Angin ngarobah bentukna jadi gerak. Jadi oyag. Jadi obyag. Jadi ngaragajag. Waktu nu tadi. Jadi ayeuna. Nu engké kabetot, jadi ayeuna. Sarénghap, saléngkah. Léngkob kaliwatan. Tanjakan kaaprak. Jadi, saenyana. Tadi, ayeuna, engké ngahiji. NgaHiji. Mun apal si Tadi, diajar ngéjah si Ayeuna, bari siap keur si Engké. Pasti ngarti. Da éta-éta kénéh. Eta tah. Ngabaygbag.
Mun pamingpin ngarti. Rencana nu eukeur, tangtu kapikiran, nu Engké téh keur dipaju. Mun kuring gogorowokan “Tanghiiiiiiii…”, pasti kuring keur ngomong ka diri sorangan. Kilangbara ngabéjaan batur. Teu wanton, teu kumawantun. Da marantenna, sibuk ku pikiran jeung kahayang séwang-séwang. Sandang, pangan, papan, atikan, kaamanan, kaséhatan. Teu kaleuleuwihi.
Mun pamingpin poho ka dirina. Kumaha atuh inget ka batur. Ka rahayat. Nu kudu disejahterakeun ku maranénhna. Pamingpin ilang komara, da bongan api-api jujur. Api-api cinta. Api-api ngalaksanakeun amanah. Apia api jadi manusa utama. Nu api-api bari jiga, lain nu saEnyana.