“Néng, tiasa Akang tumaros?”
“Kantenan,” treup, nyéh arimut.
“Naha mahar téh abot-abot teuing, naha Néng téh nolak lemes?”
“Ah, henteu atuh. Raraosan mah sabanding pisan sareng cariosan Akang.”
“Nu mana téa, Ayaang?”
“Nu éta téa geuning, cariosan nu aramis kakupingna, mung tacan tangtos dongkapna tina kajujuran.”
“Kéké... naha bet kitu?”
“Cobi baé émut nyalira! Saban ditaros ku abdi, naha Akang sanggem janten imam? Ukur muhun bari teu dumuk waktosna.” Leng. Liwung sajongjongan.
“Pami kitu mah Ayang téh tos sayaga nampi wartos kajujuran, sok sanaos pait?”
“Sumuhun Kang. Tibatan teu halal baé kanggo Akang meureun tos waktosna abdi lirén miharep paisan kosong sumawona rundayan mah.” Ngarakacak.
“Pami kitu, ka dieu geura! Ku Akang badé diharéwoskeun.” Cepil ditampeukeun. Gereyem ditompokeun.
“Baruk? Akang teu gaduh...?” Teu kebat, kapegat ku piceurikeun.