Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Hartining Mini

Hawé Setiawan | Ahad, 27 Januari 2013 06:02
Bagikan ka Lapak Facebook

Tepi ka kiwari taya nu sapuk lebah hartining pondok dina carita pondok. Pondok téh pondok naonna? Pondok téh naon babandinganana? Naha bet taya istilah "carita panjang" deuih? Ari "carita tilu bagian" dina Manglé kaasup carpon kénéh, lin? Naha bet béda deui perenahna? Kitu antarana guareun ti nu parondok. Hartining pondok téh horéng panjang lalakonna.

Nu kungsi kabaca antarana pedaran Rust Hills (1924-2008). Puluhan taun manéhna ngurus carpon dina majalah. Ku ijiranana, carpon dibanding-banding jeung novél katut skétsa. Pakaitna rupaning élémén carita dina carpon leuwih raket pageuh batan nu kapanggih dina novél. Lian ti kitu, béda jeung skétsa nu ukur midangkeun gambar kahirupan kalawan datar, carpon mah museur kana gambaran pangalaman nu lain kabiasaan. Ari Hasif Amini ngabanding-banding carpon jeung novél kalawan siloka tinju. Carpon mah meunang KO, ari novél meunang angka. Jekukna tangtu béda.

Kilang kitu, nu bingung teu kungsi suwung. Ongkoh pan pondok angger nyogok, panjang teu weléh nyugak. Ninggang di nu purah ngitung, maké jeung hayang écés sabaraha kecap. Samarukna ngarang sarua jeung milang. Sasat élmuning dagang nyiliwuri ka pabéasan seni.

Di lembur urang, siloka mah teu kurang-kurang. Carék ujaring nu sok lar sup ka kabuyutan, nu pondok tong dipanjangan, nu panjang tong diteukteuk. Ana kitu, carpon téh lain novél nu diteukteuk, ari novél lain carpon nu dipanjangan.

Kiwari, dina fésbukna sawatara pangarang Sunda, aya deuih kecap mini. Ku karancagé Nazarudin Azhar, tingpucunghul karangan nu disebut "fiksimini". Sasat aya patokan anyar nu béda ti nu pondok saméméhna. Sababaraha taun ka tukang, méméh balaréa sibuk mésbuk, kungsi aya istilah "carpon mini" deuih.

Kituna mah lain di urang wungkul. Di tatar deungeun gé aya istilah minifiction katut rupaning lalandian séjénna kayaning flash fiction, short short story, microfiction, malah aya nanofiction sagala rupa. Barangna mah éta-éta kénéh: wanda carita nu pohara pondokna.

Ari sorangan taya maksud nyurahan karangan. Geus teu usum ongkoh, asana mah. Unggal jalma bisa nyieun kritik, taya halangan harunganana. Udagan di dieu taya lian iwal ti spékulasi, jirimna implengan tina nu kungsi kabandungan. Maca karangan ukur salah sahiji tataharna. Atuh paling copélna, anggap wé pangbagéa ti kalong nu ngapung meulah layung ka munding nu tas guyang na leutak. Punten, sun, ngiring ngalangkung. Seja nyungsi langit abstraksi.

Sakanyaho, dina basa Inggris mah kecap mini dina harti singget (brief) atawa leutik (small) téh mimiti diparaké kira taun 1960-an. Di urang gé tayohna teu pati jauh mangsana éta kecap mimiti dipikabeuki. Dina taun 1970-an, upamana, pamaréntahan Soeharto di Jakarta ngawangun "taman mini" nu legana kabina-bina kawantu geusan midangkeun réplikana Indonésia. Ari di ITB béjana kungsi aya profésor nu ka mahasiswa kuled sok nyebut "minisiswa".

Ari nu pangnarikna mah, tur asana deukeut-deukeut ka nu keur dipikiran, nya naon deui mun lain erok mini. Remen kapanggih dina angkot. Gék nu dierok mini hareupeun pisan. Kayungyun ku bingbangna, sasat niat midang tapi ringrang. Éta panangan meusmeus ngenyangan tungtung raksukan bari teu sirikna tipepereket sangkan nu palay dipindingan enyaan kahalangan. Ongkoh mini tapi bet kawas nu palay panjang. Antukna kalah sok ditutupan ku tas jingjing atawa map jeung sajabana.

Lain di nu némbongkeunna baé sok samar polah téh, tapi di nu nempona gé nya kitu deuih. Enyaan resep nénjona téh tapi éra mun seug katohyan, kuriak disangka "pelécéhan". Pipikiran kalah sok cus cos ka mana mendi kawantu nu nuju midang éstu ngahudang sugrining imajinasi. Antukna ukur bisa ngalingling ngadeuleu maling.

Duka kumaha pangna kitu. Nu karasa, bet kawas aya kasapukan ti antara nu midangkeun mini perminian jeung nu ngabandunganana: sénsualna nu kasebut mini. Nu disebut sensuality lir napel pageuh ka nu disebut brevity. Lebah dieu aya nu paradoksal: témbongna sénsualitas justru ku lantaran dipindingan. Ari nu jadi pipinding fungsina téh tayohna lain keur nutupan nu rék diasongkeun, tapi justru keur nambahan kakuatanana.

Nya lebah dieu deuih karasa beuki pageuhna pamanggih Marshall McLuhan baréto: medium is the message 'wadah téh nya eusi téa'. Ku sabéngbatan mah mémang matak kéder: na kumaha, ongkoh wadah tapi eusi, ongkoh eusi tapi wadah? Karék kaharti sanggeusna ngarakrak sirah, nyieuhkeun heula logika nu sing sarwa diamétral. Kapan ku lantaran aya média sosial cara fésbuk atawa rupaning microblog pisan nguniangna wanda karangan nu kiwari disarebut fikmin téh. Sasat unggal média nangtukeun tabéat eusina.

Ku kitu ku kieu, sorangan can kaduga nyindekkeun naon atuh hartina mini. Karék bisa ngararampa, boa-boa nu keur disungsi téh teu pati jauh ti tabéatna puisi: heureut kecap panjang harti. Ngembat panjang lolongkrang asosiasi. Blak muka lawang kasurti. Duh, imajinasi.

SUGAN kaci ngawahan ku conto. Nu basajan baé. Kieu:

 

Titis Tulis

Ku: Jeffrey Archer

Baheula di Bagdad aya sudagar nitah ladénna balanja ka pasar tapi can gé lila éta ladén téh geus balik deui, bari jeung pias tur ngadégdég, sarta pokna, Juragan, nembé téh di pasar aya istri megatan abdi di nu sakitu pagelek-gelekna, ari barang rét téh ditingal ku abdi horéng nu megatan téh malakal maot. Manéhna mencrong ka abdi bangun nu ngancam; punten wé, abdi badé nambut kuda, seja mios heula ti dieu kanggo nyingkahan nanasiban. Maksad téh badé mios ka Samarra wé supados teu kapendak ku malakal maot. Nya dibéré nginjeum kuda éta ladén téh ku dununganana, clak manéhna tumpak kana kuda, ceg masang sanggurdi, dius mabrét tibuburanjat. Geus kitu éta sudagar téh jig indit ka pasar, tur barang katémbong ku manéhna kami keur ngajanteng ti antara balaréa, srog nyampeurkeun bari pok ngomong, Naon pangna andika bet siga nu ngancam ka ladén kami tadi isuk-isuk? Na da kami mah teu ngancam teu sing, cékéng téh, pira gé ukur tatahar méméh nyieun nu ahéng. Puguh kami nu hélok bet tepung jeung manéhna di Bagdad, da kami mah meunang tugas nyokot manéhna téh di Samarra ké peuting.[]

[Éta carita beunang narjamahkeun tina "Death Speaks" yasana Jeffrey Archer, urang Inggris. Sumberna kumpulan carpon karangan Archer, To Cut A Long Short Story (HarperCollins, 2001, kaca 1). Dina panganteurna, Archer nyebutkeun éta carita asalna tina basa Arab duka karangan saha. Hég disarungsum deui, tayohna dumasar kana cutatan dina naskah drama Somerset Maughman, Sheppey. Buku Archer nu éta midangkeun opat welas carpon. Parondok téh jeung enyana. "Death Speaks" diperenahkeun panghareupna, sasat dijagokeun. Tina kataji ku éta carita, tepi ka disebut "conto nu leuwih hadé tina perkara senina nyarita anu basajan (a better example of the simple art of story telling)". Hanjakal, can kapuluruh Arabna. (Sugan nyampak di Haji Usép). Atuh dramana Maugham can kungsi kalalajoan. Keur saheulaanan mah boga anggapan Archer nyutat éta carita teu sahinasna. Kawantu pangarang moyan, turug-turug buku-bukuna cenah best seller, manéhna tangtu mibanda ciri mandiri nu milu ngawarnaan carana nyarungsum deui carita beunang ngala ti séjén jagat sastra.]

Cara nu ditepikeun dina paguneman méméhna (“Hartining Mini”), sorangan boga anggapan yén tabéat wadah milu nangtukeun eusina. Dingding fésbuk bangun nu miharep ungkara nu teu ngaheuheurin dunya. Heureut kecap sasat jadi sarat.

Minangka konsékuénsina, carita dina fikmin saenyana dimimitian ti tengah. Mun cék Homerus téa mah “in medias res”. Maksudna tengah téh bagian carita nu pangpentingna. Cék légégna mah momén dramatik. Dina conto: patepungna si ladén jeung malakal maot. Nu ngarang langsung miang ti dinya. (Saenyana unggal prosa gé kitu, komo prosa mini).

Sénsibilitas éstétik antarana katémbong tina kaparigel nu ngarang dina nangtukeun momén dramatik. Dina wangun carita nu leuwih panjang, momén dramatik remen diandelkeun minangka salah sahiji udagan dina ngolah plot. Cara seniman karawitan ngolah musik, pangarang prosa panjang umumna miang tina intro alias bubuka terus maju tepi ka klimaks nu dipungkas ku antiklimaks. Dina carita pantun, upamana, méméh sup ka momén dramatik, urang meunang rajah pamuka heula, tur engké di ahir baris meunang rajah pamunah. Ari dina fikmin mah sasatna aya kontraksi plot. Dina conto: lantaran tepung jeung malakal maot, si ladén nginjeum kuda ka dununganana, terus indit nyingkahan nanasiban.

Kontraksi plot kawas kitu milu nuduhkeun ka-mini-an spasial. Gurat nasib fikmin sasatna nyoko dina pakalanganana nu sacara fisik teu lega. Kilang kitu, nya dina space-na nu heureut téa fikmin bisa némbongkeun kakuatanana. Pangarang fikmin lir jurnalis nu kudu ngalaporkeun gunung bitu kana microblog cara twitter atawa nu lianna---bédana, jurnalis diudag waktu, panyajak mah teu kudu kitu. Balukarna, karangan téh tampolana lir gunung nu silanglang di sagara cara Anak Krakatau. Nu ngarang cukup némbongkeun punclutna baé. Sésana ukur diisarahkeun, sina kakeueum handapeun beungeut laut, malahmandar nu maca surti.

Bet ras ka Kang Wahyu Wibisana. Sakali waktu anjeunna sindang ka tempat uing digawé. “Béjakeun ka Nina, ulah sagala diécéskeun. Maké jeung ieu walungan téh sungapanana ti beulah ditu. Keun baé antep sina kahalangan ku halimun. Nu penting mah urang nyaho aya walungan lebah dieu,” kitu kurang leuwihna mah talatahna téh. Uing ngawalon, “Kang, Bu Nina mah miang tina perspéktif sejarawan, ari Akang tangtos miang tina perspéktif penyair. Sajarah mah peryogi meuraykeun halimun, bénten sareng puisi nu bumetah dina halimun. Ku émutan, duanana gé peryogi.” Basa Kang Wahyu ngaléos, bet jadi kapikiran naon nu disebut puisi, tur lebah mana bédana widang paélmuan jeung widang kasenian. Dina widang éstétik mah, tayohna, isarah téh pohara pentingna. Nu disebut sénsual gé pan, asana mah, ka dinya brasna: isarah.

Bisa jadi, lebah dinya deuih urang bisa miharti nu disebut “simple” ku Archer. Simpel téh basajan, moal boa mini téa. Paribasa, ieu mah arsitéktur minimalis. Tihang katut dingdingna éstu aripis. Teu réa rugal rigelna. Nu melengkung nu melendung ukur saperluna. Ras ka nu carang takol. Unggal kecap puguh gawéna. Kayungyun ku kituna.

Dina conto, nu témbong téh lain baé kontraksi plot, tapi deuih posisi narator katut jihat sawanganana nu milu nangtukeun kakuatan carita. Tepi ka sakalimah dua kalimah nu munggaran mah, sorangan teu nyangka nu keur nyarita téh horéng malakal maot téa. Posisi narator kawas kitu, puguh baé, milu nyeukeutan éfék tina panungtung carita. Jekukna karasa lebah dinya.

Pamungkasna, urang gé maliré deuih kana tabéatna fésbuk minangka média sosial. Nu kaisarahkeun dina lalandian “social” di dieu antarana, puguh baé, lolongkrang paguneman geusan ngawangun komunikasi interaktif. Asana katémbong sakumaha pangarang fikmin ngamangpaatkeun éta lolongkrang pikeun nyipta karangan nu mibanda ciri mandiri upama dibanding-banding jeung wanda karangan lianna.

Sakitu heula manawi. Badé nyaté heula sareng tatangga.***

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: