Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Januari 2012 (79 Naskah)


HATE NU GERING

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 23:59:49

Geleger dibacakeun bagean tina do'a iftitah :"Innashshalaati wanusuuki wamahyaaya wamamaati lillaahi rabbil 'alamiin.." hate nu keur gering bet peurih nyakclakan getih karumasaan, "Ari nu kamari ku abdi dilakukaeun teh atuh kanggo saha Gustiiii?"

DARMAGA

Kénging Teh Rai Da
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 23:58:37

Ombak tingsuruwuk,tingjelegur nemrag darmaga hate nu pinuh kukatresna,seok kabawa deui katengah lautan,balikdeui kasisi darmaga anu geus lila nunggu ombak pinuh kasabaran,kaihklasan.kapanasan kaibunan teu jadi halangan tetep dina tempat nu geus jadi janji pasini.

MASKUMAMBANG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 23:43:07

Gumelarna utun inji estuning nyandak bagja kana rumah tangga, indung nu ngakandung teu weleh ngadua ka nu Maha Agung malahmandar nu janten putra nanjung, Bapa nu ngayuga teu weleh ngadua ka Nu Maha Kawasa sangkan nu janten putra aya dina pangraksana. Ti dinten ka dinten beubeulahan jiwa teu weleh dinangna-nengne. polah lucuna matak gumbira ka sadayana. Imutna matak bagja. Ti dinten ka dinten nu janten ibu rama teu weleh ngahariring nyarengan jiwa tengtrem bari caang narawangan. Lalakonna asa katangtang ku ayana rundayan bari waspada sangkan nu janten putra teu rungsing nu nyandak kapusing. teu weleh diusap ku rema-rema kanyaan,.... nelengnengkung...nelengnengkung ..... indung bapa teu weleh ngajurung malahmandar nu janten putra janten siirung harepan nu guna pikeun nusa bangsa bari ngangkat harkat darajat nu janten ibu rama

SANGKURIANG NGADAHAR DAGING BAPANA

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 23:35:39

Jaman baheula aya hiji nonoman kahujanan di leuweung tuluy ngiuhan di buruan imah Dayang Sumbi. Harita Dayang Sumbi keur nyadiakeun daging dina meja jang dahar salakina, Juragan Tumang anu tas ngamandoran patani dibuat di huma. Keur kitu kadenge sora Sangkuriang ngagorowok bari unjang-anjing, “Daging, anjing....” Nonoman anu keur ngiuhan nyangka yen Sangkuriang nempo daging anjing. “Tong didahar Sangkuriang, eta mah daging bapa maneh!” ceuk Dayang Sumbi. “Oh, daging si Tumang ?” ceuk Sangkuriang. “Tong sok su-sa si-si ka bapa teh!” ceuk Dayang Sumbi deui. Nonoman anu keur ngiuhan kacida reuwas ngadenge daging anjing teh singhoreng daging bapana Sangkuriang anu ngarana Pa Tumang. Teu kungsi lila kadenge deui sora Dayang Sumbi ngambek bari unjang-anjing, “Maneh teh bedegong-bedegong teung, Sangkuriang? Eta nu dihakan ku silaing teh daging bapa maneh, anjing!” Palebah nyebut “bapa maneh anjing”, Dayang Sumbi ngomongna tarik pisan. Nonoman nu ngiuhan yakin yen Sangkuriang anak anjing. Kadenge sora hulu sangkuriang ditakol ku Dayang Sumbi make gayung nepi ka geger otak. “Ka ditu indit, Sangkuriang! Tong balik-balik deui!” Sangkuriang lumpat ka luar terus ngabecir ka lebah kulon. Ti harita, nonoman teh sok ngadongeng ka saha wae yen aya hiji jalma anak anjing, ngarana Sangkuriang.

NU HALIWU

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 23:24:36

Di ruang tunggu. Dina barisan bangku nu ngajajar ngulon. Budak awewe, geulis meueusan. Rema kencana pageuh meungpeukan ceuli. Nu katuhu nungkup bahamna. Tapi ceukeukeuk jeung cikikikna, matak haliwu sarohangan. Nu di kenca, nu di katuhu, ukur silih reret mesem. Jep, jempling sakeudeung. Kari hawar-hawar sora TV. Cikikik deui, nu geulis unggut-unggutan. Untung si nini teu jadi milu. Mun seg milu, piraku teu ngilu kaliwu. Majar aya nu geulis sura-seuri sorangan.

JAZZ BEUREUM

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 23:21:56

Kapaluruh ogé ahirna mah laratanana. Mobil Jazz beureum nu sok hirup sorangan unggal peuting téh sing horéng urut budak nu benghar nu maot alatan overdosis. Deudeuh teuing, kutan kitu caritana, beu…mun uing jadi manéhna mah sigana rék mikir dua kali tah. Enya, kélaanan ari kudu hilang ku obat-obatan mah. Tapi, ké, ké, “Maaah!” Teu loba omong deui, gewat wé uing téh asup ka jero imah. Nepungan deui nu jadi kolot. “Nya, ah, urang jual deui wé Néng mobil téh isuk ka showroom. Asa maruringkak puguh mamah ogé, paingan hargana murah, singhoréng…! Ceuk indung uing bari ngaburigidig. Jam dua welas peuting, mobil téh kadéngéna disada deui. Hurung sorangan deui. Bakating ku panasaran, gewat wé diintip ku saréréa ti jero imah. Astagfirulloh, piraku salah nempo mah, mobil Jazz beureum nu sok dipaké ku uing ka kampus téh, keur dioprék wé ku hiji wanoja. Dipuar-puir setirna, direup bray-reup braykeun lampu rightingna.

OLEH-OLEH

Kénging Ipur S Munggaran
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 23:16:35

Neng pami engke akang mulih hoyong oleh-oleh naon?Ceuk hiji jajaka ka bebene na
"Hoyong bubur bulan"walon si wanoja semu ogoan
"naha"si jajaka kerung
"Bongan bubuy bulan mah kamari ge tutung teuing, komo sate panon poe mah mani dugika genghek" cenah teu euleum-euleum.
Sijajaka nu gawe jadi astronot unggeuk bari uteukna mikir neangan cara pikeun ngabubur bulan.

NAFSU

Kénging Purnama Alam
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 23:15:53

Ibarat bentol! Digaro matak raos. Tuluy digaro matak lédéh. Cereleng geutah bontengeun. Digaro keneh waé tuluy jaram. Tuluy borok jadi nanahan. Nya kitu ieu dunya. "Poma hidep mah! Geulis, kasép, saperluna bae..."

NASIB MANUK GARUDA

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 23:12:59

“Kéak....kéaaaakkkkkk,” kocéak déngék. “Ngajedog siah! Inlader!” gegedug walanda nyijek satarikna. Habék. Habék. Anak buahna ngilu neunggeul. “Ruang kérépés!” paréntahna. Diruang samet beuheung. Ibu pertéwi jumerit. “Inlander!” jebét dicabok. Bru rubuh. Nyegruk. Kanyenyerian. Mulang maranéhna. Brul jalma pécékrék. Sarua nyiksa. Geleger. Geleger. Jelegur. Maranéhna birat. Bom sadua-dua ngahanca dayeuhna. “Kurang ajar siah!” para karuhun bendu. Geuntak ngagali taneuh. Taneuh nu ngaruang Garuda. Walanda teu ngantep. Datang samakta pakarang. Wadia baladna leuwih loba. Tarung jeung para karuhun. “Garuda bébaskeun!” gerona. “Inlader! Témbak...” ngabekaskeun bedil. Hiji. Dua. Tilu. Mangréwu. Pribumi pating gulitik. Dadana ditandonkeun. Getih. Banjir. Mungsrat kana beungeut ibu Pertéwi. Lumengis. Nandang tunggara. Ahirna. Garuda bisa hiber. Bébas. Ditumbalan ku getih para karuhun. “Nyaah,” cék si aki, nu kungsi andon bébéla. Nyurucud cimata. Neuteup Garuda. Garuda. Kiwari dibincang. Dipaku. Teu walakaya. “Lain musuh. Lain. Anak incu....” si aki rumahuh. Deuk némbak teu laju. Iwal batin jumerit. Ngabangingik. Kanyenyerian.

OLOT UDI

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 23:01:13

Keur hoghag madungdengkeun pager bitis di balé désa. Datang béja pikahariwangeun. Cijoho diranjah gorombolan. Olot Udi gura giru amitan. Inget ka pamajikan jeung anak hiji-hijina. Dituturkeun ku tilu anak buah sersan Ahri, Olot Udi rurusuhan muru lemburna. Mipir pasir mapay wahangan. Anjog ka Cikalong. Beulah kulon katénjo haseup ngelun. Geus teg. Moal salah. Imah aing. Imah saha deui nu sok dijorag ku urang leuweung. Majar aing deukeut jeung tentara. Kadéngé sora bedil ngaborobot. Pélor ting paralak kana rérégan awi. Haté beuki tagiwur. Tadi saméméh indit pamajikan dipapatahan, sangkan nyumput di saung suluh nu rada anggang ti imah. "Hééééééy.....anak pamajikan aing tong dipaéhan. Yeuh...aing sanghareupan!" Olot Udi ngagorowok bari lumpat muru imahna. Nepi ka buruan nyampak dua raga geus ngababatang. Ngagolér hareupeun saung. Léngkah duanana kapiheulaan ku rabengna pélor. Teu kaburu abus kana logak panyumputan. Olot Udi ngaleketey, dina dadana ngaguruh ruhak nu leuwih nguntab batan seuneu nu keur ngahuru imahna.

SURAT ONDANGAN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 22:42:59

Di pangkengna Inggit nyegruk teu eureun-eureun .Surat ondangan warna ros beureum bulak-balik diteuteup ,semu nu teu percaya mun potret dina surat ondangan teh Nana jeung Wiwin pisan. Nana nu sataun katukang kungsi kajaheutkeun ku manehna,sedengkeun Wiwin kapan sasat batur sahuap sainum nu pernah jadi tempat curhat manehna waktu keur kakaburan ti imah lantaran Niat hade Nana nu rek mileuleuheungkeun ka manaehna estu ditampik sapajodogan ku indungna ,sabab sok sanajan geus sarjana tapi can boga gawe nu netep cenah. Segruk Inggit nu semu kanyenyerian kadenge ku indungna ti luar pangkeng. “ Enggeus Inggit , nu enggeus mah enggeus , hampura Ema ,rumasa geus kurang jeujeuhan !” ,ceuk indungna bari cirambay. “ Ema nu kitu tea mah atuh...!” ,tembal Inggit cindek bari tetep nginghak. “Enya sakali deui hampura Ema , mun nyaho mah Cep Nana bakal sakitu maju usahana , meureun Ema teh moal maksa maneh kawin tah ka Si Gehel panipuan teh .” ,tembal indungna bari milu nginghak.

HANJELU

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 22:33:54

'' Jadikeun waè kitu ?'' , gerentes hatè nanya sorangan. Tekad geus buleud, keteyep kuring ka imah mitoha, sup ka kamarna, nyampak mitoha sarè tibra naker. Dibarung ku hujan gedè diluar, rekét panto lomari dibuka, sakilat bungkusan kèrèsèk nu eusina duit, ku kuring dicokot, leungit diteureuy ku poèkna peuting.
Rebun rebun kuring geus kaluar ti imah, pamajikan nanya gè teu ditolih, maksud rèk ngampihkeun duit hasil tadi peuting, panon lulungu, pangacian can kumpul teu dipalirè. Sorodot..! gujubar kuring labuh ka sisi wahangan, plung… bungkusan murag kabawa palid, caah, balas hujan tadi peuting. Kokosèhan kuring nèangan, lebeng teu kapanggih. Antukna kuring balik deui ka imah, dug deui sarè.
Hawar hawar kadèngè aya nu uluk salam,'' Nyai, hampura abah jeung ambu, duit ladang buburuh tani, menang 3 bulan, tadi peuting aya nu maling”, dareuda sora mitoha lalaki,” mangka èta duit ngahaja jang sakola anak manèh, jaga ka SMP ''. Segruk, kolot, budak jeung incu careurik.
Bumi asa muih, langit asa runtuh. Hanjelu kacida. Nyeuri taya papadana, kuring ngahèphèp mèh kapiuhan.

fikmin tawis tineung, ti Kang rai Rudya Kuz

URANG NGANTOS BULAN MABRA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 22:05:24

Naha salira kersa ngantosan bulan nu kahalangan reregan mega-mega kulawu bari sakantenan nyieuhkeun sagala rupi rusiah nu nyumput lebah melegmegna poek nu teu weleh ngagoda panto-panto nu meundeut malahmandar kersa ngedalkeun nu tos lami bungkem? Pami salira kersa, bagja temenan jalaran urang tiasa gunem catur bari diselang ku maseuhan rasa ku cikopi katresna tina sacangkir kasimpe hate. Ah, mugi kauninga ku salira, sakapeung mah sok ngaraos bosen ngantosan bulan mabra nyalira, sok sanaos tos biasa, namung karaos asa ngawang-ngawang ka lebah mega-mega nu tebih tina nyacasna tresna. Pamugi wengi ayeuna salira kersa nyarengan kanggo ngantosan bulan mabra sakantenan ngagalindengkeun haleuang tembang sesetra rasa dugi ka wanci balebat sumirat mapag bagja salalawasna

MAUNG BODAS

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 21:50:17

“Ama,” teuteup wanoja rancunit. “Naha urang téh bet nyingkurkeun diri?” kerung. Bapana. Lain. Lain teu hayang hirup dina karaméan dayeuh. Beuki riweuh. “Niiskeun pikir bari ngangon domba, geulis.” ngaheruk. Di éta leuweung lintang dirina, anakna, katut domba angon. Saprak pamajikanana. Ngejat. Ngejat. Biluk ka pangagung. Nu salilana. Ngarobéda rasa. Rasa. Jalma. Rahayat. Miskin. “Sugan didieu mah bisa tenang....” nyarandé kana bilik tepas. Nyawang legana jagat. Neuteup bulan. Purnama. Cungungung. Ajag meupeuskeun simpé. Gorobas. Gaur. Gaur. Maung bodas pating garajleng. “Éit, maung!” ngaronjang bedil. Nu pangbadagna nuburuk panto. Dirina dikuriling, di tepas. “Ama!” anakna ngocéak di tengah imah. Maung badag ngarontok. Ngadekeman. Dirina kapidara nalika maung ngarungrum. Ngagaléntoran. Peuting. Simpé. Maung ngiles. Tujuh bulan lumaku. Anakna kakandungan. “Geulis!” bapana ngeclakeun cimata. “Ama, teu kedah salempang...” imut. “Ieu téh aib! Wiwirang. Saha mangkelukna?” kekerot. Haté hélok. Lain. Lain taya lalaki. Salian dirina. Hémeng. “Moal kitu?” ngagereneng. Nu rancunit imut leleb. Ras nalika panganténan di hiji karaton. “Asa ngimpi....” gerentesna. “Kersa salira dipihukum ku engkang?” tanya putra kadaton. Manéhna unggeuk. “Sapuk!” sénapati. Prajurit. Gulang-gulang, nyaluyuan. “Turunan hidep! Baris ngaréngsékeun....” cék Ki Léngsér.

ASIM

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 21:32:20

Keur lalajo berita, kakuping Ua nyarios, “Ngarahul téh kawas Asim!” Dina tipi katémbong aya pejabat. Nyaritana tatag, paroman marahmay. Jiga Asim? Enya, sarua marahmayna. Bangun taya hiji gé kakuatan tina akibat milampah dosa nu bisa mangaruhan riukna upama keur nyarita. “Kamari mah édas pisan, Haji, kurang-kurangna milik mah, uing téh hanteu tah!” pokna, baheula, basa nganjang bari nganteurkeun suluh pesenan Aki. Regot nginum, jiga nu méré témpo sangkan Aki nu keur diajak ngobrolna panasaran. “Ari kitu?” Aki nanya. “Heueuh tas ngaganti lodong dina panyadapan, pas ék turun, suku tikoséwad da sigayna leueur. Koléaaang... uing murag! Keur ngalayang karérét di handap aya batu sagedé munding! Kapikir, mun ngagejrét kana batu, sirah moal teu ancur. Da embung paéh, ngan set wé uing nyingcet! Berekah, murag téh kana sawah nu rada anggang,” cenah. Sut udud. Pamuluna kebek ku rasa sukur, geus dijait tina balai. Mang Asim, jenatna. Nu kiwari katémbong seurina dina tipi.

