Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."
Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."


Béjér Pangajén: Saémbara Ngarang Fiksimini Basa Sunda Pébruari 2012

Dadan Sutisna | Ahad, 27 Januari 2013 08:57
Bagikan ka Lapak Facebook

Bubuka

Siga nu kungsi diémbarkeun méméhna, Saémbara Ngarang Fiksimini Basa Sunda nu diayakeun di Aula Unpad, 25 Fébruari 2012, ngawengku sawatara aturan. Nu matak “beurat” para patandang, di antarana, téma ditangtukeun harita, tur sakur patandang ngan dibéré waktu 2,5 jam pikeun nulis Fikmin. Dina maluruh idé, néang imajinasi, terus ngaréngkolkeun kana kekecapan nu diwatesanan, bawirasa waktu sakitu téh samporét pisan. Éta téh bisa katangén tina karya-karya nu dikirimkeun ku para patandang, réa nu katémbongna ditulis binarung rusuh.

 

Privasi Naskah

Pikeun ngajaga karahasiahan naskah jeung nu ngarangna, dina ieu saémbara, sakur naskah para patandang langsung dikirim kana sérver Fikminsunda.com. Girang pangajén, kitu deui panitia, ngan ukur bisa ningal naskah dumasar kana Kodeu Patandang jeung Eusi Fikmin. Ngaran patandang disamunikeun, tur minangka gantina, nya ku kodeu téa.

 

Girang Pangajén

Girang pangajén ieu saémbara nyaéta: Nazarudin Azhar, Safrina Noorman, jeung Dadan Sutisna.

Catetan kana Naskah Saémbara

Tina 56 Naskah nu kabaca ku girang pangajén, réréanana masih dina wangenan fragmén jeung atawa skétsa. Téma “Korupsi” jeung “Pilkada”, kakara digambarkan kana hal nu éksplisit. Dina karya fikmin, kacindekan éksplisit téh baris ngurangan daya tarik fikmin, lantaran méh taya bédana jeung naon nu katingal atawa kareungeu tina rupaning béja ngeunaan “Korupsi” jeung “Pilkada”. Hartina, fikmin nu hadé, baris bisa némbongkeun hal-hal anyar tina tina téma nu diasongkeun, hal nu arang katoél ku batur, atawa paling copél, aya surahaneunana. Fikmin teu kudu ahéng waé, atawa diahéng-ahéng. Najan basajan, nu penting mah nenggel kana mamarasna.

Umumna mah, para patandang geus némbongkeun katapisna dina nulis fikmin. Tina éjahan jeung ngagunakeun basa Sunda, aya ronjatna batan saémbara méméhna. Tah, lebah eusi sigana nu perlu diwewegan téh. Tina téma nu diasongkeun, pangarang kudu mampuh ngungkab hal-hal anyar, dumasar kana hasil kontémplasina. Upamana, ti baheula mula geus papada terang yén korupsi téh remen dipakaitkeun jeung kecap “beurit”. Mun pangarang masih kénéh ngécéskeun kumaha ngaruksak jeung ceceremedna beurit, minangka gambaran koruptor, hartina éta téh teu mawa hal anyar dina karyana.

Aya sawatara karya, dina catetan Girang Pangajén, bakal jadi hadé mun asak ngagarapna. Upamana Fikmin “Hayang jadi Bupati” (UGZM), “Épisode” (UHDE), “Du’akeun Abdi” (UJYG), “Eunteung Lilis” (UQM5), jeung “Condré” (UY8L).

 

Pinunjulna

Fikmin “Imut” beunang U25M, nyaritakeun polah jalma nu rék nyalon. Éta jalma teuing ku reueus nénjo potrétna nu minuhan kota. “Imut wé nu utami mah!” éta kalimah, saenyana mah bisa ngahudangkeun rupa-rupa sawangan ka nu maca. Hanjakal ieu fikmin, najan bahanna geus alus, kurang asak ngagarapna. Pangpangna lebah dina énding, kalimah “Imut mah cukup jang kampanye”, karasa pisan togmolna. “Imut mah cukup jang kampanye” saenyana geus kawakilan ku “Imut wé nu utami mah!” Ku kituna, ieu Fikmin ditetepkeun jadi pinunjul katilu.

Réa fikmin nu ngagambarkeun kasarakahan para gegedén, tapi dina fikmin “Potrét Manéhna” beunang UC47, nu ditémbongkeun téh suasana “satir”. Kumaha “kasabaranana” hiji calon, nu mangalam-alam nyalon, tapi teu jadi-jadi. Haben wé masang-masang potrét, pada neuteup, pada muji, tuluy jadi runtah. Kitu jeung kitu. Ieu fikmin basajan, tapi bisa jadi bahan surahaneun. Ku kituna, fikmin “Potrét Manéhna” beunang UC47 ditetepkeun jadi pinunjul kadua.

Fikmin “Riwan” beunang UKKW, onjoyna téh lebah gagasanana. Pilkada, lain ukur bisa disawang tina pahibutna nu nyalon, atawa gambar-gambar calon nu paragpag, tapi bisa ditilik deuih tina hal-hal nu leuwih noél kana rasa. Tukang sablon kaos katut pirang-pirang impianana, pagedrug jeung gambar calon gupernur nu keur ngacungkeun jempol. Fikmin “Riwan” beunang UKKW ditetepkeun jadi pinunjul kahiji.

Putusan girang pangajén teu bisa dionggét-onggét. Sabada netepkeun pinunjul jeung nyusun béjér pangajén, siga sasari, neda hapuntenna, girang pangajén moal mairan kana sadaya koméntar atawa patarosan nu aya patalina jeung kaputusan ieu saémbara. Cag.

 

Ditetepkeun di Bandung, 25 Fébruari 2011 tabuh 15:30

Girang Pangajén

Nazarudin Azhar

Dadan Sutisna

Safrina Noorman

 

---------------------------------

Lampiran

Naskah Pinunjul Saémbara Ngarang Fiksimini Basa Sunda 2012 Katégori Umum

 

Pinunjul Hiji

 

Riwan

(UKKW - Endah Dinda Jenura)

 

Subuh-subuh, cengkat tina bantal lépét jeung riwan beunghar di heulay samak karancang jero rohang sablon rupek, manéhna hudang, budak leutik nu digawé. Gasruk, gasruk, kadéngé sora sendal dununganna ngadeukeutan, kolébat beungeut indung jeung adi-adi di lembur, koréjat manéhna hudang. Cetrék lampu, lol molotot, "Gancang, bisi kaburu hujan," teugeug. Manéhna ngan wasa unggeuk. Sakilat samak, bantal lépét, jeung riwan dibebeskeun ka tukangeun lomari. Hareupeun hunyudan kaos sabloneun, manéhna ngahuleng. Ras kana anggaran Pilkada nu cenah milyar-milyar, ras kana impianana hayang neruskeun sakola, leketey. Handapeun caang lampu néon, beungeut Calon Gubernur jeung wakilna tembong marahmay bari ngacungkeun jempol.

 

(96 Kecap)

-----

Pinunjul Dua

 

Potrét Manéhna

(UC47 - Deden Abdul Aziz)

 

POTRÉT manéhna ngajeblag di sisi jalan. Pada neuteup. Pada nelek-nelek. Disidik-sidik. Teu lila potrét manéhna taya nu maliré. Potrét manéhna ngabedega dina almenak. Pada ningalian. Pada muji. Lila-lila taya nu ngarérét. Iwal nu mastikeun tanggal. Potrét manehna narapel di mana-mana. Dina tangkal. Dina témbok. Pager pinuh ku potrét manéhna. Mobil reuteum ku potrét manéhna. Kota jadi étalaseu potrét manéhna. Kota bala ku potrét manéhna. Disangka runtah, tapi dianggap euweuh. Potrét manéhna di mana-mana, musnah. Heuleut lima taun ti harita, potrét manéhna minuhan deui kota. Lima taun sakali. Unggal lima taun. Jadi patandang. Nu teu jadi-jadi. Nepika lebur kiamah.

 

(99 Kecap)

-----

Pinunjul Tilu

 

Imut

(U25M - Toni Lesmana)

 

"Imut wé anu utami mah!" kitu cék fotografer. Atuh nurut wé. Jang baligo. Jang pasangkeuneun di mamana. Apan nyalon deui pilkada. Nu kadua kali. Can wareg atuda. Jeprét. Jeprét. Jeprét. Teu lila foto ngajeblag di mamana. Foto keur imut. Mani manis. Sapoé jeput kungsi ngurilingan kota. Reugreug balik ka imah. Reueus ningali imut anu minuhan kota. Dicipta-cipta unggal peuting. Unggal peuting kacipta waé imut téh. Unggal peuting nyipta imut sorangan bari ngasah sihung. Sihung anu baris dipaké deui engké lamun jeneng kapilih. Imut mah cukup jang kampanyeu.

(87 Kecap)

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: