Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

A PHP Error was encountered

Severity: Warning

Message: imagejpeg(): gd-jpeg: JPEG library reports unrecoverable error:

Filename: helpers/captcha_helper.php

Line Number: 233


Pangakuan Dosa (Dina Mangsana Ngarang)

Shohiba Nu'man | Ahad, 27 Januari 2013 09:09
Bagikan ka Lapak Facebook
Genep bulan katukang, kungsi ngunclungkeun dokumén adaptasian ngeunaan fiksimini. Heuh kamari, basa pabeubeurang mukaan lapak, ana bréh éta dokumén ngapung deui, meni nyolok panon buncelik. Dibaca deui téh bet asa nyanyahoanan lir mapatahan ngojay ka soang. Siga nu enya baé geus hatam kana padika. Padahal mah diri sorangan gé meni kacida uyap-ayapna. Bangun reuwas. Bet dumadakan aya rasa palangsiang: kumaha mun éta dokumén malikan kana karya sorangan? Ieung! Gancang muka wéb http://fikminsunda.com, mapayan karya sorangan. Enya baé, karya téh loba pisan nu nyaliwang tina ugeran nu geus ditulis ku sorangan. Gusti...! Jajauheun kana disebut sampurna mah. Éra. Rumasa. Pira kadar fikminer balakacikok, bari diparengkeun can kawin deuih, meni “sampurna”! Deuh, naha bet jadi “curhat” kieu? Pan ieu téh rék ngaku dosa. Ah, lain nyungkun ieu mah, da sasaha ogé papada boga hak pikeun ngalamun. Bati ngawawaas baé kumaha jadina mun seug kaalaman jadi pangarang kahot siga Kang Godi, Ang Nunu, Ang Deden, Ka Hadi, atawa pangarang kahot séjénna. Heuh nya kitu téa, lamunan téh tara kebat. Meusmeus kagareuwahkeun ku sora nu nyarékan tina harigu sorangan. Laklak dasar ngajejeléh. Lir kunyuk nu gandrung ka Dian Sastro mah, bulu taneuh nu micangcam méga mah, teu nalipak diri téa mah. Lah, matak rawék manah. Tapi sanggeus dipikir deui mah, bener ogé. Jajauheun ka siga aranjeunna. Bongan balatak pisan geuning kahéngkéran diri téh. Horéng loba kénéh “dosa” nu rajeun dileukeunan dina mangsana cacarakan ngarang. Ngajurungkunung satangtung gunung. Teuing kudu kumaha tobatna. Cita-cita, sakiwarieun mah bati lamunan nu lahuta.

Nya atuh urang langsung baé kana pangakuan dosa.

 

GURUNGGUSUH

Soloyong ideu, gep ditéwak. Laju muka leptop, bray MS words. Teu antaparah, dérédéd baé dituliskeun. Dungdak-dengdék nyiaran kecap milihan ungkara. Bari juru panon mah teu weléh ngarérétan layar palebah handap juru kénca, bisi luncat ti 150 kecapan! Teu lila bérés. Dibaca deui sababaraha balikan bisi aya nu salah ketik. Nyéh seuri sorangan. Asa sugema. Kumalayang. Siga nu geus nepi baé kana ketak pamuncak. Weureu ku jijieunan sorangan. Asa geus sampurna. Geuwat ngarawél mous, séot fikmin téh diblok. Jetét dikopi, leos muka lapak, jetét dipasteu. Clung! Reup.

Ana dibuka deui téh meni geus rabul ku nu ngajarempolan jeung nu malairan. Nu muji mah, nu nanyakeun surahanana mah, nu ngadon ngalokan mah. Reueus. Matak reueus. Énya, samodel Kang Godi tur Ka Hadi nu teu weléh muji, Ang Nunu tur Teh Endah nu pairanana pondok mirasa, teu kaliwat Ang Deden si jempol maut téa, ogé nu séjénna nu hamo kasebut hiji-hijina. Tapi nya kitu, ari ku lila mah idekliher di ieu lapak, jadi rada apal kana maksud jeung rindat ka mana léokna pairan ti para “saéhu” téh. Mun diteuleuman mah tina kabiasaan aranjeunna mairan, lain suudon, éstu husnudon keur kamajuan diri sorangan, sok leukeun aya sababaraha pairan ti aranjeunna–nu sok sanajan ungkarana mah éstu muji, tapi nu kasurahan mah jadi kieu kurang-leuwih katangkepna: ”Meni matak bosen. Na taya deui nu leuwih ti kieu?”

Ambuing, rumasa tara kuat nahan kahayang. Ngunclungkeun karya téh sok sagebrusna baé. Jajauheun kana ngulik téhnik atawa gagasan, ku sakitu oge meni asa geus bébéakan. Arang pisan sadar yén Iblis mah teu weléh ngajak bae rurusuhan, neundeun reueus ka diri sorangan, nutupan kahéngkéran bari nyesepkeun rasa kasugema kana karya nu teu sapira. Tobat, Gustii..  

“Peuyeum heula, Sujang..! Peuyeum heula!” neuteuli pisan basa Kang Godi harita mapatahan, basa karek pisan cacarakan. Enya, sakali-dua kali mah sok rajeun diturut éta papatah teh. Fikmin dipeuyeum sababaraha poéan, laju dilongokan. Mun dilongok wanci manceran, bruhbréh nu kaliwat narémbongan. Dilongok deui janari leutik, tingborélak ideu campernik. Tapi nya kitu téa, ka béh dieunakeun mah, ku boga rasa aing geus bisa téa, éta papatah téh arang pisan diturut deui. Paling dipeuyeum gé teu kungsi jam-jaman. Tonggoy baé sakarepna digebruskeun. Kakara ngarasa kaduhung téh mun geus kagok dikunclungkeun, saban kahéngkéran tingpucunghul ngajarebian. Haruh.. Bebengok Gurunggusuh!

 

(MAKSA) JADI KOLOT NU SAMPURNA

 

“Sing apik nulis téh, Sujang! Pan karya mah teu béda ti anak sorangan,” neteuli deui baé éta papatah Kang Godi. Keun dina sual nulisna mah, da rumasa sok aya baé kasologotoan téh. Nu sakuduna ditulis ku huruf kapital kalahka ngagunakeun huruf leutik, pon kitu deui sabalikna. Angot palebah ngalarapkeun tanda baca, ah, sok aya baé nu teu imeutna. Badag cabak. Matak bala keur nu macana. Tapi nu matak kapikiran pisan mah nyaéta papatah anjeunna yén karya téh teu béda ti anak sorangan. Enya. Sok sanajan –deui-deui siga nu curhat—can kaparengkeun rarabi, tapi ari ngawawaas mah teu sirikna unggal mangsa.  Saha nu teu nyaah ka anak sorangan? Saha nu teu hayang ningali anakna suksés mandiri? Séhat berséka mun parok ngabring jeung balad-baladna. Onjoy ti batur dina hal kapercéka. Sigana mah taya kolot nu baris panuju mun anakna kuleuheu, bedegong, kedul, kuuleun, pikaboseneun, adigung, atawa kokolot begog. Deuh, kumaha teuing kamandang jalma-jalma? Tangtu balik deui ka urang salaku kolotna.

 

Nu matak ngarasa dosa téh, éta bet ku maksa hayang jadi kolot nu sampurna. Hantem baé karya téh diédit, diropéa, dipapaksa sangkan karya nurutkeun kahayang diri. Disengker. Teu meunang itu teu meunang ieu. Antukna karya teh jadi teu leupas. Kaku. Ruksak méntalna. Leungit kamandirianana. Sagala kumaha kolot. Céngéng. Anak Mamih! Tobat, Gustii..

 

Saeutik-saeutik aya kasadaran nu nguniang. Budak téh –sok sanajan sacara genetik mah moal bisa leupas ti kolotna, tapi da ari karakterna mah tangtu kabentuk ku lingkungan jeung zamanna. Jeung nu leuwih penting, éta budak hamo bisa ngalawan takdirna sorangan. Mahéra (salah sahiji tokoh fikmin) moal bisa dipaksa sangkan bisa dipikaresep ku sakabeh nu maca. Sok sanajan nu ngajarempolan disambat hiji-hiji, dihiap-hiap sangkan dipairan, diagul-agul, keukeuh, jempol jeung pairan moal bisa ngangkat ajén karyana. Kitu deui umurna. Hamo leupas tina “Seleksi Hukum Alam”. Anu mulus rahayu manjang, anu goréng nanasiban mah nya wayahna baé dikurebkeun jadi fossil di pajaratan kadijitalan. Teu nanaon. Éstu alamiah pisan.

 

DAPON HEUREUY NGULINKEUN KECAP JEUNG UNGKARA

“Asa dipaksakeun fikmin teh, Ang!” kungsi Ang Nunu méré kamandangna. Abong nu kahot. Apal baé kana kahéngkéran téh. Enya karasa. Aya kanteng anu éstra antara ngédit jeung heureuy. Ngédit mah tangtu aya tujuanana. Ngarapihkeun tulisan, ngaganti hiji kecap ku kecap séjénna kalayan tinimbangan téhnik, rima-sada, simbol, logika carita, éfék keur nu macana, nyocogkeun paguneman kana karakter tokoh nu dipiseja, nguatan ideu jeung gagasan, atawa pikeun ka-ékonomisan jumlah kecapan nu baris nambahan kana ajén hiji karya. Ari heureuy, teu leuwih ti hayang katangar, méakeun waktu ngaréka-réka kecap jeung ungkara bari taya nu robah dina karyana. Angot jadi bala teu mangrupa. Ampun.

Rumasa dosa. Mun kabeneran keur ngarang fikmin. Sok kamalinaan kagoda ku “heuheureuyan”. Ngaréka-réka kecap jeung ungkara bari taya tujuan. Bati papaés nu teu méré kaleuwihan saeutik ogé kana karya. Iwal ti kecap-kecap nu matak giung malih ngalieurkeun nu macana. Matak kandeg kana karya. Pikaboseneun. Badis nu keur karandapan ayeuna. Tobat Gusti... Mugia sing teu kaalaman ku nu sanésna. Amin.

 Cikembang, 14 Rayagung 1433 H

 

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: