Nepi ka mumunggang lungséna muja jeung dipuja, jiga arca-arca nu tataranjang némbongkeun sipat aslina, ngajajar sapanjang hambalan-hambalan tangga angkeubna méga-méga. Kedal sorana kadéngéna pinuh ku panghina kana ceuli urut salakina, teuteupna pindah ka dunya maya, nanawarkeun sabeungkeut kembang nu dicangreud ku sesebutan cinta, susuganan aya nu haat ngorbankeun harta keur dirina.
Teuteupna manco ka lebah tablét paméré urut salakina, bari ngusapan emas dina pigeulang leungeun nu cenah harga dirina, susuganan bisa dijieun modal ngolo korban nu jadi incerannana.
“Emh, karunya teuing ku dirina…,” gerendeng urut salakina. Lain ceuceub atawa ngéwa, tapi bet malik karunya. “Muga sing énggal sadar ka dirina, saha ari dirina, timana asal dirina jeung rék mulang kamana dirina….”
“Padahal teu salilana hirup téh lana, dina waktu nu geus tangtu, geus pasti matapoé jeung bulan patukeur cahya, nu ngaranna kikiping aya kalana tukeur tempat, diluhur jeung dihandap, geura tobat saacan elat….” Gerendengna deui dina sora nu kacida peura.