Sajongjonan ngahuleng, rus-ras kana dirina, najan teu béda ti wayang nu usikna kumaha dalang, tapi ti bubudak dididik ku indung sangkan kedal ucap napak dina kajujuran, tapi béhna mah bet teu béda ti Yudistira. Pangrungu ngaguruh alatan jagat jantur nyakakak, nyeungseurikeun ucap nu pasalia jeung haténa.
“Duh, naha dimana kecap adil wijaksana mun saukur wacana dina palastrana Nakula jeung Sadéwa….” Gerendengna rada peura. “Boa-boa aing geus katitisan ku réngkak Pandita Dorna, ucap teu weléh linyok bohong jail kaniaya. Ti leuleutik diatik dididik ku indung pikeun nyorang jalan kahadéan bet aya dina lampah Dursasana….”
Aya keclak hérang nu ngalémbéréh tina kongkolak panonna. Dosa-dosa nu dipilampah ku dirina ngaguruh dina dadana.
“Aing lalaki kecing, teu béda ti Aswatama nu nyasaak jiwa raga…., hampura, rumasa, rumasa pisan réngkak polah nincak dina jalan salah…” gerendengna bari nyuuh kana méja.