Tilu sobat kémping ka Gunung Puntang. Di gerbang panggih jeung kuncénna.
"Kadé, ulah nincak bangkong korodok!" talatah panungtungna. Bring, tilu sobat, muru kolam cinta. Laju gura-giru nyieun ténda jeung durukan. Tirisna peuting teu nyieun tilu sobat éta eureun garogonjakan jarojogédan. Teu kahaja Si Amad nincak bangkong korodok nepi ka bituna. Kitu deui jeung Si Diki. Duanana kaduhung pisan. Laju bebeja ka Ki Kuncén.
"Baé da eunggeus! Tarimakeun wé, cu...!"
Sabulan ti harita méh bareng, Ahmad jeung Diki pangantenan. Teu bisa majar kumaha panganten awéwéna goreng patut kacida. Babales ti si Bangkong korodok téa. Geseh saminggu giliran si Soni nu pangantenan. Dua sobatna teu nyangka pamajikan sobatna geulis kacida.
"Heueuh bajga manéh mah, gedé milik!" ceuk Diki nepak taktak sobatna.
"Ari Tétéh naha daék ka Si Soni?" Ahmad panasaran.
Nu ditanya ngaheruk "Nyaéta abdi téh, baheula pernah nincak bangkong korodok!"***