Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 29 Fébruari 2012 (105 Naskah)


LIMPEURAN

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 23:57:04

Manéhna ngarasa suda. Mangtaun-taun. Limpeuranana beuki angot. Cikopi, campur sapuluh kaplét bodréx. Dipeunteun hirupna dina lamunan. Nyéh seuri, sakapeung kekerot. Seuri deui, bari niupan cikopina. Aya nu keur dipelong ku Manéhna

Gelas nu ka tujuh puluh. Léos deui ka dapur. Kopi jeung autan. Cakakak seuri. "Sugan nu ieu mah teu poho!" Gék diuk. Ngabarungsinang. Gelas ukur molohok. "Nu Gélo!" Ceuk gelas bari ngaleguk karep.

I M A H

Kénging Mpok Nori
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 23:48:39

“Saban peuting Imah digular-gilir ku saunggal lalaki, dumeh hirup halabhab ku bubutuh. Ngamejeng diri di Jalan Kramat, nununggu mangsa nu kataji. Awakna geus berubah, maklum kiwari Imah geus kolot, teu jiga bihari Imah tereh pensiun jadi psk. Si Jafra salakina aya kutega ngangantep bini, digarapan ku satiap lalaki. Jika Imah duit, si Jafra tinggal mentana. Imah ngajual diri jang hidup anak jeung carogena”

TUENGTEUINGEUN

Kénging Daday Sopyan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 23:46:47

Roko nu nyelap dina ramo teu karasa gepeng bakat ku kesel, suku kekejet, bari teu eureun gegelendeng na jero hate. asa kabina-bina teuing barudak urang dikakaya ku batur di nagara deungeun, kacipta kumaha peurihna eta hate barudak, sedih campur era mulang ka nagara nu kasebat INDONESIA. Lain,.... lain salah hidep, tuh nu diluhur, nu adigung GAREDE HULU. NU MENTINGKEUN DIRI PRIBADINA. PSSI dijadikeun lahan pamer kakuatan,NONOMAN GARUDA nu jadi KORBANA........

GANDRUNG

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 23:34:57

Nalika teuteup paamprok, aya nu néwo-néwo sumolondo. Lain niat ngadodoho. Panénjo nu terus manco, ngabadi niruk jajantung. Sumélékét kana haté, sumarambah kana bayah. Liwung gandrung. Kasarung dina renghap manéhna. Linglung dina éndahna lambey. Nu kasarung teu bisa nangtung, rampohpoy bareng rénghapna. Nyangsaya di jero iga burung. Hésé kaluar, diri ka kurung. Waktu néangan jalan balik. Poék mongkléng butarata. Ngahiyang jalan keur mulang.

TETENGGER

Kénging Beni F. Syarifudin
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 23:25:23

Keur meujeuhna peuting simpe. Aya semah datang, mikeun tetengger. Lengkep jeung titi tulisna. Dijieun tina kai Cendana. Laju indit ka pajaratan. Tetengger ditancebkeun lebah gundukan taneuh beureum. Angin neumbrak jajantung, tuluy ngaleos ka handapeun dampal suku.

HIEUM

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 23:01:28

Cempor dihurungkeun. Opan diuk dina tumpukan suluh. Kai gunung. "Tilu beungkeut deui, iderkeuneun ka dayeuh mah." Peledug-- peledug, haseup bako bati banget. Jegoh batuk. Bebence euntreup dina suhunan. "Nyingkah siah! --Kila-kila teu hadé aya bebence dina suhunan", Opan cengkat. Cempor ngalices katebak angin. Peuting beuki jempling. Dina eunteung songhék. Beungeut Opan témbong hieum. "Geus kolot, Aing téh!"

BINGUNG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 22:51:54

Bingung ku lemah katata ayeuna keur sakarat, alatan amanah ngintel dina hiji rusiah nu teu kabaca ku ungkara basa

TIHANG

Kénging Dery Andriawan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 22:32:16

Shalat tihangna agama, dina sapoe aya lima kali anu wajib dilakonan.
Pancasila tihangna nagara, dijerona aya lima sila.
Awewe tihangna rumah tangga, naha cukup ngan ukur hiji..? Kabayan nanya ka dirina sorangan.

HEAB

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 22:28:51

Nurustunjung siah, dasar bikang kurangajar. Kamana losna siah hayang dijejek sugan ku aing terus diragaji beuheung siah. Dasar teu boga kapolo, piraku ka si Icih make nyebut aing geus teu bisa hudang. Ieuh bikang, rusiah dipan ulah sok diumbar deuleu.

ADIL MAUNG

Kénging Fatih Nurul Anwar
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 22:24:07

Dina hiji mangsa, sakadang maung, sakadang anjing jeung sakadang ucing moro babarengan. hasil pamoroan tilu sato ieu teh, meunang sapi, domba jeung kelenci.
"Sok, bagikeun ku maneh, anjing!" parentah sakadang maung.
"Enya." tembal sakadang anjing, "Sapi eukeur salira, domba eukeur uing jeung kelenci eukeur ucing."
"Teu baleg siah ngabagikeun teh!" sentak sakadang maung bari nyabok sakadang anjing nepika ngajungkel, "Cik, ku maneh bagikeun, ucing!"
"Mangga, ceuk uing mah, kelenci eukeur salira, jang sasarap. Sapi eukeur salira, jang tuang siang, atuh domba oge eukeur salira, jang tuang wengi."
"Hahaha...Heueuh, hade euy ngabagikeun teh!" ceuk sakadang maung, "Ti mana maneh boga ideu nyoncolang kieu?"
"Ningali anjing ditampiling." walon sakadang ucing.

RUMASA

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 22:14:02

Pasosore di alun-alun Garut. Rumasa. Enya rumasa. Hirup jadi jalma leutik. Sagala kurang. ti baheula nepi kaayeuna ukur bisa neuteup tapak-tapak baheula liliwatan basa patarema reuma di buruan masjid. "Tuda muhun Akang harita mah kalebet kirang....", pokna bari terus mencetan hape anu keur dikeukeuweukna. "Rumaos neng". pok teh rada ngagegel biwir, teu wasa kuring ngadenge dipokpokeun kitu. Puguh enya kitu kanyataanna jeung teu kudu ditokbrakkeun da puguh nyata. Cimata geus jiga hujan anu kari sagebroeun. Panas tiris mimiti karasa sawak-awak. "Muhun akang mah jalmi anu kirang kawantun. Hapunten kang ayeuna mah Abdi na tos rimbitan", pokna bari ngagupayan budak anu karek turun tina deldom.

NGARUGRUGKEUN MASJID

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 22:06:45

Poé Juma’ah. “Masjid kosongkeun!” sora bedas. “Kosongkeun?” Juragan Haji ngarénjag. “Naha?” Katua DKM cengkat. “Aya naon?” jama’ah pating raringeuh. Nu rék Juma’ahan metet lebah lawang. “Gancang kaluar! Ieu masjid rék diruntuhkeun! Disulap dijieun menara jeung tempat lacur!” cék komandan. Ngajega luhur téng waja. Disatukangeunana régrég pasukan samakta pakarang. “Allohu akbar!” Juragan Haji ngangsreg. “Nu ngalawan témbak di tempat!” paréntahna. “Ngalanggar HAM atuh, Bos,” témbal anggota. “Ulah bodo silaing! Téroriskeun! Habis perkara!” omongna. Teu kungsi lila bedil pating bérébét. Korban patulayah. Getih nguyumbang. Mayit diangkut kana treuk runtah. Masjid dirugrugkeun. Hotél ngadeg. “Mangga bilih badé maksiat!” cék nu gelo dibubuligir.

PASÉA

Kénging Yatun Romdonah Awaliah
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 21:53:02

Si Ujang rawah-riwih datang ka kantor polisi.
"Pa, bapa sareng mamah abdi nuju paséa rongkah di bumi, sagala dibalang-balangkeun"
"Ari Ujang budak saha?"
"Tah puguan eta nu nuju dipaseakeun teh"

MEULI NU TEU PERLU

Kénging Usin Muhsin
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 21:49:06

Bari ingkud alatan kasakit stroke,nyampeurkeun bari nawaran daganganana. Nu taya patula patalina jeung pagawean sapopoe.Rek gideug,asa watir. "Gunting jukut hiji". Song duitna sapamentana. "Alhamdulillah.....jalu aya keur bekel sakola".bari bruk sujud syukur. Teu kungsi lila amitan,bari nganuhunkeun sababaraha kali. Gunting dibawa ka gudang,dina dus geus aya baturna sarupaning: kampak,palu,ragaji jeung pacul. Wareuteuh keneh.

POEKEUN

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 21:46:05

Erloji nuduhkeun tabuh 00.14. Gulinggasahan. Jauh ka pitunduheun. Naha hate teu bisa diajak badami? Panon buncelik. Lingas. Jampe sare teuing geus sabaraha kali dipapatkeun. Weleh, mata teu ngaliuhan. Tambah buringas. "Akang, wayahna urang papegat. Da geuning teu cekap ku cinta, " meni ngajelengeng saacan manehna indit. "Gustiii..." sasambat dina ati. Tok! Tok! Tok! Tengah peuting?. "Saha?" cekeng teh. "Codet, " tembalna. Panto gancang dibuka ."Rek ngilu? Bakal mucekil! Imah nu beunghar, " cenah. Leng! Poek. Poekeun. Gilig. Ancrub ka bihari. Neang lalakon baheula.

JOJORELATAN

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 21:40:54

Iman : "Ti peuting keneh bet asa mindeng jojorelatan wae ieu teh geuning Ko..!".
Koko : "Na kunaon kitu Wan, asa bet araraneh teuing jeung saha atuh nu diimpleng teh...?"
Iman : "Tah kapanggih ayeuna mah. Nu jojorelatan teh geuning ieu cileuh uing mani gede kieu Ko!. Paingan rarasaan teh sok aya nu nutur-nutur wae dina panon....!"
Koko : "Dasar!, hanas ku aing dibandungan siah ....!"

NASIB

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 21:39:39

Jegèèèrr !! jungkel...... indung mencek ngudupung getih mancawura tina mamarasna anu gudawang . Najan bari aduglajer roroèsan dina sakarat mapag ajal, masih sempet mèrè isyarah ka anakna nu masih keneh nyusu sangkan geuwat ingkah bisi kacerek ku si durjana. Kerelek nyawana leupas marengan lèmbèrehna cimata kamelang. Sorèna nu moro balakècrakan manggang indung mencek di tiruk ti bujur nepi ka sirahna bari seuri ting cakakak. Dina rungkun anu suni anak mencek nyèrangkeun balilihan nahan ngangres jeung lapar taya papadana.

GUNUNG BAU

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 21:28:41

Gunung geus beak janten gedong sepie
Kota dibolak balik siga bukit runtah
Angin ngaheumbus ngabarken aroma wangi
Anu enggal di wawartaken manuk

Runtah ranteh kabingungan ngabersihkeun diri
Runtah ranteh malu-malu berit ngakaca diri
Runtah ranteh saling parebut pakarangan laler

Laler ku’naon make panutup irung
Emangna saha laler?
Birit ngomong,laler kongsina bilatung
Omong-omong bilatung bauna nyengat

Ler-ler ……………………………... ler
Tun-tung ………………………… tung
Bur-bur …………………………… bur

CARIOS ENGKOS

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 21:28:29

Sora gelap ting guludug, dunya keur dibanjur hujan .
Obama ka Gedung Putih, némpo nu menerkeun talang.
Ésbéyé mah di Istana, nempo uncal kalumincir.
Luna Maya jig ka lapas, mawa rantang nempo Ariel.
Mat Gadil cicing di saung, dibaturan ku Mat Pelor
Mat Gadil udud Dji Sam soe, Mat Pelor mah Gudang Garam.
“rék eureun udud téh hésé ” cek Mat Pélor ka Mat Gadil.
“Teu mudu ereun ngaroko” cek Mat Gadil ka Mat Pélor.
“kamari Engkos Nyarios, basa papanggih di kios,
Udud seueur positifna alah batan negatifna”
Gadil nuluykeun carita, bari neuteup haseup roko.
“Naha udud bet positif, apan lumuh matak batuk?”
“Nyaéta Lor, ngaroko téh positif matak kanker,
positif matak batuk , positif matak ngurangan duit
jeung positif matak panas mun disundutkeun kana irung.
Kitu ceunah numutkeun carios Engkos. “

KABELEJOG

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 21:23:29

Aki Jatma sila tutug bari nyarande kana tihang anu geus herang balas disarandean.rot,.ngaregot cai teh haneut dituturkeun ku beuleum peuyeum,teu lesot udud daun kawung nyelap dina curukna.
"Manehna,..! geus we atuh ayeunamah urang tepi kadieu." bari nyot,..diselang ngenyot ududna. Pamajikanana,nukeur nonggongan bari jongjon ngasur-ngasur seuneu ngarenjag sateker kebek ngadenge ucap-ucapan salakina.ret, katukang.Aki Jatma nuluykeun omonganana,"gening kalah capena wungkul nyawah nu jang Haji teh euweuh pisan hasilna".ceuk aki Jatma semu ngahelas.

UCING

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 21:14:19

Waktu mitoha Kabayan maot,maneh bari ceurik geuwat ngerem ucing.Nyi Iteng bari rawah riwih nanya kunaon bet make ngereum ucing sagala. Kabayan nembal :" Bisi ucing ngalengkahan mayit,bejana soka hirup deui. Lamun hirup deui nyai jeung akang mola jadi nampa warisan ". Nyi Iteung olohoooooooooooook teu lila les teu inget,bumi alam.

RUNTAH

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 21:05:33

Nagara - garana
Nogoro - gorono

Runtah garing nyandu miring
Runtah baseh birokrat ngajago siasat
Runtahh organik aborsi ngaoposisi

Berit-berit diberik cacing
Cacing nyingsienan gajah
Gajah hitut di jero botol
Botol peupeus serim bingah
Ngimpi hade dina emergenci

NYINGKUR

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:58:56

Leumpang antaré pauntuy-untuy. Teu silihgonjak da inget kana papatah kolot, pamali! Mangka cai keur ngagulidag. Léngkah téh lila-lila asa ngahampangan jeung teu nepi-nepi. Barang anjog ka peuntas, hawar-hawar sada jalma pahibut, tingjarerit. Dilieuk ka beh tukang, cukang bet ngagulawing. Na ka mana babaturan nu tadi bareng? Ning teu saurang-urang acan. Milu aub wé jeung jalma nu tinglaliud, ngadon séséléké. Ngan anéh taya nu miroséa. Sora tangka peura gegeroan jeung ngagugunyeng Ceu Marni. Angger haré-haré. Teuteupna manco kana cai walungan nu ngagulidag. Tungtungna asa bosen, léos wé mapay-mapay walungan. Manggihan sédong nu tiis tingtrim, caina rembes tina sela-sela taneuh. Sup wé. Duh, aya ku betah bubuara di dieu. Jauh ti emang jeung bibi nu salilana pinuh ku sentak polotot.

PAPATAH KA NU REK MIANG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:57:06

Aki Dira neuteup Jang Onong, incuna, aya kasedih nu nyangkaruk na hatena alatan incu nu ngan hiji-hijina rek ngumbara ka kota, sanggeus ngarenghap sababaraha kali, pok Aki Dira nyarita: "Ujang, geura bral miang, udag cita-cita Ujang nu sajati, ulah ngagugu kana napsu, sabab nu disebut napsu eta teh mamala nu mawa kalara ka kulawarga, jeung kahade dina ngalakonan hirup jeng kahirupan teh ulah ngan saukur miara, mupujuhkeun bari ngogo awak, sok komo mun udagannana ngan saukur harta, jiwa teh meureun tunggara alatan teu kapiara"

MUJIZAT

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:44:09

binih kahadean nu dipelak ku Nabi Adam renung sarirungan, eta teh mujizat kahirupan, kamaujudan

CILEUNCANG

Kénging Beni F. Syarifudin
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:41:32

Sasatna mah mun geus hujan, lemah teh pasti baseuh. Dina lemah nu legok, pasti aya panyesaan cihujan. Cileuncang. Matak jadi lalangse; sendal, kalakay, spanduk, kopeah, mobil dinas, koruptor, keur angkleung-angklengan jeroning cileuncang sabot angin mengkol ka leubah pajaratan.

PANCEN NU MISKIN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:38:37

"Mun aranjeun miskin bari geus teu walakaya ku kaayaan, tong nempo pupuhu nagara nu makmak-mekmek kana harta, malahan arandika ge kudu meungpeun mun aya ulama ngadeukeutan maranehannana, jauhan jalma-jalma nu gawena leletak ka dunungannana..." ceuk Aki Somad ka anak incuna kalawan daria

JINMIN

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:37:37

ti jarian, deukeut tampian, manggihan téko téh. téko butut, awakna pinuh ku kentob. bujurna karancang. dipulung téh bané waas wé. inget basa keur leutik, halabab balas ulin kaubaran ku nyecepna sacangkir cai tina téko modél kitu.
datang ka imah, téko dielapan. cek pikir, beresih-beresih atuh, henteu alus gé. las, las. dina elapan katilu, ngadadak ngelun haseup. nu terus ngajirim mangkeluk. henteu badag, sapantar jeung jelema umum. gebeg. kuring reuwas. nénjo beungeutna. asa kungsi ningali, dina hiji poto profil fb.
"nuhun, andika nulungan kula tina kutukan," cenah. ngéngkréng. "keur mulang tarima, kula deuk nedunan tilu paménta andika."
bakating ku reuwas, kuring ngajawab gentak ku nu ngolébat saharita, "hayang fikmin!"
"huéhéhé, gampang éta mah." sakédét

BATA

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:37:34

Bata cicing ngabisu
Anu hening dina tembok tanpa sabda
Batu nganatap tanpa sora
Bata tetep bata

Bata te boga pahala jeng dosa
Bata te ngomong jeng seri

Mastaka ditakol bata
Kuring tetep percaya jeng anjen
Maneh tetep sapertos bata
Anu ngalewat dina Mastaka

PANCEN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:34:16

"Ya Rasulullah, naon nu janten pancen pamingpin?"
"Ngabela nu teu daya teu upaya, nulung nu miskin" waler Nabi
"Ya Rasulullah, naon nu janten pancen para ulama?"
"Mere conto nu hade bari ngarojong pamingpin nu ngabela rayat nu teu walakaya"

TALI KACAPI

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:21:59

Geus lila pisan kacapi nyarade dina sela-sela panineungan urang duaan.Tadi peuting wiaktu direret,saputangan nu kungsi dipake nyusutan cipanon anjeun masih montel dina tali kacapi .

MANUK PIIT

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:12:35

Kalapa hejo kulit na, manuk piit leutik huluna
Kapalang geus aya jodo na ngan leutik anu na

GOMBAL

Kénging Sugih Fadillah
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:09:58

Aa : néng, bapa enéng tukang sendal nya?
Enéng : enya, naha terang?
Aa : karena enéng telah meng 'sisirangan' kan hatiku.
Enéng : naha?
Aa : kamari aa meser sendal di toko bapa enéng, sendalna sisirangan. Nu kénca nomer 9, nu katuhu nomer 13.
Enéng : iih, aa na wéh belegug. Teu bisa milihanana.
Aa : (mangkat bari baeud)

:saprak harita, aa jeung enéng pepegatan.

RUMASA

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 20:06:28

"Nyai..!, hampura engkang rumasa. Mangga nyanggakeun beuheung teukteukeun,rek di beureum rek di hideung teu langkung kersa Nyai", cek salakina. Pamajikanana ngarasa aneh tur pinuh ku pananya: "Naha ku naon engkang teh bet nyarios kitu tara-tara ti sasari, sok geura balaka...?!", pamajikanana curiga. Salakina ngarasa bingung pacampur sieun, ari balaka sok inggis ku bisi rempan ku basa. Sanggeus dipikir dibulak-balik, ahirna mah wakca: "Sabada engkang narima gajih di kantor, rurusuhan hayang gancang balik, nu satuluyna naek angkot. Di jero angkot aya opatan lalaki wungkul nu numpak teh, kitu ge bari ngadon nyedekeun bae. Maranehna turun ti heula.., Na atuh teu ku hanteu.., tempo engkang rek mayar, dompet akang aya nu nyopet..?". Ngadenge caritaaanana kitu, pamajikanana bangkenu kurawud haseum tur teu ngomong sakemek-kemek acan.

ISTIRAH

Kénging Akoer Lah
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 19:58:57

Hiji waktu. Diri keur lumaku, lunta ti sarakan baligeusan. Ngaprak lebah talaga kahayang. Mipir-mipir sisi batin, nyaliksik bangbalik pikir. Nu nongérak témbong-gelor, semu halabhab panéang. Hiji hiji léngkah diteuteup. Geuning loba méngpar batan lempeng. Karumasa nyaliara. Kalangsu téh jauh teuing. Mabal ka tengah amparan rucuk. Sakolébat balébat lekasan. Cahya sumirat nyebrotkeun kasturi. Nyebit lolongkrang ati nu berewit.
Gusti, abdi ngaléngkah nyangga amanah. Mugia teu kapacikeuh geugeuleuh. Suku nu tatu seja satuhu. Dampal nu raca mo ngarasula. Da geuning, Gusti teu peryogi puji. Teu nampi cinta, teu nampi asih. Margi Gusti Maha Asih. Lir cahya nu nyebrot eunteung. Mulang genclang wuwuh caang. Ngarah iuh wuwuh linduh. Diri ruku tuluy sujud. Istirah luhur sajadah.

TONG DIAREMUTAN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 19:58:28

Urang Babakanpeuteuy ibur pedah Si Anis nu cicing di sisi gawir deukeut jambatan boga anak deui meni sadua-dua. " Wah geus ngerakeun deui tah Si Anis teh, mun jelas onaman saha bapana ... !" ceuk ustad Adun. " Sumuhun Mang ,komo ayeuna mah anakna meni sadua-dua !" ceuk pamajikan RT ." Laaah.....Tong diaremutan teuing atuh....pirakadar ucing budug di jarian ...!" ceuk Si Kodel bari sosolontodan ,....kaciri keur mabokna .

BALANJA

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 19:57:53

“Ka mana heula?” Gorowok pamajikan ti tempat parkir. “Antosan sakedap, aya nu kakantun!” Cekéng, tipoporoséh, asup ka jero Mall. Di lantéy dua. “Atos Néng balanjana, sabaraheun?” Ngomong kitu téh, teu poho, leungeun mah ngarawél cangkéng jeung imbitna. “Atos Pah, dua jutaeun” Témbalna bari luha-loho kénéh, siga aya nu can dibeuli. Teu loba omong, kusiwel duit nu geus meunang misahkeun dina pésak tukang téh, diasongkeun ka manéhna. Lima juta mun teu salah mah. Geus kitu, celepot manéhna nyium leungeun uing. “Kadé nya ké wengi, nging hilap, BBM heula!” Méméh naék téh, uing ngaharéwos heula ka manéhna. Nu diharéwosan surti. Unggeuk, bari tuluy ngaléos muru rak nu pinuh ku bubuahan. Di lantéy tilu, duit nu tilu juta deui, gancang dibebeskeun kana tas Wallaby-na. Nu ieu mah rada baeud. Teuing, sigana mah balanjana hayang dibaturan. Atawa duitna kurang kénéh. Rada boros nu ieu mah, kamari gé nu sapuluh juta, sigana mah geus béak.

SUNATAN MASAL

Kénging Ai Titing Sunarti
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 19:52:26

cunduk waktu ninggang mangsa si bapa nyarita"Jang Alhamdulillah geningan ku ayana sunatan masal nu di ayakeun di sakolana si aa teh ujang bisa disunatan ayeunamah". si ujang nu ker ceurik ngararasakeun kanyeri sabab obat baalna geus beak teu nembalan kalahkah cerikna mingkin ditarikan, "keun sabar jang ke oge cageur" ceuk bapana. "ujangmah lain ceurik pedah nyeri , ujang mah kaduhung bet daek di olo ku bapa sangkan daek milu di sunatan masal, ujangmah ceurik keuheul ka bapa... naha amplop panyecepna bet teu dibikeun ka ujang kalah dikeukeuweuk kupaba","eh.... ari ujang pan bakat ku nyaah ngarah aya nu ngurus ujang, ieu duit ku bapa rek dipake ipekah". "Kacida ari bapa .. ujang nu nyeri bapa nu bungah...duh harianeun......

NU MULUNG RURUNTUK

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 19:48:59

méh unggal poé manéhna ngulampreng ka pongpok imah téh. bari teu eureun gogorowokan. "talawéngkar, kokorompong, kokodén, cangkorang bong­­kang, kodi, gagarabah, barabadan, rongsokan, sa­rop­sopan," cenah. "panci bolong, aki bocor, sendal jeprut". terus ngalanglaeung. édas mémang. kabéh ruruntukan disebutan. jigana, manéhna ogé fikminer, mindeng mukaan kamus.

BOBOS PAYUNEUN MITOHA

Kénging Muhamad Abas
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 19:12:22

Jam 8 bakda Isya di lembur mah geus simpe. Jelema nu ngaliwat hareupeun imah ge mung hiji dua. Maklum kuring masih keneh numpang di imah mitoha. Bahasa kren na mah rumah Mertua Indah. Geus lah, tong teuing diperpanjang.

Di imah mung aya kuring jeung mitoha lalaki. Pamajikan jeung budak mah dibawa ku mitoha awewe ka kota, ka imah budak cikal na (uwa na pun anak). Cenah mah rek ngalongok incu na nu hareeng wae. Duka gering naon pun alo teh.

Jam 8 leuwih, mitoha lalaki tos ninggalkeun kuring nu masih keneh lalajo tivi, ka kamar na. Kari kuring sorangan di ruang tengah teh. Ngadak-ngadak beuteung asa ngusial hayang hitut. Dina pikiran euweuh mitoha iyeu da tos asup ka kamarna, eta bujur disadakeun semu tarik. “Heuh,” kadenge sora ti tukang jiga nu rada ngajenghok. Kuring malik, euleuh mitoha masih keneh nangtung ditukangeun. Era aing euy... Bobos hareupeun mitoha. Semu era, kuring gancang indit ka kamar. Sumpah, ieu mah teu dihaja.

NU MUTER PALEBAH PACIRINGAN

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 19:02:12

"plung! plung! plung!". récok. sakotéap gé amring. "jadol téh elat. lapar kénéh euy," cek jaér. géboy. manéhna indit. nu cengkat tina dua leunjeur awi mah geus teu ditolih deui. "lakadalah, cacing!" capluk! kunyunyud. gurawil. "horséh!" cek nu mecat jeujeur.
isukna, rebun-rebun aya nu tuturubun. pésmol jaér céngék guluntungan geus nagih hayang kaluar.

LULUMPATAN

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 19:00:11

Aya nu lulumpatan dina sirah. Diudag. Belenyeng asup kana dada. Diudag deui. Belenyeng kana cangkeng. Diudag deui. Belenyeng kana suku. Akhirna.... teu kaudag!

MENURUN

Kénging Lia Syawalia
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 17:36:40

Waktu kampanye pamilihan Bupati di hiji kabupaten, Bapak Bupati anu nyalonkeun deui nu ka dua kalina nuju pidato di alun-alun.
"Bapak-bapak, Ibu-ibu, alhamdulillah salami kuring jadi panguasa di ieu kabupaten, pendidikan meningkat, tapi ari kamiskinan mah menurun!"
"Leres Pak, satuju pisan, kamiskinan menurun, abdi pisan saksina!". Saurang pamuda ngagorowok.
"Tuh sina naek ka panggung tuh pamuda itu, testimoni nya!", Pak Bupati kacida bungahna.
Si pamuda teh naek panggung, mimiti cacarita,
"Leres pisan, kamiskinan di ieu kabupaten teh menurun, baheula pun aki miskin, pun bapa ge miskin, ayeuna sim kuring oge tetep we miskin, da eta kamiskinan teh menurun ti aki ka pun bapak, kitu deui menurun ka sim kuring".
Pak Bupati mere kode ka ajudanna, atuh pamuda teh disered turun ti panggung...!

PASTI ROBAH

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 17:36:24

Waktu tanggal nincak lilikuran,dompet nu eusina nongerak.Potret anjeun nunyelap katempo ku kuring siga ngajebian.Tapi isuk tanggal 1 pasti robah jadi seuri ngajelenyu.Lantaran eusi dompet pasedek-sedek ku duit nu heuras beureum rupana.

TADI PEUTING

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 17:14:58

Tadi peuting basa pangeusi lemur geus tibra sare. Kuring ngalanto ka buruan aya kahayang salila ieu sok disebut pamohalan ku dulur,batur deungeun-deungeun oge kabeh pangeusi ieu dunya.Teu pira kuring teh hayang mibanda,bulan,bentang jeung angin.Kabeneran tadi peuting mah bulan teh balangah,teu diengkeun deu geuwat bae diajul.Nyakitu deui jeung bentang,sabot bentang kucap-kiceup siga nukapireuneun, didongkang oge teu burung beunang.
Naon dilampahkeun ku kuring tadi peuting.ulah disebut pamohalan da ieu mah dina fikmin ieuh.

PANCAMAYA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 17:14:16

Soca Aria Bratasena keukeureuceuman, serab ku cahya gilang gumilang dina warna-warna hideung, beureum, koneng , bodas.
“Naon hartina…. “ gerendeng Bima bari kerung.
“Tong heran Bratasena….” ceuk Dewaruci. “Cahya gilang gumilang nu katingal ku hidep, eta teh pancamaya, panyaang rasa nu disebat mukasifat tea, cahya nu nungtun kana kasajatian manusa, nu mawa diri kana sagala sifat manusa. Hideung, beureum, koneng. Eta teh warna-warna hate nu jadi lambangna nafsu manusa, nu jadi panghalang kana kasucian, eta tilu warna kudu dijauhan lantaran ngabahayakeun laku lampah manusa, sabab hideung nu jadi napsu amarah, beureum matak ngagedurkeun napsu angkara, koneng nu jadi sabab ngabebelana napsu kahayang. Beda jeung warna nyacasna bodas nu mawa katengtreman jiwa nu bisa nungtun nuyun ka lebah budi jatmika bari sanggup narima sasmita alam, mun manusa teu bisa ngawasa warna bodas, tangtuna nu bakal ngaraja kana jiwa teh hideung, beureum jeung koneng. eta sababna manusa kudu bisa ngawasa bodas dibarengan ku tanaga sukma. sangkan hideung, beureum, bodas bisa dikadalikeu, malahmandar jadi anugrah nu mawa bagja ka dirina

BULAN

Kénging Lin Rn
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 17:10:41

Bulan hiji. Bulan mimiti kataji. Bulan dua. Bulan wakca, ngedalkeun rasa katresna. Bulan tilu. Bulan gumiwang, ngajak anteng ngawang-ngawang. Bulan opat. Bulan bet sasalimpetan, remen nyumput dina sela-sela méga. Bulan lima. Bulan ngejat. Bulan hianat! Bulan diudag-udag. Bulan terus lumpat. "Bulan, Bulan, waduk angsa!" Bulan ditéwak. Bulan deudeuh malik jadi Bulan geuleuh. Jebrod! Jebrod! Bulan disiksa ku gada cinta. Bulan bencar mancawura. Kuring nyegruk. Sesemplékan Bulan imut.

NÉNÉNG BADÉ NIKAH

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 17:00:39

Kang Opang, sasih payun téh Nénéng cios nikah. Apan Kang Opang tos jangji, badé mangmotoankeun. Kadé hilap, nya. Sareng éta deuih, Kang Opang, mas kawin téh ulah ku sajadah sareng mukena wungkul. Nénéng mah hoyong ditambihan ku geulang. Tambihan nya, da bageur Kang Opang mah. Balandonganana ulah ngulon-ngétan nya, Kang Opang, margi bakal katingal heureut. Sok ku Kang Opang atur, utamina tempat parkir kendaraan. Kadé hilap nganggo bendo pami engké Kang Opang nga-MC-an, supados tambih sieup. Éta deuih, Kang Opang, ngintun kembang sedep malem kahadé bilih elat. Moal nya, da Kang Opang mah ngebon nyalira. Geuning kebonna téh di suku gunung, mani waas titingalan. Émut kénéh henteu, waktos Kang Opang kedal jangji badé mikaasih Nénéng. Pasti émut, lah. Tapi naha atuh Kang Opang bet jalir jangji, kalah kabéngbat ku mojang sanés. Ayeuna, saentos aya kana dua taunna Kang Opang ngumbara di Bontang, bet kersa nga-SMS ka Nénéng. Ah, panto haté Nénéng tos nutup kanggo Kang Opang. Oh, muhun, Kang Opang, pami engké dina upacara sawér, Nénéng mah hoyong diselapan ku Kinanti Payo. Ulah sapertos hajat di tatangga Nénéng minggu pengker, Kang Opang, idangan dina parasamanan mani kurat-karét. Matak isin. Tapi Nénéng percanten, perusahaan katering Kang Opang mah moal dugi ka kitu, nya? Ulah seueur teuing warna kayas ah, pami engké Kang Opang ngadékor kamar pangantén téh. Nénéng mah resep kana biru sahéab. Hanas Kang Opang seneng kana warna kayas, ah, ulah dianggo di kamar pangantén atuh. Mangga wé dugikeun ka mojang di Bontang anu ayeuna nyarengan Kang Opang. Perkawis biduan dina éléktunan, nyanggakeun waé ka Kang Opang. Muhun lah, abdi badé saénggalna nepangan Kang Opang, ka kantor kalurahan, sakantenan nyanggakeun foto kopi KTP. Awas nya, Kang Opang, pami ngabéja-béja perkawis Nénéng kantos operasi selaput dara. Teu suka Nénéng mah. Ah, pokona mah awas wé.

PULSA

Kénging Ies Trisnawati
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 16:47:25

Neng...!!
ieu mamah make BB batur,mamah keur aya masalah di kantor polisi..
mamah menta tulung pang nganterkeun cai sa ember,,,inget cai sa emberrr,,,laen pulsa,,,pulsa mah loba keneh,,,mamah keur milu ngising di kantor polisi,,,caina saat...burukeun ulah seuri,,,mamah acan cebok yeuh...
ingetnya neng,,,cai sa ember...!! laen pulsa...!! mamah geus cangkeul nagog

HAYANG KAPAKÉ

Kénging Asep Saeful Mimbar
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 16:46:26

Jamaah mah teu pati resep ka eta imam téh, lain nanaon, éta lamun ngimaman téh sok paranjang babacaanana. Dina hiji waktu mah, eta imam teh mingpin sholat magrib berjamaah, kusabab hayang kapaké téa, teu euleum-euleum bacaan sholatna maké maca surat Albaqoroh (kabayang panjangna jeung pasti cangkeuleun ma'mumna). Tapi dina prak-prakanana, waktu imam maca surat Albaqoroh tepi ka saparapat ayat, leng.. manéhna poho, da kagok éra, eta imam balikan deui maca surat timimiti alif lam mim.., tapi angeur tepi ka saparapat ayat geus poho deui.
Antukna mah ma'mum kareseleun, ma'mum kompak ngomong kieu: "Bae antepkeun tong dibejaan imam kitu mah, sangkan karasaeun, leuheung mun apal", bari sing laléos ka tukang solat munfarid (sorangan) séwang-séwangan.
Sholat berjamaah ahirna batal. Tiharita éta imam divéto ku jamaah teu meunang jadi imam sholat. Deudeuh teuing.

GEULIS

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 16:45:53

"Neng, ari neng terang lamun neng teh geulis?"
"Henteu, akang lepat abdi mah teu geulis"
"Tapi da ceuk akang mah neng teh geulis"
"Henteu, abdi mah teu geulis! Tingali? Maenya abdi geulis?"
"Da keur akang mah lain ngan wujud neng nu geulis teh,
Sagala nu katingali ku akang ti neng teh nya geulis!"
"Teu langkung akang atuh pami kitu mah"
"Muhun raray neng teh memenuhi persyaratan golden rule,
Terang teu golden rule' atanapi golden ratio..?"
"Henteu.... Naon eta teh kang"
"Ukuran khusus di dunia seni, bayangkeun sadaya bandera,
Cik geura sidik sidik, naha bandera teh perbandingan panjang
Sareng lebarna tiap nagara sadunya sakitu kitu wae?"
"Duka atuh? Janten.......raray abdi siga bandera? Kitu?"
"Tah geuningan uninga? Heuheuheu..... Na ari neng?"
boh nu nanya jeung ngajawab sareuri...

MALIKEUN MANGSA

Kénging Anugrah Nunu
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 16:32:21

Malikeun mangsa sapuluh taun katukang. Harita, kulawarga kuring mimiti natangga jeung kahariwang. Ngadalit jeung karisi. Babarayaan jeung kamelang. Cimata jadi tanda robahna mangsa. Kanyeri jadi ciri gantina wanci.
Alatan huleng jentul Ki Lancek, teuing geus muragkeun sabaraha kilo mutiara kaasih nu nyurucud dina pipi kawening nu jadi indung bapa.
“Sadar anaking! Mana kitu gé geus jadi bagian anjeun. Tingali! Saestuna anjeun masih lewih bagja batan nu sejen”. Galindeng pepeling ngaburileungkeun mata Ki Lanceuk. Amarahna mudal dina rupa corowok sugal. Ngajengkat. Lumaku dina kaanehan tingkah laku. Unggal poe taya telatna.
“Dasar stres”. Tatangga sing kecewis.
Dukun lepus geus dijugjug. Dokter sohor didatangan. Ubar-aber nyoba tarekah ngan saukur balik mawa kasusah. Estu poek teu ngenyay-ngenyay acan. Poek nepi ka pun bapa mah tilar dunya.
“Dibere naon ari aing? Ieu awak kuat teu puguh rasana. Diracun aing teh?”. Ki Lanceuk ngalempreh saenggeus sapuluh taun ngalalakon.

CIMANUK 1

Kénging Setra Paranditha
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 15:56:21

Na wanci rereruh kolot di lemur girangeun tujuh pasancangan kuring masih uplek ngobrolkeun hujan nu geus ningalkeun usum, kurunyung sinyal saliwat ukur nganteukeun sms ti kang Liman, urang wewengkon ratu karamaan cimanuk, sms di bacakeun lalaunan “tos seueur totonden alam nu peryogi di guar” sajongjongan ngahuleng, ret kana handeuleum jeung hanjuang, puguh pan geus lila bingung kumaha nyampeur jeung ngala na, gutrut ngetik “boa-boa alam tereh bera lantaran urang teu bisa ngaguar totonden eta” sms teu ka kirim da puguh euweuh sinyal, cimanuk limpas cenah ngarawelan imah nu dijieun na tatajuran.

KUDA

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 15:53:19

“Kotoplak! Kotoplak! Kotoplak!” Sora talapok minuhan kamar. Talapok kuda. Kuda. Kuda lalumpatan dina tembok. Kuda hideung. Kuda bodas. Kuda hawuk. Saha nu ngabalapkeun kuda jeroeun kamar. Kamar lir tegalan. Sora tingjorowok. Moro naon. Kuda beuki ngalobaan. Sora ayeuh-ayeuhan. Boa aya nu perang. Talapok kuda nincakan awak. Nincakan sirah. Kuda. tinggarajleng asup jero awak. Tingberetek lebah urat nadi. Kuda seuneu. Silalatu di mamana. Moro naon. Bet siga anu patarik-tarik. Muru jajantung. Muru naon dina jajantung. Muru ketug atawa bangbaluh. “Kalbu! Kalbu Kalbu!” sora talapok minuhan kamar. Minuhan awak. Minuhan dada.

TETEKON

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 15:51:06

Ngalaman ngapung ka awang-awang pangluhurna meh neunggar langit, tidinya nyirorot ka handap ngagejeburkeun maneh ka laut pangjerona.Aheng pisan dunya di nagara sejen,aya salju, kembang tulip, menara eifel di paris, jeung gunung himalaya nu kawentar pangluhurna sadunya, kacida tirisna basa kadinya.”How are you to day”Aya nu nanya ku basa inggris basa keur di London, kuring bingung “ Ah abdi mah nuju kieu we, didinya mah moal apal lah” kapaksa nembalan, karunya ka nu nanya.Horeng nulis fikmin teh bisa bisa ngacacang kamana-mana sanajan ngan saukur apal tina elmu bumi, rek percaya heug teu kajeun da sakieu buktina.Kamari ulin ka Garut ka lembur babaturan ari kasampak keur ngawuluku, nu narikna onta lain munding, bae eta oge da fikmin ieuh, rek percaya heug teu kajeun.Mun isuk pageto kuring bareng udud di pos ronda jeung sayidina Ali, ulah interupsi da ieu mah fikmin, rek percaya heug, teu bae kajeun teuing kuma uing we!

BARUDAK

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 15:48:25

Regeyeng,pasaran digarotong ku opatan, koceak,..! nu di jero pasaran ngajleng kaluar.

PANGAJIAN

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 15:47:45

Teu kaop balangah sakeudeung, tat-tit-tut, tat-tit-tut, hang-hing-hung, hang-hing-hung, malah bieu mah aya lagu chérybelle-an sagala deuih: you are beautifull, beautifull, cenah kadéngéna téh. “Gusti, cik atuh barudak, ari ka masigit mah hapé téh tong dibarawa. Tendeun heula di imah, da moal lila ieuh, teu piragé nepi ka isya!” Hoak Ajengan Adé, harita. “Cicing hah manéh, Shinta. Ti tadi sms-an waé!” Ceuk Néng Irma, milu mairan. Hayang kapaké ku Ajengan Adé meureun ti dituna mah. “Heueuh sia téh ah, abong-abong awéwé, gararandéng.” Ceuk Cép Yanto deuih, teu katinggaleun. Sarua sigana mah hayang kaalem. Geus zamana meureun ayeuna mah di unggal masigit téh, teu kolot, teu budak. Mun aya pangajian atawa aya riungan, sok ngaharajakeun marawa hapé. “Subhanalloh!” Ki Udin, nu keur khusyu wiridan gé, teu wudu kagareuwahkeun. Jung, ki Udin cengkat. Nangtung. Nyamperkeun kanu keur sms-an. Teu kungsi lila, jebrod, jebrod, barudak nu keur sms-an téh ku Ki Udin dibabukan saurang-saurang.

CIPANON

Kénging Beni F. Syarifudin
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 15:22:08

Sesa hujan masih ting kareclak dina daun samoja.
"Punten, bade dielapan heula," ceuk angin bari ting raleos ka lebakeun jurang.

JANG USTAD

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 15:16:29

Bakating reueus, ti tukang seseledek ka payun nepungan Jang Ustad, “Ngageleser anteb-teleb tausiah nganggo basa Sunda téh” cékéng saéstuna, bari nyalaman Jang Ustad.
“Alhamdulillah...,badé ku basa Sunda tausiah téh saupami jamaahna urang Sunda mah”, pokna. Ngobrol sakedapan. Saur Jang Ustad Islam téh Nyunda pisan dina ngajén ka sémah. Jang Ustad nyarioskeun yén anjeuna kaisinan waktos nganjang nepungan doséna nu tos nyangking Prof. Dr.
“Soméah hadé ka sémah sanés jijieunan cacakan ka pribados muridna”, pokna Jang Ustad.

NONENG

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 15:05:43

Mimitina mah teu pira, uing keur window-shopping di Braga barang kareret Noneng keur balanja pangabutuh sakolana. Tidinya uing katewak pedah sapindahna kos uing ka Cicadas uing ngiles ti imah ki lanceuk di Cisurupan. Arek kumaha teu ngiles coba, kapan ki lanceuk sakitu bogohna teu sirikna ngudag ngudag ka Noneng, kapan ari Nonengna mah hare hare bae api lain. Anu matak heran naha bet Noneng kalah ka deukeut ka sim uing anu di taun 1959 kakara umur 14 meh saumur jeung inyana. Kapan ki lanceuk mah budak SMA gagah kasep jaba anak pangusaha jegud di Palembangna. Ari uing mah kapan kudu sarwa tumarima kana kadar, bari asa dipiceun ku kolot alatan mineng gering teu puguh. Ngan orokaya ayeuna mah uing kudu ngumaha ka Noneng anu menta kuring jangji pasini kudu ngajadi. Kituh. Enya lah moal matak rugi nuturkeun Noneng anu matak beuteung seubeuh duit weuteuh deuih. Ngan bakat ku mineng teuing Noneng datang paribasa "kapan Neng hoyong diajaran ngadamel peer basa Inggris ku Aa Eman." Salila lila bet taeun oge iluan baseuh ning. Hih, ka uingna mah asa kumahaaa kituh deuleu.

FRUSTASI

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 14:33:40

ngojayan hate anjeun, kadupak ombak
nyangsaya teu walakaya

MEREDIH

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 14:27:37

“Engkang kedah tanggel waler. Bonganna Engkang sok ngalajur nafsu. Kieu tah balukarna. Engkang mah tos ngaraoskeun nikmatna, nanging akibatna mung tumiba ka diri abdi nyalira. Abdi isin, Kang, isin …,” ceuk Neng Esih ngaheruk bari carinakdak cisocana. Pananganana pakepuk meresihan mie ayam nu tamplok kana lahunanana, alatan teu dihaja katoker ku panangan bebenena. Ret panon Neng Esih kana mangkok mie ayam bebenena nu tos ledis koredas, hatena beuki hanjelu.

“Atuh teu dihaja, Neng. Ke ku Akang urang pangmesenkeun deui …,” walon bebenena.

SISINDIRAN

Kénging Nurul Arifin
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 13:50:55

Riincik-ricang, rincik-rincang, giribig aya nyiruan.
Sidik pisan-sidik pisan, nu jabrig loba kutuan

KEUHEUL

Kénging Jaladara Nitis
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 13:42:09

Nyeul, dina hate timbul ambek. Sanggeus ngadenge omogan ti pamajikan nu mimdeung, jeung ampir kana unggal poena.
"Minggeus, montong ngomong wae gandeng, ayeuna keneh ku kami rek diberesan.!" Bari kop kana bedog tuluy di soren, ret kana parang rikat dijewang. Gidig indit, napsu ngagidir, teu di tolih sanajan pamajikan ngcempreng keneh oge. Lengkah ngahaja di gancangan, geus teu sabar hayang buru-buru nepi ka tempat nu jadi picacapekeun.
Barang geus nepi, teu anta parah deui, parang di heumbatkeun. Gabres.. gabres..! "Gara-gara sia, di imah aing jadi hariwang, pamajikan teu eureun ngecebrek wae." Bari ngahanca jukut gamlung, nu ngahieuman pepelakan.

HANJELU

Kénging Rudy Crysara
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 13:24:40

Katresna nu munggaran, sakiceup ngileus di teureuy kamelang. Hanjat kana luhur catang. Ngadangdingkeun ka asih, nyawalakeun ieu rasa, kasono kumalayang. Citeres haté hirup lalagasan, kantos miang pribadi disigér ka saban tempat. Kalunguhan oge banda taya nohonan panglipur lara. Kiwari nyampak hiji kembang raranggeuyan rupana bodas kacida, seungit sumeleber nyambuang kana ati. Ngagentraan cundukna waktu anyar. Nungtun kana kahadéan. Nyorang kana kabagjaan. Bet kieu ahirna. Sajeroning pikir duh Gusti rumaos bureng katalimbeng, kaasih nu geus dipibanda, bolay digadékeun bébéakan kana nafsu fatamorgana.

TEMA KORUPSI

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 12:58:17

“Korupsiiii…! Korupsiiii….!” Jang Remi Sadkar gogororowokan ti jero imah ngagareuwahkeun tatangga. Sup, Irman Dimyatie ngadatangan Jang Rémi nu masih gogorowokan, tuluy kaluar deui bari pok “Jang Rémi korupsiiiiii…!” Tatangga ting torojol, Mang Iwan Hanjuang lapor ka kapolsék, kapolsék lapor ka Kapolda, Kapolda lapor ka Kapolri, Kapolri lapor ka Mentri, Mentri lapor ka Presidén. Di imah Jang Rémi ngagonyok ti mimiti Presidén nepi ka baramaén, hayang nempo jalma korupsi. Aparat datang marawa bedil, rék nyangkalak nu korupsi. “Mana nu korupsi , téh?” ceuk Menhankam, galak. “Ieu uing nu korupsi mah, buru tulungan, lain ngajaredog waé, nyeuri yeuh teu kuat” Jang Remi nyeuleuweung . “Teu kuat kunaon?” Tanya Pangab. Jang Remi némpas “Aing korupsi! Cokor asup kana korsi!” Mangga Kang Tatang Sumarsono sareng Kang Wawan Setiawan Husin bilih bade neraskeun.

PILKADA TILU PARAGRAF

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 12:50:12

Si borokokok ménta dukungan? Bupati rék ngandidat deui? Ih, teu sudina gé abrig-abrigan abdi mah. Jelema gejul, gedé wadul! “Masing asak-anak ngéjo, bisi tutung tambagana, Ibu-ibu …,” sanggem abdi dina rapat akbar wanita sakabupatén.
Aku sich tida pduli banget ama pilkada. Tapi kalo oom-ku difitnah orang, apalagi oleh Bu Ajeng yang nyandang kedudukan tokoh wanita, aku mah kaga trima. Gitu loch. Semaruknya pribadi Bu Ajeng itu bagus, berani-beraninya jelekin orang di depan umum? Kagak, ya. Aku juga punya khabar, dia juga dulunya jelek, koq. Makanya aku bilang sama oom-ku. Aku kasih info, oom-ku kasih aku tiket pp ke Bangkok.
“Bapa rék mundur tina kandidat. Tong aya nu tumanya, komo ngabantah,” omong kuring dina rapat tim suksés. Saréréa calangap. Paduli, ah! “Sakabéh poténsi anu dipiboga ku urang, segemblengna kudu dipaké ngadukung kandidat nomer dua. Lamun manéhna mulus dina pilkada, anggota tim suksés ku Bapa rék diumrohkeun.” Gilig kuring mundur, sanggeus meunang info akurat yén ti antara calon téh aya anak Ajeng, ti kuring, anu keur leutikna digedékeun di panti asuhan.

PISAH

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 12:50:11

Aya rotasi pimpinan, hate asa melang, duh...gantina nu kumahanya? asa sono ku pupuhu nu bener jeung bijak. Sabada manggih beja rotasi, harepan nu geus pias jeung sepa teh, suay suay getihan deui. Melak sugan. Lain teu hoyong dipupuhuan ku pimpinan nu ayeuna, kasep, tegep, sembada jiga bentang pilem we, ngan damelna ngaluis jeung muser kana urusan dirina, heuh...ari urusan dipadamelan mah, kop be, nampi beres sareng mucekil. Teeetttt...waktuna rotasi, deg-degan, kabeh hareugeueun. Pimpinan gantina teh, pangawakannana leutik, sorana halon. Poe kahiji, biasa. Poe kadua can karasa. Poe katilu, eksenna matak ngajedud, jiga cengek, leutik tapi newewet. Kabeh surak bakating bungah. Alhamdulillah...dunya asa ngalegaan.

NGALIWAT

Kénging Ahmad Faisal Imron
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 12:09:51

INNA LILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN.

padahal eta pasaran rek diomean...

INDUNG KURING

Kénging Echa AnggieAni
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 12:07:27

Jam sapuluh leuwih. Paingan beuteung kukurubukan. Kuring kaluar ti kamar indung kuring bari mawa seuseuheun. Baju, simbut jeung sepre kotor. Kareret indung kuring. Nembe beres ngaleueut. Sup ka pawon. Apih, bapa kuring, nembe beres nyangu. Saragam satpamna tos diangge. Gagah pisan. “Meser angeun sop ka pasar, jung!” Kuring unggeuk. Balik ti pasar nyimpang heula. Kulutrak. “Ayu? Sareng saha ka dieu? Nyandak naon eta? Bade naon?” bu bidan naros bari ngusapan buuk kuncir dua kuring. “Nyalira. Ieu rencang sangu. Bade ningal dede. Aya?” walon kuring bari ngalengkah ka kamar bayi. Katingal orok beureum teh keur sare. Dibulen ku simbut. Dilampuan ongkoh. “Bu bidan, wios nya dede bayi ku Ayu dicandak uih? Teu kedah diurus ku Amih, Ayu ge tos tiasa ngadamel susu mah,” kuring ngaharewos. Bu bidan ukur imut. Salakina, dokter jiwa indung Ayu, netelakeun yen indung Ayu danget ieu pohara ngabahayakeun kasalametan orokna sorangan.

*fikmin kanggo pun biang, bidan nia kurnasih :-)

ADIL

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 12:05:33

Hirup pinuh pangorbanan
Kasusahan silih paganti
Wani kana kabeneran
Sien kana kasalahan
Ngajaga kahormatan bathin
Adil kana diri sorangan

ANGIN

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 11:47:48

Angin ngahembus te katingali die
Igelan ilalang ti handap bukit

LINGLUNG

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 11:31:00

Mang taun - taun
Kuring numpak kuda
Mulang ka Bandung
...
Nepi Bandung
Tapi Kuring jadi linglung

Ari jalan braga
Beh manaeun walungan Cikapundung
Bingung aing mah

Untung aing mah
Boga ngaran Untung
Aing tetep Untung

-uw-
bdg 24 sept 2011

BINGUNG

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 11:27:22

Mang taun-taun kuring ngumbara
Hayang balik !
Kacida hesena
Nepi bandung
Teu kahaja kabawa ku bis
Jurusan ka Karawang
Tapi kuring jadi bingung
Nepi nyoo mesin
Arek ka bandung
Tapi kuring jadi linglung
Ari imah kuring belah mana

-uw-
bdg ,20 jan 2012

KADO

Kénging Ayi Kurnia Iskandar
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 11:08:57

"Bangsat... Bangsat...!"
"Maling... Maling...!" sora nu ngagorowok ti hiji toko elektronik. Polisi rajol, jalma-jalma paburisat. Sora sirine pating galaur dibarung ku dor-dar sora pestol polisi. "Kamana lumpatna?" salah saurang polisi nanya. "Ka ditu." ceuk pelayan toko bari nunjuk ka beh wetan. Sora sirine tina motor jeung mobil polisi ting galaur teu eureun-eureun. Polisi mencar ngudag ka lebah nu ditunjukkeun ku pelayan toko. Jalma-jalma mingkin paburisat. Nu kaleyek, nu tikusruk, nu ngeukeupan budakna sieun ka kaleyek batur...
Hiji lalaki lumpat sataker kebek. Kesang ngoprot. Leungeunna ngeupeul hiji barang nu disumputkeun jero jaketna. Asup ka hiji gang. Salumpat salimpet dina sela-sela imah nu pagegeye.
Di tungtung gang manehna asup ka hiji imah kardus nu leutik kacida. Di jero imah, budak awewe umur 7 taun keur diuk sorangan. "neng, ieu bapa uih. Selamat ulang taun nya, ieu jam weker kado ti bapa ameh eneng teu kasiangan solat subuh...!"

KADO

Kénging Ayi Kurnia Iskandar
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 11:08:45

"Bangsat... Bangsat...!"
"Maling... Maling...!" sora nu ngagorowok ti hiji toko elektronik. Polisi rajol, jalma-jalma paburisat. Sora sirine pating galaur dibarung ku dor-dar sora pestol polisi. "Kamana lumpatna?" salah saurang polisi nanya. "Ka ditu." ceuk pelayan toko bari nunjuk ka beh wetan. Sora sirine tina motor jeung mobil polisi ting galaur teu eureun-eureun. Polisi mencar ngudag ka lebah nu ditunjukkeun ku pelayan toko. Jalma-jalma mingkin paburisat. Nu kaleyek, nu tikusruk, nu ngeukeupan budakna sieun ka kaleyek batur...
Hiji lalaki lumpat sataker kebek. Kesang ngoprot. Leungeunna ngeupeul hiji barang nu disumputkeun jero jaketna. Asup ka hiji gang. Salumpat salimpet dina sela-sela imah nu pagegeye.
Di tungtung gang manehna asup ka hiji imah kardus nu leutik kacida. Di jero imah, budak awewe umur 7 taun keur diuk sorangan. "neng, ieu bapa uih. Selamat ulang taun nya, ieu jam weker kado ti bapa ameh eneng teu kasiangan solat subuh...!"

UCING WEUREU SABUN

Kénging Iwan Yuswandi
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 11:03:11

Teuing kunaon imah kuringteh sok remen dipake sarare ucing. Teuing timana datangna tah ucingteh, da kuringmah teu ngukut ucing. Tempo-tempo eta ucingteh sok kapergo keur ngaherengan lauk dina balong leutik gigireun garasi.
Hiji waktu kuring poho neundeun sabun gigireun balong, urut ngumbah motor. Teuing kagedor kusaha eta sabunteh murag ka balong teukanyahoan. Balik ti masigit pamajikan hariweusweus bebeja yen lauk geus jengker kabeh.
Supaya teu mubajir eta laukteh kukuring diparabkeun ka ucing. Teu kungsi lila eta ucingteh kadenge eong-eongan baro ohek-ohekan. Sihoreng meureun eta laukteh bau sabun. Manateuing peuheurna eta lauk. Asa deleka ka ucing, padahalmah da teudihaja.

BINGUNG

Kénging Jaladara Nitis
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 11:01:54

Bari nangkeup tuur, kuring anteung ngalamun. Bingung mikiran bubutuh hirup, nu beuki meuweuh beuki maceuh, bujeung bujeung ka cukup,komo bisa nunda sesa, keur dahar sapopoe oge seuseut. Tampolana kapaksa kudu puasa alatan hirup sangsara.
Sabot anteng ngalamun dina lautan kabingung. Ujug-ujug aya cahaya nu mantak serab teu jauh tihareupeun. Jangelek jadi saurang Sepuh, "Ujang, lamun hidep hayang pinanggih jeung kabagjaan dunya, salamet akheratna. Wayah na kudu timukeun heula Rukun hirup nu salapan.!" Pokna, tuluy ngiles leungit teuing kamana. Molohok kaget.
"Gustiii..! Abdi teh bingung keneh, ngemutan kangge tuang oge kedah kumaha?. Bingung, ujug-ujug aya sepuh, nu duka saha, nu timana jeung kamana inditna?. Kabingung teh nambihan deui, keudah nimukeun Rukun hirup nu salapan. Ampuuun..!"
Bari anggeur nangkeup tuur.

TEMA PILKADA

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 10:09:58

“Kakang Bima, geura beunta, ayeuna poé Pilkada.
di Té Pé éS menggeus loba , nu rék nojos Wali Kota”
cek Arimbi ka akangna, nu ngaguher di kamarna.,
ngajoprak ti barang teka, saprak balik ti Jakarta.

“Jig wéh manéh nu dék milih , kuring mah cadu pipilih
Calonna eweuh piliheun, nu nyalon teu karoloteun
Keur kampanye loba janji, geus kapilih jalir janji”
Témbal Bima ka garwana, bari menerkeun sarungna.

“Tétéla Kakang téh golput, teu cara batur sasimbut”
“Lain Golput tapi Golprut, kuring mah Golongan Jeprut
Kajaba nu rek dicolok, Ayu Tingting nu betekok
Ku kuring bakal dirojok, sina dekok, sina legok”

“Montong kudu dirojokan,
mening gabres sakalian”
cek arimbi ka salaki,
bari jebi, bari kebi.

ANGER

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 10:05:45

Geus saminggu tujuh lalaki anu sarua pondok ngarana ngaliud hareupen di Kantor Catatan Sipil.Nujadi tujuan lain rek demo, tapi hayang ngaganti ngaran.Nujadi sabab ngaran maranehna unggal dibalikeun teh anger teu robah-robah.Tujuh lalaki nuhayang ganti ngaran teh nyaeta :" Oo,Uu,Ii,Ee.Omo,Imi,Unu ".

PAINGAN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 10:01:23

Paingan atuh nu daragang dina trotoar diarantep wae.Unggal satpol pp ngayakeun razia , ngan jalan eta nu tara katodel mah. Pantes atuh da jalan eta mah dibawah kontrol langsung bapa sekertaris dewan. Margi unggal saptu enjing anjeunna sok katingal ngersakeun ubral-obrol santey sareng para preman di eta jalan.

WARTAWAN KASÉP

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 09:38:51

Keur jongjon ngaliput, kerewek ditéwak pulisi. "Manéh ditéwak sabab geus ngalakukeun tindakan 'Perbuatan Tidak menyenangkan'. Sabab manéh leuwih kasép ti Saéful Bahri!" Bari baruntak kuring ngajawab, "Ké heula, sadérék parantos ngalanggar kebébasan pérs! Dina undang-undang pérs euweuh pasalna nu ngurus urusan beungeut!"

”ÉNÉRHI

Kénging Asep Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 09:07:44

Luhuhreun batu gedé, duaan anteng neuteup cai nu canéom héjo. Peuntaseun, katémbong leuweung nu geus ampir bulistir. “Naga, cénah nu ngageugeuhna !” bari nunjuk ka hulu cai. Jung nangtung laju pasang kuda-kuda, batu leutik nu dikeupeul di ayun-ayun rék dibaledogkeun. “Akang, nanaonan !” Dina nyaram sangkan ngabedokeun, “Ké nu ngagegugeuhna kaganggu geura !” Dina hariwang kana sumpah manéhna , lamun éta batu teu nepi ka peuntas tinangtu cintana bakal moal népi ka jucungna. Enya pisan, batu ngan ukur nepi saparapatna. Dina ngeluk tungkul, aya nu ngembeng na kongkolak, lalaunan ngeclak kana lahunanana. Manéhna ngabedega bari melongkeun batu nu ngerelep. “Ayang, émut kénéh nu dijelaskeun ku pa Asép guru fisika nu kasép téa geuning ?” Dina cengkat, katinggal carinakdak, “Tuh, lebah ngerelepna batu aya undakan-undakan cai terus ngaramat nepi ka sisi situ beulah ditu”. “Janten ?” Dina panasaran. “Muhun éta téh apan énérhi cinta nu ngaramat tina haté akang dugi ka sisi basisir haté Ayang”. Paroman marahmay deui. “Akang !”, Dina ngarangkul manéhna.

KARACUNAN

Kénging Totoh Abdul Fatah
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 09:04:51

Jang Juned dina waktu deukeut rek kawin ka nini-nini beunghar urang Ciseupan. Waktu ditanya naha bet daek, manehna ngaharewos “mudah-mudahan teu lila deui umurna....., mun geus meunang warisan rek gancang kawin deui ka Si Enok wanoja geulis urang Cicadas”.
Sanggeus dua poe ti saprak kawin jeung nini-nini beunghar, sa lelembur eyar, Jang Juned tiwas..., ngaluarkeun budah tina sungutna. Hasil otopsi ti RS “Jang Juned, maot alatan karacunan SUSU BASI”

JASA

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 08:06:00

Dua puluh tilu taun jadi penjaga sakola. Ngarep-ngarep piwelas dunungan. Lir ngudag kalangkang heulang. Basa cuw cew beja rek aya pengangkatan, manehna milu bungangang, sugan jeung sugan milik hade nu
karandapan.
Geus dua poe kuriak, ngaruag sacangkewok imah nu naplok kana tembok sakola, tempat nyiruruk manehna sakulawarga. Ceuk bapa Kepala, rek dijieun kantin sakola.
"Janten, eska abdi teh kumaha, Pa ?" pokna, basa dina hiji poe bapa Kepala ngaroris ruruntuk imahna.
" Wayahna Mang...da jaman ayeuna mah sagala oge kudu make biaya.."
Manehna ukur ngahuleng, letahna jadi heuras, balas ngagalo hunyudan jasa nu teu kacaturkeun jeroeun bahamna.

PARIS VAN JAVA

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 08:00:41

"The leuncang pool" ngarumplang tengah jalan warna coklat semu hideung. Sisi jalan, bengkel jalanan meakeun sapertilu aspal, tilu mobil keur dihampelasan, dua keur di cet, treuk ngajrugjrug parkir geus tilu poe, angkot ngaretem pasulingkrah, reg aya nu eureun rada tengah, kurunyung beca laju ngalawan arah, hareupeuna sedan weuteuh muter teu make sen, parkir motor ngajajar teu mere lolongkrang keur nu leumpang, keur macet motor pasuliwer dina trotoar, nu leumpang geus euweuh hakna pikeun ngalengkah, nu daragang pinuh handapan plang "Dilarang Berjualan Disini. Perda No. 123/2007." Basa uing asup ka gerbang kota, ngajeblag tulisan: "BANDUNG PARIS VAN JAVA."

VARIS VAN JAVA

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 08:00:03

"The leuncang pool" ngarumplang tengah jalan warna coklat semu hideung. Sisi jalan, bengkel jalanan meakeun sapertilu aspal, tilu mobil keur dihampelasan, dua keur di cet, treuk ngajrugjrug parkir geus tilu poe, angkot ngaretem pasulingkrah, reg aya nu eureun rada tengah, kurunyung beca laju ngalawan arah, hareupeuna sedan weuteuh muter teu make sen, parkir motor ngajajar teu mere lolongkrang keur nu leumpang, keur macet motor pasuliwer dina trotoar, nu leumpang geus euweuh hakna pikeun ngalengkah, nu daragang pinuh handapan plang "Dilarang Berjualan Disini. Perda No. 123/2007." Basa uing asup ka gerbang kota, ngajeblag tulisan: "BANDUNG VARIS VAN JAVA."

VARIS VAN JAVA

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 07:59:28

"The leuncang pool" ngarumplang tengah jalan warna coklat semu hideung. Sisi jalan, bengkel jalanan meakeun sapertilu aspal, tilu mobil keur dihampelasan, dua keur di cet, treuk ngajrugjrug parkir geus tilu poe, angkot ngaretem pasulingkrah, reg aya nu eureun rada tengah, kurunyung beca laju ngalawan arah, hareupeuna sedan weuteuh muter teu make sen, parkir motor ngajajar teu mere lolongkrang keur nu leumpang, keur macet motor pasuliwer dina trotoar, nu leumpang geus euweuh hakna pikeun ngalengkah, nu daragang pinuh handapan plang "Dilarang Berjualan Disini. Perda No. 123/2007." Basa uing asup ka gerbang kota, ngajeblag tulisan: "BANDUNG VARIS VAN JAVA."

BUBUR

Kénging Zulfikar Rasyid
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 07:55:26

Gebeg hate ngagebeg, naha kuring teh bet ngalamun, make abus ka gang ieu dagang bubur teh, pan juragan jawara bumina palih dinya. Kuring malik, na ana gorowok teh mani handaruan :" Bajiguuur kadieu". Kuring nyampeurkeun tungkul, "sanes bajigur juragan, bubur", ceuk kuring.
"Ceuk aing bajigur, bajigur, ngabantah silaing teh".
"teu pisan-pisan juragan" ceuk kuring, hate tagiwur ngawadahan bubur kana mangkok.
"Alus euy bajigur kana mangkok, asa anyar", kuring tungkul ngahephep.
Ngeunah bajigur teh euy, ngan rada asin, cangkalengna liat paranjang deuih, yeuh mangkok". Kuring nyokot mangkok poho kana duit pa mayar bubur mah, gancang we indit.

METAMORFOSIS

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 07:30:08

Salin jinis. Angger. Raga badag tanpa nyawa. Pindah ti galengan ka gedong sigrong. Unggah adat. Bosen dipupurah nyieuhkeun hama. Milu jadi hama. Katulah ku paribasa piruruhan dikatengahimahkeun. Dasar bebegig.

KABEBENG

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 07:20:00

Basa rek munggah haji teh walimatussafar-na ge meni mewah, siga hajat ngawinkeun bae. Terus basa keur di Madinah, ngahaja meuli karpet kandel buatan Turki nu langsung dikirim ka alamat imahna. Unggal malem Jumaah salila di Arab kulawargana ngayakeun hajat anu henteu sederhana. Ari ayeuna jalmana datang ka kuring, cenah rek nawarkeun imahna. "Baruk, bade ngaluarkeun bumi, teras Ibu bade ngalih ka mana?" Kuring nanya bakating ku heran. "Ah, ari tos pajeng mah bade milarian bumi alit bae di pakampungan. Nu penting kapiat ka bank tiasa dilunasan....," sorana halon semu putus harepan. "Ibu teh kaburu ku napsu hayang munggah haji teh, da rerencangan gerak jalan tos haraji sadaya, ahirna nambut ka bank.... ayeuna tos sababaraha sasih teu kabayar, tinimbang bumi dirampas ku bank, langkung sae artosan bae ku Encep..." Kuring ngahuleng. Deudeuh teuing, niat ibadah tapi tuna elmu, nu kaluar jadi kahayang tapi teu kauntup ku banda, ahirna kabebeng ku napsu, titeuleum ku hutang salaput hulu.......

SYAHWAT

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 07:16:58

Peuting ceurik balilihan. Ngarasa diri kotor leuwih ti Pelacur. “Neng, tos nolak a!,” sora tina tungtung HP. Kuring ukur ngarenghap. “Nu atos mah atos weh atuh! Neng, tong janten putus harepan,” nyoba ngagedekeun haté. “Ayeuna mah, Neng cobi ajak ngobrol Dany! kumaha kapayuna.” Isukna, subuh subuh kuring nelpon, sieun kuma onam. Tiap nelpon HP-na di reject. “Trilitt..,” sms di sada. “Aa, Dany nuju aya dibumi.” ..*1.

ANGGOTA DÉWAN MANTEN

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 06:49:06

“Eum, aya ku kaleresan, urang tepang di dieu. Ieu Si Ayi, aya ku pangling. Pun engkang mah ras émut waktos urang kapungkur janten anggota déwan. Seueur panineunganana nya, Ayi? Éstu jongjon jaman urang mah, da teu acan aya KPK, atuh rahayat gé tara seueur ceta. Ngatur anggaran sing rikip sareng lantip, tara dugi ka matak gareuwah. Éta geuning, Ayi, nu matak betah mah studi banding, utamina ka nagara deungeun. Heuheu, di dinya mah seueur pisan ... sssttt .... rusiah lalaki. Teu kedah salempang, asal dina waktosna mulang, oléh-oléhna ulah kirang ti dua koper.”
“Punten, Akang. Rupina Akang kasamaran atanapi lepat paningal. Bujeng-bujeng nga-DPR-an, abdi mah teu acan kantos martéy-martéy acan, da. Paling gé janten pangurus koperasi désa.”
“Oh, kitu? Punten atuh.”
“Dupi Akang taun sabaraha rubung-rubung di Senayan téh?”
“Jih, da teu acan kantos Akang gé.”
“Har, dupi éta saha atuh jongjon ngatur anggaran sareng ngiring bangsaning satuda-satudi banding anu seueur rusiah lalaki téa?”
“Nya, tangtosna ogé batur wé, anu jaman harita papada jeneng anggota déwan, anu rupina mah ayeuna tos jaranten manten.”

TAHUN KABISAT

Kénging Yusuf S. Martawidenda
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 06:23:48

Umurna ayeuna nincak 16 taun, nya poe ieu pisan jejegna teh, tanggal 29 Februari 2012. Tapi manehna bingung sawaktu rek niup kue ulang taun sabab kolotna ngan nyadiakeun lilin opat.

NAON ARI CINTA

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 05:55:08

Mun enya cinta euweuh wates wangenna. Cinta suci naon hartina.Cinta sajati naon hartina. Saha nu ngawariskeun cinta. Saha nu mere rasa kacinta ...dina sajeroning kolbu.Mun kitu. Naha cinta teh kudu diwatesanan.Saha atuh figur tuladan cinta.Meureun cinta teh teu cukup ukur ku bogoh,hayang ,butuh ...jeung resep wungkul. Banget nuhun Gusti Nu Kagungan Abdi. Upami teu aya kacinta Gusti ...tangtos abdi moal aya dikieuna.

WIWI

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 04:53:17

Mun isuk-isuk keur diuk ditepas, manéhna sok nyodorkeun kopi susu. Sakapeung
didaster kénéh, mindeng talobéh, palebah dadana poho di kancingkeun. Atawa mun
tos mandi, buukna katémbong kulimis, awakna ditutupan kénéh ku anduk.
"Kopi Mang," kituna téh bari imut.

Mun kuring keur lalajo tipi, manéhna sok gogoléran na korsih panjang. Maké indis
jeung erok. Mindeng kacocéng ténjoeun, sakapeung oranyeu, bungur, konéng,
beureum, bodas atawa kayas. Mun kuring keur gogoléran, manéhna sok
ngojéngkang ngadeukeutan tuluy mencétan tonggong kuring. Nu reuwas mah, basa
isuk-isuk, barang selot kamar mandi ngulutrak, ku kuring dihoyahkeun, manéhna
reuwaseun nepi ka andukna nyirorot.

"Geus gedé budak téh," pamajikan kakara pok basa rék reup saré.
"Enya, iraha atuh urang boga budak leutik ?" cékéng.

Pamajikan teu némbal, kalah nonggongan. Kajudi, lain teu hayang ngabagjakeun
kuring ku cara méré katurunan, keur sakuringeun mah cukup ku ayana Wiwi gé,
bisa méré kanyaah jiga ka anak pituin. Najan dina kanyataan, kuring tatanya,
naon nu sabenerna ayeuna keur ngancik dina haté ? saenggeus loba kajadian nu
matak anéh, saenggeus mindeng ditinggalkeun ku pamajikan pabeubeurang, duaan
wungkul jeung Wiwi. Teuing naon..

[Murengkedkeun carpon "Dada sangkuriang" karya Kang Rudi Riadi]

UTUN INJI

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 03:49:36

Kulisik kuring ngulisik,asa dina pangimpian.cep,.aya nu tiis meni nyelecep. acining asih mipir ceuli pating gilisir lalaunan mapay urat ngumbar rasa jeung kanyaah.
Di du'akeun ku ema cu,sing mulus rahayu berkah salamet,pait kulit pahang tulang.
gerentes ema bari ngusapan beuteung nu bencenong.teu ngarasula bulan bulan di beungbeuratan. karasa ngagaris kana emun emunan. Kuring teu sabar hayang gera nempo ema nu teuweleh ngandir asih ngumbar nyaah.

LULURUNG PETENG

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 01:57:29

Aya nu kudu dipanggihan. Haté gilig. Lunta nyuaykeun belegbegna peteng. Lulurung mimiti ngabalungbung. Tuluy nanjak. Punclut gunung geus teu katémbong. Nanjak teu reureuh-reureuh. Taya késang najan sakeclak. Taya lungsé najan sarénghap. Estu ahéng. Anjog ka hiji palataran. Resik tur éndah. “Rék lunta ka mana anjeun?” Aya sora tanpa wujud. Kuring neger-neger manéh. “Duka, kiwari kuring keur bingung.” Haroshos. “Rék manggihan saha atuh?” Nyusul tepus. “Saha waé nu sanggup nyidem rusiah tapi paham kana rusiah.”

UBAR

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 00:34:05

Geus aya kana sataunna Nyi Asih gering pikir, geus kaditu kadieu neangan ubar matih, dukun lepus geus disusud, paraji sakti geus disungsi, dokter mahir geus diangkir, tabib-tabib teu sirikna disirib, simshe geus ditalek, hanjakal nu ngaranna dukun lepus bet teu metu, paraji sakti elmuna can mahi, dokter kalah teter, tabib sareng simshe boboleh, tarekah estuning gaplah, parancah kalah gagal, tumbal teu mental, saena we aya sepuh waspada tingal, maparin bongbolongan, cenah pilandongeun teh taya sanes ku awi koneng saleunjeur nu diapit ku muncang sakembaran.

SASADU

Kénging Abah Ogo
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 00:33:22

Tamekar

"Nyai, hapunten Akang nya, salami ieu teu tiasa ngabayuan lahir sinareng batin sakumaha ilaharna salaki ka pamajikan. Dina laki-rabi nu meh campleng salawe taun, ukur biasana nambahan jumlah barudak nu geus salapan urang. Teu dong gedong sigrong, teu rong kongkorong, teu ceum perhiasan nu reunceum. Sakali deui hapunten salami ieu akang kasebutna tambelar ka salira.," pok teh teh sanduk-sanduk.
Dikitukeun teh jikan ukur nginghak. Duka aya sabaraha rasa nu digegem dina atina. Meureun aya rasa teu sangka salaki tukang ogo jeung dabrul teh make ngomong rada daria tur murwakanti sagala. Meureun aya deui dua rasa nu pagotot, antara ngewa jeung cinta dina atina.
Biwir kuring luway-lewey, ngadago inyana ngagabrug nembongkeun kanyaahna. Anu didago ku kuring teh hatena nyarita, "burung palung ge salaki sorangan, dabrul-adab ge jodol ti Gusti. Tapi najan geus sababara kedapan ngadago, eta budak mitoha nu pameunteuna kokoloteu teh anger wae mugem. Teuing era atawa kumaha. antukna kuring ngalieus miceun beungeut nu jiga beusi atah beuleum. Para wargi sadaya, cobi kinten-kintena ieu carios teh aya ngaharib-harib kana bentuk karya sastra?

MALATI PAPAES ATI II

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 00:22:08

Malati nu janten papaes ati, bongan bodas nyacasna sareng seungitna salira ngagembang diri, mugia salira nampi kaweningan tresna jisim abdi ku kasurti, jalaran jisim abdi teu wantun wakca balaka alatan sieun teu ditampi, pami salira nampi, bingah temenan ieu diri, bingah amarsuta bingah kagiri-giri, malihanan enjing pageto ge bade nyandak pameungkeut nu utami, dina rupi ali sakantenan ka ibu rama seja silaturahmi...

TENGAH PEUTING

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 00:20:54

Peuting beuki simpé, ukur jempling nu kadéngé, guling gasahan, teu bisa saré, rumahuh, hate geus tikelebuh, kabandang, seer ... imut anjeun ngelemeng, beuki jéntré, kumalayang dina implengan, minuhan lamunan. "Kang, iraha atuh urang tepang deui?" Ah ...

MALIN KUNDANG

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 00:13:38

Di Tanah Minang, kemis wagé bulan syafar taun 1980, Indung Malin Kundang nu keur nyeuseuh sisi sumur, kadatangan Gatot Gaca. “Nepangkeun, ngaran kuring Gatot, gagah tapi pétot. Kuring mawa surat ti Malin Kundang anak ibu, anu keur ngumbara di priangan” Gatot mikeun surat laju dibaca ku Indung Malin. “Mamanda anu bageur, kuring ngirim surat bakating sono ka mamanda. Kuring inggis disebut anak doraka ka indung , paur disupata jadi batu. Mamanda, ngarah gancang, cuang ringkes jadi maman. Kieu Maman, kuring ayeuna loba babaturan urang sunda, aya Sangkuriang, Si Kabayan, Ciung Wanara, Asep Supriatna, Godi Suwarna, Nana Sukmana, Dadan Sutisna, Toni Lesmana, AA Laksana, AA Tarmana, AA Gimnastiar AA Gatot Brajamusti jeung AA-AA sadayana nu aya di Jawa Barat. Maman, minggu hareup, kuring rék ngayakeun pésta ulang taun. Maman kudu datang ka Bandung. Lamun teu datang, anjeun moal diaku indung, tapi rék dikutuk jadi tangkal cau.

NAKAL

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 00:06:52

Hiji nini 60 taun leumpang ingkud ingkud ngadatangan pos jaga hiji Polsek.
"Lapor pak. Sayah diperkosa di kebon sama 8 lelaki." Paromanana marahmay, atuh matak bintara jaga pada bingung silih reret. Si nini dianteur kalebet bade diparios. Singkat carita personil diparentah kumendan nyelidik pelaku, anu cenah mah pada ngarinum wiseng samemeh ngagadabah ditengah kebon deukeut gardu jaga satpam parumahan. 8 nonoman dekil bau miras dibawa ka Polsek arek dipenta katerangan.

"Iyah betul mereka semua pelakunya." Saur nini bari kekeplok.
"Betul kalian memperkosa ibu dari Jakarta ini?". Selidik komandan.
8 lalaki ngora tea pada unggeuk bari kulumas kelemes budak sakola.
"Tuh kan pak semuanya pada ngaku. Tapi saya minta mereka jangan diapa apakan ya pak komandan." Gorowok nini bari ngeplakan halon pipi para nonoman anu tarungkul.
"Lalu mau ibu bagaimana? Kan pelaku sudah tertangkap." Pariksa komandan bingung.
"Mau saya mereka semua ditelanjangin bulat bulat sekarang juga." Cak nini keyeng.
Sanajan personil baringung tapi kan ieu mah delik aduan, jadi kuma pelapor weh. Singkat carita si nini jeung pemerkosa tea dibawa ka rohang tukang tempat popoean. Sapada harita budak ngora tea dititah ucul2 sakabeh pakeanana. Ana kitu si nini sirintil ngadekeutan. Laju nyintreukan hulu manuk hiji hiji bangun anu gemes, "nakal ... nakal ... nakal." ka budak sewang sewangan. Beres nyintreukan si nini ngaluarkeun acis terus mere ongkos ka barudak 20 rewu sewang. Terus bae disina baralik.

"Ari nini, kenapa atuh mereka kudu ditelanjangkan? Lalu kenapah juga disintreukan?" Cak hiji copet anu keur dipariksa. "Habis gimana yah gemes sih, dari tadi waktu di kebon sayah minta pada buka baju eh pada nggak mau denger. Pada sibuk sendiri."

DIJERAT PASAL UNDANG-UNDANG FIKMIN

Kénging Muldiyana Yusef
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2012 00:05:06

Numutkeun béwara ti Fikmin TV, artis fikmin Dery Andriawan, digusur ka pangbérokan Sukafikmin. Dery dikeunakeun pasal berlapis, timimiti lapis legit dugi lapis Ceu Édoh. Anjeunna divonis salami lima taun tatih di sisi tihang gantungan. Aya sababaraha kritéria anu ngabalukarkeun anjeunna dicangkalak. 1. Nyebarkeun béwara palsu, pajar Mat Gadil dibui, padahal Mat Gadil tadi gé nuju maén futsal di lapang badminton. 2. Tos dua kali teu ngajempolan fikmin Yusef Muldiyana II. 3. Aya sababaraha fikmina hilapeun teu nganggé contréng dina kecap é. 4. Kangtos ngajempolan tapi teu ngoméntaran. 5. Teu sumping ka UNPAD.
Anjeunna tiasa dibébaskeun tina perkara pami tos maparin léptop énggal ka Yusef Muldiyana Fulll. Ieu béwara didugikeun ku Meila Handayani.