Teu béda daun nu ngalakay, tingkalayang maruragan ninggalkeun regang. Nu aya ngan ukur nyésakeun kahanjakal. Dalah dikumaha, péso pangot geus sawarna jeung beureum getih balas nurihan haténa. Peuting geus simpé tina gunem catur, dirina geus teu sanggup ngaréka ungkara kanyaah ka pamajikannana. Nu disebut satia satuhu atawa kecap hianat geus ngamalir kalebah muara kanyeri kapeurih. Sok komo sanggeus pamajikannana ngajukeun gugat cerai ka pangadilan agama. Malah kana ngaran kuasa hukumna geus kacida apalna. Kuasa hukum nu geus dipaké katilu kalina ku pamajikannana.
“Boa-boa….” Gerendengna jadi curiga. “Enya, boa geus biasa keur manéhna mah gugat cerai téh, enya apan manéhna gé nyarita, kawin ka aing nu katilu kalina, unggal hayang diserahkeun kuasa hukumna éta-éta kénéh, jiga nu gampang pisan ceraina téh, boa geus leuwih ti tilu kali….”
“Mana kieu gé nu Maha Kawasa mikanyaah kénéh, untung sawah can kajual, mun laku ti kamari, geus béak…..” gerendengna bari neuteup layung-layung wanci sareupna.