“Kuring mah bangké, digembrong jutaan laleur héjo. Gunung batu ditéktrék ku tukang patik. Aseupan, saban poé dipanasan, dipanaskeun. Bujur asa béak mulan-malén…tosblong”, sur ki Jayanti. Dituar angin puyuh tadi soré. Ngajelepeng ngahalangan jalan. “Prikitiew, kula mah resep hujan gedé téh. Cai gumolokgok ti puluhan susukan, ka walungan, ka laut.. Ngaberesihan awak kuring…”, géréwék Nyimas Citarum. Ngagulidag puluhan kilométer. Caina warna-warni, coklat, héjo, beureum, barau bahan kimia.
“Ah, asa ngeunah jadi ayakan. Nu milihan, mana batu gedé, mana nu laleutik, misahkeun tina kikisik…”, ceuk kang Ayakan nu kapalidkeun. Da bongan geus barolong. Lolong. Lolongkrang tobat kasieuhkeun ku kasieun. Burangrang pinuh sireum nu borangan. Hujan neuleumkeun cimata nu juuh ngahiji jeung miripisna. Mapay lalangit sirah. Nu dibeulah. Sahiji nempo kanyataan. Sabeulah deui kana impian jeung cita-cita. “Kuring mah kalangkang doang nu naleukeuman raga. Bari ngaleukeunan waktu ku rénghap…”, Ki Dadap sila, sisi jungkrang.
Bandung Banjir deui. Cimata. Hanacaraka…