Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 03 Oktober 2012 (34 Naskah)


LEBAH DADA NU PANGTIISNA, ANJEUN NGANCIK NGAHANEUTAN RASA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 23:46:03

Ti detik ka detik.

BALILIHAN

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 23:42:59

Panggih jeung anjeun, ukur na lamunan.
Dua taun nu kalarung, aya kalimah nu nepika ayeuna teu weleh atra.
"Abdi teu wantun baha ka pun bapa. Akang sareng abdi ngan ukur bisa ngahiji lebahing ati."

BEBENCE RORIS JANDELA

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 21:01:57

DI Nagri Puyuh. Para bebence pakepuk. Pancen mingkin nambahan. Sang Danghyang ti Nagri Goib tuluy ngaharewos, mere parentah. Nu indit tugas rea nu tatu jeung tiwas. Sang kumendan bati ngaheruk. "Wayahna gawe beurang peuting. Teu ilahar ti sasari. Beuki harengheng nagri teh. Geus sayaga?" tumanya ka anak buahna. " Siaap, Kumendaaan...!" Raong nembal. "Bral geura miang." Bur-ber ka unggal madhab. Teu lila jol aya nu datang. Ingkud-ingkudan. "Lapor, Kumendan!" pokna. Manehna unggeuk. "Beh kidul, puluhan disaweuy, lima beunang dileugeut, panyumputan dibukbak. Sakitu laporanna kumendan!" Manehna tungkul. " Beu! Kudu dipajukeun kaya kieu mah." Ngahuleng. Gutrut nulis. "Bikeun ka telik sandi."

Teu sawatara lila. Jebul daratang. " Sabaraha loba?" Tumanya. "Saeheh, Kumendan." Tembalna. "Alus. Alus." Pokna. Sugema. "Dengekeun ku sarerea. Samemeh srangenge surup. Urang miang. Cuang ngayakeun totonden nasional. Jihad fi sabilillah!"

Jutaan bebence ngabrul. Ti suklakna ti siklukna. Rek ngajorag Gedong Buleud di puseur dayeuh.

NINEUNG

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 20:59:24

Enya atuh rèk teu nineung kumaha, malem harita tèh mimiti nyorang hirup duaan. Aya batur pakukumaha, jeung silih sampaykeun kadeudeuh. Teu kapireng tianggalna bakal ngajodo ka salira. Enyagè salembur can pernah paanjog heula. Beuh patepung dirapalan. Ngan anèh kuring beut daèk atuh. Can kapanggih jawabanana.

BASA GIRIMIS MASEUHAN LEUNGEUN ANJEUN, NU GUGUPAY SEY GUD BAY

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 20:22:12

Hate.
Raheut.

TAMAHA NYORO BEREKAT

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 20:11:21

Siga sasari. Saptu minggu mah tong boro nelepon, sms saencret ge suwung. Keun we meureun, keur anteng jeung kulawargana. Dimalum.
Anjog ka senen, Didagoan teh lebeng. Parat salasa taya wewengan. Rebo, kemis, jumaah, nyambung ka saptu deui. Senen deui. Bungleng. Lagu heubeul ngahaleuang deui. di sms teu ngabales ditepon teu ngajawab.

Kahuru hawa timburu. Hape dipekprek nenggel kana batu hirup. Remuk. Bubuk.
Nu walagri tinggal kartu memorina, tuluy dipulung. Tapi kalah ngelelan nonggengan, tunggirna uir-uiran mupuas. Eusleum. Diduruk teu daek jadi lebu, anggur ngagugudag ngentab-ngentab.
Leler-leler soteh sanggeus dibanjur ku cai. Heueuh ku cai mata nu meunang meureut unggal peuting.

ÉKSÉKUSI

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 19:34:02

Lain sakali dua kali kuring meunang paréntah. Tepi ka diparéntah asup ka garis musuh gé mindeng ngalaman. Ngan, paréntah nu ieu mah mungguh beurat ngalaksanakeunana. Kuring meunang tugas jadi anggota regu témbak ngaéksékusi manéhna nu dianggap baruntak ka nagara. Saenyana, teu pati wawuh jeung manéhna téh. Kungsi éta gé tepung jeung manéhna waktu operasi militér. Harita manéhna bujangan kénéh. Manéhna geus nikah tur boga budak hiji gé, meunang béjana téh ti babaturan. Ka dieunakeun, lebeng teu apal lalakonna.
Tepi ka waktu éksékusi, meneran janari leutik. Manéhna ngadeg ngan méméteran di hareupeun kuring. “Tembak!” paréntah komandan.
Najan aya tujuhan nu jadi éksékutor, sarta teu apal mana bedil nu dipéloran, tapi kuring bisa ngarasakeun ngabelesatna pélor tina bedil. Jegér!
“Hampura, Lur. Kuring ukur ngalaksanakeun tugas paréntah!”
Ayeuna, kuring geus pangsiun. “Hampura, Lur. Kuring ukur bisa ngabéayaan sakola budak anjeun!”

INDUNG

Kénging Ihung Cianda
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 19:33:01

"ya a gym, saha nu kedah dimulyakeun tipayun teh"
"indung,jang."
"teras?"
"indung!"
"muhun teras saha deui?"
"indung sia deuleu!"
budak ngahuleng. ngitung ramo.
"karek kadituna, bapak," cek a gym,terusna.
20 tahun kemudian, si budak cindek hayang nyandung katiluan.
ngalap sunah a gym, pokna

PARAB NARAKA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 18:41:40

Manéhna neuteup ka lebah imah nu kacida agréngna, imah sobatna nu ayeuna dipercaya jadi wakil rayat. Inget kénéh basa manéhna kapeto jadi gegedug tim suksésna, tihothat kaditu kadieu mélaan nu jadi sobatna, éstuning taya pamrih, iklas alatan nempo visi misina kacida alusna. Tapi sanggeus kapilih, naha bet sulaya tina jangjina.
“Horéng ngan ukur angin sorga, obral jangji ngan saukur pura-pura…” gerendengna. “Teu béda ti si Cepot jadi raja, badéga jadi dunungan, jiga nu enya rék bébéla, béhna mah teu béda ti anjing nu keur lélétak, pinuh intrik licik pikeun meuli sora, rayat katipu ku galindeng biduan panipuan….”

MENTEGEG

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 17:39:19

Tirilik tirilik hp di sada, haloo.....Eulis damang? jantung asa coplok, eta eta sora apal pisan, baheula kungsi jadi beubeureuh, di kuciwakeun da kuring kawin ka pilihan kolot, nu ayeuna jadi bapana barudak.
Da da damang!! ngomong jadi balelol aga eugeu da rumasa pernah nganyenyeri, basa bebeja rek kawin, manehna neuteup bari carimasbas nyarios wios sanes jodona panginten, mudah mudahan sing panggih jeung kabagjaan dina rumah tangga.
Ngobrol ngaler ngidul bari rada nonostalgiaan, tungtungna balaka, eulis hampura nelepon teh bane we, kudu ka saha deui menta tulung, akang keur ka musibahan, cik manawi aya peperenian tulungan ?....

TUH NYAA...?!

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 17:36:54

Asa geus dipaitkeun pan lin harita teh, rehna urang mah benten dapuran. Kajeun cenah leunjeuran sarua harelungna, kapan sanes species lain ordona. Naha keukeuh maksa.
'' Da sarua teh Nung, lain kudu saulas pulas jeung kelirna. Kapan hejo jeung koneng oge geuning sakitu ngadumanisna, bodas kayas ngombinasi silih masieupan. Endah ngawirahma. Sarasa''. Ku sok keuteur teureugeus. Leuh nu keur boga kahayang.

Laun-laun. Nu koneng digucel nepika belel, nu kayas dirangsadan. Rangsak tepika koneas. Pias boleas. Leungit sari beak sieuran. Atra belewuk hawuk bulu hirisna.
Karek pakepuk ngalelebah neangan ungkara nu merenah jangeun alesan pikeun ninggalkeun.

NGANCAM

Kénging Sariak Layung
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 16:48:11

“Husus kanggé Kang Ustad mah aya diskon. Juhlawé kop tah. Étang-étang panglaris!!!”. Cek Si Mamang bandar embé. Nanawarkeun. Teuing nu kasabaraha las kalina. “Wualaaah tarik teuing atuh mang. Lain bantrak-bantrakeun déwék. Geus wé ma lawé???”. Paneuteupna anteng museur ka sakadang embé. Tangka depong-depong ngilo pangajina. Tilu jam ragot adu harega. Can katoong pibariseun jadi. Itu ieu papada kukuh. Pakeukeuh-keukeuh. Sabot kitu, ngong sora nu adan. Ngalanglaung atra tebéh kaléreun lembur.“Yu ah cuang asar heula mang!!!”. Kang Ustad kebat muru masigit. Tukangeuna Si Mamang leumpang nuturkeun. Rérés abdas. Cong solat. Laju ngimaman. Antaré naker. Lebah ruku. Nyéh Kang Ustad seuri. “Keun siah diwarah ku déwék mah!!!”. Gerentesna. Saparapat menit lumaju. Si Mamang élékésékéng. Urat-urat cangkéngna tangka raranteng. Kabetot. Éncokna kanceuh deui. Si Mamang bati muringis. Tipepereket nahan kanyeri. “Sok siah dibikeun moal malawé, mun heunteu, déwék moal rék cengkat-cengkat???”. Sorana tatag. Semu-semu ngancam.

RASA NU NYALIARA 2

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 16:41:42

Ampir unggal dinten salira kikintunan, tikawit cau nangka, beas anyar sareng sajabina, malihan ngintun lelepen tos aya limana. Salira miwarangan kang Adung janten perantara, duh punten kang haji, abdi moal tiasa nampi upami salira teu kersa sumping nyalira.
Alhamdulillah ayeuna kang Haji sumping, beuu meni ngabring, atuh sakantenan we wengi ieu abdi nyuhunkeun diakadan, da sanes waktosna deui urang papacangan, mas kawin mung nyuhunkeun hafalan lima juz oge tos cekap, itu pun anak nu cikal kanggo ngujina, upami teu sanggem mangga teu langkung karidoan salira, kang Haji etang nyalira samufakatna.

BANJIR CILEUNCANG

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 16:38:30

Hujan munggaran. Jiga namplokeun kasono nu lawas di anti, ngagebrét dibarengan angin Teu perlu waktu lila. Cileuncang mimiti minuhan legokna aspal, kokocoran sisi jalan geus mimiti lébér. Cai nuturkeun mudunna jalan. Ledrek ku lebu katiga, pasedek sedek, cangkang roko, puntung, gelas palastik, jeung kantong kérésék. Mendet dina kamalir, ngahalangan jalan cai, méngkol ka jalan aspal. Banjir, rujit, cérét, macét.
Dina simpé, aya sora ngaharéwos, majar geus ditunjuk nu bakal ngoméan kamalir nu lébér, sanggup ceunah saparo séwang. Saluyu jeung Kepres. Dikotéktak, Diropéa. Bérés, rapih, lantip. El-és-ém, wartawan, nu bisa dipépéndé, kadé kudu kabéré.
Banjir cileuncang, ubar hanaang, ngagandeuang mawa ladang.

TELAT, MANG!

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 16:38:29

Geus tilu rombongan nu datang ngalamar. Ka opat ayeuna, nu keur di sanghareupan. Kabéh nalék kasanggupan uing pikeun daék di pileuleuheungkeun ka nyi mojang. Mémang kitu adat di dieu mah. Cék karuhunna oge, awéwé nu ngalamar. . "Kumaha ieu téh? Ditarima, teu?!" sentak Mang Erté mani handaruan. Salaku wakil kulawarga Ceu Dédéh nu kasohor beungharna. "Telat, Mang! Tos kapayunan ku Tante Ecin," cékéng. Sora haroshos. Ngageter. Ngadarégdég. Inggis, paur, miris, soak, pagaliwota ngebekan dada. Atuda Ceu Dédéh mah kawentar ku barangasannana. Sahaok kadua gampleng téh lain cék beja. "Naon? Si Ecin geus miheulaan?!". Gebeg! Sora Ceu Dédéh di tepas hareup. "Eciiiin! Ulah sambat kaniaya siah!", nyambung jeung sora ngageblig kajauhna. Rék ngontrog jigana mah.

NATAKU

Kénging AbahZenal Muttaqin
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 16:09:52

kusabab kepala berhalangan tetap, nya kapaksa kuring jadi PLS kepala salila dalapan bulan, nincak bulan ka salapan kuring dipanggil kudu menghadap ka wakil bupati, pasosre kuring geus campego di buruan rumdin, bari hate mah ratug teu pararuguh, sabab panggero ti wakil bupati teh teu jelas rek naon maksudna, ngan ari beja nu pasuliwer mah cenah poe jumaah rek aya pelantikan. boa-boa-----
keur anteng ngalamun ajudan ngahiap saurna bapa tos ngantosan, barang srog ka ruang tamu geus nyampak pa sekda nuju uplek sareng pa wakil, atuh kuring rada asa-asa rek asup teh, tapi pa wakil langsung surti ngagupay
"sok kadieu Jack, didieu yeuh sakalian jeung pa sekda geura ngobrolna...."
sanggem pa wakil, bari pelenyun ngenyot padudan, seungit marsbrand nyambuang di ruangan, kebulna kandel pikabitaeun, pa sekda imut bari ngahiap kalayan daria, der weh padungdengan ngobrolkeun kapentingan program, serius nataku.
"jadi kumaha jack.....? sanggup....? sanggup we lah, pilakadar nanda tangan, da lain duit kamu atuh, duit program ieu mah..."
"kieu we pa, punten pisan abdi moal tiasa ari kedah siga kitu mah, wios abdi kaicalan jabatan, batan abdi kedah khianat mah......"
Geus ampir opat taun ti harita kuring ayeuna dibere jabatan eselon IVb di pasisian pakidulan dina pangwatesan indonesia autralia......

PANGADILAN KUMIS SABEULAH

Kénging Arif Syamsuri
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 15:02:37

Di hiji pangadilan, keur nyidangkeun perkara sengkéta dua komédian nu ngarasa hak na kaganggu.
“Kumis sabeulah mah tos jadi ciri khas kuring malah tos dipaténkeun, jaba ieu kumis tos diasuransikeun. Jadi teu meunang saurang oge make gaya kumis jiga kuring, lamun aya nu nurutan bisa ditungtut ”, ceuk komédian penggugat.
Hakim méré kasempetan ka si tergugat keur béla diri.
“ Tapi kumis manéhna mah dugulna beulah kénca, ari nu kuring mah beulah katuhu, sarua geus boga hak patén, jadi sarua teu bisa diganggu gugat ”.
Hakim katingal bingung, bari ngusapan kumisna nu tinggal sabeulah.

PIKASEBELEUN

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 14:37:22

Dina beus kota jurusan Grogol-Priuk panumpang pasesedek heurin usik. Dihareup aya wanoja geulis camperenik nangtung kadempet ku panumpang sejenna, water pisan jaba jauh keneh, jaba cangkeul geus luat-leet kesang. Ditukang aya pamuda keur diuk, tuluy ngagupayan si wanoja, mimitina mah wanoja teh ngalieuk ka anu sejen, bisi salah ngagupayan, tapi saenggeus nunjuk sorangan jeung si pamuda unggeuk, manehna seseleke katukang bari ripuh da heurin. Dina hatena bungah, da pasti pamuda eta teh bakal mere tempat diuk.
Saenggeus anjog ka hareupeun pamuda, bari imut manis pisan.
“ Aya naon kang?, nuhunnya “
“ Ah teu aya nanaon, ngadegna we didieu ulah diditu.”

IT'S MY LIFE!

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 12:58:33

"Rek beureum burahay, rek hideung ngabelegbeg, rek bodas cekas, rek kulawu hawuk atawa rek kayas nyacas... lain urusan ilaing. Hirup, hirup uing. Nu ngalakonan uing. Rek asup surga ku amal uing...rek asup naraka ku lampah uing. Tong sok usil! It's my life, beibeh. Hirup aing kuma aing!!" pokna narima sakaleng lem aibon ti babaturannana bari mencrong seukeut ka kuring. Nyaah teuing, nu geulis salah lampah.

NU SONO

Kénging Lia Syawalia
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 12:56:11

"Kunaon nya ieu teh meni nyeri, aya bulu soca panginten lebet, cing pangniupkeun!", kuring menta tulung ka pun anak.
"Aya nu sono ieu teh Mamah ari aya bulu soca murag mah".
"Ah aya-aya wae Teteh mah".
Keur gunem catur kitu, kring teh sora telepon, atuh ku kuring diangkat, "Hallo.....!",
"Enung.....!"
Kuring ngagebeg reuwas pisan, ngan aya saurang lalaki nu nyebut kuring Enung, ngan manehna, nu geus ninggalkeun kuring belasan taun ka tukang, nu ninggalkeun gudawangna hate, nu ninggalkeun kanyeri jeung lara wirang, saminggu deui rek pangantenan kabengbat ku randa bengsrat.
"Mamah, kunaon bet ngahuleng wae? Aya telpon ti saha?"
"Eu.....itu naon salah sambung!" , ceuk kuring bari nutup telepon.

NGIGELAN WAKTU

Kénging Yatsu Drajat
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 10:39:27

SAPARAPAT JALAN AWAL
Tengah Peuting Poek Mongkleng Buta Rata ...."Kun" saur Sang Asal, Pangersa Nu Maha Nyipta, kuring mah seja rek diumbarakeun , ngan bekel saaya aya ti Anjeun Duh Gusti Allah.. Estu teu jingjing nanaon, Raga tanpa raksukan...Tingali iwal Alam Poek teu aya nu kabaca
Tomorek Sada Rehe Lir Gaang Katincak, jempling taya soara iwal ngantos Qodlo tur Qodar taya tangan pangawasa dinu Maha Welas Asih
Janari Leutik Lapat lapat titik cahya buka jandela di kaweningan peuting nu jempling
Janari gede honcewang ganti ku harepan reugreug kucahya nu jadi obor pileumpangeun
Kongkorongok hayam ngageuingkeun lalangse pangimpian rek asup ka alam pangimpian keneh
Balebat beuki mukakeun netra dibarengan goak ceurik kahariwang jeung kahoncewang ..... Duh Gusti.....dipapag Adzan di alokan Iqomah ku nu ngaran bapa....Kenca Katuhu nu pinuh kadeudeuh, tagiwur jeung kabungan .... aya cimata nu ngeclak kanu pipi....aya batur ceurik....ceurik nu beda harti
Carangcang Tihang teuneung ludeung, gilig lelengkah halu mapag poe mitembeyan

DUIT

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 09:46:38

Di alam kubur, Si Korup diintrogasi.
“Saha Pangéran anjeun?”
“Duit!”
“Saha nabi anjeun?”
“Asana mah, duit!”
“Ari imam anjeun?”
“Angger, duit!”
“Ka mana ari ngiblat?”
“Nyéta, kana duit wé!”
“Saha dulur-dulur anjeun?”
“Nu apal téh ukur koruptor!”
“Nyaan ieu mah, teu bisa ditulungan! Wayahna, anjeun bagéan ka naraka!”
“Punten, abdi mah hoyong ka sawarga. Manawi, tiasa diatur?”
“Bérés! Lur, nu ieu mah rékoméndasikeun wé ka sawarga!” ceuk nu ngaintrogasi ka babaturanana.

TAWURAN

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 09:37:42

Ragana ngalungsar ngababatang di tengah jalan liliwatan, jadi wadal amarah nu nguntab-nguntab ngabebela tina alatan anu teu sapira. Dadana gudawang, tatu raca di sakuliah awakna. Sakeclak cipanon masih nyésa di juru-juru panonna. Deudeuh, kahirupan kudu dipungkas ku rasa mokaha nu teu maké wiwaha. Dina leungeunna masih ngeukeuweuk buku-buku nu cipruk ku getih jeung kanalangsa, layang pangajén jeung medali béntang pelajar ngabetem teu bisa nyoara dina jero ransel nu disoléndangna. Jadi saksi reuntasna hiji generasi seuweu-siwi nu leungiteun purwadaksi.
Sagurat pananya teu kungsi kedal masih kakemu dina batinna, naha bet manéhna anu kudu perlaya?

SEUNGGAH

Kénging Boenya Wiradinata
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 09:34:47

teu nyangka sacongo buuk ge bakal pikieueun, teu pira ukur wawarungan dagang kejo jeung lalawuhna bakal manggih masalah nu sakitu pajurawetna, mimitina ma atoh we meunang pesenan ti kantor pentaseun warung saterusna jadi ngalanggan saterusna jadi patarema carita yen di warung kuring mah dahareun na ngarenah tempatna merenah jeung gampang transaksina, kabeh dieunakeun jadi loba langgan ti sababaraha kantoran, ngan edas we eta nu jadi seunggah teh geuning kuring make kudu loba sabil na jero hate kulantaran rea pisan maranehna marenta bon kosong, antara nyukakeun langgan jeung kajujuran nu nyababkeun seunggah

IMAH

Kénging Didon Nurdani
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 08:56:07

Kateuteuari. Baku dia mah. Sanggeus ngaliwatan mangsa nu teu sakeudeung, sakuduna urang pada apal ka awak séwang-séwang. Geus cindek, kami moal incah balilahan.
Imah urang, warisan. Satemenna ieu bukti kahéman nu teu hadé dimomoré. Lain saukur jugrug bari butut. Mangka inget, kami diorokkeun didieu, mangkat rumaja tidieu. Tug nepi ka ngajodo jeung dia, laju tetep renggenek didieu. Dia apal kacida, kumaha Bapa nangtayungan kami ku deudeuhna. Tepi ka wani jeung bedogna mun kami keuna ku deleka.
Ayeuna, prak, kuma dia jang saawak dia. Kami mah deuk ajeg, najan nepi ka rugrug ku rinyuh. Pageuh na wasiat bapa, sangkan wanoh tepi ka juru-juru na.
Kari-kari, Kaka. Dia boga niat deuk pindah najan norog. Cék dia, sangkan guyub jeung batur. Sangkan reueus mun kasémahan. Ah, kateuingan, Kaka. Kami leuwih reueus ku banda nu geus jinek hak kami.
Najan hate leutik mah tangtu kasurti, mun kami biluk ka dia, tangtu sarua reueusna.

NGAJUL BULAN

Kénging Abah Na Ambu
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 07:33:51

"Bulan Merah Jambu...Luruh di kotamu" kitu ceuk Katon Bagaskara
Dius Ngajomantara, Gatot Kaca mah, Superman mah, liwat.
Nyingray-nyingraykeun rungruman halimun, nyiriwik manteng ka ping pitu.
Lalay Badot, kadupak ngagarapak. Solongkrong Cika-cika nu nembus méga pataréma. Jangji. Peuting ieu kudu jadi. Nyai... Jungjunan, geura anti.
Yéy!. Teu kebat, sabot rék nyirorot ka Panumbra, nu motah ningker bulan, Benang kayas Nini Antéh, pakusut, Ucingna Uang-Eong hamo nyoara, Jarum Sulam Gumalantung na biwir jungkrang kawah Clavius, na kamana nini Antéh?. nyumput nyingkahan Asteroid. Clé, nincak golodog nini,Sampurasun!, towong weuh nu némbal, Luna ka hiji tug ka Sapuluh na pasoléngkrah maturan Apollo. Sulampé Nini nu can réngsé, kebat dijoétkeun, ngeduk lebu jeung batu.cukup. "Durasi!" Theia ngagorowok.
Sieut, angin muih, ngadudut lelembutan, lat poho seupaheun keur nini can kasanggakeun. Gejlig, na papanggé bébéné. Paingan atuh, ceuk Kang Katon luruh, horéng lebu. Lebu Opat Milyar satengah taun katukang. "Tah nyai... sulampé nini, pamungkus lebu,jadi saksi. Yén akang geus miang, nemonan jangji." laju disimpen na lawang. Sarung diharudumkeun deui, angin janari ririh, sakolébatan kapireng nini ucang-anggé bari nyepah...

CEPUK BEUREUM

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 07:28:30

Talaga nirmala wanci sareupna. Hibar layung patepung lawung jeung kuwung-kuwung. Manehna. Kadua budakna. Helok nyawang gurilap cai. Banget nu kataji. Bari ngimpleng hiji rupa nu lawas kapiati. Nu kalan-kalan bet nembongan. Dina amparan cai nu ririakan.
Lila ti lila. Kuwung kuwung tuluy amitan. Ngajaul deui. Nyungsi wiati.
Aya nu magol jeroning renghapna. Basa leungeun kiwana ngodok pesak calanana. Cepuk beureum. Geus pageuh karanggeum. Laju diantelkeun kana embun-embunan budakna nu keur ceuleumeut nengetan.
Lung. Cepuk ngangkleung ngambah talaga. Warna cai geus robah deui. Kasilep ku pulas beureum. Najan sorotna meh-mehan pareum.
Semu ngalenghoy manehna nungtun budakna. Leumpang ngajauhan talaga. Budak nu celembeng nanya, mung dijawab ku unggeuk nu biasa.
"Bapa, kapungkur ema teh sok ngebak di dinya?"

NU MAKE TATO BATIK DI TANJAKAN EMEN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 07:15:40

Teuing saha ngaranna jeung urang mana. Can pati jelas , da omong-omongannana teu pikahartieun. Pakulitan bodas deujeut-deukeut ka koneng. Matana meletet jiga nu sieun ku panonpoe. Lajag-lejeg bari nyarekan supir. Di hareupeunnana aya tilu layon disimbutan koran. Ngabebengkang teu walakaya handapeun tatangkalan sisi jalan. Teu lila ti harita ambulan datang rek ngakut layon. Nyi Mojang nyusutan getih nu ngabayabah tina bitisna ku kertas tisu. Katara dina pingpingna nu nyingkab aya tato batik tiga negri .

NU LEUNGIT

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 07:14:19

Dikotektak. Sorolok, pangkéng, tengah imah tepi ka dapur. Lapur. Datang ka sakola teu nyampak. Guru, mantri-guru, gideug. Balik deui ka imah, kolot geus ngaléos. Ngurus gawé nyiar kipayah. Cenah keur anak.
Aya nu ngembeng 'na juru panon. Ngalémbéréh. Dikaléng, tuluy digolérkeun dina lahunan. Pipi nu beueus disusut ku tungtung kabaya belél nu keur dipaké ku si bibi. "Tong nangis Ndén," pokna mépéndé. Halon. Ngangres. Geuning aya di manéhna.

TEU MAWA LOKÉT...

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 06:33:27

Geus beurang, waktuna dahar. Duaan jeung Si Yeye sobat ti leutik. Sup, ka rumah makan padang. Apal meureun, sagala deungeun sangu ngajagrag dina meja. Dahar nepi ka nambah babaraha kali. Ngalempréh seubeuh. Giliran deuk mayar, ngodok lokét. Gebeg. "Ye, lokét uing tingaleun?" Mimiti hemar hemir. "Uing gé teu mawa duit, Poed!" Ngaharéwos. "Deuh, kumaha atuh?" Késang kaluar lain mistina. "Kalem..!" Ceuk Si Yeye bari ngadeukeutan Bapa-bapa nu diuk dijuru. "Pak, tiasa nambut korana?" Tuluy balik deui diuk. Lima menit, ujug-ujug Si Yeye cengkat bari ngajéwang kuring. Laju malikeun Koran, sok akrab. Di kasir, "Bang, sekalian dibayar sama bapa itu" Bari leungeuna gugupay. "Pak, Hatur Nuhun....!" Sorana rada bedas. "Iyah.." Si Bapa males gugupay.....

SANES TATO

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 06:32:21

Geus ampir saminggi Umang numpi diri di imah. Nujadi sabab,manehna ngadenge beja ,geus saminggu loba pulisi jeung tentara ngulincer lembur neangan jelema baragajul.Diantara jelama nu ditewak ku aparat teh nu sok mabok,malak oge nu boga tato dina awak.Kulantaran teu kuat, poe harita Umang ngalanto ulin ka Terminal.Manehn kacida reuwas nempo babaturan sapangulinan keur ditanya ku aparat.Teu diengkekeun deui Umang nyampeurkeun ka salah saurang aparat,Bari muka baju manehna pok ngomong :" Bapak,wantun dibentar gelap ,ieu mah sanes tato,namung hapur ".Aparat olohokk,nempo awak umang nu pinuh ku hapur.

NGAJUL BULAN

Kénging Abah Na Ambu
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 01:34:13

"Bulan Merah Jambu...Luruh di kotamu" kitu ceuk Katon Bagaskara
Dius Ngajomantara, Gatot Kaca mah, Superman mah, liwat.
Nyingray-nyingraykeun rungruman halimun, nyiriwik manteng ka ping pitu.
Lalay Badot, kadupak ngagarapak. Solongkrong Cika-cika nu nembus méga pataréma. Jangji. Peuting ieu kudu jadi. Nyai... Jungjunan, geura anti.
Yéy!. Teu kebat, sabot rék nyirorot ka Panumbra, nu motah ningker bulan, Benang kayas Nini Antéh, pakusut, Ucingna Uang-Eong hamo nyoara, Jarum Sulam Gumalantung na biwir jungkrang kawah Clavius, na kamana nini Antéh?. nyumput nyingkahan Asteroid. Clé, nincak golodog nini,Sampurasun!, towong weuh nu némbal, Luna ka hiji tug ka Sapuluh na pasoléngkrah maturan Apollo. Sulampé Nini nu can réngsé, kebat dijoétkeun, ngeduk lebu jeung batu.cukup. "Durasi!" Theia ngagorowok.
Sieut, angin muih, ngadudut lelembutan, lat poho seupaheun keur nini can kasanggakeun. Gejlig, na papanggé bébéné. Paingan atuh, ceuk Kang Katon luruh, horéng lebu. Lebu Opat Milyar satengah taun katukang. "Tah nyai... sulampé nini, pamungkus lebu,jadi saksi. Yén akang geus miang, nemonan jangji." laju disimpen na lawang. Sarung diharudumkeun deui, angin janari ririh, sakolébatan kapireng nini ucang-anggé bari nyepah...

TEU SADAUN KÉLOR

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 01:25:53

Sirah asa bejad. Jajantung asa dirabut. Asa teu percaya. Asa ngimpi. Amprok jeung bébéné haté, nu dipicangcam beurang peuting, keur digaléntoran ku lalaki séjén. Amarah Morgan, mudal teu kawadahan. Nongtak, tak-tak Elince. Morongos, “Kurang ajar! Sagalana geus nemrak, tinggal milih, rék aing atawa lalaki itu?” Lalaki nu ditunjuk, ngungkug mabur. Pabetem-betem sababaraha rénghapan. Gepruk nyuuh, ngagabrug tuur. Nyegruk kanyenyerian, “Teu werat kaleungitan Aa, hapunten Enéng...!” “Naha bakal leungit ieu nyeri haté, ku méré panghampura.” “Enéng, alim papisah sareng Aa, badé dikumahakeun waé mangga, demi cinta.” Ngahuleng, “Hég, rido mun diciduhan beunget?” Teu buru-buru ngajawab. Asa ku téga, ceuk pikirna. Antukna unggeuk, ngasongkeun beungeut bari peureum. Ciduh campur reuhak. Puguh TBC. Dikemu dina sungut, méh satampolongeun. Teu antaparah, sebrot di burakeun. Beungeut Elince lamokot. Nyah beunta, “Aa puas, teu nyeri haté deui?” Ngajéngkat rék indit, leungeun dijéwang, “Aa badé ka mana?” “Néangan kabogoh anyar, dunya teu sadaun kélor!”***

BOÉH

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2012 00:04:23

Kumolébat beungeut badégana. Juag Karti ngabirigidig. Gubrag meubeutkeun bujur kana sofa. Panona manco kana tipi. “Kunaon, Mah?” anakna nu keur lalanggiran ngarérét. “Mah, dupi si bibi kamana?” tumanya. “Cenah mah...” can kebat nyaritana. Ras inget waktu salakina kaperego di kamar tukang. “Tong diinget-inget deui, Nénéng!” ngarindat. Kulutrak. Panto dapur sada nu mukakeun. “Bibi panginten, Mah?” Anakna curinghak. Jung cengkat. “Ulah!” puriding. Bulu pundukna ngadadak ngandelan. “Kangen!” teu ngadéngé caritaan indungna. Beretek muru ka dapur. “Duh, boa-boa?” beungeutna sepa. Héok. Bau bangké. Minuhan rohangan tengah. Guprak. Rémot tipi murag. Lenyap. Puringkak. “Su...su....” ngadégdég. Wér ngiihan manéh. Sungut calawak. Mata molotot. “Boéh! Gan....” sora si Bibi kapireng ngageuri. Kawas anggang. Jeprét. Listrik dumadakan pareum. Lenyap. Héok. Kawas hareupeun. Plak. Dampal leungeun caméwék nyepeng pageuh. “A...am...ampunnnn!” reup meureumkeun panon. Awak ngagibrig. “Boéh, Gan. Tiriiiiisssss....” humaréwos. Siak. Lenyap.