Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Nénéng Badé Nikah

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 10 April 2015 16:20:40

Kang Opang, sasih payun Nénéng cios nikah. Kang Opang tos jangji, badé mangmotoankeun. Kadé hilap, nya. Sareng éta deuih, Kang Opang, mas kawin téh ulah ku sajadah sareng mukena wungkul. Nénéng hoyong ditambihan geulang. Balandonganana ulah ngulon-ngétan, margi bakal katingal heureut. Kadé hilap nganggo bendo pami engké Kang Opang nga-MC-an, supados tambih sieup. Éta deuih, Kang Opang, ngintun kembang sedep malem kahadé bilih elat. Moal nya, da Kang Opang mah ngebon nyalira. Geuning kebonna téh di suku gunung, mani waas titingalan. Émut kénéh henteu, waktos Kang Opang kedal jangji badé mikaasih Nénéng. Pasti émut, lah. Tapi naha atuh Kang Opang bet jalir jangji, kalah kabéngbat ku mojang sanés. Ulah seueur teuing warna kayas ah, pami engké Kang Opang ngadékor kamar pangantén téh. Nénéng mah resep kana biru sahéab. Awas nya, Kang Opang, pami ngabéja-béja perkawis Nénéng kantos operasi selaput dara. Teu suka Nénéng mah. Ah, pokona mah awas wé.