Terus nikreuh. Ngeureuyeuh. Nyungsi jalan lalakon nu geus ditangtukeun. Kénca katuhu rajeg tatangkalan. Jadi iuh-iuh, komo mangsa reureuh ngaleupaskeun bangbaluh mah. Gupay régang-régangna ngahiap-hiap daréhdéh, tuluy ngusapan embun-embunan bari ngupahan.
“Hirup téh lalakon, nya Jang?” ukur dibales ku unggeuk. “urang saréréa darma ngarandapan.” Pokna deui.
“Tapi naha nya balaréa bet caromél?”
“Keun baé, éta mah hakna, Jang.” ceuk tatangkalan bari nyuaykeun dangdaunan nu meujeuhna maluguran.
“Naha bet kitu?”
“Jiiih tinimbang mikiran batur mah mending urang ngomong nu hadé baé.”
“Nu kumaha omongan hadé téh?”
“Nu jiga waruga kami. Ka handap jadi akar nu nancep pageuh dina galeuh nu maneuh. Ka luhur jadi daun nu ngarandakah bari ngahasilkeun buah tur mangpaat keur balaréa. Sok geura lalanyahan lalaunan, mimitian ti ayeuna babarengan jeung kami!” treup, teuteup linduhna mayungan palataran haté nu mentrang-mentring katojo rupaning karungsing.