Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Ngarang jeung Fikmin ceuk Godi Suwarna

Nazarudin Azhar | Ahad, 27 Januari 2013 08:50
Bagikan ka Lapak Facebook

GODI Suwarna téh guru saréréa, guru pikeun nu sok resep ngarang.  Karya-karyana geus teu bisa dipondah deui, asup kana karya petingan nu milu nyalametkeun hirup-huripna sastra Sunda. Najan sakali dua kali aya karanganana dina Basa Indonésia, boh puisi atawa carpon, tapi da teu mapakan kumaha ajén karyana dina Basa Sunda.  Sok rada meureudeuy maca sajak Indonésiana mah, béda mun maca sajak Sundana. Nikmat alahbatan dikiceupan ku Dewi Perssik, sakaligus langsung muriang lantaran kahéab panas, kabita hayang bisa nulis jiga kitu!

Basa sim kuring ngadamel lapak Fiksimini Basa Sunda ieu, nu pangpayunna dikunclungkeun téh nya anjeunna. Da méméhna, Kang Godi sok rajeun ngomén kana fiksimini Basa Sunda sim kuring, saméméh aya ieu lapak. Diposting jadi status harita mah. Pangpangna mah deuih, kapikir, dina lapak ieu kudu aya gegedug sastra Sunda nu ancrub, pikeun “daya tarik”, sangkan seueur umat nu naluturkeun, sugan wé ieu lapak jadi ramé.

Tétéla Kang Godi haget pisan katawisna aya ieu lapak téh, langsung berkarya, sanaos masih can kaimpleng rupina nu kumaha ari fikmin. Atuh sabada seueur postingan fikmin, juljol nu ngetrok panto palay janten anggota. Alhamdulillah. Rempeg anggota FBS téh.

Nu matak bungangang, geuning sanés wungkul ancrub nyerat fikmin, tapi ogé Kang Godi léah manah ngaping ngajaring pangarang bakal nu maruncul dina ieu lapak. Élmu panemu jampé pamakéna dina ngarang, dibruk-brakkeun. Hasilna, tangtos ku sadayana kauninga, langkung seueur postingan fikmin nu malohér, nu di antawisna diserat ku pangarang nu rupina ngawitan kapeuseuh dina ieu lapak.

“Yah, pokona, sagala rupi rusiah dapur nu salami ieu tara diucah-aceh, dina lapak fikmin mah diketrukkeun pisan. Upama aya nu leukeun macaan, tangtos janten pangarang Sunda calon hadiah rancage. heuheu…” kitu saur Kang Godi dina salah sawios koméntarna.

Réa hal penting nu aya tumalina jeung ngarang, nu ku Kang Godi “diucah-acéh” dina ieu lapak. Boh upami nuju ngoméntar fikmin nu sanés, boh nuju “berbalas koméntar “ dina fikmin anjeunna. Katawis daria pisan.  Sami dariana sareng upami anjeunna nuju ngarang. Katangén dina koméntarna nu ieu yeuh, “Waduh, punten ka sadayana. Aya nu kirang pas. Diralat ah...! Cicika nu rabeng ka pajaratan. Kedahna : Cicika nu rabeng ti pajaratan. Aneh fikmin mah. Sakitu tos juh minggu direvisi, barang diposting mah sok aya we nu kirangna teh...” kitu, dina koméntar anjeunna perkawis postingan fikmin Die Berlinerin. Tos diposting gé, make aya ralat sagala! Alatan ku apik tur nyaah kana karangan nu diseratna.

Tah perkawis “rusiah dapur”-na nu diucah-acéh téa, ku sim kuring dikempelkeun. Tina koméntar anjeunna. Teu sadayana. Tangtosna gé aya nu kalangkung teu kakopas di dieu. Namung, ku 30 poin nu ngabéréndél di handap ieu, urang tiasa ngalap élmu ngeunaan ngarang (hususna fikmin) ti Kang Godi Suwarna.

 Nyanggakeun.

  1. Fikmin teh kawas bonsay, najan leutik bari rupa-rupa aliranana, tapi ulah eleh anggun, ulah eleh serem, ulah eleh waas, ulah eleh sanget ku tangkal-tangkal baradag, nu geus karahot, nu jaranggotan...

 

  1. Keur sim uing, tina ide nu teu sapira, tina kajadian biasa, mun digarap janten karya nu aheng, eta karek disebat ajib
  2. Gara-gara mikmin teh sim uing janten ngungkab deui panineungan. Ngungkab deui pangalaman nu tos lawas kapopohokeun, ngungkab deui carios wayang, carita rayat, mitos, legenda.
  3. Jempol teh ngagedean hate. Komentar nu dipiharep teh nya komen nu tiasa ngajembaran karya, ngalegaan wawasan. Tapi, komen nu celengkang-celengkeung oge sanes teu aya hartosna. Paling copel, eta nu komen teh nuju diajar wanter da seueur oge nu arisinan, atanapi nuju diajar ngadamel kalimah nu engkena bakal aya gunana upami anjeunna mikmin.
  4. Kalaresan rorompok teh di stasion Ciamis, neng..! Hiji waktos, sim uing ningal tukang kokorompong nuju reureuh. Calik gigireun karung pelastik. Uleng neuteup gambar. Singhoreng gambar Monalisa pisan. Nya diwawaas ku sim uing. Kahirupan nu gurawes (istilah Mang Edi Purwadi), nu pait peuheur, disandingkeun sareng endahna impenan. Peupeuriheun nulungan teu tiasa. Salaku tukang ngarang, sim uing mung ukur tiasa ngabagjakeun aranjeunna dina karangan.
  5. Ngarang teh dunya urang, 'Jang..! Hade-goreng, beureum-hideung, apan urang nu nangtoskeun. Peupeuriheun di luar sastra urang teh teu tiasa janten jalmi 'yang menentukan'. Dina ngarang mah anging urang nu kawasa. Numawi, uing mah sok hoyong sarwa sampurna sanajan tangtu relatif tea eta mah. Beuki ngudag nu sampurna beuki asa teu sampurna. Nya kitu, fikmin teh jadi mindeng dipendem. Teu weleh asa goreng. Bari terus macaan fikmin nu sejen. Mun uing rek mosting karya, eta teh bari kesang badag kesang lembut. Aya tegang. Aya era.
  6. Ti baheula uing mah ngarang carpon teh dumasar kana logika dongeng. Dina dongeng mah sah bae manuk ngobrol jeung jelema oge, upamana. Dina fikmin ge uing mah rek ngadongeng we, ah. Ngarah bebas ngalamun. Salah sahiji kakuatan fikmin teh, cek uing, nya eta dina ngumbar imajinasi, teu kudu kawatesan ku logika siga dina carpon realis. Jadi, mun aya jelema nu ngadahup ka gambar, teu kudu sieun disebut kaleuleuwihi, da dongeng ieuh. Apan Karuhun ge kungsi ngarang dongeng hiji putri nu dikawin ku anjing, tuluy anakan jelema. Tah, sim uing ge rek nuluykeun warisan karuhun we, ah...
  7. Jurus, apan eta teh 'dipelajari untuk dilupakan' tea. Dina derna tarung mah tos teu kedah ngemut-ngemut jurus, bilih katonjok manten ku musuh. Tapi jurus tos kedah janten naluri.
  8. Fikmin mah kalan-kalan sok ngagalebray mukana teh saparntos urang ngaosan koemantarna. Kalan-kalan nu teu kaemut ti anggalna, janten jelas dina komen nu sanes.
  9. Urang teu kenging nyepelekeun dongeng, komo mitos, warisan para sepuh urang. Kalan-kalan, tina dongeng atanapi mitos kitu teh para sepuh nyimpen atikan, moral, pesekeun urang. Sarengna deui, can tangtos naon nu didongengkeun ku sepuh urang teh bohong sadaya. Pun uyut sering ngadongeng perkawis Maung Putih. Harita mah sim uing nyangka eta teh sakadar dongeng dongengek we. Tapi, apan ayeuna urang uninga reh di taman safari leres-leres aya maung nu buluna bodas...
  10. Ti wangkid sim uing terang yen ungkara, imajinasi, pangarang Gabriel Garcia Marquez sok dipapandekeun kana banteng edan nu nyuruduk, sim uing kabita pisan. Dicobian dina basa Sunda nu gaduh potensi 'gumalindeng' tea. Basa Sunda 'dibadak ciheakeun'; Tutubruk nanging angger ngawirahma, kitu cita-cita sim uing dina ngarang basa Sunda. Duka teh teuing. Boa samar laksana.... hiks...
  11. Sim uing nuju ngadisiplinkeun karep reh ngarang fikmin teh moal langkung ti sawelas jajar ngetik dina komputer. Nya kitu, seueur ungkara, adegan, nu kapaksa diedit dina raraga meuseuh diri tea.
  12. Ti jaman sim uing nuju nyarpon baheula, tema-tema teh ngahaja teu milih nu ilahar. Nu mung ulukutek dina tema garapan nu sanes. Nya sok ngadamel nu langkung jembar ambahanana. Numawi harita pada nyebat teu parok jeung batur.
  13. Karakter basa Sunda nu gumalindeng tea, tarikan kana ngarangna ge sok ageung kana romantisan. So raresep sumoreang. Nyeungceurikan baheula nu sarwa endah. Padahal, sagigireun tiasa diangge ngagerean cepil sapertos bulu hayam, basa Sunda oge tiasa diangge byepret, ngagitik.
  14. Keur sim uing, imajinasi dina fikmin teh kedah diabur pisan. Ulah imaji sadidinten teuing. Apan lamunan-lamunan urang dina sadidinten ge sok araheng. Kantenan impenan mah. Tah, dunya fikmin teh, cek sim uing, nya dinya impenan tea. Sok araheng geura. Kawas dina Alice In Wonderland.
  15. Cawokah mah benten sareng porno. Upami porno mah dipiharep tiasa ngahudang birahi. Dupi cawokah mah mung sakadar kangge 'mancing' seuri. Cawokah mah moal kenging ku UU anti pornografi...
  16. Saparantos aya fikmin teh sim uing janten sehat pisan. Gorejag deui kana ngarang, ngomen sareng ngajuempol. Kawitna mah fesbuk teh tos bade dikantunkeun. Ayeuna mah, yaaaah, ke heula ah. Betah deui...
  17. Seueur nu nyarios kitu ka sim uing, Bah! 'Kade ulah kalalanjoan dina fikmin', cenah. Kieu, Bah; Dina nyarpon, nyajak, novel mah sim uing teh tos teu aya kapanasaran deui. Asa tos hatam, kitu cek raraosan. Sarupaning piagem tos numpuk di rorompok. Asa tos teu aya tantangan deui. Barang kurunyung Neng Fikmin, sim uing nu tos impoten teh bet ujug-ujug buringhas deui. Katenan saparantos karaos reh fikmin teh lindeuk japati. Tambih geregeteun, tambih moho.
  18. Nanging da ari ka nu ngarora mah sim uing teu weleh miharep sangkan maranehna tetep bajoang dina sajak, carpon, novel. Supados sastra Sunda angger hirup di ditu di dieu. Kitu rupina, Bah...!"
  19. Seueur kamungkinanana fikmin teh. Tiasa dikitu kieu. Tiasa digrafisan, difilmkeun, didramakeun.
  20. Maca alam, maca diri, ngasah manah, ngasah kalimah dina raraga mikmin. Lami-lami karaos aya nu ngulisik dina hate. Hoyongeun midang janten rupi-rupi fikmin. Aya nu kieu. Aya nu kitu. Rupi-rupi..!
  21. "Adegan-adegan pati teh tos tingkolebat ti jaman uing keur ngora. Nya ieu salahsawiosna.
  22. Idena tos mangtaun-taun. Teu kersaeun janten carpon. Kasorang nya dina fikmin.
  23. Uing teu pati ngabandungan fikmin luar. Tapi, dumasar kana conto-conto nu kungsi dikirim ku Endah Dinda Jenura, karancage dulur-dulur fikmin Sunda karaos teu eleh geleng. Teras ngarotektak bari nalaktak. Kabandungan pirang-pirang jurus digelar di ieu lapak. Kantun aya ahli sastra nu jembar panalar, nu ngahalkeun nitenanana.
  24. Sagala nu kareret teras diwawaas sugan tiasa janten fikmin. Kitu deui sagala nu kumalangkang dina panineungan, dina lamunan. Kitu nu nuju kajantenan ayeuna. Resep. Asa jaban ngarang baheula, nuju ngora..."
  25. Ku fikmin tambah karasa kaahengan kahirupan. Luak-leokn, gulak-gilekna, kawas kahirupan nu memang hese dibade. Urang bisa naker diri, naker batur. Bisa ngukur jero jeung jembarna hate sewang-sewang najan ukur ngalangkang dina satampah 'kulah'. Fikmin jadi bebedahan pikeun rupaning katugenah nu geus lawas kabendung....
  26. Pangarang mah kalebet 'tukang tipu' anu diwenangkeun ku balarea. Saprtos tukang sulap.
  27. sanaos fikmin teh mung ukur cai sakeclak, tapi cenah eusina mahtiasa salega balong, talaga, malah sagara.
  28. Asal daek tuang-toong ka nu sejen, asal daek macaan karya, ngomentar kana karya batur, eta bakal jadi enerji kreatif oge pikeun urang, 'Pral..! Deukeutan anu keur bersemangat, ngarah enerjina nyerep oge ka urang, jauhan anu ker 'bete', bisi kababawa letoy...! Kitu nu karasa ku uing mah, 'Pral..!
  29. Biasana mah ti nu teu pira, diolah sina jadi 'pira'. Tangtos hasilna ge bakal aheng, 'Jang! Tapi, nyeta, nu teu pira teh sok rada hese mendak idena. Tadi ge kabeneran we aya hulu peda ngagoler caket wadah runtah, digembrong laleur. Kacipta, eta sakadang peda teh geus jauh pisan lalampahanana. Terus bae kapikiran. Nya der we difikminkeun...!
  30. Ari numutkeun pamendak sim uing mah pangarang teh kedah diajar, kedah tiasa heula aturan-aturan bahasa nu sakedahna numutkeun tetekonna. Bujeng-bujeng tatabasana, dalah ngetikna ge kedah leres. Upami tos paham pisan kana kumaha sakedahna, nembe pangarang tiasa bereksperimen, milari kamungkinan sanes tina aturan tea, kangge kaperyogian ekspresi pribadina. Malah, upami diperyogikeun, pangarang tiasa bae nyiptakeun kecap sorangan.
  31. Anging jalmi nu kagungan manah langgeng dina karumajaan nu bakal tiasa manjang ngarangna. ***

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: