Padahal mah matak naon mun karomén atuh. Ieu fikmin uing geuning diarantep waé. Paling ukur meunang jempol hungkul, kitu ogé teu réa. Naha mani taréga kitu, nya?
Padahal mah ieu fikmin téh asa teu goréng-goréng teuing, da. Nya, kaitung alus waé sakieu mah, tur teu méngpar tina aturan. Geura urang itung deui jumlahna. Tuh ning, aya 150 kecap. Uingah apan tara baha ka admin. Sieun di-remove tuda, mun wangkelang téh.
Padahal mah uing téh fikminer bageur jeung satia. Uingah sok miluan waé kana acara cula, jaba koléksi kaos fikmin gé lengkep. Kana fikmin batur teu weléh ngajempolan, malah mindeng komén. Tapi naha ari kana fikmin uing mani haré-haré. Komén téh ka batur deui, ka batur deui.
Padahal mah uing manco di hareupeun layar komputer téh jam-jaman. Bélaan cul gawé séjén. Lengo deui, lengo deui, tapi lebeng.
Padahal mah ulah kitu atuh. Mun ngéwa, naha ngéwa pédah naon. Pék atuh terangkeun.