PULAS KAYAS SAHEAB

Kénging Munggaran Alfatih Z
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 21:14:59

geus biasa saban muka pesbuk manehna tuluy ngotektak kana hiji profil, dibacaan statusna, ditelek-telek potretna, oge sababraha pesan dinding ti para kancra mitrana, geus kitu manehna sok ngadadak umat-imut, paromanna marahmay, sumangetna ngagedur deui, teu siga samemehna nu alum ngungun.
Memeh nutupkeun pesbuk laju ramo-ramona ngetik ngirim pesan dinding "Wilujeng wengi akang, asih urang bakal tetep nganteng sanajan paanggang, ieu hate nu pernah dipulas kayas saheab ku salira moal laas sanajan kalimpudan kumangsa"
Pesan tuluy dikirimkeun kana dinding beubeureuhna nu saminggu katukang taya dikieuna kagiles mobil di lebah parapatan sanggeus nganjang tiimahna

PANINEUNGAN

Kénging Rafi Suherman
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 21:03:08

Salapan belas taun nu jadi bapa ninggalkeun alam dunya, tapi kaasih jeung didikanana napel nepi ka ayeuna.
Keras, disiplin eta watekna, komo kana waktu mah, utamana solat.
Duka sabaraha beungketeun mun diitung mah nyere nu geus dijadikeun panyepret, tapi karasana ayeuna, taya hiji oge budakna nu bantangul.
Kuat pisan agamana bapa teh, maklum ti garut, malah salian ti sok ngawuruk ngaji, oge pangheulana nyieun tajug di lembur teh, maklum harita mah pangarti agama di lembur teh ortodok pisan.
Aya ucapan bapa nu masih nganteng nepi ka ayeuna
" enya oge nini maneh beunghar, omat ulah menta hak bapa, mun bapa miheulaan maot "
salapan belas taun, Gusti, muga pun bapa kengeng rido Salira.

NOONG

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 21:02:56

Basa kuring nyingraykeun hordeng, nu ngarungkupan ti isuk mula, katingali Juragan Profesor sareng pasenna nuju ceuceuleukeuteukan. Sampean aranjeunna ngajalagrag luhureun meja tamu, bari arukey nambul koaci. Balati nu nyelap dina cangkeng karah cipruk ku kesang, elekesekeng. Geus teu sabar hayang nurih dada aranjeunna. Hayang nguyup getih wewesenna.

NGOPEPANG

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 20:51:02

Kamari ayeuna isukan terus pageto terus pagetona deui, hirup katungkul ku pagawean euweuh reureuhna, boh pagawean diimah boh dikantor atawa pagawean nu dijieun kayaning ulin, senam nu pangresepna mah balanja bari ngumbah panon , cek barudak ayeuna mah shopping bari cuci mata ditambahan ku wisata kuliner.
Eta wisata kuliner dipapay ti mimiti tumis tutut, goreng entog. goreng meri nepi ka balado manuk puyuh acan sate kambing , ditambahan rupa-rupa sambel lalab.
Datang ka imah goledag sare.
Ngimpi.

UBARNA

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 20:50:49

Saatos pangaciannana ngempel deui, jung anjeunna cengkat. Ngalengkah ka lebah lomari televisi, pananganna ngotektak kotak DVD. Ceg kana rekaman acara Bukan Empat Mata. Duka episode naon jeung iraha. “Ieu potret urang sarerea,” saur anjeunna, saatos masang DVD kana playerna, bari gek calik gigireun si pasen, nu nguniang hudang mere tempat calik kangge anjeunna.
“Demi panyakit nu tumiba ka maneh, ti zaman Uyut Achdiat mula geus nyampak aya. Jeung maneh teu sosoranganan,” saur anjeunna. Pananganna ngodomang kana remote control. Memener sora televisi, nu masih nyodorkeun iklan jeung bubuka. “Mung, abdi teh hoyong sapertos Ajengan Salahudin, perceka meureut sadayana dina hiji beungkeutan,” si pasen nempas.
“Ih, teu kabeh jalma bisa siga anjeunna. Jeung teu kudu kabeh siga anjeunna. Anggur, si, ayeuna mah urang bandungan ieu acara… Aya ku rame, geura…”

POPULÉR

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 20:49:34

"fikmin sunda tambih euyeub, boh karyana, boh pangarangna. tangtos, ieu téh janten ciri, yén basa jeung sastra sunda baris teras hirup, tiasa ngayonan jaman, tiasa bumetah dina pakakas téknologi", cek néng fifik ngagalantang.

"ngan wayahna, tina nu tos euyeub éta téh, rohangan katilu di gédéng kénca mah masih heuseus kanggo kang prabu", émboh si enéng.

MENTA DUIT

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 20:48:57

"Kapaaal! Menta duiiit!" cekeng satarikna. Mairan babaturan nu sarua marenta duit. Kitu biasana budak angon mah. Nu digentraan kawas teu malire. Tonggoy nyoloyong ka kulonkeun. Jengkel. Ditonggengan. Peletak! Kana sirah aya nu nenggor. Rungah-ringeuh. Siki rambutan. Koplok teh! Tanggah ka luhur. Kapal keur ngabegegan. Meg! Ambek. Ngareret. Aya sapu nyarande na tangkal nangka. Geuwat dijewang. Ceklak ditumpakan. Ngagereyem. Belesat! Ngapung. Ngaberik kapal nu cikeneh ngalelece. Si kapal ngejat ngetan. Bisa jadi reuwaseun. Teu nyangka rek diberik. Katangen lumpat na ngadedod. Uing tancep gas. "Brooot!". Tina kenalpot aya nu bijil. Reuwas lain meumeueusan. Karasa calana baseuh. Hoooor?! Kabawa jeung bukurna, ning? Korejat! Hudang. Melenghir! Horseeeeh! Uing kacapiriiiit! Gajleng! Ka jamban. ..heuheuheu ...hareueueuh?!

UBARNA

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 20:41:35

Saatos pangaciannana ngempel deui, jung anjeunna cengkat. Ngalengkah ka lebah lomari televisi, pananganna ngotektak kotak DVD. Ceg kana rekaman acara Bukan Empat Mata. Duka episode naon jeung iraha. “Ieu potret urang sarerea,” saur anjeunna, saatos masang DVD kana playerna, bari gek calik gigireun si pasen, nu nguniang hudang mere tempat calik kangge anjeunna.
“Demi panyakit nu tumiba ka maneh, ti zaman Kiai Achdiat mula geus nyampak aya. Jeung tong ngarasa sosoranganan,” saur anjeunna. Pananganna ngodomang kana remote controle. Memener sora televisi, nu masih nyodorkeun iklan jeung bubuka. “Mung, abdi teh hoyong sapertos Ajengan Salahudin, perceka meureut sadayana dina hiji beungkeutan,” si pasen nempas.
“Ih, teu kabeh jalma bisa siga anjeunna. Jeung teu kudu kabeh siga anjeunna. Anggur, si, ayeuna mah urang bandungan ieu acara… Aya ku rame, geura…”

BULAN

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 20:35:32

Adun : "Bulan teh langlayangan peuting enung......."
Idun " Lah ilaing sok ngaco!. Dimana aya bulan sok langlayangan ti peuting...?.Euweuh deuleun..!.
Adun : "Bulan nganteng na kaca jandela......".
Idun : "Itu geura....ilaing teh geus teu eling nya? Rek nganteng rek nguenteung...pokona mah nu nyata we lah. Nu jelas mah ayeuna teh Bulan panungtungan sarta bulan alaeun pamajikan ilaing. Balik ka dituh....!!"

NUNGTUT ELMU

Kénging Ridwan Iskandar
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 20:29:18

Emed: " Naon sababna urang Cina loba di Indonesia? "
Babah Hok Cay: "Salah urang Indonesiana."
Emed: Naha bet kitu? (ngahuleng)
Babah Hok Cay: "Hayaaaa.. kapan ceuk hadis ge "tungtut elmu sanajan nepi ka nagri Cina., tapi naha ku oeh..didago2 areuweuh wae..? Oeh teh geus nyayagikeun lahan keur kampus lengkep jeung asramana tapi urg Indonesia areuweuh wae.. jadi weh bangsa oeh ka darieu.."(leungeunna anteng nyo'o cipo'ah)
Emed: " Beuuu...!!?? " (garo2 tuur teu ateul)

NU TATAMBA

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 20:26:35

Tut, tut, tut… Intercom disada. Direret, panyaluk ti lante V. Ari diangkat, “Prof, aya pasen akut di kamar VIP”.
Dijugjug teh enya bae. Nu dimaksud geus ngajelepeng dina sofa.
“Kunaon ieu teh?”
“Numawi, abdi teh asa janten jalmi bejad. Tayohna mah aya tilu jalmi nu ngancik dina diri teh: Ngareret kana dada, ngajeblag Eyang Wastukancana ngamang-ngamang kujang, ari uteuk keukeuh hayang tiasa ngaderes Qur’an sareng Sunah. Tos kitu teh, sora Descrates saparakanca gogorowokan dina ceuli… Piligenti sareng Goenawan, Murakami, kalih Saini. Malih sakapeung mah, The Doors sareng Gun and Roses ngadon nyolokan panon. Paheula-heula sareng Carla Bruni, Miyabi, atanapi Scorpion, ”
“Nya, alus atuh. Jadi rame, loba batur…”
“Numawi… Mung, ku itu ku ieu sok dituding jalma pasek. Pajarkeun teh teu ka ditu, teu ka dieu…”
Profesor Kunrat ngabetem, hareugeueun, bangun ngaheruk. Asa disindiran.

PIKEUN NU TEPUNG TAUN

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 19:46:34

hanjakal euweuh kuéh. euweuh kembang. euweuh balon. euweuh keretas warna-warni. ukur mangréwu lilin nampeu hareupeun. pasesedek minuhan teuteup. tuluy kuring ngojéngkang, mareuman lampu kamar. nyekéskeun korekapi. hiji-hiji tungtung lilin diduruk. dikurilingkeun. potrét manéhna ngaréndéng reujeung keretas bodas dina lahunan. pulpén dikeupeul, teu walakaya. siga sawangan nu mapay-mapay riwayat ahéng. nyambat-nyambat kecap sajak. aya angka ragrag tina almenak. meupeuskeun kasimpé. “wilujeng tepung taun, néng. mugia salawasna nyorang bagja!” haseup mulek. dada nyesek. seuneu ngabebela. ngaléntab ka mana-mana.

SILUÉT PEUTING

Kénging Muhammad Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 18:54:36

Lilis. Mapay-mapay trotoar peuting. Jumarigjeug. Panonna rut-rét antara langit jeung léngkahna sorangan. Reg eureun lebah nu medem. Rérémana nyegat harepan. Hieng-hieng bati sérabna. Taya nu maliré. Terus simpé. Nyérangkeun bulan ngelab-ngelab dina cileuncang. Lir sapasi panineungan. Imut Ema nu geus taya di kieuna. Cekés! Sabatang deui. Humandeuar marileupas jeung haseupna. Nyisieuh kalangkang jurig nu ngageugeuh dada. Teu ieuh musna. Tingbeletékna kaca. Imah nu ngagugudag jadi naraka. "Nyingkah! Indung anak sarua jadahna!" Mangpuluh malaikat sarwa bodas tinggorowok. Ningker buruan. Sataun katukang.
Truk-trékna selop beuki narikan. Sadaning mangsa. Jajarum nu teu reureuh nunutur usum. Ti raheut ka raheut ngajeujeut lalangsé nasib.

WANCI SAREUPNA

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 18:37:31

Baheula, sanggeus ngoconan layung di mumunggang gunung. Barudak, sarigep sideku kanu ngusik jeung malikeun di tajug – tajug panggung. Ayeuna, waktu panggero ngajomantara ti pucuk – pucuk Masjid nu tohaga. Barudak, anteng nyeuseup hegarna sorot lampu kota di cafe- cafe nu mepende hate.

MULANG

Kénging Tiktik Rusyani
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 18:03:09

Balik ka sarakan sanggeus mangtaun-taun ngalalana. Asa sono kana lotek Bi Eja, kana buntil lada beunangna Bi Resmi atawa kadedemes pangirim Ma Emeh. Nepi ka birit lembur hate teu pupuguh asa tagiwur. Naha asa jadi harengheng siga di terminal. Warung Bi Eja salin jinis jadi toko "Togar". Imah Bi Resmi jadi kantor Kosipa " Makmur Bersama ". Kontrakan jlug-jleg neureuy tegalan jeung pasawahan. Asa hayang geura papanggih jeung Ema, rek tumanya naha lembur ilang dangiangna. Na babancik Ema calik, ngabageakeun ku inghak, " Hampura Ema, Ujang. Imah ieu sakeudeung deui dirawatan ku Kosipa, Akang maneh geus kalao beunang kaolo " Saurna bari cumalimba.

KAMEREKAAN

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 17:56:36

Di luar, simpe ngajelengeng. Di jero kamar, sajak jeung angka pating solengkrah. Sawareh pahibut dina laci lomari, papada hayang tempat merenah. Manehna ngabebengkang dina dipan. Kamerekaan.

NU ARINSAP

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 17:55:44

Barang mukakeun panto hareup, semah geus cindekul dina korsi hoe di tepas.
“Gamparan, dibujeng enggalna bae: Abdi teh seja ngalelempeng awak. Tayohna mah weureu, seueur teuing ngotektak sajak sareng matematika,” ceuk si semah.
“Sidik kula ge rek tatamba, memener pikir jeung pangabisa nu ukur sanggup maca hiji kitab,” walon si Ustad, bari ngareret, nuduhkeun rangsel nu nyanggehe dina taktakna.

LALAKI BEJAT

Kénging Saefull Atk Archiva
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 17:53:04

Aya ku rasa karunya ka bi mas'ah tatangga kuring, anjeuna lunta ka negri arab jadi tkw, sanajan loba kacaritakeun aya tkw di hukum gantung, dihukum pancung, tapi anjeun keukeuh hayang merjuangkeun nu jadi anak supados sakola luhur. Naha ari mang supar nu jadi salakina malah ka kawin deui......

TEPUNG DEUI DI KAFÉ

Kénging Wartawan Leupas
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 17:46:18

Tepung deui di kafé. Méja leutik ku duaan. Song, pelayan ngasongkeun menu. “Abdi pesen bubuy bulan!” Cék manéhna. “Abdi mah sangray béntang, tapi pami teu aya mah sawios saté panon poé gé!” Cekéng téh. Léos pelayan indit. Kuring duaan ngagakgak seuri ngeunah pisan. Tapi teuing naon nu diseungseurikeun téh. Lagu ‘Bubuy Bulan’ marengan. Atra pisan, “…unggal bulan, unggal bulan abdi téang, unggal poé, unggal poé teuing mah BÉTÉ.”

NAHA SAHA?

Kénging Esih Sukaesih
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 16:58:50

Salasa wanci sareupna, harita tas RAT di Punclut. Nepi ka sakola deui kuring tibuburanjat, hayang gera muru lembur.Tapi pihujaneun sacurcureun.Di kalereun lawang sakola aya Neng Nunung di masjid. Tenang ah, aya batur, pikir kuring. Muru tempat parkir kuring gura giru, amprok jeun Bu Nova. "Hujan Bu!". "Muhun", jawab Bu Nova. Sabot make jas hujan kuring ngobrol."Bu, nganggo jas heula, urang sareng."pangajak kuring.
"Abdi rusuh, tipayunnya, bade ngajemput pun anak di Sabang, ke nganggo jas diditu wae", Bu Nova langsung nyetater motor satakerna, ngadius, sajorelat sora motorna ilang. " Ngebut pisan", pikir kuring.
Sapuluh poe ti harita kuring samobil jeung Neng Nunung,ngobrol ngaler ngidul, antukna kuring nyaritakeun kajadian sapuluh poe katukang. Tapi Neng Nunung teu rumasa shalat di masjid, majar nungguan raat hujan di ruang koperasi. Neng Nunung ngadongeng oge yen Bu Nova harita samobil jeung manehna, langsung turun di buruan sakola, naek deui mobil babaturan anu sajurusan. Harita Bu Nova teu make motor.Sajongjongan kuring mikir, naha saha nu nangtung di emper masjid ari lain Neng Nunung? Saha oge nu diajak ngobrol ku kuring di tempat parkir ari lain Bu Nova?

BEWARA

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 16:43:02

Mangkahade ka dulur-dulur sadaya, pami papaendak sareng saurang nini-nini nu nganggo pakean sarwa beureum, payung beureum, gembolan beureum, sareng emer beureum, tong teuing di takon, margi kamari tatanggi kuring sabada nakon eta nini-nini teras maot enjingna. Wartosna eta si nini ayeuna nuju ider-ideran keneh.

PASOSORÉ DI HIJI KAFÉ

Kénging Wartawan Leupas
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 16:19:33

Di kafé nu aya fasilitas WiFi, laptop geus masang. Cikopi jeung asbak ngagelar. Méméh dek nulis, reup, peureum, ngambat heula J.K. Rowling. Diwawaas réngkakna, basa manéhna mangjam-jam nulis Harry Poter dina kertas tisu di kafé. Nyipta-nyipta tumpukan karanganna, ti mimiti naskah atah nepi ka wangun buku kedewil nu mangjilid-jilid. Sanggeus nyambat ngaranna tilu kali, J.K. Rowling, J.K. Rowling, J.K. Rowling. Karasa manéhna asup kana kurungan kuring. Bismillah, cék gerentes haté. Dek, nulis, sumanget naker. Idé-idé nu geus ramatan laluncatan. Tanda pager nu pangheulana di tulis téh. Dituturkeun ku kecap ‘fikmin’, dipungkas ku pager deui.

JEROEUN DADA

Kénging Munggaran Alfatih Z
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 15:57:48

Cikeneh aya getih geuneuk ngalembereh dina raheut nu gudawang lebah mamaras rasana, gumulung jeung sora keclak cimata nu beuki lila beuki awor, hatena rajet di sasaak tur geus paburantak taya dikieuna, Kiwari alon-alon kaangseu sengit kananga mimiti ngadalingding lebah dadana, pasieup jeung pulas kayas saheab tur warna warni katumbiri

NU PETENG CANGKANG MABRA EUSINA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 15:34:26

''Tong diurus, jalma pasek si eta mah!''. Aya layon ngajapapang satengah taranjang. ngajepat handapeun tangkal nu daunna maluguran. Aya nu teu eureun-eureun ngagantawangkeun panghinana ka eta layon, malah aya nu ngabur ciduh nepika ngawurkeun cai kiihna. ''duruk we jalma pasek kieu mah, kotor deuleu bugangna ge!'' ceuk hiji soara. kabeh nu aya ngedalkeun pamanggihna. Tepika sore euweh nu katarima. tungtungna bubar, ninggalkeun hiji layon nu beuki lila beuki kakebulan warugana.
Di nagri peuntaseunnana. Gusti Nu Maha Suci ngadawuh ka kangjeng nabi musa ''musa..geura indit hidep ka nagri beulah wetan, geura pulasara hiji layon nu suci, layon salah sahiji wali ti pirang-pirang wali kaula..''.

DI PASIR TURSINA

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 15:29:45

iteukna diacung-acung ka langit. panon éta kolot peureum. biwir kunyam-kunyem. leungeun tipepereket. awak ngadégdég. tuluy beunta. “kuring sono ka anjeun!” sorana haroshos. awor reujeung angin. méga angkeub mayungan sabudeur pasir tursina. “kuring hayang anjog jeung anjeun!” séah. aweuhan mapay saban léngkob. nanjak. museur. nyaliara minuhan buana. “kuring hayang anjog jeung anjeun, ayeuna pisan!” bumi ngadadak inggeung. rét kana pasir. aya nu ngabebela dina teuteupna. ukur sakedét-nétra. éta kolot ngarumpuyuk. lir kapas nu kaibunan. taya tangan pangawasa. mangbulan-bulan kapiuhan.

HĒNPON ANYAR

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 15:21:24

Alhamdulillah. Urusan ka bank geus rēngsē kabēh. Rēt kana arloji. Geus mangsana istirahat. Ras ka manēh. “Keur nyalsē henteu, nya ?”, cēk hatē. Hayang dibarengan makan siang. Meungpeung manēhna keur ka luar kota. “SMS ah !”. Kudak-kodok. Kana tas. Kana saku. Euweuh. Huleng. “Murag kitu ?”. Geus jadul ari hēnponna mah. Ngan ēta eusina. Nomer-nomer penting. Nomer dunungan. Nomer rēlasi. Jeung nomer HRD. Enya nomer manēh. SMS-SMS mesra ti manēh. Jangji-jangji manēh. “Duh, di mana atuh ?”.
Balik gawē. Gura-giru. Rēk ngajak si Jalu jalan-jalan. Sakalian meuli hēnpon anyar. Kasampak imah suwung. Tapi dina erak aya sapatu manēhna. Dina mēja aya kado. “Abah nyaah ka Ambu”, ceuk keretas nu napel. Kado dibuka. Brēh. Hēnpon kaluaran anyar. Ngarēndēng jeung bangkarak hēnpon jadul. Geus bubuk. Ditumpangan keretas sacewir. “Kapanggih deui teteleponan, SMSan, sayang-sayangan jeung si HRD eusleum, giliran sirahna nu bubuk !”.

PABALIUT

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 15:06:20

Karasana asa beurat rek indit dina usum hujan teh,pangpangna sok wegah ngumbah mobil."Hey,bet ngalamun!" ceuk Dewi batur sapagawean ngagareuwahkeun."Lain ngalamun say tapi keur nempo hujan asa ku endah ningali mangrewu cai nu ragrag ti langit"walon kuring bari malik neuteup leleb ka manehna,belenyeh manehna imut."Hanjakal ayeuna mah lambey anjeun teh geus nu batur "gerentes hate kuring bari mata teu leupas ka manehna."Kang....ulah timburu ka Wildan nya" ceuk manehna semu ngaharewos bari ngaranggem lengeun kuring,dumadak hate ngaguruh teuing naon ngarana teuing bungah teuing sedih lantaran sabulan deui kuring rek mahetkeun pasini di bale nyungcung jeung sobat manehna.

PRÉPRÉSIDÉNAN

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 15:00:52

“Lékék, paéh dia ku kami, digebruskeun kana susumuran bubuayaan nyah!’’ ceuk Oto kana Karno. Laju jigrah leumpang ngurilingan buruan tangka genep kalina. Barang kuriling ka tujuh, aya nu megat “cetér, paéh dia ku kula” ceuk Abib budak pécékrék pendék bari cucureuleukan panonna neuleu kana Oto. Surak Abib, tapi karék géh deuk ngaléngkah, “Jelegur di bom énté ku anna” ceuk Sudur, laju andiprek susujudan susukuran, ma’lum pernah masantrén, ngan teu tamat, ja teu kapaké ngaliwét ku ustadna. Barang cengkat tina susujudan, “jedor, maot dia ku kula!” cempréng-cempréng sora bikang ti burieunana. Anéhna, Wati si bikang nu nénémbakan Sudur, teu jigrah, teu sedih, kalah ngabetem, ngabigeu. Keur ngabigeu kitu, “dor, paéh dia ku aing” ceuk Yuda bari nompokkeun tongkat biru kana Wati.
Laju Yuda leumpang ragu-ragu kalem jasa, tapi barang ngaléngkah suku katuhu, guludur gelap di béh kénca, laju ngaléngkah nu kénca paralak hujan cai gedé jasa di katuhu, leumpang deui, plak pluk kakapalan raragagan.
“Heuh dia mah teu makéan ieuh” saréréa raong. “Heu géh kula deuk makéan atuh” cenah karékmah deuk nurut.
Barang nyolongkrong deuk nyokot payung pangiuhan, “céng geura ngala wudu, geus magrib”.

RUSRAS

Kénging Rudya Kuz
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 14:56:54

Cipanon terus-terusan bijil dijuru kongkolak panon bangun taya bèakna,kuring nyawang mangsa katukang.nalika keur kakandungan,harita kuring ngarenghik ceurik,baeud ambek ka salaki.
'' pokokna hayang rarangkèn ! '' cekèng bari ngageblugkeun panto.salaki ukur cicing tuluy indit,nu kabeneran keur ukur bongan teu boga pacabakan matuh,ngan ukur di percaya jadi RT dilembur.
''hatur nuhun akang'' kuring bagja tur imut basa salaki mawa duit.samingu ti harita salaki lengit taya dikieuna nepika kiwari.Ceunah ceuk bèja aya nu matèni alatan ngadahar duit Yayasan Yatim Piatu.
'' Ma,ari bapa kamana ? Naha Imas teu boga bapa kawas batur '' ceuk budak nu ayeuna geus yatim.

VONIS

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 14:51:56

"Numutkeun perkiraan mah, paling lami mung dua sasih deui",

Kitu ceuk dokter nu salila ieu ngurusanan kuring di rumah sakit.
Najan haté mah yakin umur mah nu nangtukeun téh nu Maha Kawasa,
tapi teu weléh, omongan dokter bet asa ngajungjurigan. Lain sieun
ku maot. Lain ! Tapi rumasa nepi ka kiwari can bisa ngabagjakeun
kolot, can bisa ngajeujeuhkeun adi nu sarakola kénéh, pangpangna
mah can bisa nyugemakeun kanu jadi pamajikan.

"Deudeuh teuing Néng", gerentes hate bari ngusapan pipina.
Manéhna ukur ngagelenyu. Tagiwur haté-na, teuteup watirna, bet asa
nambahan gudawangna haté.

"Néng, Mun akang dipundut kunu kawasa, mugi sing rido. Kersa Néng
maturan tur mikanyaah nepi ka ahir hayat akang ?"

Manéhna tungkul, tuluy gideug lalaunan. Nyéh seuri, neuteup bari cirambay.

"Henteu akang, Néng bakal mikanyaah akang nepi ka tungtung hirup Néng.."
sorana dumareuda, keclak cimatana nyerep kana haté kuring. Haneut..

BALON

Kénging YaManakha Ririendtt
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 14:43:48

Ocim ceurik gogoleran di buruan, hayangeun balon anu loba. "Mamah, balonna hoyong seueur! Hoyong sadayana...huhuhu!" Ceuk Ocim bari ngahinghing. Ku indungna teu diwaro. Ocim ngamuk maledogan kaca imahna. Atuh kapaksa indungna nurut. Ngaborong balon ti si emang. Brang balon anu loba dicekel ku Ocim, na ari pung teh Ocim kabawa ngapung ka luhur. Indungna ayeuna anu ceurik gogoleran di buruan.

RIRIWA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 14:22:43

Calana renang,kaca mata renang jeung ban geus disiapkeun,bongan kamari aing paeh tikérélép, euweuh nu nulungan pisan.

DEBT COLLECTOR

Kénging Taufik Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 14:22:30

Buuk dugul. Jeket kulit hideung. Ngahuleng. Neuteup lalambaran kertas eusina daftar nu baroga hutang. Jung nangtung. Gaur! greng! Ngeng...ngeng! Laju motorna meulah angin kota. Reg, eureun di buruan imah rongkah. "Sia nu sok nelponan aing teh?" ujug-ujug aya sora hahaok. "Punten pa, abdi mah darma tugas ti kantor!" ceuk nu dijeket kulit teges.
"Alaah, pilakadar jadi kacung Yahudi, antek Babah! sia geus balaga! Teu nyaho ka aing?".
"Teu langkung bapa bade nyarios kumaha oge, abdi kadieu seja ngemutan hungkul, bapa tos tilu sasih teu acan lebet setoran!" Jawab nu dijeket hideung.
"Najis aing ngabeungharkeun bangsa deungeun jeung kacungna! Naraka siah!"
Gurilap..kecrak!!... Reup poek.
Nu dijeket kulit ambruk. Dina engapan nafas panyesaan ngalangkang anak jeung pamajikanana. Tunggara mun manehna perlaya. Getih beureum semu hideung ngalembereh tina beuheung. "Allah..Allah!" batina ceurik. Hawar-hawar aya sora. "Geura reureuh! Sawarga jeung Naraka hak preogratif Pangeran!"

KEMBANG PURINGKAK, YASA KANG GODI SUWARNA

Kénging Teti Mardiana
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 13:50:52

Tadi wengi mani teu kiat hoyong seuri, maca carpon Kang Godi Suwarna, dina Kanagan, kumpulan carpon pinilih, mani ngagikgik... teu katahan nyeri kulit beuteung, padahal maca teh tengah wengi... kacipta jajaka gandang nyandingkeun bebene, tapi nanagkeup kembang sedepmalem sabebedan... kacipta ... hihihi.... atuh pun lanceuk nu tos tibra ge dugi ka lilir.. olohok we ningal abdi seuseurian sorangan... Panasaran? aos we nyalira...

LUTUNG KASERANG

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 13:41:15

inget keneh meureun kaulinan mangsa keur budak; ngariung bari ngarasongkeun leungeun tuluy silih ciwit anu kaciwit panghandapna pindah ka luhur bari nyaranyi "paciwit-ciwit lutung nu handap pindah ka luhur" eta mah baheula. Teu kungsi lila kuring ngaliwat ka Gedong Sate, didinya loba jelema ngariung siga anu keur paciwit-ciwit lutung, tapi laguna kieu "paciwit-ciwit lutung si lutung jadi gubernur... jadi moaaaaal?" ceunah. Teuing jadi moalna mah pokona lutung weh lah.

WTS

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 13:04:04

Geus jadi kabisaan kuring lamun indit ka Bandung sorangan atawa jeung batur sok ngahajakeun nyimpang kulantaran ngeunah jeung haneut.Waktu mimiti nawaran ka babaturan ngajak nyimpang ,kuring beak dicarekan laklak dasar. Tapi sangeusna maranehna ngajaran milu nyimpang ka Warung Tahu Sumedang (WTS),maranehna nyebutkeun bener nyimpang heula ka WTS memeh ka Bandung atawa balikna sarua jeung ngirit.

HADIAH NOBEL

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 12:38:22

Waktu kuring ditanya harepan ahir tina jadi fikminer, sederhana, cekeng teh, pira hayang meunang hadiah Nobel bidang sastra!

KEUKEUH

Kénging Riyono Afdfvm
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 12:03:32

Hujan ngaririncik ti subuh mula, tiris karasa kana sumsum, tapi sirah mah panas kacida teu bisa diubaran. Lengeun jeung suku ngajak ngapung. Ah...pamohalan. Tapi keukeuh. Keukeuh ku kahayang nu teu asup akal. Antukna sirah dilelepkeun kana embel, suku jeung lengeun diteukteuk terus dialungkeung ka awang awang.

NASIB

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 11:34:03

Séréngéh. Segruk. Ambek. Paromana ngan kitu wéh unggal poé téh. Mun sakadang wijaksana keur ngancik na uteukna. Serengeh bari umat imut nu teu nyari. Teu lila ngan itungan sakolebatan. Segruk ceurik balilihan nyeri haté. Di tempas ku ambek nu ngagedur ngajenggutan buuk. “ratih emam heula nya?”, enjing bapa hidep uih..!!, séréngéh. Segruk. Ambek. Bantal kucel di alungkeun ka walungan tina luhur jambatan. Disusul ku manéhna… *1.

ROHMAT SINARENG SALAM

Kénging Nugraha Thea
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 11:32:31

para panutan 'abdi' sdaya,, panutan langit bumi alam semesta rawuh eusina.. sembah sujud nu kapihatur! ass.. wlkmslm., para abdi-abdi (alloh) anu teu kawakilan kunaon rupa jeung (ajegna pamadegan) al'haqquta'ala,, sdaya puji kalayan "bismi" dzat, sifat, iradat gusti pangeran numurbeng alam kagungan abdi-abdi sdaya.. ucap, tekad, lampah "nyawa raga,rasa" sirulloh, nurulloh,dzatuloh di_ diri "abdi" sadaya (haqiqi) dina genggeman anjeuna,, "qudratulloh malikul alam" Hariring lain nu Kuring, Haleuang lain nu Urang*

Wilujeng nikmat ngarenghap,,!!!!

3 RUPA

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 11:20:17

Reueus kacida lahir jeung digedekeun di Tasikmalaya.Sabab nganukur di Tasik ,aya 3 rupa nu geulis, moal pada nolak kusarerea oge. Geulis nu kahiji nyaeta wanojana, geulis nu kadua Payungna,nu katilu Kelomna. Nu 3 rupa eta pada bogoh,mikahayang,jeung mikaresep.Saratna lamun hayang miboga nu 3 rupa ,ngan 1 nyaeta kudu boga duit.

USUM NAON IEU?

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 10:24:02

"hey ciibun..." ceuk panon poe
"kaah..aya pikersaeun naon kang" tembal ciibun.
"giliran kuring ngawasa dunia poe ieu,geura nyingkah kaditu" ,cenah.
Ciibun nyalingker.meped kana daun,tuluy ngeukeupan dahan,nyumput.
Atuh panon poe lajag lejeg. Sedengkeun hujan,dulurna ciibun ngadodoho ti kajauhan...

LALAKON KARUHUN

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 09:59:17

késang ngoprot. aya nu melag dina tikoro. eungap. beungeut euceuy. angin ngagelebug. museur luhureun embun-embunan. turun kana awak. ngabulen teuteup. wanoja sagigireuna ngajerit. nungkup dada ku dua leungeun. “gustiii, hampuraaaa..!” cimata murubut. ngabulak mapadanan cinyusu nu aya di éta wewengkon. létah seuneu ngaléntaban dangdaunan. teuing ti mana jolna. “gustiii, hampuraaaa…!” paungku-ungku duaan. taya sasaha. suwung.
tatu ‘na suku geus teu dirasa. kacapé geus teu diwaro. mangratus taun lumampah. nyorangan. nanjak mudun mapay buana. nyungsi madhabpapat. nyiar diri nu teuing kumaha. nyiar iga lebah kénca. nyiar gusti nu kungsi leungit. “gusti, hampura. kuring geus aniaya ka diri!” ngemu harepan. teu reureuh-reureuh.

HANYAKAL

Kénging Rudya Kuz
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 09:44:03

'' Jadikeun waè kitu ?'' gerentes hatè kuring,perang sabil geus rèngsè sakadang sètan nu menang.Keteyep ka imah mitoha,rekèèèt lomari butut di buka,sakilat bungkusan kèrèsèk ku kuring dicokot,nyampak mitoha keur sararè bari nyegrèk tibra nakèr,capè katambah hujan gedè pohara.jleng..lumpat..leungit di telen poèkna peuting.
Rebun-rebun kuring hudang,tuluy indit,pamajikan nanya gè teu di tolih,muru hiji tempat maksud rèk nenden duit hasil tadi peuting.Lulungu,pangacian can kumpul..kosèwad,geblug ,kuring labuh..plung kèrèsèk murag,ka wahangan kabawa caah,balas hujan tadi peuting. Kokosèhan kuring neangan lebeng teu kapanggih.balik deui ka imah.dug sarè.
Hawar-hawar kadèngè aya nu uluy salam,pok nyarit '' nyai, hampura abah jeng ambu,duit menang kukumpul ladang buburuh tani,ledis aya nu maling,mangka jang budak manèh jaga asup SMP'' segruk..ceurik,kolot,budak jeng incu.
Bumi asa muih,langit asa runtuh..hanyelu kacida,hanyakal kabina-bina,nyeuri taya papadana,kuring ngahèphèp,teu lemèk mèh kapiuhan...

KANYAAH

Kénging Iim Rusmana
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 09:42:56

kanyaah indung mo aya laasna, kanyaah bapa mo aya sudana, indung nujadi tungul rahayu bapa nujadi tangkal darajat marantena nujadi cukang lantaran urang gumelar kaalam dunya, hampura ma,,,,, apa,,,, can bisa mulang tarama kana kanyaah anjeun duaan.......

PUISI

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 09:42:27

Méni reueus jeung agul,ngabejaan tatanggana jeung barayana,yen anakna juara ka tilu dina pasanggiri maca puisi sakacamatan,ngan teu dibejakeun patandangna ngan tiluan.

ADAM AIR

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 09:01:38

Leungit tanpa lebih. Kadéngé kénéh gorowok "Allahu Akbar!" dina rékaman black box nu kapanggih di dasar laut. Deudeuh, jiwa-jiwa nu teu kapuluk na jerona umpalan laut.

Rékaman salila 5.38 menit nu dikirimkeun tina émail batur sapagawéan téh ukur bisa ngawakilan jiwa-jiwa nu lewang. Basa pilot jeung co-pilot guntreng. 5 menit nu ngagambarkeun suasana adu tawar maranéhna jeung malakal maot. Gusti... hirup téh teu bisa dibadé!

Nepi ka leungitna geleger manuk beusi nubruk beungeut laut. "Allahu Akbar!"

WARUNG KOPI

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 08:47:37

Beja nyaliara.Sahaneut sagelas kopi isuk-isuk.

PAMÉRAN GAMBAR DRAKULA

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 08:29:23

Dina hiji peuting nu ampir rawing. Wanci janari nu ampir rangsak. Ngagugu haté nu rawék. Ngagunduk. Ngagulung. Icikibung. Paciweuh. Sakumpulan manusa. Manusa. Manusa saliwat. Ngayakeun gempungan. “Paméran Gambar Drakula,” omongna. Ketok palu. Sing saha nu panglobana meunang simpati ti manusa. “Éta pamingpin Drakula,” cék kekentong Sétan. Manusa saliwat unggut-unggutan. Janari leutik gambar Drakula dipasang di mana mendi. Ngaharepkeun. Ngaharepkeun. Dipikageugeut. Dipilandep. Dipimeumeut. Dipigandrung. Dipikaresep. Manusa. “Gambar Drakula,” cék Néng Euis. “Enyaan, karasép kieu!” ceu Enung aluman-alimen. “Anjrit, ieu mah geulis.” Kang Omon kumecrék. “Teu neuleu! Éta sihungna ranggéténg!” mang Kardi tutunjuk. “Wios, Mang. Nu penting gandang....” cék Néng Mona umat-imut. Tétéla. Loba manusa. Manusa. Katarik. Katarik ati. Ahirna tiap waktu kabéjakeun korban. Mayit pabalatak. Dimana mendi. Lebah beuheungna, tapak dua sihung Drakula. “Cék aing ogé!” mang Kardi gogodeg. “Telat, Mang. Hihi...” Néng Mona nyeuleukeuteuk. Lebah beuheungna tapak digégél. Matana robah. Sihung manjangan. “Wah....tiwas...!” mang Kardi sabatur-batur lalumpatan. Rajleng notog-notogkeun manéh. Bungbeng néangan panyumputan.

LEUNGITEUN

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 08:27:14

Madinah dirungkup ku poek mongklengna peuting anu ngarayap nutupkeun mega beureum di belah kulon. Kerejep bentang ngabaturan kota nu leungit cahayana, kiceupna lir ibarat nahan keclak cimata nu teu kawasa di bendung sanajan nguat-nguat hate jeung nguat-ngait pikir jeung dzikir.

Hieum bukti jumblengna langit lapis kahiji, kitu oge rasa nu dikeukeup ku langit kadua, katilu, kaopat nepi ka cideumna langit ka tujuh. Teu puguh warna teu jelas sora, sesegrukan guludug ngajepretkeun kiceupna, bari tuluy pating gorowok ngabaturan Madinah nu dilingkung kabingung sabab kaleungitan.

Teu eureun angin ngahiliwir rusuh, diudag halodo nu di seredkeun hujan nu ngadadak dina peuting nu moal aya simpena. Hiliwirna pating gelebug bari mawa beja ka lulurung jagat buana. Al-Amin parantos mulih, Rasulullah parantos ngantunkeun. Mihapekeun ummatna, Muhammad... leungit jasad, kanyaah moal kababad, sanajan mangabad-abad, kaula taat kaula ummat, wilujeng milad.

Azie Nasrullah
Majalaya
310112

*inspirasi tina samapalan carita tarekh, drama anu bade dipentaskeun dina acara maulid Nabi Muhammad di Cibeet, Majalaya.

BABALIK PIKIR

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 08:13:46

Ti barang Inah balik ka lembur, rea nu ngaragukeun bakal jadi jelema bener. Sabab keur urang lembur mah, sakali ublag tetep ublag, memeh jadi nini-nini peot mah moal waka eureun. Komo ayeuna Inah keur meumeujeuhna donto, sagala masih palaleungkeur, atuh lebar mun ninggalkeun propesina teh. Tapi, ulah kitu insap dina kaayanan keur meumeujeuhna payu? Naha ari insap teh kudu geus reyod bae kitu? Galecok dina pikiran Inah. Tapi, kuring rek ningalikeun ka urang lembur, yen si Inah nu kamari ieu masih bobolokot ku dosa teh ayeuna geus babalik pikir, geus lain Inah ublag nu teu aya hargana di hareupeun para moralis, kitu ceuk gerentes hatena. Malaikat di langit reang ngabageakeun datangna hate suci nu gumebyar, nu geus dikumbah ku cai tobat. Mending kurut jelema bejad tinimbang jadi kurut jelema soleh mah....

NAGIH BUKTINA CINTA

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 08:04:21

Sirem ngagonyok manggihan gula, ucing buringas ngungudag beurit, cakcak ngadepong ngadodoho siraru, gogog jigrah ngagulang gaper tulang. Tapi geun, dia teu kadoang sireum, ucing, cakcak, jeung gogog, pas pajonghok jeung kula tadi peuting?. Mana bukti galibna dia salaku bebene?.
Kula hayang digonyok singkarayapna ramo kaka, hayang papahareup jeung buringasna beungeut kacinta, hayang didodoho depongna sono, jeung kacida nanggoan digulang gaper tulang raga katresna, ku sihung emoy kadeudeuh dia kaka.

TAREKAH PAMUNGKAS

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 07:48:21

Ma Enon geus béak déngkak. Sagala ihtiar dilakonan. Ti mimiti masang sentég, ngawurkeun racun, ngurat ngarét lém, nepika miara ucing sakitu lobana. Tapi sakadang beurit asa leuwih mahabu. Beuki ngagalaksak. Ma Enon taak. Nepika hiji waktu aya nu ngabéjaan, keur nyinglar beurit manéhna kudu nyieun baso. Nya ti harita, saprak ma Enon mabrik baso sakadang beurit teu témbong. Malah lain di imah manéhna waé. Aya béja di tatanggana ogé, ayeuna beurit tara pati wani ngulampreng.

