Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 20 Fébruari 2014 08:00:16
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 07 Fébruari 2014 14:05
Asmoel: " Assalaama'alaikum...sampurasun... mugia para Admin, teu janten gejed ku aubna pun uing di ieu rohangan. seja mikawanoh kana Fikmin, oge ngeureuyeuh dina ngamumule basa sunda. hatur punten boh bilih tata titi tindak tandukna pun uing di ieu rohangan teu kamanah ku rengrengan Admin sadaya. rumaos atah warah. pun uing nampi pangdeudeulna oge sarungsumna. hatur nuhun...."
Senén, 03 Fébruari 2014 15:36
Bagja Waluya: " Asslmkm...sampurasun...salam pangwanoh ti simkuring..."
Saptu, 01 Fébruari 2014 17:08
Dedi Haryadi: " Ngintun naskah kumaha fikmin ka saha ? Ieu naska abdi. FIKMIN: “Ijab Kabul di Mekkah” Ku Dedi Haryadi “Kang Asep nu dipikacinta, Marni teu bisa sare sapeupeuting, cimata nyuruluk teu eureun-eureun. Akang tega megatkeun duriat alatan kapincut ku randa ngora. Marni jarambah kuli ka Dubai, Jeddah jeung kiwari di Hongkong teh apan keur ngabelaan akang, anak, jeung kolot urang. Kang, Marni..."
Salasa, 28 Januari 2014 18:09
Evi Effrisanti: " Hapunten ka girang pangajen Fiksimini Basa Sunda. Abdi kanca Fbs wasta Evi Effrisanti. Seja tumaros. Abdi ngintun fikmin di lapak facebook, panjangnya teu langkung ti 150 kecap. Ku margi kenging pangaweruh enggal perkawis kosa kecap, teras sababaraha fikmin diedit di halaman profil pangarang. Nanging dina facebookna mah teu diedit da inggis bilih apung-apungan deui. Tapi, naha etangan kecapna bet..."
Jumaah, 24 Januari 2014 14:14
Asep Nurjamin: " assalamualaikum, sampurasun, mugi abdi dipaparin bongbolongan, kumaha carana hoyong janten warga fbs nganggo akun..."
Kemis, 23 Januari 2014 11:00
Firman We Lah: " asalamualaikum hatur nuhun kana pangangkena di iyeu..."
Ahad, 19 Januari 2014 08:05
Achiel Syam: " Assalamualaikum wr wb. Kahatur Admin FBS. Tumaros saalit, ningalan di daftar naskah sareng tina Kalender Fikmin. rehna Fikmin Sim Abdi "Arjuna Mencari Cinta" ping 17-01-2014. Teu Katingal. Naha eta Fikmin ngarempag Palageran nu aya atanapi nabrak SARA? Diantos Waleranana. Haturnuhun! Wassalam wr wb...."
Jumaah, 03 Januari 2014 20:45
Tutun Hatta Saputra: " Sampurasun. Sim kuring kataji ku hasil karancagean para pangarang tur anggahota nu midang di fikminsunda.com. Jalaran kitu, manawi teu janten cucuk rungkang, sim kuring seja ngilu aub. Bobot pangayon, timbang taraju, nyanggakeun ka n u kagungan wewenang. Wass...."

Profil Pangarang • Thiefz Urang Sunda


FBS

Nepangkeun ka Sadayana

Assalamu'alikum Wr. Wb.
Sampurasun!

