Balik ti pancuran, Ibih, langsung ka dapur. “Ma, hang daangg!” ka indungna. “Jeung naon sujang?” tembal Bi Kuni. “Jeng dé’éng!” walon Ibih. “Béak sujang, ku Bapa manéh!” ceuk Bi Kuni. “Deueueuh, teu jadi dahar mayoran jeung si Du’ung atuh!” Ibih nempas bari rék léwéh. Enya da épésméér pisan si éta mah. “Tah aya geuning, sahancaeun mah!” indungna nyéndokan. Daging suwir saciwit dua. Sanguna metung. Ditampanan ku Ibih. Berebet lumpat, teu sirikna diluncatan golodog téh. Gubrag, labuh. Da bongan sarungna tikait kana paku. Ngahinghing ceurik, disampeurkun ku si Du’ung eh…Udung. Sangu paburantak, dagingna digégél Cuing…Éh ucing. Sanguna dipacokan si Renggé jeung si Bontorok ..Éh Borontok. Ibih héwél, kahngi-kahngian,
“….skih…skih…skih.. ngigad ngaru id hanak ngicu…..”ankop irab lolon ohél. Is Ngudu ireus, “…Ira ais gugeleb nasip..eut agob aréak utik-utik éaw héwél….”,is Hibi idékét kirat. Kort! Léwél ikeub kirat! “aaaaaaaaammeeee… aaaammmeeeee….is Dudung …éh Ngudud ékén ngggggiiiiuuuuuuuu!” nangeuweuleuceuc. Mayah ngeuj Ngicu rega-regaan! Guda rejal!
euheuheueheuehA!