SUSUGANAN

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 07:27:33

Nyai,ujang, doa keun bapa .poe ieu bapa rek ngulampreng ka tempat nu salila ieu geus jadi sabiwir hiji.Susuganan bae poe ieu mah Bapa manggih milik gede:" Aya anggota DPR nu salah miceun amplop kana wadah runtah, kabeneran eusina duit".Ngan ulah duit nagara deungeun bae kulantaran Bapa bingung kudu kaman nukeurkeun.

BATIK FIKMIN

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 07:09:03

gambaran katumbiri kahirupan muruluk dina pesbuk, dina hiliwir fiksi mini. Kuring nu nyemplungkeun eupan basa dua poe katukang ngorehan deui. Beu' meni jero naker? katuruban ku tumpukan ngaran nu ting gurilap.
Lumayan aya sababara guruntul jempol aya ngait kana eupan kuring, duka jempol resep, duka jempol tamba? Tapi aya reu'eus lewih ti meu'eus.
Eupan cinta wanda sunda ngajirim batik, rumasa nu kuring mah kurang kembangna!

MIJIL

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 06:57:47

Alatan aya olah jiwa antara pameget sareng istri, gumelar utun inji saparantos salapan sasih dikandung ku nu janten indung. Tos janten katangtosan nu Maha Kawasa utun inji kedah gumelar ka alam dunya bari teras ngagoar waktos kumaha kahirupan di marcapada nu benten sareng alam dwaparayuga, namung dalah dikumaha nu kasebatna manusa kedah tumut kana kapalay Nu Maha Suci.

JAGAT LALAKON

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 06:32:26

Nya didieu, lebah jagat wawayangan tempat lumampah jeung ngalalakon nu pangsingketna, malah kasebut pangbeuratna pikeun nangtukeun kamulyaannana dina kahirupan nu sabenerna, rek dibawa kamana lalampahan jeung lalakon urang, gumantung kana niat sorangan

SI BOLOTONG SAKOLA

Kénging Nana Slamet Tresna Aji
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 04:54:07

Si Bolotong, nu waktu lahirna lain ngocéak tapi nyeuleukeuteuk, kiwari umurna geus manjing sakola TK. Ku bapana diasupkeun ka TK Islam. "Sangkan agamana kuat," kitu cék bapana. Ngan édas, dasar Si Bolotong. Sakolana téh ngan kuat sapoé-poéna. Isukna mugen embung sakola. Atuh ku bapana didaftarkeun deui ka TK umum, sarua waé ngan kuat sapoé sakolana téh. Pon kitu deui waktu didaftarkeun ka TK internasional.
"Otong, Kasép! Kunaon hidep téh alim sakola? Ku Bapa disakolakeun téh supaya pinter. Sugan waé isuk jaganing géto hidep janten presiden," cék bapana nanya bangun nu deudeuh.
"Otong sanés alim sakola. Mung Otong mah hoyong sakola téh di sakola nu ngajarna ku basa Sunda," jawab Si Bolotong.

MULANG TARIMA

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 03:56:16

Kolotrak sora bedil angin dikokang. Diintip tina sela-sela pisir. Lempeng kana sasaran, tikukur nu keur ngelak nyebut ngaran. Barang rek dibekaskeun hiung sora nyiruan gigireun ceuli. Cle enteup na tungtung irung. Reuwas. Bedil murag. Boroan hiber ngajauhan. Kagareuwahkeun.
Tikukur nyawang ti anggangna ningal pamolah nyiruan nyeureud paninggaran nu jejebris pinuh kahandeueul. Nyiruan kabur muru sayang. Sugema nulung sasama nu kungsi nyait dirina tina umpalan cai walungan, ku saranggeuy kalakay daun loa.

RENDEZVOUS 3

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 01:58:01

Ngudag- ngudag bulan tukangeun Dadaha. Anteng neuteup langit,sieun kaleungitan. Anjeun ngarenghik. “ Engkang tewak najan kalangkangna,”. Ngintip cika - cika di pipireun Dadaha. Ngelenep, jaga-jaga bisi hiber nepi kajauhna. Anjeun dareuda. “ Jungjunan, gancang caangan ieu hate kapoekan,”. Ngitungan bentang baranang di buruan Dadaha. Parat cacap,nepi ka isukna. Bulan teu katewak, cika – cika ngajauhan, bentang anteng ngalelewean. Anjeun cumalimba dina hariring nu nurihan ati. “Antara lolongkrang kiceup.Urang pateuteup. Bulan pias enteupna lalangsé kayas.Kaca jandéla nu muka.Kaca katresna nu muka.Peuting téh teuing ku jempling.Asih téh teuing ku wening.*
Sajongjongan, galindeng anjeun mepende hate nu kebek ku karempan. Dina jorelatna sarangenge, garba lir dipupul bayu, teu wasa nandang katresna. Urang nyangsaya di handapeun angsana. “ Jungjunan, geus suda ngungudag kalangkang heulang, dalah bentang jeung bulan ge teu bisa nulungan. Ayeuna, urang kudu tumarima katresna ngalumuruk lir ibarat kalakay”

*Hariring dicutat tina rumpaka, “ Kembang Impian”

RENDEZVOUS 3

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 01:44:45

Ngudag- ngudag bulan tukangeun Dadaha. Anteng neuteup langit,sieun kaleungitan Anjeun ngarenghik. “ Engkang tewak najan kalangkangna,”. Ngintip cika - cika di pipireun Dadaha. Ngelenep, jaga-jaga bisi hiber nepi kajauhna. Anjeun dareuda. “ Jungjunan, gancang caangan ieu hate kapoekan,”. Ngitungan bentang baranang di buruan Dadaha. Parat cacap,nepi ka isukna. Bulan teu katewak, cika – cika ngajauhan, bentang anteng ngalelewean. Anjeun cumalimba dina hariring nu nurihan ati. “Antara lolongkrang kiceup.Urang pateuteup. Bulan pias enteupna lalangsé kayas.Kaca jandéla nu muka.Kaca katresna nu muka.Peuting téh teuing ku jempling.Asih téh teuing ku wening.
Sajongjongan, galindeng anjeun mepende hate nu kebek ku karempan. Dina jorelatna sarangenge, garba lir dipupul bayu, teu wasa nandang katresna. Urang nyangsaya di handapeun angsana. “ Jungjunan, geus suda ngungudag kalangkang heulang, dalah bentang jeung bulan ge teu bisa nulungan. Ayeuna, urang kudu tumarima katresna ngalumuruk lir ibarat kalakay”

KATINEUNG

Kénging Jal Niffari
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 00:42:52

lengit harta masih aya gantina, tapi leungit kanyaah moal aya gantina.
biwir meren bisa ngomong sabodo, tapi hate meren moal bisa ngabobodo
neangan beurang cek paribasana bisa kapanggih ku sapoe, tapi neangan kanyaah moal cukup ku sapoe.
harta jeng rupa ngan ukur samantara tapi nyaah jeung rasa deudeuh bakal salawasna nepi ka binasa.

AL-HUJURAT

Kénging Jal Niffari
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 00:35:43

he manusa sakabeh! urang geus nyieun meneh kabeh, awewe lalaki, supaya silih wawuhan, jadi nyaraho nu mulya mungguhing ngan pangeran.

CARITA TI LEMAH NUSANGSARA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2012 00:09:48

kilat tingbaranyay, geledeg tingjeleger, angin lilimbungan ngaburak-barik jagat, igeung digonjang-ganjing rurujit werejit, napsu ngabebela pikeun ngancurkeun dunya, jleg...jleg...jleg...lengkah ngaleleyek angkara, aya niat nincak hambalan nu hakiki malahmandar ieu nagri nu kakoncara jugala alatan sagala aya, nanjeur di ayana, citra ngandelkeun korupsi kudu dibasmi, lengkah tanaga diiiring kakuatan dipayungan ku qohar jabbar, naha ieu wahyu suci teh keur saha tanya kaguligah nu teu weleh ngancik lebah dada balarea alatan nyeueung aturan geus taya gunana, jerit hate maratan langit, kaweningan rasa geus ilang tina jiwa bari terus ngagelarkeun angkara murka, Agungna aturan nu Maha Kawasa teu dipirosea, lemah katata burak-barik alatan polah wakil-wakil balarea jauh tina amanah, rek iraha adil walatra sumebar di ieu nagara, ngan saukur renghap sangsara nu ngajawab dina raga teu walakaya, alatan adil palamarta jauh keneh ti ieu lemah tunggara