Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Seukeutna Ilat Wanoja Pangarahan

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 12 Juni 2015 23:43:26

Bulan jiga nu kabulusan, nyumput nyamuni di nu buni. Baranangna béntang teuing kamarana jiga ninggalkeun jagat sina meredong mongkléng. Handapeun reyem-reyemna lampu mercuri aya wanoja nyulik tilu lalaki bari nodongkeun ruruhit ilat amisna, kedalna ngawirahma dina sora nu kacida manisna.
“For love or money? The power of love, or the power of money?” pokna, iinggrisan bari imut manis dina teuteup geugeut pupulasan.
“Horéng agungna cinta, béhna mah loba nu dipulas alatan ngarah harta…” gerentes lalaki nu kahiji
“Geuning martabat diri téh geus teu dipiroséa….” Gerentes lalaki nu kadua.
“Aing geus diturih ku hinis kapeurih dina jutaan pasang mata, di dunya maya, cinta dipaké néangan harta….” Gerendeng lalaki nu katilu. “Kanyaah aing béhna mah dijieun kasempetan pikeun nguras harta….”
“Hey! For love or money? The power of love, or the power of money? Waler!” ceuk si wanoja bari kelat-kelét pinuh mamanis.
Tilu lalaki ngaharuleng jiga nu teu wasa méré jawaban.