Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 03 Désémber 2012 (38 Naskah)


LALAKON PACUL

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 22:05:09

Mang Kardun kakara hanjat tina kotakan sawah. Nyarandé handapeun tihang beton. Gelung pacul diusapan. “Deudeuh teuing, lur, kawasna ngansamet dieu urang sosobatan,” cimatana beueus. Tina kotakan rajeg tihang galedé. Gedong jarangkung nunjul langit.
Pamajikan nilar dirina. Lain, lain alatan ijid, komo ngénta disérahkeun mah. Ukur nyiar eusi peujit. Éta tujuanna téh. Malah kungsi dileler gelar pahlawan sagala. Padahal lain pajoang kamerdikaan. Tapi naha atuh batur bet nyarebut kitu. “Cul, kawasna urang teu perlu papisah! Anjeun tetep sobat kuring,” lalaunan cengkat. Pacul ngarangkul. Paungku-ungku. Awor antara bagja jeung tunggara. Tangtu. “Pacabakan uing kiwari ngoréd makam,” pacul nginghak.

RIRIWA DI JERO TAMELA

Kénging Achmad Dradjat
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 21:52:25

Mangtaun-taun ngaji di ajengan Ma'mun karek harita diseukseukan bebeakan, tapi teu dijieun hate da rumasa salah.
" Heureuy meunang, tapi tong kamalinaan nepikeun ka guyur salelembur ear sajajagat alatan ku lalampahan maraneh, dosa eta teh malahan bisa keuna ku hukum lamun kapanggih ku pulisi mah, daraek maraneh di bui ? untung masyarakat teu arapaleun ku kalenggeran maraneh opatan ." kitu kasauran guru harita.
Sarerea ngareluk euweuh nu wanieun tanggah da ngarasa ajrih jeung rumasa salah.
" Caritakeun ti mimiti nepi ka akhir ulah aya nu kaliwat Nana !" ajengan marentah .
Batur kuring nyaritakeun lalampahanana mimiti ngasupkeun anjing kana tamela (peti mati) nu ngabagug sisi kuburan. Sapoe sapeuting anjing dikerem dina tamela bari bangusna ditalian bisi gagaikan.
Mimitina kapanggih ku bi Nani balik ti Cai aya tamela gulang-guling, lila -lila ribut salembur aya ririwa dina tamela.
" Hanas ngadatangkeun para ulama jeung masyarakat ngado'a berjamaah .
Ngan maneh opatan nu wani muka eta tamela bari dibarengan ku takbir handaruan ti kami jeung nu ngariung . "
Nahan piseurieun sabab ajengan oge sarua katipu ku lalampahan kuring opatan, duh gusti hapunten abdi tos ngageunjleunkeun batur sareng bahula ka guru !!!!!

LAIN MANIKIN

Kénging Arom Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 21:48:24

Tuluy ngajanteng salila-lila. Awakna nu jangkung. Lenjang. Ditilik-stilik. Sidik! Najan salambar lawon nu paling basajan. Euweuh! Kabéh geus dirangsadan. Bray, muka lomari, pakéan ngéntép, sawaréh ngagantung. "Ah! Daster wé, peuting ieuh." Cenah, leungeunna ngaragamang. Baju urut tadi manggung. Ngalumbuk, di juru kamar. Rét ka hada pangluhurna. "Anéh! Naon ieu, pibajueun kitu? Nu saha?" Gerendengna deui. Lawon bodas. Dikibringkeun. Disasar. Karasa rada kasar. "Boéh!"

KUTU-KUTU MORAL

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 21:14:57

“Kawin jeung cerai mah wajar, naha maké diributkeun?” Céng Dodol muncereng basa diwawancara tipi. Laju ngaborétékeun aéb rumah tanggana. Hog-hag. Kaum Péminis, Inohong Partéy, Gupernur, Mantri Jero Nagara népika Bapa Ageung gor-gar ngamandang. Ngaminkeun palanggeran moral jeung étika.

Ka hareupeun imah Céng Dodol aya nu ngirim bangké. Rabeng gagak tinggaraok. Lila-lila macokan sirahna. Sirah Céng Dodol bareuh. Saban poé beuki gedé. Anénoy tur emoy.

Poé katujuh Céng Dodol sirahna bitu. Dina surat wasiatna, manéhna nitah Ajudan sangkan ngirim eunteung, ka sakur nu ngiritik.

TUMILA

Kénging Mbi Chymepm
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 20:56:23

Dina hiji poe isuk isuk keneh Ma Kenoh geus ribut ngampar samak saheulay di buruan, terus ngunjal kasur kapuk nu geus lepet. Barang diamparkeun, gorehel ma Kenoh manggihan tumila terus ditines, digesek gesek bakat ku ngewa kana tumila, rengse ngagesek tumila ma Kenoh pirajeunan curuk nu urut nines tumila diambuan, padahal geus pada apal yen tumila teh bau .
Tah eta anehnana teh geus sidik bau tapi naha bet keukeuh mun maehan tumila sok rajeun wae diambuan .

RURUHIT

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 20:54:27

Ki Durja ngabedega.Ngabulaéh murakeun peurah. Anyaclang ngalugas pedang. Ibu Pertiwi dipeuncit kuriling. Jumerit ti mangsa ka mangsa.

BU AYA, BA YAWAK, JEUNG CI CAK

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 20:46:55

Nu duaan anteng guntreng sisi cai, hareupeuna ngagolér embé ladang maling ti budak angon béh girang.
"Tah pingpingna nu tukang keur aceuk, hiji deui, éta nu hareup belah kénca, kop keur manéh!" Bu Aya ngabagi hasil usahana isuk ieu.
"Kéla ah, asa teu adil ari kitu mah!" Ba Yawak rada kukulutus.
"Teu adil kumaha?" Bu Aya kerung. "Pan aceuk nu nyiarna ogé, manéhmah kur ngawaskeun tina rungkun."
"Ari éta pingping, hulu katut kadutna keur saha?" Ba Yawak nalék bari hanjelu kabéré saeutik.
"Pan hulu jeung pingping hiji deui mai keur upeti ka Ma Ung, mbéh urang aman nyiar hakaneun poé isuk."
"Kadutna?"
"Urang réncah ayeuna di dieu, sésana bikeun ka Ci Cak, bisi bébéja ka batur."
"Sangheuk teuing dibéré kadut!" Ci Cak nu titadi ngintip nyelengkeung satengah ambék.
"Tah atuh ditambahan buntut, pi ulah geruh!"
Nu tiluan anteng, di girang budak angon balilihan.

HUJAN

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 20:31:53

Nopémber nyegruk na kalender. “Mun kawasa ménta, umur téh hayang leuwih ti 30 poé.” Désémber imut. “Urang mah darma wiwilangan waé. Geus diatur ti dituna. Najan umur kami leuwih sapoé, pareng kudu jadi poé panutupan, ninggalkeun taun nu karandapan.” Nopémber nyarita deui bari areutat, “Hujan. Naha…” Désémber némpas, “Ulah salempang. Hujan Nopémber diteruskeun ku kami di bulan Désémber. Ngan Januari mah kami teu apal.”

NGUJI NYALI

Kénging Achmad Dradjat
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 20:27:52

Manusa teh makhluk anu pangmulyana nu matak urang ulah sieun ku bangsa ririwa jin jeung gandarewo, mangka baca ayat kursi lamun urang manggih kakeueung atawa baca ayat Innahu min sulaimana, wa innahu bismillahirohmanirohim ....... dugi katamat dina surat An Naml ayat 30. kitu kasauran ajengan dina acara rutinan bapa-bapa dina malem jumat di imah salah saurang warga.
Rengse rutinan kuring sabatur-batur balik ti heula lain ka kobong tapi ka tempat anu suni rek nguji ajengan. Hujan ngaririncik kaayaan di jalan tiiseun naker. Lebah tangkal menteng nu gede si To'un mimiti nyeungeut sintung bari di harudung ku mukena santri awewe ti kobong awewe digegel kenca katuhu, saterusna dipunggu ku si Tarmo nyalingker heula sakeudeung, rentang-rentang ajengan leumpang dituturkeun ku duaan ti tukang.
Sanggeus deukeut, ajengan dipegat puguh kaayaan poek jaba hujan ngaririncik teu ku hanteu ajengan ge reuwas poho kana bacaan anu ditepikeun tadi .
Anjeunna ngabingbrit lumpat balik deui di tuturkeun ku duaan ti tukang teu sirikna notog-notogkeun maneh hayang buru-buru nepi ka tempat asal.
Teu kuat nahan piseurieun sarerea ting beretek balik ka kobong.

CILEMBU

Kénging Tatikurniati N
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 19:48:48

Nini-nini naik lift lantai 6. Dilantai 3, aya gadis asup mani sareungit. Nini :"Duh Neng mani seungit!"
Gadis :"BULGARIA nini........2 juta perbotol! si gadis teh agul.
Dilantai 4, aya deui gadis asup leuwih seungit ti nu tadi. Nini :" Neng ge mani seungit!"
Gadis II :"GUCCI nini.... 5 juta sabotol !" agul deui wae. Nepika lantai 6 nini kaluar bari hitut melekbek kacida bauna, gadis-gadis nu dijero lift ampir-ampir kapaehan. Ceuk si nini bari kaluar :"CILEMBU neng......20rb sakilo!!!!!!

HAREPAN

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 19:18:42

Lelembutan norowéco, kukurilingan ngimeutan leuweung ganggong sima gonggong kahirupan. Naon atuh nu disungsi tina runtuyan waktu nu kasorang, tina lalakon nu kapahung, tina saniskara nu karandapan. Tik tek jam antaré dina isuk-isuk nu réhé combrék. Nuduhkeun mangsa nu salawasna marengan dina satiap hégak napas.

“Huuh …,” ngarénghap panjang, jero naker. Nginget-nginget nu lumangsung salila kukulayaban di dunya.

Dina amparan sajadah kuring sumujud pasrah sumerah kana titis tulis, nyuuh menta panghampura, jeung ngangkat dua leungeun, ngantengkeun pangdu'a. Saéstuna taya nu mustahil pikeun Salira, Pangéran nu Mahakawasa.

Bréh haté nu rajét, satutasna mikeun mustika wanoja nu ngan opat poé sanajan dibarung duit 250 juta. Katambah diri nu jadi bukur catur sapangeusi nagri. Peteng ngelemeng pikeun mangsa pikahareupeun.
”Gusti mugia abdi kiat nandangan kahirupan, caangan ku cahya Salira.” ***

KASIEUN

Kénging Soendara Djatiseba
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 18:33:28

Keur budak mah sieun ku poék, ari geus rumah tangga sieun ku caang.

DUDUKUN

Kénging Ilen Kardani
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 18:27:10

"Abah, naon palakiahna supados sim kuring jeneng Bupati deui taun payun?” tanya Acung ka Bah Oha, dukun ti Subang.
"Gampang atuh, ngarah dibarukeun deui mah, téangan kembang buruan nu can kacabak lalaki terus petik éta kembang ku encép, bawa saré nepi ka mangsana pilihan engké", témbal Bah Oha.
Laju Acung manggihan Ajengan, ménta dikawinkeun jeung santri nu masih parawan. Teu nanaon beungeut siga sétan oge, nu penting heunceutna siga ketan. Kitu paméntana. Santri mah pasti acan kagadabah ku lalaki, ceuk pikirna. Orokaya, santri ogé ayeuna mah geus arapal kana kanjut. Néng Funny kanyahoan lain parawan sanggeus digarap dina peuting munggaran ku Acung. Teuing urut diopi ku batur ngajina, teuing ku guruna, Funny-hu ‘alam.
Demi Bah Oha nu ngadéngé laporan ti Acung, nyarekan bébéakan, "Dasar silaing mah teu bisa dijelemakeun, déwék mah nitah metik kembang lain metik heunceut deuleu!, kunaon otak silaing mah ngan kana omés waé?

MEI LANI (1998)

Kénging Djiwa Saksena
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 18:18:49

Katempo, cipanon ngembeng. Neuteup anteb, ti kajauhan.
Taya wakca, ku basa. Ukur gelenyu, emut anjeun mokaha. Siga nu pasrah, bangun nu sadrah.
Duh, manis geuning.
Tapi, eta anu pamungkas. Awak anjeun, ilang na teuteupan. Nyamuni, na rongkahna seuneu. Nu ngagedur, ngalentab, oge nyasaak. Anjeun teu daya, teu walakaya.
"Laknat! Biadab!" Kuring nyorowok, koceak dengek.
Neuteup waruga, nu geus geheng siga areng.
Mei lani, pileuleuyan.

ANGEUN ANGEN

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 18:14:40

Teu ngarampa rasa teu ngaragap pisan, masih resmi kénéh mancén tugas, geus pipirakan dikieuna. Asa teu biasa, tapi kitu meureun ilaharna, upami di dunya pulitik mah. Sapa pelit sapa pinter teu kudu teuing maké haté dan konsepna meunang jeung éléh. Nu meunang bungangang nu éléh léwéh. Punten-punten sanés su’udzon naha tiasa nalika masih kénéh jareneng résmi, nyopet start kampanye bari masang baligo jeung pasangana séwang-séwangan, sing serengeh di unggal parapatan? Jembar memang, tapi na téh asa ning-nang.

Mun téa mah pisah ‘baik-baik’ muga ulah aya gantar kakaitan, ayeuna jeung salawasna. Sab masyarakat geus teu bodo, geus bisa nenjo, ngijir maké pikir nimang maké akal. Mending urang kampanye maké cara karuhun, nyodorkeun program ku taktik ngeunah angen, ngeunah angeun. Mo aya nu kabentar tarang atawa katarajang bincurang. Urang sami-sami niténan pamilon Gubernur urang. Saha nu terang hatena kabandang jeung mikanyaah kana media nu ngamuat ieu kamandang. Satuju Ang?

SALAM SAPASI

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 17:31:42

Mun urang boga anak leuwih ti hiji naha nyaahna sarua? Pasti kanyaah moal bisa diwiji-wiji. Kitu babandingan kasarna mun dilarapkeun ka lalaki nu gaduh istri langkung ti hiji. Tapi teu perlu padungdeng, pokona lalaki bakal mawas diri, moal nepi ka pindah body jeung ati, mun komunikasi urang masagi, teu kacampuran ceuceub nu nyiliwuri. Heueuh?

“Kumaha Nihér, tos diputuskeun?” Kuring neuteup, manéhna ngeluk.
“Pasihan waktos atuh Ang….!!”
“Lami teuing nganti, weureu ngaheumheum harepan”
“ Kumaha upami…….?” Nihér teu kebat
“Kieu wéh ayeuna mah, kersa teu ditikah ku Akang?, Waler ku dua kecap éta” Balem, baluweung, mubeng. Pada-pada ngabetem.
“Kang….tresna abdi mung sapasi, kersa… anti, teu kersa urang bedo ngahiji” dareuda

“Apa….!!! Acingna molocot” gurubug, kumpul-kumpul, babadagna, lelembutna bari pakupis meresan ‘parabot’ akibat samping ngongkong molorot. Anak kuring nu genep taun buah tresna jeung Nihér meuni pok deui-pok deui, hariweusweus bébéja ka indungna.

SALAM SAPASI

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 17:25:04

Mun urang boga anak leuwih ti hiji naha nyaahna sarua? Pasti kanyaah moal bisa diwiji-wiji. Kitu babandingan kasarna mun dilarapkeun ka lalaki nu gaduh istri langkung ti hiji. Tapi teu perlu padungdeng, pokona lalaki bakal mawas diri, moal nepi ka pindah body jeung ati, mun komunikasi urang masagi, teu kacampuran ceuceub nu nyiliwuri. Heueuh?

“Kumaha Nihér, tos diputuskeun?” Kuring neuteup, manéhna ngeluk.
“Pasihan waktos atuh Ang….!!”
“Lami teuing nganti, weureu ngaheumheum harepan”
“ Kumaha upami…….?” Nihér teu kebat
“Kieu wéh ayeuna mah, kersa teu ditikah ku Akang?, Waler ku dua kecap éta” Balem, baluweung, mubeng. Pada-pada ngabetem.
“Kang….tresna abdi mung sapasi, kersa… anti, teu kersa urang bedo ngahiji” dareuda

“Apa….!!! Acingna molocot” gurubug, kumpul-kumpul, babadagna, lelembutna bari pakupis meresan ‘parabot’ akibat samping ngongkong molorot. Anak kuring nu genep taun buah trena jeung Nihér meuni pok deui-pok deui, hariweswes bébéja ka indungna.

NÉANGAN KARUHUN

Kénging Noorfatah Muhammad Dimyati
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 16:43:33

Bus ka toko pakéan. "Ko, butuh naon ?"
"Aya sajadah ?"
"Ti iraha Engko abus Islam ?"
"Geus lila"
Sup motor diasupkeun ka béngkél motor. "Ko, naonna nu ruksak ?"
"Sok mogok baé"
"Naha uing sok dipanggil Engko bae?" Gerentes téh.

Kuring ditugaskeun di Jakarta. Keur salat lohor, kadéngé ibu-ibu ribut. "Aya cina salat". Ibu-ibu naroong ti lawang panto. Kuring nu keur salat jadi geumpeur, salat lohor tayohna jadi lima raka'at. "Tuh nya, keur diajar kénéh, salat lohorna lima raka'at".
"Saha atuh karuhun téh ?" Gerentes kuring.

Kantor ngayakeun workshop di Semarang. Aya rékréasi ngurilingan kota. Kuil Sam Po Kong, salah-sahijina. Bus ka buruan kuil, rada jauh aya patung jangkung nu gagah. Kuring ka dinya. Kuring mencrong beungeutna. "Naha ieu awak jadi gedé kieu ? Itu babaturan katingali jadi laleutik kitu ?" Babaturan paburisat lalumpatan, bari cocorowokan. "Kang Odik jadi Chéng Hoo !, Kang Odik jadi Chéng Hoo !"

NGULAMPRENG

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 16:27:58

Nikreuh. Raga material. Ngulampreng di alam nasut. Ti galaksi ka galaksi. Mapay Androméda muru Silvery Coin. Reureuh sakeudeung di tutugan orbital. Sidrah, nu dituju. Lebeng. Teu kajeueung.
Meunang sapangududan. Pepedut nébula mimiti turun. Ngalimpudan jagat raya. Reup. Mongkléng. Buta rajin. Kareungeu séah akasa. Badéy blékhol lilimbungan. Nyedot saniskara. Burakrakan, teu mangga pulia. Raga caruplak maluguran. Organ, jaringan jeung sél arucutan.
Nyublim. Ka alam jabarut. Mindarupa énerjial. Ngariwan mancalaputra. Kalan maujud éléktrikal. Kaséréd ka alam malakut. Ngaderak data jeung informasi. Lumaju ka alam bahut. Gejed kahengker ku niléy dualitas. Diantara rembetna logika, étika jeung éstétika.
Kasarung. Ka alam lahut. Bréh. Dacin kasatimbangan. Papagoning Sunatullah. Sakabéh réngkak karékam, rikip sinerat jeroning Grand-meta-server pramuditha. Mapaés rak pustaka nisfu-sya'ban. Boh jeung pon, nu marelak bonténg tur cabé. Tanwandé. Salurti. Tanggah. Sinawang alam hahut. Imponderable. Misty.

GRATIFIKASI

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 16:14:48

Pangawakan jangkung leutik. Sampulur. Diblazer pulas marun. Dirok mini, rada pungsat. Najan mini, ngébréhkeun info nu maksi. Bari ngeukeup stopmaf. Ngalanggéor. Sora sapatu hayhil, ngawirahma. Mapay buruan nu dibalay ku paving.
Klingkleung. Mencét bél. Teu lila. Kulutrak! Asistén prakték dokter muka panto.
“Punten, aya nu tiasa dibantos?” soméah.
“Abdi prinsipel ti warasfarma, parantos aya jangji sareng Pa Dokter,” pokna bari imut.
“Oh, nu kamari nelepon téa!? Mangga linggih,” asisten ngabagéakeun.
Di ruang prakték.
Detailer jeung dokter, badami kasapukan.
“Gumantung kana eupanna,” dokter mairan. “Upaman eupanna teri, meunangna tongkol. Mun hurang, meunang cakalang. Mun eupanna cumi, meunangna lauk tuna,” sambungna.
“Maksadna kumaha, Dok?”
“Berbanding lurus sareng kondisi. Mingkin ageung kondisina, mingkin sering diresépkeun.”

NU MANCÉN TINEMU PAPASTÉN

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 16:13:03

“Jang Musa, ngiring béla sungkawa, ikhlaskeun Ema. Ku Ceuceu didungakeun nu pupus sing katampi Iman Islamna, nu dikantun sing teger jeung kénging barokah-Na.” Ceuk Ceu Éém énumerator Prioritas USAID umurna 60-an langkung ti Sukabumi, réréncangan pelatihan.
“ Nuhun Ceu, samulihna mugia Euceu aya dina ginanjar kawilujengan.”
Sapanjang antrian Ceu Éém terus ngelus tonggong kuring mang sedihkeun jigana sabab sabada rengsé ngurebkeun, kuring neger-neger diri ngaluuhan acara pelatihan.

Pelatihan wekasan tugas geus tuntas dibagikeun, kuring di Ciamis jeung Bandung Barat. Ceu Éém di Cimahi. Poe Kemis ping 29-11-2012, kasampak Ceu Éém ngadadak wales pisan di kamer hotélna. Geuwat dicandak ka IGD Dustira, sapanjang jalan Ceu Éém takbir jeung tahil pas srog di panto IGD Ceu Éém tos ngantunkeun.
“Pendarahan otak” dokter terus ngalengkepan berita acara. És-ém-és pasulabreng. Crew jajap ka Sukabumi. Asa diheulang? da kitu kuduna hirup katungkul ku pati paéh teu nyaho di mangsa.

ARAL SUBAHA

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 16:11:04

Milyaran sél getih pagelek-gelek, mapay urat beuheung nu pajuranteng. Rekening jeung bon hutang tambah metet. Naraplok 'na tarang, dipaku bentikna curuk nu boga warung, “Geura bayar siah, Jenoooong!!” Ceu Isah, néngtréwélang.
Jedud. Sirah dumadak migrén.
Can gé namper kabaluweung. Torojol Bi Sarkom hariweusweus,
“Jenoooong! Salaki manéh ditéwak pulisi, kacerek ngédarkeun narkoba, cénah!” Wiwirang jeung karudet awor pagalo.
Rét kana botol leutik nu ngajajar hareupeunana.
Sianida rasa jeruk. Strichnin rasa strobéri jeung arsénik rasa coklat. Ngariceupan. Teu diengkékeun. Leguk. Tilu botol diinum sakaligus.
Nyut..! Nyut..! Sirah ngabugigag hidrochépalus, ngabeukahan. Bledug! bucat pabuyantak. Keretas tagihan mancawura.

DETEKTIF HAREUGEUEUN

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 15:42:40

Ceu Mimin ngangluh rehna Kang Toyib (lain Thoyyib) geus tilu lebaran teu balik. Meunang beja manehna sok ulin di diskotik.

Jam sawelas peuting kuring nganteur Ceu Mimin maluruh salakina ka unggal diskotik, nepi ka diskotik "MAD GUYS". sanggeus Ceu Mimin cacarita jeung security, kuring jeung Ceu Mimin asup, nyampak geus loba jelema marake baju jiga nu garelo, keur gual geol handapeun lampu ceudeum pating buricak.

"boy geboy-geboy, kitah bergoyangh sampaih subuh, ah ah hilangkanh dukah larah, hayoh yang punyah cimeng, bagih bagih, kitah saudarah " ceuk sora cempreng. Jantung dadaligdugan, ceuli asa rawing, sirah berat ngadenge sora musik pating jelegur

"Hayu Neng Asih urang uih" Pangacian kagebah. Ceu Mimin geus di hareupeun bari ngajewer ceuli Kang Toyib

TAWADHU’ HAJI MUHIDIN

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 15:34:29

Geus biasa hirup pas-pasan. Lain pas hayang pas aya tapi bener-bener masakat, sarba kurang sarba teu aya.

“Can mangkat deui Mus masantren téh?”
“ Acan, Mang Haji can gaduh bekelna”
“Kumaha atuh?”
“Ngantos heula panén manawi kuli heula ngagebot, susuganan bekelna rada mucekil”
“Heueuh, alus euy. Sing prihatin, saheulaaneun gawé di Haji sulamgeus bérés ké ka Mang Haji nya?”
“Mangga, hatur nuhun pisan…!”
“Omat euy ulah poho tah…, catet dina hate. Manéh kudu syukuran bisa masantrén kénéh, inget sing bisa tawadhu, asor soméah teu gede hulu.”
“Muhun kang Haji ayeuna gé nuju dicobian”
“Alus…. Ngarti heunteu manéh tawadhu Musa?”
“Terang Kang Haji”
“Naon téa?”
“Tara mawa duit”
“Yeeeeh kalah ngélég silaing mah,” Kusiwel Haji Muhidin mere duit saratus rébu dikepeulkeun ka kuring, tiditunamah mekelan.
“Jazakumulloh, Mang Haji Muhidin”

BALE TINGTRIM

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 15:10:57

Angin ngahiliwir nyiuman beungeut kuring tuluy nyelesep mapay sela-sela dada nu ngagalura, malipir ka pipir haté nu marojéngja, karasa nyecep, tiis, betah bumetah. Saheulaaneun kuring bisa léah sadrah, ngigelan sandiwara hirup nu marudah malah kadang rucah awuntah.

Usaha sangkan jadi pamingpin minimal keur sakuringeun aya baé dodojana, antukna hésé istikomah. Kuring mancala putra mancala putrid dina kahirupan lir bunglon bayangan.

Tasbé muir antaré dipirig galindeng haté mapat keun jampé pamaké ngadawamkeun asma Gusti di tungtung peuting nu simpe. Saban poé.
“Sakedik nu dibaktikeun, Loba anu diteda”, kitu pibasaeunana.

“Hiiiiii hi hi hi………..,” Sora kunti dina nada dering HP kuring. Reuwas sajongjongan, der deui wiridan. Teu lila karasa aya nu ngaharéwos, kaambeu sungutna rada bau hanyir jeung minyak nyong-nyong cap putrid duyung.
“Ning itungan jeung Gusti ge….. Jang?” Kuring culang-cileung, kaciri nu make jubah bodas nguliwed di tikungan pangimbaran mushola. Gusti kurang lempeng ieu niat. Hapunten.

SIRI

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 15:00:35

"Kanggo taun payun, acara tambihan téh naon waé nya Pa, nu kedah diagéndakeun?" tanya Ajudan ka Bapa Bupati. "Taun hareup mah bapa hayang umroh," ceuk Bupati, "Cing pangnéangankeun santri, pibatureun, nu bisa diajak siri!" jawabna. "Kadé poho, ogé agendakeun keur acara ka Walanda téa, batur siri téh kudu nu bisa nyarita basa Walanda nya!" terusna. "Keur acara ka Paris mah, hayang batur siri téh, nu pinter maké, bisa dangdan!" tambahna. "Ari kanggo ka Bunaken, kumaha Pa? Bilih peryogi réncang siri, atlét nu pinter nyelam?" tanya ajudan bari ngiceupan.

SHOPING

Kénging Lia Au Zahar
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 14:29:52

Jam 08.00 anjog ka pasar. Kombalian angkot, duit tinggal 8.000 pérak. Keur engké balik deui 2.000 pérak. Béas mah aya kénéh. Témpé 1.000-eun, sayur 2.000-eun, sambeuleun 1.000, daun sampeu 1.000, sesa 1000, jingo lama 2 batang jang si Kakang. Balanja bérés. Anjog ka imah, jam 18.00.

DIPOYOK-DILEBOK

Kénging Mbi Chymepm
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 13:45:18

waktu sabaraha taun ka tukang, Ujang Kéméd ngumbara, ka hiji tempat nu jauh ti padumukanna. Hiji peuting dina malem ahad, ujang Kemed di ajak jalan jalan ka hiji tempat pangulinan para nonoman . Ujang Kéméd ngaharéwos ka babaturana: "Deueueuh! Meni kayungyung éta wanoja rambutna meni paranjang tur lempay, sigana rarayna gé gareulis!" Bari éta wanoja téh narukangan kénéh. Barang éta wanoja malik bari seuri, Ujang Kéméd aya ngajenghok, alatan éta wanoja euweuh huntuan, alias rogés nya ari rarayna mah geulis kulit bodas. "Beueueu . . . Rohéng geningan! Tapi baélah dari lumayan daripada lumanyun.!" Gerentes haté Ujang Kéméd.
Sababaraha bulan Ujang Kéméd bobogohan jeung nu rohéng, tug manéhna mulang ka lemburna, hate Ujang Kemed montél kanu rohéng, ngan hanjakal hayang maggihan teu kadongkang ku ongkosna .
tug nepi ka ayeuna Ujang Kéméd teu bisa mohokeunana, sanajan geus lakirabi, tetep haténa nyantél ka éta wanoja, sakapeung sok kagundamkeun nepi ka sok jadi papaséaan jeung pamajikan.

LUHUR LANGIT AYA LANGIT

Kénging Iberani Man
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 13:19:28

Sabot anteng mariksaan dokumén. Jug mudigdig. Kagandéngan reungit huang-hieng deukeut ceulina. Cengkat. Ngaléjég ambek-ambekan. "Teu sopan, siah! Cucungah!" bari ngéprét-ngéprétkeun map dokumén. "Siksa wé, siksa! Tuman!" ceuk haréwos 'na ceuli haténa. Kaambekna beuki muncak. Mulek haseup amarah. Huntuna maranjangan. Rangéténg. Matana. Nyidem seuneu. Téténjrag tuluy nepakan dada. Malah ngancam rék ngabinasa sagala. Reungit. Nékad. Sanajan leutik manéhna gilig rék ngalawan. Laju ngumpulkeun batur. Reungit sa-pabrik mupakat. Guyub sauyunan. Arasup kana ceuli duruwiksa. Mapay lulurung tikoro. Bras jero dada. Nyocoan haté. Unggah deui ka luhur. Nyocoan létah. Abrug-abrugan. Gulang-guling gagauran. Lastari. Ditilar duruwiksa nu ngejat tina bugangna. Balad reungit kaluar. Tina ceuli. Tina irung. Sarurak. Sukabungah. "Waktu tadi rasa manéh keur kawasa, taya anu dihiding. Sagala kumaha aing!" reungit jalang-jéléng. Seubeuh ku geutih. Manéhna dipaké nyayang duruwiksa. Jaradi drakula, nu humaréhoh diudag-udag kujang.

HUKUM MANUSA

Kénging Djiwa Saksena
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 11:04:20

"Nu kieu, aturan teh?!" Mang japra ngahaok, bari neumbrag meja.
"Muhun pa, ieu aturan ti luhur" Tembal patugas polisi, bari nyodorkeun kertas.
" Aturan teh, pan hukum" Pokna deui, tenang pisan.
"Aturan manusa, kabeh oge hasil tina akal!" Mang japra ngomong deui, bari ngepeskeun kertas nu di sodorkeun." Nu antukna jadi pangakalan, tujuanna keur nindes jalma leutik!" Pokna deui.
"Cik atuh, nyieun aturan teh hasil tina nurani" Ceuk mang japra, saterusna" Meunang tirakat, menta kanu kawasa" ceukna deui, bari ngaleos. Patugas polisi, ngahuleng. Antara ngaheueuhkeun, jeung nolak.
Cag!

HOTÉL

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 10:52:56

Aya tugas ti kantor kudu ka Yogyakarta. Mondok di hotél béntang opat, teu jauh ti Malioboro. Saméméhna tara menang tugas ka luar kota bari jeung kudu pundak pondok.
Enyaan alus. Asup kamar kudu ngagésék kartu. Sup ka jero, tempat saré meuni bersih naker. Golédag nyobaan kasurna. Empuk. Dienyod-enyod. Emh tapi asa genah saré di kasur di imah sorangan.
Rémot dicokot. Mencét power. Tipi LED 32 inci téa hurung. Meuni alus gambarna. Eh, tapi asa alus tipi jadul di imah bari jeung 20 inci ogé.
Geus reureuh, terus ka kamar mandi. Anduk bodas, sabun, sikat gigi aya. Badé cipanas, citiis, atanapi cihaneut sayogi. Badé ngeueum, mangga. Bade dipancuran, pek baé. Emh, tapi asa seger mandi di imah sorangan.
Wengi na ngopi di kafé hotél. Sacangkir 60 rebu. Emh, tapi asa nikmat kopi nu diasongkeun ku pamajikan di imah.
Saméméh saré, aya patugas hotel keketrok. “Pak, apakah perlu teman wanita?”
Kuring godeg bari nutupkeun panto. Inget ka pamajikan, barudak, jeung imah tipe 21 di Soreang.***

LALAKON TONGGONG

Kénging Firda Aulia
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 08:58:14

Spina Bifida, aran nu alus keur ngamimitian katunggara hirupna. Aya lolongkrang tina Vetebra anu teu nutup sampurna kusabab kakurangan asam folat basa keur dina kandungan. Teu bisa dibebener sabab geus Mielokel, katingali tina kaayaan kulit tonggongna nu kasar jeung semu beureum, malah nepika nonjol korda spinalis dina tonggongna nu katingali jingjet luhur pisan dina tonggong belah katuhu. Ti leuleutik dimomorékeun ku batur, teu sirikna dijebéngan. Pajar budak jadah nu nanggung azab tina kalakuan indung-bapana. Matak seunggah dina nyanghareupan meleték srangéngé téh. Teu hayang ingkah ti imah, ngahindar tina teuteup ceuceub batur ka palebah tonggongna .
Ti baheula gé hayang protes, tapi protés ka saha? Naha enya kudu protés ka indung nu geus ditundung ku kulawarga pédah mertahankeun hirupna ti mimiti dina kandungan, tug nepi ka ayeuna teu sirikna hulu dijieun suku, suku dijieun hulu, keur nyumponan pangabutuh hirupna nepi ka teu maliré awakna sorangan.
Atawa kudu nyalahkeun ka Bapa nu durjana, saenggeus ngagadabah kahormatan hiji wanoja tuluy taya laratana.
Atawa nganaha-naha ka Mantenna nu geus méré kahirupan nepi ka kiwari sanajan dina raga nu teu sampurna.

Kingkilaban tingbarasat megatan balawirina impian jeung pangharepan manéhna nu hayang hirup kawas ilaharna wanoja saumuranna.
“Aaaarrrrgggghh......!”
Belewer sisir dialungkeun kana eunteung. Kalangkang awéwé bongkok leungit sapada harita. Manéhna nyéréngéh bungah.

EMA..KUNAON?

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 08:45:59

Sora nu ngarubuhkeun bangunan- kumuh teh ting dorokdok,ting burulu, ku Tibum-tibum nu teu siga karunya kanu nyicingan eta saung anu boro-boro mangrupa imah. Ngan sukur bangunan tina triplek urut, kardus2 super mi jeung bilik anu geus rujad. Tapi eta bangunan teh minangka hiji tempat keur nyalindung tina angin peuting jeung panasna poe.
Nyi Eulis nangkeup indungna Ma Irah anu cingogo bari nangkeup buntelan baju anakna ku samping belel paranti simbut anakna ari peuting. Cingogo bari cipanonna nyurulung. Nyi Eulis milu cingogo di gigireun indungna, merong ku panon polosna pek nanya.:
" Ema kunaon imah Nyai dirubuhkeun ?
Indungna nangkeup anakna
" Engke imah urang pindah kamana deui,Ema?
Bari ngusapan sirah anakna , Ma Irah , ngajawab pondok sorana dareuda:
" Ka kolong Jambatan deui Nyai...."

TEU ACAN

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 08:24:19

Nyahoeun jangjangna digadékeun, Bima ambek kacida. Gatotkaca ditampiling satakerna. Sirahna ngacleng, nenggel kana mastaka bapa bupati, anu keur lalajo panghareupna. Bupati teu tarima. Térékél kana panggung. Bima dirawél tina leungeun dalang. Mireungeuh kayaan kitu, sakur wayang, teu Astina teu Pandawa némbongkeun solidaritas, singgarajleng tina kotak. Nayaga ngamaénkeun béndrong. Bupati dihurup. Bupati kapiuhan, digotong ka sisi panggung, dirogrog ku nu lalajo. Dina kayaan tegang, hiji awéwé umur welasan, nyuaykeun anu ngariung, milu nyeuceuhan, bari nyarita: “akang…sanaos abdi ditalak ukur nganggé sms, namung ulah waka ngantunkeun, kapan jangji badé ngaumrohkeun, artosna teu acan katampi”.

JALAN PANUNGTUNGAN

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 08:03:50

Sariak layung poé harita karasa gancang pareumna. Srangéngé simpé diteleg peteng. Reup, poék mongkléng butarajin. Haténa nu keur rumeuk kabawa mangsa, milu poékeun. Téténjoan karasana milu kotokeun, malah leuwih ti kitu, napsu ngagedur. Gidig muru dapur, ti tatarajong bakat ku poék. Sup ka jamban, wudu. Napsu masih kénéh nyangkaruk. Cong solat dua rakaat. Anéh! Amarah malah nambah rosa. Téténjoan lain waé mata kotokeun, ayeuna ngabelegbeg. Ana gorowok téh..
"Emaaa.. Enjing kadé hilap mayar listrik!"

TEU SANGKA

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 06:26:57

Saha nu teu kabita ninggal pangawakan sapertos Enèng. Ditilik ti gigir lengik. Ditinggal ti tukang lenjang. Diteuteup ti hareup sieup. Pakulitan konèng umyang. Pameunteu ngadaun seureuh. Damis hèjo carulang. Dipapaès soca nu cureuleuk buluna meni carentik. Halis ngajelèr paèh. Pangambung mancung kuwung-kuwungan. Lambey ipis nambah manis. Dina umur keur sumedeng pikauruyeun anu ninggali. Seueur pameget nu katarik ati kapentang asmara. Kaitu alim ka iyeu nolak. "Naha geulis alim baè kaitu ka iyeu?" Ramana tumaros pinuh kahariwang. "Hoyong sakola heula, sareng milari nu leres-leres nyaah ka Enèng." walerna bari ngeluk tungkul. Teu nyangka titadina. Torojol aya nu ngalamar. Cenah mah beunghar, ngora kènèh jeung boga kalungguhan. "Kumaha Nèng kersa?" ceuk jurungan. "Wios ari badè leres-leres nyaahmah." jawabda semu bungah. Pruk nikah. Nembè sababaraha dintèn. "Neng dikantun heulanya, aya tugas nu kedah dirèngsèkeun." saur carogèna. Enèng unggeuk bari imut. "Abdi ngantosan, Kakang!" pokna bari neuteup geugeut. Peuting ka opat jol sms. "Neng urang pungkas waè rumahtangga urangtèh dugi kadieu!"

ATM

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 05:34:04

Tatamba geus bentét, méh unggal dokter spesialis dipecakan angger nyamos, kitu deui ka alternatif nu malah beuki rujit da kudu ngayakeun pasyaratan nu kadang teu asup akal. Kuma deui atuh aing téh ngagerentes ngageremet ngarasula. Antukna sabodo dipikiran teuing barina gé, tumamprak maksakeun sadrah tumarina muga-muga baé aya barokahna.
“Kang… kumaha atuh? Pamajikan nyalandé kana dada
“Sabar…Nyi, Akang gé keur usaha”
“Sumuhun, supados anak bébékna kos sabihari, gagah perkosa”
Manéhna, meulitkeun leungeun kana cangkéng ngagéléhé, mancing-mancing sangkan birahi manjing, angger boro-boro pandangan, pegangan jeung perjuangan hidup dalah dugi digelepokan gé hare-haré. Bati karunya ka manéhna, nu ukur bagja tanpa ibun ka tresna.

“Obat yang ini manjur Om… pokoknya bisa ATM”
“Naon maksudna?”
“Alat tusuk memuaskan, Jakarta Solo, coba? gratis kok”
Kuring kabongroy, nyobian. Peuting éta kabiruyungan bagja, olég pangantén jiga peuting munggaran, saméméh ngagolér teu walakaya. Stroke Haémoragic, Diabétés. Kuring ngajelepeng bari rambisak, pamajikan mencetan bari nginghak.

ARIMBI SAWAKA

Kénging Zenzenz Zae Slalu Ada
Dipidangkeun dina lapak 03 Désémber 2012 01:08:12

Bima kagungan garwa Arimbi kakasihna Rayi Prabu Arimba ti alas Pringgandani. Hiji mangsa Prabu Arimba Di tandasa ku oknom nu ngewa ka mantenna (balad israel kawasna). Pikeun ngeusi kakosongan pamarentaha Nagara Pringgandani ngayakeun pemilihan Umum. Hasil bewara KPU netelakeun 89.78% ngadukung ngadeg ratuna Arimbi. Ratu Arimbi diistrenan ku wawakil MPR. Kapapancenan ngolah nagara katambah kakandundungan tujuh bulanna.
"kakang arya geus tujuh bulanna, wayah nyawaka" pokna Arimbi ka Bima
"hmmmm...." bima ngagerem "ku kakang bae!"
"nitah mah kedah ka ahlina kaulanun, sanggem mah ku indeung berang"
Bima muru panto kaluar. Meunang sajam Ratu arimbi nungguan. Bima datang dituturkeun ku nini mecing raksukan ngetat make lejing deuih.
"rek dimana di Sawakana gusti?" nini tumanya
"kadieu!" dibawa kakamber. Bantal lima ditumpukeun Ratu Arimbi nyarande kana tumpukan eta. disaksian ku bima eta beteung nu kakandungan di urutan maksudna mah cenah ngalempengken awakna sangkan gampang dina ngajuruna.
"pilalakieun ieu mah gusti!" pokna indeung berang nyarita. Tas kacagap mereun etana.