Kalakay ngaréngkénék katebak angin. Kingkin. Régang-régang émprak katojo cahaya bulan. Samar.. “Geus datang deui Ramadhan, …Jalu” ceuk ki Silah, bari mirun seuneu na sirahna. “Cing saha anu ngandika pajah waktu téh ukur Kalangkang?", malik nanya pucuk Sélong nu melenoy. Bet siga ngesun tarang Mumunggang Pasir. Pasar Kabungah. Mancur. Manceran. Barokah Syaban.
Lalaki gering parna. Balas lulumpatan ngudag Mega. Nu téga. Mawa béja, ngumbar tangara. Dunya tibalik, lemah ngajuralit. Ceuli ngung-ngéng dicolok hinis. Lawang pitu inggis. Kapinis mantog. Anjing gugog. Sing malodar jadah Rampog. Enya simpé téh, guludug jeung tatit kilat ngabarungsinang. Ungggal sekon, unggal menit. Taya towong. Dada gorowong.
Ramadhan turun ka dunya. Cika-cika Bagja babagi. Cahaya. Nu Aya. Gusti.