Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Maret 2012 (90 Naskah)


SARÉ

Kénging Jun Nizami
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 23:27:54

Dina hiji waktu

Kuring saré

Tuluy ngimpi

Dina pangimpian éta

Kuring saré

Tuluy ngimpi

Dina pangimpian éta

Kuring saré deui

Ngimpi deui

Dina pangimpian éta

Kuring saré deui

Beuki jero
Beuki beurat

Beuki beurat
Wallahi, pasaran taya nu ngangkat!

HITUT

Kénging Muldiyana Yusef
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 23:16:42

Kapribadian saban jalma bisa ditilik tina jenis-jenis hitutna.
Sumangga urang talungtik:
JALMA KORET,
hitutna saeutik-saeutik.
JALMA SOMBONG,
mun hitut ngahaja disadakeun tarik pisan.
JALMA TEU GAUL,
mun hitut susulumputan.
JALMA APES,
batur nu hitut, manéhna nu disalahkeun.
JALMA BODO,
geus nyaho yén hitut téh bau, ngadon diambeuan.
JALMA TEU JUJUR,
manéhna nu hitut, nuding ka batur.
JALMA GEJUL,
hitutna teu disada, bauna meledek ka salembur.
JALMA PIKUN,
teu ngarasa manéhna hitut.
JALMA TEU BOGA CEDO,
mun hitut kaluar jeung bukurna.
JALMA BEUKI LADA,
hitutna, bau sambel Cibiuk
JALMA EUWEUH GAWÉ,
daék wéh maca fikmin nu nungabahas urusan hitut, taliti deuih macana téh, tuh
ilikan maké jeung ngajempolan sagala.

SERAT KEUR TONI

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 23:10:08

(Kagegelan kangge Kang Deni Riaddy)

Toni, waktos Engkang nyerat ieu serat, bulan nuju ngadaweung luhureun Monas. Langit rada ceudeum, tapi nu pagaliwota tos lami simpe. Ukur bajaj sakali-kalieun ngalangkung payuneun stasion, popoyongkodan bangun nu tiriseun.
Caket lapangan tenis, tempat urang biasa tepang, barudak keur narajongan bal. Sakapeung, balna ngahaja ditujukeun kana pucuk tangkal sawo. Bari pating gorowok, ngagareuwahkeun tikukur nu keur tibra reureuh. Atuh, manuk teh pating alabreng. Sawareh siga nu nujul bulan.
Upami Toni aya di dieu, tangtos salira bakal nyarios kieu: “Na ka mana indung bapana?”. Benten pisan sareng Dudi, nu karah iirihilan, anteng mukaan majalah QX. Kituna teh bari lalangiran luhureun kasur, kaos singletna teu acan diangge.
Muhun. Engkang janten emut ka Toni di Bogor, ka pun anak di Sukabumi, oge ka Lilis di Bandung nu tos lami teu dilongok. Engkang janten emut kana hubungan urang: Naha, teu langkung sae urang punggaskeun dugi ka dieu bae?

Maman Hermana

SAKOTEAP

Kénging Ridwan Iskandar
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 22:31:43

Hirup teh ngan sakoteap, cikeneh kuring digagandong ku ema jeung abah, kiwari kuring geus ngagandong incuna ema jeung abah. Cikeneh adi kuring maturan kuring malah mah diasuh ku kuring, kiwari ki adi geus merenah dina sedong pamondokan rup ku padung rap ku lemah nyangkorah bangun nu betah. Hirup teh ngan sakoteap, cikeneh aki ngawurukan kuring nurunkeun panemuna, kiwari aki ngumbara bari moal mulang deui ka di kieuna.. Emh geuning.. Hirup teh ngan sakoteap.

PAHLAWAN NAGARA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 22:27:00

"Mun kula nangtung di ieu pancaka pakalangan, lain rek melaan angkara murka, tapi melaan nagara alatan digempur ku andika...!" tembal Kumbakarna dina sora nu pinuh kateuneung. Batara Rama ngarenghap semu eungap. Laksmana reueus ka nu jadi lawanna, reueus ku tekadna mela nagara. Buta turunan raja bitotama jeung satria turunan nalendra. Buta nu hatena mulya cepeng sabuk milang tatu jeung satria mulya. Buta kakasih para dewa silih ala nyawa jeung satria kakasih para batara. Bitotama antara dua wujud kahadean ngagonjang-ganjing swargamaniloka jeung mayapada. Dua terah raja silih piting, silih dengkek bari silih bongohan pikeung ngala nyawa. Antukna Kumbakarna teu walakaya nadah jamparing Laksmana. Kumbakarna palastra dina sesebutan senapati ing ngalaga. Dewa-dewi ngeclakeun cimata basa sukma Kumbakarna ninggalkeun ragana. Batara-batari nebar-nebar malati pikeun mapak sukma sajati. Laksmana tapak deku payuneun babatang Kumbakarna bari ngeclakeun cimata.

NGARAN

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 22:25:11

Baheula. Ngaran jelema nyokot tina ngaran sasatoan, contona; Singa Perbangsa, Gajah Mada, Hayam Wuruk, Munding Laya, Ciung Wanara, jeung sajabana. Malah mah zaman ayeuna oge aya keneh hiji ngaran sato nu dipake ku jelema, Bagong Kusudiarjo.
Ayeuna. Zaman cenah geus modern. Ngaran oge kudu modern. Duka naon atuh ari mahluk nu ngaran 'modern' teh. Teu apal. Ngan, uing kaget barang nempo daftar ngaran barudak waktu ngabsen, diantarana; Nia Xenia, Eza Avanza, Tina Estilo, Asep Satria Ninja, Liza Ferroza, Mio Supra Legenda, jeung sajabana. Pindah ka kelas nu hiji deui. Breh ngaran-ngaran impor; Eizabeth Icih, Barbara Onah, Koko Robert, Ujang Washington, Cecep Gorbachep, Dudung Brosnan Papilaya.
Meni sono kana ngaran; Imot, Emeh, Emed, Otang, Omod, Oneng, Iteung, jeung ngaran-ngaran endah sejenna.

NYIEUN KAHADEAN

Kénging Dadan Nurtsabit Ragasyah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 22:19:10

Nagog harepeun panto imah bari nempoan mobil mewah pasolengkrah minuhan buruan,tepikeun anu merekna “alphard” mah nonggeng kana juru balong,konci mobil jeung susuratana nambru na juru panto,duit jeung perhiasan emas gigireun hawu geus teu kawadahan deui,bati bieu isuk-isuk saenggesna loba jelema ngagulung hareupen panto imah majar teh "sodakoh",sagala di bikeun nyieun kahadean cenah…
mimitina mah atoh,tapi beuki dieu beuki teu kaharti jelema jul-jol ngadon rek sodakoh nyieun kahadean..boa-boa pipikiran uing ieu geus teu cageur .bari gagaro kana sirah angger bae teu kaharti sama sakali...
”Sok maneh rek sodakoh naon deui ka aing !!!” bari melong ka jelema anu ujug-ujug geus aya di harepeun.
manehna seuri bari ngajak sasalaman.tuluy ngaharewos kana ceuli Beulah katuhu
”dulur hampura kuring teu bisa nyieun kahadean siga batur,da euweuh nu bisa di bikeun.kuring ukur menta hampura bisi loba salah,da geuning ieu alam dunya geus nyangkeredong rek runtuh,cai laut geus datang saluhureun gunung,panon poe apanan titadi oge geus bijil ti beulah kulon,geus reup-reupan rek pareum,geus eweuh waktu deui nyieun kahadean…"
kuring ukur ngahuleng bari nempo alam dunya nu geus mimiti poek bari ngadengekeun jumeritna jelema beh wetan jeung gumuruhna sora cai di barengan ting jelegurna gunung baritu.

TEU BUTUH NANAON

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 22:03:29

Ahmad, anak juragan Haji Anwar, kawentar di kampung Sukamanah mah, jalma nu teu ilahar nyaéta teu butuh ku nanaon. Hiji waktu, Haji Anwar maot. Ahmad nu anak ukur-ukur hiji-hijina meunang warisan nu loba pisan: emas, duit ratusan juta jeung taneuh ngaplak lega. Manéhna kalah bingung. Kedepruk ngado'a: "Gustiiii .... abdi badé nitipkeun ka Anjeun ieu sadayana harta warisan ti pun biang, upami abdi peryogi badé disuhunkeun ka Anjeun." Geus kitu, manéhna ngabagikeun harta warisana ka pakir miskin, ka yatim piatu, panti asuhan jeung jalma-jalma nu teu mampu nepi ka béak teu nyésa. Anéh, ti harita Ahmad asa teu butuh ku nanaon da unggal aya pangabutuh Pangéran langsung mukakeun jalana harita kénéh.[]

ANGIN LAMPING

Kénging Arom Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 21:50:26

Wirasat naon? Tengah peuting, ngadon jongjon nyiruruk 'na juru panon. Kerenyed! Nyed! Asa aya nu ngenyed léngkah. Reg. Randeg. Lieuk deui. Taya sasaha! "Naha urang geus cunduk?" ceuk Anjeun teu kebat, bangun naragtag. Basa angin nyanglandeuh, cenah rék nyaangan jalan satapak. "Balungbang! Balungbang!" Aya nu bareng jeung rabeng kalakay, sawaréh unggeuk dina korosak sora nu katincak dampal sorangan.

UDUD

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 21:44:44

Tong disebutkeun kuring urang Karawang mun teu bisa meruhkeun hate awewe pantar kitu-kitu wae. Atuda nyeri hate kabina-bina kuring mah. Panas mani ngentab-ngentab. Malah tungtungna mah asa ditangtang.

Rek teu nyeri hate kumaha, sasat kuring teh dihina basa nu leuwih ti misti. Asa dileyek sirah. Cindekna mah diwiwirang bebeakan. Majar kuring teh lalaki teu uyahan. Lalaki teu gableg kaera. Lalaki miyuni kunyuk rawun. Lalaki teu ngukur kakujur. Huis geus minuhan babatok, awak geus bau taneuh. Hayoh kumawani ngahelaran wanoja nu pantesna mah jadi anakna.

“Dipelet siah ku dewek,” amarah kuring teu kawadahan. Teu, teu kudu menta tulung ka dukun. Kuring ge geus boga, wawaris ti si Abah (alm). Piraku teu matih, sasat meunang muasaan niis jeung patigeni, malah geus ditawajuhan sagala. Nyumponan sarat mawa hayam bodas, beas bodas, lawon bodas, tur sasajen. Yeuh, kuring boga pelet udud deuleu. Diserebungan ku haseupna, tanwande maneh bakal kelepek-kelepek….

Hiji wanci, bet asa rek mobok manggih gorowong, rek meuntas meunang cukangan. Dina hiji peuting, malem Minggu harita teh, kuring seja lalajo panggung dangdutan. Eeh … kasampak manehna keur nangtung hareupeun pisan, nonggongan kuring. Teu talangke jangjawokan pelet peperenian teh dipapatkeun kalayan daria. Puh … puh … ditiupkeun kana tungtung udud. Sut disundut. Gasik eta udud teh diseuseup jero pisan. Satuluyna, kalayan kebek kayakinan ku kamatihan eta pelet Karawang, nya teu antaparah deui, serebung-serebung weh haseupna ditiupkeun lalaunan ti tukangeun manehna.

Teu kungsi lila, si manehna rada gohgoy alatan muleukna haseup udud. “Aah, keuna siah,” ceuk gerentes hate. Manehna tuluy malik nyanghareup ka kuring. Teu ku hanteu manehna melong beungeut kuring anteb pisan. Kuring kaget pacampur atoh. “Yes, hasil euy! Sukses, he he he …!”

Gampleng! Si manehna nampiling pipi kuring satakerna, bari tuluy gasik ngabingbrit ngajauhan kuring.

Kuring ukur ngembang kadu, mata simeuteun ….*** Cag!

TEU BUTUH KABUTUHAN

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 21:42:06

Ahmad, anak juragan Haji Anwar, kawentar di kampung Sukamanah mah, jalma nu teu ilahar nyaéta teu butuh ku dunya. Hiji waktu, Haji Anwar maot. Ahmad nu anak ukur-ukur hiji-hijina meunang warisan nu loba pisan: emas, duit ratusan juta jeung taneuh ngaplak lega. Manéhna kalah bingung. Kedepruk ngado'a: "Gustiiii .... abdi badé nitipkeun ka Anjeun ieu sadayana harta warisan ti pun biang, upami abdi peryogi badé disuhunkeun ka Anjeun." Geus kitu, manéhna ngabagikeun harta warisana ka pakir miskin, ka yatim piatu, panti asuhan jeung jalma-jalma nu teu mampu nepi ka béak teu nyésa. Anéh, ti harita Ahmad asa teu butuh kabutuhan da unggal aya pangabutuh Pangéran langsung mukakeun jalana harita kénéh.[]

JENGKOL

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 21:36:27

Bewara! Bewara! Bewara ka balarea! Ieu bewara utamina ditujukeun ka sing saha wae nu nepi ka wangkid kiwari masih keneh resep ngadahar jengkol. Dahar asa teu mirasa mun seug deungeunna teu aya “unsur perjengkolan”. Boh nu mangrupa jengkol nu geus diasakan, sok komo deui nu ukur dijadikeun lalab nu dicoelkeun kana sambel.

Para wargi tangtu tos uninga, yen jengkol teh ngandung zat nu namina asam jengkolat, nu ngabalukarkeun urang keuna panyakit jengkoleun. Aya deui balukar sejenna nu leuwih “tragis”, nya eta: pameunteu urang bakal jadi goreng patut kacida teu beda ti orowodol, beuteung baris budayut, suku bakal jebrag leuwih ti misti, jeung rea-rea deui nu moal diguar sadayana, margi matak miris macana.

Kumaha atuh cara ngeureunan karesep kana jengkol? Gampil pisan. Unggal aya karep hayang ngadahar jengkol, omat jengkol nu rek didahar teh ulah leuwih ti hiji. Samemeh didahar, eta jengkol kudu dipotong heula jadi opat bagean. Potongan nu kahiji alungkeun ka beulah kulon, nu kadua ka beulah wetan, nu katilu ka beulah kaler, tah sesana belewerkeun ka beulah kidul.

Satuluyna, lenyepkeun ieu 3 kacindekan kalayan husu tur daria:
1.Tancebkeun jangji na jero ati, rek ngeureunan dahar jengkol.
2.Ciri jalma nu mibanda iman, nya eta kudu tigin kana jangji.
3.Mangkahade, yen ieu fikmin teh teu kinten-kinten GARING-na. Kukituna, bade dijempolan kacida nganuhunkeunana, atuh alim ngajempolan ge kacida pirakuna, he he he ….***

NUHUN… ANYING

Kénging Day Subangkit
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 21:20:04

“jln kanayakan lama 13c. Wulandari” kitu tulisan nu aya dina kertas nu jadi bekel kuring pikeun neangan imah babaturan di Bandung teh. Harita, basa kuring turun tina mobil trepel, jam tilu janari bulan puasa. Maklum urang kampung bau lisung, titambah euweuh tanyaeun, rada lila kuring neangan eta alamat . “Duh Gusti… dimana atuh imah babaturan teh?” gerentes hate kuring dibarengan ku beuteug anu kukuruwukan hayang saur.
“gog…gog… gog… “ teu kanyahoan tukangeun aya anying ngudag. Kuring ngabecir teu puguh nu dituju. “Bade ka mana cep?” sora awewe anu keur ngumbah piring hareupeun imahna nanya kuring. “Nuju milari bumi ibu Wulandari Bu”. “Tah nu kadua ti dieu” cenah. “Hatur nuhun bu”. Lalaunan kuring nyarita “Nuhun …anying”.

PASAPON KARATON

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 21:17:16

“Gawé teh arék kieu baé?” neuteup para gegedén. Pating alabring. Nepungan raja. Balakécrakan. “Aing nu nyapuan urutna,” gerenengna. “Isuk jaganing géto mah silaing nu kudu jadi raja!” sapu noél. “Timana jalana?” ngahuleng. “Tuh!” nunjuk. Handapeun ranjang raja, beurit ngahunyud. “O, ngarti aing!” bedog ngagurilap. Beurit disasaak. Gabres. Gabres. Tungtung bedog. Niruk. Dada. Beuteung. Beuheung. “Raja palastra!” pasapon gogorowokan. Pangawal jul-jol. “Hébat andika! Mimiti isukan silaing diangkat jadi sénapati!” Ki Mantri nepak tatakna. Matana neuteup puluhan bangké beurit luhur awak raja. Guyang getih. Bedog ngagolér tunjangeun.

HATE

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 21:16:46

Hate cager hirup bingah
Hate gering hirup perih
Hate maot teu aya kahirupan

SAJATI NING...

Kénging Remi Sadkar
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 21:07:37

Teu bisa! Uing keur teu bisa. Komo kudu ngarugal-rigel ungkara basa. Tara tuman ngawawaas, komo asmara! Beungeut uing, haté uing. Sora uing, haté uing. Haté uing tamperan maripat. Nu lawas nitah jauh tina basilat. Kapireng sora nu ngawih. " Mungkas mangsa pikeun muja jeung dipuja." Surup! surup naker. kajeun teuing kamana, maksud Mang Koko. Uingah rék ngahartianana kadieu baé. Ngarenyu. Renyuna, Kacindekan padungdengan. Antara, uing, uing, jeung uing.

BALADA TUKANG DAGANG

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:54:44

Tukang dagang “Nu teu bisa ditawar” nyaeta tukang roti….promosina Roti Tawar, tapi teu bisa ditawar.

Tukang dagang ” Nu paling Nekad ” nyaeta tukang Gas.... geus nyaho jalanan mudun, masih wae gogorowokan Gas...Gas....lain ...Rem...Rem.

Tukang dagang ” Nu kurang Gawe” nyaeta tukang Sangu Goreng,.....sangu geus asak, masih we di goreng.

Tukang dagang ”Yang tidak kenal Kata Menyesal”, nyaeta tukang Bubur, Nasi geus jadi Bubur, masih dijual keneh.

Tukang dagang ”Nu paling Aneh”, nyaeta tukang Lauk,..lauk paeh masih disebut ikan segar.

Tukang dagang ”Nu paling Bodo”, nyaeta tukang afdruk foto, ditanya ”tilu kali opat sabaraha” ?, jawabna ”sarebu”.....beu aya ku bodo pisan.

CAHAYA LAYUNG

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:52:12

Salira ngagebra na lahunan. Basa jambatan rengat kasodok cai walungan. Cenah caah dengdeng. Bongan sarah milu ngagulutuk dina gulidagna. Renghap salira, nembus jajantung dina sela-sela renghap kuring nu terus ratug. "Iraha atuh urang ngamuara di lautan kasuka?", saur salira basa gelebug angin ngumpul na dada marengan dampal leungeun ngusap lalambe baseuh tutas cawokah rasa nu ngagulidag ngamuara.

ALAM

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:49:46

Alam tos ngajarkeun dina kahirupan

NEANGAN HIKMAH

Kénging Jaladara Nitis
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:41:18

Tadi mah, basa beres tas jumaahan. Di lebakeun lembur, kadenge aya nu raribut. Loba jelema nu maruru ka lebak "Duh, jadi panasaran" Cekeng, bari laju nutur keun batur. Enya we, kasampak teh, jelema geus ngareregreg, pang-pangna barudak leutik. Bari euyah- euyahan, nyurakan pamolah kang Adul nu keur ngudag-ngudag soang. Soang nu biasana ngudag bari ngalodok teh. Harita mah diudag-udag ku kang Adul. Jiga nu kasurupan euweuh kacape. Soang hong-hang disarada bari lalumpat, rewas jeung sieuneun meureun. Kerewek.! Soang jalu, gede, minangka nu galakna teh, benang. Ger..! Nu surak beuki seah. Soang teterejelan, rek leupas deui. Kep..! Tuluy dihompet ku kelekna. "Saduuul...! Nanaonan ari maneh?" Mama ajengan ngagorowok, bari muru ka kang Adul. "Yeh, gening Mama..!" Tembal Kang Adul, teu kireum-kireum, alangah elengeh jiga nu teu boga dosa. "Ari maneh henteu weureu mah?, Hayoh leupas keun deui!" Saur Mama ajengan. Molotot. "Abdi mah ieu teh panasaran, hoyang apal hikmah nu aya dina sungut ieu soang." Kuring jeung nu liana, ka lebet Mama ajengan molohok teu ngarti kana maksudna Kang Adul. "Naon maksudna, ari maneh? "Pan tadi saur Mama nuju hutbah jumaahan". "Khudzil hikmah walau mim famil bahaim.., Cokot hikmah sanajan tina sungut sato." "Tah Abdi teh panasaran, hoyong ngabuktos keun jiga kumaha ieu hikmah nu aya dina sungut soang, sabab sok ngalodok wae geuning". Nyarita kitu nateh bari nyalangap-nyalangapkeun pamatuk soang" Mama ajengan, gogodeg. "Heueuh,ari kitu mah, kop we cokot, lamun geus ka panggih tuluy huapkeun!" "Belet..!".
Saur Mama ajengan. Aral meureun bari ngaleos. "Mun euweuh dinu soang, teangan dina sungut sato laina, Dul..!" Mang Ade, ngaheureuyan. Nu sejena sareuri, bari laju barubar.

WENGI

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:41:00

Panto dibuka jeng sampurasun
Wengi ditaros jeng rasa
Nagoan waktos kuring te kiat
Hate dag did dug

DI ROHANGAN SIDANG

Kénging Akoer Lah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:39:59

Di ruang sidang, hakim Marzuki ngahuleng ngaraga meneng, ngabandungan tungtutan jaksa ka nini-nini nu dituduh maling sampeu. Si Nini ngabéla diri, yén manéhna maling téh bakat ku kapaksa. Anak lalakina gering, incuna lapareun. Ngan ménéjer PT “A” keukeuh nungtut si Nini. Pikeun conto keur warga lianna cenah. Hakim Marzuki narik napas. “Kuring teu bisa nyieun putusan nu méngpar tina hukum. Jadi Nini teh tetep kudu dihukum. Keuna dengda sajuta pérak. Mun teu mampuh, nya dibui salila 2,5 taun luyu jeung KUHP”.

Si Nini langsung ngaheruk, teu bisa magar kumaha. Hakim Marzuki ngudaran topi togana, terus muka dompétna. Nyokot duit sajuta, disimpen dina topi toga na. Manéhna terus biantara, “Keur nanjeurkeun kaadilan, kuring ogé mutuskeun ngadengda ka sakur nu hadir di ieu rohangan, 50 rébu saurang. Sabab geus ngantep salah saurang warga nu kalaparan nepikeun maling sampeu. Sadérék panitera, punten kumpulkeun artosna, terus pasihkeun ka si Nini. Palu terus diketok, Bapa hakim teras ninggalkeun rohangan sidang. Artos nu kakumpul aya 3,5 juta. Katingali beungeut ménéjer PT “A” semu beureum, éra parada.

ASEP

Kénging Nining Mulyati
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:12:43

Langit ceudeum,geleger sora gelap silih tembalan.Korejat kuring nyaring ,inget kana popoean. Sabot keur jajait, lar aya nu ngaliwat," Teteh di dieu linggih teh ?" kuring rada muncereng nyidik nyidik eta jalma." Teteh abdi Asep" nu kantos samobil tea. Oooh enya! rek kamana atuh Sep? hiap atuh kadieu!
Asep nuturkeun, gek manehna diuk. Teteh Asep teh sanes teu isin, manawi teteh ridho...Asep nuju aya masalah . Aya naon kitu Sep? kuring balik nanya. Teteh. Asep nuju diudag udag jalmi.... Asep ayeuna ngontrak....manawi teteh ridho bade nambut piring sareng gelas 2 siki mah , sareng manawi teteh gaduh abdi bade nambut artos RP 20000 kanggo jajan barudak. Hate ngahelas..... teu tega, inget ka diri sorangan kacida bungahna mun keur susah heug aya nu nulungan.
Kuring ka dapur, nyokot piring jeung gelas dua dua, kerewuk nyiuk beas 2 leter tina padaringan diwadahan kana keresek. Song keresek diasong keun, Asep katingali bungaheun. Kusiwel kuring ngodok saku nyokot duit 20000 kabeneran keur nyakuan, "Sep, ieu jang jajan budak". Teteh Asep pamit, hatur nuhun.......

SUGARDA

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:08:55

Rahayat leutik maling sabab lapar. jaksa hakim polisi nu maling duit nagara? Dibacok siah ku aing.

DASARATA TUNGGARA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:05:55

Waktos Prabu Dasarata bade masrahkeun kalungguhannana ka nu janten putrana, Rama, prameswari nu kadua nagih jangji, wireh Prabu Dasarata dina mangsa bade nikah Dewi Kekayi bade masrahkeun tahta ka putra selirna. Mmemang leres, jangji teh sametan nu kedah dilunasan. Dina yuswa nu ngahaeub ka sareupna Dasarata kedah nyandang tunggara, jalaran kedah leungiteun putra cikalna Batara Rama alatan sametan ka Dewi Kekayi. Prabu Dasarata teu walakaya ku kasono ka nu janten putra cikalna nu ditudung alatan jangjina, nu antukna sukma ninggalkeun ragana. Naha ieu teh mangrupi kabebasan nu muru kasampurnaan atanapi mangrupi siksaan? Walerna mung kasimpe dina kingkin alatan kasarakahan Dewi Kekayi.

HADIAH

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:05:38

Jaman ayeuna mah asa pamohalan aya nu pancen gawe ngandelkeun pengabdian teh. Sautak-saeutik neangan buruh, tip atawa pamulangan. Lian ti gajih teh ongkoh ngarep-ngarep bonus jeung eta deuih hadiah. Penghargaan keur karyawan nu prestasina nyongcolang. Padahal, eta pamere atawa hadiah teh pan akal-akalan nu merena we. Dibere tips atawa buruh, pan meh manehna isuk pageto bakal miheulakeun nu mere. Penghargaan ka karyawan kan sabenerna mah supaya ngaronjatkeun kauntungan, nyaeta ku jalan prestasi sewang-sewangan tiap karyawan. Upama dina ngahontal predikat karyawan berprestasi silih tojer, silih jongklokeun, cari muka, puguh ge eta mah alus keur kontrol internal.
“Punten pa, teu ngaganggu?” ceuk semah nu geus diuk hareupeun. “Henteu kang, kumaha? Aya naon? Aya konstituen nu protes deui?” tembal teh bari rada kerung.
“Sanes pa,” walonna, “ieu abdi teh seja nyanggakeun kagegelan titipan kadeudeuh ti pa Maman, konstituen bandung 3 tea.” Bari song bungkusan kantong keresek hideung diteundeun dina meja. “Ngobrolna mah minggon payun we saurna pa.”
“Tapi sanes nyogok ieu teh kan kang?” panasaran bari hayang mastikeun. “ Sanes pa. eta mah uang kadeudeuh.”
“Euh nuhun atuh ari kitu mah….”
(haturan kang Maman Gantra)

HIRUP MODERN

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 20:01:47

Geus aya sa jam kuring ketak ketik ketak ketik ti tatadi hareupeun notebook di tengah imah...barang geus lila tikoro ngelak haus...,eh? naha mani sarepi kieu imah teh? kamarana mangkeluk teh? ditingali.... beu.. jikan keur anteng we notol notol ipad, jol ka kamar budak, si cikal keur BBMan jeung babaturan na sigana... haus, kuring ka dapur, ti dapur kaciri ka kamar pembantu, ditingali si dede keur ngadekul we hareupeun TV LCD maen FIFA 2012 di PS2, cik atuh nya... ternyata akhirna gadget teknologi teh kalah jadi leuwih penting tibatan kahirupan kaluarga...... *bari ras inget ka si mamah di Jakarta, palingan si Mamah ge keur nagog dipayuneun facebook macaan Fiksimini... estuning...

KADONGDORA

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 19:56:28

“Kaula ngaku kasoran, ku hayam boga andika. Kangaraning raja agung, kula moal cidra jangji. Nya hengkop ieu nagara, reujeung saeusina, jadi hancengan andika.”
Dijungjung lungguh Ciung Wanara. Tapi teu lana murba wisésa. Horéng nagara hasil tumpangan, enggeus lila burakrakan, hutangna salaput hulu, geus korédas kakayaan, hukum kari dina kitab, korupsi di mana-mendi.
Ari kangjeng raja manten, jeung kabéh kulawadetna, geus ngabiur ka jauhna, ngajugjug nagara deungeun, nu haat méré suaka.

BULAN CEURIK BALILIHAN

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 19:53:45

Sanggeus ditundung bentang,bulan ceurik balilihan. Najan hatena raca ditolak sapajodogan, bulan ngan ukur bisa murudulkeun cimata nu ngajanggelek rewuan cihujan.Manehna ngajerit maratan langit, sorana ngaguludug handaruan. Bulan aral, teu bisa dipahing, mebeutkeun kagetir lalakon cintana kana taneuh beureum. Ladangna midua hate ayeuna jadi kutukan. Bulan jadi caah rongkah meupeus keuyang ka sakabeh pangeusi dunya

JATAH

Kénging Iwank Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 18:52:10

Jam 09.00
Nu daremo karek pisan nepi hareupeun gerbang gedong tempatna wawakil rahayat gawe. Spanduk dibentangkeun, tulisan-tulisan anu mangrupa tungtutan-tungtutan ngajeublag dina eta kaen. "Tewak koruptor!" Ceuk saurang demonstran ngagorowok. "Hukum anu maling duit nagara" ceuk nu sejenna. Silih tembal. Aya oge anu ngagorowok "Mana konsumsi!" Teuing heureuy teuing nyaan lapar alatan can sempet sarapan.

Jam 07.00 samemehna
"Kaharti ku ilaing kabehan?" "Siap boss"
"Geus siap pakarangna?" "Parantos boss"
"Tah ieu bagean maraneh, 50 rebu ewang. Pokona jieun kacow." "Okeh boss" Sapuluh urang, ngagaridig muru ka gedong tempat wawakil rahayat gawe.

Jam 11.00
Nu daremo ngadadak panik. Ti tengah masa aya anu ngalungkeun bom molotov ka lebah pulisi anu jaga. Pulisi reuwas, kacida ambekna, nu demo dibubarkeun paksa. Dor dor sora bedil. Bur ber nu demo lalumpatan, awewe lalaki. Ting jarerit alatan katincak, aya oge anu tikusruk. Pulisi beuki galak, bedil dikokang deui... Salah saurang demonstran aya nu nyu'uh, getih kaluar tina liang ceulina.

Jam 02.00
"Bagaimana?" "Beres Pak.."
"Bagus, ini bagian kamu.." "Makasih Pak"
Amplop karasa kandel, limapuluh rebuan, diitung aya kana 50 lembarna.
Manehna nyerengeh, atoh...

TEMBANG PAMUNGKAS

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 18:42:51

“Wilujeng angkat, Jungjunan…”
Bada urang bareng lunta ngitung pilar kilometer; bada pada-pada bingung ka mana nya kudu miang; bada urang teu wasa mun kudu mulang; bada nyaruakeun léngkah nu teu daék sawirahma, urang anjog ka jalan cagak nu kasawidak. Basa girimis lumengis urang pataréma réma bari surti yén katineung baris langgeng dipibanda, bari ngarti yén mangpirang jalan cagak bakal nangtang ringkang urang sajajalan.
“Wilujeng kantun, Jungjunan…”

NU INDIT

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 18:15:45

Hujan ngaririncik, sapopoe, Gunung Pancar nu biasana bengras katempo ti hareupeun imah harita mah henteu katembong. Dikukurubung baju haneut wool warna biru tua manaehna nempo ka luar jandela. Awakna panas, dada eungap, irung mangpet, lempang rumanggieung... Ngan saukur cirambay mun inget teu aya nu nganteur ka Dokter, Nu biasana kacina melangna bari poknaa; " Ulah teu damang atuh Cu "Pek bari nguspan sirah. Sok karasa asa cageur. Ayeuna mah geus teu aya eta nu nyaah ka manehna . Da geus indit duka kamana.

SUPATA RESI GOTAMA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 17:54:30

Mireng kasauran Dewi Anjani, yen Cupu Manik Astagina pamasihan nu janten ibuna, Resi Gotama lajeng naros nu janten garwana, Dewi Indradi. Namung nu ditaros kalah ngeclakeun cisocana, sababaraha kali Resi Gotama narosna, namung angger Dewi Indradi mung wasa nyusut cisocana, teu lemek teu nyarek. Antukna Resi Gotama bendu bari kedal supata: "Eh, Indradi naha ditanya bet kalah ngabigeu, kalakuan teh teu beda ti arca batu...!". Dadak sakala Dewi Indradi robih jirim janten arca batu. Resi Gotama sajongjonan teu tiasa kukumaha, kaget ku kedal cariosannana bet janten nyata.

PAMULANGAN

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 17:52:08

"Neng kirang kénéh lima puluh rupia deui," ceuk Pa Barman basa mayar di kasir hiji Departemén Store, "ieu mung dua rébu. Kedahna pan angsulana dua rébu lima puluh rupia."
"Pan dibuleudkeun Pa. Teu aya lima puluh rupia na gé," ceuk kasir.
"Tapi énéng teu nyarios 'teu aya,' langsung wéh ngangsulan sakieu, bentén sareng dina struk. Cobi pilarian dina kotak artos koin. Aya geura," ceuk Pa Barman deui bari nunjuk kana laci kasir. Kasir jamutrut. Na pikirna piragé lima puluh pérak meni céréwét. Duit lima puluh pérak dibikeun ku roman nu teu ramah. Pa Barman teu suka. Gantawang ngagorowok ka sakur nu aya didinya: "Saha ménéjer di ieu toko? Aing hayang panggih. Gero kadieu!!" Atuh di kasir jadi ramé aya nu protés. Ménéjer buru-buru nyampeurkeun: "Aya pikersaeun naon Pa?"
"Jang dieu, ieu kasir mulangan teu bener. Kurang lima puluh pérak. Geus kitu roman teu ramah. Uing teu suka, pangnegorkeun," ceuk Barman teges bari katingali wiwahana. "Lain soal duit lima puluh pérakna, naon artina duit sakitu, tapi mulangan kudu bener sakumaha dina struk," ceuk Pa Barman teges, "lamun tina sarébu urang mulangan teu jujur, sabaraha untungna tokoh ieu sapoé? Kali sabulan?! Kali sataun?!" Rep jempling.
"Muhun Pa ku abdi diperhatoskeun. Hapunten bilih pelayanan nguciwakeun."
"Enya, geus. Masalah bérés. Omat tong kajadian deui, pelayanan ka konsumén kudu bener." Gedig Pa Barman indit dituturkeun ku pencrongna jalma-jalma.[]

TAYA KALANGKANG

Kénging Nyai Gedeng
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 17:32:51

Kadia Drèstajumena, taya ringkang. Taya kalangkang. Hamo sieun kajamparing ku Arjuna. Nu husu pèsbukan…

RIRIS

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 17:27:13

Kakara oge mareuman neon tengah terus ucul ucul rek nagebruskeun maneh kana simbut, kadenge aya anu keketok tanda aya tamu. Haruh saha deui atuh kapan waktu geus jam sawelas peuting, geus wayahna istirohah. Kapan isukan isuk isuk arek miang ka Jakarta. Ambeh gampang muru, cukup make kamerjaas terus dicindung. Sor suku diabuskeun kana selop kulit terus lalauan kaluar kamer bari gura giru ngolotrakeun kunci panto. Piraku mang Adma supir onaman kituh, kapan tadi geus beres mere duit keur inyana mulang mere pibalanjaeun kaimahna.

Kitu panto dibuka, ujug ujug aya anu ngagabrug bari gagaur ceurik. "Om tulungan abdi." Hor geuning saha atuh ieu wanoja tea, mana sorana halimpu jaba buukna seungit. Karasa aya cimata haneut anu rembes kana bulu simbar. Kajaba dampal leungeuna weh karasa tiis cubrek. Kamaklum kapan hawa Lembang sakieu tirisna.

"Hoor geuning neng Riris," cekeng teh waktu neon hurung deui, bari nempokeun pakulitan anu koneng enay. Rok koneng ipis jeung hiji jeket bule jin nutupan awakna anu sampulur. Buukna anu hideung galing muntang disisiran lalaunan make curukna anu dirawat alus. "Sumuhun om, hapunten Riris manawi om kaganggu." Walonna. "Na aya naon kituh neng Ris, kapan tadi om tos wawartos ka tuang ibu sareng bapak. Tuang Apa parantos satuju neng Ris ngiring om ka Jakarta kanggo damel di proyek Grand Indonesia, tapi kapan tuang ibu anu masih keukeuh mugen teu widieun."
"Nyaeta atuh om, Riris mah seja bade ngiring ka om kumaha wae cara, sawios wae ibu mah anu penting apa tos ngawidian malihan ngadamel serat nyanggakeun Riris ka om naha bade dibeureumkeun bade dihideungkeun oge." Walona bari ngangsurkeun salembar dokumen anu ditawis make meterai genep rebu rupiah.

"Kumaha om?" Taros neng Riris waktu kuring ngahuleng salila lila sanggeus maca surat. Duh neng Riris mah om kedah kumaha atuh? Tangtos wae tuang ibu ngawagel kapan inyana tilas bebene om. Bari neges neges geuning ceuli Riris siga ceuli uing.

PESEN TI INDUNG

Kénging Olga Kamajaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 16:58:00

kuring teu bisa mere inten, ngan bisa mere elmu
kuring teu bisa mere bedog, ngan bisa mere papagah
kuring teu bisa mere kasur, ngan bisa mere simut ku awak.
kuring ngan bisa mere omat.... OMAT SOLAT....

"hatur-nuhun ku-kanyaah indung"...(bari brey.. cipanon kuring)

KHUSU'

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 16:48:53

Sarengsena ngamum solat di tajug kuring ngareret kanu gigireun bari tumanya pinuh kapanasaran. "Aki, kuring mah kataji ku husu'na aki, nusanes tos bade sujud ngaduakalian, aki masih keneh sujud kahiji, ngaos du'a naon etateh ki,..?" Aki mah lain husu' kumis aki kadempet palupuh, rek cengkat peureus," walon si aki ngembeng cirambay bakating ku peureus. kuring ngehkey bari kalur ti tajug.

TEUAS

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 16:45:05

Si Bibi andiprek hareupeun Mimih nu ngajega bari tutunjuk. Sababaraha kali némbongkeun karumasaan bari ménta dihampura, tapi teu matak ngarobah kaputusan Mimih. Si Bibi ngoléséd muru kamarna di tukang, ngaréndéng jeung kamar kuring. Ngasup-ngasupkeun pakéanana kana kantong kérésék bari teu eureun nyusutan cimata. Kuring nyumput tukangeun panto, nyérangkeun bari neureuyan cimata. Basa si Bibi geus di luar, kuring muntang, memetot si Bibi bari uh eh da puguh teu bisa nyarita. Nyarék si Bibi indit. Durugdug Mimih ngagusur, maksa mawa kuring asup ka kamar, tempat Mimih nyumputkeun kuring ti réréncangan bisnisna. Mimih hookeun nempo eusi kamar pinuh ku gambar. Socana ngulincer, laju ngajéwang surat nu ngagolér dina kasur. Surat ajakan paméran pelukis tunadaksa ti panitia hari anak nasional. Mimih nembé engeuh, nu matak si Bibi wani nyokot duit nu ngagolér dina bupét téh sabab gajihna teu cukup pikeun ngayunkeun kabisa kuring. Mimih ngudag si Bibi nu duka geus nepi ka mana.

NU NGABANGINGIK SATUTAS MAGRIB

Kénging Abah Na Ambu
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 16:35:00

''Hampura,bisi akang poé ieu teu bisa nyugemakeun anjeun...wayahna
lain teu hayang, lain teu niat tapi, dalah kumaha..."
nu nyegruk mingkin narikan. "Geura pok bejakeun bisi geus teu suka,bisi geus teu rido,dibabawa hirup ripuh ku akang,meungpeung akang keur sadar...".leungeun bangun surti ngusapan buuk nu masih dibulen kénéh ku mukena,pinuh ku rasa ka deudeuh.....
" Akang,pupujaning haté abdi....beurat nyuhun beurat nanggung katarima sagala kasaéan akang ka abdi, abdi ihlas,abdi rido,matak kieu ogé tos titis tulis nasib abdi, nu hamo dibalikan deui..,ieuh akang hampura abdi. Abdi teu kiat nandanganana,nyeri waos......akang lami teuing ngimamanana....."
Beu.......

TILU WANARA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 16:34:17

"Antosan Kang Rai..., antosan aceuk.....!" Dewi Anjani cocorowokan ngudag Subali jeung Sugriwa nu ngabelesur lir jamparing dipentangkeun tina gondewana. Anjani kadya tatit ngudag dua raina, socana teu leupas tina sumiratna Cupu Manik Astagina nu ngabelesur dibalangkeun ku ramana, Resi Gotama nu amarah alatan kuciwa ku kasalingkuhan garwana. sampeannana ngadadak ngarendeg alatan kahalangan talaga. Dewi Anjani teu tiasa pajar kumaha, katambih tos cape, bari ngareureuhkeun kacapena, Anjani sipeunteu, lajeng ngeunteung na cai talaga nu kacida ngagenclangna, namung Anjani ngadadak ngoceak ningal kalangkang pameunteuna tos robih tina kageulisannana, kageulisan widadari warisan nu janten ibuna robih janten wanara, barang rek ka tengah talaga, katingal dua raina, Subali sareng Sugriwa nuju bitotama bari sami robih jirim janten wanara. Dewi Anjani balilihan nyeungceurikan diirina sareng rai-raina.

LEBAH SIMPENA CAFE

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 15:56:42

lebah jemplingna peuting, aya sabotol bir nanggalang luhureun meja, handapeun meja aya cucunguk keur pesta bari mabok gagarapakan, na lalangit cakcak keur nangkarak tibra, kuring ngan wasa ngarenghap bari neuteup manehna

NENG FIKMINER

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 15:56:13

Tatangga kuring Deden Bemo katelah bandar ganja di Cibeureum. Deden Bemo boga budak lalaki ngaranna Ganja Suganda. Ganja Suganda kawin ka Kate Bowman urang Zimbabwe kurir ekstasi boga budak awewe ngaranna Stacy Herniawati. Stacy kawin ka Jayanto,kurir narkoba. Boga budak lalaki ngaranna Morphen Jayadi. Morphen Jayadi,kurir ganja kawin ka Cessil sindikat curanmor spesialis roda 4. Boga budak ngarana Mariyuana Espass. Kuring ngalamun di golodog, sakapeung seuri leutik. Nyawang-nyawang mun seug kuring boga salaki ngajodo tina lapak FIKSIMINI BASA SUNDA, hartina kuring jeung manehna sarua fikminer....Heug kawin, dikersakeun boga budak awewe rek dibere ngaran FIKa MINasari ERtanti. Ngan aya hiji gerentes nu acan aya bongbolongna...Na aya kitu fikminer nu daekeun jadi bapana neng FIKa MINasari ERtanti alias neng Fikminer ????

TRAGEDI HIJI AJENGAN

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 15:54:30

aya hiji ajengan, resep ngadamel prasasti tina batu walungan. seueur téh, prasastina téh. aksara sunda heubeul diukir dina teuasna beungeut batu, ku panangan anjeunna nyalira. atuh kuli tinta rabul nyumpingan ka pasantrén mama ajengan. ngiring marolohok. hook.
kamari nyandak béja, saurna, leutak ti sidoarjo téa, mangkukna, tos tiasa dijantenkeun prasasti emas ku mama ajengan mah.

LAIN CARITA NU SABENERNA

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 15:22:43

Para pamaén Bahrain reuwas kacida basa patukeur kaos jeung para pamaén Indonesia. Maranéhna narungkup beungeut. “Geuning musuh urang téh maraké BH…Paingan!” ceuk salahsaurang pamaén Bahrain bari teu kendat istigpar.

SANDIWARA

Kénging Teja Sukmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 15:10:18

Wanci Ashar, manéhna cengkat. Léos ka tukangeun masigit, tuluy nagog handapeun tangkal kérsen. Ngitung duit kencring beubeunangan poé ieu. Karung nu dipapanggul, dibuka beungkeutna, ngaluarkeun kantong kérésék. Bajuna nu tatambalan jeung calana komprang nu kuleuheu, diganti ku baju koko bodas, jeung sarung. Sajadah seungit disolémpangkeun kana taktak. Rap cindung hideung cap Haji Iming.
Karung dikaitkeun kana dahan.

Réngsé wudlu, muru barisan shaft panghareupna, tuluy Sholat nepi ka anggeus. Nu sarolat arindit, tinggal manéhna sorangan. Luak-lieuk, sakeudeungan, laju ngadeukeutan kotak kéncléng. Ngodok saku baju koko nu ngagayot, duit kencring diasupkeun hiji-hiji.

Tuluy cengkat, leumpang ka pipir masigit, nyampeurkeun mobil sédan. Supirna nu keur nundutan, gura-giru mukakeun panto. Geuleuyeung mobil leumpang lalaunan.
"Enjing badé janten naon deui nun ?", supirna nanya lalaunan
"Can kapikiran.."
"Jiga sandiwara waé nya ?" supirna nempas bari seuri
"Lain jiga, da hirup mah salawasna gé sandiwara," walon manéhna bari peureum

Mobil nyemprung ka kulon, nyésakeun dongéng nu teu kaharti.

PARAHU

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 14:47:09

Rék bébér layar téh layarna kalah soék. Atuh kudu tatambal heula.

LA HAOLA...

Kénging Cucu Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 14:44:24

Asa-asa. Rumegag. Risi sieun salah, rek nyoba ngamimitian nulis di Fiksimini Basa Sunda teh. Rumasa kuring teu mibanda pangaweruh dina widang tutulisan nu merenah, sok komo pangaweruh dina widang sastra, hususna satra Sunda, mah. Ngan awahing ku keyeng w hayang nyobaan nulis, katambah kasumangetan ku cariosan Ceu Eti RS nalika Gotra Sawala Seni Budaya Sunda dina raraga mieling Poe Basa Indung Internasional Taun 2012, nu lumangsung ku ayana gawe bareng antara Dewan Kesenian Cianjur, Lembaga Kesenian Cianjur, jeung Dinas Pendidikan Kabupaten Cianjur, sawatara waktu nu kaliwat. Saur mantenna [Ceu Eti RS], urang teu kudu asa-asa atawa sieun salah nyarita atawa nulis make basa Sunda, samalah para juru atik kudu ngarojong pisan ka murid-murid sangkan maranehna daek nyarita ku basa Sunda, kajeun teuing can merenah undak usukna. Tah dumasar eta, kuring ngawanikeun sorangan nyobaan nulis di dieu. La haola...

MAROJENGJA

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 14:41:19

Proman alum ngandung semu, pinuh kabingung."geus tong jadi lamunan jang, moal aya hartina mikiran nugeus kaliwat,angguran pake ngeunteung sangkan ulah kalampah deui.teuteup kahareup pinuh ku pangharepan.najan sadetik wanci kamari hamo bisa kalampah deui." ceuk bapana ngawawadian Dudung anu keur nguyung huleng jentul.heureut pangharepan pikeun Dudung mangsa nugeus kaliwat teuweleh kagambar ngulayaban dina uteukna.

TEU BOGA BÉAS

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 14:35:52

Koran sataun lantis ku dikilo sapoé.

NGADURUK MITOHA

Kénging Iwan Ardhie Priyana
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 14:13:52

“Geringna beuki ripuh mitoha teh, peuting ge keur di ring-riung we ku anak-anakna” ceuk ki sobat muka obrolan. Paromanna katingali alum.
“Kamari geus di badamikeun jeung pamajikan, mun mitoha maot mah urang duruk we” .
Kuring olohok,, bisi salah denge. “ Di duruk mah cenah leuwih murah…” Panon beuki mencrong ka kisobat ngayakinkeun yen manehna teh lain keur ngalindur. Sakumaha gejulna ge minantu ; asa can kadenge ari nu boga niat ngaduruk mitoha mah. Kakara gek rek pok nyarita kaburu dipiheulaan.
“Lamun di kurebkeun mah pimanaeun mahalna, encan harga tanah nu moal ka bedag, katambah-tambah di Cikadut teh geus pinuh pisan., ari di duruk mah tinggal mawa ka Cirebon di larung weh di laut…beres…” cenah. Euh...kakara inget yen mitoha ki sobat teh singhoreng urang Tionghowa.

NYIAR UBAR

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 13:27:37

Sarkoni ngadon ngahuleng, panonna mencrong kana eusi etalaseu. Hareupeunna, nu boga kios geus elekesekeng.
Kekecapan bapana tadi isuk, diimeutan deui.
" Meugeus Oni,..tong hayoh wae nyiar ubar, kahambur hambur duit...kasakit model kieu mah lain ubaraneun deuleu, kari nungguan wanci..."
Sarkoni oge apal, bapana lain nyungkun alatan panyakit, tapi satengah ngancunan dirina, nu can wae bisa nalang ka kulawarga.
"Cios, ..Thiodan teh, Kang ?" nu boga kios geus nawarkeun deui.
Sarkoni ukur nyerengeh. Rumasa geus eleh.

NYIAR UBAR

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 13:25:50

Sarkoni ngadon ngahuleng, panonna mencrong kana eusi etalaseu. Hareupeunna, nu boga kios geus elekesekeng.
Kekecapan bapana tadi isuk, diimeutan deui.
" Meugeus Oni,..tong hayoh wae nyiar ubar, kahambur hambur duit...kasakit model kieu mah lain ubaraneun deuleu, kari nungguan wanci..."
Sarkoni oge apal, bapana lain nyungkun alatan panyakit, tapi satengah ngancunan dirina, nu can wae bisa nalang ka kulawarga.
"Cios, ..Thiodan teh, Kang ? nu boga kios geus nawarkeun deui.
Sarkoni ukur nyerengeh. Rumasa geus eleh.

PANCASILA ITU HARGA MATI

Kénging David Riksa Buana
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 13:13:36

Uing : jumaahan bubar, keuncling lempang, sabot kitu ngaliwat mobil ormas aya tulisanna " Pancasila Itu Harga Mati ", barang ngalieuk kagigiren ... ( aya anu nanya ),
Tukang dagang : kang ..., bade ngagaleuh ieu, ukiran manuk galudra sareng pancasila na lengkep, bilih peryogi kanggo dikantor ...!,
Uing : sabaraha, mang ...!
Tukang dagang : 30.000 we, wios
Uing : tiasa kirang teu kang ..? ( bari karunya, sigana can payu, cacakan dagang hareupeun masigit, meureun teu beukieun pancasila da ma'lum keur usum " khilafah " tea ning .. ),
Tukang dagang : mangga ... walon si emang curinghak, golosor we 20.000,
Uing : ( sabot leumpang ngahuleng, bari mikir, na geuning bisa ah ditawar " pancasila " teh, ongkoh " harga mati " ), sok sanajan kitu neupi ka ayeuna sadirieun mah yakin moal aya anu bisa nyieun pancasila, sabab lamun aya hartina " Pancasila Palsu " boa manuk na ge lain galudra, teuing " Cikblek " teuing " Piit " .

RUNTAH

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 11:54:26

Sakur nu datang ukur miceun runtah. Kokotor. Najis. Runtah patulayah. Teu kaur diberesihan. Hésé hayang walagri téh. Kungsi mulang. Hayang beberesih. Geuning tatangga geus nganggap runtah. “Runtah mah lain di dieu tempatna. Kadituh, ngabauan batur ku ayana gé” kitu pok-pokan batur salembur. Pada nundung. Antukna balik deui ka tempat runtah. Raga pinuh ku runtah. Beuki hésé nyapukeun. “Sawarga téh ku pantar aing mah moal kaambeu-ambeu acan, meureun nya”. Lalangit kéom nyaksian nu ngalempréh tas guley luhuran hunyudan runtah.

BAGJA TEU DAULAT

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 11:18:24

"Keur Ama mah kacida bungahna hidep rek rarabi, memang geus meujeuhna nyanding prameswari Dewi Sukesi, heug ku Ama dipanglamarkeun". waler Begawan Wisrawa nedunan pamundut nu janten putrana, Prabu Danaraja. Teu kaemut ku Begawan Wisrawa naon nu bakal tumiba. Tapi mungguh nu Maha Kawasa uninga kana sagala rupina, waktos Begawan Wisrawa ngawiridkeun elmuning Sastra Jendra Hayuningrat Pangruwating Diyu ka calon mantuna, dadak sakala cahya Dewi Sukesi gumebyar, nyumiratkeun cahya nu teu kinten narikna, birahi Begawan Wisrawa ngadadak ngabebela, nuranina ngadadak mongkleng ku amanat nu janten putrana. Kabagjaan nu sakedahna kapimilik ku Prabu Danaraja, digadabah ku nu janten ramana, Begawan Wisrawa. Dewi Sukesi kaselir janten istrina, nu antukna tumiba mamala ka sakuliah jagat wawayangan, jalaran Dewi Sukesi ngagelarkeun tuurunan nu diyuga Begawan Wisrawa, patutuurun ngalahirkeun narendra angkara Dasamuka, laju gelar nu jadi adina, danawa nu kaancika resi dina jirim Kumbakarna, dituturkeun ku danawa bikangna Sarpakanaka bari dibungsuan ku satria Wibisana.

CIEUNTEUNG 2250

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 11:13:08

Kocap kacarita dina taun 2250 katompernakeun aya salah saurang katurunan langsung Prabu Siliwangi nu jeneng deui janten raja di Kadatuan Anyar Pajajaran. Eta Menak Pajajaran sajati teh teu kasebutkeun saha jenengannana.Margi sakumaha kasauran anjeunna ,ngaran mah teu pati penting cenah .Tah dina mangsa pamarentahan anjeunna mah nembe kapendak solusi nu kalintang efektifna kanggo nuntaskeun masalah banjir Cieunteung teh. Memeh prung damel ngahaja anjeunna ngulem tanaga ahli ti nagara Siem sareng ti nagri Walanda.Margi ceuk pangemut anjeunna mah mung para ahli ti dua nagara eta nu leres-leres gaduh pangalaman dina hal ngokolakeun masalah banjir. Dina taun kadua mangsa pamarentahannana nembe prung midamel proyek saluyu sareng rencana. Nya ahirna teu kantos lami deui eta proyek Cieunteung teh rengse margi dipidamel kalayan daria pisan. Ari hasilna estu matak janten hook nu mirengkeun . Margi dak sakala Cieunteung teh bleg weh janten sapertos Venesia.

SADAR = ÉNDAH

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 10:26:14

“Teu haren najan kaka ngabadeg pakaya, luhur pangkat, patalayah koléha jeung tilok kakurangan dunya” ceuk bikang nu geus nangkarak ti sore kénéh, dina kasur empuk kamar imah méwah. ”Laju?” ceuk si kaka méh teu kadéngé, jojong ngaréngkol ngaburian. “Mun kaka ngantep kula baé, teu kaur ku capé!” ceuk na deui, bari narik salimut nutupan awak sampulurna.
Ti harita, aya warta dina media, hiji partéy kaleungitan kader terbaikna.
Laju ceuk tatangga, Pa Sarkim sadar kwari mah, éndah jasa.

HEURIN

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 09:59:52

Kamaribasakuringbalikkabandungkotakuringnusakituendahnabaheulajamanuingsakolakenehayeunamahasaheurinpisankujelemanupabaliut!!!

@ CIHIDEUNG-LEMBANG

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 09:58:03

Wanci balebat ngahudang panineungan. Narasi pondok lalakon cinta nu kapegat ku takdir. Di villa ieu anjeun maheutkeun jangji satia, sabagja sacilaka, nyorang kahirupan duaan nu dipatri ku jatukrami. Kasawang keneh rindat soca nu neuteup seukeut. Teuteup asih jeung imutna ngagupayan mapay-mapay lelembutan kalbu. 2 Maret 2001, asih nu kuduna ngajadi kiwari ngan ninggalkeun peurih na ati. Mangsa walimahan, nu datang layon anjeunna, panganten lalaki kuring nu teu bisa nohonan jangji alatan manggih pati. Mobil panganten nu seja nganteurkeun bagja pinanggih lara ditabrak treuk muatan barang dipengkolan jalan raya Cihideung-Lembang. Seahna angin nungtun ngeclakna cimata. Hareupeun villa, dina tangkal pinus masih keneh aya tulisan anjeun waktu harita. ARRY LOVE UNIE...Jentring kacapi marengan kuring balilihan mapayan panineungan...

IMUT NU MÉNCRANG

Kénging Eva Nurlianah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 09:34:05

Detik ayeuna. Imut nu méncrang sahaté jeung kuring. Manéhna imut, kuring milu imut. Kuring ngobrol, manéhna imut ngagelenyu. Gereget ku rindatna. Keun, mun sakali deui imut moal dimomorékeun…! Resep tuda heureuy jeung manéhna. Lila-lila batur patinglalieuk. Sakedapan kuring neuteup sakuriling bungking nu ngajak lalumpatan. Tuh, pan nu sami dicindung beureum téh nuturkeun teuteup kuring, pédah cindung manéhna mah tandukan! Duh, teu kiat ieu panangan! ”Iih….!”

SULAYA 2

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 09:31:44

Cek kuring anjeun sulaya, cek anjeun kuring sulaya. Lieur ah mending nongton Sule bae lah!

NU HARIWANG DI CIEUNTEUNG

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 09:29:49

Saptu sore hujan masih ngaririncik. Henteu gede mah. Ngan hujan bodas nu lila eureun tea geuning. Duh, sieun caah ka imah we. Mangkaning isuk kuring rek walimahan jeung si Aa. "Ma, si Apa tos neang cai Citarum?" kuring nanya ka Ema.
"Entos. Badag cenah. Malahan cai geus asup ka gang," sora Ema ti dapur. Nu di dapur nu nyiapkeun dahareun jang isuk milu hariwang.
Beu. Mangkaning ondangan geus disebar. Duh, kumaha?
Hape disada. Si Aa. "Halo, Nyi, kumaha di dinya hujan?"
"Hujan keneh, A. Malah cai geus asup gang, A. Kumaha atuh sieun asup ka imah, A?"
"Beu. Kumaha nya? Nyi, Aa engke nelepon deui." Hape pareum.
Nepi ka peuting hujan teu eureun. Hape krang kring. Cai geus asup ka imah. Tatangga geus aya nu ngungsi. Panon kuring baseuh. Kuring ngajerit, duh, Gusti, cing sapoe isuk mah atuh tong caah. Pageto jeung poe sejenna mah bae caah ge.***

BALA-BALA

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 09:26:43

Kasemahan urang bule. Tiluan. Cikopi jeung tilu piring lalawuh nu disuguhkeun. Bolu, burger, jeung bala-bala. Satadina mah bala-bala teh ajangeun kuring. Sabot nyokot berkas keur bahan ngawangkong, balik deui, piring eusi bala-bala geus koredas. Kuring ukur olohok. Hooo..or?!

RUNTAH

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 09:19:33

Saban rek mudik ka nagri, teu weleh gagal wae. Basa ditanyakeun ka masinis kapal, "Teu bisa landas!" tembalna. "Ari kitu ku naon?" cekeng panasaran. "Landasan cengkareng pinuh ku runtah!" pokna. Uing ukur olohok.

USAHA SISI JALAN

Kénging Jajang Arohmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 09:11:03

Poe Juma'ah. Rebun-rebun keneh Ki Lebe geus saget. Hape BB gancang disakuan. Caduk dijingjing. Sapeker dikaleng. Rentang-rentang katingali ibu-ibu geus ngariung dariuk luhureun pikap. Korsi ditumpuk dijuru luhureun aki sagede jubleg. "Na kamana tujuan urang teh?," tanya Ki Lebe ka supir. "Urang cobian ka kaler. Daerah dinya lalega sawahna. Rea haji-haji." "Hayu atuh susuganan hasil." Bius mobil ngaler.
"Alhamdulil...lah...hatur nuhun sing barokah rijkina. Salamet di jalana," sora Ki Lebe nganteur nu ngalung duit. Ibu-ibu diuk ngajajar bari ngasong-ngasong caduk. Ti kajauhan katenjo motor tarik pisan. "Ciiiit," sora erem. "Goblog! Ngahalangan wae jalan. Reg deui...reg deui nu menta sumbangan. Diitung-itung geus aya tujuhna," sentak budak ngora semu keuheul. "Na teu anggeus-anggeus atuh nyieun masjid teh?. Ti aing keur budak, panggih wae jeung rombongan ieu," manehna ngutruk bari ngareret ka Ki Lebe. Nu direret api-api ngabalieur. Huluna meotan. Sorana leslesan. Suku asa teu napak. "Jadol, panggih deui jeung budak ieu," gerentesna.

ANAK MANG SOLEH

Kénging Juanita Andarie Nurul Agustin
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 09:04:01

"Mang soleh boga budak ngarana si solih, eta si solih pagaweana ngan mabok jeung mabok, untung we manehmah solih masing tukang mabok tukang judi tukang nyieun ka gorengan oge anger manehmah anak soleh, tapi mun kalakuan kitu bae ke paeh bakal jadi suluh."

LOSMEN

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 08:52:07

Di hiji losmen di Kampung Bali, nu ambeh gaya disebut wisma, manehna cindekul nungguan. Kamar nu ukur 100 rebu sapeuting ampeg ku kipas angin nu teu daek usik, kamar mandi nu lukutan tapi caina herang ngagenclang jeung teu weleh nyirilik alatan keranna geus lila teu panceg. Gayung plastik koneng, anduk leutik coklat pias, sepre biru jeung tembok nu teu pati beresih. Di beh juru, deukeut asbak nu geus lila teu dipake, aya coretan: “Maman+Toni” dina gambar jantung ku spidol pulas beureum, nu tengahna dipisahkeun garis reregean.

(Dumasar paragraf ka hiji sajak Balada Setengah Baya, yasana Toeti Herati)

DO'A

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 07:58:59

Jangkepkeun jadi saratus, ku nyebut jenengan gusti, pupujan abdi sadaya, anu Maha Welas Asih, moal aya papadana, da puguh ngan ukur hiji.
Didawamkeun unggal waktu, paling rineh bada magrib, samemeh datangna isa, bari ngajar budak ngaji, nu dipamrih meunang bagja, metik rizki milik diri.
Kitu deui waktu subuh, da tanghi janari leutik, sepi jempling matak kelar, nambahan katineung ati, rumasa taya kabisa, mungguhing pangersa gusti.
Beurang mah loba kapahung, paribasa suda wanci, ngulayaban moro mangsa, upaya keur eusi peujit, nu teu bisa nahan lapar, sangkan teu jadi panyakit.
Pung hidep melesat ngapung, tepungan jawara fikmin, kuncen purah jaga lawang, nu katelah juru kunci, sugan aya kamandangna, nampa hidep jadi santri.

* Fikmin ka-100

BALADA RINAH

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 07:51:45

Rinah lahir jeung gede di Pagelaran, imahna 16 kilo ti kantor kacamatan. Sakolana ukur nepi ka kelas lima, teu lana diajar ngaji jeung ngado’a. Umur limalas dikawin paksa, taun kadua geus jadi randa. Nincak umurna salapanlas, kawin ka tilu kalina. Kiwari, alhamudillah, panggih jeung kulawarga sakinah mawadah: Salakina anteng di imah, manehna tihothat jadi bujang hiji sahid di kota Jedah.

(dumasar hiji posting di Kamus Bahasa Pandeglang-Lebak)

DONGENG KEUR NAWAL

Kénging Edi Purnawadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 07:46:10

Riweuhna sora musik ngelehkeun ceurik budak, malah samututna biwir pamajikan teuleum ku geol awewe nu satengah talanjang. Bau alkohol jeung haseup rokok ngabaur nyirep sora adzan subuh nu hawar-hawar asup kana celi kuring.
“Naha ieu kitu nu disebut kahirupan teh?” ceuk kuring bari cicing dijuru meja nu geus pinuh ku botol kosong.
Waktu terus mapay-mapay meja, sora musik geus teu pikareuwaseun deui, puluhan botol pasolengkrah diluhur meja nu aya.
“Euh ieu meureunnya nu disebut kahirupan kiwari teh?” fikir kuring bari ngahuleng, jiga nu kalengitan basa.
“Nawal… Nawal Ah abah mah rek cicing dilembur we, bari medar kahirupan nu saayana. Geus cape Nawal, abah the lempang nyukcruk jalan nu euweuh tungtungan teh,” teu karasa Si Nawal ngagorowok ngahudangkan kuring bari menta dianteur ka cai bareng jeung datangna sora adzan subuh ti masjid sabeulah. beu …….!!!

Cibubur, 11 agustus 2010

PISTA

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 06:52:30

Hajat kawinan anggota déwan téa, pantes rék rongkah ogé. Gedong anu pangbadagna sakota, didékor ku pulas bandéra partéy. Cacakan anu ngatilukalian, ulemanna kana rébuan, diantarana para pajabat, batur-baturna sasama politikus, artis ogé para sélébritis. Malem panganténana di hotél, diteruskeun ku bulan madu ka luar nagari.
Heuleut sabulan ti acara resépsi, si Nyai balik ka imah kolotna. Beungeutna sepa, buukna kusut. Datang-datang, ngagabrug indungna, bari ceurik balilihan, ”Ema, bdi kasiksa. Ari dunya mah salieuk béh, tapi salaki teu acan kungsi nganapakahan batin. Salami nikah sasasih teu acan pernah sapatémon sakali-kali acan. Si Akang téh, ngan saukur jangji sareng jangji wungkul, tapi teu acan kantos ngalaksanakeun.” Ngadéngé omongan anakna kitu, indungna kacida ngahelasna. Anakna dirangkul, diusapan, terus ngomong pinuh kadeudeuh, ”Anaking, ninggali dedeg pangadegna mah teu mungkin si Akang téh gay atawa peluh. Anjeun kudu narima kana kadar, bongan saha geus nangtukeun milih ngadahup ka manéhna. Kangaranan politikus, teu anéh lamun gawéna ngan ukur ngencarkeun jangji."

DO'A SI DAWALA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 06:51:55

Si Dawala husu ngado'a ka nu Maha Kawasa, sangkan hirupna aya dina katengtreman bari dijauhkeun tina sagala gogoda dunya nu geus jadi mamala nu tumiba ka dunungannana, jiga Arjuna nu geus katerap panyakit raja singa, Bima nu nepakeun lemah sahwatna ka Gatotkaca, alatan stres nempo Astina jadi nagara angkara

KADALUARSA

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 06:45:22

salaki: Mah, naha nya ari surat2 berharga kawas KTP, SIM, STNK-BPKB, surat tanah aya kadaluarsana. Tapi ari surat nikah mah teu kadaluarsa bae nya?
pamajikan: Hayang sura nikah kadaluarsa? yeuh talak tilu heula aing! kadaluarsa tah surat nikah.

salaki asa disamber gelap tengah poe ereng2an

LEKTOP

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 06:45:19

Sebrut peureup badag Yayan 'Bedog' Supriatna nojo careham. Lep sirah Ahmad Yani ngelok bari leungeun kencana ngarawel palangkakan. Orokaya, Yayan surti. Ngan sakilat awakna ngajaul ka luhur dina gerakan Kapinis Nyamber Langit. Apal seranganana ngeplos, teu talangke Ahmad mancegkeun kuda-kuda bari mapatkeun Ajian Sedot Nyawa Ngabura Gunung. Puguh we bumi jadi inggeung. Ngadak-ngadak aya lini badag.
"Heup.... heup.... heup!!!" Prabu Godi Suwarna, Raja Nagri Fikmin, ngolebat dina gerakan Kilat Buana. "Nanaona ieu teh? Batur mah sibuk nyarieun fikmin. Ieu ngadon tarung teu pupuguh. Naon masalahna?" Yayan jeung Ahmad tarungkul. Ajrih. Teu lila, pok Yayan nyarita, "Lektop kuring diinjeum tos sataun. Pas rek dicokot, majarkeun teh digadekeun ka Kang Yusef Muldiyana II. Puguh we kuring ambek".
"Enya eta teh?" Prabu Godi molotot ka Ahmad. Dijawab ukur ku unggeuk. "Geus tong raribut deui. Isukan Kang Ganjar Kurnia rek ngabagi lektop ka sakur fikminer nu kamari hadir."
"Horeeeee......!" Ceuk Yayan jeung Ahmad meni kompak. Jorelat-jorelat duanana laluncatan muru imahna masing-masing, ninggalkeun Prabu Godi nu ukur gogodeg bari mesem.

MEKAH

Kénging Acep Zoni Saeful Mubarok
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 06:00:03

Teu karasa cimata murubut maseuhan pipi sabada sholat Lohor di Masjidil Harom. Terus suku ngaleungkah ka luar, maksud balik deui ka maktab pamondokan. Teu karasa suku mawa ka jalan anu aheng. "Ieu mah asa lain ka pamondokan, boa nyasab kuring teh", ceuk gerentes hate. Beuki jauh beuki karasa jalan teh robah tina keusik padang pasir jadi taneuh anu ledok jeung cepel. Kuring nitenan sabudeureun tempat nangtung. "Naha gening wawuh tempat teh, euleuh naha gening kuring teh kalah aya di Sawah?" Teu lila aya sora anu matak ngabuyarkeun kaheran kuring: "HUDAAAANG"... ceuk eta sora. Kuring ngorejat,,, bari culak-cileuk jeung ngajorowok,,, Alhamdulillah kuring ngimpi ka Mekah euy..."

DZAT SAJATI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 05:47:30

"Bima, mun andika tumanya nuk kumaha wujudna dzat sajati? Eta pananya teh hese dijawabna, sabab dzat sajati bakal ku kapanggih ku sorangan sanggeus bisa ngalenyepan naon nu jadi sabab aya kecap gagal tina naon nu rek dihontal bari ngalalakon tahan tina sagala gogoda, nya dina mangsa urang sadar saha dirina, sukma jeung batin andika aya dina sukma sajati dirina. Kukituna tong dina ngalalakon teh ulah ngagunakeun pangaweruh lir haseup jeung seuneu, atawa sagara jeung ombak, tong jadi kacapangan wungkul, tapi prak laksanakeun kalawan napak dina kaiklasan...." ceuk Dewaruci kacida dariana laju ngarangkul Bima bari ngaharewoskeun sagala rusiah rasa. Pameunteu Bima ngadadak marahmay, aya rasa bagja sumarambah ka sakujur ragana, teu beda ti kembang nu mangkak ligar nyambuangkeun seungit kasturi dina kaendahan jagat fana. Aya katengtreman nu nyangkaruk na batinna, laju kaluar tina warugagarba Dewaruci Hyang Marbudyengrat, mulang deui ka alam nyata bari aya dina kateuneung pikeun nyanghareupan lalakon hirupna

PRAMANA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 05:19:42

Pameunteu Dewaruci marahmay ningal Bima ngalenyepan wejangannana. "Tempo ku andika Bima, cahya gading nu gilang gumilang eta teh lambangna Pramana, lambang nu ngancik na unggal raga manusa, warna ugeran ilahi nu sakuduna jadi tatapakan hirup jeung kahirupan manusa. Nya Pramana pisan nu aya dina nimat hirup sajati, dihirupan ku sukma sajati, nu teu weleh ngaraksa ngajaga raga, ilang Pramana raga geus tangtu teu walakaya. Kukituna manusa kudu manunggal jeung ilahi..."

NINI-NINI

Kénging Mpok Nori
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 03:34:39

Ngala kijing ka Cihuni, tauco dipasak koki
Najan kuring nini-nini, wani panco jeung lalaki

PINTER

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 03:23:45

Jang Suta disakola pang pinterna,dikelas teuwelleh peunteun sapuluh.katambah deui pinter kodek jeung pinter kabalinger.[lengkep]

MANUK

Kénging Cornelia Agatha Ke Dua
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 02:08:26

+ :kang, ari eta manuk nu keur nyanyi...sabaraha...?
_ : etamah 2 jt,...kang..!
+ : ari eta nu cicing wae..?
_ : mirah etamah 10 rb
+ : ari eta nu tungkul wae.....?
_ : eta mah awis pisan.....margi eta mah manuk pencipta laguna...

PEMBANTU

Kénging Cornelia Agatha Ke Dua
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 02:04:28

waridah (pembantu):"Bu....abdi menta naik gajih atuh...?"
Ibu Hastrie : "naon alasen menta naek gajih...?"
waridah (Pembantu): "aya tilu alesan bu..."
Ibu Hastrie : "naon wae...?"
waridah (Pembantu): "nu ka 1, pasakan abdi langkung raos tibatan pasakan ibu...."
Ibu Hastrie : "ceuk saha...?"
Waridah (Pembantu): ceuk "Bapa bu..."
Ibu Hastrie : "oh...nu ka 2...?"
Waridah (Pembantu): "mun abdi sasapu langkung beresih tibatan ibu..."
Ibu Hastrie: "ceuk saha...?"
waridah (Pembantu):ceuk "Bapa bu..."
IBU Hastrie : "trus nu ka 3..?"
Waridah (Pembantu): "mun diluhur ranjang abdi langkung hot tibatan ibu..."
Ibu Hastrie: "ceuk si Bapa keneh eta ge...?"(bari molotot)
waridah (Pembantu): "sanes ceuk bapa bu, tapi ceuk Asep Yusup tatanggi sapalih,
cenah abdi langkung hot tibatan ibu..."
Ibu Hastrie: "hust...hussst... tong ribut nya ku ibu di taekkeun gajih maneh, menta sabaraha?"
waridah (Pembantu): "5 juta bersih bu..."
Ibu Hastrie: "Beres!!! Lah..

PERANG

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 02:01:07

"Gustiii...," gerentes hatena. Beurat. Kecap teu kedal. Cimatana ngeclak. Sabil antara butuh pisan jeung nu méréan. Pamajikana geus ampir opat bulan ngan kukulutus duit ti salaki kurang waé cénah. Mun teu kuat nahan mah, geus hayang nampiling. Tuda hirup ukur koréh-koéh cok. Hutang ampir ka unggal warung, geus heurin ku era. Mun teu didatangan ka guruna mah budak kahiji ampir dikaluarkeun ti sakolana, nu kadua méménta buku pelajaran can kénéh katedunan, si bungsu awakna rada begang kurang giji. Jana ngarasa asa balangsak pisan. Lieur ku pangabutuh kasiksa ku kaayaan. Kari-kari ayeuna Warman ngagolerkeun sagepok duit dua puluh lima juta hareupeuna. "Pek wé cokot éta mah, Jan! Asal daék. Kuring mah menta bantuan kitu wungkul," ceuk Warman nu keur lieur nyanghareupan hiji awéwé nu ayeuna ménta tanggungjawab rék ngontrog ka imahna. Mun kapanggih ku pamajikana, alamat bakal ancur rumah tanggana, mangkaning perusahaan Warman keur maju-majuna. Hésé pisan, Jana can manggih jawaban. Butuh, sieun, wani, haté teu méré, lebar duit, hutang parunah, pangabutuh kabareuli, parebut kabé narémbongan. Bréh kabayang atohna anak pamajikana mun manéhna balik mawa duit loba. Angger lieur. Jana nangtung lalaunan. Ngaléngkah ninggalkeun Warman. "Hampura, Man, hampura! Uing teu bisa."

PERANG

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 01:52:16

"Gustiii ...... ," gerentes hatena. Beurat. Kecap teu kedal. Cimatana ngeclak. Sabil antara butuh pisan jeung nu merean. Pamajikana geus ampir opat bulan ngan kukulutus duit ti salaki kurang wae cenah. Mun teu kuat nahan mah, geus hayang nampiling. Tuda meunang sakoreh-koreheun ukur ngaliwat, hutang ampir ka unggal warung, geus heurin ku era. Mun teu didatangan ka guruna mah budak kahiji ampir dikaluarkeun ti sakolana, nu kadua mementa buku pelajaran can keneh katedunan, si bungsu awakna rada begang kurang giji. Jana ngarasa asa balangsak pisan. Lieur ku pangabutuh kasiksa ku kaayaan. Kari-kari ayeuna Warman ngagolerkeun sagepok duit dua puluh lima juta hareupeuna: "Pek weh cokot eta mah Jan, asal daek. Kuring mah menta bantuan kitu wungkul," ceuk Warman nu keur lieur nyanghareupan hiji awewe nu ayeuna menta tanggungjawab rek ngontrog ka imahna. Mun kapanggih ku pamajikana, alamat bakal ancur rumah tanggana, mangkaning perusahaan Warman keur maju-majuna. Hese pisan Jana negeskeun jawaban. Butuh, sieun, wani, hate teu mere, lebar duit, parebut narembongan. Breh kabayang anak pamajikana, aratoheun mun manehna balik mawa duit loba. Jana nangtung lalaunan, ngalengkah ninggalkeun Warman: "Hampura Man, uing teu bisa... hampura!"[]

BULAN JEUNG BENTANG

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 01:11:49

Rerencepan ngintip bulan nu anteng ngoconan bentang. Sorot panonna,anteb nembrakeun sono nu mudal teu katahan. Bulan loyor, ngagoda taya kendatna. Imut jeung rindatna terus seseleket, ngeleketek kurupa-rupa pangbibita. Waktu, bulan maksa nyumput satukangeun mega malang, meh-mehan bentang serah bongkokan. Untungna,angin ngingetan ngaliwatan harewos nu haroshos. Bentang ngejat ngajauhan.” Jungjunan, hampura moal bisa ngalayanan, bongan salira lenger masrahkeun cahaya ka sakabeh bentang nu aya,”

BUNDA & UNIE

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 00:49:03

“Naha sholat Dhuha téh asa lila-lila teuing , Unie ?” sup Bunda ka kamar, manahoréng anakna keur ngagukguk, cipanon ngeclak maseuhan sajadah gambar kencleng mesjid. “Moal cios nikah sareng Kang Arman téh, Bunda” cek Unie bari cirambay. “ Kunaon ? Kapan surat ondangan geus nyebar, lebé ogé geus dibayar” cek Bunda bari aneprok gigireun Unie. “Tadi wengi Si Ayah masihan wartos, tapi ulah nyarios ka Bunda, saurna” Unie ngaharéwos. “Omongkeun wéh Unie, nyarita naon Si Ayah téh, Bunda moal rék comél" Bunda ngaharéwos ogé. “Cek Si Ayah Unie teu kenging sareng Kang Arman, margi Kang Arman téh anak Si Ayah ti popotonganna méméh ka Bunda” Unie beuki nyegruk. “Teu nanaon Unie, kawin jeung Arman mah, moal pamali” harewos Bunda deui. “Naha kunaon kitu Bunda?” Unie heran. Pok Bunda némbalan “Ssssst, tong ribut , sabenerna Si Ayah téh lain bapa hidep”

BUNDA & UNIE

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 00:39:08

“Naha sholat Dhuha téh asa lila-lila teuing , Unie ?” sup Bunda ka kamar, manahoréng anakna keur ngagukguk, cipanon ngeclak maseuhan sajadah gambar kencleng mesjid. “Moal cios nikah sareng Kang Arman téh, Bunda” cek Unie bari cirambay. “ Kunaon ? Kapan surat ondangan geus nyebar, lebé ogé geus dibayar” cek Bunda bari aneprok gigireun Unie. “Tadi wengi Si Ayah masihan wartos, tapi ulah nyarios ka Bunda, saurna” Unie ngaharéwos. “Omongkeun wéh Unie, nyarita naon Si Ayah téh, Bunda moal rék comél. Bunda ngaharéwos ogé. “Cek Si Ayah Unie teu kenging sareng Kang Arman, margi Kang Arman téh anak Si Ayah ti popotonganna méméh ka Bunda” Unie beuki nyegruk. “Teu nanaon Unie, kawin jeung Arman mah, moal pamali” harewos Bunda deui. “Naha kunaon kitu Bunda?” Unie heran. Pok Bunda némbalan “Ssssst, tong ribut Unie, Si Ayah téh lain bapa hidep”

JURIG HAYANGEUN UDUD

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 00:38:21

Biasa kuringmah mun OL teh sok di luar di tepas imah, sabab karasa hawa asa seger tur moal aya nu ngaganggu, suruput nguyup kopi ABC, nyot udud dikenyot ...serebung... haseupna ditiupkeun ka luhur bari ngalageday dina korsi samata. Harita teh wanci geus liwat ti tengah peuting, keur kitu kadenge, cikikik, cikikik sada aya nu seuri ti lebah pipir imah nu kabeneran harieum ku tangkal caringin jeung kersen.korosak, belegedeg aya jirim ngaringkiwik, lalaunan maju semu nu teu napak kana taneuh nyampeurkeun kuring. Beuki deukeut ahirna nepi ka hareupeun kuring, Jelas katingali geuning awewe ngan beungetna sepa siga teu getihan, panonna naronjol, euweuh biwiran atuh katingali letahna ngelel. pas papelong-pelong jeung kuring, cikikik-cikik deui manehna seuseurian siga ngeunah naker, ku kuring disentak bari dipolototan " hey ku naon maneh nyeungseurikeun kami, naon nu lucu siah kehed ?" eta jirim ngajawab sora nu ngirung " ngu ning nge nek ni ngal a ngang ngeus meu ning, ieu mah pa na gi ku ning u lin, na na onan ae a ngaaang..... hi hi hi hi !" pokna ditungtungan kui seuri. Kunkuring disentak deui " gandeng siah bisi barudak hudang, yeuh mun hayang ududmah ku kami dibere !" sut kuring ngahurungkeun udud terus diasongkeun. Terus ditarima ku eta jirim langsung di kenyot, jerooo pisan katingal haseupna kaluar tina tonggongna, terus manehna unggeuk, " ha nur nu un aang hi hi hi, " terus manehna malik belesat hiber duka kamana.

CAI

Kénging Beni F. Syarifudin
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 00:29:42

Aya cai ngalengis ceurik. Geus lila cenah teu diondang ku hujan.

KALANGKANG

Kénging Ratna M Iwan
Dipidangkeun dina lapak 02 Maret 2012 00:25:31

teu sangki salami ieu teh, kuring mung nyeungceurikan kalangkang
teu sangki salami ieu teh, kuring mung neuteup kalangkang
teu sangki anjeun teh mung ukur kalangkang