Geus ampir dua mingguna bapana barudak weuh balik. Teu genah rarasaan. Disusul gé teuing kudu kamana, sidik kurung batok.
"Ah...lahaola!" tigin.
"Yu, Mang!" noél tukang béca. Sup, gék.
"Kamana Bu?" naék kana sadel.
"Tuturkeun curuk wé!" béca maju ngideran kota Bandung. Sup, ka hiji gang. Nurutkeun pangajak haté. Reg, eureun hareupeun hiji imah. Jrut, turun. Luak-lieuk. Yakin. Imah leutik campernik. Aya céngcéléngan hayam dina tungtung suhunanana nu jadi ciri kabiasaanana.
Tok...tok...tok...
"Punten...!" bray, panto dibuka.
"Manéh rék naon kadieu?" kaciri ngadadak.pias. Ambekanana gancang pisan.
"Ari manéh keur naon didieu? Hayu balik!" metot leungeunna.
"Akang...Akang...!" sora awéwé ti jero imah.