Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Dongéng Ka 8

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 16 April 2015 15:43:59

Sabot anak jeung pamajikanana keur areuweuh, Rijal anteng gogoléran ngoprék hapé, nyetél lagu kenangan basa mimiti panggih jeung Ririn genep bulan katukang. Lila-lila cimatana ngalémbéréh. "Rin...ka mana atuh salira téh? Kuring sono." Manéhna gegerenyeman nuturkeun laguna.
Teu kanyahoan mimitina. Di hareupeunana ujug-ujug aya lalaki jangkung gedé, botak. Nyarita ka manéhna, "Salingkuhna haté mah itung-itung keur ulin wé, Jal. Tapi manéh kudu yakin, kanyaah nu abadi bakal katarima ti anak jeung pamajikan." Éta lalaki nu sirahna botak téh nyolongkrongkeun leungeun katuhu bari nyebutkeun ngaranna, "Uing Dominik Torétto."
Rijal olohok. Tuluy tumanya kana kahayang nu anyar datang. Nu ditanya ngajawab, "Musuh gerot uing nu ngaran Ian Shaw, kabur ti bui, Jal. Ukur manéh nu bisa ngabantuan néwak deui éta buronan."
Torojol hiji awéwé nu seukeut pisan paneuteupna. "Ieu Létty, Jal. Lanceukna Ririn nu dipikasono ku manéh téa. Mun musuh uing beunang. Manéh bakal dipanggihkeun deui jeung Ririn." Rijal unggeuk.