Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Fébruari 2012 (85 Naskah)


PEUTING

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 23:32:52

Dina simpena peuting ieu,aya perang nulumangsung diimah dulur jeung sobat kuring.Nujadi alesan perang taya deui nyaeta:" Maehan Yahudi".Padahal mah kaum Yahudi teh unggal poe oge diperangan ku urang Palestina.

PANYINGLAR

Kénging Akang Ei
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 23:06:40

Panyinglar teh lain ku maca-maca nu teu pararuguh. Nu teu pararuguh teh kudu dijauhan. Dijauhan ku urang tur kulawarga. Kulawarga mana? nya kulawarga urang sarerea nu dilembur jeung di dayeuh. Tapi panyinglar tina sagala musibah jeung cilaka teh nya amal, neda pidoana indung bapak, milampah jeung panceg dina galur salaku muslim. Insyallah marengan urang sadaya. Amin ya robal alamien.

NU TEU KABAGI OKO

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 22:58:43

Haliwu ngitung oko nu tahlil, pajar geus diitung bulak balik, pas cenah, sakumaha jamaah nu ilu tahlil peutingan katujuh harita. Tapi geuning kurang hiji deui.
Mangkaning Bapana omat-omatan ulah aya nu teu kabagean, isin jasa cenah.
Keukeuh geus pas ceuk nu di dapur, keukeuh kurang ceuk nu ngabagikeun.
Barang sarerea mulang bari giak dawam ''Allohuma solli wassalim wabarik alaih'' aya nu cindekul di juru teu kabagean oko, dedegan jeung semuna, persis jeung foto nu aya dina Yaasiin nu dibagikeun.

PANGBABALER

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 22:51:55

Geus baku ari nyanghareupan peuting,komo deu malam jumaah.Sibungsu boga pangadatan adug lajeur tengah peuting.Lamun geus inget oge mikahayang karesepna teubenang dibangbalerkeun.Nu matak kuring bingun,gomlangan nu biasa paranti neuleumkeun sibungsu nepi kautah uger lamun si bungsu ngadat.Peuting ieu kunu boga gomlangan dibere tanda teu bisa dipake teuleum.Manawi saha nu kagungan jampe pameper pangbangbaler karesep Sibungsu ?

NU NYARANDE DINA TETENGGER

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 22:49:05

Neng tos wengi ieu teh jabi malem jumaah, uih atuh!."Dilebet teu aya sinyal kang".

LAIN ETA

Kénging Akang Ei
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 22:44:39

Lain areng nu ngebul haseupna make menyan bodas. Lain meuncit domba atawa sapi keur wadal terus huluna diasupkeun kana jero taneuh nu nyeceb jero. Lain roti dikeureutan kanu gelas jeung cikopi hideung tur cikopi amis. Lain kembang sedep malem jeung surutu. Lain baju pahideung-hideung atawa pabodas-bodas nyacas diparake. Lain tasbe nu pararanjang jeung galede. Tapi ngaderes quran eta nu panghadena tuluy dipungkas ku ngadu'a masrahkeun diri madep ka Ilahi Robi. Salawat salam disanggakeun ka Jungjunan Muhamad SAW.

SINYAL

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 22:36:46

Digalar-digilir angger wae. Disintreukan malah beuki angot hese hirupna.
Na kudu dikumahakeun ieu teh?
Sinyal teh lup-lep..lep-lepan wae..
bangun siga nu ngabibita majum ieu teh..
permios ah, sanes kirang sono
dikantun linggih
wilujeng wengi ka sadayana.

MUHASABAH

Kénging Akang Ei
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 22:30:03

Sabenerna lain kuring jalma nu sampurna, lain kuring jalma nu pangbenerna, lain oge nu panghadena. Tapi kuring mah ngan ukur jalma biasa. Kaula lain oge nu pangalusna dina laku lampah. Tapi terus milampah kahadean ulah eureun nepi ka pegat ieu urat beuheung. Urang silih wasiatan kasasama dina hirup sapopoe. Euwueh jalma nu mawa harta banda ka alam kuburna. Gedong sigrong moal digandong.Tapi amal nu bakal marengan.Basa teh ciciren bangsa. Agama ciciren urang teh ciptaan Mantenna nu murbeng alam.

WENGI AYEUNA

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 22:22:15

katresna wengi ayeuna mugia kacandak ngimpen mamanawian tiasa bari ngetang renghap napas nu tiasa ngahaneutan raga bari ngangkleungkeun jiwa kana impenan anu nyata bari kedal dina gunem catur sok sanaos mung saukur sareng dangdaunan atanapi hiliwirna angin tiis lebah kiceup bentang dina remeng-remengna cahya bulan nu imut manis pinuh kasurti.

TUNGTUNG UMUR

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 22:01:11

Arék jung pisan ka pagawéan, basa Ajengan Apip hariweusweus. “Jang, wayahna tepungan heula Emang hidep. Bisi kumaonam, ti peuting mula nyambat waé Ujang”. Duaan rurusuhan muru tengah lembur. Pareng ngaliwat kanu keur kerja bakti. “Aya naon Ajengan, rurusuhan?” érté Eman nanya. “Kang Komar ripuh”. “Weureu warisan meureun” aya nu nyarita bari nyeuleukeuteuk. Nyentug kana angen. Enya gé Emang boga sifat jeung kalakuan nu teu dipikaresep batur, ngadéngé omongan kitu mah mangnyerihatékeun. Duh, Emang. Dina tungtung umur téh bet pada ngajejeléh. Nepi ka imahna nyampak kulawarga Emang katut tatangga nu dareukeut. Ngariung nu gering bari maraca surat Yaasiin. Dina dipan Emang ngagoler pikawatireun. Beungeut sepa. Renghapna siga nu beurat. Gancang leungeunna dirampa. Nyecep. “Emang, ieu abdi”. “Hampura Emang, jang”. sorana halon méh teu kadéngé. “Sami-sami Mang, urang silihlubarkeun”. Leungeunna pageuh ngaranggeum ramo kuring nepika lesna nyawa ninggalkeun raga.

ALIH PROFESI

Kénging Wida Waridah
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 21:52:32

sing sumpahna ge, sono pisan mikmin teh. Kalan-kalan sok sirik kanu unggal poe posting fikmin. Da nya kitu tea, kuring mah geus lila teu bisa mikmin. Padahal sagala tarekah geus dicobaan. Ulin ka alun-alun tea mah, jalan-jalan mapay trotoar, nepi ka nyobaan ngagoler di tengah erel kareta, tapi da eta sakadang fikmin teu jebul wae. Kuring aral. Enyaan aral. Matak, ti danget ayeuna mah rek nyobaan alih profesi, moal deui nyieun fikmin. Tapi rek dagang weh. Enyaan, rek dagang. Matak, tong rarewas nya, pami hiji waktu kuring muka lapak di ieu tempat.

LSM

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 21:48:33

LSM, tah muhun LSM alias Lembaga Swadaya Masyarakat, teu di kampung teu di kota ayeuna nuju ceuyah, lir renungna sirung-sirung, dug deg diditu didieu, najan modal dengkul bari rapatna di sisi jalan, nu penting gaya bari pura-pura andil ka balarea, padahal andilna teh susuganan meunang dana, najan nu mere danana kapaksa tapi kudu bisa mawana, sabab nu ngaranna kapaksa, moal karasa barokahna, matak memeh sagala rupa teh lenyepan heula lengkahna, ceuk basa kolot tea mah kudu bisa ngaji diri pikeun kahormatan diri bari bisa ngajaga diri

BINGUNG

Kénging Taufiq Maulana
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 21:40:06

awak tariis,,,,luak lieuk,,,naha awak kuring bet di caleungceurikan tur pada ngagugulung,,kunaon,,,,

INBOX

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 21:35:11

Barang bray muka fésbuk, katingali angka 1 beureum handapeun tanda pesen. Atoh. Sugan wé balesan nu didago-dago. Panasaran dibuka. Gebeg, kabaca tulisan “ Lalaki Tunggara …Akang sono! 5 menit yang lalu”. Siak, bulu punduk ting sariak, késang tiis maseuhan tarang, awak ngadégdég. Gancang-gancang komputer dipaéhan. Hujan masih ngaririncik. Peuting karasa beuki keueung. Meunang pesen ti manéhna, nu karék kamari maot.

HAPÉ SIMPÉ

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 21:10:30

Hapé simpé. Sora pamajikan nu nyarékan, kabogoh nu ngajak, jangjian, jeung kuda liar nu ngamiskolan, keukeuh menta ditunggangan, peuting ieu ngadadak laleungitan. Dina inbox, sms jorang sayangsayangan ti selingkuhan, can didélétan, karungu deui hégak nafasna, awor jeung gantawang mitoha. Meupeus keuyang.

Mun geus kieu, sora anjeun sok digero lebet angen, diucapkeun lalaunan kawas maca sajak Pandita. Kalankalan dihariringkeun ku qasidah burdah pangnyeuitna.

Geuning can keneh aya alatna, sabot kumejot hayang tepung, anjeun anjog sakedapan. Sedeng kamelang nu gudawang, teu daék pungkas ku sholawat. Ukur peurihna kaasih. Nyamuni, rembes dina cimata.

DASAMUKA

Kénging Pungkit Wijaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 21:08:39

Horéng anjeun nu ngabedega. Seuri ngabarakatak. Teu kungsi lila ngomong bari melak cangkéng. "Bejakeun aing raja didieu, aing teu sieun kuparang" Bengeutna jadi sapuluh, meber, sarupa, teu miceun sasieur. Peuting harita sagara ngaguruh. Naha dugi ayeuna bengutna kabayang-bayang, asa nempo tiap juru imah, di alun-alun jeung di kota. Ah, Dasamuka!

SALAH TEMPAT

Kénging Nunks Surya Anugrah
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 21:05:33

Bakat ku sumanget hoyong nulis,teu titingali ngadamel fikmin di status simkuring,ari tos rapih....beuh nembe sadar,ieuh singhoreng salah tempatna....he he..

NU KALEUNGITAN HATÉ

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 21:02:49

Wanci sareupna. Simpé. Taya nu wani ngulampreng. Bulan mabra. Lampu. Mapaésan jalan kota. Hotél nyarundul langit. Kawas euweuh pangeusian. Tangkorak. Ngahunyud. Di tiap tempat runtah. Getih garing, ngahias témbok, gedong-gedong. Cungungung. Anjing babaung. Meupeuskeun simpé. Pangeusi kota. Pating rarénjag. Panto, tulakna dideubeul. Ceuli rancung. Ngadédéngékeun. Sora. “Tah, nyumput!” maréntah ka anak pamajikanana. Gusrak. Gusrak. Léngkah saténgah digusur. Jebréd. Kampak ngahanca panto. “Cilaka!” luncat tibabaranting. Jedak. Awakna neunggeur. Habek. Kampak nampol sirah. Cer. Getih. “Ahhhkkk....ampun!” ngudupung. Hiuk. Preng. Gulutuk. Sirah mecleng. Disamber gurilapna kampak. “Haté....mana?” sora peura. Beurat. Kitu jeung kitu, tiap geus nyabetkeun kampak kana beuheung manusa. “Haté....mana?” preng. Ngagelenceng deui, sirah pangeusi imah liana. Seuseukeut kampak lamokot, getih. Gesruk. Gesruk Muru deui mangsa. Dadana bolong. Haténa. Leungit.

TRESNA DASAMUKA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 20:59:42

Ceuk balarea kula teh raja angkara, enya rumasa, rumasa pisan mun kula teu weleh ngagugulung kaadigungan, tapi kula lain Sri Rama atawa Laksmana nu teu bisa mere kidang kancana ka Shinta, najan kula lain sasaha, ngan saukur raja Alengka, klula tetep micinta Shinta nu teu weleh ngajaga kahormatannana. Beda jeung Sri Rama nu teu percaya kana katresna Shinta nepi ka tega ngagebruskeun Shinta kana seuneu nu ngabebela. Wajar mun kula ngiwat Shinta lantaran geus nyaho ti anggalna, Sri Rama cangcaya kana tresna Shinta, hanjakal katresna kula ka Shinta teu beda hinis kapeurih nu teu weleh nurihan ati

TETEH............!!!!!!!!!

Kénging Bening Selaksahati
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 20:48:12

" bu kade hilap dinten Saptu arisan keluarga di bumi ceuceu Eti " ceuk bapana ngingetan .
" muhun hatur nuhun diemutan berarti enjing nya pa "
hate noroweco duh.... si ceuceu mah mangka cedihan jeung poyokan kadituna na mah poksang asal nyangsang heu heu heu , jadi nyerengeh sorangan. Kulutrak mukakeun panto lomari baju nu paling anyar , tiung jeung sapuratina geus disiapkeun rek tampil jadi Mrs matching tea ceuk bahasa gaul barudak mah.
Pasosore si cikal amitan rek ka nini ti bapana di Sindanglaya, tiap saptu mah da teu sakola.Isuk - isuk geus beres sagala rupa da rek ka arisan tea , bapana ngadagoan bari maca koran di teras imah.Barang muka lomari kuring ngarenjag baju jeung sapuratina geus teu nyampak , hate mentegeg ka bina - bina geus moal salah deui, akhiran rap we make baju nu pulas panci kameumeut tea, disingkaban tiungna anu sanada lebeng akhirna dipadukeun we jeung nu aya, amarah mimiti naek geus moal salah deui wae, kurah koreh kana wadah bros ngan aya nu semplek saeutik duka kamarana , akhirna amarah bedah......... tetehhhhhhhhhhhhhhhh !!!!!
" angger ari tos gegerewekan teh " ceuk bapana bari nyerengeh , indit ka arisan bari rada ramisak handeueul jeung keuheul tap[i teu bisa kumaha dan bongan awak saukuran jeung si cikal. Cag ....ah cape .

SAHA NGIWAT ??

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 20:43:17

Sanajan teu geulis.Amis cau tur bulu ipis jiga kumis mapaesan pameunteuna nu marahmay.Manis,mantak kataji.Tepung di lamping nalika kuring saparakanca nyumpit bebence.Bari metik pucuk teh,Nyi Mojang ngahariring.Daria.
"Trang-trang kolentrang,Si londok paeh nundutan,Tikusruk kana durukan,Mesat gobang kabuyutan".
Mantak gantung denge.Hujan miribis dumadakan raat."Kayungyun.."ceuk Ateng."Hayang wanoh,"Jaka ngagebahkeun lamunan."Sarua uing ge,"Daman sapamadegan.
Sataun landung.Jauh dijugjug anggang diteang.Hanjakal Nyi Mojang geus suwung.
"Aya nu ngiwat.Karaman ti dayeuh!"ceuk urang lembur.Can kapanggih laratanna.Tug nepi ka kiwari.Naha bet inget ka babaturan?

TAKDIR

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 20:37:25

"goyang dombreeet..ah!, goyang dombret, saya sinden cuma nyanyi, silahkan akang bergoyang.." sora Selvi ngagelik di juru diskotik dangdut Jalan Sudirman. imbitna diabur.

"Walau harus pulang pagi...asalkan akang senaaangg..", sorana beuki lila beuki serak, awakna mah terus ngagitek tapi hatena tagiwur inget ka anakna anu keur gering panas.

Peuting mimiti pucet, geus subuh. Selvi gura giru muru imah kontrakan. katingali anakna keur sare tibra. "rerep panasna meureun, nuhun gustii..tadi mah meni panas pisan, Eneng..ieu mamah mawa duit, isukan urang ka puskesmas nya.." gerentes hate Selvi.

Gap kana sirah anakna, aya kesang ngulampreh dina tarang anakna. barang dihudangekun, awak anakna oyag kabeh

(disarikeun dina sajak kuring, nopember 2003)

NAMU

Kénging Moeflich Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 20:35:39

Namu I:
Panto dibuka, pribumi nyambut kalayan daria. Bungah ku kadatangan rombongan sim kuring saparakanca. Uing ngabetet embung asup. Pribumi jeung tamu aruplek ngawangkong saromeah. Uing ukur surungah-serengeh kapaksa. Diuk teu loba carita. Teu betah. Nalika balik bungah kacida jiga kaluar ti penjara.

Namu II:
Bray panto dibuka, pribumi can ngajawab salam-salam acan, sup uing ka jero. Meja korsi ditubrukan. Tembok ditembusan. Gajleng lungak-longok ka unggal kamar neang manehna. Nihil. Cenah can mulang ti pagawean. Tapi kuring bungahna kacida.

"Tah kitu bedana sukma anjeun basa dibawa ku kolot diamprokkeun ka Isah nu teu bogoh jeung basa apel ka Asih pilihan anjeun." Ceuk Mama Ajengan, ngajentrekeun basa uing namu kadua eta wanoja.
"Leres Mama. Kitu pisan!"

GUSTI..!!

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 20:14:37

"Gusti, nalika pamuji ditujukeun ka diri abdi naha abdi bet ngaraos agul, nalika aya nu ngahina kunaon abdi ngaraos panas, nalika abdi seueur harta naha kedah ngaraos sombong, nalika nuju walurat naha asa ku sieun sangsara. Gusti, pasihan abdi kayakinan nu weweg panceg yen sadayana mutlak Qudrat sareng Iradat Salira!"

RENDENGAN

Kénging Eva Nurlianah
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 19:57:56

Dua usum. Mangsana kuring réndéngan jeung hujan getih. Ngeueum nagri nu sarwa ahéng. Nyaksi pangeusina nu pagaliwota muru lawang getih. "Haah! Getih aranjeun teu patri. Teu kaambeu hanyir-hanyirna acan. Teu katempo pulas beureumna." Nu nyarita nulak cangkéng. Beu! Ieu mangkeluk bangkawarah. "Mati rasa sugan andika mah?" omong kami hémeng. "Teu rumasa." Nu nyarita teugeug bari ngabalieur. Lain batur dungdeng kieu carana mah. Nu aya, kami mingkin rosa nyicikeun getih. Teu ieuh miroséa nu nulak cangkéng, najan teuteup baturna nganjrek kamelang. Tutas dungdeng jeung manéhna, kuring maju ka tilu usum. Mubus ka pajaratan. "Ari anjeun réndéngan jeung saha?" Nu nanya neuteup ijid awor jeung imutna nu ngagelenyu. Ari kuring bet galau.

DI PAJARATAN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 19:43:31

wirahma halimpu ngagalindeng tina lambeyna nu disarengan ku rasa, jalaran haleuangna mung kanggo beubeulahan jiwana nu tos kulem handapeun samoja, sok sanaos nembe tadi enjing dikurebkeunnana, namung keclak cisoca teu weleh kausap remana, jalaran aya rusiah katresna nu teu acan kakedalkeun ka salira, Gusti mugia ditampi iman Islamna.....

ISTUNING

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 19:32:19

Nyanghareupan peuting nu kawilang karamatna. Tisuk-isuk keneh, geus tatan-tatan nyiapkeun mangrupa akar-akar nu ceuk beja mah aya maunatna keur tandang makalangan. Lamun neupikeun :" Miley deu-miley deui"geus tangtu samagaha bulan moal bisa ditolak.Kantun ngantos wanci yeuh !

ZOMBIE

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 19:28:01

Peuting beuki simpe. Sora cihcir nambahan ketir. Angin leutik ngahiliwir ngendagkeun pucuk-pucuk daun Samoja. Di luhureun hiji makam nu tadi isuk dikurebkeun. Taneuhna mimiti oyag. Lalaunan taneuh beulah dibarengan sora recet jiga anak hayam. Teu lila aya dua leungeun roroesan kaluar tina makam. Nyingray-nyingraykeun taneuh nyieun jalan pikeun ngaluarkeun awakna. Gajleng.... !!! Hiji waruga nu masih dibulen boeh kaluar. Beungeutna pias. Sorot panonna hurung. Sungutna ngagerem badis sora maung lapar. Igeug... igeug leumpang muru hiji imah di tungtung lembur.
Isuk-isuk saeusi lembur rame. Ngumpul di hiji imah nu rada nenggang ti tatangga. Ngariung ngarubung-rubung mayit Dukun Ki Joko Tolol nu awakna tinggal sapotong......

SYUHADA ALLOH

Kénging Wangsa Urang Subang Pituin
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 19:18:58

"Sa'ad palastra !" ... "Sa'ad Palastra !". kadenge gorowokna para Mujahid di medan laga nu keur campuh merangan musuh, ting belentrangna pakarang matak ceuli katorekan, pating hariukna congo tumbak matak seber pikeun jalma nu epes meer. Geuwat sang Jungjunan ngarawu bari tuluy mangku mastakana Sa'ad, "Berebey!" katingal cisocana ngaberebey maseuhan damisna, "Nyeh imut !" tapi teu kebat da tuluy ngabalieur. "Duh jungjunan ! naha bet salira aya ku aneh, ngawitan salira nangis, naha bet teras imut ngagelenyu, teras nu matak aneh deui mah naha bet panungtung salira ngabalieur ?". "Kami Ceurik, sabab kami mikaheman, mikaasih ka salah saurang shahabat kami nu ayeuna palastara di medan laga, tuluy kami seuri, sabab kami bungah ningali kaayaan Sa'ad disagedengeun Alloh nu meunang kabagjaan lantaran jadi Syuhada', terus kami ngabalieurkeun beungeut, sabab kami ningali bidadari-bidadari sawarga nu katingali lebah bitisna nu koneng umyang, nu ngarubung mapag Sa'ad nu bakal jadi pisalakieun maranehna".

MANDALA ATIKAN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 19:18:38

geus sakuduna mun mandala atikan jadi puseurna budaya, elmu pangaweruh, teknologi jeung demokrasi, nu tangtu we demokrasi nu nyata. Hanjakal nukuduna nyata jaman ayeuna bet can aya, alatan diteureuy ku nu resep kana gurilapna dunya, sabab nuj kasebutna nyata bari mangpaat keur balarea dianggap taya gunana. Geura we kurikulum jaman ayeuna naha bet kudu diselapan ku karakter tapi conto ti luhurna bet teu nyata, antukna kabeh nyered ka lebah pabukon sakola nu saukur jadi formalitas nu realisasina nepi ka ayeuna taya bungkeuleukannana

MALJUM

Kénging Abi Ceuceu
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 19:16:32

Bentang baranang, cahyana ngempray nyaangan hate-hate nu keur ngojayan sagara katresna..

"Jungjunan..!!" Bari imut dirina ngahiap.
Kuring surti...

TETENGGER

Kénging Ari Andriansyah
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 19:16:01

Cungcuing. Ngelak deui. Kumarayap kana rampidak caringin. Rerekah samoja. Hanjuang. Mangpirang tetengger. Amayak rampé. Katut taneuh beureum nu haben diguar jeung dikaluat. Di antara rénghap balébat jeung teuteup sareupna. Manéhna. Maneuh ngagecruk. Marengan saréwu ngaran saru. Sarta saban titimangsa nu ngagedat dina jajantung. “Abah sia, arék nepi ka iraha mulak-malik taneuh beureum? Batingéling, pangaji teu mahi jang daah!” Sora pamajikanna. Ngararas dina ingetan. Bareng jeung anakna nu lawas nilar. “Hampura, lain teu ngaragap haté manéh, Sim. Wayahna bé, kuburan pamajikan jeung anak manéh kudu dipindahkeun. Tanahna geus dibeuli ku Si Engko.” Sora kuwu. Niruk kalbu. Sora nu nganteur leungeunna ngoréh deui tulang-taléng kulawargana. Nu nepi ka kiwari masih kénéh dikarungan. Taya lahan pikeun ngurugan. Manéhna. Maneuh ngagecruk. “Sim, makam handapeun caringin wayahna pindahkeun. Ka mana bé, da geus euweuh ahliwarisna ieuh. Isukan rék dipaké makam urang kota.” Deui-deui sora kuwu. Tapi Manéhna. Terus ngagecruk. Lalaunan. Mayit kakoréh. Bréh. Rorongkong ragana sorangan.

PABRIK

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 19:10:30

Horeng Senayan teh geus robah jadi pabrik koruptor bari dikemas ku tukang bodor make label cap banteng, cap kebo, cap bentang, cap bulan, cap sagala rupa nu puguh gambarna bari terus diiklankeun di media masa bogana nu keur kumawasa

SAYUR LANGIT RUJAK BULAN

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 19:07:20

“Kang, ieu orok moal waka dijurukeun lamun akang can mèrè sayur langit jeung rujak bulan ka kami.” Geus opat puluh bulan umur kandungan pamajikan, tapi orok tacan borojol kènèh. Dumèh geus ti baheula pamajikan nyiram hayang sayur langit jeung rujak bulan. “timana atuh kuring rèk menang sayur jeung rujak eta tèh, ti kahyangan? Ganti waè atuh ku bubuy bulan sangray bèntang. Sarua meureun?” . Ceuk kuring ka pamajikan “Embung, kami mah keukeuh hayang sayur langit rujak bulan” kitu tah tèmbal pamajikan. Mangpuluh tahun kuring nèangan, tatanya kaditu kadieu, tapi can manggih waè. Lamun mentana bubuy bulan mah, gampang, tinggal nèangan mp3 na tuluy dibikeun ka pamajikan. Ari Sayur langit rujak bulan mah kapan euweuh laguna. Tapi kuring yakin bakal manggihan naon anu dipikahayang ku pamajikan; asal urang ikhtiar , Gusti Allah mah pasti mèrè jalan. Genep bulan lilana kuring ibadah ka pangeran, teu kaliwat Sholat lima waktu jeung tahajud, ngan kaliwat tilu kali Sholat subuh jeung tujuh kali teu jumaahan. Unggal sumujud na sajadah, kuring mènta tulung ka Gusti, sangkan bisa nyumponan kahayang pamajikan. Tengah peuting basa kuring Tahajud, pas kuring ruku, naha ieu pikiran bet ras inget ka Fiksimini Basa Sunda? Satutasna Sholat Tahajud, kuring muka internèt, nyieun fiksimini nu judulna “Sayur Langit Rujak Bulan”. Sanggeus bèrès, èta Fiksimini dibikeun ka pamajikan. Naha da teu kungsi lila pamajikan ngajuru, budak kuring lahir, kasèp naker. Awak beresih siga Ėsih , gado siga Godi, huntu siga Nyimas Kanjeng Ratu, panon caang siga Iwan Hanjuang, tuur siga Yadi Fathur, lamun seuri siga Jojo Johari, sirah siga Siti Syaja’ah, lebah pangambung siga Ki Hasan. Nya ku kuring budak tèh dibèrè ngaran Si Fikmin.

PADALARANG

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 18:59:32

Cai hérang. Cai asih nu kungsi nyimbeuh urang. Jujukutan nyéngléd, lampu néon mah geus tiheula bruy bray. Bulan jeung cika-cika katembong kingkin. Duka ti mana, lalay leutik jol euntreup luhur lamunan. Atuh kapapay sasakala cinta nu kiwari keur dipaju. "Hilda tëh kapi adi Lastri. Dirorok tileutik ku Engkingna." Rênghap karasa beurat tur panjang. Jalan ka Padalarang, cai hêrang jeung asih urang.

MALEM JUMAAH

Kénging Kangeri Kustiaman
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 18:45:44

"Naon nu kudu diheulakeun, Mah ?"

MAHSYAR

Kénging Nun Bulan
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 18:43:01

hiji mangsa bakal aya hiji pagelaran yen sakabeh indra cumarita jeung ngadakwa iwal ti biwir nu diwengku jeung letah nu dipaku.

CAI HERANG

Kénging Gunawan Sejati
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 18:35:33

haritateh teh malem juma'ah kaliwon diluar poek mongklen buta rajin, angin ngagelebug nemrag dangdaunan anu pating arulang siga anu ngagupayan, sakapeung kadenge sora ajag babaung tigajauhan sorana singsaleor ka unggal madhap mata kukurayeun, matak maruringkak bulu punduk.Dihiji kastil lamping gunung lebah pojok meja bartender rentang-rentang aya vampir bosongot ngagedig nyampeurkeun : "Menta Getih Parawan Siah" !! "Gancang"!! pok nateh Kasar jeung garihal. Acange cengkat bartender, ana koleang ti lebah para aya anu nyirorot " Cle" ! nangtung ngabedega dina meja bartender bari haok ngomong tarik naker "Aing pesen getih orok beureum siah ! Buru" !!..karekge cengkat bartender, tina lebah congang (paranti jalan beurit)..aya haseup ngelun asup terus ngagedean ngajangelek jadi Vampir tengah tuwu, buuk ngarumbay nuruban beunget terus lempang ngagaleong nyampeurkeun Bartender pok nyarita leuleuy naker :" Punteh ah..abdimah pesen cai herang we " bari imut ngagelenyu...

KARNA TANDING 6

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 18:31:10

Basa Batara Surya tiasa ngawasa deui giwangkara, sumiratna nyaangan Tegal Kurusetra teu kinten lelebna, sok sanaos mastakana tos misah, raga Dipati Karna masih ngadeg malihanan pananganna masih nyepeng jamparing Wijayadanu. Arjuna lajeng ngabujeng raga Dipati Karna, lalaunan diebogkeun, ret kana mastaka Dipati Karna nu ngacleng tebih tina ragana, Arjuna ngarenghap bari teras muru mastaka nu katingalna imut, socana nu nganclang teu benten ti rebuan kembang tarate dina seungit malati nu angin-anginan.
"Karna...nyata geuning anjeun teh sajatining satria, salira lalaki lalanang jagat nu kedah dihormat...." gerendeng Arjuna nu diteuteup ku Batara Kresna.
Batara Kresna ngarenghap, manahna ngagerentes, hampura Kakang Yayi Arjuna, nu diala nyawa ku salira teh apanan raka salira... engke pami dugi kana waktos, salira bakal uninga saha saleresna nu dipateni ku salira....."
Tegal Kurusetra ngahaeub ka sareupna. Simpe. Perang Bharatayuda kapegat ku uga mangsa reureuh.

KARNA TANDING 6

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 18:30:15

Basa Batara Surya tiasa ngawasa deui giwangkara, sumiratna nyaangan Tegal Kurusetra teu kinten lelebna, sok sanaos mastakana tos misah, raga Dipati Karna masih ngadeg malihanan pananganna masih nyepeng jamparing Wijayadanu. Arjuna lajeng ngabujeng raga Dipati Karna, lalaunan diebogkeun, ret kana mastaka Dipati Karna nu ngacleng tebih tina ragana, Arjuna ngarenghap bari teras muru mastaka nu katingalna imut, socana nu nganclang teu benten ti rebuan kembang tarate dina seungit malati nu angin-anginan.
"Karna...nyata geuning anjeun teh sajatining satria, salira lalaki lalanang jagat nu kedah dihormat...." gerendeng Arjuna nu diteuteup ku Batara Kresna.
Batara Kresna ngarenghap, manahna ngagerentes, hampura Kakang Yayi Arjuna, nu diala nyawa ku salira teh apanan raka salira... engke pami dugi kana waktos, salira bakal uninga saha saleresna nu dipateni ku salira....."
Tegal Kurusetra ngahaeub ka sareupna. Simpe. Perang Bharatayuda kapegat ku uga mangsa

KARNA TANDING 5

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 18:03:50

Uuwung-awang ngadadak poek mongkleng, mega nu tadina angkeun dina warna kulawu robah warna ngajadi hideung marengan dor darna guludug bari dicaangan ku tingburinyayna kilat lir nu ngamuk nguwak-ngawik legana langit. Karaton Astina ngadadak jiga nu alum. Prabu Destarata nu nuju calik nu direncangan ku Sanjaya ngadadak ngajurahroh tina korsi gading gilang kancanana. Di kaputren, Dewi Kunti Nalibrata ngadadak eungap, pananganna nyepengan tenggekna nu ngadadak karaos nyerina. Manahna tos teg pami salah saurang putrana palastra, namung saha? Naha Karna atanapi Arjuna.
"Jagat Batara......." Dewi Kunti Nalibrata ngajerit maratan langit, rumaos jisim abdi lepat.... rumaos, rumaos pisan... dugi ka adi lanceuk silih ala nyawa....."
Dewi Kunti ngagukguk bari diriung ku emban-embanna nu sami-sami ngiring nangis. Kaputren ngadadak banjir cisoca nu ngabayabah dina rasa rumasa.

KARNA TANDING 4

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 17:37:27

Dipati Karna naek deui kana kareta perangna bari ngemut-ngemut ajian Brahmastra, weleh teu emut, malihanan manahna asa benten ti biasa, sapertos aya bahaya nuju ngancam ragana, enggal Dipati Karna masangkeun jamparing Wijayadanu bari neuteup musuhna.
"Geura pentang pasopatina Yayi, incer mamarasna!" Batara Kresna nyarios ka Dipati Arjuna bari angger ngusiran karetana. "Kasempetan salira Yayi, geura paragatkeun nyawa Karna!"
Dipati Karna neuteup Arjuna bari angger ngemut-ngemut ajian Brahmastra bari tatan-tatan mentangkeun jamparing pusakana, panah Wijayadanu, namung kesangna nu ngeclak maseuhan socana, Dipati Karna ngucek-ngucek socana, katingal saliwatan Pasopati, jamparing pusaka Dipati Arjuna nuju ngincer ragana, malihanan mung sakilat Pasopati ngabelesat tina gondewa, teu benten ti kilat, muru tenggekna, Dipati Karna teu iasa kukumaha. Golenceng mastaka Dipati Karna kasabet Pasopati, getih muncrat, mastaka Dipati Karna ngagolenceng dina lemah tegal Kurusetra nu tos hanyir ku getih.
Langit mingkin angkeub lir nu niungan sukma putra Batara Surya nu ngebelesat muru uwung-awang ka lebah mega-mega malang. Batara Surya ngan wasa ngeclakeun cisocana bari luk tungkul, teu wasa ningal raga nu janten putrana ngababatang taya mastakaan.

POLOS

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 17:26:59

Bapana barudak teh loba pisan babaturanana teh, sagala bangsa, ti Philipina, Amerika, Belanda dugi ka Eropa. ti Cina nepi ka Jawa, Malah sagala bahasa teh lancar maklum saba Nagara. Hiji poe aya tamu urang CINA. pangawakananan lintuh, Bayuhyuh pisan. Matanya sipit da puguh Cina ieuh. Kuring jeung Bapana budak diuk ngarendeng din sofa gede,tamu dihareupeun dina korsi. Anak nu nomer dua ngagalendot we dina lahunan Bapana bari ngempeng jempol leungeunna. Tapi siga anu milu ngaregepkeun obrolan indung Bapana jeung tamu tea. Geus lila, ngobrol kaditu kadieu: Na ari pokna teh budak teh nyelengkeung,ngomong kieu bari ngempeng, ngomongn ngosom tapi jelas pisan.jeung tarik. pokna teh :
" Papap, Papap, Oom eta siga Gajah nya ??...Eta mah kuring reuwas, asa rep weh pias, giriwil budk kukuring dipangku dibawa ka dapur Kadenge tamu teh ngagakgak seuri mani siga nu nikmat pisan.... Bayangkeun !!

KARNA TANDING 3

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 17:10:52

Ti ngawitan adu krisdaning curiga dugi ka adu krisdaning jamparing dua satria estuning taya nu asor taya nu unggul, matak hookeun nu ningalna. Basa Dipati Karna bade mentangkeun jamparing pusakana, Prabu Salya nu janten kusirna, rikat ngenyedkeun les kudana, ngadadak gilinding kareta perang Dipati Karna nu palih kiwa tibelesek. Enggal Dipati Karna miwarang mertuana supados ngalereskeun rodana, namung Prabu Salya ngaraos kahina, kapaksa Dipati Karna lungsur bari teras ngalereskeun gilinding kareta perangna. Lajeng naek deui bari ngemut-ngemut jampe brahmastra pamasihan Resi Parasurama, lebeng teu emut sakedik-kedik acan. Karaos gilinding kareta perangna ambles deui. Deui-deui Dipati Karna lungsur ngalereskeun deui gilinding kareta perangna, dina manahna aya kacuriga pami mertuana ngahaja supados kareta perangna reksak ku cara ngabelesekkeun gilindingna malahmandar Arjuna mentangkeun jamparingna kana mamaras Dipati Karna. Ret ka Dipati Arjuna, Dipati Karna ngagebeg ningal nu janten raina bade mentangkeun jamparing pusakana.
"Eh, Arjuna peta teh bet kawas lain satria rek mentang jamparing dina mangsa musuh keur balangah!"
"Karna, tong nyarita soal satria didieu!" waler Batara Kresna nyorowok. "Yayi Arjuna enggal pentangkeun eta jamparing, geura tiruk beuheung Karna!"
"Kakang Batara..., yayi teu sanggem....." waler Dipati Arjuna dina wirahma rada dareuda. Manahna ngadadak sabil.
Uwung-awang ngadadak angkeub, sapertos nu ngahaja ngahalangan sumiratna giwangkara tina pangawasa Batara Surya.

"A"

Kénging Ahmad Gibson
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 17:10:27

Geus lawas teu ngirim carita Fimin, lain ku teu hayang jeung euweuh waktu. Da buktina sakadar mukaan jeung macaan tulisan batur mah masih bisa, malah remen ngoméntaran. Ngan nya kitu sakadang ideu lebeng teu nembongan, teuing di mana réngkolna. Geus dieupanan ku kopi hideung ngahaja maké gula kawung sugan bangénan, geus disadiakeun rokona, malah jeung lalawuhna, teu poho jeung rampéna. Bleg wé siga susuguh keur marab jurig.... Tapi lebeng, jurig ideu teu némbongan.

Bakat ku keuheul jeung nalangsa ku katuna, pudegdeg ambek nyedek ménta lolongkrang pikeun budal. Teu antaparah, belewer kibod dibabétkeun kana ubin, "Braakkk...!!". Kibod mancawura, tust hurufna amburadul, mancawura.

Aya rasa genah dina dada, ngemplong, tumaninah; sakedapan....

Laju kuring nyokotan kibod anu mancawura, dibarung ku rasa handeueul anu pohara. Dibérésan, dipasang-pasangkeun deui. Luuhh... geuning tuts huruf "A"-na euweuh. Sagala disingkab-singkabkeun, digeser dipindah-pindah, neangan huruf A. weléh teu kapanggih. Tungtungna éléh geleng, kibod dipasangkeun deui kana komputer. Dicobaan nulis. "Fikmin

KARUNG

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 17:01:38

Duka tiiraha mimitina jeung saha nungamimitian.Nu disebut Karung,ujug-ujug leungit jeung hese manggih timimiti di Pasar, Warung, nepi ka tukang dagang di emper toko nu sok jualan karung, geus teu boga cadang eta barang.Aya hawar-hawar beja yen eta barang geus pada meuli ku rakyat , rek dipake bandera di Gedong Sigrong nu salia ieu sok dipake sawala pikeun nipu rakyat.

PETRUS

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 16:03:23

“Ieu nagara teh teu beda jeung jaman zahiliah,kabeh mumuja thogut,nu halal diharamkeun,haram dihalalkeun ,jelema zalim dipupusti.anu taat jeung jujur disingkahkeun!!”Ceuk mang Suhe di pos ronda tarik pisan ngomongnna
Geus dua poe mang Suhe teu katempo ngulampreng,poe ka tilu ibur aya mayit dikarungan dihandapeun sasak beusi sisi lembur.

ABDI IHLAS GUSTI..!!

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 15:47:43

Gedong leutik camperenik model minimalis,nu pernahna katuhueun sungut gang,cetna angger pulas kulawu ngora,warna karesep. ungal ngaliwat kadinya hate sok langsung nyeblak,tuda inget basa nyieunna, estuning ladang gagade nyarande, rarangken nu di pake tangka ledis di jualan da bongan kuriak hayang geura anggeus.
Saurang awewe anu umurna pakokolot supa jeung kuring, keur anteng ngadaweung na terlas imah, bangun tumaninah, enya! awewe nu sanggup ngusir kuring ti imah eta, awewe pilihan salaki kuring.

GOGODA

Kénging Esih Sukaesih
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 15:35:17

Meh tiap waktu Neng Yani mukaan pesbuk, ngan henteu meureun ari nyandu mah. Komo lamun ngaran Galih Ginanjar keur ceting, Neng Yani bungah pisan. Gura giru ngetik. sagala didongengkeun waktu ceting, rusiah hirup, anak, rumah tangga tur katresna. Sabot anteng, jol salakina nyampeurkeun. Teu pati malire sabab salakina mah gaptek, jajauheun pesbuk jeung tuiter, majar nyekeskeun komputer ge teu bisa (siga kana kompor wae). Tapi harita Neng Yani taledor, tampilan onlen kabaca ku salakina:
• Najan urang teu cacap pasini, hate tetep ka salira.
• Sami Kang, abdi ge kitu, hanjakal urang elat patepang.
• Untung urang masih tiasa patepang, kumaha pami enjing jangjian deui?
• Mangga, Dimana Kang?
• Cafe Bali, tabuh dua.
Salakina mencrong,leptop diangkat, dibeubeutkeun satakerna. Bangkena pasolengkrah. Amarah kahudang, Neng yani teu bisa kumaha, rumasa kana lampah nu salah. Dukateuing kumaha nasib rumahtanggana. Ti kajadian harita pesbukna diblokir. Pikeun Neng Yani Sakadang Pesbuk teh ukur jadi mamala.

WAWATES

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 15:08:56

teu bisa mungpang. hirup diwates ku kaayaan. diwengku ku rohang katut waktu. najan kamelang kiwari geus teu kaampeuh. ngahunyud salega rasa, tetep kuring teu bisa ngalongkok manéhna. nu ayeuna keur dicoba ku panyakit. antukna jadi bingung sorangan. balueng. sarimbag reujeung kawatesna ieu tresna ku kaéra. teu euih-euih. nilik ka diri nu ukur jogjog nyinghareupan buah loa. duh, gusti. jajap ieu haréwos sangkan ngancik kana ati manéhna. kapan anjeun nu tan watesan. nu mibanda sagala aya. kaasup kamelang sarta kabingung kuring ayeuna.

NGIMPI JADI JANA

Kénging Deri Hudaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 14:54:16

Jam 12, keur Jana mah isuk-isuk éta téh. Can gé beunta, Skripsi ngabedol simut Jana, nojos mata Jana enya-enya. Curuk Skripsi, meunang nginjeum ti kerud, baloboran aksara. Jana kokowowongan, Skripsi éngkak-éngklakan. Jana luncat, ngaluncatan jandéla. Maksud rék kabur, nyingkahan Skripsi anu tétéla terus ngudag-ngudag manéhna.

Bubuhan keur nyeri mata, Jana lain ngaluncatan jandéla, kalah bus kana monitor komputer. Aduh, Jana kasarung jeroeun geledegan! Bari terus kokowowongan, terus diudag-udag Skripsi, Jana lumpat tibabaranting. Sagala dirempak. Tangkal bahasa diteunggar. Batu éjahan katajongan. Gugurawilan dina jungkrang analisis, tiori, katut sistematika laporan. Tapi Skripsi terus ngudag-ngudag Jana. Ngudag-ngudag tepi ka Jana dibungkus toga, dikurebkeun dina ieu impian.

PANGGIH JEUNG TEMPAT ANYAR

Kénging Saefull Atk Archiva
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 14:50:14

Panona gular-giler niténan sabudeureun tempat calikna. “Enyaan badagna téh, sanés béja carita. Rét, panona ngarérét katukang katingali awéwé disaragam meuni capétang nuduh-nuduhkeun tempat. Barang amprok jeung paningali kuring, belenyéh imut…

NGIMPI JADI JANA

Kénging Deri Hudaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 14:49:42

Jam 12, keur Jana mah isuk-isuk eta teh. Can ge beunta, Skripsi ngabedol simut Jana, nojos mata Jana enya-enya. Curuk Skripsi, meunang nginjeum ti kerud, baloboran aksara. Jana kokowowongan, Skripsi engkak-engklakan. Jana luncat, ngaluncatan jandela. Maksud rek ka luar, nyingkahan Skripsi anu tetela terus ngudag-ngudag manehna.

Bubuhan keur nyeri mata, Jana lain ngaluncatan jandela, kalah bus kana monitor komputer. Aduh, Jana kasarung jeroeun geledegan! Bari terus kokowowongan, terus diudag-udag Skripsi, Jana lumpat tibabaranting. Sagala dirempak. Tangkal bahasa diteunggar. Batu ejahan katajongan. Gugurawilan dina jungkrang analisis, tiori, katut sistematika laporan. Tapi Skripsi terus ngudag-ngudag Jana. Ngudag-ngudag tepi ka Jana dibungkus toga, dikurebkeun dina ieu impian.

SIEUN/SOPAN=SALAH?

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 14:44:44

"hampura nya mad, tadi kuring geus dahar jeung beuleum bagong", cek kristiani ka ahmad.

TAPAK

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 14:36:34

Aya tapak. Tapak tatapakana nu ageung. Taneuh deplé. Sababakan nu teu ngaraos ingeung. Tapakna, napak ka wétan. Ka Sawal nu lungguh. Panumbangan dumadakan geueuman. Ciamis. Girimis nunutur léngkah. "Wilujeng angkat"

NGABASO

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 14:17:35

"Mang, mésér baso !"
"Mangga, dibungkus ?
"Muhun.."
"Sabaraha bungkus ?"
"Sapuluh bungkus. Nu dua basona baé, tong nganggo salédri, ladaan sakedik, caina rada seueur, nu tilu nganggo mi konéng, basona dilangkungan, caina sedeng baé, tong diladaan hiji, nu dua mah lada pisan, nu dua deui campur sareng bihun, bawang goréngna sing seueur, pami aya nganggo tulang, sadayana diladaan, tapi tong asin teuing, nu hiji cai-na ka seueur, nu hiji deui mah biasa wé. Hiji deui Bihun wungkul, basona sing seueur, tong nganggo salédri, éh..wios kétang, tapi tong dipécinan, nu dua...."
"Meugeus ! meuli téh bet ngalileur ! pék ngaladangan wé sorangan !

LEUNGIT TANPA LEBIH HILANG TANPA KARANA

Kénging Laskar Panggung II
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 13:30:42

ssssst... less.......wusss!

BENTANG

Kénging Akang Ei
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 12:58:40

Bentang saha nu diluhur? Nu saha atuh? Tumanya na diri bari ngitungan bentang hiji-hiji peuting tadi ti bada isya nepika janari. Tapi tetep teu bisa kaitung ku kuring. Meureun aya saratus bentang, meureun aya sarebu bentang, meureun aya sajuta bentang. Nu puguh mah tafakuran jeung lain diitungan hiji-hiji jiga tukang kurupuk nagsupkeun kanu blekna di warung. Bentang saha nu diluhur? Nyaeta eta bentang kagungan nu ngagaduhan urang sadaya nu ngusik malikeun hate-hate. Anjeuna nu sagala kawasa nyaangan bentang, mareman bentang, ngaragragkeun bentang ka alam dunya. Urang ge kudu jadi bentang, leutikna jadi bentang kulawarga urang sewang-sewangan ngarah salamet di dunya jeung akherat.

NGANTEUR

Kénging Yadi Fathur Berkata
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 12:25:34

Harita manéhna megat, terus naék kana motor kuring. Sidik pisan Neng Érna, budak kelas 3 IPS. Sajajalan lamunan ngalayang ka mangsa harita, nalika manéhna ngagugguk ceurik di ruan BP. Bapana jelma jegud, pamajikana leuwih ti hiji. Indungna pangurus lembaga sosial nu jarang cicing diimah. Wali kelasna tukang ojeg nu teu kungsi nyieun RPP.

Motor euren hareupen warung remang-remang, Neng Érna ngasongkeun duit sapuluh rebu bari mesem, kuring ngabales ku mesem jeung kerung dina balik kaca helm hideung. Harita kuring jadi wali kelas manehna, ayeuna kuring jadi tukang ojeg, isukan, isuk isuk nepi ka sore kuring jadi guru sakola atawa naon?.

NYIRAM

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 12:19:12

Aya ku anèh pamènta Si Agnes pamajikan kuring nu keur kakandungan opat bulan, batur mah nyiram tèh hayang dahar nu haseum-haseum, ieu mah ngadon hayang kuring salaku salakina dicangkalak ku pulisi ngarah dibui. Malah mun seug teu kacumponan èta kahayang, Si Agnes rèk ngagantung manèh. Duh, atuh kapaksa harita kuring nèangan jalan kumaha carana sangkan kuring dipanjara? Kuring digawè neangan modal sangkan ditèwak pulisi, salila sabulan kuring ngarampok, ngajamrèt jeung sajabana tapi keukeuh teu ditèwak pulisi , kalahka duit wèh rèa. Geus meunang duit mangjuta-juta kuring meuli ganja ka Sumarta. Bari mawa ganja sakilo kuring indit ka kantor pulisi; kuring nawar-nawarkeun ganja ka pulisi. Puguh waè kuring ditèwak, dibawa ka pangadilan, kuring dituduh salaku pengèdar ganja. Kuring divonis kurungan penjara salila lima belas taun, meni atoh tèh kuring harita, bisa nyumponan kahayang pamajikan anu keur nyiram. Pas katilu bulan di jero bui, kuring menang surat ti Agnes. Kieu eusi suratna “Kang Darman, kandungan Agnes ayeuna tos jalan salapan bulan. Agnes badè terus terang ka Kang Darman, budak nu aya di jero beuteung Agnes saleresna sanes buda akang, tapi budak Mas Halim, salingkuhan Agnes. Sok ayeuna mah Kang Darman sing rinèh di Lapas. Manghanjakalkeun akang ngan ukur dihukum lima belas tahun, kahayang Agnes mah Kang Darman teh dihukum pancung”

LEGIT

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 12:02:05

"Horseeeeeh! Ari ayeuna poe naon?" cekeng. Culang cileung neangan almenak. "Dasar linglung!" kadenge galindeng sora halimpu. Gebeg! Tukangeun. Ret! Almenak Mas Ehi keur ngabegegan. "Cirining jalma teu eling eta teh!" pokna. Dituturkeun ku kiceupna nu matak kabengbat. Geulis! Rancunit! Satengah bulucun. Rey! Karasa beungeut ngadadak euceuy. Era parada. Rungah-ringeuh neangan tiung, samping, atawa naon wae nu bisa nutupan oratna. Manggih serbet. Geuwat diterapkeun. "Sing gableg pikiran atuh!? Kieu-keiu oge kuring teh bentang! Maenya dituruban ku serbet butut?" tegorna judes. Manggih daun cau urut bungkus lontong. Rek dicokot pisan, kadenge jerewetna. "Ituh, ituh, ituh?! Nganggap naon ka didieu? Rek ngahina?!" jeritna. Crot! Nyiduhan. Naplok na pipi. Disusut. Dilamot. "Ciduh nu geulis mah legit geuning?" cek gerentes. Uing nyerengeh. Kagendam ku ambekna. (hanca)

CAP GO MEH

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 11:40:19

Dua Puluh Poè,Geus Kaliwatan.
Nya Ci Hujan Masih Bêtaheun Nyemah Na Damis Kuring.
Pon Kitu Deui Sagala nu Jadi Patanyaan Diri.
"Pedah PALENTINAN Geus Ngadeukeutan" Jawab Simpè.
Kuring Tanggah Ka Langit,Hayang Pisan Ngagorowokeun Eusi Mastaka.
"Anjeun,Dimana..JUNGJUNAN?"
Diteang Na Amplop Urut Imlek,Eusina Ukur Seungit Parpum Karésèp Anjeun.

H

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 11:37:56

Ukur bisa nuliskeun ratusan aksara “H" dina kertas kayas. Nganteur rasa nu marengan rénghap tiap ngucap “H”. Rasa nu geus nganteurkeun lalakon dina pangimpian. Nu hamo bisa kasorang. Jauh tina udagan. Sabab, waktu geus megatkeun méméh bagja kapimilik.

P A L E N T I N E

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 11:29:42

Poè,ieu mah sagalana dumadak semu kayas.
Jalan Aspal,Ban Mobil,Tatangkalan katut Daunna,Imah-Imah,Nepikeun ka Langit ge Miluan Ngayasan.
Nu Teu Robah Mah Sakur Hatè Kuring.
Rarumeuk Teu Puguh Katenjona,Duka Teuing Hideung Duka Teuing Beureum Ieu Teh..

JANG AMAN KA SAWARGA ATAWA KA NARAKA

Kénging Laskar Panggung II
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 11:20:12

Sabada Shalat Ashar, abahna Jang Aman nalaktak tangkal nangka, kasampak Jang Aman mawa karanjang wadah nangka jang mawa ka Jakarta. Jang Aman ka Jakarta kana yamaha Abah , ngaprak-ngaprak jalan raya, Jang Aman balangah, matak yamahana tabrakan, Alaaaah Jang Aman nangkarak na jalan aspal, ta walakaya.

RINA

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 09:52:57

Ras inget poe kamari tara tara tisasari Rina ngajak balik bareng,padahal kuring oge sok hayang ngajak ka manehna katambah imahna saarah jeung imah kuring.Ngan sok teu wasa ngajak, kahiji manehna teh atasan kuring jeung nu kaduana sok aya lalaki nu ngajemput manehna balik.Sup manehna asup kana mobil sedengkeun kuring nu nyetir asa ragap da teu biasa mawa awewe samobil iwal indung sorangan."akang teu acan gaduh bebende ?tanya Rina bari ngaakangkeun,ngadadag jantung jadi ratug. "Teu acan Bu.."tembal kuring pondok,tapi mata mah teu weleh ngareret spion jero bari hate muji kageulisanan "Oh..! sami atuh ari kitu mah "pokna deui bari nyerengeh seuri leutik katempo huntuna nu bodas jeung rapih."Ngkin wengi ku abdi di ulem Dinner..dongkapnya ieu nomer hape pribadi abdi "cenah bari nyimpen kertas dina saku baju.Sapanjang jalan taya paguneman deui ukur sora lagu tina cd nu maturan lelembutan sewang sewang.

PILEULEUYAN

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 09:28:40

Asa rarasaan beuki tiris jeung mongkleng ,anjeun datang ngawur kembang ,jeung miceun kartu perdana diselapkeun kana tetengger kuburan kuring.

BINGUNG

Kénging Rudya Kuz
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 09:18:12

Kutan kieu ari jadi jalma pangangguran,heurin lètah heurin lèngkah,kaditu kadieu langka nu mercaya.Kuring ngomong sorangan handapeun tangkal caringin bari ngiuhan,barang rèt kabeulah wètan,katempo aya kertas pulas beureum,teu talangkè geuwat dicokot sihorèng duit saratus rèbu salambar.
Bray..ngadadak dunya jadi caang,pipikiran asa ku genah.
'' Ceu, kopi hiji sangu saporsi '' ceuk kuring mesen kadaharan,atuh nu titadi lapar geus teu kuat.Torojol pesenan datang,sangu haneut metung jeng dengena dibarengan ku cikopi ngebul,regot diinum.
Di sagigireun kuring aya hiji lalaki keur ngalamun sarua nyangharepan cikopi,tapi geus tiis bangun cang kungsi diinum,waktuna bèak dipakè ngalamun,banguna tèh.
'' kang,kunaon ngalamun? Hayu urang tuang '' ceuk kuring tawar gatra.
'' hatur nuhun yi,akang tèh keur balueng,duit ngan salambar lambarna leungit,mangka ditungguan jang meuli ubar''
Ngadadak cikopi asa baleuy,sangu nu cang kungsi dihuapan teu pikabitaeun,angen seueul..bingung..naon nu kudu dilakonan.

SAKOLA

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 09:17:29

“Kardi!!, geura jemput si selly jeung si jack ti sakola”. Ceuk dunungan. Kardi gura giru ngaluarkeun mobil tina garasi. Mun geus di titah ngajemput téh, sok ras inget ka anak sorangan nu can kabeuli LKS. Nepi ka sakolaan, si selly jeung si jack geus ngadagoan di aping ku guruna. Laju arasup kana mobil. Arocon. Silih galentoran. Mang kardi ukur bisa ngawaskeun tina spion. “Dasar Anjing..!!” *1.

SEGRUK SEMAR

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 09:15:30

Tadi peuting kuring kadatangan Semar; ceurik bari nyegruk. Pok Semar nyarita ka kuring : ”“Duh aya anaaaak! Kabina-bina barudak ngora wayah kiwari tèh ucu! Kabina-bina babasaanna. Sapopoè ngan unjang-anjing wèh; unjang anjing ka sasama manusa. Mangkukna uwa ningali barudak ngora keur marèngbal di lapang Batununggal “oper ka aing, anjing!” ceuk si kaos beureum. “Kèheula anjing!” Tembal Si Jangkung. “Anjing, sia mah kasar!” musuhna sesentak “Ah bongan sia ogè sok kasar, anjing!” Ceuk nu sèjèn. Mangkukna uwa numpak angkot ngadèngè barudak sakola sarua deuih ngomongna unjang-anjing. “Manèh geus ngerjakeun PR matèmatika acan, anjing?” ceuk nu saurang. Horèam anjing lah, guruna ogè galak siga anjing” Sajeroning ngabandungan barudak sakola, aya penumpang ngagorowok “kiri anjiiing!”ceunah. “Sabar atuh, anjing” ceuk supir. Lailaha Ilallah, Naudzubillahimindalik, naha maranèhna teu sadar yèn unjang-unjang tèh dosa? Duh tobat!”” Semar ngahuleng tuluy ngabangingik . Teu lila Semar ujug-ujug nangtung bari ngagorowok “Dasar jaman beuki èdan, anjiiiiiiiing!” Semar ngalèos bari ngegruk, teu pamit heula ka kuring. “Si Anjing tèh!” Gerentes kuring, na jero hatè.

NGUNDEUR

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 09:08:37

Wanci pecad sawed anjeunna parantos saged. Di daster bodas, sarung poleng hideung meles. Kaneron ngalehleh dina angkengna.
Basa lar hareupeun buruan, kuring ngagorowok ti jero imah, “Angkat ka mana, Gamparan?!”. “Rek ngundeur sajak!,” saur anjeunna. Bari teras ngungkug ka beh kulon, teu ieuh nolih.

BEBERES

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 09:07:09

Ditoong teh anjeunna nuju tonggoy ngalahun mastakana. Pananganna nyepeng jarum sareng gunting. Peso operasi ngagoler luhureun meja. Set, set, sret. Set, set, sret. Sora jarum nu mebes kana kulit sirah silih ganti jeung sora gunting nu neukteuk benang. Di luar, beurang keur meujeuhna bayeungyang. Sora bajaj tuturuktukan.
Profesor Kunrat anteng memeres emutannana.

ANU TALUK

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 09:05:32

Tiap pakalangan fiksi ku manehna diasupan. Nempas basa jeung ungkara, ngalelempeng kecap jeung logika. Tapi, lebah fikmin mah manehna ngajurahoh: Teu wasa misahkeun sajak jeung prosa.

(Tina sawatara sajak jeung paguneman barudak punk Itali jeung Ceko, ngeunaan Lorca, Susan Sontag, jeung Vaclav Havel)

FLU BINTI PILEK

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 08:50:52

Baheula mah aya usum Ngijih jeung Halodo. Jelas waktuna. Ceuk kolot mah mun dina ngaran bulan ditungtungan ku: "BER", eta tandana geus usum ngijih. Kiwari, khususna barudak ayeuna, geus teu wawuheun deui ka nu ngaran Ngijih jeung Halodo teh.
Hujan datang sakahayangna. Tara bebeja heula. Kadang kerep, kadang pleng kereles teu aya beja jeung carita. Akibatna, panyakit babari pisan eunteup ka manusa. Teu aneh mun di unggal tempat loba nu ngehkeh batuk, umbelan, jeung sajabana. Nu paling dipikakeuheul mah mun geus katerap panyawat: "Mun diteureuy matak geuleuh, mun dipiceun matak lebar". Warnana semu hejo rada kentel mirip cendol.......

IMAH WARISAN

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 08:21:13

Waktu aki jeneng, kungsi ngariung saanak incu. Harita aki nyarita “Saréréa pada apal, nu can dipangnyieunkeun imah ku aing téh kur si Udi”. Udi téh bapa, nu tilar katabrak treuk waktu dagang kurupuk. “Tah, najan si Udi geus taya dikieuna. Aing téh asa boga hutang kénéh. Kulantaran kitu, titip ka maranéh nu aya jeung geus daréwasa. Omat dimana aing paéh, ieu imah tong dibagikeun. Ieu mah keur anak si Udi”. Saréréa unggeuk. Rada aya nu nyelekit téh ti kang Budi, hareupeun aki pisan nyarita. “Imahna wungkul, nya ki. Buruanna mah lain”. Najan enya hareupeun aki mah satuju. Bréh-bréhanna mah teu kitu. Ti harita dulur-dulur bapa jadi rada béda. Malahan kang Budi pisan togmol hareupeun “Heueuh da incu Abah mah manéh wungkul”. Nepika hiji waktu bada natus poé maotna aki. Pasusubuh rék ka masjid. Bray muka panto. Reuwas. Hareupeun lawang ngajegir tangkal cau ambon ngahalangan.

KURING

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 08:15:53

Kuring lahir,dilahirkeun kadunya pikeun ngabdi jeung babakti kanu nyiptakeun ieu alam jeung sakabeh eusina.Mang rupa-rupa gogoda jeung lelewa lain ukur narembongan jeung ngadeukeutan .Kuring kudu ngaku yen kuring lain kungsi wawuh ,wanoh jeung nungaran salah oge kaliru, tapi geus jadi baju sapopoe.Ayeuna eta baju kukuring geus dipalidkeun,sugan bae nepi ka Muara Tobat.

KARNA TANDING 2

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 08:10:27

Dua kareta perang dikenyed ku dua kusir andelan, ngurilingan tegal Kurusetra, Dipati Karna sareng Dipati Arjuna, dua satria terah batara teuteupna estuning seukeut sapertos alim kabongohan, sami-sami milari kasempetan pikeun mentangkeun jamparing pusakana. Dipati Karna lajeng nyabut jamparing pusakana nu katelah pusaka Ardawalika nu tiasa robah jiirim janten oray nu teu kinten matihna, kalawan tarapti Dipati Karna mentangkeun jamparing pusakana ka lebah dada Dipati Arjuna nu ngadadak robah jirim janten oray Ardawalika nu teu kinten matihna, namung jamparing pusaka teh mulang deui ka Dipati Karna.
"Pentangkeun deui kula ka Arjuna, kula jangji bakal niruk mamarasna..." ceuk Ardawalika, jamparing pusaka Dipati Karna, kacida dariana.
"Ardawalika, kula nu ngaran Karna cadu kudu mentangkeun jamparing kadua kalina..." waler Dipati Karna bari miceun jamparing pusakana, Ardawalika.
Ardawalika pusaka andelan Dipati Karna nu seja bebela ka dunungannana, nu dipiceun ngadadak ngabelesat muru dada Dipati Arjuna. Kalawan tapis Dipati Arjuna enggal mentangkeun jamparing andelannana, ngabelesat muru Ardawalika, pas nenggel pisan kana beuheungna. Ardawalika ngoleang ragrag katiruk ku jamparing pusaka, teu walakaya nepi ka palastrana.

KARNA TANDING 1

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 07:36:56

Dua satria nu dikandung ku hiji indung, nguwak-ngawik, gobangna nyacar bolang nu wani jadi hahalang, rewuan jamparing tingbelesur niruk nu teu tuah teu dosa, nu katiruk tingkoceak mungguh matak ketir. Prabu Salya nu janten kusir mantuna, Dipati Karna, ngusirannana sapertos saraosna, benten sareng Batara Kresna nu janten kusir Dipati Arjuna estuning kacida dariana. Srog dua satria papayun-payun ditengah-tengah campuhna dua wadyabalad. Silih teuteup pinuh kaceuceub.
"Arjuna, ayeuna wancina urang bitotama parebut nyawa...." Saur Dipati Karna bari neuteup seukeut. "Andika nu geus ngahina kula, ayeuna waktuna kula mulangkeun kanyeri ka andika"
"Karna, ora wani dening apa? Kula ngahaja rek ngala nyawa andika, sabab andika teu weleh ngabela angkara..." waler Dipati Arjuna estuning teuneung pisan
"Arjuna, kula satria nu teu weleh nyepeng kana jangji ka Prabu Suyudana, najan kula nyaho saha ari Kurawa, tapi kula lain ngan sakadar males budi ka terah Destarata, tapi kula maju pikeun ngayonan andika alatan pikeun harka jeung kahormatan kula nu geus dihina ku andika baheula..." waler Dipati Karna dina wirahma pinuh kaceuceub.
"Hahaha...... Karna...Karna....., sing inget bitotama antara kula jeung andika geus diramal ku para dewata, geus waktuna andika palastra ku leungeun kula..." tembal Arjuna dina wirahma nu teu kinten sombongna.
"Arjuna, kula teu paduli kana ramalan para dewata, kula moal kausir ku takdir. kula iklas mun perlaya ku andika...." Dipati Karna ngawalerna disarengan ku seuri sinis.
Simpe. Di uuwung-awang para dewa-dewi milu nyakseni. Dua satria geus tatan-tatan masangkeun jamparing kana gondewana, dua wadyabalad nu ragot bitotama parebut nyawa ngadadak nyingray, jiga nu hideng jadi kalang pikeun nyaksian dua satria nu rek parebut nyawa.

BUHAYA

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 07:31:40

Aya buhaya lebah muara kasimpe. Ngadodoho. Ngincer saban nu halabhab sabada ngaprak saban madhab. Buhaya geus lawas bebetah di muara. Geus rea nu sasab kana bahamna. Anu balangah, anu balaga katut nu samar kahayang sakadar maraban lapar buhaya. Lapar. Salawasna lapar lebah muara kasimpe. Kungsi amprok mangsa kasarung neangan bulan. "Lapar kami kasatiaan kami." Kitu pokna sabot manggih nu bongoh.

ARJUNA MAKALANGAN

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 06:26:39

Satria panengah Pandawa, Dipati Arjuna, playboy ti Madukara nu dipikaasih ku para dewa Jonggringsalaka socana neuteup seukeut rakana, Dipati Karna. Tegal Kurusetra ngadadak angkeub ku mega-mega kulawu sapertos nu ngahaja ngahalangan sumiratna Batara Surya. Dipati Arjuna ngarenghap, ras emut ka nu janten raka misanna, Batara Kresna, emut kana wejangannana. "Yayi, sing emut, Kakang teh apanan nu kasebat ajal tea malihanan kasebat ancurna jagat wawayangan. Sing emut Yayi, nya aranjeunna nu ngadeg payuneun Yayi, nu kasebatna Kurawa putra Uwa Destarata saleresna tos dipateni ku polahna nyalira ku cara ngalangkungan karmana, nya yayi pisan nu janten cukang lantaran palastra Kurawa..." saur Batara Kresna, estuning daria. Dipati Arjuna ngarenghap bari neuteup wadyabaladna nu campuh bitotama, lajeng neuteup para Kurawa nu pinuh ku kaceuceub. Lalaunan Dipati Arjuna naek kana kareta perangna nu dikusiran ku Batara Kresna, seja makalangan numpes angkara murkana Kurawa.

(REVISI)

CUANG-CIEUNG

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 04:17:06

dina tingtrimna peuting, kuring nyaring
salira mah bet siga nu anteng
galecok na impian sewang-sewangan
beu...eta geura, aya nu nangkarak, nangkuban, nyangigir
mani talibra nakeranan
asa cuang-cieung sorangan
rek balik deui we ah...geus jam tilu janari
permioss...!

KAPOHOAN

Kénging Tien Widartini Darodji
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 02:16:51

Minggu isuk-isuk kuring jeung ibu ibu tatangga sok milu senam di buruan toserba Yogya .
waktu keur senam,gebeg kuring inget ka imah,langsung ngibrit balik teu sirikna lumpt,babaturan sing gorowok ngageroan teu didenge terus lumpat.
nepi kateras napas ngahegak,Gap kana konci ,jetrek bray ponto muka
,selebreng seungit angeun kaceang nubruk irung. Alhamdulillah teu tutung

NGANTI-NGANTI

Kénging Teti Mardiana
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 02:09:06

Facebook dibuka, sugan manehna keur online, lebeng teu katingali, sugan na YM urang toong, bet teu aya oge, cik susuganan urang helaran dina Skype, weleh teu aya, duuuhhhh kamana atuh...

PUTUSAN JURAGAN HAKIM

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 00:58:22

“Sangkan dihukum sabeurat-beuratna,” cék Juragan Jaksa. “Lantaran geus maling hiji buah murag ti pakarang imah Juragan Kardun.” gék diuk. Hormat. Palu ngageter. Diangkat lalaunan. Juragan Kardun nyéréngeh. “Lebok siah, Udin!” boga kayakinan. Tungtutan dikabulkeun. “Duit mah kawasa deuleu! Naon purianeunana jalma miskin modél sia.” gerenengna. “Lamun sia dipanjara, kasempetan aing ngadeukeutan pamajikanana nu rancunit...” ngalayang. Marengan impian. Palu ngadelékan. Surti. Surti kana niat jahatna. “Kurang ajar,” cék palu. Tok. Tok. “Tuan Udin bébas tanpa sarat!” omong Hakim. “Nuhun, Gan.” manéhna ngeclakeun cimata kabungah. Juragan Kardun ngarénjag. Sungutna calawak. Matana molotot. Palu ngajebéngan. Guprak. Kapiuhan.

DONGENG CEMPOR

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 02 Fébruari 2012 00:03:28

peuting-peuting, ba'da ngaji saperti biasa barudak ngariung ngurilingan cempor nyanghareupan aki minta nu sila tutug ngabalapkeun sarung jeung calana kampret.
"iyh, marukan kumaha ari kgjeng nabi? Socana caang kws batre, deuleu! Pami wengi kgjeng nabi mah ngagebray salirana sprtos bulan purnama, pami siang kgjeng nabi mah ditutur2 ku halimun". Ceuk aki Minta kituna teh bari ngalinting udud daun kawung. Cekes, cekes, ngahurungkeun paneker sababaraha kali bari kerung, tp teu hurung2, tungtungna depong bari manyun ngantelkeun tungtung udud kana cempor, gayabag kalangkangna moekan sabeulah rohangan tina bilik.
"nepika mana tadi teh barudak?"
"kgjeng nabi nutur2 halimun ki!"
"hus! Murtad siah! Halimun angur ge nu ditutur2 ku kgjeng nabi, aeh? Enya kitu?".
Cakakak barudak saleuseurian, aki minta ge ngehkey seuri.

Sora nu ngadongeng jeung barudak nu seuseurian kaluar tina sela2 bilik, kadenge ti kajauhan hawar2 diantara sora jangkrik jeung gaang dina belegbegna peuting di pilemburan.