“Sagala taya milik kula, nya raga ti Anjeun. Nya dirorok ku Indung Bapa. Marantenna ti Anjeun. Rénghap salambar dua, Kerung tarang sagaris dua. Ceuli sapasang, panon sajodo, irung demés, taar noingnong, kumis janggot na raray. Haturan anu Anjeun”, ceuk Ki Kalakay, ka Ki areuy. Bari tuap-tiup daun. Konéng . Karonéng. Maluguran.
“Ah, raga singhoréng ngawayang jasa. Diri kujur, kakubur rohang jeung waktu. Karasa taya kaboga. Taya aya, aya na tayana....”, tempas Mama Dahan. Nu diheueuhan ku Uyut Akar.
“Jungjunan, kedah kumaha nya kula muja. Muji Anjeun, ti napas ka napas. Ti Subuh ka Dhuha ka Lohor ka Ashar ka Magrib, ka Isa, ka Subuh deui?” Kakang Tétéh pupucukan, marairan.
Ari Eulis Kembang? Bareueus soca rusana, wening, ngadalingdingkeun wawangina. Gamparan: satungtung deuleu, sausap dampal buwana, saheulay angin ti Zenith ka Nadir ka Zenith deui. Aya racleng, aya abadiNa, duh, Nu Maha Asih, Maha Rusiah, Maha Nyaah, Maha Éndah, Maha Cinta.
Gamparan!