Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Saémbara Ngarang Fikmin Kapahlawanan – Novémber 2011

Godi Suwarna | Saptu, 26 Januari 2013 23:35
Bagikan ka Lapak Facebook
FBS
Kapahlawanan [Gambar/Ilustrasi: Istimewa]

Fiksimini basa Sunda tambah murudul, tambah arédun. Rupa-rupa téma, rupa-rupa gaya. Dina jaman werit medalkeun karangan, boh di médiamassa, boh dipedalkeun mangrupa buku, grup Fiksimini Basa Sunda minangka jalan kaluarna pikeun midangkeun karya. Kabandungan, lian ti para pangarang kahot nu geus dipiwanoh, tétéla réa pisan pangarang anyar nu karyana haradé nu maridang dina ieu grup. Pikeun leuwih ngaronjatkeun ajén inajénna, admin grup FBS seja ngayakeun saémbara ngarang fikmin.

  • Téma : Pahlawan, Kapahlawanan.
  • Karangan anyar, nu can kungsi dipidangkeun, boh dina média citak (koran, majalah, jsté), boh dina média éléktonik (wéb, facebook, twitter, jsté).
  • Karangan asli, lain terjemahan, lain saduran.
  • Karangan ulah kurang ti 50 kecap, ulah leuwih ti 100 kecap. Kecap kayaning: di mana, ti mana, éta diitung dua kecapeun. Kahadé ulah kérok ngitung. Kecap saperti “séwang-sewangan”, “kalan-kalan”, “kuda-kuda”, diétang sakecap. Kurang atawa leuwih ti éta, sanajan karya linuhung kapaksa bakal lebet kotak baé.
  • Unggal patandang ukur bisa ngirimkeun hiji karangan.
  • Saémbara dibuka tgl 18 Okt, ditutup tgl 1 Nov, diumumkeun tgl 3 Nov 2011, dina acara Diskusi Fikmin Sunda di UNPAD.
  • Karangan dikirim kana inbox Girang Pangajén: Nazarudin Azhar, Dadan Sutisna, Godi Suwarna. Suoados teu pabeulit sareng kintunan sanesna, fikmin saembara nu di-inbox ka Girang Pangajen mugia diserat kieu : Saembara # Judul # Eusi
  • Girang Pangajen moal cueut ka nu hideung, moal ponténg ka nu konéng, sabab upama kitu bakal dibendon karuhun.
  • Pihak admin teu kaci ngiluan kana ieu saémbara.

 Girang Pangajén baris milih:

  • Pinunjul 1 hadiahna: LAPTOP ti Kang Ganjar Kurnia.
  • Pinunjul 2 hadiahna: Samsung Mini Galaxy Android ti Kang Ganjar Kurnia.
  • Pinunjul 3, hadiahna: Rp. 1.000.000,- (Sajuta rupia).

Artos hadiah disumbang penggemar fikmin nu alim disebat jenenganana. Kitu saheulaanan jumlah-jamléh hadiahna. Muga-muga bisa leuwih badag upama aya donatur séjén nu nyumbang kana ieu kagiatan nu sétuning mulya mungguh karuhun.  Heuheu…

Prung padungdung, ‘Daaak..!

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: