok jadi pamujian balaréa. Ayeuna kari urutna. Nu baheula cenah mikacinta, ayeuna ngajarauhan. Omongan lalaki mémang teu bisa dicekel. Nu jarangji kabéh sulaya. Pareum. Obor béakeun minyak. Ĕngang béakeun peurah.
Manéhna sok ngajentul dina jandéla. Imahna anggang ti tatangga. Mindeng neuteup ka jauhna. Indung-bapana geus taya dikieuna. Teu adi teu lanceuk, nyorangan. Iwal ti ucing hideung nu jadi baturna.
"Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri, sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening...," hariringna ngajaul ka alak paul. Ucing nu keur jongjon saré nguliat dina lahunan. Riyeg imah inggeung. Ucing luncat tina lahunan, robah wujud jadi Sangkuriang. "Pangharepan lir laut nu jero, teu katepi ku sora panggero, urang teuleuman ku geter deudeuh duaan, urang tataran ku karep jeung pangharepan," hariring Sangkuriang tina Kembang Impian.
Habek.. Habek... Dikadekkan. Warugana disasaak. Sirah ngagilincing. Disingkirkeun. Suku dibuntungan. Ngabebengkang. Patulayah dina amparan. Ngarahuh. Jol pulisi, " Mang ! Biasa dua kilo. Atina pisahkeun ! "
Jang Ohle si bujang lapuk tukang baso kotak, rampang rempeng ngaladangan pesenan hiji awewe. Ngarasa helok, kataji pisan. Eta awewe, payus rupa jeung dangdanan. Bulu mata lentik, awak sampulur dempak biola. Eces mirip Adelle penyanyi luar negri tea. Jang Ohle dumaregdeg beuki, dumeh harigu eta awewe adek kana taktakna. Ser nud, nyetrum kana awakna. Eta awewe ngaharewos ;"kang...omat cing amis haseum, tong nganggo laadaa". Palebah ngomong 'lada' sorana nga'bass'. Jang Ohle kuciwa pisan.
Reup peureum. Tibra. Teu nyangka. Hujan gedé nakeranan. Cai limpas minuhan buruan. Nu lian mah ngarampih, kuring kalah kaluar, ngadon guyang kekecebekan. Asa balik deui ka jaman keur budak. Huhujanan, bari nyurug di panyawéran. ”Mih! Mih!” Teu diwaro. Tonggoy nyo'o cai. Sewuuur...! Aya nu nyéblok. Koréjat! Rumpu..., rampa..., séréngéééh, éra sorangan.
Isuk kénéh, geus ditagih hutang. Maké ngancam, sagala rupa. Karék kamari, tamada téh. Geus kurumuy, deui waé. Rumasa, hirup teu boga. Hayang nyakolakeun téh, melaan huhutang ka unggal hulu. Da gajih, cukup keur dahar hungkul. Sabar, haté. Sugan jaga, budak meunang kabagjaan. Leng, ngahuleng. Inget kana, eusi perjangjian tadi. Mun saminggu, teu kabayar. Imah bakal, disita réntenir.
Di buruan imah Katua RW, geus pinuh ku pangeusi kampung. Ngantay. Rek mareuli beas raskin. Sologoto puguh ge, keur rahayat leutik jiga kuring mah. Nu panghasilanana pas-pasan. Sarua, kuring milu ngantay. Silih siku silih surung hayang paheula-heula mulang.
Eta Bi Eha keur mah ngomong teu pati jentre, meni tipopolotot. Ngagelendeng. Nyarekanan hiji awewe nu karak sabulan cicing di lembur kuring. " Montong nyurung-nyurung nguing ! misi ditampiling. Nyani nguing ti jongjolong. " ngomong ngirung alatan biwirna suwing.
Aya ku sabar, awewe nu dicarekan. Malahan mah musam-mesem ka Bi Eha. Laju Bi Eha mulang. Beas raskin dijingjing. " Ceu ! Gening teu dilawan ? " pok teh. Si awewe gancang ngawalon, " Ngisin ngunu sanes milih manyarngeun ngalelewe ".
Beuh... Kutan teh sarua ngirung.
Puseuring jagat, pancering bumi, wiwitan pangbaladah marcapada, nya di dinya Arca Domas. Poma dararia ulah gunasika, komo deuk ngupah-ngapéh ka deungdeungeun, éta kacida dipantrangna.
Ngadéngé caritaan karuhun nu turun tumurun éta, cacak ti bangus ka bangus, ditéwak ceuli, laju rebing kanu ceuli deui. Kabéh yakin percayana.
Basa Gatotkaca ngaroris Amarta Pura, teu wani ngapak ngapung luhureun Domas. Basa Sangkuriang ngungudag Dayang Sumbi, teu yakin Dayang Sumbi, nyumput di dinya. Basa Pajoang gerilya nyiar panyumputan, teu milih éta guha.
Jeung...
"Jeung naon Bah?" Oncu Abah Uhid panasaran.
Jeung, basa Batman ngabelesur ka lebah dinya, gapruk... rubuh ilang kakuatan. Kacapanonna ngacleng ka mamana, diparaké kaulinan barudak leutik, jadi daun nangka dua lambar ditiir, dibolongan sagedé panon, ditalian gedebog cau.
"Euh éta bétmén géh, taluk kana domas mah nya bah?" Oncu reueus, haren.
Geus tilu taun. Mapay-mapay, nunutur nu katingali ku tungtung teuteupna. Kadang cicing handapeun kiara, kadang ancrub kana susukan leutik, ngeueumkeun sukuna. Awakna geus rengkung. Sorot panonna ngemu kabingung. "Deudeuh teuing Si Abah. Geus pikun mah tara ditoél-toél acan korsi goyang kameumeutna. Komo mérsi hideung nu unggal usik nganteur ka tempat pangulinan karesepna mah...." Nu diomongkeun angger anteng jeung léngkahna. Léngkah nu simpé. Euweuh sora nu kadéngé, iwal ketug jajantung jeung sora pamajikannana nu tilu taun katukang geus teu aya dikieuna.
Ret kana kalender. Gebeg. Tanggal 29. Waktuna setor. " Na asa kamari da " Mayar hutang ka salah sahiji Bank. Mangkaning omat-omatan. " Kahade hilap ! Kawajiban tiap sasihna nya ! " basa kuring narima duit.
Gesat gesut rurusuhan. Duit keur setor geus diancokeun. Anjog ka Bank, kuring nyokot nomer antrian. Nomer 50. " Sepuluh ! " beuh pililaeun. Enyaan kesel nunggu panggilan. " Tah gening ! " kuring muru ngadeukeutan.
" Pa...! Pan tos dibayar ? "
Anjeun. Aya ku keyeng. Merekedeweng. Teu bosen bosen. Saban isuk megat kuring. Gok amprok. Sasalaman. Pageuh pisan dikeukeuweuk. " Moal dilesotkeun ! " Pipi kenca jeung katuhu piligenti diadekkeun. Meni ngahajakeun. Batur anjeun nu gigireun buad-baeud timburuan. Barina ge. Kuring masih boga iman. Anjeun, kuring, jeung manehna moal bisa ngalahirkeun turunan.
Juragan Sisipus. Bandar béas. Jalma jegud. Sawahna manghéktar-héktar. Duitna, tujuh ratus koper, ceuk nu rahul mah. Mun iinditan, paling saeutik nyakuan lima puluh juta. Pasosoré, sanggeus téken kontrak jeung nu nyéwa sawahna, Juragan Sisipus nampa duit saratus juta. Diampihan na saku baju, saku jékét, jeung dina saku calana kargo. Ngahéot. Mapay sawah. Reureuh di saung. Laju ngaguher.
Hudang. Kagareuwahkeun ku sora klakson mobil katut motor nu lalar-liwat. Reuwas. “Na di mana ieu téh?” gerentesna. Kurubuk. Cengkat. Muru pasar. “Cik, gulé kambing, saporsi!” pokna ka tukang gulé.
Eureuleu teurab. Créng. “Nanaonan ieu téh? Sia téh rék nipu? Ieu mah duit geus teu payu, deuleu!” ceuk tukang gulé.
“Déwék, Juragan Sisipus, bandar nu jujur! Tah, saratus rébu! Asli! Gancang, pulangan!”
Gap. Duit diilik. “Ieu mah duit mangsa saratus taun ka tukang, euy! Teu payu! Capna gé Raja Codot kénéh. Ayeuna mah nu ngawasa ieu nagri téh Raja Olégun!”
.
Naon atuh nu dihaja? Harita, nu nyieun 'black forest' kurang riksa. Kurang bahan kurang seuneu. Bantat balukarna.
.
Tapi naha leuwih ngeunah? Antukna dihajakeun. Bareukieun. Laku. Sugema.
GEUS teu rupek. Asa kaubaran. Malah meni beureum beungeut. Nalika ningali aya nu leuwih ti dirina nandangan kasakit.
Kapiasem. Ari ras ku rehe dirina. Henteu pira eta bisul dina bujur. Meni tepi ka ngarampang-reumpeungkeun kahariwang anu jadi salaki. Geuning. Teu sakara-kara. Ari geus di belek ku dokter bedah mah. Tah. Si Atah-adol anu pating sarenut ngakut nanah teh ilang. Salakina, katingali geus ngajingjing keresek wadah obat. “Hayu Yang, urang mulih, bilih kabujeng ilang baal biusna. Keun sing sabar nya, moal lami ge damang.” Kuring teu bisa nembal, era ku diri anu teu payaan, pira oge nandangan kasakit bisul