Kuring ngan wasa diuk bari ngabigeu, panon ngadadak neuteup langit, neuteup langlayangan nu ngoléab nu teuing dimana nyangsangna, sakapeung sok neuteup uwung-awang bari nganti-nganti bulan dina warna perak bari nyirian béntang nu pangcaangna, atawa nyatet kaahéngan méga-méga malang, susuganan nu katempo, nu kabandungan jeung nu kacatet bisa jadi carita ka anak incu jaga.
Naon nu kabandungan mancegkeun hiji kaputusan, mun manéhna datang ti lebah kandelna pepedut nu pinuh rusiah, kuring rék ngusir manéhna, kuring geus teu hayang nempo jirimna, kuring geus teu hayang mireng sorana.
Kuring boga kayakinan, mun manéhna nyumput nyamuni lebah kandelna pepedut, geus tangtu manéhna ngadodoho nu ngalanto ka dunya manéhna, kedal sorana, pasti dina ungkara ngolo, dalah kuring yakin, geus tangtu manéhna bakal ngajirim liang nu kacida petengna, pikeun neureuyan sagala nu aya. Naon nu aya geus pasti kana diseuseupna bari ngagereyemkeun jampé pamakéna sangkan korban teu sadar ka dirina, ka kulawargana, nepi ka béak pangabogana.