Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 Maret 2012 (59 Naskah)


LATIFF

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 23:42:07

Ayeuna kuring nyuuh teu daya teu upaya,ukur Cahaya nu opat nyimbutan sukma.Kari rasa nu ngusapan lelembutan sangkan ulah sasar tetempoan.Sirah jeung Dada ngadahup ngjatukrami dina Asmaning Puji."Ulah neangan diri kaluar tina diri"ceuk Latif nu ngeukeupan hurip.Bereyek hujan kahanjelu neangan kamalir pikeun jalan muru HAKIKI.

AWÉWÉ TUJUH MULUD

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 23:31:32

Teu tepung téh teu acan sataun. Tapi nu karaos, tujuh mulud genep purnama, nung.

SONO KA ANJEUN NA

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 23:25:09

Mun seug aya tujuh guriang baris masrahkeun layang salaka domas ka kuring, Pastina bakal disanggakeun ku kuring ka anjeun geulis.... teu, teu butuh kuring mah ku harta jeung banda, teu butuh kuring mah sagala jimat kasakten, ngan cinta ti anjeun nu di arep arep teh....

Cenah seug aya tujuh gunung nu nyungcung ti tungtung ka tungtung, moal hanteu ku kuring ditaekan keur anjeun, Seug lamun tujuh buana kaluhur kahandap kudu kuring ider keur neangan anjeun, pasti dilakonan. Yeuh ieu tingal aya tujuh juta bentang nu muruluk sapajang jalan ku kuring dipulungan keur anjeun

Duh kakasih nu dipikacinta, hanjakal ieu kasono pegat dina tikoro, teu kedal, teu ngucap, teu ngocap, Tah ieu kanyaah kuring peuting ieu kuring tuliskeun di awang awang , di katumbiri, di langit na langit, dina poek na peuting, sugan jeung sugan anjeun ningali gurat jeritan kasono kuring.

BUDAK

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 23:23:52

renjag, renghaap...tuluy culang cileung, budak uing nu karek 5 taun peuting ieu jiga nu teu tibra sare. kaganggu ku nu interupsi anggota dewan nu keur sidang paripurna dina telepisi.

"Pa...pareuman tipi pa, gandeng!, Aulia tunduh" cenah

DIMANA

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 23:18:18

Dimana nya sakadang ide aya dua jam na ngahuleng neuteup komputer, bari uleng mikir da weleh teu kapikir, sigana sang ide geumpeur jadi hiber bongan di demo ku ku otak nu geus capeeun mikir.

DEDEN

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 23:13:33

Moal poho saumur hirup oge, basa maneha keur kukumbah aya nu ngabedol ti tukangeun, morosotkeun samping anu ngan saukur di pintelkeun, berewek kabayana soek. Sanajan teterejelan, manehn teu tangan pangawasa, Alam jadi poek, panon kunang-kunangan. Kulantaran dibekem manehna teu bisa ngagero,tapi dunya ngadadak asa tungkeb bumi alam
Genep taun ti harita, budak kasep buukna galing, nutur-nutur indungna ngarambet ka sawah. Meh unggal poe eta budak nanya kieu : " Ema, ari Bapa Deden kamana?
manehna ngan saukur ngareret, cipanonna ngeclak pabaur jeung kesang.Budak keukeuh nanya : " Ema si Otjid mah boga Bapa... si Ro'i boga Bapa... Ari Deden?
Basa mnehna muka rantang disaung, budak kasep teh andeprok hareupeunan milu cacamuilan dahar bari nyocolan beuleum peda.... Teu weleh dipelong budak teh bari breh sagala nu tumiba teh katempo kadeuleu deui. Da memeh les kapoekan, manehna nempo hiji rupa anu panggih unggal poe.nu sok hayang dipangnyieunkeun cikopi.
" Ema mun aya Bapa resep nya Ema...?.. Ku manaehna sirah budak teh diusapan,bari ngaharewos : " Bapa Ujang teh dunungan Ema, ngaranna Pa Deni wicaksna.... " Engke mun ujang geus gede, teangan ku Ujang.. da kasepna siga Ujang
moal teu di aku..' Panon anakna cekas, beungeutna marahmay : " Ke ku Ujang rek diteangan.

UCING

Kénging Pungkit Wijaya
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 22:56:56

Dina korsi, teu usik. teu malik. Duka lapar atawa ngalamun. Awakna sarupa jeung warna panonpoé, konéng. Padahal di luar, langit disasaak mercon. Jalma ngabring, sarupa sirem, ngarumpul, rek ngucurkeun getih nu beureum. "Tapi, kuring mah rék leleson, sugan isuk atawa pageto manggih tulang jeung cucuk lauk." Teu lila, bulan nguluyur kana panonna.

DUA ASIH

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 22:54:28

Manehna ngageserkeun tombol navigasi HP kahandap,hayang nyaho saha nu ngirim MMS teh.Sanggeus katembong ngaran nu ngirimna,manehna imut teu nyana Maya nu ngirimna teh.Bray dina itungan detik layar HP nembongkeun poto Maya nu keur seuri make baju bodas kahandapan hideng,"Jungjunan,najan asih urang kabungkus tiung buni tapi asih urang beuki pageuh" Manehna ngagerentes,teu lila HP-na ngageter deui nandakeun aya SMS asup."Abdi ningal langit peuting ieu asa leuwih endah batan nu kamari,ngan hanjakal Akang teu aya di sagedengeun abdi"Tulisan nu atra ningalikeun guligahna hate Maya ka Manehna.Memang kudu boga mental lalaki mun boga dua asih dina hate nu sarua.

KANDARAAN AHENG

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 22:44:28

Wuuusss...!!! Kandaraan nu dipulas warna bulao,koneng, jeung beureum ngadius meulah angin harepan, ngamimitian ngalalakon. Sorana handaruan ngageterkeun jagat. Tina awakna kalaluar capit paranjang tur sareukeut.
Mangsa ngajomantara ka awang-awang, sagala dijewang. Waktuna mebes ka laut kabeh disuruput. Geus puguh di darat mah kabeh disikat euweuh nu kaliwat.
Euweuh nu wani ngahalangan..., aparat kaamanan teu bisa hojah sabab apal balukarna. Dalah Gatotgaca nu kawentar sakti mandraguna, kalah ka ngahuleng ngaraga meneng nyakseni ketak kandaraan nu ngabubak-babuk eusi nagri.
Dina waktu nu geus ditangtukeun, kandaraan eureun di puseur dayeuh. Ngan saeutik panumpangna nu ngarasa lieur, mabok utah uger lantaran teu bisa ngigelan lajuna kandaraan. Lolobana mah saruka bungah. Nu awewe aluman-alimen garumeulis, dangdananna malenor. Nu lalaki baluciteruk, dasi ngagarebay... Kabeh angkaribung ku babawaan keur oleh-oleh kulawedetna.

Hanjakal.... padahal mun panumpangna balener tur amanah, eta kandaraan teh bisa ngadatangkeun kasajahtraan pikeun rahayat.

LUTUNG KASARUNG JAMAN KIWARI

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 22:37:42

Isuk isuk Sunan Ambu geus elekesekeng kabingungan neangan anakna Guruminda nu ngaleungit teu aya tapakna, ku Sunan Ambu kabeh bujangga jeung pohaci di kahyangan dikerahkeun keur neangan guruminda, Aki lengser ngilu pahibut nelponan kaditu kadieu, sajam dua jam masih keneh teu kapanggih tah Guruminda teh. Bada Asar jol pucungul Guruminda teh jebul, " Na Timana ari anjeun anaking kasep??? ", "Ti Warnet mamih! ngap date status fesbuk, teras chat sareng purbasari kabogoh abdi!", "???? euh dasar budak jaman ayeuna!" gerendeng Sunan Ambu keuheul.

NGEUNTEUNG

Kénging Lenny Magdaleni
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 22:34:50

Lain kuring nu ninggalkeun anjeun! Jadi teu salah, lamun kuring ngeunteung kanu daun taleus..!

PAMENTA ANAK

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 22:20:00

Bapa: "Jang!, tong loba pamenta ari keur werit kieu mah, bisa dahar ge geus untung deuleun..".
Ujang: "Na ari bapa, da ujang mah pamenta teh ngan ukur hiji asana mah teu pira.."
Bapa : "Haar, nya naon atuh pamenta teh? Pok geura balaka...!"
Ujang: "Enya...bapa teh kudu boga pamajikan deui, sabab uing geus cape ngaulaan teh!"
Bapa: "...........???"

INCU LELE

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 22:15:15

Ema uing meni siga nu rumpang reumpeung ari kadatangan pamajikan ki Lanceuk ti Cirebon.teu sirikna boga anak hayam teu weleh di peuncit,aya anak lauk teu weleh disiuk.Behditunamah hayang nyugemakeun ka minantu.
Siga harita keur ciweuh ngome sirib keur ngala lauk di kulah tukangeun imah.Clom sirib di teuleumkeun kana kulah,selang lima menit sirib di jait borosot anak jaer,impun jeung beunteur ting garapak dina jero sirib.torojol pamajikan ki Lanceuk nyapeurkeun ka sisi kulah."Uluh,ayi meni rame kitu nya,eta putra jaer meni seueur" bari hariweusweus.uing ukur mesem,hayang seuri dimmpegeg ngadenge putra jaer,ketang sakitu oge aya kahayang nyarita Sunda ngan canbisa nerapkeunana.Celetuk deui manehna nyarita " uluh,ayi tinggal di juru meni banyak murangkalih nilem" bari tutunjuk asa bener sigana nyaritana teh.Komo aceuk handapeun tangkal honje seueur pisan incu lele" ceuk kuring ngalayanan,bari key seuri miceun beungeut.

BEDA PISAN

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 22:14:39

Bedana nu ngora jeung nu kolot dina urusan satia : Nu ngora mah hayang bisa satia ka kabogoh, tapi teu bisa, ari nu geus kolot mah hayangna teu satia, tapi teu bisa bisa, kapanggih wae!

MAMALA KAKAWASAAN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 22:09:35

Pami aranjeun nyepeng kalungguhan, pancegkeun iman, ulah sok tanggah ka sadapan tapi kudu tungkul sangkan uteuk teu jadi mintul. Sing inget kana wiwitan, sabab kiwari, dimamana loba nu parebut kakawasaan, padahal raga lemah cai katempona geus kacida ropohna, ririiwit bari budug alatan dipocelan ku hama-hama nu kacida ngagalaksakna. Kukituna sing ati-ati mun nyangking kakawasaan, sabab mun teu bisa nyepeng amanahna balukarna jadi mamala, nu boa bisa kapangpengkeun ka naraka jahanam

DI BALÉ SAWALA

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 21:32:13

“Geura balik!” indungna ‘na telepon. “Pameng, Ma!” hapé ditutup. “Awas!” mahasiswa ngélingan baturna. “Naon, euy!” ngarérét. “Gas air mata!” gajleng luncat. “Gancang!” limbung. Méh-méhan tisungkruk. “Aduh, peurih!” ngusapan haté. Jedak. Blug. Koréjat. “Témbak!” gero komandan. “Sapu!” corowokna deui. “Kang, momen pas, leuh,” cék sepion ngiceupan. “Loba?” tanya Déwan. “Kantenan!” sepion nyorowok. “Heug, lamun kitu kuring ngadukung nu di luar!” ngarobah pamadegan. “Naon, kang?” baturna ngiceupan. “Tabungan!” témbalna seuri maur.

DONGENG KEUR INCU JAGA

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 21:24:04

Jaga mun geus boga incu atawa buyut, kuring rek ngadongeng, baheula dina taun 2012 Masehi, saprak reformasi ieu nagri nu dipikacinta geus leungiteun jati diri, alatan rajana teu weleh ngandelkeun hama-hama nu aya dina parteyna, enya, partey-partey nu geus leungiteun jiwana, nu teu weleh ngariak dina napsu kakawasaan nu mengpar tina amanah rayatna..... Tah terusna mah urang dagoan we kumaha ketak rayatna mun geus dikakaya ku nu dipercayana.

BATU

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 20:41:09

Geus lawas. Teuing ti iraha. Saprak lembur dikeduk. Hirup teh nyiruruk handapeun tangkal mahoni. Sisi jalan. Jalan raya. Unggal poe ukur kitu jeung kitu. Nenjo jalan jeung pangeusina. Rek hujan rek katiga. Taya nu haat mindahkeun. Padahal uing ukur sakeupeul peureup. Ukur sakeupeul simpe nu hideung. Baheula mah cicing teh di jero leuwi. Tingtrim. Baheula. Kiwari kalah nyasab na heab trotoar. Aeh, di jalan kiwari padedet aleutan nu tinggorowok. Ayeuh-ayeuhan. Siga walungan keur caah. Caah dengdeng. Ragamang, jol aya leungeun ngeupeul awak uing. Haneut. Uing dikeupeul. Dibawa lumpat. Digawang-geuweung. Mani pageuh. Meh tipepereket. Dibawa seseleket. Srog. Tina ramo-ramona katenjo aya nu keur paciweuh. Riributan. Aya nu bebeledugan, aya nu buriak. Na atuh, ari belewer teh awak uing dibaledogkeun. Tarik pisan, awak uing ngabelesur ngaliwatan barikade. Jrot. Meneran pisan sirah hiji aparat nu keur ngacungkeun pestol. Cer. Aya getih. Amis. Amis pisan. Beureum. Amis kacida.Teu kungsi lila uing ngagulutuk. Kalenyek. Dilenyek.

LALAKI TI LEBAK CAWÉNÉ

Kénging Remi Sadkar
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 20:32:52

Nu uleng, jeroning leumpang bari nyépakan kaléng sardéncis. Tina dada ganggawang pating kuniang kahariwang. "Anj... Deuh! Teu wasa aingah nyebut anjing téh." Dina saku, duit kencring nu teu kungsi disukuran. Ras, kana gas nu kari tabungna, moal matak sééng nyéngsréng. Ras, ka nagara, ukur kurindang, euweuh alaeun. “Gan, pasihan, gan, lapar!” si nini, jajaluk. Bingung. Naon nu kudu dibikeun? Kusiwel. “Deuh, nini, aya gé moal cekap keur tuang! Wios?” song, duit kencring. “Ih, kantenan wé, gan, ditampi pisan.” Basa rék ngaléos. “Kélanan, gan!” carék nini. Beg. Karérét, si nini keur ngajambretan kulit peunteuna. Leungit karisut. Bréh. Widadari. “Nuhun, kang, katampi asihna,” ngarenyu. Hémeng can leungit. Gep. Panangan widadari ngarangkul angkéng. Biur. Ngabelesun ka awun-awun. Ngeleper. Teuing paur, teuing sur-ser, puguh antel ka nu neuhneur. Kandeg. Ti luhur, sidik, nagara haleungheum. “Tingal, kang!” ceuk widadari, bari tuluy nyingraykeun lalangsé nu ngarungkupan nagara. Bray. Caang padang. Ngajanggélék. Sunda, nagara super power.

GUYANG GETIH

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 20:03:28

“COBI Pa, surat-suratna!” ceuk pulisi, ngaran Juhana, katémbong tina aksara di dadana. “Teu mawa!” walon Mang Borés, molotot bari ketus. “Pami kitu, Bapa ditilang!” ceuk Juhana. Jung Mang Borés nangtung, laju ngambek bari tutunjuk. “Tong sangeunahna manéh, Juhana! Sia mah teu apal sajarahna! Bisi hayang nyaho, aki uing téh nepi ka guyang getih alatan mertahankeun ieu jalan. Kari-kari ayeuna incu anu pangdipikanyaahna ditilang ku alatan teu mawa surat-surat? Cing mikir atuh sia téh, Juhana!” Juhana ngawalon bari soméah, “Hampura wéh, Pa, abdi teu terang yén aki bapa anu ngarintis ieu jalan. Mangga Pa, bilih badé ngalajengkeun perjalanan mah.” Geuleuyeung deui motor indit. “ Bener Mang, aki Emang téh guyang getih mertahankeun éta jalan?” kuring, anu diboncéng ku Mang Borés, nanya. “Guyang getih ti mana horéng? Aki uing mah maotna ogé pédah tipes.”

TEU NYAHO DIMANGSA

Kénging Jaladara Nitis
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 19:36:30

Si Uing. Lamun keur kieu, sok cinekul na luhur gunung kabingung, ngojay na sagara kasusah, cicing dina pasir kasedih. Buntu laku, pugag lampah.
Pan nyaho meureun, ayeuna teh tanggal keur meumeujeuhna kolot.
Na da eta mah nu ngaran sakadang bubutuh, teu beunang dihulag, teu asa-asa silih genti, daratang narepungan.
"Ampuuuun!" Si Uing nyepeng sirah.

NGAMBEK

Kénging Yogi Supryadi VedanaKartasasmitha
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 19:33:07

"Bledug...bledug...." peureup den tarman di teunggeul- teunggeul kana panto, manehna ngalampiaskeun kakesel ka nyi esih pedah di tolak cintana.
"kerekek.....kerekek..kerekek" sora pager DPR ku mahasiswa.
"bledag,,,,beledug,,,,,kerekek, .....prung,..preweng...preweng" sora panci, panto pager,turub katel, sa enggeus kang tarman di papatahan ku pamajikan nana pedah ngalengut sapopoe nulis "FIKMIN"..

BOLAY

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 19:23:31

Gustiii… aya ku nyari pun bojo dikabaya salem sinjangna sidomuktian. Asa reueus nyérangkeun nu ngaréndéng jeung pager ayu, pangméncrangna wé sugan mah! Sabot narima tamu, pamajikan mindeng dirérétan. Diteuteup imutna, rengkuhna, soméahna ka unggal nu datang, estu pikayungyuneun. Bet ngahudang rasa asih, tingsérédét, sumélékét pasedek-sedek minuhan dada. Bubar kariaan jam sabelas peuting, kuring teu sabar ngajak pamajikan mulang.
“Ih, Ayah téh kunaon? Ké, atuh, ucul-ucul heula!” Kuring seuri, rumasa teu sabar. Bari lalangkarakan, asa bungah ngabayangkeun éndahna peuting nu bakal kasorang.
Jol téh… kabaya robah jadi daster logor lalayu sekar. Urut dangdan diganti ku lamokotna 'krim malam'. Sanggulna leungit jadi buuk nu ngawigwig. Imut ngirut jadi heuay nu merelek nyababkeun kembang-kembang kahéman nu mangkak peuting ieu muguran taya nu nyésa.

JAKARTA,19.15

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 19:22:38

Waktu geus dilocotkeun angkana. Ayeuna geus euweuh sebutan beurang jeung peuting. Nu nyesa kari panonpoe, nyangsaya disatukangeun gunung.Geburna katojos bandera-bandera rewuan warna nu dangah nojosan jomantara." Pek sakseni kumaneh, aing geus teu wasa ngigelan maranehna," pentana ka peuting nu datang teunangan. Sora beuki awor patembalan jeung seahna cai nu diburakeun water canon. Gas air mata, bom molotov, jeung batu haliber patutunggalan di awang-awang.Didinya pisan wawanen teu daek silih eledan."Aing nyepeng bebeneran," sentakna."Kuring,ukur ngajalankeun parentah," tembalna leuleuy,nyidem ruhak nu ngagolak.Beuki lila beuki campuh, jalan jadi medan kurusetra. Hanjaklana, para pangagung kalah leleda. Waktu getih pacampur cileuncang, maranehna, anteng keneh ngadu huntu."Hapunten, sidang di skor heula, anggota bade neda heula,"

SURAT KEUR EMA

Kénging Usep Acx
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 19:15:30

ka hatur Ema di lembur.
Ma.. Otong ngirim duit teh ngan bisa lima puluh rebu heula da usaha rongsokan Otong keur sepi. Mudah mudahan engke terehna opat poe lilana saminggu Otong bisa meunang untung gede, sabab pager nu digedong de pe er geus loba nu dirubuhkeun. tangtu ngirim ka Ema bakal leuwih gede.
do'akeun nya Ma sugan we nabahan nu dirubuhkeunana teh.
salam baktos
Otong

HIAP TI AYEUNA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 19:02:04

Sa unira tandana panjang sinenggih sabda uninga, sabda uninga. Bela bakti dening asih ya dening asih, wong asih aja kentara. Toroktok jrek! Campala neungggar peti kai, ditema bonang, saron, gambang, panerus ditungtungan ku goong, sorana handaruan meulah mustarina wanci, meupeus simpe, jagat wawayangan, ting kolebat gugunungan rumasa .Gending murwa wiwiwtan, saha nu ngusikeun malikeun raga? Mun pareng gending , tembang pinetik sinembaran sari murwa,tutup lawang si gotaka, moal aya nu mangga pulia. Tumarima kadar maha welas jeung asih, Gusti pangeran abdi, Gasik sumujud ayeuna, memeh ngalungsar engke jaga, teu kaburu ngucap lafad Allahu Akbar.

DRAMA STATIS

Kénging Indah Eka Lestari
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 18:34:18

Jempling. Répéh euweuh sora. Euweuh properti. Panggung jadi paéh. Para pamaén ngan bisa tungkul. Taya seuri. Taya nu dilakonan. Nu lalajo ngadadak carolohok. Bingung. Teu lila, datang salasaurang pamaén. Manéhna mawa tilu lambar kertas. Nu eusina naskah drama. Tilu naskah nu diributkeun. Nepi ka teu jadi. Nepi kaburu datang poé H. Manehna tuluy cicing di tengah. Ngadeg wungkul. Jiga nu hayang ceurik. Ngan teu kawasa. Hiji-hiji kertas laluncat. Tarurun. Laleumpang. Milu ngajajar jeung pamaén. Kabéh jempling nepi ka sarébu taun.

SISI LAIN NU DEMO

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 17:41:39

Itu geura ? mani pakupis leungeun massa nu karak demo di DPR.... mani paboro boro, mani sumanget pisan katingali na teh, pabeulit silih sedek silih dedet paheula heula hayang kabagian.........amplop... beu?

CIK AH..!

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 17:27:46

Poe harita mah, mulang ti pakasaban teh bangun nu limbung. Leumpangna rada sosoloyongan, bleg nu mabok. Ditanya ku baturna oge, tonggoy. Teu nembalan. Tepi ka imahna, ngadon ngabeubeutkeun maneh kana amben. "Nyiii..ii!" Kang Jatma ngagentraan garwana. Rada dilagukeun. Kitu biasana. Teu lila geus nyampeurkeun. "Cik, ah! Sugan ieu mah pamenta pamungkas akang. Hayang ngopi, sagelas mah?" pokna daria. "Baku ari geus kitu teh!" sentak garwana ngajanggilek, bari rada kaleked indit ka pawon. Heuleut sawatara waktu geus balik deui, bari mawa cikopi ngebul, na emuk gede paragina. Sok, ditunda gigireunna. "Kang! Tah kopi teh!". Nu digentraan taya nembal. Kaplok! Ditepak lebah pingpingna. Angger cicing. "Kang!" bari ngajembel pipina. Angger cicing. Laju awakna digeubigkeun. Oyag kabeh. Dicabakan saawak-awak. Taya tanda-tanda kahirupan. "Kaaang!" jeritna. Rob! Tatangga nu deukeut daratang. "Aya naon Ikah!?" cek sakabehna. Nu ditanya geus ngalempreh teu eling. Sedeng Kang Jatma pada mulasara.

KI SUNDA

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 17:00:07

Dina hiji peuting kuring ngimpén kadatangan hiji lalaki nu nilik adegna mah, jigana umurna geus tunggang gunung. Si Aki ngawanohkeun dirina Aki Balangantrang.

“Badé aya pikersaeun naon Aki téh seja nepungan sim kuring?” kuring nalék, itung-itung nyinglarkeun kahémeng.

“Teu rék nanaon Aki mah. Ka dieu sotéh seja hayang ngawawadian ka hidep ngeunaan Ki Sunda,” pokna téh. Jep sajongjongan.

“Heug ku hidep mumulé Ki Sunda téh masing tulatén. Heug aping masing caringcing. Sieuhkeun sing jauh jurig éra jeung géngsi nu rék ngaruksak jeung ngorowotan pamadegan hidep. Mun teu ku urang, rék ku saha deui? Ieu baju titilar karuhun. Hamo luntur kaibunan, hamo boléas kapanasan. Ieu papakéan titinggal nini moyang. Hamo bisa dihilian ku baju deungeun,” saur Aki Balangantrang daria naker.

Nyah kuring beunta. Horéng tadi téh kapulesan, naleukeum na méja komputer. Kaantengan teuing macaan eusi lapak Fiksimini Basa Sunda. Duka sabaraha judul fikmin tadi téh nu geus dijempolan.***

SUTRES KU BBM

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 16:22:00

Can ge naek BBM, Mang Darpan geus keukeuleuweuhan di tengah jalan, jigana mah sutres ku hahargaan ari pangala taya undakna, tungtungna langlang lingling bari ngocoblak teu puguh alang ujurna. Derengdeng ka wetan, ka kulon, mun teu kiitu ti kaler ka kidul atawa sabalikna, berengbeng lumpat gorowok hareupeun gedong DPRD:
"Mun arandika micinta balarea, hayu urang diuk satata di Bale Sawala nu digeugeuh ku para mafia, hayu urang neangan cara rayat teu jadi boneka, luyu jeung ajaran agama, hirup teh kudu merdeka tina sagala rupa, ulah terus dikakaya kawas ayeuna, uing nepi ka teu walakaya nyanghareupan mafia nu teu weleh marake dasi dina kerahna..."
Breg teh barudak sakola ngariung Mang Darpan nu terus-terusan keukeuleuweuhan, ger barudak sakola surak bari rampak tingcorowok: "Satuju! Satuju! Satuju......!"

AYA NU LEUNGIT

Kénging Lenny Magdaleni
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 16:07:17

Geus dua poe manehna leungit. Biasana mah. Kamana bae panon ngagiler, manehna sok nuturkeun. Napel na kongkolak panon. Hate ge ngadadak jempling. Teu galecok kawas sasari.

MANDEG MAYONG

Kénging Nena Cunara
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 15:49:02

Hahadean genep bulan , kuring can wani silaturahmi , ka kolotna Mimin Sundawinata. Araringgis , sieun memeh pek. Kulawarga Mimin dipikaserab. Akina , bapana ua katut emangna , inohong inohong moyan. "Tong leutik burih! , sing panceg Mang! .Bisi diiwat batur! ". Raspati ngahatean . Gebeg .umur geus balak opat.
Gidig . Muru jalan Dipati Ukur. Ngarandeg, hareupeun imah weweg, linduh,iuh tarariis, pikabetaheun. Rengkog deui, mandeg mayong, sabil. Gilig! .

Uluk salam. ..."Bray, paroman marahmay, ngajanteng na lawang ,imutna leleb, pakulitan koneng, rambut gondrong silalatuan, oblong colat dipasieup lancingan batik komprang". "Hiap, kalebet! Saurna darehdeh. Di tengah imah hempak, rempeg, kulawarga Sastra Sundawinata.neuteup seukeut teu ngiceup.

Kuring ngabigeu, ngeluk tungkul kokompodan,kesang badag kesang lembut.
Ieu kang Tjardhana calon Mimin! Mugi terah Sastra Sundawinata tiasa nampi,ngaping,nungtun sareng ngalelempeng kang Tjardhana, maklum isinan.

Aki Ikhsan, Ua Dody Suwarman, Mang Dirman Sajati, Mang Aang Sumartana kitu deui nu sejena, ngabageakeun someah naker.

Pepedut, lalaunan nyingray. Angin leutik ngahiliwir nyelesep na lelembutan, karempan kasieun sirna! .

Deudeuh kuring, geugeut kuring . Ngan keur anjeun Mimin Sundawinata.

PÉSTOL

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 15:00:07

Tilu taun katukang kuring daptar jadi pulisi. Lain pédah boga cita-cita ti keur bubudak. Ieu mah awahing ku hayang leuwih dipikasérab ku balaréa sadésa. Tékad kuring: kudu katarima, najan kumaha waé carana. Rumasa mémang kuring nyogok ka “urang dalam” sakitu puluh yuta, nu duitna meunang ngajual sawah Abah ampir sahéktar. Tangtu kalayan rerencepan. Lila-lila Abah nyahoeun kana talajak kuring. Puguh wé kacida ambekna. Kuring ditundung ti imah, sanggeus dicarékan laklak dasar, dihina basa. Kuring nyeri haté.

Hiji waktu kuring ngahajakeun mulang ka lembur. Ti dituna mah hayang némbongkeun kuring nu geus disaragam pulisi. Sugan wé ayeuna mah éta aki-aki téh sieuneun. Ngan édas implengan kuring téh méngpar pisan. Si Abah teu robah sikep. Angger cua, nyarékan laklak dasar mungguh pikanyerieun, laju nundung taya rasrasan.

Kuring nyeri haté kabina-bina. Nyel ambek ngagugudug awor jeung cua kaliwat saking. Teu talangké deui leungeun ngaragamang kana cangkéng. Gep kana pérah péstol ….***

KEUEUNG

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 14:46:05

Tongboro arek suka sono ka anu ngarana peuting Jumaah. Sabada tawasul bari batuk ngoklok. Ngarasa tunduh naker, jaba awak puringkak puriding bakat ku muriang. Kuring asup ka kamer, arek ngalelempeng maneh. Keuh weh jikan mah ngagoler hareupeun tipi, kapan cape sapopoe jeput leuleumpangan di Jakarta, anu teu perenah wae aya longsong di sajajalan. Bari murungkut awak nahan tiris, anu beuki lila beuki angot weh. Bari tunduh oge rut ret nenangan simbut, sanajan bari mopoek deuih. Aya ngeunah meueusan sanggeus diharudum simbut, buni nepi ka butak hulu. Ngan orokaya, gelebut angin peuting ngareketkeun panto. Hih siga weh aya anu iluan asup ka kamer. Arek direkepkeun hoream, keun weh lah arek dijadikeun batur sare bae.

CISOCA

Kénging Kang Ties
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 14:41:48

Ngaborélak célak béntang timur. Cisoca Resi Drona, ngajirim janten hiji patarosan di Nagri Jaladri nu Éndah tur Sugih ieu. Enya naon atuh anu henteu bisa ngajadi di Nagri Jaladri anu éndah ieu? Anu Bodas tiasa janten Hideung, 'Pon kitu deui Samulihna! Émutana kingkin, ngeleter ras émut ka Nagri sajatina. Mangrewu sengit Érmawar tur malati, miajrih tur miéling dirina. Didieu kadeudeuhna nu mapakan gunung tur sagara, anu henteu ngawilah-wilah, rék bodo, pinter, badeur jeung bageur kanu jadi murid-muridna. Ilang! Sapertos keclak Cisocana anu janten hiji patarosan teu nemu jawaban. Ilang! Di teureuy rongkah galura ombak Nagri Jaladri anu Éndah tur Sugih ieu. Anu sadaya Rahayatna Senang Nyandang tur Pangan? Nu salawasna di picinta Atina!

BASA CIMATA SALIRA NGECLAK KANA PALITA

Kénging Dhipa Galuh Purba
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 14:41:13

Peuting harita, kaayaan di Klénténg Sam Poo Khong kaayaanna mutuh matak pikabetaheun. Mangrébu palita, mangjuta pangharepan. Cahya palita nyaangan rupana. Rada ngaranjug basa sajorélatan katara aya anu ngeclak tina dua panon sipitna. Boa ngarasa sedih alatan loketna leungit, atawa mémang keur nyanghareupan hiji perkara beurat. Urusan leungit lokét mah boa can engeuheun. Kilang kitu, lain hartina jadi robah pikiran. Matak manéhna ditétéangan ogé, lokétna anu bieu ragrag di jalan téh apan rék dibikeun deui. Malah lamun manéhna teu kaburu ngiles mah, titadi ogé pasti langsung dipasrahkeun. Untung wé teu pati hésé mapayna.
“Punten, ngaganggu. Badé nyanggakeun ieu dompét. Tadi murag waktos salira lungsur tina mobil.” Kitu pok téh bari ngasongkeun lokétna.
“Dompét? Henteu, teu murag dompét abdi mah…’ témbalna bari nyusutan cimata. Rét deui kana rupana. Gebeg.

MILIH LURAH

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 14:36:11

Geus euyeub di Bale Desa meh minuhan sabudeureunana.Kabeh geus boga cekelan sewang-swangan bari nungguan dimimitian ku panitia.Aya tilu patandang nu bakal kapeto jadi pamingpin di eta Desa.Tilu patandang geus aranjecleu dina korsi nyanghareupan balarea nugeus mimiti pating corowok."Hidup Bah Jamhur,..!" di tema tukageunana,"Hidup Bah Marja..!" Hidup Ki Mahpud,..!" Kabeh sarua nu jadi ulon-ulon pangrojong ting gorowok ngagulkeun cepenganana. Handapeun tangkal kiara nu aya di juru pakarangan Desa kadenge pating kecewis keur adu tawar rek tarumpangan nyekel jago sewang sewangan.Geus jadi hiji kasempetan pikeun anu raresep adu-aduan jadi lapak ngadu nasib.Boga munding ditarohkeun,nu boga mobil disodorkeun,geuspuguh anu kuduitmah sagunukna-sagunukna pating kecewis ngadon tarohan.

MUSABABNA

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 14:35:12

Geus lila dimimitianna mah. Ti abad 20 kénéh, dékade 70-an, lian ti pampasan perang, modal ngawangun nagara téh nya meunang huhutang. Teu kabéh panuju mémang, tapi lolobana mah bariluk. Ngareuah-reuah pabrik nu ngaradeg, gedong kantor nu pating jungkiring. Méh kabéh kawijakan ditangtukeun ti Washington, New York, jeung London.
Kadieunakeun, waktu Obama manggung, pasukan Amérika nu aya di Ustrali dirempegan. Teu disebut pangkalan militér, da ukur nambahan jalma, kapal perangna mah ngarangkleung di Pasifik jeung Samudra Hindia. Sawaréh ningker nagara-nagara Arab jeung Afrika, bari teu wasa merangan bajo di Somalia.
Lima puluh taun ti harita, Tangerang jeung Jakarta dirurug Pasukan Jarébadi, bapa Sudan indung Cileungsi. Présidén lumpat ka Pangandaran, ngadegkeun dayeuh di Cijulang. Jakarta suwung, sanajan gedong-gedongna masih sigrong, ukur dicicingan ti Cilandak ka kidulkeun. Virus hanaang marakayangan, disebrotkeun Jarébadi ti lebah Pluit. Meunang limalas taun mah ukur badak jeung bagong nu kuat hirup di dinya. Ngagarimbung di sisi Cihaliwung.

BADE DI TAMPI, SABARAHA ?

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 14:32:01

Di pasar loak Jatayu. Uing ditepungkeun jeung manehna. Lalaki kolot, jangkung Badag. Sakujur awakna di bakutet ku Jubah belel. " Bade di tampi sabaraha !?". Sorana pondok, bari ngasongkeun pedang panjang. " Samurai ,Asli!". Baham Uing calangap, Panon Colohok, ningali pedang hade urus, nu ngagurilap, waktu di paut tina sarungna. " Bade di tampi sabaraha ? " Manehna negeskeun, siga nu kauger waktu. " Ke ..ke ! Sakedap, dupi salira teh saha ?". Uing ngawani-wani maneh, nanya. Sijangkung Badag, mukakeun tutup jubah nu nutupan sirahna. Mencrong kuring ku panonna nu hurung . " Kuring, Musashi !" jawabna tegeug. Lelembutan uing ngacacang, ngajulan langit. “ Bener-bener dunya geus aya di tungtung umur “. Duit di asongkeun. Musashi Ngiles. Rebuan bandera koneng jadi rampak, ngajadi bukti. Cingkulapesna idealisme di pasar loak.

TRANG TRANG KOLENTRANG

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 14:05:02

Jumaah beurang hujan ngaririncik, awak asa puringkak purinding katiup angin halon. Ti kajauhan, gunung Pancar katutup mega bodas lir anu disimbut tiris. Naha bet uing inget keur leutik di Linggajati. Diuk dina palupuh bari ngejejekan bangbarung, anu awi bitung beulah katuhu aya anu pegat tali injukna. Kekeretekan diulinkeun ku tincakan suku, bari diharudum sarung. Kapan keur nungguan Apa sareng Mimih sumping ti Jakarta, bade nyandak gelas ngenclang rupi rupi kelir pikeun jualeun deui.
“Eman eta awi ulah diulinkeun. Gandeng.” Kituh saur nini Djubah, bari ngasongkeun sapiring kulub boled anu masih ngelun. Aki Abda ngan ukur seuri, bari ngenyotan udud kawungna. Ti beh masigit, aya sora budak sakola anu reang nembang teuing ulin, “trang trang kolentrang. Silondok paeh nundutan. Nyabit gobang kabuyutan. Trang trang kolentrang.” Mani waas temen. Bari ngangkat mug eusi cikopi semendo, kiriman ti Tanjung Enim. Euh, sawer ning. Cekeng, bari nyingsatkeun kolor aki.

TRANSAKSI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 13:27:28

Geus lila kuring mikir, untung rugina geus kapikir, najan kuring geus nyingkir alatan disangka nu musapir bari disangkan kapir, tungtungna kuring jadi loba mikir, tapi kunaon kuring jadi loba mikir, teu pira tadi peuting kuring transaksi bari diskusi pikeun nyaruakeun persepsi, tapi lain diskusi pikeun nyaruakeun persepsi korupsi, tapi mikir transaksi luhur ranjang bari teu kudu make sewa ranjang, Alhamdulillah transaksi kuring lancar, teu make modal, teu loba carita, teu kudu adu harga sagala rupa, tapi cukup mikir saayana, teu burung transaksi tukar guling jadi dina hiji persepsi.

PERSIB

Kénging Riyono Afdfvm
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 13:20:25

Geus saged rek lalajo persib ka jalak harupat, sumanget pisan, sabab ayeuna persib dilatih ku Si Pep pelatih Barca. Pangna Si Pep daek ngalatih persib manehna boga karumasaan aki ninina asli urang Lembang, ngaran aslina mah pan Pepen Gurnadi, saprak dibawa ku kolotna ka Spanyol ganti ngaran jadi Pep Guardiola. Salain Si Pep ngalatih Persib, manehna oge mawa Lionel Mesi jeung Xavi Hernandes. Naon sababna Si Messi jeung Si Xavi di bawa ka Persib, gening duanana teh karuhuna asli urang sunda nya kitu dibawa ku kolotna ka nagara nu ayeuna. Si Messi keur di Cidaun mah ngaranna teh Lili, ari Si Xavi keur di Gununghaluna mah ngaranna teh Sapirudin Herman. Tisaprak harita Persib menangan terus jeung jadi jawara Liga Super

ANJEUN

Kénging Yogi Supryadi VedanaKartasasmitha
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 13:19:32

dimana anjeun?....
anu datang tina impian,anu datang jadi pangharepan....
Dimana anjeun?....
kalintang sono,kalintang lawas
Dimana anjeun?
mapai leuweung geledegan, naek gunung maruntangan
kekeuh dimana Anjeun?
Cupumanik astagina, geus reueus nyawang anjeun.

MOANYET

Kénging Yogi Supryadi VedanaKartasasmitha
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 12:58:36

asa araneh ku kayaan ayeuna lamun monyet di dangdanan kawas manusa jaradi hiburan, tapi lamun manusa di sebut monyet jadi pacekcokan.

SAGAGANG HEBRAS KAYAS

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 12:58:10

"Saestuna cinta Akang ka Neng lir ibarat kembang ieu...Henteu seungit nyambuang tapi nyata kaendahannana...." Masih keneh kapireng harita cariosan kang Diki bari ngaranggeum rema kuring. Sagagang kembang hebras kayas dikeupel ku duaan. Geter asih nyaliara minuhan lolongkrang rasa. Kiwari, kembang geus layu dina lahunan kalbu, duriat kapaksa pegat ku salambar surat ti pengadilan agama. Kembang hebras kayas teu katembong nyacas, estuning kulawu jadi batur simpena panineungan.

NGALECEHKEUN GURU

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 11:57:02

"Naha babacaan Mama Ajengan teh teu fasih?", kitu gerentes hate Ustadz Yoyo waktu manehna ngama'mum shalat Isya. Gerentes hate eta nungtun dirina kana ujub yen manehna leuwih faseh maca Qur'an. Ajengan Makmun memang tos sepuh. Letahna tos balelol upami nyarios. Euweuh nu wani jadi imam upami aya anjeunna. Ceuk paribasa, kajeun dibedil hulu mun kudu ngalawan anjeunna. Estu luhung pisan pamor anjeunna. "Hidep sarerea kudu bisa ngajaga hate", kitu saur Mama ka para santri saberesna shalat. Kabeh tarungkul. Euweuh nu wani tanggah. Ustadz Yoyo ngelemes. Naha Mama nyarios kitu?

Geleber hiji mahluk pikagilaeun ngahalangan jalan, terus nyerang nu laleumpang. Ustadz Yoyo mapatkeun sakabeh do'a tapi teu metu, mahluk eta teu bisa dielehkeun. Rupana eta kajadian aya nu ngalaporkeun ka Mama Ajengan, teu lami Mama sumping ka dinya. Ustadz Yoyo ngarumpuyuk dina sampean guruna saberesna nyaksian elehna mahluk ku do'a nu diucapkeun ku Mama Ajengan bari jeung teu faseh.

INCU BOHONG

Kénging Ida Rukmana Ida
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 09:47:20

Asa teu kaharti kunu jadi aki sok nyaritakeun kabatur pajarkeun incu gede bohong,padahal rarasaan mah da tara bohong."Na da ujang mah tara ngabohong ki?"Wah inget-inget bae heula sujang ceuk tukang ngarit nu puguh mah aki boga dua carangka rek diinyeum disebutkeun aki abdi mah teu boga carangka?"Apanan saur aki sataun katukang ngawanti wanti mun aya nu nginyeun carangka kajeun saha bae tong dipasihkeun."Euh enya aki poho hampura sujang, pokna bari mawa pacul ka sawah.

NGAJUAL DIRI

Kénging Arief Soeryasentana
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 09:41:24

GUSTI YA RABB.........
Nagri pangancikan nu majar "gemah ripah loh jinawi" teh geuning barukrakkan banda pakaya nagarana koredas "DIJUAL" ka Bangsa Deungeun sedeng rahayat ngoceak keur "EUSI PEUJIT" ge teu ieuh dipirosea.
Teu bina ieu mh lir ' BEURIT PAEH DINA LEUIT"

SAPINUHNA

Kénging Usin Muhsin
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 09:06:53

Salila ngantay ceuli reunceum kunu ngomong"Sapinuhna !". "Sabaraha leter ?",jawabna sarua sapinuhna.

JAMAN KAJAYAAN BEDUG

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 08:35:23

Abong kampung hara-haraeun, sagala tangara teh ditandaan ku sora kokol atawa bedug. Mun waktu salat, bedug nu ngalalakon, tapi ari maoteun, ngundang rapat warga, atawa ngabejaan aya pajabat camat ka desa, kokol nu boga pokal. Tah, lamun bulan puasa, biasana barudak rumaja desa teh sok mondok moe di masigit, da tugas nakol bedug nu biasana ku marebot, dina sabulan eta mah dilimpahkeun ka barudak ngora. Pangpangna mun waktu buka geus deukeut, masigit teh jadi rame ku barudak nu rek ngadon buka. Atuda di masigit teh jadi rea dahareun, macem-macem deui, pamere warga desa. Tah, mun kabeneran waktu buka geus datang, memeh nakol bedug, barudak teh sok buka heula. Atuh warga desa mah ngalangeu bae ngadagoan waktu buka, ari nu tugas nakol bedug kalah barang dahar, mopohokeun ka tugas utamana...... Waas ka jaman kajayaan bedug....