WASTA asli mah Latif Saéful Islam. Nu ngageroan sok pirajeuneun nyebut, 'Tif!'. Tara ari nepi ka ngahaokan nyebut 'kasép' mah ka kuring téh, teuing kunaon teu ngarti. Urang leuweung kuring téh. Ah, enya. Rék nyebut urang kota da Ciseupan mah lain kota. Disebut perkampungan da kalér kidul kulon wétan leuweung geledegan. Bilih teu percanten mah dongkap baé ka lembur Ciseupan, RT 44/RW 11, Désa Cibuluh, Kacamatan Tanjungsiang, Subang. Ké urang ngaliwet sisi walungan, nya! Konték baé ka 0853 2023 9952. Sanés promosi yeuh punten. Héhéhé...
Babar di Subang. Dina poé kemis, ping 9 Méi taun 1996. Eta cenah aya anu panasaran, 'Ari sadidinten padamelan naon?' kawasna taya deui lintang ti nyiar élmu. Enya, da komo ari setatus pelajar mah. Kaleresan sakola téh di SMK Negeri 1 Subang, jurusan RPL (Rékayasa Perangkat lunak), angkatan taun ajaran 2011-2012.
Sok loba nu nyarita, cenah kuring mah pangaresep téh béda ti batur. Dina kalana batur mah gagalowan ngaromong basa alay, ari kuring cecelengkeungan ku basa Sunda. Ari batur resep hihitaran, kuring mah top kana kacapi. Batur resep lalajo band, ari kuring kalah sinuku tunggal nyakséni wayang golék. Ah, keun waé wé. Salahsahiji karesep kuring téh ngarang, komo ku basa Sunda mah. Enya, panglumpatan tina karesep, tungtungna kabita ningali batur ngarang, medal dina majalah. 'Ah, ari nyarita sapopoé basa Sunda mah maenya teu bisa ngarang sajudul-judul acan?' gerentes. Nya trét wé. Jadi tilu judul. Dikirim ka Manglé, ukur hiji nu katarima. Keun waé, sakitu gé geus ngarasa reueus ka diri sorangan. Enya, basa mimiti carpon ditarima ku Manglé téh bungahna moal bisa kagambarkeun ku carita sanajan sakumaha éndahna basa, moal kagambar ku impian sanajan éndahna lamunan. Pan ti harita pisan, beuki kahudang waé sumanget hayang jadi tukang ngarang siga batur téh.
Béhdieuna panggih jeung nu ngaranna fikmin. Sing sumpahna teu wawuh-wawuh acan ka nu ngaranna fikmin (harita mah). Mimiti maca fikmin karangan Kang Godi Suwarna anu judulna 'Titis Tulis'. Kuring tuluy mikir, 'Oh kieu Fikmin téh,' gerentes. Harita kénéh tuly trét nyieun fikmin. Diapungkeun kana Cakar Kuda, Alhamdulillah ngagimbung jempol, kuat heurinna. Hueheuheu.
Béhdieuna, rada kabita fifikminan. Pangpangna nyieun fikmin anu ngagulang-gapér carita wayang. Dihaja, méngpar tina tetekon, ambéh ramé. Nyaan wéh ramé (ceuk uing mah, duka ceuk batur).
Enya, sakitu tingkesan lalakon kuring téh. Pamugi (sugan jeung meureun) aya pulunganeunna. Cag. Hurip Sunda!(LSI).

( Tanjungsiang - Subang, 20 Juni 2013 )

Fikmin Karya Thiefz Urang Sunda (50 Naskah)


No Tanggal Judul Jml Koméntar Jml Kecap Petingan Jml Karakter
31. 28-12-2012 Pituduh 4 26 157
32. 25-12-2012 Dahar Heula 2 93 765
33. 14-12-2012 Dua Panggung 2 118 889
34. 12-12-2012 Geuning Saré 1 89
Petingan
658
35. 29-11-2012 Tobat 0 103 709
36. 14-11-2012 Sakeclak 0 106 731
37. 11-11-2012 Tina Ngaran 0 126 888
38. 04-11-2012 Rayagung 0 77
Petingan
573
39. 30-10-2012 Sakeclak Cai 0 99 660
40. 29-10-2012 Mandeg 0 100 665
41. 16-10-2012 Gadung 0 132 950
42. 05-10-2012 Ngaran Pujangga 0 137 997
43. 01-10-2012 NgamumulÉ 0 139 1.111
44. 23-09-2012 Salah Carita 0 102 782
45. 23-09-2012 Lalakon Anyar 0 97 714
46. 23-09-2012 Meuli Pulsa 0 155
Petingan
1.138
47. 22-09-2012 Bebeten 0 178 1.294
48. 21-09-2012 Anak Dalang 0 226 1.745
49. 20-09-2012 TrÉnggana 0 93 712
50. 01-09-2012 Pileuleuyan 0 83 622