“Pangasikna mah, seuseurian, gasik, teu nyeungseurikeun batur. Tawa nu séjén. Ngaléléwé embé. Dombana diri sorangan. Kedok diri. Nyalahkeun jeung ngabéjaan pribadi, itung-itung tai lutung. Diétang tungtung buntutna. Ambeh kahibaran rentang-rentang cahya béntang. Ngajar kurungan leuwih mangarti. Hahaahahahahahahahaha…..heuheuy deueueueueueuh…” si Kabayan nyakakakakakakak, teu katahan. Panonna baseuh, rangu sorana. “Ku naon seuseurian Bayan..”, ceuk si Mitogag lalakina. “Hahahahahahahah… ku baham, kuwaos, ku hawa abah…hahahhahahahahahh…. moenya ku irung hahahahahahah… Kuda anu susurian mah….. hahahahahah”, walon si Kabayan bari tetep ngahahah. Mitogagna ngaenyakeun ku,”..Hihihhihihihihihihiihihihihihihi…Ih, ari manéh!”.
“Seuri anu lepas iklas, taya kasieun karempan kalih kakeueung, seuri nu murni. Kitu jigana. Hahahahahahahah ….…”, ceuk Kalangkang si Kabayan. Nu nyumput satukangeun salira. Sadaya. Hahahahahahahahahaahaaaa…! Heuheuy jeung deudeuh… Pilih waé heuheuy, dipayuneun MantenNA! Kagumbiraan, saéstuna kagunganNA. Nu hadir dimana-mana!