JAGAT AING

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 08:04:22

Dooor... ! Sora pestol nu dibekaskeun ku aparat, maksud nyieuhkeun Si Demo, cenah mah pelorna tina karet, patarema jeung sora 'senjata gas air mata,' tur sora tembakan cai.

Beleweeer ! Beleweeer ! Batu nu dibaledogkeun ku ratusan jalma nu ngarasa teu puas, pasuliwer luhureun sirah.

Kota-kota siaga, samakta. Angkasa pinuh hawa curiga. Rahayat nu pamatuhanana aya diwilayah konflik, dadana bareulah kadagor rasa kuciwa jeung putus asa. Jagat aing rungsing pusing.

Cetrek, mareupan TV. Cape ngabandungan berita, nu unggal poe riweuh deui riweuh deui. Mending nyetel lagu Papatong dina hp make head set.
'prak reureuh tina kariweuh,
papasrah ka nu kawasa.'
Silalatu nu tinggarantung dina lalangit, unggut-unggutan.

MALIM BUHAYA

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 07:48:18

(nyumponan paménta Godi)

“Umurna sawelas taun, didodoho lebah birit leuwi, sabot keur menerkeun useup,” omong tua kampung, ngeunaan korban kalima, dina taun ieu.
“Urusan aing tamah. Sadiakeun pasaratanana, ngan aing tong digamahan,” ngawalon Olot Gelung.
Bulan rék tanggal ngawelas, beungeut leuwi ngaborélak. Lung tékték sapuratina, minangka pameulina. “Tarimakeun, Nyi Pangantén, kaasih ti kami. Geura hanjat, geura mancat, pan arék dikawinkeun, enggeus cunduk kana jangji. Geulang beusi, tambang dadung, minangka emas kawinna. Hanjat, hanjat, hanjat ....”
Bangun talangké nemonan, tapi ahirna mah teu burung hol, nyoloyong sagedé catang, panjangna dalapan deupa. Ranggéténg huntuna, calawak tanding jandéla.
Hanjat kana babantar, bangun lindeuk pasrah diri, tina gedé karumasa.
“Mihapé kukutan aing, tong dijieun kaulinan,” ngajelengéng sora tan katingal—ah, sidik sora si bapa, nu baheula ngawariskeun élmu malim.
Isukna, rahayat sapangeusi désa, ngabring-ngabring nu nanggung buhaya, setorkeuneun ka derentén. Ngan ti harita, Olot Gelung terus ngungun, ngarasa dosa, teu bisa mageuhan amanat nu jadi bapa.

POPOTONGAN

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 07:47:18

“Hampura Neulis, Kang...”, manéh ngalieus. Nyumputkeun teuteup beueus. Basa nu nyaraksian réang nyebut sah. Sabéngbatan. Manéh nirukkeun teuteup. “Pileuleuyan!” Ngalieus deui. Teu kuat. Gura-giru balik. Nungtun si kukut. Narabas girimis jeung mongkléngna peuting. Sapanjang leumpang. Teu kendat notor alkohol. Paselang jeung milang keclak cimata. Reumis kapeurih nu rembes tina sagurat raheut.

Geus jauh. Clak. Numpakan si kukut. “Akang...!” Kandeg. Teu tulus nyelah. “Akang rék téga?” Gabrug. Aya nu ngarangkul ti tukang. Tuluy unggah kana pangboncéngan. Sirahna nyangheuy dina tonggong. “Neulis?” ceuk haté. Gerung. Si kukut hurung. Laju ngabiur meulah peteng. Muru losmén nu sasari.

Hudang saré. Manéh jadi loba. Ngariung. Maraké baju pulisi. “Sudah. Tandatangani BAP ini! Ngaku saja! Memang kamu kan yang naruh bom di pelaminan semalam?”

(versi revisi ... alatan nu dikintun tadi wengi formatna teu luyu sareng ugeran lapak)

KURING NGABEJAAN

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 06:43:57

" Kahirupan ieu teh kacida endahna, sabab hirup ieu teh hiji kaendahan anu luar biasa .Sebut " Suhanalaah,Alhamdulilaah ya syukurlilaah"
Jeung sagala niat anu aralus..yu. urang jadikeun hirup ieu endah bari ngucapkeun
: Bimilahirohmairrohim........
Bari tingali ieu candak kuring ti pipir imah: keur sdaya anggota FBS....
"

TEUTEUP JERO

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 05:54:45

Balebat, balebat , balebat.
Isuk -isuk poe ieu mani hurung mubyar
Aya pangbagea sang surya , nu pinuh ku imut kareueut
Usap kadeudeuh, lemesna kanyaah.
Kuring ngapung ngawang - ngawang kabawa mega bodas rek mapag kanyaah salira

HIKS

Kénging Ki Jante Arkidam
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 04:13:25

: "Sapunyéré pegat simpay, Lur! Jaga mah biheung, Urang bisa kumpul ngariung deui!" Krek! Trek! Jedud! Tring! Katempo Dunungan cengkat tina korsi. "Mangga, galeuh résép ieu di apoték nu di payun rumah sakit!" ceuk nu make Baju Bodas. Dunungan unggeuk ninggalkeun Uing nu cunggelik dina pisin. Hiks!

SAMIAJI

Kénging Ki Jante Arkidam
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 03:31:11

Kareta Perang Resi Drona nyakeutan ka Kareta Perang Manéhna: "Anaking, hideup mah ku Para Kurawa gé dipercaya, Jujur jeung tara linjok bohong! Naha leres yen Aswatama gugur sapertos kasauran Bima?!" Manéhna, bingung ngaraga meneng. Rét ka Ingkang Raka Batara Kresna nu bijaksana, anu janten Kusir Kareta Perang Arjuna. Anjeuna imut tur unggeuk ka Manéhna. "Leres Rama Guru!" Manéhna ngalieus micen beungeut, bari ngagerendeng halon ka dirina sorangan, "Nanging Aswatama gajah, Rama Guru!". Sang Resi Drona calik, Sila di tegal kuru setra, teu nolih ka balad tentarana nu keur campuh begalan pati. Pasrah dina kolewang pedang Satria Wirata Destajumena nu ka ancikan arwah sang Ekalaya!

DIUS

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 30 Maret 2012 01:01:28

Lamun parantos sehat tur salse mah, akang hoyong dius weh ka nyai. Kapan malem Jumaah, hoyong kumetap sakuliling bungking. Kajeun teuing BBM arek naek oge.