Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Jumaah Subuh

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 22 Méi 2015 00:34:32

Ngeclakna késang jeung cimata karunguna ngérécék awor jeung sora trang tréng trongna séndok ngocékeun kopi gula dina gelas. Kai cendana marengan husu heningna dzikir ngéjah asma’ul husna. Kacapé ngintel lebah tonggong nu hideung ku haranghangsu. Kalungsé mapaés simpéna haté mangsa janari gedé.
Hawar-hawar galindeng yasin ngarambah sukma nilaman kaéling, ngarakrak pager-pager haté, mukakeun rérégan rasa, nyieuh-nyieuh melegmegna mongkléng mungkus raga pinuh katuna. Laju ngajirim dina sora kocéak dengék orok nu can kaancikan dosa lebah keukeupan pepedut subuh.
Pangrungu rancung miréng Bilal ngagalindengkeun pangajak nohonan kawajiban ka sakumna umat, pangajak pikeun mukakeun hambalan langit katujuh nu pinuh ku pahala. Raga katuna nguniang hudang, léngkah muru kasucian tirta, nyecep tiis ngarambah rasa dina amparan sajadah.
“Ya Alloh mugia Salira masihan cahya dina ati, lisan, pangrungu sareng soca….” Gerendengna bari muru amparan sajadah.