Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Catetan Ngeunaan Awalan jeung Kecap Pangantét

Tatang Sumarsono | Ahad, 27 Januari 2013 08:44
Bagikan ka Lapak Facebook

Dina sawatara karya anu midang dina ieu lapak, sok rajeun kénéh aya anu patukeur lebah nuliskeun awalan jeung kecap pangantét (kata depan, bs. Ind.). Upamana waé: di pénta, ka dupak, ti tajong, disawah, kasakola, tihareup. Ceuk kaédah basa Sunda, cara nuliskeun kecap kawas kitu téh tibalik. Sabab kuduna: dipénta, kadupak, titajong, di sawah, ka sakola, ti hareup.

Di dina dipénta, ka dina kadupak, jeung ti dina titajong, disebutna awalan, cara nulisna kudu dihijikeun. Ari di dina di sawah, ka dina ka sakola, jeung ti dina ti hareup, kaasup kana kecap pangantét, cara nulisna kudu dipisahkeun.

Awalan di, ka, ti ilaharna larap kana kecap pagawéan (pénta, dupak, tajong), jeung engkéna ngawangun kecap pagawéan. Ari kecap pangantét di, ka, ti ilaharna dituturkeun ku kecap barang, tempat, atawa anu nuduhkeun tempat (sawah, sakola, hareup). Tapi lamun di ditambahan ahiran an, sanajan dilarapkeun kana kecap barang, engkéna bakal ngawangun kecap pagawéan.

Conto : di sawah – disawahan, di kebon – dikebonan, di jalan – dijalanan.

Aya anu kudu ati-ati, dina basa Sunda aya anu mangrupa kecap barang, tapi lamun maké awalan di, terus robah jadi kecap pagawéan (teu réa). Conto: pacul (kecap barang), tapi dipacul (kecap pagawéan),  bedil (kecap barang), tapi dibedil (kecap pagawéan), kaméra (kecap barang), dikaméra (kecap pagawéan).

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: